Entoh Toharudin Satibi, 2015 Babad Panjalu
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar pedaran panalungtikan dina bab opat, ieu di handap mangrupa
kacindekan hasil panalungtikan anu ngawengku ulikan struktural, semiotik, jeung
étnopédagogik.
5.1.1 Struktur
Téma sajarah mangrupa téma anu kapanggih dina carita Babad Panjalu. Éta
hal, lantaran babad mangrupa karya sastra anu eusina medar sajarah hiji daérah
(historiografi tradisional). Téma dina babad bisa kapanggih ngaliwatan unsur
palaku, peristiwa/ galur, jeung tempat. Lian ti éta, kapanggih ogé subtéma atikan
nu nyampak dina Babad Panjalu.
Galur atawa jalan carita anu dipaké ku pangarang loba ngagunakeun galur
mérélé pikeun ngagambarkeun guluyurna runtuyan carita. Babad Panjalu
ngagunakeun galur mérélé, lantaran carita anu dipedar di jerona mangrupa
pedaran runtuyan parabupati anu ngalalakon di dayeuh Panjalu. Éta hal, bisa
katitén dina épisode II nepi ka XXV. Jumlah bupati aya lima belas ti mimiti Prabu
Borosngora anu mokalan jadi bupati Panjalu nepi ka Radén Cakranagara Anom.
Ayana pangaruh palaku anu onjoy dina galur carita babad mangrupa ciri galur has
carita babad anu eusina medar sarsilah bupati, jasana, maotna, jeung gaganti
bupati anyar anu neruskeun pamaréntahan.
Palaku-palaku anu aya dina carita Babad Panjalu diébréhkeun ku pangarang
dumasar kana status sosial masarakat. Bisa jadi kitu, lantaran Babad Panjalu
mangrupa légitimasi kulawarga bangsawan Panjalu. Peran palaku nu nyangking
kalungguhan bupati kawilang nyongcolang. Niténan karakter atawa pasipatan
parapalaku bisa jadi picontoeun atawa jadi tuladan anu hadé keur sakumna warga
200
Entoh Toharudin Satibi, 2015 Babad Panjalu
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Latar-latar anu aya dina Babad Panjalu leuwih dominan ngagunakeun latar
tempat. Latar tempat anu kapanggih ilaharna mangrupa latar anu aya di
sabudereun dayeuh Panjalu utamana sabudereun karaton, tapi aya ogé latar tempat
di luar Panjalu/ daérah lain. Latar waktu mangrupa urutan kadua sabada latar
tempat anu leuwih loba. Sedengkeun latar sosial mangrupa latar anu saeutik
kapanggih, lantaran latar sosial kawatesanan dumasar eusi caritana anu mangrupa
babad. Latar sosial kawatesanan ku status sosial masarakat nu aya dina
pamaréntahan kabupatian di dayeuh Panjalu.
5.1.2 Semiotik
Unsur ikon metaforis mangrupa ikon anu kawilang dominan anu kapanggih
dina carita Babad Panjalu. Éta hal, lantaran dina caritana aya sawatara ungkara
kecap atawa kalimah anu kaasup basana ngupamakeun.
Unsur indéks mangrupa gambaran ayana hubungan kausalitas anu
kapanggih dina Babad Panjalu. Unsur indéks anu kawilang onjoy nyaéta indéks
réngkak paripolah. Éta hal, digunakeun sangkan carita anu aya di jerona karasa
leuwih hirup. Pangarang ngagambarkeun réngkak paripolah ngaliwatan obahna
awak anu dirandapan ku palaku.
Unsur simbol mangrupa unsur pamungkas anu kapanggih dina carita Babad
Panjalu. Unsur simbol mibanda fungsi pikeun méré informasi konvénsional ti
pangarang ka nu maca atawa ti palaku ka palaku lain dina carita.
5.1.3 Étnopédagogik
Ajén étnopédagogik anu kapanggih dina Babad Panjalu mangrupa ajén
moral manusa dina pakumbuhan sapopoé. Moral manusa anu dimaksud nyaéta
palaku bupati Panjalu jeung réngrénganana kaasup masarakat Panjalu/ Jampang
anu ngarojong jalanna carita. Dumasar palaku bakal kapanggih kumaha ajén
moral anu nyampak dina dirina sorangan pikeun picontoeun balaréa sangkan
mibanda karakter anu hadé.
Ajén moral manusa ka Pangéran kapanggih dina diri parabupati Panjalu anu
201
Entoh Toharudin Satibi, 2015 Babad Panjalu
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Borosngora anu mokalan ngagem agama Islam. Saterusna dina kahirupan sapopoé
teu leupas tina pangaruh Islam boh ucapan boh réngkak paripolah.
Ajén moral manusa salaku pribadi anu kapanggih dina Babad Panjalu
mangrupa ajén anu onjoy dibanding ajén lianna. Ajén moral manusa salaku
pribadi katitén dina paripolah anu dilakukeun ku dirina keur karaharjaan
masarakat. Ayana pagaliwota rupaning rasa dina diri mangaruhan kana paripolah
hirup parabupati Panjalu. Kitu deui, ku ayana ngolah rasa bisa ngabédakeun anu
kudu samistina dipilampah jeung anu dicegah luyu jeung kualitas sumber daya
manusana.
Ajén moral manusa jeung manusa séjén mangrupa ajén moral anu gelar
lantaran ayana hubungan sosial/ hirup kumbuh. Ajén moral manusa jeung papada
dituduhkeun ku paripolah sapopoé dina pakumbuhan ngaliwatan ayana silih
tulungan jeung silih wasiatan sangkan hirup aya dina katingtriman.
Ajén moral manusa ka alam anu kapanggih dina Babad Panjalu mangrupa
atikan anu hadé dina ngokolakeun alam sangkan mibanda hasil atawa aya gunana.
Paripolah manusa ngolah alam mangrupa picontoeun sangkan hirup cukup
sandang pangan, ulah kakurangan. Dina ngolah alam satemenna teu boga niat
hayang untung keur sorangan tapi kumaha ngawariskeun alam ka generasi anyar
bari jeung teu ngaruksak.
Ajén moral manusa kana waktu mangrupa ajén kasadaran manusa dina hirup
anu teu leupas tina waktu. Dina pakumbuhan hirupna manusa kawengku ku waktu
linier, cycle, jeung baqa/ langgeng. Manusa mangrupa mahluk anu dibéré akal
pikeun milih jeung milah sagala rupa ajén kahirupan. Manusa yakin ayana
kahirupan anu langgeng jeung ayana siklus hirup manusa ti mimiti dina
kandungan nepi ka jero kubur. Hirup manusa kudu ati-ati jeung tarapti lantaran
pati salawasna ngukuntit. Ku kituna dipiharep manusa bisa ngamangpaatkeun
waktu kalawan hadé sangkan aya mangpaatna keur balaréa saperti nu kagambar
dina diri Prabu Borosngora.
Ajén moral manusa dina ngahontal tujuan hirupna mangrupa ajén anu
kapanggih dina Babad Panjalu anu dituduhkeun ku moral palaku bupati. Palaku
202
Entoh Toharudin Satibi, 2015 Babad Panjalu
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kalana bupati panjalu leuwih mentingkeun urusan kaahératan tibatan kadunyaan.
Ku kituna, aya bupati Panjalu dina ngahontal tujuan hirupna leuwih hadé
nyirnakeun diri ngababakan di tempat anyar, ngadon tatapa, jeung ka luar ti
dayeuh Panjalu. Ajén moral manusa dina ngahontal tujuan hirupna éstuning
ngudag kasugemaan lahir jeung batin nurutkeun dirina, sabab hirup kudu sineger
tengah. Pon kitu deui ajén moral anu dipibanda kudu nyaimbangkeun hirup malar
tinemu jeung huripnana.
5.2 Saran
Karya sastra golongan babad (Babad Panjalu) mangrupa karya sastra anu
euyeub ku ajén-inajén kahirupan. Ku kituna sangkan meunangkeun data anu
dipiharep perlu ayana panalungtikan anu leuwih nyosok. Panalungtikan kana
karya sastra babad kawilang jarang, padahal upama diguar eusina bisa
meunangkeun sawatara hal gambaran kahirupan manusa baheula pikeun
mageuhan jati diri bangsa. Minangka bahan rékoméndasi tina ieu panalungtikan,
aya sawatara saran anu hayang ditepikeun utamana ka pihak anu aya patalina
jeung panalungtikan.
a. Pikeun paguron luhur
UPI mangrupa paguron luhur geus waktuna gawé bareng jeung penerbit
dina medalkeun karya ilmiah tiap mahasiswana. Sabab salila ieu, tiap karya ilmiah
saperti tésis ngan cukup ngeusian rohangan perpustakaan UPI wungkul. Éta hal,
dipalar sangkan masarakat wanoh kana panalungtikan anu dilakukeun ku
mahasiswa. Sasieureun sabeunyeureun aya mangpaatna pikeun ngawewegan
karakter bangsa ngaliwatan dunya atikan..
b. Pikeun mahasiswa basa jeung budaya Sunda
Panalungtikan kana Babad Panjalu anu leuwih euyeub bisa diteruskeun
enggoning pikeun kamekaran élmu pangaweruh ngeunaan basa, sastra jeung