• Tidak ada hasil yang ditemukan

Panungtun jang nu maké

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "Panungtun jang nu maké"

Copied!
112
0
0

Teks penuh

(1)

Panungtun jang nu maké

(2)

Eusi

Xperia™ J Buku pituduh...6

Ngamulai...7

Naon Android™ teh?...7

Tinjauan telepon...7

Rapat...8

Ngahurungkeun sareng mareuman telepon...10

Konci layar...11

Pituduh setelan...11

Akun sareng ladenan...11

Ngauningaan télépon anjeun...13

Nganggo kenop...13

Batre...13

Nganggo layar rampa...15

Layar utama...17

Nyandak potret layar...20

Ngakses jeung make aplikasi...20

Status jeung bewara...22

Menu setelan telepon...23

Ngetik teks...24

Nyaluyukeun telepon Anjeun...28

Memori...30

Make headset sareng telepon anjeun...31

Setélan Internet sareng olahtalatah...32

Ngadalikeun pamakean data...32

Setelan jaringan seluler...33

Google Play™...35

Ngamulai Google Play™...35

Ngundeur ti Google Play™...35

Mupus data aplikasi...36

Idin...36

Masang aplikasi salain ti Google Play™ ...36

Nelepon...37

Telepon darurat...37

Cara nelepon...37

Suratsora...38

Sauran nu langkung ti hiji...39

Sauran konperénsi...39

(3)

Kontak...42

Tentang Kontak...42

Nransferkeun kontak ka alat anyar Anjeun...42

Ngatur kontak Anjeun...44

Komunikasi sareng kontak anjeun...46

Ngabagikeun kontak anjeun...47

Nyadangkeun kontak...47

Talatahan...48

Nganggo olahtalatah teks sareng multimedia...48

Pilihan teks sareng talatah multimedia...49

Google Talk™ ...50

Surelek...51

Ngamimitian Surelek...51

Nganggo surélek...52

Pamuter musik...56

Ngeunaan Musik...56

Niron payel media ka kartu memori...56

Nganggo pamuter tembang...57

Ngajalajah eusi audio nu berhubungan...58

Nganggo My music pikeun ngatur lagu Anjeun ...58

Daptar puter...60

Widget pamuter musik...60

Ngajagi pangadangu Anjeun...61

Teknologi TrackID...61

Ladenan PlayNow™...62

Radio FM...63

Tentang radio FM...63

Nganggo saluran radio paporit Anjeun...64

Setelan sora...64

Ngidentipikasi lagu radio nganggo TrackID™...64

Kamera...65

Tentang kamera...65

Moto sareng kamera poto...66

Nambahan posisi geografis ka poto anjeun...66

Setelan kamera poto...67

Ngarekam video...69

Setelan kamera video...69

Albeum...72

Nempo poto sareng video di Albeum...72

Nempo poto sareng video nu disimpen di telepon...72

(4)

Pilem...79

Tentang Pilem...79

Nganggo Pilem...79

Pangotektak web...80

Tentang pangotektak web...80

Ngotéktak web...80

Napigasi kaca wéb...81

Ngatur tetengger...82

Ngatur teks jeung gambar...83

Langkung ti hiji jandela...83

Ngundeur ti wéb...84

Setelan pangotektak...84

Konektipitas...86

Nyambungkeun ka jaringan nirkabel...86

Teknologi nirkabel Bluetooth™...88

Nyambungkeun telepon Anjeun ka komputer...91

Nyeken kodeu batang nganggo aplikasi NeoReader™...93

Nyingkronkeun data dina telepon Anjeun...94

Tentang nyingkronkeun data dina telepon Anjeun...94

Nyingkronkeun jeung Google™...94

Nyingkronkeun surelek, almenak sareng kontak perusahaan

Anjeun...95

Nyingkronkeun sareng Facebook™...95

Nyingkronkeun nganggo SyncML™...96

Peta sareng lokasi...98

Tentang ladenan lokasi...98

Nganggo GPS...98

Google Maps™...98

Nganggo Google Maps™ pikeun meunangkeun panunjuk arah...99

Almenak sareng jam alarm...100

Almenak...100

Jam alarm...100

Rojongan tur pamaliharaan...103

Ngapdet telepon anjeun...103

Ngonci sareng ngalindungan telepon anjeun...104

Neang alat anjeun...106

Aplikasi Pitulung...107

Ngadaur mulang telepon Anjeun...107

Reperensi...108

Tinjauan setelan telepon...108

Tinjauan ikon status sareng bewara...109

(5)

Inpo penting...112

Liplet inpo penting...112

Watesan ladenan sareng fitur...112

(6)
(7)

Ngamulai

Naon Android™ teh?

Telepon pinter Xperia Anjeun ti Sony dijalankeun dina platform Android. Telepon Android tiasa ngalakukeun sababaraha pungsi nu sami sareng komputer tur Anjeun tiasa ngaluyukeunana kanggo kaperluan Anjeun. Contona, Anjeun bisa nambah sareng mupus aplikasi, atawa ningkatkeun aplikasi nu tos aya pikeun

ngamaksimalkeun pungsionalitasna. Dina Google Play™ Anjeun tiasa ngundeur sababarah aplikasi tur kaulinan ti koleksi nu terus-terusan nambahan. Anjeun oge tiasa ngaintegrasikeun aplikasi dina telepon Android™ Anjeun sareng aplikasi sejenna sareng ladenan online sejen nu Anjeun pake. Contona, Anjeun bisa nyadangkeun kontak telepon Anjeun, ngakses akun surelek sareng almenak Anjeun nu beda-beda ti hiji tempat, ngalacak pasini Anjeun, sareng terlibat dina jaringan sosial.

Telepon Android™ terus-terusan berubah. Sawaktos hiji versi sofwer sadia jeung telepon Anjeun ngarojong ka sofwer nu anyar ieu, Anjeun bisa ngamutahirkeun telepon Anjeun pikeun meunangkeun pitur-pitur anyar sareng kamajuan nu pangahirna.

Telepon Android™ Anjeun tos dieusian ku ladenan Google™. Pikeun meunangkeun nu maksimal tina ladenan Google™ nu tos disadiakeun, Anjeun kudu gaduh akun Google™ tur asup ka akun eta sawaktos Anjeun pertama kali ngamimitian telepon Anjeun. Anjeun oge kudu gaduh wasa Internet pikeun make sababaraha fitur dina Android™.

Kaluaran sofwer anyar bisa jadi teu cocog sareng sadaya telepon.

Tinjauan telepon

(8)

1. Sensor jarak 1 2. Sensor jarak 2 3. Lampu LED bewara 4. Lensa kamera hareup 5. Speaker ceuli

6. Kenop daya

7. Kenop Polumeu/Zoom 8. Mikropon

9. Kenop menu 10. Kenop layar utama

11. Lampu bewara kanggo ladenan jejaring sosial 12. Kenop mulang

13. Layar rampa 14. Lensa kamera 15. Lampu LED Kamera 16. Konektor headset

17. Konektor kanggo carjer/kabel USB 18. Speaker

19. Liang tali

20. Bukaan tutup batre

Rapat

(9)

1 Cabut panutup batre.

2 Teundeun ujung jari Anjeun ka pamukaan nu aya di sisi handap batre tur angkat batrena.

Pikeun nyelapkeun kartu memori sareng kartu SIM

Ulah nyelapkeun kartu SIM nu teu cocog, contona, kartu SIM mikro, ka jero slot kartu SIM. Ieu bisa jadi ngaruksak kartu SIM Anjeun atawa telepon Anjeun sacara permanen.

1 Pareuman telepon Anjeun.

2 Cabut panutup batre, teras selapkeun kartu memori sareng kartu SIM ka slot anu sasuai.

Kartu memori eta bisa jadi teu dilengkepan ku pembelian di sadaya pasar.

Pikeun nyabut kartu SIM

1 Pareuman telepon Anjeun.

2 Cabut panutup batre.

(10)

Pikeun nyabut kartu memori

• Pareuman telepon Anjeun, atawa leupaskeun kartu memori ti Setelan > Panyimpenan > Cabut kartu SD.

Pikeun masang tutup batre

1 Simpen panutup di luhureun bagean tukang telepon supados liang lensa kamera dina panutup eta sajajar sareng lensa kamera.

2 Pencet sing kuat di sakabeh sudut panutup batre pikeun mastikeun geus dipasang pageuh.

Ngahurungkeun sareng mareuman telepon

(11)

1 Pencet jeung tahan kenop daya di sabelah katuhu nepi ka telepon ngageter

2 Upami layar poek, pencet sakedap kenop daya kangge ngahurungkeun layar.

3 Pikeun muka konci layar, sered ka katuhu sapanjang layar.

4 Asupkeun PIN kartu SIM anjeun mun dipenta, terus pilih Muhun.

5 Antosan sakedap sateuacan telepon dihurungkeun.

PIN kartu SIM anjeun asalna disadiakeun ku operator jaringan, tapi anjeun bisa ngarobahna engke dina menu Setelan. Pikeun ngalereskeun kasalahan pas ngalebetkeun PIN kartu SIM, ketok .

Pikeun mareuman telepon

1 Pencet jeung tahan kenop daya nepi ka menu pilihan muka.

2 Dina menu pilihan, ketok Mareuman tanaga.

3 Ketok OK.

Ieu bisa butuh sababaraha lami kanggo telepon pikeun dipareuman.

Konci layar

Sawaktos telepon Anjeun dihurungkeun tur dianggurkeun pikeun saperiode waktos, layar bakal moekan pikeun ngahemat daya batre, tur otomatis ngonci. Konci ieu nyegah tindakan nu teu dihoyongkeun dina layar toél sawaktos Anjeun keur teu make telepon.

Pikeun ngaktipkeun layar

• Pencet sakeudeung kenop daya .

Pikeun muka konci layar

• Sered ka katuhu nyilangan layar.

Pikeun ngonci layar ku cara manual

• Sawaktos layar keur aktip, pencet sakeudeung kenop daya .

Pituduh setelan

Basa mimiti Anjeun ngahurungkeun telepon Anjeun, hiji pituduh setelan muka pikeun ngajelaskeun tentang pungsi dasar telepon tur mantuan Anjeun pikeun nuliskeun sababaraha setelan nu penting. Ieu waktu nu sae pikeun ngonpigurasikeun telepon ka kabutuhan husus Anjeun. Anjeun tiasa ngakses pituduh setelan engke ti layar

Aplikasi.

Pikeun ngakses buku panungtun setelan sacara manual

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Ketok Setelan > Pituduh setelan.

Akun sareng ladenan

Asup ka akun ladenan online Anjeun ti telepon Anjeun tur meunangkeun keuntungan tina seueurna ladenan nu aya. Gabungkeun ladenan tur meunangkeun keuntungan nu leuwih seueur deui. Contona, kumpulkeun kontak ti akun Google™ sareng

Facebook™ Anjeun tur gabungkeun kontak eta ka buku telepon Anjeun, jadi Anjeun gaduh sakabeh kontak di hiji tempat.

Anjeun bisa asup ka ladenan online ti telepon Anjeun sareng ti komputer. Sawaktos Anjeun pertama kali asup, hiji akun dijieun sareng ngaran nu make, kecap akses, setelan sareng inpo pribadi Anjeun. Dina waktos salajengna basa Anjeun asup,

(12)

Akun Google™

Gaduhan akun Google™ mangrupakeun konci pikeun make rangkaean aplikasi sareng ladenan sareng telepon Android Anjeun. Anjeun butuh hiji akun Google™, contona, pikeun make aplikasi Gmail™ dina telepon Anjeun, pikeun chat ka babaturan nganggo Google Talk™, pikeun nyingkronkeun almenak telepon Anjeun sareng Google Calendar™, sareng pikeun ngundeur aplikasi sareng kaulinan, film sareng buku tina Google Play™.

Akun Microsoft

®

Exchange ActiveSync

®

Singkronkeun telepon Anjeun sareng akun Microsoft® Exchange ActiveSync®

perusahaan Anjeun. Ku cara ieu, Anjeun nyimpen surelek, kontak sareng kajadian almenak pagawean Anjeun sepanjang waktos.

Akun Facebook™

Facebook™ mangrupakeun ladenan jaringan sosial nu nyambungkeun Anjeun ka babaturan, kulawarga sareng kolega Anjeun di sakuliling dunya. Setal Facebook pikeun bisa dipake di telepon Anjeun jadi Anjeun bisa dihubungan ti mana wae.

Akun SyncML™

Singkronkeun telepon Anjeun sareng hiji pangladen Internet nganggo SyncML™. Nempo jeung ngatur kontak, kajadian almenak sareng tetengger tina telepon Anjeun sagampil jiga Anjeun ngalakukeunana tina komputer.

(13)

Ngauningaan télépon anjeun

Nganggo kenop

Mulang

• Balik ka layar nu samemehna

• Tutup alas kenop na-layar, kotak dialog, menu pilihan, atawa panel Bewara Mimiti

• Buka Layar Utama

• Pencet jeung tahan pikeun muka jandela nu mintonkeun aplikasi nu dipake panganyarna ku anjeun.

Menu

• Buka daptar pilihan anu sadia di layar atawa aplikasi nu ayeuna.

Batre

Ngecas batre

Batre telepon anjeun sabagean geus dieusi pas telepon dibeuli. Bakal butuh sababaraha menit samemeh ikon batre kaluar dina layar pas anjeun

nyambungkeun kabel pangecas telepon ka sumber listrik, kawas port USB atawa pangecas telepon. Anjeun masih keneh bisa make telepon basa telepon dicas. Ngecas telepon lila teuing, upamana sapeupeuting, moal ngaruksak batre atawa telepon.

Batre bakal mimiti ngurangan eusina saenggeus dieusi pinuh terus bakal ngeusi deui saengges sababaraha lila pangecas telepon disambungkeun. Ieu teh ngarah umur batre panjang ku kituna status pangeusian bakal nempokeun tingkat di handap 100 persen.

(14)

1 Colokkeun carjer ka sumber daya.

2 Colokkeun ujung nu sejen kabel USB ka carjer (atawa ka port USB dina komputer).

3 Colokkeun oge ujung kabel sejenna ka liang micro USB dina alat Anjeun, sareng lambang USB ngahadap ka luhur. LED status batre hurung basa ngeusi batre dimimitian.

4 Basa LED status batre berwarna hejo, alat tos pinuh dieusi batrena. Pegatkeun sambungan kabel USB ti alat Anjeun ku cara langsung nyabut kabel eta kaluar. Pastikeun teu ngabengkokkeun konektor lamun ngaleupakeun kabel ti alat.

Upami batre tos bener-bener beak eusina, bakal butuh sababaraha menit kanggo LED hurung saatos Anjeun nyambungkeun kebel carjer ka sumber daya.

Status LED batre

Hejo Batre tos dieusi pinuh Beureum ngiceup Batre lemah

Oranyeu Batre nuju dieusi. Eusi batre aya di antara lemah sareng pinuh

Mariksa tingkat batre

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Ihwal telepon > Status > Batre lepel.

Ningkatkeun kamampuan batre

Tips di handap ieu bisa mantuan Anjeun ningkatkeun kamampuan batre:

• Sing sering ngeusi batre alat Anjeun. Ieu bakal moal mangaruhan dangka waktu batre.

• Ngundeur data ti Internet teh ngabeakkeun daya. Sawaktos Anjeun keur teu make Internet, Anjeun bisa nyimpen daya kucara nganonaktipkeun sakabeh koneksi data tina jaringan mobile. Anjeun tiasa ngalakukeun ieu ti Setelan > Lainna... > Jaringan mobile > Patalimarga data. Setelan ieu teu nyegah alat Anjeun ti ngalirkeun data liwat jaringan nirkabel sejenna.

• Pareuman GPS, Bluetooth™ sareng Wi-Fi® sawaktos Anjeun teu ngabutuhkeun fitur ieu. Anjeun bisa leuwih gampang ngaktipkeun sareng mareuman fitur eta ku cara nambahkeun widget Setelan gancang ka Layar Utama Anjeun. Anjeun teu kudu mareuman 3G.

• Setel aplikasi singkronisasi Anjeun (nu dipake kanggo nyingkronkeun surelek, almenak sareng kontak Anjeun) ka nyingkronkeun ku cara manual. Anjeun oge bisa nyingkronkeun ku cara otomatis, tapi tambahkeun interpal singkronisasina.

• Cek menu pamakean batre dina alat pikeun ningali aplikasi mana nu make daya panggedena. Batre Anjeun butuh daya nu leuwih gede sawaktos Anjeun make aplikasi streaming video sareng musik, sapertos YouTube™. Sababaraha aplikasi Android Market™ oge ngabutuhkeun daya nu leuwih gede.

• Tutup tur kaluar ti aplikasi nu teu Anjeun pake.

• Turunkeun tingkat kacaangan pintonan layar.

• Pareuman alat Anjeun atawa pake Modeu pesawat upami Anjeun keur aya di hiji wewengkon nu taya jangkauan jaringanana. Upami teu kitu, alat Anjeun bakal terus-terusan nyeken jaringan nu sadia, tur ieu ngabeakkeun daya.

• Pake alat handsfree asli Sony pikeun ngadengekeun musik. Alat handsfree ngabutuhkeun daya batre nu saeutik tibatan speaker alat.

• Jieun alat Anjeun dina mode sayaga sabisana. Waktu sayaga maksudna waktos salami alat disambungkeun ka jaringan tapi keur teu dipake.

Ngakses menu pamakean batre

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Batre jang nempo aplikasi mana nu dipasang nu meakkeun daya batre pangreana.

(15)

Pikeun nambahkeun Widget lalu lintas data ka layar Utama Anjeun

1 Tina Layar Utama Anjeun, pencet .

2 Ketok Tambahkeun > Widget > Alat.

3 Sintreuk katuhu pikeun manggihan tur milij widget Lalar liwat data. Anjeun ayeuna tiasa ngahurungkeun sareng mareuman koneksi data leuwih gampang deui.

Pikeun nambah widget setelan Gancang ka layar Utama Anjeun

1 Tina Layar Utama Anjeun, pencet .

2 Ketok Tambahkeun > Widget > Alat.

3 Pilih widget Setelan rusuh.

Ngurangkeun pamakean batre sareng Power Saver

Pake modeu hemat daya setelan pikeun ngatur aplikasi pamakean daya tur ngurangkeun pamakean batre. Sareng Power Saver, anjeun tiasa nyaluyukeun setélan dina unggal modeu hemat daya jeung cara anjeun make telepon.

Ngaptipkeun modeu hemat daya

1 Ti Layar Utama anjeun, ketok .

2 Teang teras ketok Hemat Daya.

3 Ketok lambang di gigireun modeu hemat daya nu hoyong diaktipkeun.

Mareuman modeu hemat daya

1 Ti Layar Utama anjeun, ketok .

2 Teang teras ketok Hemat Daya.

3 Ketok ikon anu bercahya di gigireun mode hemat daya aktip keur mareumanana.

Pikeun ngarobah setelan kanggo mode ngahemat daya

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Hemat Daya.

3 Pikeun muka menu setelan, ketok ngaran mode ngahemat daya.

4 Saluyukeun setelan nu dipikahoyong pikeun ngahemat daya.

5 Ketok .

Pikeun mintonkeun bewara panghemat daya,

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggih jeung ketok Hemat Daya.

3 Ketok .

4 Cirian checkbox Bar status.

Nganggo layar rampa

Hiji lembar plastik pelindung digantelkeun ka layar telepon Anjeun sawaktos dibeli ku Anjeun. Anjeun kudu nyoekkeun lembar plastik ieu samemeh make layar rampa. Lamun teu kitu, layar rampa bisa jadi teu bisa berpungsi bener.

Sawaktos telepon Anjeun dihurungkeun tur dianggurkeun pikeun saperiode waktu, layar bakal moekan pikeun ngahemat daya batre, tur otomatis ngonci. Konci ieu nyegah tindakan nu teu dihoyongkeun dina layar rampa sawaktos Anjeun keur teu make telepon. Anjeun oge bisa nyetel kunci pribadi pikeun ngajagaan langganan Anjeun jeung mastikeun ngan saukur Anjeun nu bisa ngakses ka telepon Anjeun.

Layar telepon Anjeun dijieun tina kaca. Ulah noel layar upami kacana retak atau beulah. Ulah nyobaan ngabenerkeun sorangan layar nu reksak. Layar kaca sensitip kana labuh sareng goncangan mekanik. Kasus perawatwan nu teu bener teu dilindungan ku laden haransi Sony.

Ngabuka atawa nyorot hiji aitem

(16)

Nyirian pilihan

Kotak centang nu dicirian

Kotak centang nu dibuka tetenggerna Pilihan daptar nu dicirian

Pilihan daptar nu dibuka tetenggerna

Pikeun nyirian atawa muka tetengger pilihan

• Ketok kotak centang atawa pilihan daptar nu sasuai.

Kotak centang nu dicirian

Kotak centang nu dibuka tetenggerna Pilihan daptar nu dicirian

Pilihan daptar nu dibuka tetenggerna

Ngazum

Pilihan ngazum nu sadia gumantung kana aplikasi nu Anjeun anggo.

Ngazum

• Upami sadia, toel atawa pikeun ngazum gede atawa ngazum leutik.

Anjeun bisa nyered (ka sagala arah) pikeun nyieun ikon zum nembongan.

Ngezum make dua ramo

• impen ka dua-dua ramo di layar terus ciwit ka tengah (jang ngaleutikan) atawa egangkeun ka luar (jang ngagedekeun).

Pake pungsi zum lamun nempo poto jeung peta, atawa lamun keur ngotektak web.

Ngagulung

Gulung ku cara ngagerakkeun jari anjeun ka luhur atawa ka handap dina layar. Dina sababaraha kaca wéb anjeun oge bisa ngagulung ka sisi.

(17)

Ngagulung

• Sered atawa sitreuk jari anjeun di arah anjeun hayang ngagulung dina layar.

Pikeun leuwih gancang ngagulung, sintreuk jari anjeun di arah nu dipikahayang ku anjeun dina layar.

Pikeun nyintreuk

• Pikeun ngagulung nu leuwih gancang, sintreuk jari Anjeun di arah nu Anjeun hoyong dina layar. Anjeun bisa ngadagoan kanggo gerakan ngagulung eureun ku sorangan, atawa Anjeun bisa langsung ngeureunkeunana ku cara ngetok layar.

Sénsor

Telepon anjeun gaduh sénsor sensor nu ngadétéksi cahaya tur jarak. Sénsor cahaya ngadétéksi tingkat cahaya sakuliling jeung nyetél kacaangan layar. Sensor jarak mareuman layar sentuh mun pameunteu anjeun némpél ka layar. Ieu nyegah anjeun teu ngahaja ngaktipkeun pungsi télépon pas anjeun keur aya sauran.

Layar utama

Telepon anjeun Layar Utama teh sarua jeung destop dina komputer. Layar utama teh gerbang anjeun ka fitur-fitur utama di telepon anjeun. Anjeun bisa ngaluyukeun Layar Utama anjeun ka widget, potong kompas, polder, tema, wallpaper jeung item nu sejen.

(18)

Layar Utama ngalegaan leuwih ti rubak pintonan layar biasa, jadi anjeun perlu nyintreuk katuhu atawa ka kenca pikeun nempo eusi di salah sahiji ti opat ekstensi layar. mintonkeun bagian mana ti Layar Utama di mana anjeun aya.

Item dina wagel nu aya di handapeun layar sok sadia pikeun akses rusuh.

Pikeun pindah ka layar Utama

• Pencet .

Pikeun ngotektak layar Utama

• Sintreuk ka katuhu atawa ka kenca.

Ngabagikeun komponen ti layar Mimiti

1 Pencet pikeun muka Layar Utama anjeun.

2 Rampa terus tahan hiji komponen nepi ka ngagedean tur telepon ngageter, terus sered komponen eta ka .

3 Pilih hiji opsi terus pastikeun, lamun perlu. Anjeun ayeuna bisa ngabagikeun aplikasi jeung widget nu dipikaresep ku anjeung ka babaturan ngarah bisa diundeur jeung dipake ku maranehna.

Widget

Widget nyaeta aplikasi leutik nu bisa Anjeun pake sacara langsung dina Layar Utama Anjeun. Contona, widget “WALKMAN” ngidinan Anjeun pikeun mimiti muterkeun musik sacara langsung.

Sababaraha widget tiasa dirobah ukuranana, jadi Anjeun tiasa ngagedean widget eta pikeun nempo leuwih seueur eusi atawa ngaleutikan widget eta pikeun ngahemat ruangan dina Layar Utama Anjeun.

Nambahkeun widget ka layar Mimiti

1 Ti Layar Utama, pencet .

2 Ketok Tambahkeun > Widget.

3 Ketok widget.

Pikeun ngatur ukuran hiji widget

1 Toel jeung tahan hiji widget nepi ka ngagedean tur telepon ngageter, teras leupaskeun widget eta. Upami widget tiasa diatur ukuranana, hiji pigura nu disorot sareng titik-titik pangaturan ukuran jadi nembongan.

2 Sered titik-titik eta ka jero atawa ka luar pikeun ngaleutikan atawa ngagedean widget eta.

3 Pikeun mastikeun ukuran anyar widget eta, ketok di mana wae dina Layar Utama.

(19)

Meunangkeun langlangan sadaya widget dina layar Utama

• Ciwit area mana wae di Layar Utamaanjeun. Sadaya widget ti bagian nu beda-beda Layar Utama anjeun ayeuna dipintonkeun dina hiji tempoan.

Sawaktu sadaya Layar Utama widget digabungkeun dina hiji tempoan, ketok dina widget mana oge pikeun pindah ka bagian Layar Utama nu ngandung widget eta.

Widget Timescape™ Feed

Widget Timescape™ Feed mintonkeun sadaya kajadian Timescape™ Anjeun nu panganyarna dina hiji panempoan. Anjeun bisa nyintreuk ka luhur atawa ka handap dina widget jang ningali sadaya eusi unggal kagiatan. Anjeun tiasa oge ngetok hiji kajadian pikeun nempo eusina dina pormat salayar atawa ngungkapkeun reaksi Anjeun nganggo komentar, resep atawa tweet ulang.

Widget Timescape™ Friends

Widget Timescape™ Friends mere bewara ka Anjeun tentang aktipitas jaringan sosial nu ayeuna nu berhubungan ka Anjeun jeung babaturan Anjeun. Anjeun bisa nempo sadaya aktipitas tur berkomunikasi sareng babaturan Anjeun nganggo komentar, resep sareng twit ulang.

Widget Timescape™ Share

Bagikeun status Anjeun tina salah sahiji ladenan nu Anjeun tos asupan tina telepon Anjeun. Contona, Anjeun tiasa ngeposkeun apdet dina Facebook™ atawa Twitter™.

Nyusun ulang layar Utama Anjeun

Sesuaikeun pintonan layar Utama anjeun sarta robah fitur-fitur anu bisa anjeun akses ti dinya. Robah latar tukang layar, pindah-pindahkeun item, jieun polder, sarta tambah potong kompas ka kontak.

Muka menu pilihan layar Utama anjeun

Anjeun bisa muka Layar Utama menu pilihan dina dua cara:

• Ti Layar Utama, pencet .

• Toel jeung tahan bagian mana wae Layar Utamaanjeun.

Nambahkeun potong kompas ka layar Mimiti

1 Ti Layar Utama, pencet .

2 Ketok Tambahkeun > Pintesan.

3 Teang tur pilih hiji potong kompas.

Tambahkeun potong kompas aplikasi ku cara langsung ti layar Aplikasi ku cara ngarampa terus nahan aplikasi.

Mindahkeun item dina layar Utama

1 Pencet pikeun muka Layar Utama anjeun.

2 Toel jeung tahan hiji item nepi ka ngagedean tur telepon ngageter, terus sered item eta ka lokasi nu anyar.

Pikeun mupus hiji item tina layar Utama

• Toél jeung tahan hiji item nepi ka ngagedean tur telepon ngageter, teras séred item eta ka .

Pikeun nambah polder ka layar Utama

1 Tina Layar Utama Anjeun, pencet .

2 Ketok Tambahkeun > Polder.

3 Tulis ngaran kanggo polder tur ketok Rengse.

Sered tur simpen hiji item dina luhureun item nu sejen dina layar Utama Anjeun pikeun nyieun polder sacara otomatis.

(20)

Pikeun nambah item ka polder

• Toél jeung tahan hiji item nepi ka ngagedean tur telepon ngageter, teras séred item eta ka polder.

Ngaganti ngaran polder

1 Ketok polder pikeun muka.

2 Rampa baris judul polder jang mintonkeun widang Ngaran polder.

3 Asupkeun ngaran polder nu anyar terus ketok Rengse.

Ngarobah latar tukang layar Utama Anjeun

Adaptasikeun Layar Utama ka gaya Anjeun sorangan make wallpaper sareng tema nu beda-beda.

Pikeun ngarobah wallpaper layar Utama Anjeun

1 Tina Layar Utama Anjeun, pencet .

2 Ketok Wallpaper, teras pilih hiji pilihan.

Anjeun bisa make poto nu tos Anjeun candak, atawa hiji animasi. Buka Google Play™ sareng sumber-sumber sejenna pikeun ngundeur, contona, wallpaper hirup nu robah unggal jam dina sapoe.

Nyetel tema

1 Ti Layar Utama, pencet .

2 Ketok Tema, terus pilih hiji tema.

Lamun anjeun ngarobah tema, latar oge robah di sababaraha aplikasi.

Nyandak potret layar

Anjeun tiasa nyandak gambar poto ti layar nu mana wae di alat Anjeun pikeun jadi potret layar. Potret layar nu Anjeun candak bakal otomatis disimpen di Albeum.

Pikeun nyandak potret layar

1 Pencet jeung tahan kenop daya sareng kenop polumeu babarengan nepi ka Anjeun ngadangu sora klik.

2 Pikeun nempo potret layar, sered bar status ka handap.

Ngakses jeung make aplikasi

Buka aplikasi ti potong kompas dina Layar Utama Anjeun atawa ti layar Aplikasi.

Layar aplikasi

Layar Aplikasi, nu Anjeun buka tina Layar Utama Anjeun, ngandung aplikasi nu tos dipasang dina telepon Anjeun kitu oge sareng aplikasi nu Anjeun undeur.

Layar aplikasi manjangan leuwih ti lebar layar nu biasana, jadi Anjeun kudu nyintreuk ka kenca sareng ka katuhu pikeun nempo sakabeh eusi.

Pikeun muka layar Aplikasi

(21)

Pikeun ngotektak layar Aplikasi

• Buka layar Aplikasi, teras sintreuk ka katuhu atawa ka kenca.

Pikeun nyieun potong kompas ka hiji aplikasi dina layar Utama

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Toél jeung tahan hiji aplikasi nepi ka nembongan dina Layar Utama Anjeun, teras séred ka lokasi nu dipikahoyong.

Ngabagikeun aplikasi ti layar Aplikasi

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Rampa terus tahan aplikasi nepi ka mucunghul di Layar Utama, terus sered komponen ka .

3 Pilih hiji opsi terus pastikeun, lamun perlu. Ayeuna anjeun bisa ngabagikeun aplikasi nu dipikaresep jeung babaturan, ngarah bisa diundeur jeung dipake.

Muka sareng nutup aplikasi

Pikeun muka hiji aplikasi

• Tina Layar Utama Anjeun atawa layar Aplikasi, ketok aplikasina.

Pikeun nutup hiji aplikasi

• Pencet .

Sababaraha aplikasi direureuhkeun sawaktos Anjeun mencet pikeun kaluar, samentawis aplikasi nu sejen bisa diteruskeun pikeun jalan di latar tukang. Dina kasus nu pertama, di waktu nu sanes Anjeun muka aplikasi, Anjeun bisa neruskeun aplikasi nu Anjeun antepkeun kiwari.

Jandéla aplikasi nu anyar dianggo

Anjeun tiasa ningali teras aseup ka aplikasi nu anyar dianggo tina jandéla ieu.

Pikeun muka jandela aplikasi anu nembe dipake

• Pencét jeung tahan .

Ménu aplikasi

Ménu tiasa dibuka iraha waé basa Anjeun nganggo aplikasi ku cara mencét kenop dina télépon. Pintonan ménu bakal béda-béda gumantung ka aplikasi nu dianggo.

Muka ménu di aplikasi

• Pas nganggo aplikasi, pencét .

Teu sadaya aplikasi aya ménuna.

Nyusun ulang layar Aplikasi Anjeun

Pindahkeun aplikasi di layar Aplikasi sasuai sareng karesep Anjeun.

Pikeun nyusun aplikasi dina layar Aplikasi

(22)

Pikeun mindahkeun hiji aplikasi dina layar Aplikasi

1 Buka layar Aplikasi, teras ketok .

2 Toél jeung tahan hiji item nepi ka ngagedean tur telepon ngageter, teras séred item eta ka lokasi nu anyar.

3 Ketok pikeun kaluar ti modeu edit.

Anjeun ngan bisa mindahleun aplikasi Anjeun sawaktos dipilih.

Mupus aplikasi ti layar Aplikasi

1 Ti Layar Utama anjeun, ketok .

2 Ketok . Sadaya aplikasi nu bisa dipupus dicirian ku ikon .

3 Ketok aplikasi nu hayang dipupus, terus ketok OKE.

Status jeung bewara

Palang status di bagean luhureun layar Anjeun mintonkeun naon nu keur jalan dina telepon Anjeun. Di bagean kenca Anjeun aya bewara sawaktos aya hal nu anyar atawa nu keur dipake. Contona, bewara talatah anyar sareng almenak nembongan di dieu. Di bagean katuhu mintonkeun kakuatan sinyal, status batre, sareng inpo nu sejenna.

Hiji lampu bewara oge mere Anjeun inpo status batre sareng bewara sejenna. Contona, lampu bulao nu kedip-kedip hartina aya talatah anyar atawa telepon lasut. Lampu bewara bisa jadi teu berpungsi sawaktos tingkat daya batre keur leutik.

Mariksa bewara sareng aktipitas nu keur dilakukeun

Anjeun bisa nyéred bar status ka handap pikeun muka panel Bewara tur

meunangkeun leuwih seueur inpo. Contona, anjeun bisa make panel pikeun muka talatah anyar sarta nempo acara almenak. Anjeun oge bisa muka sababaraha aplikasi nu keur jalan dina latar, kawas pamuter musik.

Ngabuka panél béwara

(23)

Pikeun nutup panel bewara

• Séred tab nu aya di handapeun panel Bewara ka luhur.

Ngabuka aplikasi nu dilampahkeun tina panel Bewara

• Ketok ikon jang aplikasi nu dilampahkeun jang muka eta aplikasi.

Miceun bewara ti panel Bewara

• Simpen ramo di bewara terus toel ka kenca atawa katuhu.

Pikeun ngabersihan panel Bewara

• Tina Panel Bewara, ketok Pupus.

Setel telepon Anjeun ti panel Bewara

Anjeun tiasa muka menu setelan ti panel Bewara pikeun ngaluyukeun setelan telepon dasar. Contona, Anjeun tiasa ngaktipkeun Wi-Fi®.

Pikeun muka menu setelan telepon ti panel Bewara

1 Sered bar status ka handap.

2 Ketok .

Pikeun ngaluyukeun setelan sora ti panel Bewara

1 Sered bar status ka handap.

2 Ketok .

Pikeun ngadalikeun pungsi Bluetooth™ ti panel Bewara

1 Sered bar status ka handap.

2 Ketok .

Pikeun ngadalikeun pungsi Wi-Fi® ti panel Bewara

1 Sered bar status ka handap.

2 Ketok .

Pikeun ngaktipkeun atawa nganonaktipkeun patalimarga data ti panel Bewara

1 Sered bar status ka handap.

2 Ketok .

Menu setelan telepon

Tempo jeung robah setelan telepon Anjeun ti menu Setelan.

Ngaksés setélan télépon

1 Ti Layar Utama, ketok .

(24)

Ngetik teks

Tuts na-layar

ketok kenop tuts QWERTY na-layar pikeun ngasupkeun teks sacara merenah. Sababaraha aplikasi muka tuts na-layar sacara otomatis. Anjeun oge bisa muka kibor ieu ku cara noel widang teks.

Make kibor dina layar

1 Ngarobah gede leutikna aksara jeung ngahurungkeun konci hurup gede. Di sababaraha basa, ieu kenop dipake jang ngakses aksara tambahan nu aya dina basa eta.

2 Tutup pintonan kibor dina layar

3 Nempokeun angka jeung simbul Rampa terus tahan jang nempokeun smiley. 4 Ngasupkeun spasi

5 Buka menu seelan input jang ngarobah, upamana Basa tulisan. Kenop ieu oge ngarobah basa tulisan lamun aya leuwih ti hiji basa input nu dipilih.

6 Ngasupkeun enter atawa mastikeun input teks 7 Mupus karakter samemeh kursor

Kabeh gambar ngan saukur jang panerang wungkul tur moal ngagambarkeun kondisi telepon nu sabenerna

Mintonkeun tuts na-layar pikeun ngasupkeun teks

• Ketok widang entri teks.

Nyumputkeun kibor di layar

• Lamun kibor di layar muka, pencet .

Make tuts na-layar dina orientasi lanskap

• Sawaktu anjeun ngasupkeun teks, balikkeun telepon ka gigir.

Sangkan kibor ngarojong fitur ieu, lanskap modeu kudu dirojong ku aplikasi nu nuju dipake ku anjeun, jeung setelan orientasi layar anjeun kudu disetel ka otomatis.

Ngasupkeun teks make tuts na-layar

• Pikeun ngasupkeun karakter nu katempo dina kibor, ketok karakter eta.

• Pikeun ngasupkeun variasi karakter, toel jeung tahan karakter kibor umum pikeun meunangkeun daptar pilihan nu sadia, terus pilih tina daptar. Contona, pikeun ngasupkeun "é", toel jeung tahan "e" nepi ka pilihan nu sejen

nembongan, terus, bari tetep mencet kibor, sered tur pilih "é".

Pikeun mindahkeun antara aksara-gede sareng aksara-leutik

• Saencan anjeun nuliskeun aksara, ketok pikeun mindahkeun ka aksara-gede , atawa sabalikna.

Pikeun ngahurungkeun konci aksara gede

(25)

Ngasupkeun nomer atawa simbul

• Sawaktu anjeun ngasupkeun teks, ketok . Kibor kalayan nomer jeung simbul nembongan. Ketok pikeun nempo leuwih seueur pilihan.

Pikeun nulis tanda baca nu umum

1 Basa Anjeun salse nulis kecap, ketok batang spasi.

2 Pilih tanda baca ti palang kandidat. Cirian nu dipilih diselapkeun samemeh ruang.

Pikeun asup gancang ka full stop, ketok palang status ruang dua kali basa tos salse nuliskeun kecap eta.

Cara nulis smiley

1 Basa ngalebetkeun téks, toél sareng tahan .

2 Pilih smiley.

Pikeun mupus karakter

• Ketok pikeun nempatkeun kursor di posisi saatos karakter nu Anjeun hoyong pupus, teras ketok .

Pikeun enter kenop mulang

• Sawaktos Anjeun nulis teks, ketok pikeun nga-enter kenop mulang.

Pikeun milih teks

1 Tulis sababaraha teks, teras ketok jeung tahan teks eta. Kecap nu Anjeun ketok bakal disorotan ku tab dina dua sisi.

2 Sered tab ka kenca atawa ka katuhu pikeun milih leuwih seueur teks.

Ngedit teks di orientasi potret

1 Lamun anjeun ngasupkeun teks, toel terus tahan widang teks nepi ka baris aplikasi ditembongkeun.

2 Pilih teks nu rek diedit, terus pake baris aplikasi jang nyieun parobahan nu dipikahayang.

Jang napelkeun teks ti papan klip, anjeun oge bisa nahan widang teks nepi ka Tempel ditembongkeun, terus ketok Tempel.

Baris aplikasi

1 Tutup baris aplikasi 2 Pilih kabeh teks 3 Potong teks 4 Tiron teks 5 Tapelkeun teks

(26)

Make pungsi Input sapuan pikeun nyerat kecap

Anjeun bisa ngasupkeun teks ku cara ngageser jari Anjeun tina aksara ka aksara nu aya dina kibor di-layar. Anjeun bisa ngangkat jari Anjeun diantara kecap supados telepon tiasa kenal ka kecap eta.

Input sapuan ngan sadia sawaktos Anjeun make kibor nu aya di-layar.

Pikeun nulis teks nganggo pungsi Input sapuan

1 Sawaktos Anjeun nulis teks nganggo kibor di-layar, geser jari Anjeun ti aksara ka aksara pikeun ngalacak kecap nu Anjeun hoyong serat. Angkat jari Anjeun sawaktos Anjeun tos rengse nulis hiji kecap.

2 Telepon nyarankeun kecap berdasarkeun aksara nu tos Anjeun tuliskeun. Upami perlu, pilih kecap nu bener dina palang calon. Pikeun nempo leuwih seueur pilihan, gulung ka katuhu atawa ka kenca dina palang data sambungan. Upami Anjeun teu bisa manggihan kecap nu dipikahoyong, ketok sakali pikeun mupus sadaya kecap eta. Teras coba deui pikeun ngalacak kecap nganggo Input sapuan, atawa ketok unggal aksara pikeun nuliskeun kecap eta.

3 Upami setelan Spasi di antara sapuan diaktipkeun, lacak kecap salajengna nu Anjeun hoyong tulis. Upami heunteu, ketok palang spasi teras lacak kecap salajengna nu Anjeun hoyong tulis.

Pikeun nuliskeun kecap campuran nu tos digabungkeun sawaktos setelan Spasi di antara sapuan diaktipkeun, Anjeun bisa jadi kudu ngageser pikeun nuliskeun bagean awal ti kecap, teras ketok unggal aksara pikeun nuliskeun sesa kecap eta ku cara ngetok unggal aksara.

Pikeun ngarobah setelan Input sapuan

1 Sawaktos Anjeun nulis teks make kibor di layar, ketok . Upami Anjeun tos milih langkung ti hiji basa tulisan, toel jeung tahan .

2 Ketok Setelan input teks.

3 Cirian atawa buka tetengger kotak centang Input sapuan.

4 Upami Anjeun hoyong sacara otomatis nambah spasi antara gerakan tanpa kudu ngetok palang spasi terus-terusan, cirian kotak centang Spasi di antara sapuan.

Alas telepon

Alas telepon ieu jiga alas kenop standar 12-kenop. Alas telepon mere pilihan input teks prediktif sarta multitap. Anjeun bisa ngaktipkeun metodeu input teks Alas telepon via setelan kibor. Alas telepon ngan sadia di orientasi potret.

Make Phonepad

1 Milih opsi input teks

2 Ngarobah gede leutikna aksara jeung ngahurungkeun konci hurup gede. 3 Nomer display

(27)

5 Ngasupkeun spasi

6 Buka menu setelan input pikeun ngarobah, contona, Basa tulisan. Kenop ieu oge ngarobah basa tulisan lamun aya leuwih ti hiji basa input nu dipilih.

7 Ngasupkeun enter atawa mastikeun input teks 8 Mupus karakter samemeh kursor

Kabeh gambar ngan saukur jang panerang wungkul tur moal ngagambarkeun kondisi telepon nu sabenerna

Pikeun muka Layar Tombol pertama kalina

1 Ketok hiji widang teks, teras ketok , atawa toel jeung tahan upami Anjeun tos milih leuwih ti hiji basa input.

2 Ketok Tata perenah kibor tur pilih hiji pilihan.

Saatos Anjeun tos milih opsi tata perenah kibor, Anjeunnriasa ngaktipkeun Layar tombol ku cara ngetok hiji widang teks.

Pikeun pindah antara kibor dina-layar sareng Phonepad

1 Sawaktos Anjeun nulis teks, ketok , atawa toel jeung tahan upami Anjeun tos milih leuwih ti hiji basa input.

2 Ketok Tata perenah kibor tur pilih hiji pilihan.

Inget yen Layar tombol ngan sadia dina orientasi potret.

Ngasupkeun teks make Alas telepon

Sawaktu make Alas telepon, anjeun bisa milih dua pilihan input:

• Sawaktu nembongan dina Alas telepon, ketok unggal kenop karakter ngan sakali, sanajan hurup nu dipikayang ku anjeun sanes nu hurup kahiji dina kenop. Ketok kecap nu nembongan atawa ketok pikeun nempo leuwih seueur saran jeung kecap ti daptar.

• Sawaktu nembongan dina Alas telepon, ketok kenop tuts na-layar pikeun karakter nu hayang diasupkeun ku anjeun. Tetep pencet kenop ieu nepi karakter nu

dipikahayang dipilih. Teras lakonan hal nu sarua pikeun karakter saterusna nu hayang diasupkeun ku anjeun, jeung saterusna

Ngasupkeun nomer make Alas telepon

• Sawaktu Alas telepon kabuka, ketok . Alas telepon kalayan nomer nembongan

Ngasupkeun simbul sarta smiley make Alas telepon

1 Sawaktu Alas telepon kabuka, ketok . Grid kalayan simbul sarta smiley nembongan.

2 Gulung ka luhur atawa ka handap pikeun nempo leuwih seueur pilihan. Ketok simbul atawa smiley pikeun milih.

Setelan kibor jeung Alas telepon

Anjeun bisa milih setelan pikeun tuts na-layar jeung Alas telepon, kawas basa tulisan sarta koreksi otomatis.

Pikeun ngakses kibor sarta setelan Alas telepon

• Sawaktu anjeun ngasupkeun teks make tuts na-layar atawa Alas telepon, ketok . Sabalikna upami anjeun milih leuwih ti hiji basa tulisan, toel sarta tahan .

Ngarobah basa tulisan make tuts na-layar atawa Alas telepon

1 Sawaktu anjeun nulis teks, ketok , atawa toél jeung tahan upami anjeun geus milih leuwih ti hiji basa input.

2 Ketok Basa tulisan sarta pilih basa nu dipikahayang ku anjeun pikeun nulis.

(28)

Ngarobah kibor

1 Lamun anjeun ngasupkeun teks, seret baris status ka handap jang muka panel Bewara.

2 Ketok Pilih Metodeu Input, terus pilih hiji opsi.

Setelan input teks

Sawaktu ngasupkeun teks, anjeun bisa ngakses menu setelan teks input nu mantuan anjeun nyetel pilihan pikeun prediksi teks. Contona, Anjeun bisa mutuskeun kumaha Anjeun hoyong telepon nampilkeun alternatif kecap sareng kecap nu bener basa Anjeun keur ngetik, atawa ngaktipkeun aplikasi input teks pikeun nginget kecap anyar nu Anjeun ketik.

Ngarobah setelan input teks

1 Sawaktu anjeun ngasupkeun teks make tuts na-layar atawa Alas telepon, ketok , atawa toel sarta tahan .

2 Ketok Setelan input teks.

3 Pilih setelan nu dipikahayang.

Nyaluyukeun telepon Anjeun

Adaptasikeun telepon sasuai ka kabutuhan Anjeun kucara nyaluyukeun, contona, rington pribadi Anjeun, basa telepon sareng setelan Pribadi Anjeun.

Nyetél volumeu

Anjeun tiasa nyetél volumeu rington kanggo sauran télépon sareng bwara ogé kanggo tembang sareng pemuter video.

Nyetél volumeu dering nganggo konci volumeu

• Pencét tombol polumeu kaluhur atanapi kahandap.

Nyetél volumeu media nu diputer nganggo konci volumeu

• Mun muter tembang atanapi ningali video, pencét konci volumeu kaluhur atanapi kahandap.

Nyetel telepon ka modeu jempe

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Sora.

3 Pilih Modeu rehe, terus pilih Jempekeun.

Nyetel telepon ka modeu geter

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Sora.

3 Pilih Modeu rehe, terus pilih Geterkeun.

Nyetel telepon ka modeu geter jeung nyora

1 Ti Layar Utama anjeun, ketok .

2 Teang teras ketok Setelan > Sora.

3 Pilih Modeu rehe, teras pilih Pareum.

4 Cirian kotak centang Geter lamun ngirining.

Narikan sora speaker

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Sora.

3 Cirian kotak centang xLOUD™.

Waktos sareng kaping

(29)

Nyetel tanggal ku cara manual

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Tanggal & waktos.

3 Pupus ciri kotak centang Tanggal & waktu otomatis, lamun dicirian.

4 Ketok Setel tanggal.

5 Saluyukeun tanggal ku cara ngagulung ka luhur jeung handap .

6 Ketok Atur.

Nyetel waktos ku cara manual

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Tanggal & waktos.

3 Pupuskeun tanda kotak centang Tanggal & waktu otomatis lamun dicentang.

4 Ketok Setel waktos.

5 Gulung ka luhur atawa ka handap pikeun nyaluyukeun jam sareng menit.

6 Upami tiasa, gulung ka luhur pikeun ngarobah AM ka PM, atawa sabalikna.

7 Ketok Atur.

Nyetel zoneu waktu

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Tanggal & waktos.

3 Pupus ciri kotak centang Zona waktu otomatis, lamun dicirian.

4 Ketok Pilih zona waktu.

5 Pilih hiji opsi.

Nyetel pormat tanggal

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Tanggal & waktos > Pilih pormat tanggal.

3 Pilih hiji opsi.

Setélan rington

Pikeun nyetel hiji rington telepon

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Sora > Rington telepon.

3 Pilih hiji rington.

4 Ketok Rengse.

Ngaktifkeun nada toel

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Sora.

3 Cirian kotak centang Sora rampa kenop telepon jeung Sora rampa.

Milih rington bewara

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Sora > Bewara standar.

3 Pilih hiji rington.

4 Ketok Rengse.

Setélan layar

Pikeun nyaluyukeun kacaangan layar

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Layar > Kacaangan.

3 Sered slaider keur nyaluyukeun kacaangan.

4 Ketok OKEH.

Tingkat kacaangan mangaruhan kinerja batre. Kanggo tips tentang kumaha carana ningkatkeun kinerja batre, tingal Ningkatkeun kamampuan batre.

(30)

Nyetel layar ngarah ngageter

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Sora.

3 Cirian kotak centang Geter mun dirampa. Layar ayeuna ngageter mun anjeun ngetok kenop lemes sareng aplikasi nu ditangtukeun.

Ngaluyukeun waktos cicing samemeh layar dipareuman

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Layar > Sare.

3 Pilih hiji opsi.

Pikeun gancang mareuman layar, pencet sakedeung kenop daya .

Ngajaga layar terus aktip lamun telepon keur dicas

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Opsi pangembang.

3 Cirian kotak centang Tetep Jagjag.

Basa télépon

Anjeun tiasa milih hiji basa nu dianggo kana télépon anjeun.

Ngarobah basa telepon

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Basa & input > Basa.

3 Pilih hiji opsi.

Lamun anjeun salah milih basa terus teu bisa maca teks menu, teang terus ketok ikon Setelan . Teras pilih entri salain , tur pilih entri kahiji nu aya dina menu nu saenggeusna. Anjeun terus bisa milih basa nu dipikahayang.

Modeu pesawat

Dina mode pesawat, jaringan telepon sareng panarima transmisi radio Anjeun dipareuman pikeun nyegah gangguan ka alat nu sensitip. Tapina, Anjeun masih bisa ngulinkeun kaulinan, ngadengekeun musik, nonton video sareng eusi nu sejenna, salami sakabeh eusi ieu disimpen dina kartu memori atawa panyimpenan internal Anjeun. Anjeun oge bisa diingetkeun ku alarm, upami alarm diaktipkeun.

Ngaktipkeun mode Pesawat ngurangan pamakean batre.

Ngaktipkeun modeu Pesawat

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Lainna....

3 Cirian kotak centang Modeu pesawat.

Anjeun oge bisa milih Modeu pesawat ti menu Opsi telepon. pikeun ngakses menu Opsi telepon, pencet jeung tahan tombol On/OFF .

Memori

Anjeun bisa nyimpen eusi ka kartu memori, ka panyimpanan internal telepon anjeun tur ka memori telepon. Musik, klip video sarta poto disimpen di panyimpenan internal samentara aplikasi, kontak sarta talatah disimpen di memori telepon.

(31)

Pikeun mindahkeun hiji aplikasi ka panyimpenan internal telepon

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Aplikasi.

3 Pilih aplikasi nu Anjeun hoyong pindahkeun ka panyimpenan internal.

4 Ketok Pindahkeun ka panympn internal.

Teu bisa mindahkeun sababaraha aplikasi ti memori telepon ka panyimpenan internal.

Kartu memori

Anjeun bisa jadi kudu meser kartu memori sacara papisah.

Telepon Anjeun ngarojong kartu memori microSD™, nu dipake kanggo eusi media. Jinis kartu ieu oge bisa dipake jadi kartu memori portabel kanggo alat nu cocog sejenna.

Pormat kartu memori

Anjeun bisa pormat kartu memori dina telepon Anjeun, contona, pikeun ngosongkeun memori. Ieu hartina Anjeun mupus kabeh data dina kartu eta.

Sakabeh eusi dina kartu memori kapupus sawaktos Anjeun pormat kartu eta. Pastikeun Anjeun nyieun cadangan sadaya nu Anjeun hoyong simpen samemeh pormat kartu memori. Pikeun nyieun cadangan eusi Anjeun, Anjeun bisa niron data eta ka komputer Anjeun. Kanggo inpo nu leuwih seueur, tingal bab Nyambungkeun telepon Anjeun ka komputer di kaca 91.

Ngapormat kartu memori

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Panyimpenan > Cabut kartu SD.

3 Saenggeus nyabut kartu memori, ketok Pupus kartu SD.

Make headset sareng telepon anjeun

Gunakeun pakakas tambahan anu disayogikeun dina telepon, atanapi pakakas sanes anu saluyu, kangge padamelan nu sae.

Pikeun make headset

1 Sambung headset ka telepon Anjeun.

2 Pikeun nampa telepon, pencet kenop telepon.

3 Pikeun ngarengsekeun telepon, pencet kenop telepon.

Upami sahiji headset teu kaasup dina telepon, Anjeun kedah meser nyalira.

Upami Anjeun keur ngadengekeun musik, musik eta eureun upami Anjeun ngajawab telepon tur lanjut deui saatos Anjeun rengse nelepon.

(32)

Setélan Internet sareng olahtalatah

Pikeun ngirim talatah téks sareng multimédia kanggo ngaksés Internét, Anjeun kedah gaduh sambungan data mobile 2G/3G sareng setélan nu leres. Aya sababaraha cara pikeun nyandak ieu setélan:

• Kanggo sabagéan ageung jaringan sareng operator télépon sélulér, setélan Internét sareng olahtalatah tos dipasang sateuacana dina télépon. Saatosna Anjeun tiasa langsung nganggo Internét sareng ngirim talatah.

• Dina sababaraha kasus Anjeun bakal nampi opsi pikeun ngundeur setélan Internét sareng olahtalatah pas Anjeun munggahan muka télépon. Ieu setélan ogé tiasa diundeur iraha waé di ménu Setelan.

• Anjeun ogé tiasa iraha waé nambih sareng ngarobih setélan Internét sareng jaringan ku cara manual di télépon. Taros ka operator jaringan pikeun nampi inpo nu langkung lengkep ihwal setélan Internét sareng olahtalatah.

Pikeun ngundeur setelan Internet sareng olahtalatah

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Xperia™ > Setelan internet.

Ningali Access Point Name (APN) nu ayeuna

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.

3 Ketok Ngaran Titik Akses.

Upami Anjeun gaduh sababaraha sambungan nu sadia, sambungan jaringan aktip dituduhkeun ku kenop nu dicirian.

Pikeun ngonpigurasi setelan APN sacara manual

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.

3 Ketok Ngaran Titik Akses, teras pencet .

4 Ketok APN anyar.

5 Ketok Nami jeung tulis ngaran propil jaringan nu bade Anjeun jieun.

6 Ketok APN jeung tulis ngaran titik wasa.

7 Tulis sadaya inpormasi sejenna nu dibutuhkeun ku operator jaringan Anjeun.

8 Pencet jeung ketok Simpen .

Sauran operator jaringan Anjeun kanggo inpormasi nu lengkep dina setelan jaringan Anjeun.

Pikeun ngareset setelan Internet standar

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.

3 Ketok Ngaran Titik Akses, teras pencet .

4 Ketok Reset ka asalna.

Ngadalikeun pamakean data

Lacak tur kadalikeun jumlah data nu ditransfer ka sareng ti telepon Anjeun salami periode nu ditangtukeun. Contona, Anjeun tiasa nyetel sauran ati-ati sareng wates pamakean data kanggo telepon Anjeun pikeun ngindarkeun beaya tambahan. Anjeun oge tiasa ngawates jumlah data nu dipake ku aplikasi individu.

Ngaluyukeun setelan pamakean data tiasa mantuan Anjeun pikeun ngadalikeun pamakean data tapi teu bisa ngajamin pencegahan beaya tambahan.

Pikeun ngakses setelan pamakean data

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

(33)

Pikeun ngaktipkeun patalimarga data

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Pamakean data.

3 Upami koneksi jaringan data seluler teu diaktipkeun, ketok 〇 di gigireun Data seluler supados 〇 eta robah ka |.

Anjeun oge tiasa ngaktipkeun patalimarga data ku cara nyirian Patalimarga data kotak centang di handapeun Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.

Pikeun nyetel sauran ati-ati pamakean data

1 Pastikeun Anjeun tos ngaktipkeun patalimarga data.

2 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

3 Panggihan tur ketok Setelan > Pamakean data.

4 Pikeun nyetel tingkat sauran ati-ati, sered garis ka nilei nu dipikahoyong. Anjeun nampa hiji bewara sauran ati-ati basa jumlah patalimarga data ngedeketan tingkat nu Anjeun setel.

Pikeun nyetel wates pamakean data

1 Pastikeun Anjeun tos ngaktipkeun patalimarga data.

2 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

3 Panggihan tur ketok Setelan > Pamakean data.

4 Cirian kotak centang Setel wates date seluler upami teu acan dicirian, teras ketok OKE.

5 Pikeun nyetel wates pamakean data, sered garis ka nilei nu dipikahoyong.

Basa pamakean data Anjeun tos nepi ka wates nu disetel, patalimarga data dina telepon Anjeun bakal dinonaktipkeun sacara otomatis.

Pikeun ngadalikeun pamakean data kanggo aplikasi individu

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Pamakean data.

3 Panggihan tur ketok aplikasi nu dipikahoyong.

4 Jieun panyasuaian nu diperlukeun kanggo ngarobah wates pamakean data, wates data latar tukang, atawa wates sadaya patalimarga data kanggo aplikasi eta.

5 Pikeun ngakses setelan khusus kanggo aplikasi eta, ketok Tempo setelan aplikasi tur jieun perobahan nu dipikahoyong.

Setelan khusus kanggo hiji aplikasi bisa jadi heunteu selalu tiasa diakses.

Kinerja ti aplikasi individu bisa jadi dipangaruhan upami Anjeun ngarobah setelan pamakean data nu berhubungan.

Setelan jaringan seluler

Telepon Anjeun sacara otomatis pindah antara jaringan seleluer gumantung ka jaringan seluler naon nu sadia di wewengkon nu beda-beda. Anjeun oge tiasa nyetel telepon Anjeun sacara manual pikeun ngakses tipeu jaringan seluler husus, contona, WCDMA atawa GSM.

Pikeun milih tipeu jaringan

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.

3 Ketok Modeu jaringan.

(34)

Pikeun milih jaringan nu sanes ku cara manual

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile > Jaringan operator.

3 Sawaktos jandela mecenghul nembongan, ketok Modeu teang > Manual.

4 Pilih jaringan.

Upami Anjeun milih hiji jaringan ku cara manual, telepon Anjeun moal bakal neangan jaringan nu sejen, sanajan upami Anjeun mindahkeun rentang jaringan nu dipilih sacara manual.

Ngaktipkeun pilihan jaringan otomatis

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile > Jaringan operator.

3 Sawaktos jandela mecenghul nembongan, ketok Modeu teang.

4 Ketok Otomatis.

Mareuma lalu lintas data

Anjeun bisa nga-nonaktipkeun sakabeh koneksi data dina jaringan 2G/3G sareng telepon anjeun pikeun nyegah ti ngundeur jeung nyinkronkeun data nu teu dihoyongkeun. Taros operator jaringan Anjeun lamun Anjeun peryogi inpo nu langkung lengkep ihwal paket ngalanggan sareng béa lalu lintas data.

Sawaktos lalu lintas data dipareuman, anjeun masih bisa make koneksi Wi-Fi™ jeung Bluetooth™. Anjeun oge bisa ngirim jeung nampa talatah multimedia.

Mareuman kabeh lalu lintas data

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.

3 Pupus kotak centang Patalimarga data.

Roaming data

Tergantung ka operator jaringan Anjeun, bisa jadi operator eta ngidinan koneksi data mobile liwat 2G/3G diluar jaringan asal anjeun (roaming). Catet yen bakal aya tagihan transmisi data. Kontak operator jaringan Anjeun kanggo inpo nu leuwih lengkep.

Aplikasi kadang nganggo koneksi internet dina jaringan asal Anjeun tanpa aya bewara heula, contona, sawaktos ngirim parmentaan kanggo milarian jeung nyinkronkeun. Bea tambahan bisa jadi aya kanggo roaming data. Konsultasikeun sareng panyadia ladenan Anjeun.

Ngaktipkeun roaming data

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.

3 Cirian kotak centang Roaming data.

(35)

Google Play™

Ngamulai Google Play™

Buka Google Play™ jeung asup ka dunya aplikasi sareng kaulinan. Anjeun tiasa kotéktak aplikasi sareng kaulinan liwat kategori nu beda. Anjeun oge bisa meunteun aplikasi atawa kaulinan sareng ngirim saran tentangna.

Pikeun make Google Play™, Anjeun kudu gaduh hiji akun Google™. Tingali Pikeun nyetel hiji akun Google™ dina telepon Anjeun dina kaca 52.

Google Play™ bisa jadi teu sadia dia sakabeh nagara atawa wilayah

Pikeun muka Google Play™

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Play Store.

Ngundeur ti Google Play™

Anjeun bisa ngundeur sakabeh aplikasi ti Google Play™, kaasup aplikasi gratis.

Sateuacan anjeun ngundeur aplikasi

Sateuacan anjeun ngundeur ti Google Play™, pastikeun anjeun gaduh sambungan Internet nu berpungsi.

Selain eta, emut yen anjeun kamungkinan dikenakeun tagihan trapik data mun anjeun ngundeur eusi kana telepon anjeun. Kontak operator anjeun pikeun inpo nu leuwih lengkep.

Ngundeur aplikasi haratis

1 Dina Google Play™, panggihan hiji item nu Anjeun hoyong undeur ku cara ngotektak kategori, atawa ku cara make pungsi teangan.

2 Ketok item pikeun nempo wincikna, sarta turutan instruksi pikeun ngabereskeun pamasangan.

3 Upami aplikasi nu hayang diundeur ku anjeun merlukeun akses ka data anjeun atawa kadali pungsi naon wae dina telepon anjeun, layar tambahan nembongan wincik. Baca layar ieu sacara saksama kusabab pungsionalitas telepon anjeun bisa dipangaruhan sacara serius upami anjeun nerusken Ketok OK upami anjeun satuju, atawa Bolay upami anjeun hayang ngabolaykeun undeuran.

Ngundeur aplikasi nu mayar

1 Dina Google Play™, panggihan hiji item nu Anjeun hoyong undeur ku cara ngotektak kategori, atawa ku cara make pungsi teangan.

2 Ketok item pikeun nempo wincikna, sarta turutan instruksi pikeun ngarengsekeun pamasangan.

3 Upami aplikasi nu hayang diundeur ku anjeun merlukeun akses ka data anjeun atawa kadali pungsi naon wae dina telepon anjeun, layar tambahan nembongan wincik. Baca layar ieu sacara saksama kusabab pungsionalitas telepon anjeun bisa dipangaruhan sacara serius upami anjeun nerusken Ketok OK upami anjeun satuju, atawa Bolay upami anjeun hayang ngabolaykeun undeuran.

Muka aplikasi nu diundeur

1 Di Google Play™, pencet , teras ketok My Apps.

2 Ketok aplikasi nu diundeur tea.

(36)

Mupus data aplikasi

Kadang-kadang data aplikasi kedah dipupus. Ieu tiasa lumangsung lamun, contona, mémori aplikasi pinuh, atanapi Anjeun badé mupus skor dina hiji aplikasi kaulinan. Anjeun ogé bisa jadi hoyong mupus surélék lebet, talatah téks sareng multimédia di sababaraha aplikasi.

Ngosongkeun kabeh cache jang aplikasi

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan.

3 Ketok Aplikasi.

4 Ketok aplikasi nu rek dikosongkeun cache-na.

5 Ketok Bersihkan cache.

Mupus kabeh cache jang sababaraha aplikasi moal mungkin bisa dilampahkeun.

Ngahapus aplikasi anu dipasang

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan.

3 Ketok Aplikasi.

4 Pilih aplikasi nu rek dipupus.

5 Ketok Bongkar pmsngn.

Mupus sababaraha aplikasi nu geus dipasang samemehna teu bisa dilampahkeun.

Idin

Sababaraha aplikasi meryogikeun aksés ka bagéan télépon méh tiasa dianggo. Upamana, aplikasi napigasi meryogikeun idin pikeun ngirim sareng nami lalu lintas data, sareng aksés ka lokasi Anjeun. Sababaraha aplikasi bisa jadi nyalahgunakeun idin ku cara maok atanapi mupus data, atanapi ngalaporkeun lokasi Anjeun. Pastikeun Anjeun masang sareng masihan idin ka aplikasi nu dipercanten.

Nempo idin aplikasi

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan.

3 Ketok Aplikasi.

4 Ketok aplikasi nu dipikahayang.

5 Gulirkeun ka handap ka wincikan nu aya kaitanana di handap Pangidinan.

Masang aplikasi salain ti Google Play™

Masang aplikasi ti asal nu teu dipikanyaho atawa teu bisa dipercaya bisa ngaruksak telepon anjeun. Sacara standar, telepon anjeun disetel pikeun ngablokir pamasangan kawas eta. Tapi, anjeun bisa ngarobah setelan ieu sarta ngidinan pamasangan ti sumber nu teu dipikanyaho.

Sony teu masihan haransi atawa ngajamin kinerja aplikasi pihak katilu mana wae atawa eusi nu ditransper via undeur atawa antarmuka ka telepon anjeun. Kitu oge, Sony teu tanggung jawab ka karuksakan atawa kurangna kinerja telepon anjeun kusabab transper eusi ti pihak katilu. Pake eusi ti sumber nu bisa dipercaya. Kontak propaider eusi upami anjeun aya patarosan atawa masalah.

Pikeun ngidinan pamasangan aplikasi nu sanes ti Google Play™

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Kaamanan.

(37)

Nelepon

Telepon darurat

Telepon Anjeun ngarojong nomer darurat internasional, contona, 112 atawa 911. Anjeun tiasa nganggo nomer ieu kanggo ngadamel telepon darurat dina sadaya nagara, nganggo atawa teu nganggo kartu SIM upami Anjeun aja dina jangkauan jaringan.

Nelepon darurat

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus Ketok Telepon.

3 Asupkeun nomer darurat terus ketok Telepon. Pikeun mupus nomer, ketok .

Anjeun bisa nelepon darurat lamun kartu SIM teu diasupkeun atawa telepon kaluar diwatesan.

Ngadamel sauran darurat sabari kartu SIM kakonci

1 Toél Telepon darurat.

2 Asupkeun nomer télépon darurat sareng toél Telepon. Kanggo ngahapus hiji nomer, toel .

Cara nelepon

Anjeun bisa nelepon sacara manual ku cara mencet nomer telepon, ku cara ngetok nomer nu disimpen dina daptar kontak Anjeun, atawa ku cara ngetok nomer telepon nu aya nu di panempoan catetan telepon Anjeun.

Nelepon ku cara mencet

1 Ti Layar Utama anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Telepon.

3 Asupkeun nomer panarima tur ketok Telepon. Pikeun mupus nomer, ketok .

Pikeun mungkas panggero

• Toél .

Nelepon internasioanal

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Telepon.

3 Rampa terus tahan 0 nepi ka tanda “+” ditempokeun.

4 Asupkeun kode nagara, kode wewengkon (teu make 0 di mimitina) jeung nomer telepon, terus ketok Telepon.

Nembalan telepon

• Sered ka katuhu layar.

Lamun anjeun make headphone biasa tanpa mikropon, anjeun kudu ngaleupaskeun headphone ti konektor headset mun rek bisa nembal telepon.

Nolak hiji sauran

• Séréd ka kenca nyilangan layar.

Pikeun nampik sauran anu kadua

• Sawaktos Anjeun ngadenge suara bip eta terus-terusan salami keur nelepon, sered nyilangan layar.

(38)

Ngarobih polumeu speaker dina sauran

• Pencét tombol polumeu kaluhur atanapi kahandap.

Ngahurungkeun speaker dina sauran

• Toél .

Ngajempékeun mikropon salami hiji sauran

• Toél .

Pikeun ngaktipkeun layar salami keur nelepon

• Pencet .

Pikeun ngasupkeun angka salila nélpon

1 Salila nélpon, toél . Papan kenop mencunghul.

2 Asupkeun nomér.

Sahiji sauran anu asup

• Sawaktos anjeun nampa telepon, pencet kenop polumeu.

Sauran nu anyar

Dina log sauran, anjeun tiasa ningali sauran nu kaliwat , nu katampi sareng nu kaputer .

Nempo telepon lasut

1 Pas anjeun boga telepon lasut, ditembongkeun dina bar status. Sered baris status ka handap.

2 Ketok Telepon lasut.

Pikeun nelepon nomer ti daptar telepon kumplit Anjeun

1 Ti Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Teang tur ketok Telepon.Daptar telepon kumplit Anjeun nembongan di bagean luhur layar.

3 Pikeun nelepon hiji nomer sacara langsung, ketok nomer eta. Jang ngedit eta nomer samemeh nelepon, rampa terus tahan nomer, terus ketok Edit nomer samemeh nelepon.

Anjeun oge bisa nelepon hiji nomer ku cara ngetok > Balik nelepon.

Pikeun nambah nomor ti daptar telepon kumplit kontak Anjeun

1 Ti Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Teang tur ketok Telepon.Daptar telepon kumplit Anjeun nembongan di bagean luhur layar.

3 Toel sarta tahan nomer eta, teras ketok Tambihkeun ka Kontak.

4 Ketok kontak nu dipikahayang, atawa ketok Damel kontak anyar.

5 Edit wincik kontak sarta ketok Rengse.

Suratsora

Upami langganan anjeun kaasup oge laden suratsora, nu nelepon bisa ninggalkeun pesan ka anjeun basa anjeun teu bisa ngajawab. Nomer ladén suratsora anjeun biasana disimpen dina kartu SIM anjeun. Upami henteu, anjeun bisa meunangkeun nomer eta ti propaider ladén terus nuliskeunana sacara manual.

(39)

Kanggo nuliskeun nomer suratsora Anjeun

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Setelan nelepon > Pilih kartu SIM.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Setelan suratsora > Nomer suratsora.

5 Tuliskeun nomer suratsora Anjeun.

6 Ketok OKEH.

Pikeun nelepon ladenan talatah sora Anjeun

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Telepon.

3 Rampa jeung tahan 1.

Sauran nu langkung ti hiji

Upami anjeun parantos ngaktipkeun sauran antosan, anjeun tiasa ngadamel langkung ti hiji sauran dina waktos anu sareng. Mun éta diaktipkeun, anjeun bakalan diémutan ku sahiji sora bip upami anjeun nampi sahiji sauran .

Ngaktipkeun atanapi mareuman sauran tunggu

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Setelan nelepon > Pilih kartu SIM.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Setelan tambahan.

5 Pikeun ngaktipkeun atawa nga-nonaktipkeun telepon dago, ketok Telepon dago.

Pikeun ngajawab telepon kadua teras nahan sauran nu ayeuna

• Sawaktos Anjeun ngadenge suara bip eta terus-terusan salami keur nelepon, sered nyilangan layar.

Kanggo ngadamel sauran anu kadua

1 Salila keur nelepon, ketok .

2 Tuliskeun nomer panarima teras ketok .

3 Upami panampi ngajawab, sauran anu kahiji ditahan.

Prosedur ieu berlaku kana sauran-sauran nu salajengna.

Gentos antara loba sauran

• Kanggo gentos ka sauran nu lian teras nahan sauran nu ayeuna, toél nomor atanapi kontak nu dipikahoyong.

Kanggo ngeureunkeun sauran nu ayeuna teras lajeng ka sauran salajengna nu ditahan

• Toél .

Sauran konperénsi

Sareng hiji konperénsi atanapi sauran multipartai, anjeun tiasa gaduh hiji paguneman gabungan sareng dua atanapi leuwih jalmi.

Kanggo ngadamel sauran babarengan

1 Salila keur nelepon, ketok .

2 Puter nomer pamilon kadua anjeun jeung ketok .

3 Upami peserta sauran nu kadua ngajawab, tahan sauran nu kahiji.

4 Toél .

(40)

Pikeun nyieun paguneman pribadi sareng hiji pamilon telepon konprensi

1 Basa keur nelepon konperensi, ketok Atur.

2 Ketok nomer pamilon nu Anjeun hoyong telepon sacara pribadi.

3 Pikeun mutuskeun paguneman pribadi tur balik ka telepon konprensi, ketok .

Nutup telepon pamilon ti telepon konprensi

1 Keur telepon konprensi, ketok tombol nu mintonkeun jumlah peserta. Contona, ketok 3 pamilon upami aya tilu pamilon.

2 Ketok di sabeulah pamilon nu teleponna hayang ditutup ku anjeun.

Pikeun mungkas panggero konférénsi

• Salila panggero lumangsung, toél .

Setélan sauran

Watesan telepon

Anjeun bisa ngawatesan kabeh atawa sabaraha kategori telepon asup jeung telepon kaluar. Pas pertama kali anjeun make watesan telepon, anjeun kudu ngasupkeun PUK (Konci Pamuka Pribados) terus kecap akses anyar jang ngaktipkeun pungsi ngablokir telepon.

Pikeun malang telepon asup atawa telepon kaluar

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Setelan nelepon > Pilih kartu SIM.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Blokiran telepon.

5 Pilih hiji pilihan.

6 Tulis kecap akses tur ketok Aktipk..

Nampik telepon ku talatah

Anjeun bisa nampik telepon ku talatah nu siap pake. Sawaktos Anjeun nampik telepon ku talatah sapertos ieu, talatah eta sacara otomatis dikirim ka panelepon tur disimpen dina telepon Anjeun.

Genep talatah disiapkeun kanggo siap pake dina telepon eta. Anjeun tiasa milih ti talatah nu siap pake ieu, nu bisa diedit oge upami diperlukeun.

Pikeun nampik telepon ku talatah nu siap pake

• Sered Tampik make talatah ka luhur, teras pilih hiji talatah.

Pikeun nampik telepon kadua ku talatah nu siap pake

• Sawaktos Anjeun ngadangu sora bip nu malikan deui basa keur nelepon, sered Tampik make talatah ka luhur, teras pilih hiji talatah.

Pikeun ngedit talatah nu dipake pikeun nampik telepon

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Setelan nelepon > Tampik telepon make talatah.

3 Ketok talatah nu Anjeun hoyong edit, teras jieun perobahan nu diperlukeun.

4 Sawaktos Anjeun geus rengse, ketok OK.

Neraskeun sauran

Anjeun tiasa neraskeun sauran, contona, ka nomor télépon nu lian, atanapi ka layanan ngajawaban.

(41)

Kanggo neraskeun sauran

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Setelan nelepon > Pilih kartu SIM.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Telepon diteraskeun.

5 Pilih hiji pilihan.

6 Tulis nomer nu Anjeun hoyong teruskeun telepon eta, teras ketok Aktipk..

Mareuman neraskeun sauran

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Setelan nelepon > Pilih kartu SIM.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Telepon diteraskeun.

5 Pilih hiji pilihan, teras ketok Nonaktip.

Ningalikeun atanapi nyumputkeun nomor télépon anjeun

Anjeun tiasa milih bade ningalikeun atanapi nyumputkeun nomor télépon anjeun dina alat panarima nu disaur mun anjeun nyauran.

Pikeun mintonkan atawa nyumputkeun nomor telepon Anjeun

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Setelan nelepon > Pilih kartu SIM.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Setelan tambahan > ID nu nelepon.

Nomor Puter Tetep

Upami Anjeun nampi kodeu PIN2 ti operator jaringan Anjeun, Anjeun tiasa make daptar Nomer Telepon Maneuh (FDN) kanggo ngawatesan telepon kaluar sareng asup.

Pikeun ngaktipkeun atawa nganonaktipkeun panggero tetep

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Setelan nelepon > Pilih kartu SIM.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Nomer telepon maneuh > Aktipkeun telp maneuh atawa Nonaktpkn tlp maneuh.

5 Tulis PIN2 anjeun jeung ketok OKEH.

Pikeun ngakses daptar panarima telepon nu ditampa

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Setelan nelepon > Pilih kartu SIM.

3 Pilih kartu SIM.

(42)

Kontak

Tentang Kontak

Pake aplikasi Kontak pikeun nyimpen jeung ngatur sadaya nomer Anjeun, alamat surelek sareng data kontak sejenna di hiji tempat. Ngan ketok hiji kontak pikeun nempo sadaya komunikasi sareng kontak eta dini hiji tinjauan gampil.

Anjeun bisa nambah kontak anyar dina telepon Anjeun tur nyingkronkeunana sareng kontak nu disimpen di akun Google™ Anjeun, akun Microsoft® Exchange

ActiveSync®, atawa akun sejenna nu ngarojong singkronisasi eta. Aplikasi Kontak

sacara otomatis nyieun entri anyar tur oge mantuan Anjeun nyocogkeun data sapertos alamat surelek sareng entri nu tos aya.

Kontak tinjauan layar

1 Ketok di dieu pikeun nyieun hiji kontak 2 Widang teang kontak

3 Toel hiji kontak pikeun nempo wincikna 4 Indeks alpabetik kanggo ngotektak kontak

5 Ketok hiji gambar leutik kontak pikeun ngakses menu Kontak Gancang 6 Tab potong kompas

Nransferkeun kontak ka alat anyar Anjeun

Aya sababaraha cara pikeun nransferkuen kontak ka alat anyar Anjeun. Pilih hiji metodeu transper nu pangsaena cocog ka situasi Anjeun.

Nransferkeun kontak make PC

Anjeun bisa make PC pikeun nransper kontak ti sababara merek alat, kaasup iPhone, Samsung, HTC jeung Nokia.

Referensi

Garis besar

Dokumen terkait

2.4 Sistem Tarif Dalam BPJS Kesehatan Yang Berhubungan Dengan Isu Kepentingan Negara. Sistem tarif BPJS Kesehatan diatur dalam Permenkes

Rapat selanjutnya akan dilaksanakan pada hari Jumat, tanggal 18 September 2015 di Ruang Rapat Badan Musyawarah DPR Aceh pada pukul 09.00 WIB dengan agenda Pemaparan

PENGENDALIAN PENGENDALIAN INFEKSI DI RUMAH INFEKSI DI RUMAH SAKIT SAKIT 2 Februari 2012 2 Februari 2012 Onne Myrna Onne Myrna Siloam Hospital.. Siloam Hospital Gro

mempertahankan dan melindungi aset alam dan budaya setempat. 3) Memiliki mekanisme administratif yang terencana, bertanggungjawab dalam operasional pengelolaan.. 4)

Antena mengenai daya terima, pada medan jauh / tempat yang jauh... Karakteristik

peraturan setempat yang dapat dijadikan dasar pelaksanaan misalnya: Perda, dan lain-lain. 7) Sistem telah teridentifikasi dan dilaksanakan dengan konsisten. 8) Rencana Induk

Hal ini disebabkan adanya penurunan indeks NTP pada sub sektor Hortikultura, Tanaman Perkebunan Rakyat (TPR) dan perikanan.. Hal-hal yang mempengaruhi dalam

Tujuan dari penelitian ini adalah menganalisis tingkat kerusakan DAS Citarum Hulu, menganalisis tingkat bahaya banjir di Kabupaten Karawang, dan menganalisis