• Tidak ada hasil yang ditemukan

Babad Panjalu : ulikan struktural, semiotik, jeung etnopédagogik.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "Babad Panjalu : ulikan struktural, semiotik, jeung etnopédagogik."

Copied!
33
0
0

Teks penuh

(1)

DAFTAR EUSI

PERNYATAAN ... i

PANGJAJAP... ii

CATUR NUHUN ... iii

ABSTRAK ... vi

DAFTAR EUSI ... ix

DAFTAR TABEL ... xiii

DAFTAR BAGAN ... xiv

DAFTAR SINGGETAN ... xv

DAFTAR LAMPIRAN ... xvi

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang ... 1

1.2Rumusan Masalah ... 5

1.3Tujuan Panalungtikan ... 6

1.4Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.5Rangkay Panalungtikan ... 7

BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Babad ... 9

2.1.1 Wangenan Babad ... 9

2.1.2 Papasingan Babad ... 11

2.1.2.1 Dumasar Eusi Carita ... 11

2.1.2.2 Dumasar Wangun Karangan ... 12

2.1.2.3 Dumsar Wujud Karangan ... 13

2.1.2.4 Dumasar Waktu ... 14

2.1.2.5 Dumasar Bahan ... 14

2.1.2.6 Dumasar Basa ... 14

(2)

2.1.2.8 Dumasar Tempat ... 15

2.1.3 Kamekaran Babad ... 16

2.1.4 Épisode Babad ... 23

2.1.5 Struktur Babad ... 23

2.1.5.1 Téma ... 25

2.1.5.2 Fakta Carita ... 26

2.1.5.2.1 Galur ... 26

2.1.5.2.2 Palaku jeung Watek ... 28

2.1.5.2.3 Latar ... 31

2.1.5.3 Sarana Sastra... 32

2.2 Semiotik ... 33

2.2.1 Wangenan Semiotik ... 33

2.2.2 Kamekaran Semiotik ... 35

2.2.3 Unsur Semiotik ... 36

2.2.3.1 Ikon ... 36

2.2.3.2 Indéks ... 37

2.2.3.3 Simbol ... 38

2.3 Étnopédagogik ... 39

2.3.1 Wangenan Étnopédagogik ... 39

2.3.2 Kamekaran Étnopédagogik ... 41

2.3.3 Ajén Étnopédagogik ... 42

2.4 Panalungtikan Saméméhna ... 46

2.5 Raraga Mikir ... 48

2.6 Anggapan Dasar ... 49

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data ... 50

3.2 Desain Panalungtikan ... 50

3.3 Métode Panalungtikan ... 52

(3)

3.4.1 Pedoman Analisis Téks ... 53

3.4.2 Kartu Data ... 56

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 57

3.6 Téhnik Ngolah Data ... 58

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN 4.1 Hasil Panalungtikan ... 59

4.1.1 Data Babad Panjalu ... 59

4.1.1.1 Kaayaan Buku Babad Panjalu ... 59

4.1.1.2 Ringkesan Babad Panjalu ... 61

4.1.1.3 Épisode Babad Panjalu ... 63

4.1.2 Analisis ... 70

4.1.2.1 Struktur Carita ... 70

4.1.2.1.1 Téma ... 70

4.1.2.1.2 Fakta Carita ... 73

4.1.2.1.2.1 Galur ... 73

4.1.2.1.2.2 Palaku jeung Watek ... 77

4.1.2.1.2.3 Latar ... 96

4.1.2.1.3 Sarana Sastra ... 110

4.1.2.2 Unsur Semiotik ... 112

4.1.2.2.1 Ikon ... 112

4.1.2.2.2 Indéks ... 119

4.1.2.2.3 Simbol ... 164

4.1.2.3 Ajén Étnopédagogik ... 166

4.1.2.3.1 Moral Manusa ka Pangéran ... 167

4.1.2.3.2 Moral Manusa salaku Pribadi ... 168

4.1.2.3.3 Moral Manusa jeung Manusa Séjénna ... 174

4.1.2.3.4 Moral Manusa ka Alam ... 177

4.1.2.3.5 Moral Manusa kana Waktu ... 180

(4)

4.2 Pedaran ... 185

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 199

5.1.1 Struktur ... 199

5.1.2 Semiotik ... 200

5.1.3 Étnopédagogik ... 200

5.2 Saran ... 202

DAFTAR PUSTAKA ... 203

LAMPIRAN ... 207

RIWAYAT HIRUP ... 214

(5)

DAFTAR TABÉL

Tabél 3.1 : Format Pedoman Analisis Strukural ... 53

Tabél 3.2 : Format Pedoman Analisis Semiotik ... 53

Tabél 3.3 : Format Pedoman Analisis Étnopédagogik ... 54

Tabél 3.4 : Format Analisis Téma ... 54

Tabél 3.5 : Format Analisis Galur ... 54

Tabél 3.6 : Format Analisis Palaku jeung Watek ... 55

Tabél 3.7 : Format Analisis Latar ... 55

Tabél 3.8 : Format Analisis Ikon ... 55

Tabél 3.9 : Format Analisis Indéks ... 55

Tabél 3.10 : Format Analisis Simbol ... 56

Tabél 3.11 : Format Analisis Étnopédagogik ... 56

Tabél 3.12 : Format Data Struktural ... 56

Tabél 3.13 : Format Data Semiotik ... 57

Tabél 3.14 : Format Data Étnopédagogik ... 57

Tabél 4.1 : Data Latar Babad Panjalu ... 96

Tabél 4.2 : Wangun Karangan ... 111

Tabél 4.2 : Analisis Unsur Ikon ... 112

Tabél 4.3 : Analisis Unsur Indéks ... 119

(6)

DAFTAR BAGAN

Bagan 2.1 : Tataran Tanda ... 39

Bagan 2.2 : Raraga Mikir Panalungtikan ... 48

Bagan 2.3 : Desain Panalungtikan ... 51

DAFTAR SINGGETAN

BP : Babad Panjalu

(7)

il : ilikan

img. : imagis

jrrd. : jeung réa-réa deui

jsté. : jeung salian ti éta

M : Masehi

mfr. : métafora

R : Radén

R.A. : Radén Arya

sos. : sosial

spk. : saparakanca

temp. : tempat

wkt. : waktu

DAFTAR LAMPIRAN

a. Lampiran 1 : SK Pengangkatan Pembimbing Penulisan Tesis ... 207

b. Lampiran II : Hasil Uji Komprehensif ... 209

(8)
(9)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Kahirupan karya sastra gumantung kana lingkungan jeung kamekaran jaman

anu dilakonanana. Kamekaran sastra saeutik gedéna geus mawa parobahan nu

kawilang ngaronjat. Bihari katitén wangun sastra gumelar jeung sumebarna

tatalépa (oral tradition), tapi kiwari éta wangun sastra geus bisa dibaca ku balaréa.

Pon kitu deui, nilik kana kamekaran médiana boh sastra lisan boh sastra tulisan

(tinulis). Sastra lisan nu aya di masarakat Sunda di antarana mangrupa carita

pantun, dongéng, jangjawokan (mantra), kakawihan, jeung pupujian. Anapon

sastra tinulis winangun naskah jeung prasasti anu mibanda tujuan sangkan karya

sastra nu aya bisa hirup lana sarta dipikawanoh ku balaréa. Lian ti éta, ku ayana

sastra tinulis kapanggih gambaran kahirupan kabudayaan sélér bangsa dina

mangsa bihari, (il. Barried, 1985:4).

Koswara (2011:10) nétélakeun yén sastra bisa dianggap minangka gejala

sosial anu ditulis dina kurun waktu nu tangtu bakal raket patalina jeung

norma-norma sarta adat-istiadat nu tumuwuh dina éta jaman. Gejala sosial ngagelarkeun

kumaha gambaran kahirupan dina éta jaman bisa katangar. Lian ti éta, sastra ogé

ngagambarkeun kahirupan anu mangrupa hiji kanyataan sosial. Hal nu sawanda

ngeunaan karya sastra mangrupa gambaran kahirupan kabudayaan mangsa bihari

ditétélakeun ku Bachtiar dina Ékadjati (1982:2) nyaéta:

“Karya-karya tulis yang ditinggalkan oleh para nenek moyang ini dapat dipelajari untuk memperoleh gambaran, meskipun tidak lengkap dan tidak menyeluruh, mengenai kebudayaan pada waktu mereka hidup. Pengetahuan yang diperoleh dari karya-karya tulis ini, naskah-naskah ini, dapat membantu kita dalam usaha mempelajari, mengtahui, mengerti, dan

kemudian menyajikan sejarah perkembangan bangsa kita.”

Karya sastra mangrupa salah sahiji gambaran atawa eunteung kahirupan

manusa dina hirup kumbuh di masarakat anu digelarkeun ngagunakeun basa

(10)

2

manusa dina harti jembar (il. Iskandarwassid, 2003:138). Eunteung kahirupan nu

aya di masarakat ilaharna sumender kana kaayaan pakumbuhan nu karandapan

dina kahirupan sapopoé. Pon kitu deui, gambaran kahirupan dina karya sastra

kapaluruh ngaliwatan interaksi sosial anu ngawengku sawatara kagiatan campur

gaul antarmasarakat, antarmanusa, jeung antarkajadian anu lumangsung. Ku

kituna, kahirupan nu nyampak dina karya sastra mangrupa kedaling ébréhan batin

sacara bébas.

Karya sastra Sunda kawilang réa wanda jeung wangunna. Éta hal lantaran

kahirupan sastra Sunda nyaluyukeun jeung pajamanan „ngindung ka waktu

ngabapa ka jaman‟. Karya sastra Sunda dipaké pikeun nepikeun sawatara hal anu

aya patalina jeung budaya Sunda, minangka contona sastra golongan babad.

Babad mangrupa carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa

kajadian-kajadian penting jaman baheula di salah sahiji daérah, biasana ti mimiti ngabedah

(muka) éta wewengkon (Iskandarwassid, 2003:17).

Ngeunaan babad, Poérwadarminta (1985:70) nétélakeun yén babad téh sarua

jeung riwayat, sajarah, atawa tambo. Lian ti éta, Salmoen (1963:102-103)

ngagolongkeun carita babad kana anak golongan sajarah. Éta hal, mibanda

sasaruaan utamana palebah puseur pamianganna suméndér kana unsur sajarah.

Sanajan kitu ditilik tina jihad sajarah jeung sastra kangaranan babad mah angger

bae mangrupa karya sastra (Ékadjati, 1982:2). Anapon nu nyaruakeun babad

jeung sajarah (élmu sajarah) mibanda alesan lantaran babad mangrupa sajarah

kabaheulaan nurutkeun pajamanana. Samalah munasabah upama aya katerangan

yén golongan babad umurna leuwih kolot tibatan golongan sajarah (sajarah

modérn).

Dina Kamus Umum Basa Sunda (2007:39) dijéntrékeun yén babad téh

mangrupa dongéng anu ngandung unsur sajarah. Éta wangenan upama disurahan

nyoko kana asal muasal (gumelarna) carita ngaliwatan dongéng salaku média basa

dina nepikeunana. Munggaranna babad disusun dumasar sumber lisan „oral

tradition‟ anu ditepikeun sacara turun-tumurun tatalépa di sabudereun masarakat hiji wewengkon. Nilik kana gumelarna babad ngagunakeun média lisan, atuh

(11)

3

sastra. Unsur sajarah dina karya sastra winangun babad sipatna teu murni, béda

jeung unsur sajarah nu aya dina ulikan élmu sajarah.

Kateumurnian unsur sajarah dina babad kapangaruhan ku sawatara faktor

diantarana: pangarang, lingkungan, jeung tujuan nu hayang dihontal. Patalina

pangarang dina nulis carita babad kacida pisan penting jeung mangaruhanana.

Ilubiungna pangarang dina nulis babad dijéntrékeun ku Sumardjo & Saini KM

(1994:24) yén sanajan karya sajarah dumasar kana sababaraha sumber fakta, tapi

dina nepikeunna mah teu leupas tina unsur hayali (imaji) pangarang. Unsur hayali

pangarang mangrupa salah sahiji sipat nu aya dina karya sastra. Harti nu sawanda

ditétélakeun ku Ékadjati (1978:1) yén:

“Babad menurut pengertian penyusun dan lingkungan masarakatnya dianggap sebangsa sejarah, yaitu tentang masa lampau mereka atau leluhur mereka. Namun demikian kegiatan penyusunan babad tak dapat dilepaskan dari kegiatan penciptaan sastra. Dan babad itu sendiri bila ditinjau dari sudut

sastra merupakan karya sastra.”

Dumasar kana sawatara wangenan, bisa dicindekeun yén babad nyaéta karya

sastra wanda buhun nu ngandung unsur sajarah anu mibanda tujuan pikeun

kaperluan lingkungan masarakat anu tangtu di salah sahiji wewengkon. Niténan

kana éta wangenan, babad bisa dipaké bahan panalungtikan paélmuan widang

basa, sastra, sajarah, antropologi, étnografi, sosiologi, étnopédagogik, jeung nu

lianna.

Média basa anu digunakeun dina babad nyaéta média basa tinulis,

sedengkeun karanganana ditepikeun dina wangun prosa (lancaran) jeung wangun

puisi (kauger), (il. Ékadjati, spk., 1985:196). Salah sahiji babad anu ngagunakeun

media basa tinulis sarta digelarkeun dina wangun puisi atawa kauger (ragam

wawacan) di antarana nyaéta Babad Panjalu.

Eusi karya sastra winangun babad ilaharna medar kajadian atawa peristiwa

penting nu raket patalina jeung unsur sajarah. Lian ti éta, teu saeutik medar

sarsilah raja-raja atawa bupati sawatara wewengkon. Unsur sajarah nu kapanggih

dina babad kadarna leuwih onjoy, lantaran ditulisna babad suméndér kana aspék

(12)

4

kahirupan manusa mangsa bihari. Gambaran mangsa bihari bakal mibanda ajén

upama ditalungtik sacara gemet.

Babad Panjalu mangrupa koléksi C.M. Pléyte tina peti no 121 anu geus

diterbitkeun ku Proyék Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daérah, Jakarta.

Luyu jeung ngaranna, Babad Panjalu asalna ti wewengkon Panjalu Kabupatén

Ciamis nu aya di wilayah Priangan. Nitenan asalna ti priangan, ku kituna Babad

Panjalu ngabogaan ciri historiografi priangan (sarsilah parabupati) anu mibanda ajén étnopédagogik anu linuhung pikeun hirup kumbuh masarakat nu aya di

wewengkon Panjalu malar hirup tinemu reujeung huripna.

Sawatara panalungtikan anu geus dilakukeun kana Babad Panjalu

diantarana: Babad Panjalu; Transkripsi jeung Transliterasi (Rosyadi, 1992),

Babad Panjalu; Satu Kajian Sastra (Hendarin, 1986), Babad Panjalu; Karya Sastra Sajarah Sunda (Satibi, 1998), jeung Analisis Saya terhadap Babad Panjalu (Herdiyan, 2010). Panalungtikan anu dilakukeun ku Rosyadi (ed.) kana Babad

Panjalu mangrupa transkripsi jeung transliterasi sarta ngadadarkeun sajumlahing ajén-inajén nu kapanggih dina éta babad. Panalungtikan kana Babad Panjalu anu

dipigawé ku Hendarin museur kana carita Babad Panjalu dipasing-pasing

dumasar peristiwa jeung épisode tokoh nu ngalalakon, sedengkeun anu dipigawé

ku Satibi museur kana ulikan unsur intrinsik karya sastra jeung historiografi

tradisional anu ngawengku sarsilah bupati Panjalu sarta sawatara titinggal nu aya

patalina jeung Babad Panjalu nu sumebar di wewengkon Panjalu katut

sabudereunana. Kitu deui analisis Babad Panjalu beunang Herdiyan museur kana

historiografi tradisional (sarsilah parabupati Panjalu).

Bédana jeung panalungtikan-panalungtikan saméméhna, dina ieu

panalungtikan leuwih museur kana ulikan struktural jeung semiotik. Anu engkéna

dipiharep meunangkeun ajén-inajén étnopédagogik nu aya dina Babad Panjalu.

Babad Panjalu mangrupa karya sastra tinulis anu suméndér kana peristiwa sajarah (sastra Sajarah) nu mibanda ajén-inajén étnopédagogik. Ajén-inajén

étnopédagogik nu aya dina Babad Panjalu bakal kapanggih upama ditalungtik

ngagunakeun ulikan struktural jeung semiotik. Ulikan struktural museur kana

(13)

5

sarana sastra (Stanton, 2012:45), sedengkeun ulikan semiotik ngawengku unsur

ikon, simbol, jeung indéks.

Disawang tina segi semiotik, Babad Panjalu mangrupa sajumlahing unsur

semiotik anu méré gambaran kahirupan mangsa bihari. Ku kituna, eusina perlu

diguar ngaliwatan ulikan semiotik. Cobley jeung Litza Janz (Ratna, 2010:97),

sacara définitif nétélakeun yén kecap semiotik asalna tina basa Yunani nyaéta

seme” anu hartina “penafsir tanda”. Istilah séjén nyaéta “semeion” anu hartina tanda. Tanda di dieu hartina hiji hal anu ngawakilan tanda/ hal nu séjén (Isnendes,

2010:31). Tanda aya di mana-mana, bisa mangrupa kecap, gerak isarat, lampu lalu

lintas, jrrd. Pon kitu deui struktur karya sastra, struktur film, wangunan, atawa

sora manuk bisa dianggap tanda. Ahli filsafat Amerika, Charles Sanders Pierce,

negeskeun yén urang bisa mikir sabab ayana tanda salaku sarana. Lamun euweuh

tanda, tangtu manusa moal bisa komunikasi. Salian ti éta, ku ayana tanda manusa

bakal méré ma‟na kana sagala hal nu nyampak di alam dunya (Sudjiman,

1996:vii-1).

Nilik kana katerangan di luhur, puseur pamiangan dina ieu panalungtikan

maluruh struktur babad dumasar kana unsur téma, fakta carita anu ngawengku

galur, palaku jeung watek, latar, jeung sarana sastra. Lian ti éta, tilu unsur

semiotik ikon, indeks, jeung simbol dipaluruh dina ieu panalungtikan. Tumali

jeung éta hal, ieu panalungtikan pikeun ngadéskripsikeun jeung nganalisis struktur

carita babad jeung unsur semiotik sangkan meunangkeun ajén-inajén

étnopédagogik nu aya dina Babad Panjalu.

Satuluyna minangka lajuning laku kana karep jeung sikep, nu nulis bakal

nalungtik salah sahiji karya sastra golongan babad. Karya sastra golongan babad

nu dimaksud luyu jeung katerangan di luhur nyaeta Babad Panjalu. Jejer ieu

panalungtikan nyaeta Babad Panjalu (Ulikan Struktural, Semiotik, jeung

Étnopédagogik).

1.2 Rumusan Masalah

Masalah dina ieu panalungtikan sawadina ditulis jeung dirumuskeun dina

(14)

6

nganalisis struktural, semiotik, jeung étnopédagogik dina karya sastra golongan

babad.

Dumasar kana katerangan di luhur, rumusan masalah dina ieu

panalungtikan bakal ditulis dina wangun patalékan saperti ieu di handap.

a. Kumaha struktur carita dina Babad Panjalu?

b. Unsur semiotik naon waé nu nyampak dina Babad Panjalu?

c. Ajén-inajén étnopédagogik naon waé nu aya dina Babad Panjalu?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Sangkan puguh éntép seureuh jeung leunjeuranna, ieu panalungtikan

ngabogaan tujuan nu hayang dihontal. Éta tujuan téh nyaéta pikeun mikanyaho

jeung ngadéskripsikeun;

a. Struktur carita dina Babad Panjalu;

b. Unsur semiotik dina Babad Panjalu; jeung

c. Ajén-inajén étnopédagogik dina Babad Panjalu.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat anu hayang kahontal tina ieu panalungtikan nyaéta ngeunaan

mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis.

a. Mangpaat Tioritis

Dipiharep bisa méré pangdeudeul kana élmu sastra dina widang babad,

jeung pikeun élmu atikan hususna sistem atikan budaya nyaéta pangaweruh

ngeunaan ajén-inajén étnopédagogik dina Babad Panjalu.

b. Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat praktis hususna pikeun

panalungtik jeung masarakat.

1). pikeun panalungtik

Ku ayana ieu panalungtikan, panalungtik bisa mikanyaho leuwih teleb

ngeunaan étnopédagogik tina Babad Panjalu, sarta bisa numuwuhkeun deui

karesep kana karya sastra buhun (babad) anu eusina ngandung ajén-inajén

(15)

7

2). pikeun masarakat

Hasil ieu panalungtikan dipiharep bisa numuwuhkeun minat jeung karesep

nu balukarna bisa nimbulkeun karep pikeun ngamumulé satra buhun, nyaéta

babad di antara nerekabna pangaruh budaya modérn anu teu hadé.

1.5 Rangkay Panalungtikan

Ieu panalungtikan disusun kana lima bab kalawan ngagunakeun rangkay

panalungtikan saperti ieu di handap:

Bab I : Bubuka

Dina ieu bab dipedar ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan

masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung rangkay

panalungtikan.

Bab II : Tatapakan Tiori

Dina ieu bab dipedar sawatara hal anu jadi tatapakan panalungtikan:

1) Ulikan Tiori

Tiori dasar jeung konsép poko anu jadi tatapakan tiori pikeun ngolah

jeung nganalisis babad salaku objék panalungtikan. Dipedar ogé tiori

struktural, semiotik, jeung étnopédagogik.

2) Panalungtikan saméméhna kana Babad Panjalu.

3) Raraga mikir dumasar konsep panalungtikan sacara gembleng.

4) Anggapan dasar dina ieu panalungtikan ditétélakeun dumasar kana

panalungtikan-panalungtikan saméméhna anu luyu jeung tiori-tiori

paraahli.

Bab III : Métodologi Panalungtikan

Ieu bab eusina medar métode panalungtikan anu ngawengku; data jeung

sumber data, desain panalungtikan, métode jeung pamarekan

panalungtikan, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data,

jeung téhnik ngolah data.

Bab IV : Hasil Panalungtikan jeung Pedaran

Ieu bab eusina medar ngadéskripsikeun jeung nganalisis data sarta

(16)

8

diébréhkeun ngeunaan struktur carita, semiotik, jeung étnopédagogik nu

aya dina Babad Panjalu wedalan Proyék Penerbitan Buku Sastra

Indonesia dan Daérah, Jakarta.

Bab V : Kacindekan jeung Saran

Dina ieu bab eusina kacindekan tina sakabéh pedaran. Salian ti éta, aya

rékomendasi mangrupa saran anu ditepikeun ku panalungtik pikeun

instansi nu aya patalina jeung hasil panalungtikan.

(17)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data

Nurutkeun Moléong (2007:157) sumber data utama dina panalungtikan

kualitatif nyaéta kumpulan kecap jeung tindakan. Sumber data primer dina ieu

panalungtikna nyaéta karya sastra wangun babad. Babad anu dimaksud nyaéta

Babad Panjalu nu dikoléksi ku C.M. Pleyte (Museum Pusat Jakarta). Medal taun 1982 ku Proyek Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daerah, Jakarta.

Garapanana museur kana ngungkabkeun eusi jeung konsép sarta ajén-inajén

étnopédagogik nu aya dina Babad Panjalu. Tumali jeung éta hal, sumber data

dina ieu panalungtikan nya éta téks anu nyampak dina Babad Panjalu.

Babad Panjalu mangrupa karya sastra golongan babad anu ditulis dina wangun puisi kauger (pupuh). Lian ti éta, Babad Panjalu ngagunakeun 9 pupuh

minangka pangwangun karanganana kalawan lobana 523 pada. Anapon pupuh

anu dipaké ngawengku asmarandana (2), sinom (3), kinanti (2), pangkur (1),

durma (1), dangdanggula (2), mijil (2), magatru (2), jeung pucung (1).

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nyaéta rencana anu nuduhkeun gambaran utama

ngeunaan hiji hal anu baris dilakukeun. Desain panalungtikan mangrupa prosés nu

diperlukeun dina rarancang panalungtikan nepi ka patalékan nu aya bisa kajawab

(Arikunto, 2010:175). Ngaliwatan desain panalungtikan, naon rupa anu jadi

udagan dina panalungtikan bisa leuwih imeut jeung gemet.

Desain ieu panalungtikan bisa kagambar saperti ieu di handap dina wangun

(18)

51 Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Nangtukeun Masalah Nangtukeun Objék Panalungtikan Nangtukeun Téori jeung Métode Panalungtikan

Strukrural (Robert Stanton)

Semiotik (Charles S. Pierce)

Étnopédagogik (Suwarsih Warnaen)

Palaku jeung watek

Téma Fakta

Carit a

Ngadéskripsikeun, Nganalisis, jeung Napsirkeun Latar

Ikon Simbol

Indéks

Ajén Moral Manusa

(1) MMP (2) MMPr (3) MMS (4) MMA (5) MMW (6) MMTH

Nyindekkeun jeung Nyusun Laporan

Struktur carita

Semiotik

Babad Panjalu (Proyek Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daerah,

1992) Étnopédagogik

(19)

52

3.3Métode Panalungtikan

Objék studi dina ieu panalungtikan nyaéta karya sastra winangun babad

jeung dokumén anu raket patalina jeung panalungtikan. Masalah anu ditalungtikna

mangrupa carita nu ngagambarkeun kajadian nu kaalaman dina mangsa nu geus

kaliwat. Éta pasualan diungkulan ngaliwatan ulikan struktural, semiotik, jeung

étnopédagogik. Babad Panjalu nu diterbitkeun ku Proyek Penerbitan Buku Sastra

Indonesia dan Daerah, bakal diguar eusina sangkan manggihan unsur-unsur anu

dikandungna. Éta unsur tinangtu anu raket patalina jeung ieu panalungtikan.

Dumasar katerangan di luhur, métode anu digunakeun dina ieu

panalungtikan nyaéta métode déskriptif anu mibanda fungsi pikeun ngungkulan

pasualan dina panalungtikan (Ratna, 2012:34). Métode déskriptif mangrupa

métode anu dilakukeun pikeun ngadéskripsikeun fakta-fakta anu satuluyna

dianalisis. Métode déskriptif nyaéta métode anu ngagambarkeun tur méré

pamahaman ngeunaan fakta-fakta anu nyampak dina objék panalungtikan (Ratna,

2012:53).

Nilik kana éta hal, métode déskriptif dipilih lantaran babad mibanda struktur

carita jeung unsur semiotik anu dijerona nyampak ajén-inajén étnopédagogik.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumen panalungtikan mangrupa alat anu digunakeun pikeun

meunangkeun data (Sudjana, 1991:59). Ku kituna, instrumén anu digunakeun dina

ieu panalungtikan nyaéta kartu data nu mangrupa kalimat, frasa, jeung klausa anu

dipaké dina studi bibliografi, ku cara nyutat sawatara data nu aya dina éta sumber.

Kartu data digunakeun pikeun ngababarikeun milih jeung milah data nu

kapanggih tina téks sumber data panalungtikan. Kartu data anu diperlukeun aya

(20)

53

3.4.1 Pedoman Analisis Teks

Tilu pedoman analisis anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nyaéta

pedoman analisis struktur, pedoman analisis semiotik, jeung pedoman analisis

étnopédagogik.

Tabel 3.1

Format Pedoman Analisis Struktural N0 Aspék anu

Dianalisis

Deskripsi

(1) (2) (3)

1 Tema

2 Galur

3 Palaku jeung watek

4 Latar : (a) tempat

(b) waktu)

(c) sosial

Tabel 3.2

Format Pedoman Analisis Semiotik No Aspék anu

Dianalisis Deskripsi

(1) (2) (3)

1 Ikon

2 Indéks

(21)

54

Tabel 3.3

Format Pedoman Analisis Étnopédagogik No Aspék anu

Dianalisis Deskripsi

(1) (2) (3)

1 MMP

2 MMPr

3 MMS

4 MMA

5 MMW

6 MMTH

Tabel 3.4

Format Pedoman Analisis Téma

No Kode Téma

Utama

Subtéma

1 2 3 4 5 6

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9)

Ket.: 1. Religi 2. Kamanusaan 3. Patriotisme 4. Keadaulatan rakyat 5. Keadilan sosial 6. Sajarah

Tabel 3.5

Format Pedoman Analisis Galur

No Kode

Galur

Dum. Runt Carita Dum. Jml Dum. Kpdt Dum. Eusi

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11) (12)

(22)

55

Tabel 3.6

Format Pedoman Analisis Palaku jeung Watek

No Kode Ngaran

Palaku

Palaku

Dum.

kalungguhan

Dumasar

Penampilan

Dumasar

wangun

watek

Dumasar

mekar

henteuna

watek

Dumasar

gambaran

palaku

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11) (12) (13)

Tabel 3.7

Format Pedoman Analisis Latar

No Kode

Latar

Data Interpretasi Tempat Waktu Sosial

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

Tabel 3.8

Format Pedoman Analisis Ikon

No Kode Referent Tipe Interpretasi Cutatan

Citra Diagram Metafora

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)

Tabel 3.9

Format Pedoman Analisis Indéks

No Kode Referent Tipe Interpretasi Cutatan

(23)

56

Tabel 3.10

Format Pedoman Analisis Simbol

No Kode Referent Interpretasi Cutatan

(1) (2) (3) (4) (5)

Tabel 3.11

Format Pedoman Analisis Étnopédagogik

No Kode Referent Ajén Moral Interpretasi Cutatan

1 2 3 4 5 6

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11)

Ket.: 1. Moral Manusa ka Pangeran; 2. Moral Manusa salaku Pribadina; 3. Moral Manusa ka Manusa Séjén; 4. Moral Manusa ka Alam

5. Moral Manusa kana Waktu;

6. Moral Manusa dina ngahontal hirupna

3.4.2 Kartu Data

Kartu data diperlukeun pikeun ngumpulkeun data panalungtikan sacara

sistematis. Ieu panalungtikan ngagunakeun dalapan format kartu data anu

diluyukeun jeung rumusan jeung tujuan anu rék dihontal. Éta dalapan format kartu

data anu digunakeun bisa katitén saperti ieu di handap.

Tabel 3.12 Format Data Struktural No/ Aspek :

Kode : (BP/kaca/ pada)

(24)

57

Tabel 3.13 Format Data Semiotik No/ Aspek :

Kode : (BP/kaca/ pada)

Cutatan :

Tabel 3.14

Format Data Étnopédagogik No/ Aspek :

Kode : (BP/kaca/ pada)

Cutatan :

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data

Sanggeus nangtukeun judul jeung nyusun proposal, léngkah garapan

saterusna nyaéta tahap ngumpulkeun data. Luyu jeung panalungtikan, pikeun

ngumpulkeun, ngadéskripsikeun, jeung nganalisis data ngagunakeun studi

bibliografi jeung analisis data. Studi bibliografi digunakeun pikeun néangan data

anu raket patalina jeung pangaweruh ngeunaan sastra. Sedengkeun téhnik analisis

data dipaké dina prak-prakan nganalisis jeung milah-milih data anu kapanggih

dina sumber data anu mangrupa Babad Panjalu.

Léngkah-léngkah ngumpulkeun data ngawengku;

a. ngaidéntifikasi sumber data anu mangrupa Babad Panjalu;

b. maca Babad Panjalu;

c. maluruh téori-téori anu raket patalina jeung panalungtikan;

d. data dipasing-pasing dumasar struktur carita;

(25)

58

f. data dipasing-pasing dumasar ajén-inajén étnopédagogik; jeung

g. input data struktur, semiotik, jeung ajén-inajén étnopédagogik kana kartu data

luyu jeug pedoman analisis.

3.6 Téhnik Ngolah Data

Data nu geus nyampak tina studi bibliografi perlu disusun, saterusna diolah.

Dina ngolah data ngagunakeun sawatara téhnik anu digunakeun saperti téhnik

struktural, semiotik, jeung étnopédagogik. Téhnik struktural digunakeun pikeun

maluruh struktur pangwangun babad sangkan bisa dianalisis.

Téhnik semiotik digunakeun pikeun nganalisis tanda sangkan hiji karya

sastra mibanda harti (Pradopo, 2012:122). Sedengkeun étnopédagogik digunakeun

pikeun maluruh jeung meunangkeun ajén-inajén moral manusa Sunda nu

nyangkaruk dina babad dumasar kana interpretasi kana analisis struktur jeung

semiotikna.

Dumasar sawatara katerangan di luhur, léngkah-léngkah ngolah data

ngawengku:

a. mariksa jeung nitenan deui data anu geus dikumpulkeun;

b. ngadéskripsikeun struktur babad;

c. ngébréhkeun patalina antarunsur;

d. ngadeskripsikeun harti sacara semiotik ngaliwatan interpretasi tanda anu aya

dina babad;

e. maluruh ajén-inajén étnopédagogik dina babad dumasar interprétasi struktur

carita jeung semiotik;

f. nganalisis ajén-inajén étnopédagogik; jeung

g. nyindekkeun hasil déskripsi jeung analisis struktur, semiotik, jeung ajén-inajén

(26)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar pedaran panalungtikan dina bab opat, ieu di handap mangrupa

kacindekan hasil panalungtikan anu ngawengku ulikan struktural, semiotik, jeung

étnopédagogik.

5.1.1 Struktur

Téma sajarah mangrupa téma anu kapanggih dina carita Babad Panjalu. Éta

hal, lantaran babad mangrupa karya sastra anu eusina medar sajarah hiji daérah

(historiografi tradisional). Téma dina babad bisa kapanggih ngaliwatan unsur

palaku, peristiwa/ galur, jeung tempat. Lian ti éta, kapanggih ogé subtéma atikan

nu nyampak dina Babad Panjalu.

Galur atawa jalan carita anu dipaké ku pangarang loba ngagunakeun galur

mérélé pikeun ngagambarkeun guluyurna runtuyan carita. Babad Panjalu

ngagunakeun galur mérélé, lantaran carita anu dipedar di jerona mangrupa

pedaran runtuyan parabupati anu ngalalakon di dayeuh Panjalu. Éta hal, bisa

katitén dina épisode II nepi ka XXV. Jumlah bupati aya lima belas ti mimiti Prabu

Borosngora anu mokalan jadi bupati Panjalu nepi ka Radén Cakranagara Anom.

Ayana pangaruh palaku anu onjoy dina galur carita babad mangrupa ciri galur has

carita babad anu eusina medar sarsilah bupati, jasana, maotna, jeung gaganti

bupati anyar anu neruskeun pamaréntahan.

Palaku-palaku anu aya dina carita Babad Panjalu diébréhkeun ku pangarang

dumasar kana status sosial masarakat. Bisa jadi kitu, lantaran Babad Panjalu

mangrupa légitimasi kulawarga bangsawan Panjalu. Peran palaku nu nyangking

kalungguhan bupati kawilang nyongcolang. Niténan karakter atawa pasipatan

parapalaku bisa jadi picontoeun atawa jadi tuladan anu hadé keur sakumna warga

(27)

200

Latar-latar anu aya dina Babad Panjalu leuwih dominan ngagunakeun latar

tempat. Latar tempat anu kapanggih ilaharna mangrupa latar anu aya di

sabudereun dayeuh Panjalu utamana sabudereun karaton, tapi aya ogé latar tempat

di luar Panjalu/ daérah lain. Latar waktu mangrupa urutan kadua sabada latar

tempat anu leuwih loba. Sedengkeun latar sosial mangrupa latar anu saeutik

kapanggih, lantaran latar sosial kawatesanan dumasar eusi caritana anu mangrupa

babad. Latar sosial kawatesanan ku status sosial masarakat nu aya dina

pamaréntahan kabupatian di dayeuh Panjalu.

5.1.2 Semiotik

Unsur ikon metaforis mangrupa ikon anu kawilang dominan anu kapanggih

dina carita Babad Panjalu. Éta hal, lantaran dina caritana aya sawatara ungkara

kecap atawa kalimah anu kaasup basana ngupamakeun.

Unsur indéks mangrupa gambaran ayana hubungan kausalitas anu

kapanggih dina Babad Panjalu. Unsur indéks anu kawilang onjoy nyaéta indéks

réngkak paripolah. Éta hal, digunakeun sangkan carita anu aya di jerona karasa

leuwih hirup. Pangarang ngagambarkeun réngkak paripolah ngaliwatan obahna

awak anu dirandapan ku palaku.

Unsur simbol mangrupa unsur pamungkas anu kapanggih dina carita Babad

Panjalu. Unsur simbol mibanda fungsi pikeun méré informasi konvénsional ti pangarang ka nu maca atawa ti palaku ka palaku lain dina carita.

5.1.3 Étnopédagogik

Ajén étnopédagogik anu kapanggih dina Babad Panjalu mangrupa ajén

moral manusa dina pakumbuhan sapopoé. Moral manusa anu dimaksud nyaéta

palaku bupati Panjalu jeung réngrénganana kaasup masarakat Panjalu/ Jampang

anu ngarojong jalanna carita. Dumasar palaku bakal kapanggih kumaha ajén

moral anu nyampak dina dirina sorangan pikeun picontoeun balaréa sangkan

mibanda karakter anu hadé.

Ajén moral manusa ka Pangéran kapanggih dina diri parabupati Panjalu anu

(28)

201

Borosngora anu mokalan ngagem agama Islam. Saterusna dina kahirupan sapopoé

teu leupas tina pangaruh Islam boh ucapan boh réngkak paripolah.

Ajén moral manusa salaku pribadi anu kapanggih dina Babad Panjalu

mangrupa ajén anu onjoy dibanding ajén lianna. Ajén moral manusa salaku

pribadi katitén dina paripolah anu dilakukeun ku dirina keur karaharjaan

masarakat. Ayana pagaliwota rupaning rasa dina diri mangaruhan kana paripolah

hirup parabupati Panjalu. Kitu deui, ku ayana ngolah rasa bisa ngabédakeun anu

kudu samistina dipilampah jeung anu dicegah luyu jeung kualitas sumber daya

manusana.

Ajén moral manusa jeung manusa séjén mangrupa ajén moral anu gelar

lantaran ayana hubungan sosial/ hirup kumbuh. Ajén moral manusa jeung papada

dituduhkeun ku paripolah sapopoé dina pakumbuhan ngaliwatan ayana silih

tulungan jeung silih wasiatan sangkan hirup aya dina katingtriman.

Ajén moral manusa ka alam anu kapanggih dina Babad Panjalu mangrupa

atikan anu hadé dina ngokolakeun alam sangkan mibanda hasil atawa aya gunana.

Paripolah manusa ngolah alam mangrupa picontoeun sangkan hirup cukup

sandang pangan, ulah kakurangan. Dina ngolah alam satemenna teu boga niat

hayang untung keur sorangan tapi kumaha ngawariskeun alam ka generasi anyar

bari jeung teu ngaruksak.

Ajén moral manusa kana waktu mangrupa ajén kasadaran manusa dina hirup

anu teu leupas tina waktu. Dina pakumbuhan hirupna manusa kawengku ku waktu

linier, cycle, jeung baqa/ langgeng. Manusa mangrupa mahluk anu dibéré akal pikeun milih jeung milah sagala rupa ajén kahirupan. Manusa yakin ayana

kahirupan anu langgeng jeung ayana siklus hirup manusa ti mimiti dina

kandungan nepi ka jero kubur. Hirup manusa kudu ati-ati jeung tarapti lantaran

pati salawasna ngukuntit. Ku kituna dipiharep manusa bisa ngamangpaatkeun

waktu kalawan hadé sangkan aya mangpaatna keur balaréa saperti nu kagambar

dina diri Prabu Borosngora.

Ajén moral manusa dina ngahontal tujuan hirupna mangrupa ajén anu

kapanggih dina Babad Panjalu anu dituduhkeun ku moral palaku bupati. Palaku

(29)

202

kalana bupati panjalu leuwih mentingkeun urusan kaahératan tibatan kadunyaan.

Ku kituna, aya bupati Panjalu dina ngahontal tujuan hirupna leuwih hadé

nyirnakeun diri ngababakan di tempat anyar, ngadon tatapa, jeung ka luar ti

dayeuh Panjalu. Ajén moral manusa dina ngahontal tujuan hirupna éstuning

ngudag kasugemaan lahir jeung batin nurutkeun dirina, sabab hirup kudu sineger

tengah. Pon kitu deui ajén moral anu dipibanda kudu nyaimbangkeun hirup malar

tinemu jeung huripnana.

5.2 Saran

Karya sastra golongan babad (Babad Panjalu) mangrupa karya sastra anu

euyeub ku ajén-inajén kahirupan. Ku kituna sangkan meunangkeun data anu

dipiharep perlu ayana panalungtikan anu leuwih nyosok. Panalungtikan kana

karya sastra babad kawilang jarang, padahal upama diguar eusina bisa

meunangkeun sawatara hal gambaran kahirupan manusa baheula pikeun

mageuhan jati diri bangsa. Minangka bahan rékoméndasi tina ieu panalungtikan,

aya sawatara saran anu hayang ditepikeun utamana ka pihak anu aya patalina

jeung panalungtikan.

a. Pikeun paguron luhur

UPI mangrupa paguron luhur geus waktuna gawé bareng jeung penerbit

dina medalkeun karya ilmiah tiap mahasiswana. Sabab salila ieu, tiap karya ilmiah

saperti tésis ngan cukup ngeusian rohangan perpustakaan UPI wungkul. Éta hal,

dipalar sangkan masarakat wanoh kana panalungtikan anu dilakukeun ku

mahasiswa. Sasieureun sabeunyeureun aya mangpaatna pikeun ngawewegan

karakter bangsa ngaliwatan dunya atikan..

b. Pikeun mahasiswa basa jeung budaya Sunda

Panalungtikan kana Babad Panjalu anu leuwih euyeub bisa diteruskeun

enggoning pikeun kamekaran élmu pangaweruh ngeunaan basa, sastra jeung

(30)

DAFTAR PUSTAKA

Alwasilah, A Chaedar spk. 2009. Etnopedagogi (Landasan Praktek Pendidikan

dan Pendidikan Guru). Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Aminudin. 1991. Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Malang: Sinar Baru.

Arikunto, Suharsimi. 2010. Manajemen Penelitian. Jakarta: Rinéka Cipta.

Barried, Baroroh. 1985. Pengantar Teori Filologi. Jakarta: Pusat Pembinaan dan

Pengembangan Bahasa.

Berger, A.A. 2010. Pengantar Semiotika; Tanda-tanda dalam Kebudayaan

Kontemporer. Yogyakarta: Tiara Wacana.

Budiman, Kris. 2005. Ikonisitas. Yogyakarta: Buku Baik.

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Depdikbud. 1982. Babad Panjalu. Jakarta: Proyek Penelitian Buku sastra

Indonesia dan Daerah.

Depdikbud. 2007. Kamus Besar Bahasa Indonesia, Jakarta: Balai Pustaka.

Depdikbud. 1997. Maung Panjalu dan Nyangku. Ciamis: Kasi Kebudayaan.

Ekadjati, Edi S. 1978. Babad (Suatu Karya Sastra Sejarah). Bandung: Lembaga

Kebudayaan UNPAD.

Ekadjati, Edi S. 1982. Cerita Dipati Ukur; Karya Sastra Sejarah Sunda. Jakarta:

Pustaka Jaya.

Ekadjati, Edi S., spk. 1985. Naskah Sunda Lama Kelompok Babad. Jakarta: Pusat

Pembinaandan Pengembangan Bahasa.

Érlyane, Anne.1986. Analisis Struktur Babad Sumedang (skripsi). Bandung:

Jurusan Sastra Daerah FASA, UNPAD.

Esten, Mursal. 1984. Kesusastraan Pengantar Teoridan Sejarah. Bandung:

Angkasa.

Foster, E.M. 1979. Cerita dan Segi-segi Novel. Jakarta: Pusat Pembinaan dan

Pengembangan Bahasa Depdikbud.

(31)

204

Hendarin, A Tisna. 1986. Babad Panjalu Satu Kajian Sastra (skripsi). Bandung:

Jurusan sastra Daerah UNPAD.

Herdiyan, Fajar Dwi. 2010. Analisis Saya Terhadap Babad Panjalu. Bandung:

(diunduh tina internet tgl. 12 Januari 2015).

Ikram, Ahadiat. 1980. Hikayat Sri Rama; Telaah Amanat dan Struktur (disertasi).

Jakarta: UI.

Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Chye Retty. 2010. Kajian Sastra; Aplikasi Teori & Kritik Pada Karya

Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing.

Jurusan Pendidikan Basa dan Sastra Sunda FBBS UPI Bandung. 2008.

Palanggeran Ejahan Basa Sunda. Bandung: Rahmat Cijulang.

Koswara, Dedi. 2011. Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa

Daerah FPBS UPI.

LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Taraté.

Moleong, M. A. Lexy J. 2007. Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Rosda.

Nurgiyantoro, B. 2010. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada.

Piliang, Y.A. 2003. Hipersemiotika; Tafsir Cultural Studies atas Matinya Makna.

Yogyakarta: Jalasutra.

Poerwadarminta, W.J.S. 1985. Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai

Pustaka.

Pradopo, R.D. 2012. Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan Penerapanya.

Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Radmila, Sasmita. 2011. Kearifan Lokal; Benteng Kerukunan. Jakarta: PT Gading

Inti Prima.

Ratna, Nyoman Kutha. 2010. Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra dari

Strukturalisme hingga Poststrukturalisme. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Rosidi, Ajip. 1983. Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Rosidi, Ajip (Pem. Red.). 2000. Ensiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Rosidi, Ajip. 2011. Kearifan Lokal dalam Perspektif Budaya Sunda. Bandung:

Kiblat Buku Utama.

(32)

205

Bandung: Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Nusantara,

Depdikbud.

Ruhaliah. 2012. Sejarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa

Daerah FPBS UPI.

Rusyana, Yus. 1979. Novel Sunda Sebelum Perang. Jakarta: Pusat Pembinaan dan

Pengembangan Bahasa Depdikbud.

Rusyana, Yus & Ami Raksanagara. 1980. Puisi Guguritan Sunda. Jakarta:

Depdikbud.

Salmoen, M.A. 1963. Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco.

Santoso, Puji. 2010. Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: CV

Angkasa.

Sardjono, Partini. 1985. Citra Prabu Siliwangi (makalah). Bandung: Seminar

Sejarah dan Tradisi Tentang Prabu Siliwangi.

Satibi, Entoh Toharudin. 1998. Babad Panjalu; Karya Sastra Sejarah Sunda

(skripsi). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS IKIP

Bandung.

Satjadibrata, R. 2005. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Sibarani, Robert. 2012. Kearifan Lokal; Hakikat, Peran, dan Metode Tradisi

Lisan. Jakarta: Asosiasi Tradisi Lisan (ATL).

Sopandi, Atik. 1985. Lagu Pupuh, Pengetahuan dan Notasinya. Bandung: CV

Pustaka Buana.

Stanton, R. 2012. Teori Fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sudaryat, Yayat. 2010. Nilai-Nilai Budaya Sunda (Ppt). Bandung: Jurusan

Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Sudaryat, Yayat, spk. 2014. Nilai Edukatif dalam Paririmbon Sunda. Bandung:

Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Sudaryat, Yayat. 2014. Wawasan Kasundaan. Bandung: Jurusan pendidikan

Bahasa Daerah FPBS UPI.

Sudjiman, Panuti. 1996. Memahami Cerita Rekaan. Jakarta: Pustaka Jaya.

Sukardja, Djadja. 1997. Maung Panjalu dan Nyangku. Ciamis: Kasi Kebudayaan,

(33)

206

Sumardjo, Jakob & Saini K.M. 1994. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.

Suryalaga, H.R. Hidayat. 2009. Kasundaan Rawayan Jati. Bandung: Yayasan Nur

Hidayah.

Suryalaga, H.R. Hidayat. 2010. Filsafat Sunda; Sekilas Interpretasi Folklor

Sunda. Bandung: Yayasan Nur Hidayah.

Sutrisno, Sulastrin. 1984. Hikayat Hang Tuang; Analisis Struktur dan Fungsi.

Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

Teeuw, A. 1983. Membaca dan Menilai Karya Sastra. Jakarta: Gramedia

Universitas Pendidikan Indonesia. 2013. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung: UPI Bandung.

Waluyo, Herman J. 1987. Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: Erlangga

Warnaen, Suwarsih. Spk. 1987. Pandangan Hidup Orang Sunda seperti yang

Tercermin dalam Tradisi Lisan dan Sastra Sunda. Bandung: Depdikbud. Zaimar, O.K.S. 2014. Semiotika dalam Analisis Karya Sastra. Depok: Komodo

Gambar

Tabel 3.2 Format Pedoman Analisis Semiotik
Tabel 3.3 Format Pedoman Analisis Étnopédagogik
Tabel 3.6 Format Pedoman Analisis Palaku jeung Watek
Tabel 3.10 Format Pedoman Analisis Simbol
+2

Referensi

Dokumen terkait

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu. jeung éta

Dina sastra Sunda modéren, aya dua kumpulan carpon anu ditulis ku para wanoja pangarang Sastrawati Sunda Patrem, nya éta Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga. Ieu dua

unsur runtuyan (struktur) jeung unsur semiotik anu aya dina upacara adat nikah Sunda. Format

Téhnik obsérvasi dilakukeun pikeun niténan aktivitas barudak, boh dina ulin biasa boh dina ngaulinkeun kaulinan barudak tradisional. Obsérvasi ieu lain ngan ukur niténan

Patali jeung éta hal, ieu panalungtikan bakal nyurahan ma’na rumpaka gugurutan ku cara medar struktur fisik, interprétasi eusi/ ma’na , jeung ajén étnopédagogik anu

Sumber data nu dipaké dina panalungtikan kualitatif téh nya éta data lapangan.. nu mangrupa foto, anu satuluyna dianalisis, bisa ogé mangrupa

Sedangkan latar tempat yang berada di luar daerah Panjalu yaitu: Jampang, Sukapura, Malangbong, Warudoyong, Galuh (Ciamis), Kandangwesi, Gunung Walahar, Citanduy,

22 Jadi, sumber data dina ieu panalungtikan nya éta carita rayat lauk déwa jeung dongéng séjénna anu aya patalina jeung carita lauk déwa di lima Kacamatan Kabupatén Kuningan luyu jeung