• Tidak ada hasil yang ditemukan

KAULINAN BARUDAK DI KACAMATAN CONGGÉANG KABUPATÉN SUMEDANG : Ulikan Struktural jeung Étnopédagogik.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "KAULINAN BARUDAK DI KACAMATAN CONGGÉANG KABUPATÉN SUMEDANG : Ulikan Struktural jeung Étnopédagogik."

Copied!
32
0
0

Teks penuh

(1)

KAULINAN BARUDAK DI KACAMATAN CONGGÉANG KABUPATÉN SUMEDANG

(Ulikan Struktural jeung Étnopédagogik)

TÉSIS

diajengkeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat ngahontal gelar Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku

Muhamad Yogi Hamdani

NIM 1302423

PROGRAM STUDI

PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA

SEKOLAH PASCASARJANA

(2)

KAULINAN BARUDAK DI KACAMATAN CONGGÉANG KABUPATÉN SUMEDANG

(Ulikan Struktural jeung Étnopédagogik)

Oleh

Muhamad Yogi Hamdani

Sebuah tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd) pada Sekolah Pascasarjana

Muhamad Yogi Hamdani Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2015

© Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)

LEMBAR PENGESAHAN TÉSIS

MUHAMAD YOGI HAMDANI 1302423

KAULINAN BARUDAK DI KACAMATAN CONGGÉANG KABUPATÉN SUMEDANG

(Ulikan Struktural jeung Étnopédagogik)

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping,

Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M. Pd. NIP. 196707101991022001

Kauninga ku

Pupuhu Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana

Universitas Pendidikan Indonesia

(4)

PERMAINAN KANAK-KANAK DI KECAMATAN CONGGEANG KABUPATEN SUMEDANG

(Kajian Struktural dan Etnopedagogik)1)

Muhamad Yogi Hamdani2)

ABSTRAK

Penelitian ini membahas permainan anak-anak yang berada di Kecamatan Conggeang Kabupaten Sumedang dari segi struktural dan entopedagogik. Latar belakang penelitian ini adalah keadaan permainan anak-anak sekarang yang sudah mulai ditinggalkan karena tergerus oleh permainan-permainan modern. Metode yang dipakai dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Teknik yang dipakai untuk mengumpulkan data dalam penelitian ini adalah observasi, wawancara, studi pustaka, dan dokumentasi. Dari hasil penelitian ditemukan 28 permainan. Nama-nama permainannya adalah bancakan (A), barén, éngklé gunung, galah, kakalécian, ucing buaya, ucing jongkok, ucing sumput (A), ucing tépa, bancakan (B), éngklé biasa, ngadu keléréng, om-oman, ucing jatup, babancakan, bébélotan, dodo-dodoan, éngklé kapal, pocés, ucing sendal (A), ucing sumput (B), congkak, ééngkléan, ngadu kaléci, lompat karét, sasapintrongan, ucing babuk, sarta ucing sendal (B). Dalam permainannya, setiap permainan dibagi menjadi tiga tahapan, yaitu (1) persiapan, (2) mulai main, dan (3) selesai bermain. Dari tahapan-tahapan permainannya dianalisis nilai-nilai entopedagogik yang terdapat dalam permainan tersebut. Berdasarkan hasil penelitian, terdapat empat nilai moral yang ditemukan dalam setiap permainan, yaitu moral manusa ka dirina, moral manusa ka manusa, moral manusa ka alam, sarta moral manusa dina ngahontal kasugemaan lahir batin. Berdasarkan analisis hasil penelitian, terdapat 12 karakter bangsa yang ditemukan, yaitu jujur, toleransi, disiplin, kerja keras, kreatif, mandiri, demokratis, menghargai prestasi, bersahabat/komunikatif, cinta damai, peduli lingkungan, sarta tanggung jawab.

Kata kunci: permainan anak-anak, struktural, etnopedagogik

1)

Tesis di bawah bimbingan Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd 2)

(5)

CHILDREN GAMES IN CONGGEANG SUMEDANG (Structural and Etnopedagogic Study)1)

Muhamad Yogi Hamdani2)

ABSTRACT

This research explained about children traditional games that exist in Conggeang-Sumedang that’s analyzed from structural and etnopedagogic aspect. Background of this study is traditional games almost left by children because there are so many modern games nowadays. The method that’s used in this research is descriptive method. Observation, interview, literature study, and documentation are techniques that were used in collecting data. The result of this research found 28 traditional games. The names of the games are bancakan (A), barén, éngklé gunung, galah, kakalécian, ucing buaya, ucing jongkok, ucing sumput (A), ucing tépa, bancakan (B), éngklé biasa, ngadu keléréng, om-oman, ucing jatup, babancakan, bébélotan, dodo-dodoan, éngklé kapal, pocés, ucing sendal (A), ucing sumput (B), congkak, ééngkléan, ngadu kaléci, lompat karét, sasapintrongan, ucing babuk, sarta ucing sendal (B). Each traditional game is divided into 3 stages, such as (1) preparation, (2) start to play, (3) play ended. The etnopedagogic values of each traditional game were analyzed based on every stage. Based on the result of this research, there are 4 moral values that were found in each traditional game, such as moral of human being to themselves, moral of human being to human being, moral of human being to nature, and moral of human being in facing happiness. In addition, there are 12 nation characters that were found in each traditional game, such as being honest, tolerance, discipline, hard work, creative, independent, democratic, appreciating achievement, communicative, loving peace, care to environment, and responsible.

Keywords: children games, structural, etnopedagogic.

1)

Thesis Supervisor is Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd 2)

(6)

DAPTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK………..………... i

PANGJAJAP………..……….. iv

TAWIS NUHUN………... v

DAPTAR EUSI………. vii

DAPTAR TABÉL ………. xiii

DAPTAR GAMBAR ………. xvi

DAPTAR LAMPIRAN ………. xx

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang ……….. 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ………... 5

1.2.1 Watesan Masalah ……….... 5

1.2.2 Rumusan Masalah ………... 5

1.3 Tujuan Panalungtikan ……….. 6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ……….. 6

1.5 Sistematika Tulisan ……….. 7

BAB II ULIKAN TIORI 2.1 Kaulinan Barudak ……….. 8

2.1.1 Wangenan Kaulinan Barudak ……….. 8

2.1.2 Fungsi Kaulinan Barudak ………. 9

2.2 Struktural ………..………. 12

2.2.1 Konsep Dasar Strukturalisme……….. 14

2.3 Étnopédagogik ...……… 15

2.3.1 Tujuan Étnopédagogik Sunda ……….. 17

2.3.2 Pendidikan Karakter ngaliwatan Étnopédagogik Sunda………. 20

(7)

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan ………..……… 33

3.2 Métode Panalungtikan ………. 34

3.3 Sumber Data ………..……….. 34

3.4 Instrumé Panalungtikan ………... 36

3.5 Téknik Ngumpulkeun Data ………. 41

3.6 Téknik Analisis Data ………... 42

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN HASIL PANALUNGTIKAN 4.1 Kaulinan Barudak nu aya di Kacamatan Conggéang...…... 43

4.2 Struktur Kaulinan Barudak nu aya di Kacamatan Conggéang………. 45 4.2.1 Struktur Kaulinan Bancakan ………..

4.2.2 Struktur Kaulinan Barén ………

4.2.3 Struktur Kaulinan Éngklé Gunung …………..…..

4.2.4 Struktur Kaulinan Galah ………

4.2.5 Struktur Kaulinan Kakalécian ………

4.2.6 Struktur Kaulinan Ucing Buaya ……….

4.2.7 Struktur Kaulinan Ucing Jongkok ………. 4.2.8 Struktur Kaulinan Ucing Sumput ……….. 4.2.9 Struktur Kaulinan Ucing Tépa ………...…… 4.2.10 Struktur Kaulinan Bancakan ………..

4.2.11 Struktur Kaulinan Éngklé Biasa ………

4.2.12 Struktur Kaulinan Ngadu Keléréng …………...…

4.2.13 Struktur Kaulinan Om-oman ………. 4.2.14 Struktur Kaulinan Ucing Jatup ………..……

4.2.15 Struktur Kaulinan Babancakan ………..

4.2.16 Struktur Kaulinan Bébélotan ……….

4.2.17 Struktur Kaulinan Dodo-dodoan ………

4.2.18 Struktur Kaulinan Éngklé Kapal ………

(8)

ix

4.2.19 Struktur Kaulinan Pocés ………

4.2.20 Struktur Kaulinan Ucing Sendal ………..…. 4.2.21 Struktur Kaulinan Ucing Sumput ………...

4.2.22 Struktur Kaulinan Congkak ………...

4.2.23 Struktur Kaulinan Ééngkléan ……….

4.2.24 Struktur Kaulinan Ngadu Kaléci ………...….

4.2.25 Struktur Kaulinan Lompat Karét …………..…….

4.2.26 Struktur Kaulinan Sasapintrongan ……….

4.2.27 Struktur Kaulinan Ucing Babuk ………...….

4.2.28 Struktur Kaulinan Ucing Sendal ………

131

4.3 Étnopédagogik dina Kaulinan Barudak nu aya di

Kacamatan Conggéang ………………. 189 4.3.1 Ajén Moral nu aya dina Kaulinan Barudak nu aya

di Kacamatan Conggéang ……… 189

4.3.1.1 Ajén Moral dina Kaulinan Bancakan ……

4.3.1.2 Ajén Moral dina Kaulinan Barén ………..

4.3.1.3 Ajén Moral dina Kaulinan Éngklé Gunung 4.3.1.4 Ajén Moral dina Kaulinan Galah ………...

4.3.1.5 Ajén Moral dina Kaulinan Kakalécian …..

4.3.1.6 Ajén Moral dina Kaulinan Ucing Buaya ... 4.3.1.7 Ajén Moral dina Kaulinan Ucing Jongkok. 4.3.1.8 Ajén Moral dina Kaulinan Ucing Sumput.. 4.3.1.9 Ajén Moral dina Kaulinan Ucing Tépa …..

4.3.1.10Ajén Moral dina Kaulinan Bancakan …….

4.3.1.11Ajén Moral dina Kaulinan Éngklé Biasa…

4.3.1.12Ajén Moral dina Kaulinan Ngadu

Keléréng ……….

4.3.1.13Ajén Moral dina Kaulinan Om-oman ……

4.3.1.14Ajén Moral dina Kaulinan Ucing Jatup ….

4.3.1.15Ajén Moral dina Kaulinan Babancakan ….

(9)

4.3.1.16Ajén Moral dina Kaulinan Bébélotan ……

4.3.1.17Ajén Moral dina Kaulinan Dodo-dodoan .. 4.3.1.18Ajén Moral dina Kaulinan Éngklé Kapal .. 4.3.1.19 Ajén Moral dina Kaulinan Pocés ………...

4.3.1.20Ajén Moral dina Kaulinan Ucing Sendal .. 4.3.1.21Ajén Moral dina Kaulinan Ucing Sumput.. 4.3.1.22Ajén Moral dina Kaulinan Congkak ……..

4.3.1.23Ajén Moral dina Kaulinan Ééngkléan ……

4.3.1.24Ajén Moral dina Kaulinan Ngadu Kaléci .. 4.3.1.25Ajén Moral dina Kaulinan Lompat Karét .. 4.3.1.26Ajén Moral dina Kaulinan Sasapintrongan. 4.3.1.27Ajén Moral dina Kaulinan Ucing Babuk…

4.3.1.28Ajén Moral dina Kaulinan Ucing Sendal ..

224 4.3.2 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan Barudak nu

aya di Kacamatan Conggéang ……….. 256

4.3.2.1 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan Barudak Bancakan ……….

4.3.2.2 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan Barudak Barén ………...

4.3.2.3 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Éngklé Gunung ………

4.3.2.4 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Galah ………...

4.3.2.5 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan Barudak Kakalécian ………….………….

4.3.2.6 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Ucing Buaya ………..…….

4.3.2.7 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Ucing Jongkok ……….

4.3.2.8 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

(10)

xi

4.3.2.9 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Ucing Tépa ………..

4.3.2.10 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Bancakan ……….

4.3.2.11 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan Barudak Éngklé Biasa ………

4.3.2.12 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Ngadu Keléréng ………...

4.3.2.13 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan Barudak Om-oman ……….

4.3.2.14 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Ucing Jatup ………..

4.3.2.15 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Babancakan ……….

4.3.2.16 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Bébélotan ………

4.3.2.17 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan Barudak Dodo-dodoan ……….…………..

4.3.2.18 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Éngklé Kapal ……….…………..

4.3.2.19 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Pocés ………

4.3.2.20 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Ucing Sendal ………….………..

4.3.2.21 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan Barudak Ucing Sumput ………..

4.3.2.22 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Congkak ………..

4.3.2.23 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

(11)

4.3.2.24 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Ngadu Kaléci ………….……….

4.3.2.25 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Lompat Karét ………….……….

4.3.2.26 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Sasapintrongan ……….………...

4.3.2.27 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Ucing Babuk ………….…..…….

4.3.2.28 Karakter Bangsa nu aya dina Kaulinan

Barudak Ucing Sendal …………..……….

331

334

337

340

343 4.4 Fungsi Kaulinan Barudak nu aya di Kacamatan

Conggéang ………. 347

4.5 Pedaran Hasil Panalungtikan ………. 349

BAB V PANUTUP 5.1 Kacindekan ………. 358

5.2 Implikasi Kaulinan Barudak dina Kahirupan Sapopoé ….. 360

5.3 Saran (Rékoméndasi) ……….. 361

DAPTAR PUSTAKA ……… 362

LAMPIRAN ……….. 365

(12)

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Kumpulan manusa anu cicing di hiji wewengkon sarta maranéhna ngalakukeun interaksi atawa campur gaul jeung manusa lianna disebut masarakat. Saban kelompok masarakat tangtu miboga kabudayaan séwang-séwangan anu ngabédakeun manéhna jeung kelompok masarakat lianna.

Dina hakékatna manusa mangrupa mahluk sosial, hartina teu bisa hirup sosoranganan, tapi mikabutuh ayana jalma séjén pikeun hirup. Dina kahirupan masarakat bakal katémbong kabiasaan-kabiasaan dumasar kana akal budi nu dipiboga ku manusa. Saterusna ieu kabiasaan téh disebut kabudayaan. Tatalépana atawa hirupna hasil budaya biasa sok disebut tradisi, boh sacara tinulis boh sacara lisan.

Saluyu jeung kamekaran jaman. Kiwari loba tradisi nu geus mimiti tumpur, boh lantaran teu dipikawanoh deui boh lantaran hésé atawa euweuh sarana pikeun ngahirupkeunana. Salasahiji tradisi atawa produk budaya nu mimiti tumpur nya éta kaulinan barudak. Ieu hal katitén ku jarangna barudak, boh di pilemburan boh di kota nu masih kénéh ngaulinkeun kaulinan barudak. Kaulinan barudak geus mimiti ditinggalkeun lantaran kaeréh ku kaulinan-kaulinan modérn saperti HP, internét, PS, jeung sajabana.

(13)

Wujud tradisi lisan itu dapat berupa (1) tradisi berkesusastraan lisan, (2) tradisi pertunjukan dan permainan rakyat, (3) tradisi teknologi tradisional, (4) tradisi pelambangan atau simbolisme, dan (5) tradisi musik rakyat.”

Saméméh kaulinan modérn datang, barudak leutik di tatar Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin maranéhna sabada diajar atawa mantuan kolotna. Kaulinan barudak téh mangrupa kamonésan anu mindeng dilakukeun ku barudak dina mangsa keur rinéh (il. Su.m.wikipedia.org).

Kaulinan barudak miboga sawatara ciri nu mangrupa ciri tradisi lisan, diantarana nya éta (1) kabiasaan nu wangunna lisan, sabagéan lisan, sarta lain lisan, (2) ngabogaan peristiwa atawa kagiatan salaku kontéksna, (3) bisa dititén sarta ditongton, (4) sipatna tradisional, (5) diwariskeun sacara turun-tumurun, (6) proés nepikeunana ku media lisan atawa “tina baham kana ceuli”, (7) di jerona

aya ajén-ajén budaya salaku kaarifan lokal, (8) ngabogaan versi atawa variasi, (9) aya poténsi pikeun dirévitalisasi sarta sacara rancagé dijadikeun sumber industri budaya, sarta (10) dipimilik ku komunitas nu tangtu (Sibarani, 2012, kc. 123-124). Nilik tina ciri-ciri kaulinan barudak, aya sawatara hal anu bisa diguar, diantarana nya éta ajén-ajén budaya nu aya dina kaulinan sarta poténsi révitalisasina sangkan kaulinan barudak bisa hirup tur hurip deui di masarakat.

Ajén-ajén budaya nu bisa diguar tur luyu jeung kamekaran kiwari nya éta ajén atikanna nu mangrupa bagian tina étnopédagogik. Alwasilah (2009, kc. 50) nétélakeun yén étnopédagogik mangrupa prakték atikan nu basisna kaarifan lokal dina rupa-rupa hal. Rupa-rupa hal éta bisa ngawengku cara ngubaran rupa-rupa panyakit, seni béla diri, lingkungan hirup, sistem tatanén, ékonomi, pamaréntahan, sistem palintangan, jeung sajabana. Ti dinya bakal mekar étnofilosofis, étnopsikologi, étnomusikologi, étnopolitik, jste.

(14)

3

pasualan, jeung maluruh informasi. Singgetna, kaarifan lokal mangrupa hiji prosés hubungan jeung pangaweruh nu dihasilkeun, disimpen, dilarapkeun, diolah, jeung diwariskeun.

Ku beuki leungitna kaulinan barudak, dipikahariwang ayana kamunduran karakter-karakter barudak lantaran teu dilatih tur dididik sacara alami tanpa ayana paksaan. Ieu hal geus mimiti némbongan, diantarana waé barudak jaman kiwari geus beuki nyirorot sopan santunna. Sarta sikep sosial barudak nu beuki ilang, nu leuwih mucunghul kiwari nya éta sikep individualis alatan pangaruh kaulinan-kaulinan modérn. Salian tina pangaruh kaulinan-kaulinan modérn, leungitna kaulinan-kaulinan barudak ogé kapangaruhan ku kurang kapaduliannana kolot kana pentingna kaulinan barudak dina ngawangun karakter budak. Kiwari loba anggepan yén leuwih hadé barudak cicing di imah bari ngomé komputer, PS, jeung sajabana tibatan liar di luar. Teu padulina kolot kana pentingna kaulinan barudak bisa disababkeun ku teu pahamna kana ajén-ajén nu nyangkaruk dina kaulinan barudak.

Panalungtikan ngeunaan kaulinan barudak tinangtu geus réa pisan, boh wangun skripsi boh wangun tésis. Diantarana waé nya éta:

1. Skripsi Dédé Priana Putra “Ajén Sosiologis Kaulinan Tradisional di Désa Sukatali Kacamatan Situraja Kabupatén Sumedang” taun 2008.

2. Skripsi Januar Prayitno “Kaulinan Barudak Lembur di Kacamatan Setu Kabupatén Bekasi” taun 2009.

3. Skripsi Érlian Permata Sari “Ajén Falsafah dina Kaulinan Tradisional

Sunda di Kacamatan Batujajar pikeun Pangajaran Siswa Kelas VIII di

SMP Bhakti Mulya Batujajar Kabupatén Bandung” taun 2011.

4. Skripsi Astri Handayani “Struktur dina Kaulinan Tradisional di Désa Pagerwangi Kacamatan Lémbang Kabupatén Bandung Barat pikeun

Bahan Pangajaran Maca di SMP Kelas VIII” taun 2014.

5. Tésis Dwi Juniarti Lestari “Model Pembelajaran Tematik “Kaulinan Barudak” Sunda Untuk Meningkatkan Kecerdasar Sosial Anak” taun

(15)

6. Tésis Dési Triyani “Ajén Budaya dina Kaulinan Barudak Pikeun Modél Atikan Karakter di Sakola Dasar” taun 2014.

Tina panalungtikan-panalungtikan ngeunaan kaulinan barudak nu dipilampah kunu séjén, can aya nu maluruh atawa nalungtik kaulinan nu aya di wewengkon Kacamatan Conggéang Kabupatén Sumedang.

Sedengkeun panalungtikan nu kungsi aya ngeunaan ajén étnopédagogik nya

éta dina wangun tésis nu judulna “Ajén-ajén Étnopédagogik dina Dongéng di Kota Tasikmalaya: Ulikan Struktural jeung Hermeuneutik” kénging Wiwin

Widaniawati taun 2012.

Saméméh maluruh étnopédagogik nu aya dina kaulinan barudak, kudu ngumpulkeun (inventarisir) heula kaulinan nu rék dipaluruh. Ngumpulkeun data kaulinan barudak diayakeun di Kacamatan Conggéang Kabupatén Sumedang. Dipilihna Kacamatan Conggéang lantaran ieu kacamatan kawilang nyingkur, jauh ti puseur dayeuh, jadi dipiharep loba kénéh kaulinan barudak nu hirup di ieu wewengkon.

Sabada dikumpulkeun kaulinan-kaulinan nu aya di wewengkon Kacamatan Conggéang, tuluy dianalisis struktur kaulinanna pikeun ngénténgkeun dina ngainterprétasikeun atawa maluruh ajén-ajén étnopédagogik nu nyangkaruk dina éta kaulinan. Nu dimaksud struktur dina ieu panalungtikan nya éta unsur-unsur pangwangun kaulinan barudak. Wangun kaulinan barudak diwengku ku struktur, élemén, jeung kondisi. Struktur ngawengku penamaan jeung peristiwa atawa prak-prakan kaulinan. Élemén ngawengku palaku, waktu, pakakas, jeung musik. Sedengkeun kondisi nya éta kondisi atawa kaayaan nalika ngaulinkeun éta kaulinan.

(16)

5

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan diwatesanan ngan saukur ngadéskripsikeun struktur kaulinan barudak nu kapanggihn nya éta (1) ngaran kaulinan, (2) waktu, (3) tempat, (4) palaku nu ngawengku jumlah, umur jeung jenis kelamin, (5) pakakas, sarta (6) prak-prakan arulin nu ngawengku prosés tatahar, prung ulin, jeung réngsé ulin. Tina struktur kaulinan nu kapaluruh, satuluyna ngaguar ajén étnopédagogik nu mangrupa ajén moral dumasar kana konsép Warnaén, sarta 18 ajén karakter bangsa. Ajén moral ngawengku (1) moral manusa ka pangéran, (2) moral manusa ka dirina, (3) moral manusa ka manusa, (4) moral manusa ka alam, (5) moral manusa ka waktu, sarta (6) moral manusa dlina ngahontal kasugemaan lahir batin. Ajén karakter bangsa ngawengku (1) religious, (2) jujur, (3) toleransi, (4) disiplin, (5) kerja keras, (6) kreatif, (7) mandiri, (8) demokratis, (9) rasa ingin tahu, (10) semangat kebangsaan, (11) cinta tanah air, (12) menghargai prestasi, (13) bersahabat/komunikatif, (14) cinta damai, (15) gemar membaca, (16) peduli lingkungan, (17) peduli sosial, sarta (18) tanggung jawab.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang jeung watesan masalah di luhur, ieu masalah téh dipertélakeun dina wangun patalékan, nya éta:

1) Kaulinan barudak naon waé nu aya di wewengkon Kacamatan Conggéang?

2) Kumaha struktur kaulinan barudak nu aya di wewengkon Kacamatan Conggéang?

3) Ajén étnopédagogik naon waé nu nyangkaruk dina kaulinan barudak nu aya di wewengkon Kacamatan Conggéang?

(17)

1.3Tujuan Panalungtikan

Dumasar kana masalah anu geus dirumuskeun di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:

1) kaulinan barudak nu aya di wewengkon Kacamatan Conggéang,

2) struktur kaulinan barudak nu aya di wewengkon Kacamatan Conggéang, 3) ajén étnopédagogik nu nyangkaruk dina kaulinan barudak nu aya di

wewengkon Kacamatan Conggéang, jeung

4) fungsi kaulinan barudak nu aya di wewengkon Kacamatan Conggéang.

1.4Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis, sakumaha anu dipedar ieu di handap.

1) Mangpaat Téoritis

Sacara téoritis, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa:

(1) Ngabeungharan pangaweruh perkara ulikan kabudayaan jeung tradisi Sunda, utamana dina wengkuan tiori-tiori kajian étnopédagogik.

(2) Aplikasi ulikan struktur pertunjukan dina kaulinan barudak.

(3) Aplikasi ulikan étnopédagogik dina kahirupan nu nyampak di masarakat.

2) Mangpaat Praktis

Panalungtikan ieu miboga mangpaat praktis, diantarana: (1) Pikeun Panalungtik

Nambahan pangalaman dina prosés panalungtikan budaya, utamana dina produk budaya nu mangrupa tradisi nu hirup di masarakat.

(2) Pikeun Pangajaran

Nambahan pangdeudeul ulikan, utamana ulikan ngeunaan ajén moral jeung karakter bangsa.

(3) Pikeun Sakola

(18)

7

1.5Sistematika Tulisan

ABSTRAK PANGJAJAP DAPTAR EUSI DAPTAR TABÉL BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.3Tujuan Panalungtikan

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.5Sistematika Tulisan BAB II KAJIAN PUSTAKA

2.1 Konsép nu Diulik

2.2 Panalungtikan Saméméhna 2.3 Posisi Tioritis Panalungtik

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan

3.2 Sumber Data

3.3 Instrumén Panalungtikan 3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data 3.5 Téhnik Analisis Data

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN HASIL PANALUNGTIKAN

4.1 Hasil Panalungtikan

4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan

BAB V KACINDEKAN, IMPLIKASI, jeung RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan

5.2 Implikasi 5.3 Saran

(19)

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Panalungtikan kualitatif ngagunakeun desain panalungtikan studi kasus, dina harti panalungtikan dipuseurkeun kana hiji runtuyan kajadian nu dipilih jeung dicangkem sacara leuwih teleb. Panalungtikan kualitatif nataharkeun jeung ngararancang sacara leuwih asak pikeun nangtukeun tempat, partisipan, jeung ngamimitian ngumpulkeun data. Sangkan leuwih jéntré, bisa diilikan dina bagan ieu di handap.

Fungsi Kaulinan

Étnopédagogik

Nangtukeun Obyék Panalungtikan

Kaulinan barudak nu aya di wewengkon Kacamatan

Conggéang

Nangtukeun Tiori jeung Métode Panalungtikan

Étnopédagogik:

A. Ajén Moral (Warnaen)

1. Moral Manusa ka Pangéran

(MMP)

2. Moral Manusa ka Dirina (MMD)

3. Moral Manusa ka Manusa

(MMM)

4. Moral Manusa ka Alam (MMA)

5. Moral Manusa ka Waktu

(MMW)

6. Moral Manusa dina Ngahontal

Kasugemaan Lahir Batin

(MMLB)

B. Atikan Karakter Bangsa Ngaliwatan

Étnopédagogik

Ngadéskripsikeun, nganalisis, jeung napsirkeun

Nyindekkeun Nangtukeun Masalah

(20)

34

3.2 Métode Panalungtikan

Métode mangrupa hiji stratégi atawa tarékah anu sipatna sistematis pikeun nyangkem kaayaan anu kapanggih dina panalungtikan. Ari udagan métode panalungtikan nya éta pikeun méré gambaran ngeunaan prak-prakan dina panalungtikan nu baris dilaksanakeun (Soewarto, 2001, kc. 14).

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Anu dimaksud métode déskriptif nya éta métode anu bisa ngungkulan pasualan kalawan aktual ku cara ngumpulkeun, nyusun, nyieun papasingan, ngaanalisis, jeung napsirkeun (Surakhmad, 1994, kc. 139).

Métode déskriptif digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun ngadéskripsikeun struktur kaulinan jeung ajén-ajén étnopédagogik nu aya dina kaulinan barudak, boh ajén nu mangrupa ajén moral manusa boh ajén atikan karakter bangsa.

3.3 Sumber Data

Anu dimaksud sumber data dina panalungtikan nya éta subjék ti mana éta data dibeunangkeun. Saupama panalungtik ngagunakeun kuésionér atawa wawancara, mangka sumber datana disebut réspondén. Réspondén nya éta jalma nu ngaréspon atawa ngajawab patalékan-patalékan panalungtik, boh patalékan tinulis boh patalékan lisan. Tapi, saupama panalungtik ngagunakeun téhnik obsérvasi, mangka sumber datana bisa mangrupa barang, gerak, atawa prosés hiji hal (Arikunto, 2010, kc. 172).

(21)

Dina nangtukeun sampel dina ieu panalungtikan dilakukeun ku cara sampel wilayah. Sampel wilayah nya éta téhnik sampling nu dilakukeun ku cara nyokot wakil ti unggal wilayah nu aya dina populasi (Arikunto, 2010, kc. 182). Ku kituna, ieu panalungtikan bisa disebut panalungtikan sampel.

Kacamatan Conggéang pernahna 20 Km beulah kaléreun ibukota Kabupatén Sumedang. Sacara géografis, Kacamatan Conggéang legana 11.029,3 Ha. Sacara administratif – eksternal, wates-wates wilayah Kacamatan Conggéang nya éta:

 Beulah kalér : Kacamatan Ujungjaya Kabupatén Sumedang jeung Kacamatan Cikedung Kabupatén Indramayu.

 Beulah kidul : Kacamatan Paséh jeung Kacamatan Cimalaka Kabupatén Sumedang

 Beulah kulon : Kacamatan Buahdua Kabupatén Sumedang

 Beulah wétan

(22)

36

Sacara administratif – internal, wilayah Kacamatan Conggéang ngawengku 12 désa, 32 dusun, 66 RW, 254 RT sarta 18.172 KK. Tepi ka bulan Désémber taun 2014, jumlah penduduk Kacamatan Conggéang aya 64.744 urang, 32.002 urang awéwé sarta 32.742 urang lalaki.

Tina 12 désa nu aya di Kacamatan Conggéang, nu dijadikeun sampel nya éta 5 désa. Éta lima désa téh ditangtukeun dumasar kana désa nu aya luyu jeung pompok anginna tur désa nu aya di puseur Kacamatan Conggéang. Lima désa nu ditangtukeun nya éta Désa Conggéang Wétan, Désa Cibubuan, Désa Ungkal, Désa Babakan Asem, jeung Désa Narimbang. Salian ti lantaran pompok angin, éta lima désa ogé dipilih alatan pernahna nu anggang ti nu lian alatan kahalangan ku leuweung sarta dipiharep ayana karakteristik nu béda antara lima désa nu dipilih.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas nu dipaké ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéannana leuwih babari sarta hasilna leuwih alus, dina harti leuwih gemet, lengkep, sarta sistematis tepi ka babari diolahna (Arikunto, 2010, kc. 203).

Instrumén nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta format obsérvasi, format wawancara, alat rekam, kartu data, format analisis jeung sistim tabulasi.

Format obsérvasi dipaké pikeun nuliskeun hasil obsérvasi nu dilakukeun ku panalungtik.

Format Obsérvasi

Lokasi objék : ……….

Ping/ jam : ……….

(23)

Salian ti format obsérvasi, aya ogé format wawancara nu mangrupa daptar patalékan nu dijadikeun papagon dina ngawawancara barudak pikeun ngumpulkeun informasi ngeunaan kaulinan barudak nu diarulinkeunna.

Format Wawancara ka Barudak

Sumber data: ……….. Panalungtik : ……….. Tempat : ……….. Tanggal : ………

Patalékan Eusi Ringkesan Data

1. Naon nami kaulinan ieu?

2. Iraha waé diulinkeunna? Naha aya waktu husus atawa henteu? 3. Terang kaulinan ieu ti mana

atawa ti saha?

4. Sering diulinkeun atawa henteu? Lamun henteu kunaon alesanna tepi ka tara dipaénkeun?

5. Sabaraha urang pamaénna? 6. Biasana barudak umur sabaraha

nu maénna?

7. Ieu kaulinan biasa dipaénkeun ku lalaki atawa awéwé?

8. Naon waé perlengkapan nu dipaké?

9. Kumaha persiapan saméméh der ulin?

(24)

38

Kartu data dipaké pikeun nuliskeun data hasil milah-milah dumasar kana katégorina, sangkan ngababarikeun prosés analisis nu satuluyna.

Kartu Data (Ngaran Kaulinan)

No. Ngaran Kaulinan Sumber Data Kode Kaulinan

(1) (2) (3) (4)

Conto kode: K-1.U Katerangan:

K-1 : Kaulinan kahiji

U : Sumber kaulinan (U = Désa Ungkal, B = Désa Babakan Asem, C = Désa Cibubuan, N = Désa Narimbang, sarta CW = Désa Conggéang Wétan)

Kartu Data (Struktur Kaulinan)

Kode Kaulinan :

Kode Struktur :

Transkripsi Rékaman :

Kode Struktur : 1. Ngaran Kaulinan 2. Waktu

3. Tempat

4. Palaku / Pamaén a. Jumlah b. Umur

c. Jenis Kelamin 5. Kalengkepan kaulinan 6. Prak-prakan kaulinan

a. Tatahar b. Prung arulin c. Réngsé arulin

(25)

Sistim tabulasi dipaké pikeun ngababarikeun dina ngolah data hasil ngumpulkeun. Ieu di handap tabél-tabél nu dipaké pikeun ngagambarkeun hasil panalungtikan sarta data hasil milah-milah dumasar katégorina.

Tabél 3.1

Daptar Kaulinan nu Aya di Kacamatan Conggéang

No. Ngaran Kaulinan

Lokasi (Désa)

Cibubuan Conggéang

Wétan Ungkal

Babakan

Asem Narimbang

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

Tabél 3.2

Papasingan Kaulinan dumasar Fungsina

No. Ngaran Kaulinan Papasingan

Kaulinan Kompetisi

(1) (2) (3) (4)

Tabél 3.3

Papasingan Kaulinan dumasar kana Kelompokna

No. Ngaran Kaulinan

Papasingan Kaulinan

(gerak)

Kakawihan (nyanyian)

Kaulinan nu diwuwuhan kawih

(26)

40

Tabél 3.4

Papasingan Kaulinanan dumasar kana Jenis Kelamin nu Ngaulinkeunana

No. Ngaran Kaulinan

Papasingan

Lalaki Awéwé Lalaki jeung awéwé

(1) (2) (3) (4) (5)

Tabél 3.5

Ajén Moral dina Kaulinan ……

No.

Prak-prakan Kaulinan

Ajén Moral

1 2 3 4 5 6

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)

Tabél 3.6

Ajén Karakter Bangsa dina Kaulinan …..

No. Prak-prakan Kaulinan

Ajén Karakter Bangsa

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11) (12) (13) (14) (15) (16) (17) (18) (19) (20)

(27)

Format Analisis Étnopédagogik (Moral Manusa)

Kode Kaulinan : Katerangan :

1. Moral Manusa ka Pangéran (MMP)

Format Analisis Étnopédagogik (Karakter Bangsa)

Kode Kaulinan : Katerangan :

1. Religius 11.Cinta tanah air 12.Menghargai prestasi

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data

(28)

42

Téhnik obsérvasi dilakukeun pikeun niténan aktivitas barudak, boh dina ulin biasa boh dina ngaulinkeun kaulinan barudak tradisional. Obsérvasi ieu lain ngan ukur niténan ngagunakeun indra panempo wungkul, tapi ogé ngagunakeun indra pangreungeu pikeun nangkep kekecapan anu dikaluarkeun waktu barudak arulin.

Téhnik wawancara dilakukeun pikeun meunangkeun katerangan-katerangan nu patali jeung kaulinan barudak. Dina ieu téhnik, saméméhna disiapkeun heula instruménna nu mangrupa pedoman wawancara dina wangun patalékan-patalékan. Ieu wawancara dilakukeun ka barudak nu arulinna, pikeun meunangkeun data-data ngeunaan kaulinan nu diarulinkeunna.

Téhnik studi pustaka nu dipaké asalna tina sababaraha sumber buku, hasil panalungtikan, jeung internét. Aya sababaraha buku anu dipaké pikeun mantuan ngadéskripsikeun sarta ngaanalisis hasil panalungtikan.

Téhnik dokuméntasi di dieu lain hartian ngoréhan wungkul dokumén nu geus aya ngeunaan kaulinan barudak. Tapi, dokumétasi di dieu nya éta ngadokuméntasikeun kaulinan nu kapanggih di lapangan ku cara dirékam. Nu satuluyna éta rékaman bisa dipaké pikeun ngaanalisis kaulinan leuwih gemet.

3.6 Téhnik Analisis Data

Aya sawatara léngkah dina ngaanalisis data ieu panalungtikan. Sabada ngumpulkeun data, tuluy data ditabélkeun sagemblengna. Léngkah-léngkah satuluyna saperti ieu di handap:

1) Nyieun papasingan kaulinan dumasar kana kelompokna luyu jeung tabulasi nu dicontokeun dina Instrumén panalungtikan.

2) Ngaanalisis struktur kaulinan barudak nu kapaluruh.

3) Ngaanalisis tur nganapsirkeun ajén-ajén étnopédagogik nu nyangkaruk dina éta kaulinan dumasar kana prak-prakan kaulinannana.

(29)

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan dilakukeun di lima désa nu ditangtukeun dumasar sampel wilayah pompok angin. Désa nu dijadikeun tempat panalungtikan nya éta Désa Ungkal, Désa Babakan Asem, Désa Cibubuan, Désa Narimbang, jeung Désa Conggéang Wétan. Ti lima désa kapaluruh aya 28 kaulinan nu masih kénéh diarulinkeun ku barudak sacara alamiah, tanpa ayana rékaan. Ngaran-ngaran kaulinanna nya éta (1) bancakan (A), (2) barén, (3) éngklé gunung, (4) galah, (5) kakalécian, (6) ucing buaya, (7) ucing jongkok, (8) ucing sumput (A), (9) ucing tépa, (10) bancakan (B), (11) éngklé biasa, (12) ngadu keléréng, (13) om-oman, (14) ucing jatup, (15) babancakan, (16) bébélotan, (17) dodo-dodoan, (18) éngklé kapal, (19) pocés, (20) ucing sendal (A), (21) ucing sumput (B), (22) congkak, (23) ééngkléan, (24) ngadu kaléci, (25) lompat karét, (26) sasapintrongan, (27) ucing babuk, sarta (28) ucing sendal (B).

Jumlah kaulinan nu kapaluruh di unggal désa béda-béda. Di Désa Ungkal kapaluruh salapan kaulinan, nya éta (1) bancakan, (2) barén, (3) éngklé gunung, (4) galah, (5) kakalécian, (6) ucing buaya, (7) ucing jongkok, (8) ucing sumput, jeung (9) ucing tépa. Di Désa Babakan Asem kapaluruh lima kaulinan, nya éta (1) bancakan, (2) éngklé biasa / éngklé cabrek, (3) ngadu keléréng, (4) om-oman, jeung (5) ucing jatup. Di Désa Cibubuan kapaluruh tujuh kaulinan, nya éta (1) babancakan, (2) bébélotan, (3) dodo-dodoan, (4) éngklé kapal, (5) pocés, (6) ucing sendal, jeung (7) ucing sumput. Di Désa Conggéang Wétan kapaluruh tilu kaulinan, nya éta (1) congkak, (2) ééngkléan, jeung (3) ngadu kaléci. Sarta di Désa Narimbang kapaluruh opat kaulinan, nya éta (1) lompat karét, (2) sasapintrongan, (3) ucing babuk, jeung (4) ucing sendal.

(30)

359

Sedengkeun aya opat kaulinan nu béda ngaranna tapi dina prak-prakan ngaulinkeunna sarua, nya éta (1) kakalécian, (2) ngadu keléréng, (3) pocés, jeung (4) ngadu kaléci.

Tina 28 kaulinan, aya sawatara kaulinan nu sangaran, diantarana bancakan. Aya sawatara ngaran kaulinan nu patali jeung prak-prakan ulin, saperti bancakan anu dina kaulinanna nyebutkeun kecap “bancak” nalika ngabakar ucing ku cara najong tumpukan kenténg. Sacara umum tina 28 kaulinan waktu ulinna bébas, bisa diulinkeun isuk-isuk, beurang, jeung sore. Témpat ulinna lolobana ngabutuhkeun tempat nu lega saperti lapang atawa buruan imah. aya hiji kaulinan nu bisa diulinkeun di jero imah, nya éta congkak. Palaku atawa pamaénna nu arulin tina 28 kaulinan, sacara umum bisa diulinkeun ku budak lalaki jeung budak awéwé. Aya hiji kaulinan nu sok diulinkeun ku budak lalaki wungkul, nya éta ngadu kaléci. Kaulinan kaléci aya opat nu béda-béda ngaranna, tapi dina prakna ulin mah sarua. Ngaran-ngaran kaulinan kaléci nya éta, kakalécian di Désa Ungkal, ngadu keléréng di Désa Babakan Asem, Pocés di Désa Cibubuan, sarta ngadu kaléci di Désa Conggéang Wétan. Aya ogé hiji kaulinan nu sok diulinkeun ku budak awéwé wungkul, nya éta congkak.

Tina 28 kaulinan aya 19 kaulinan nu maké pakakas dina prakna arulin, nya éta (1) bancakan, (2) barén, (3) éngklé gunung, (4) kakalécian, (5) éngklé biasa, (6) bancakan, (7) ngadu keléréng, (8) babancakan, (9) bébélotan, (10)éngklé kapal, (11) pocés, (12) ucing sendal, (13) congkak, (14) ééngkléan, (15) ngadu kaléci, (16) lompat karét, (17) sasapintrongan, (18) ucing babuk, sarta (19) ucing sendal. Sedengkeun salapan kaulinan deui teu maké pakakas dina prakna ulin, nya éta kaulinan (1) galah, (2) ucing buaya, (3) ucing jongkok, (4) ucing sumput, (5) ucing tépa, (6) om-oman, (7) ucing jatup, (8) dodo-dodoan, sarta (9) ucing sumput.

Dina prak-prakannana, saban kaulinan dibagi jadi tilu tahapan, nya éta (1) tatahar, (2) prung ulin, sarta (3) réngsé ulin. Tina prak-prakan ulinna dianalisis ajén-ajén étnopédagogik nu nyangkaruk dina éta kaulinan.

(31)

manusa, (3) moral manusa ka alam, sarta (4) moral manusa dina ngahontal kasugemaan lahir batin.

Dumasar analisis hasil panalungtikan, aya 12 karakter anu kapaluruh dina saban kaulinan, nya éta (1) jujur, (2) toleransi, (3) disiplin, (4) kerja keras, (5) kreatif, (6) mandiri, (7) demokratis, (8) menghargai prestasi, (9) bersahabat/komunikatif, (10) cinta damai, (11) peduli lingkungan, sarta (12) tanggung jawab.

5.2 Implikasi Kaulinan Barudak dina Kahirupan Sapopoé

Ieu hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan sosialisasi ka masarakat utamana ka kulawarga jeung ka barudak ngeunaan mangpaat jeung ajén-ajén nu aya dina kaulina barudak. Éta sosialisasi patali jeung prosés atikan sacara teu formal sarta sacara teu dihaja anu bisa numuwuhkeun sikep tur karakter hadé barudak. Ngaliwatan arulin, barudak diajar pikeun nataharkeun dirina nyanghareupan kahirupan déwasa. Ajén étnopédagogi anu dibahas di luhur bisa jadi bahan pikeun pangajaran barudak dina numuwuhkeun ajén moral ka dirina, moral ka manusa, moral ka lingkungan, sarta moral dina ngahontal kasugemaan lahir batin. Kaulinan barudak ogé bisa numuwuhkeun karakter-karakter dirina.

Salaku salasahiji kaarifan lokal anu hirup di sabudeureun masarakatna, kaulinan barudak miboga peran anu penting pikeun jadi média hirup sauyunan. Ti leuleutik geus diajarkeun pikeun hirup babarengan, henteu sosoranganan, nyanghareupan hiji pasualan babarengan, sarta silih ajénan jeung nu lian. Ku kituna kaulinan barudak bisa jadi titincakan sarta gambaran pikeun nu nalungtik ngeunaan kultur masarakat Sunda hususna kahirupan barudak di wewengkon Kacamatan Conggéang Kabupatén Sumedang.

(32)

361

nu geus ampir naringgalkeun kaulinan-kaulinan barudak nu sipatna tradisional. Ku asupna internét jeung pakakas komunikasi nu modérn bisa dijadikeun jalan dina ngawanohkeunna. Salian ti ngayakeun gebyar kaulinan barudak jeung féstival kaulinan barudak, ogé barudak di pakotaan busa nempo kaulinan-kaulinan barudak dina internet ngaliwatan media-média sosial sarta situs video.

Ieu kaulinan barudak diasupkeun kana situs “youtube” sangkan bisa ditempo ku masarakat umum, hususna ku barudak di kota nu ampir saban poé ulukutek jeung internet.

5.3 Saran (Rékoméndasi)

Nilik kana hasil panalungtikan. Saran nu patali jeung ieu panalungtikan nya éta ieu di handap:

1. Ieu hasil panalungtikan bisa dipaké bahan pangajaran nu bisa diréka deui ku guru disaluyukeun jeung kabutuhan tur kurikulum. Salian ti bisa dipaké bahan pangajaran. Ku ayana ieu hasil panalungtikan, dipiharep bisa ngarobah pola pikir yén ngatik ngadidik barudak téh henteu waé kudu dina suasana rohangan kelas anu serius. Tapi, ogé bisa ulin bari diajar. Luyu jeung konsép Ki Hajar Déwantara nu nétélakeun yén barudak sacara teu langsung bisa narima ajén-ajén atikan ngaliwatan kaulinan.

2. Ku ayana ieu hasil panalungtikan, dipiharep numuwuhkeun ngaronjatkeun deui kaulinan-kaulinan barudak tradisional nu dina jaman kiwari beuki ditaringgalkeun.

Referensi

Dokumen terkait

STRUKTUR DINA KAULINAN TRADISIONAL DI DÉSA PAGERWANGI KACAMATAN LEMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII Universitas Pendidikan Indonesia |

Handycam digunakeun pikeun ngarékam vidio prak-prakan kasenian Bringbrung sarta ngumpulkeun data dina téhnik wawancara ka para seniman jeung aprésiator kasenian

Ku kituna padan dina ieu kontéks diartikeun kana hal patali-banding (Mahsun, 2005:117). Ieu téhnik dilarapkeun tujuanna nyaéta pikeun ngaanalisis ayana bébédaan unsur

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi pustaka jeung téhnik dokuméntasi. Studi pustaka nya éta téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data

Patali jeung éta hal, ieu panalungtikan bakal nyurahan ma’na rumpaka gugurutan ku cara medar struktur fisik, interprétasi eusi/ ma’na , jeung ajén étnopédagogik anu

Ieu desain dipaké pikeun ngadéskripsikeun asal-muasal upacara adat gusaran nu aya di Désa Tambakmekar Kacamatan Jalancagak Kabupatén Subang, prak-prakan upacara adat

Khususnya pada proses penciptaan tari anak-anak dengan mengangkat peristiwa di dalam kaulinan barudak sebagai sumber inspirasinya, maka dapat dilakukan me- lalui

Panalungtikan saméméhna ngeunaan dongéng di antarana: 1 “Fungsi Cai dina Dongéng Sunda Ulikan Struktural jeung Intertékstual” skripsi, Nesa Wara Puspita, 2019, panalungtikan ieu ngaguar