Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
INTERFÉRÉNSI BASA INDONÉSIA KANA BASA SUNDA
DINA TULISAN OTOBIOGRAFI SISWA KELAS VII
SMP PASUNDAN 4 BANDUNG
SRIPSI
Disusun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat
pikeun Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
ku
Arif Taufik R
0906290
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
BANDUNG
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
INTERFÉRÉNSI BASA INDONÉSIA KANA BASA SUNDA
DINA TULISAN OTOBIOGRAFI SISWA KELAS VII
SMP PASUNDAN 4 BANDUNG
Oleh
Arif Taufik Rahman
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Arif Taufik Rahman 2013
Universitas Pendidikan Indonesia
Juni 2013
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
Lembar Pengesahan
Arif Taufik Rahman
0906290
INTERFERENSI BASA INDONESIA KANA BASA SUNDA
DINA TULISAN OTOBIOGRAFI SISWA KELAS VII
SMP PASUNDAN 4 BANDUNG
Disaluyuan ku:
Pangaping I,
Dr. H Yayat Sudaryat, M.Hum.
NIP, 196302101987031001
Pangaping II,
Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd.
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI,
Drs. H. Dingding Haerudin, M.Pd.
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
INTERFÉRÉNSI BASA INDONÉSIA KANA BASA SUNDA DINA TULISAN OTOBIOGRAFI SISWA KELAS VII
SMP PASUNDAN 4 BANDUNG
Arif Taufik R
ABSTRAK
Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan pengaruh bahasa Indonesia terhadap bahasa Sunda dalam melakukan komunikasi tulisan yang dibuat dalam karangan biografi pribadi, serta mendeskripsikan faktor apa saja yang menyebabkan adanya pengaruh dari bahasa Indonesia terhadap bahasa Sunda. Penelitian ini dilaksanakan di SMP Pasundan 4 Bandung kelas VII G yang berjumlah 33 orang siswa. Adapun metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif dengan menggunakan teknik studi pustaka, teknik tes dan teknik angket. Berdasarkan hasil penelitian, ditemukan adanya interferensi fonologis sebanyak 9 kata (10.00%), interferensi morfologis sebanyak 50 kata (55.56%) yang terbagi dalam tiga bentuk kata, yakni interferensi kata berimbuhan terdapat 39 kata (43.33%), kata reduplikasi sebanyak 3 kata (03.33%), serta kata majemuk sebanyak 8 kata (08.89%). Selain itu terdapat interferensi leksikal sebanyak 31 kata (34.44%). Dengan demikian, tampak bahwa siswa banyak terpengaruh oleh bahasa Indonesia ketika memakai bahasa Sunda ragam tulisan dikarenakan terbawanya kebiasaan bahasa lisan.
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
INTERFÉRÉNSI BASA INDONÉSIA KANA BASA SUNDA DINA TULISAN OTOBIOGRAFI SISWA KELAS VII
SMP PASUNDAN 4 BANDUNG
Arif Taufik R
ABSTRACT
This research aims at describing the influence of Indonesian on the Sundanese language in the article that is made in the autobiography, as well as describes any factor that causes the existence of the influence from Indonesian towards the Sundanese language. This research is carried out in the Pasundan 4 JUNIOR HIGH SCHOOL class of VII G that is numbering 33 students. As for the method that is used in this research am the descriptive method by using the study technique of the book, the test technique and the poll technique. Is based on results of the research, is found by the existence of the phonological interference totalling 9 words (10,00%), the interference of morphological totalling 50 words (55,56%) that is shared in three morphologies, that is the affixed word interference is received by 39 words (43,33%), reduplication word totalling 3 words (03,33%), as well as the compound word totalling 8 words (08,89%). Moreover is gotten by the lexical interference totalling 31 words (34,44%). Therefore, apparently that the student often is affected by Indonesian when using the Sundanese language the style of the article is caused terbawa him the spoken language habit.
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
DAPTAR EUSI
ABSTRAK ... i
TAWIS NUHUN ... ii
DAPTAR EUSI ... iv
DAPTAR BAGAN JEUNG TABEL ... vii
DAPTAR SINGKETAN ... viii
DAPTAR LAMPIRAN ... ix
BAB I BUBUKA ... 1
1.1 Kasang Tukang ... 1
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5
1.2.1 Watesan Masalah ... 5
1.2.2 Rumusan Masalah... 5
1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6
1.5 Raraga Tulisan ... 6
BAB II ULIKAN TIORI, ANGGAPAN DASAR JEUNG RARAGA MIKIR 7 2.1 Ulikan Tiori ... 7
2.1.1 Kadwibahasaan ... 7
2.1.1.1 Wangenan Kadwibahasaan ... 7
2.1.1.2 Aspék Kadwibahasaan ... 8
2.1.1.3 Faktor-faktor anu Ngabalukarkeun Kadwibahasaan ... 9
2.1.1.4 Wanda Kadwibahasaan ... 10
2.1.1.5 Cara Ngukur Tingkat Kadwibahasaan ... 12
2.1.1.6 Masalah Anu Balukar di Masarakat Dwibahasawan ... 13
2.1.2 Interférénsi Basa ... 14
2.1.2.1 Wangenan Interférénsi Basa ... 15
2.1.2.2 Faktor anu Ngabalukarkeun Interférénsi ... 16
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
2.1.3 Kecap ... 18
2.1.3.1 Wangenan Kecap ... 18
2.1.3.2 Wanda Kecap ... 19
2.1.3.3 Warna Kecap ... 22
2.1.4 Nulis... 24
2.1.4.1 Wangenan Nulis ... 24
2.1.4.2 Fungsi jeung Tujuan Nulis ... 25
2.1.4.3 Papasingan Nulis ... 26
2.1.5 Biografi ... 28
2.1.5.1 Wangenan Biografi ... 28
2.1.5.2 Papasingan Biografi ... 28
2.2 Anggapan Dasar ... 29
2.3 Raraga Mikir ... 30
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 31
3.1 Sumber Data ... 31
3.2 Desain Panalungtikan ... 31
3.3 Métode Panalungtikan ... 33
3.4 Wangenan Operasional ... 33
3.5 Instrumén Panalungtikan ... 34
3.5.1 Lembar Tés ... 34
3.5.2 Angkét ... 35
3.6 Téhnik Pnalungtikan ... 36
3.6.1 Téhnik Tés ... 36
3.6.1 Téhnik Angkét ... 37
3.7 Métode jeunh Téhnik Ngolah Data ... 37
3.7.1 Métode Ngolah Data ... 37
3.7.2 Téhnik Ngolah Data ... 38
BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS DATA ... 40
4.1 Déskripsi Data ... 40
4.2 Déskripsi jeung Analisis Data Interférénsi Fonologis ... 45
4.2.1 Déskripsi Data Interférénsi Fonologis ... 45
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
4.2.2.1 Pola 1 IF : Nambahan Foném Konsonan ... 46
4.2.2.2 Pola 2 IF : Nambahan Engang Wangu K V ... 46
4.2.2.3 Pola 3 IF : Ngaganti Foném Vokal ... 47
4.2.2.4 Pola 4 IF : Ngaganti Foném V jeung Ngurangan K ... 48
4.2.2.3 Pola 5 IF : Ngaganti Foném V jeung Nambahan K ... 48
4.3 Déskripsi jeung Analisis Data Interférénsi Morfologis ... 49
4.3.1 Déskripsi Data Interférénsi Morfologis ... 49
4.3.2 Analisis Data Interférénsi Morfologis ... 51
4.3.2.1 Interférénsi Morfologis Kecap Rundayan ... 51
4.3.2.2 Interférénsi Morfologis Kecap Rajékan ... 64
4.3.2.3 Interférénsi Morfologis Kecap Kantétan ... 65
4.4 Déskripsi jeung Analisis Data Interférénsi Léksikal ... 67
4.4.1 Déskripsi Data Interférénsi Léksikal ... 67
4.4.2 Analisis Data Interférénsi Léksikal ... 69
4.5 Faktor anu Mangaruhan Interférénsi ... 73
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 77
5.1 Kacindekan ... 77
5.2 Saran ... 79
DAPTAR PUSTAKA ... 80
LAMPIRAN ... 82
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang
Basa mangrupa jatidiri hiji bangsa anu arbitrér. Nurutkeun Kridalaksana
dina Chaer (2007:32), basa nya éta sistem lambang sora anu arbitrér anu dipaké
ku kelompok sosial pikeun gawé bareng, komunikasi, jeung mangrupa cicirén
jatidiri hiji budaya. Basa mangrupa alat komunikasi anu dipaké ku kelompok anu
tangtu anu miboga sistem lambang sora anu sarua pikeun ngalancarkeun tujuan
komunikasi. Ieu hal saluyu jeung pamadegan Corder dina Alwasillah (1993:09)
anu nétélakeun yén
“kita bisa berkomunikasi dengan orang-orang hanya karena mereka bersama kita memiliki seperangkat cara bertingkah laku yang „terseperangkat‟. Basa dalam arti ini merupakan milik satu kelompok sosial, seperangkat aturan yang mutlak diperlukan yang memungkinkan para anggotanya berhubungan satu sama lainna, berinteraksi satu sama lainna, bekerja satu sama lainna: basa adalah satu lembaga sosial”.
Unggal basa miboga ciri has anu béda jeung basa lianna, tapi unggal basa
miboga fungsi anu sarua. Nurutkeun Halliday dina Tarigan (2009:05-07)
nétélakeun tujuh fungsi basa, di antarana (1) fungsi instrumental, (2) fungsil
regulasi, (3) fungsi representasional, (4) fungsil interaksional, (5) fungsi personal,
(6) fungsi heuristik, jeung (7) fungsi imajinatif. Fungsi basa anu 7 miboga peranan
anu penting dina kahirupan sapopoe, hususna fungsi interaksional. Fungsi
interaksional mangrupa fungsi basa pikeun ngalancarkeun komunikasi basa,
kusabab dina fungsi interaksional diperlukeun pangaweruh sangkan komunikasi
lancar sanajan ngagunakeun sababaraha sistem basa anu béda. Sistem basa anu
ragem disababkeun budaya anu ragem ogé. Kaayan budaya di Indonésia anu
2
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
Basa Sunda mangrupa salah sahiji basa daérah di Indonésia. Basa Sunda
mangrupa basa indung urang Sunda anu digunakeun pikeun komunikasi urang
Sunda anu ditangtayungan ku perda no. 5 taun 2003. Anu eusina ngeunaan
ngamumulé basa, aksara, jeung budaya Sunda.
Basa Sunda miboga dialék anu ragem, di antarana dialék kuningan,
cirebon, tasik, indramayu, jeung sajabana. Ieu hal ngabalukarkeun munculna
masalah anyar dina komunikasi basa. Pikeun ngalancarkeun komunikasi sarta
ngahontal tujuan jeung eusi komunikasi anu hayang ditepikeun, digunakeun basa
Nasional sangkan henteu ngabalukarkeun salah persépsi. Basa Sunda ilaharna
digunakeun dina situasi anu non-formal, contona dina kahirupan sapopoé, surat
pribadi, sarta dina kagiatan-kagiatan non-formal liannan. Sedengkeun basa
Nasional ilaharna digunakeun dina situasi anu formal, contohna dina kagiatan
diajar di sakola, surat dines, kagiatan-kagiatan protokoler jeung kagiatan formal
lianna.
Ku kituna basa anu dipaké pikeun panganteur dina pangajaran ngunakeun
basa Nasional. Pangajaran basa di sakola miboga tujuan sangkan siswa ngawasa
opat kaparigelan basa nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis.
Opat kaparigelan basa miboga dua sipat nya éta sipat pasif anu ngawengku
kaparigelan ngaregepkeun jeung maca, sarta sipat aktif anu ngawengku
kaparigelan nyarita jeung nulis. Nulis mangrupa salah sahiji kaparigelan basa anu
miboga sipat aktif jeung produktif. Hartina nulis mangrupa kagiatan aktif waktu
nyangkem informasi anu ditarima sarta produktif méré informasi anu diwuwuhan
ku pangaweruh, pikeun nyusun rangaka tulisan sangkan bisa jadi informasi anu
miboga mangpaat. Salah sahiji kaparigelan nulis anu diajarkeun ditingkat SMP
kelas VII nya éta nulis biografi.
Kaparigelan nulis biografi geus diatur dina kurikulum basa Sunda pikeun
siswa SMP kelas VII, sangkan siswa bisa ngedalkeun eusi haté boh mangrupa
pamikiran boh mangrupa gagasan boh mangrupa ngawanohkeun diri maké basa
Sunda. Tapi kanyataana, siswa SMP kelas VII masih kénéh loba anu ngagunakeun
3
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
kamampuh siswa dina ngagunakeun kandaga kecap basa Sunda. Ku kituna loba
siswa anu masih kénéh macorokeun sistem basa séjén dina sistem basa Sunda.
Masalah kawas anu dialaman ku siswa disababkeun siswa mangrupa masarakat
dwibahasawan.
Ku ayana masarakat dwibahasawan bakal ngabalukarkeun gejala kontak
basa. Kontak basa mangrupa gejala sosial anu muncul balukar ayana dua sitem
basa anu béda dina diri panyatur waktu komunikasi boh sacara lisan boh sacara
tinulis. Kontak basa bakal ngabalukarkeun sababaraha masalah, di antarana
campur kode, alih kode, integrasi jeung interférénsi. Éta masalah mangrupa
asupna unsur basa séjén kana hiji basa anu ngabalukarkeun kagangguna sistem
basa anu dipangaruhanana boh dina basa lisan boh dina basa tulisan. Interférénsi
mangrupa salah sahiji masalah anu disababkeun ayana gejala kontak basa.
Salian tina faktor kontak basa, interférénsi bisa muncul balukar kurangna
kamampuh ngagunakeun kandaga kecap hiji basa ku saurang panyatur dina
komunikasi. Interférénsi basa awalna balukar dina wangun lisan, gelar dina
wangun kecap anu satuluyna turun dina wangun tinulis.
Alwasillah (1985: 131) nétélakeun wangenan interférénsi nurutkeun
rumusan Hartman jeung Stonk, yén interférénsi mangrupa kasalahan anu muncul
kusabab ayana kabiasaan maké ujaran hiji basa dina basa lianna waktu
komunikasi dina widang tata sora, tata basa, jeung kandaga kecap. Interférénsi
miboga dampak positip jeung negatif.
Hocket (dina Chaer jeung Agustin, 2004:128) nétélakeun dampak positip
tina interférénsi mangrupa gejala anu gedé, sarta penting, ogé paling dominan dina
kamajuan basa. Éta pamadegan méré sawangan yén dina gejala interférénsi, basa
anu kapangaruhan bisa leuwih mekar nepi ka dianggap geus sampurna pikeun
ngigelan jaman. Sedengkeun dampak negatif tina ayana interférénsi nya éta bisa
ruksakna sistem basa anu dipangaruhana. Salian ti éta, basa anu dipangaruhanana
bisa leungit kalindih ku basa anu mangaruhanana.
Ayana masalah interférénsi dina komuniksasi lisan jeung tulisan panyatur
4
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
dina komunikasi lisan jeung tinulis. Dipiharep siswa bisa leuwih lancar dina maké
dua basa anu dikawasana dina kagiatan nulis atawa nyarita.
Tapi dina kaayaan siswa waktu komunikasi boh dina wangun lisan boh
dina wangun tinulis, masih loba kénéh kapanggih kasalahan ngalarapkeun sistem
basa séjén dina sistem basa Sunda. Ku kituna diperlukeun ayana panalungtikan
ngeunaan interférénsi sangkan leuwih maham kana sistem basa anu digunakeun.
Dina panalungtikan saacana, aya sababaraha panalungtikan ngeunaan
interférénsi basa Indonésia kana basa Sunda. Salah sahijina panalungtikan
meunang Linda Nurmalasari (2009) anu judulna “Interférénsi Léksikal Basa
Indonésia Jeung Basa Jawa Kana Basa Sunda Dina Karangan Eksposisi Siswa
Kelas VII SMPN 1 Pebayuran Bekasi”. Salian ti éta aya panalungtikan meunang
Teten Sutendi (2010) anu judulna “Interférénsi Léksikal Basa Indonésia Kana
Basa Sunda Dina Karangan Pangalaman Siswa Kelas VII SMP Negeri 1
Ciawigebang Kab. Kuningan”.
Tina sababaraha panalungtikan anu geus aya, sasaruaan ieu panalungtikan
jeung panalungtikan saacana nya éta sarua nalungtik ngeunaan gejala
sosiolinguistik anu disababkeun ku ayana kontak basa anu ngabalukarkeun
munculna interférénsi basa. Salian ti éta sasaruaan ditilik tina analisis, sarua
nganalisis dina tatanan léksikal. Bédana ieu panalungtikan jeung panalungtikan
saacana, nya éta ieu panalungtikan nalungtik ogé interférénsi dina widang
fonologis, morfologis, jeung sumber data anu digunakeun pikeun ngajaring data
primer anu ngagunakeun tulisan biografi séwang-séwangan (otobiografi).
Sanajan intérfénsi basa dina tulisan kawilang saeutik, tapi lainna hartina
teu penting. Sabab unggal basa nu kapangaruhan basa lianna bisa ngabalukarkeun
basa aslina leungit sarta ganti ku basa anu mangaruhanana. Kasalahan dina
wangun tulisan jarang katempo, tapi kabisaaan basa lisan bisa kabawa kana basa
tulisan. Ku kituna panalungtikan anu judulna “Interferensi Basa Indonesia Kana
5
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
1.2 Watesan Jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Watesan Masalah
Dina ulikan basa ngeunaan interférénsi basa Indonésia kana basa Sunda
aya sababaraha masalah, boh dina basa tulisan boh dina basa lisan. Disawang tina
tatanan basa, interférénsi kabagi kana interférénsi fonologi, interférénsi
gramatikal, interférénsi semantik, sarta interfér;ensi leksikal. Dina wangun
gramatikal, interférénsi kabagi jadi dua nya éta interférénsi morfologis jeung
interférénsi sintaksis. Sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan
diwatesan ngeunaan interférénsi basa Indonésia kana basa Sunda dina wangun
tulisan anu aya dina tatanan fonologis, morfologis jeung léksikal.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah, masalah nu muncul dina ieu
panalungtikan di antarana:
a) Wanda interférénsi naon waé anu muncul dina karangan biografi pribadi
(otobiografi) siswa kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung ?
b) Interférénsi fonologis, morfologis, jeung leksikal basa Sunda naon waé
anu kapangaruhan ku basa Indonésia dina karangan biografi pribadi
(otobiografi) siswa kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung ?
c) Faktor naon waé nu ngabalukarkeun munculna interférénsi basa Indonésia
kana basa Sunda ?
1.3 Tujuan Panalungtikan
Saluyu jeung masalah anu tos dijéntrékeun di luhur, ku kituna ieu
6
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
a) Wanda interférénsi anu muncul dina karangan biografi probadi
(otobiografi) siswa kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung.
b) Interférénsi fonologis, morfologis, jeung leksikal basa Sunda anu
kapangaruhan ku basa Indonésia dina karangan biografi pribadi
(otobiografi) siswa kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung.
c) Faktor anu ngabalukarkeun munculna interférénsi basa Indonésia kana
basa Sunda.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1 Manpaat Téoritis
Sacara téorotis ieu panalungtikan miboga manpaat:
1. Pikeun mikawanoh interférénsi basa Indonésia kana basa Sunda.
2. Bisa méré sumbangan analisis pikeun kamajuan paélmuan kabasaan
basa Sunda.
1.4.2 Manpaat Praktis
Sacara praktis ieu panalungtikan miboga manpaat pikeun bahan ajar dina
lumangsungna kagiatan pangajaran.
1.5 Raraga Tulisan
Anapon babagian raraga ieu tulisan dibagi jadi lima bab, nya éta:
Bab I Bubuka anu ngawengku; kasang tukang masalah, watesan jeung
rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga
tulisan.
Bab II Ulikan Téori anu medar ngeunaan téori-téori anu aya patalina jeung
interférénsi, nulis, jeung biografi nu jadi dadasar panalungtikan.
Bab III Métode panalungtikan anu medar léngkah atawa cara dina
7
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
Bab IV Analisis Data, medar ngeunaan data sacara faktual sarta hasil
panalungtikan timimiti data analisis nepi ka hasil analisis data.
Bab V Kacindikan jeung Saran, mangrupa hasil kacindekan tina
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber data
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta murid kelas VII SMP
Pasundan 4 Bandung pikeun nyumponan data primer panalungtikan. Pikeun
meunangkeun sumber data anu dibutuhkeun dina ieu panalungtikan, ditangtukeun
sakelas tina tujuh kelas (VII A – VII G) nya éta kelas VII G pikeun sampel panalungtikan. Tina sumber data dijaring interférénsi basa Indonésia kana basa
Sunda dina karangan biografi siswa.
Salian ti éta, aya data sekundér nu mangrupa data makéna basa murid nu
dijaring ngaliwatan angkét nu disebar jeung deusian ku sumber data.
3.2 Desain Panalungtikan
Interférénsi anu jadi puseur dina ieu panalungtikan dilaksanakeun
nurutkeun desain panalungtikan anu geus disusun. Desain panalungtikan nya éta
prosés anu dirarancang pikeun ngajawab sarta ngajéntrékeun sababaraha masalah
anu aya dina panalungtikan. Ieu desain panalungtikan disusun dumasar kana
léngkah-léngkah: 1) nangtukeun masalah, 2) studi pendahuluan, 3) ngawatesanan
jeung ngarumuskeun masalah, 4) ngarumuskeun anggapan dasar, 5) milih
pamarekan, 6) nangtukeun sumber data, 7) nangtukeun jeung nyusun instrumén,
8) ngumpulkeun data, 9) analisis data, 10) nyieun kacindekan, jeung 11) nyusun
laporan (Arikunto, 2010:61).
32
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu Bagan 3. 1
Desain Panalungtikan Nangtukeun Masalah
Tinjaun Panalungtikan Saacana
Ngarumuskeun rumusan jeung tujuan panalungtikan
Ngarumuskeun Anggapan Dasar
Nangtukeun Tiori nu Dipaké
Nangtukeun Sumber Data
Ngarumuskeun Instrumén Panalungtikan
Ngumpulkeun Data
Analisis Data
Nyieun Kacindekan
33
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
3.3 Métode Panalungtikan
Nurutkeun Djadjasudarma (2010:1) métode nya éta cara anu disusun
pikeun ngahontal pamaksadan sarta prosedur tersistem pikeun méré solusi
sangkan tujuan anu geus ditangtukeun kahontal. Métode panalungtikan mangrupa
pakakas anu dipilih dina ngalaksanakeun panalungtikan, ieu hal luyu jeung
pamadegan Djadjasudarma (2010:3) anu nyebutkeun yén métode panalungtikan
mangrupa pakakas jeung téhnik anu digunakeun dina panalungtikan pikeun
ngumpulkeun data. Ku kituna dina ngalakukeun panalungtikan kudu ngagunakeun
métode anu bener sarta luyu jeung tujuan panalungtikan.
Dina ieu panalungtikan digunakeun métode deskriptif, nya éta métode anu
ngajelaskeun data sacara jéntré, kucara ngagambarkeun, nganalisis, jeung méré
klarifikasi sacara objektif. Métode déskriptif ngagambarkeun kaayaan objek
panalungtikan di lapangan sacara paktual.
Ieu panalungtikan téh nalungtik ngeunaan interférénsi basa anu kaasup
kana disiplin élmu sosiolinguistik. Gejala interférénsi mangrupa gejala sosial anu
dianggap ngaruksak kana basa anu kapangaruhanana, sarta mangrupa gejala sosial
anu muncul dimasarakat dwibahasawan.
3.4 Wangenan Operasional
1) Interférénsi Fonologis, Morfologis jeung Léksikal
Anu dimaksud interférénsi nya éta asupna unsur basa séjén kana hiji basa,
anu ngalantarankeun kagangguna basa anu kapangaruhanana. Interférénsi dina ieu
panalungtikan nya éta interférénsi anu balukar dina tataran fonologis, morfologis
jeung leksikal. Interférénsi fonologis nya éta kapangaruhana unsur tata sora hiji
basa ku basa séjénna. Ari interférénsi morfologis nya éta asupna unsur morfologis
hiji basa kana basa séjén. Sedengkeun anu dimaksud interférénsi léksikal nya éta
interférénsi anu muncul kusabab ayana pangaruh kandaga kecap hiji basa kana
34
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
2) Nulis
Nulis nya éta kamampuh ngaéksprésikeun diri pikeun ngébréhkeun
gagasan, kereteg haté, pikiran, komunikasi atawa inpormasi dina wangun tulisan.
3) Biografi
Biografi nya éta riwayat anu kawilang lengkep ngeunaan kahirupan hiji
jalma anu ditulis boh ku jalma anu nyieuna sorangan boh ku jalma lianana
(sejarawan, budayawan, pangarang, jsb.). Biografi anu dituliskeun ku sorangan
ngeunaan riwayat hirupna sorangan disebut otobiografi.
3.5 Instrumén panalungtikan
Instrumen panalungtikan mangrupa pakakas pikeun ngumpulkeun data anu
diperlukeun dina panalungtikan, sarta mangrupa pakakas pikeun ngolah jeung
nganalisis data anu diperlukeun. Dina ieu panalungtikan ngagunakeun instrumen
lembar tés jeung angkét.
3.5.1 Lembar Tés
Tés mangrupa pakakas pikeun ngumpulkeun data sacara paktual jeung
objektif dina prosedur panalungtikan. Sacara harfiah kecap tés asalna tina basa
perancis kuno, nya éta testum anu hartina piring pikeun misahkeun logam-logam
mulia. Ari nurutkeun Kerling (dina Susetyo, 2001:2) tés nya éta
“seperangkat rangsangan (stimulus) yang diberikan kepada seseorang dengan maksud untuk mendapatkan jawaban yang dapat dijadikan dasar bagi penetapan sekir atau angka”.
Ari nurutkeun Sudjiono dina Susetyo (2012:2) nétélakeun yén anu
dimaksud tés mangrupa prosedur anu disusun pikeun ngabandingkeun paripolah
35
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
3.5.2 Angkét
Angkét nya éta salah sahiji instrument panalungtikan pikeun ngumpulkeun
data sacara tinulis sarta kudu dieusian sacara tinulis. Angkét anu dipaké sipatna
tertutup, nya éta siswa ngeusian angkét kucara milih salah sahiji jawaban anu geus
disadiakeun dina pilihan jawaban.
Conto angkét
A. Basa nu digunakeun dina kagiatan sapopoé
1. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeung kolot . …
a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia
b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...) 2. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeng saluhureun (lanceuk / babaturan,
tatangga nu umurna leuwih kolot). …
a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia
b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...) 3. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeung sahandapeun ( adi / babaturan,
tatangga, nu umurna leuwih ngora). …
a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia
b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...)
B. Basa nu digunakeun di sakola
1. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeng babaturan sakola. …
a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia
b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...)
2. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeung guru basa Sunda. …
a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia
b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...) 3. Basa nu digunakeun waktu nyarita jeung guru lain basa Sunda. …
36
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...)
C. Basa nu digunakeun dina média sosial elektronik
1. Basa nu digunakeun dina SMS-an/ jeung kolot . …
a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia
b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...) 2. Basa nu digunakeun dina SMS-an/ jeung saluhureun . …
a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia
b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...) 3. Basa nu digunakeun dina SMS-an/ jeung babaturn ulin ( boh di imah boh
di sakola). …
a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia
b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...) 4. Basa nu digunakeun waktu facebook-an. …
a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia
b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...) 5. Basa nu digunakeun waktu twitter-an. …
a. Basa Sunda c. Basa sunda jeung Indonesia
b. Basa Indonésia d. Basa séjén ( ………...)
3.6 Téhnik Panalungtikan
Téhnik panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta
ngagunakeun téhnik tés jeung angkét.
3.6.1 Téhnik Tés
Téhnik tés digunakeun pikeun meunangkeun data primér anu dibutuhkeun
dina panalungtikan, ku cara siswa ditugaskeun pikeun nyieun biografi
37
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
3.6.2 Téhnik Angkét
Téhnik angkét digunakeun pikeun meunangkeun data sekunder anu
mangrupa kasang tukang siswa dina ngagunakeun basa dina komunikasi jeung
situasi anu tangtu.
Dumasara kana téhnik di luhur, ngumpulkeun data dilaksanakeun
ngaliwatan léngkah-léngkah ieu dihandap.
1) Nyusun instrumén panalungtikan
2) Konfirmasi ka pihak sakola pikeun ngalaksanakeun panalungtikan
3) Ngabagikeun instrumén panalungtikan, mangrupa lembar tés anu
digunakeun siswa pikeun nyieun biografi séwang-séwangan (otobiografi).
4) Sabada siswa bérés nyieun biografi, satuluyna hasil biografi siswa
dikumpulkeun
5) Ngabagikeun instrumén angkét pikeun data panglengkep dina
panalungtikan.
6) Ngumpulkeun data tés jeung angkét sabada bérés dieusian ku siswa.
3.7 Métode jeung Téhnik Ngolah Data
3.7.1 Métode Ngolah Data
Métode ngolah data mangrupa cara anu disusun sacara sistematis dina
panalungtikan basa, sarta ngacu kana data anu kakumpul di lapangan sacara
deskriprif. Métode anu digunakeun dina analisis data nya éta métode linguistik.
Panalungtikanm nu dilakukeun dina ieu panalungtikan mangrupa
panalungtikan basa pikeun ngumpulkeun jeung ngulik data, sarta
pénoména-pénoména kabasaan. Nurutkeun Djadjasudarma ( 2010:3)
38
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
Dina panalungtikan ieu digunakeun dua sumber data anu silih lengkepan.
Data nu kahiji nya éta data kepustakaan pikeun landasan ngalakukeun
panalungtikan, jeung data kadua nya éta data faktual di lapangan anu mangrupa
hasil tés siswa nyieun biografi jeung angkét siswa.
3.7.2 Téhnik Ngolah Data
Téhnik ngolah data anu dipaké pikeun nganalisis data nya éta
ngagunakeun téhnik analisis kasalahan basa, ku sabab interférénsi mangrupa
kasalahan dina ngagunakeun basa ku ayana silih pangaruhan hiji basa kana basa
séjéna. Nurutkeun Ellis dina Mustika (2011:45) ngébréhkeun yén analisis
kasalahan basa mibanda léngkah-lengkah.
1) Nyirian kasalahan tina sumber data,
2) Ngaidéntifikasi kasalahan,
3) Ngajéntrékeun kasalahan,
4) Ngélasifikasikeun kasalahan,
5) Ngaévaluasi kasalahan, jeung
6) Ngadadarkeun kasalahan
Téhnik anu dijéntrékeun di luhur mangrupa téhnik anu dipaké pikeun
ngolah data primer anu mangrupa hasil nulis biografi siswa kelas VII G SMP
Pasundan 4 Bandung. Sedengkeun pikeun ngolah data sekunder anu mangrupa
data angke, digunakeun tehnik ngolah data anu baris dijabarkeun
léngkah-léngkahna ieu dihandap:
1) Nganalisis angkét dumasar kana katégori soal, pikeun ngumpulkeun data
faktor anu mangaruhan ayana interférénsi.
2) Hasil analisis dijieun presentasi.
3) Sabada bérés dipresentasekeun, data angkét tuluy dicindekkeun pikeun
méré sawangan ngeunaan faktor anu ngabalukarkeun interférénsi
Rumus anu digunakeun pikeun ngitung présentasi dina ieu panalungtikan
39
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
Katerangan:
P = présentase
f = frékuénsi aspék nu ditalungtik
77
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
BAB V
KACINDEKN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Sakumaha anu geus disebutkeun dina rumusan masalah, ieu panalungtikan
téh boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun interférénsi fonologis, morfologis jeung
léksikal basa Indonésia kana basa Sunda dina otobiografi siswa kelas VII G SMP
Pasundan 4 Bandung. Dumasar kana hasil analisis jeung deskripsi data, ieu
panalungtikan bisa dincidekkeun ieu di handap.
a. Interférénsi fonologis basa Indonésia kana basa Sunda kapaggih aya
salapan kecap (10.00%). Éta interférénsi téh bisa dicindekkeun jadi lima
pola, nya éta:
a. Pola 1 IF : Nambahan foném konsonan, aya dua kecap (02.22%).
b. Pola 2 IF : Nambahan Engang Wangun KV, aya sakecap (01.11%).
c. Pola 3 IF : Ngaganti Foném vocal, aya opat kecap (04.44%).
d. Pola 4 IF : Ngaganti Foném V jeung Ngurangan K, aya sakecap
(01.11%).
e. Pola 5 IF : Ngaganti Foném V jeung Nambahan K, aya sakecap
(01.11%).
b. Interférénsi morfologis basa Indonésia kana basa Sunda disawang tina
widang morfologis kapaggih aya 50 kecap (55.56%). Disawang tina wanda
kecapna, interférénsi morfologis bisa dibédakeun jadi tilu wanda, nya éta:
1) Interférénsi morfologis wanda kecap rundayan kapanggih 39 kecap
(43.33%), anu nyoko kana opat pola, nya éta:
a) Pola 1 IMr : Rarangkén BI + KA BS ({ber-}, {men-}, {ke--an}),
aya tilu kecap (03.33%).
78
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
{meng-}, {pe-}, {-an}, {di--i}, {ke--an}, {me--kan}, {pe--an},
{per--an}), aya dua puluh hiji kecap (23.33%)
c) Pola 3 IMr : Rarangkén BS + KA BI ({ka-}, {m(a)-}, {ng(a)-},
{ny(a)-}, {-ar-}, {-an}, {di--keun}), aya sapuluh kecap (11.11%)
d) Pola 4 IMr : Rarangkén BS -- BI + KA BI ({pe--na}, {ng(a)- + -i},
{pang- + me- + -na}), aya opat kecap (04.44%)
2) Interférénsi morfologis wanda kecap rajékan kapanggih tilu kecap
(03.33%), anu nyoko kana 2 pola, nya éta:
a) Pola interférénsi rajékan dwimurni tan rarangkén, kapanggih aya
dua kecap (02.22%)
b) Pola interférénsi rajékan dwimurni binarung rarangkén, kapanggih
aya sakecap (01.11%)
3) Interférénsi Morfologis wanda Kecap Kantétan kapanggih dalapan
kecap (08.89%), anu nyoko kana 2 pola, nya éta:
a) Pola interférénsi rajékan dwimurni tan rarangkén, kapanggih aya
genep kecap (06.67%)
b) Pola interférénsi rajékan dwimurni binarung rarangkén, kapanggih
aya dua kecap (02.22%)
c. Interférénsi léksikal basa Indonésia kana basa Sunda kapaggih aya 31
kecap (34.44%), anu nyoko kana genep pola, nya éta:
a. Pola Kecap Barang (nomina), kapanggih aya tujuh kecap (07.78%)
b. Pola Kecap Sulur (pronominal), kapanggih aya dua kecap (02.22%)
c. Pola Kecap Pagawéan (vérba), kapanggih aya lima kecap (05.56%)
d. Pola Kecap Sipat (adjéktif), kapanggih aya dalapan kecap (08.89%)
e. Pola Kecap Bilangan (numerial), kapanggih aya sakecap (01.11%)
79
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
5.2 Saran
Ieu panalungtikan ngan saukur museur kana interférénsi fonologis,
morfologis jeung léksikalna wungkul dina karangan biografi pribadi (otobiografi)
siswa kelas VII G SMP Pasundan 4 Bandung. Ku kituna, perlu dilakukeun
panalungtikan nu leuwih lega ngeunaan iterférénsi basa, sabab ngukur interférénsi
basa téh lain saukur tina widang fonologis, morfologis jeung léksikalna wungkul,
tapi kudu gembleng boh dina widang sintaksisna, boh dina widang semantikna,
leuwih alus nepi ka widang grafologina.
Ku lantaran makéna basa Sunda siswa dina komunikasi boh lisan boh
tulisan masih kénéh loba kapangaruhan ku basa Indonésia, komo deui kaayaan
siswa di lingkungan kota samodél di daérah Bandung anu jadi puseur Jawa Barat.
Hadéna mah diayakeun kagiatan anu leuwih museur kana kaparigelan
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
Daptar Pustaka
A. Sumber Buku
Alwasilah, A Chaedar. (1985). Beberapa Madhab dan Dikotomi Teori Linguistik. Bandung: Angkasa.
Arikunnto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta : Rineka.
Aslinda dan Syafyahya Leni. (2007). Pengantar Sosiolinguistik. Bandung: Refika Aditama.
Atar Semi, M. (2007). Dasar-dasar Keterampilan Menulis. Bandung: Angkasa
Chaer, Abdul dan Leoni Agustina. (2004). Sosiolinguistik Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta.
Chaer, Abdul. (2006). Tata Bahasa Praktis Bahasa Indonesia. Jakarta: Rineka Cipta.
Chaer, Abdul. (2007). Linguistik Umum. Jakarta: Rineka Cipta.
Chaer, Abdul. 1994. Linguistik Umum. Jakarta: Rineka Cipta
Danadibrata R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat
Dinas Pendidikan Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi Dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Dinas Pendidikan Jawa Barat
Djadjasudarma, T. Fatimah. (2010). Metode Linguistik Ancangan Metode Penelitian dan Kajian. Bandung: Eresco
LBSS. (1995). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate
Nurjanah, Nunuy. (2007). Teori Nulis. Bandung: JPBD FPBS UPI
81
Arif Taufik Rahman, 2013
Interférénsi Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu
Rusyana, R. (1984). Bahasa dan Sastra Dalam Gamitan Pendidikan. Bandung: CV. Diponegoro.
Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung : Walatra.
Sudaryat, Yayat. (2007). Makaya Basa. bandung: Sonagar Press
Susetyo, Budi. (2011). Menyusun Tes Hasil Belajar. Bandung: CV. Cakra.
Tarigan, Henry Guntur. (2009). Pengajaran Pragmatik. Bandung: Angkasa
Tarrigan, Henry Guntur. (1988). Pengajaran Kedwibahasaan. Bandung: Aksara
B. Sumber Karya Ilmiah
Mustika, Restylawati. (2011). Kasalahan Morfologis Dina Karangan Éséy Siswa Kelas XII Sma Kartika Siliwangi 2 Bandung Taun Ajar 2010/2011. Skripsi Sarjana di JPBD FPBS UPI Bandung: teu dicitak
Nurmalasari, Linda. (2009). Interférénsi Léksikal Basa Indonésia jeung Basa Jawa Kana Basa Sunda Dina Karangan Eksposisi Siswa Kelas VII SMPN 1 Pebayuran Bekasi. Skripsi Sarjana di JPBD FPBS UPI Bandung: teu dicitak
Sutendi, Teten. (2010). Interférénsi Léksikal Basa Indonésia Kana Basa Sunda Dina Karangan Pangalaman Siswa Kelas VII SMP Negeri 1 Ciawigebang Kab. Kuningan. Skripsi Sarjana di JPBD FPBS UPI Bandung: teu dicitak
Wati, Lesi Nursinta. (2008). Campur Kode Basa Indonesia Kana Basa Sunda Dina Naskah Biantara Siswa Kelas X Sma Pasundan 8 Bandung. Skripsi Sarjana di JPBD FPBS UPI Bandung: teu dicitak
C. Sumber Internet
Gultom, Syawal. (2012). Karakteristik Perkembangan Bahasa Anak.[Online]. Tersedia:http://sergur.kemdiknas.go.id/index.php?NoSmart&docidp=Bhs %20Indonesia%20Modul%201%20Karakteristik%20%20perkembangan% 20bahasa%20anak&p=mdlpuka [12 Februari 2013].
Ruriana, P. et al. (2011). Interferensi Dan Integrasi Bahasa. [Online]. Tersedia: