• Tidak ada hasil yang ditemukan

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)"

Copied!
7
0
0

Teks penuh

(1)

1

MODÉL MIND MAPPING

DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2

SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

Diana Indahsari

1

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, [email protected]

Usep Kuswari

2

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, [email protected]

Nunuy Nurjanah

3

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, [email protected]

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh rendahnya kemampuan siswa dalam pembelajaran menulis cerita pendek. Tujuan dari penelitian ini yaitu untuk menguji model pembelajaran Mind

Mapping dalam meningkatkan keterampilan menulis cerita pendek. Metode yang digunakan

dalam penelitian ini, yaitu metode kuasi eksperimen dengan menggunakan pre-test and post-test

design. Teknik yang digunakan adalah teknik tes. Sumber data yang diambil adalah siswa kelas

XIIPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan yang berjumlah 31 orang. Hasil penelitian ini menunjukan bahwa (1) kemampuan menulis cerita pendek siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan sebelum menggunakan model Mind Mapping hasilnya masih kurang memuaskan, terlihat dari hasil prates dengan rata-rata skor 16,97 berkategori belum mampu, sedangkan kemampuan menulis cerita pendek siswa sesudah menggunakan model Mind Mapping meningkat dengan rata-rata skor 21,48 berkategori sudah mampu, (2) terdapat perbedaaan yang signifikan antara prates dan post tes menulis cerita pendek sesudah menggunakan model Mind Mapping, yaitu terlihat dari rata-rata skor 16,97 menjadi 21,48 dengan menghasilkan beda 4,51, serta (3) model

Mind Mapping dapat meningkatkan kemampuan menulis cerita pendek. Hal tersebut terbukti

dari hasil uji hipotesis bahwa thitung (11,28)> ttabel (2,04), artinya hipotesis kerja (Ha) diterima dan

hipotesis nol (H0) ditolak.

Kata kunci: model Mind Mapping, menulis cerita pendek.

1

Penulis Utama.

2

Penulis Penanggung Jawab.

3

(2)

2

MODÉL MIND MAPPING

DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2

SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

Diana Indahsari

1

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, [email protected]

Usep Kuswari

2

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, [email protected]

Nunuy Nurjanah

3

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, [email protected]

ABSTRAK

Kasang tukang ieu panalungtikan nya éta kurang parigelna siswa dina pangajaran nulis carita pondok. Tujuanna pikeun ngauji modél pangajaran Mind Mapping dina ningkatkeun kaparigelan nulis carita pondok. Metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta metode kuasi ékspérimén kalayan desain pre-test and post-test. Téhnik anu digunakeun nyata téhnik tés. Sumber data panalungtikan nya éta siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan anu jumlahna 31 urang. Hasil tina ieu panalungtikan nya éta (1) kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan saméméh ngagunakeun modél Mind Mapping hasilna masih kurang nyugemakeun, katitén tina hasil pratés kalayan rata-rata skor 16,97 kaasup kana katégori can mampuh, sedengkeun kamampuh nulis carita pondok siswa sabada mgagunakeun modél Mind Mapping ngaronjat kalayan rata-rata skor 21,48 kaasup kana katégori geus mampuh, (2) aya béda anu signifikan antara pra tés jeung post tés nulis carita pondok sabada ngagunakeun modél Mind Mapping, katitén tina rata-rata skor 16,97 jadi 21,48 kalayan ngahasilkaeun béda 4,51, jeung (3) model Mind Mapping bisa ningkatkeun kamampuh nulis carita pondok siswa. Éta hal katitén tina hasil uji hipotesis yén thitung (11,28) > ttabel (2,04), hartina hipotesis gawé (Ha) ditarima jeung hipotesis nol (H0) ditolak.

Kata kunci: model Mind Mapping, menulis cerita pendek.

1

Penulis Utama.

2

Penulis Penanggung Jawab.

3

(3)

3

BUBUKA

Nulis téh salasahiji kaparigelan basa di sagédéngeun kaparigelan ngaregepkeun, nyarita, jeung maca. Nulis mangrupa kamampuh ngagunakeun basa dina wangun tinulis. Nurutkeun Tarigan (1994:21), nulis nya éta nurunkeun atawa ngalukiskeun lambang-lambang grafik anu ngagambarkeun basa nu dipikaharti ku hiji jalma nepi ka jalma lian bisa maca kana éta grafik, upama manéhna ngarti kana basa jeung gambaran grafik tadi.

Kaparigelan nulis mangrupa kaparigelan anu penting pikeun dunya atikan sabab bisa mantuan siswa pikeun prosés mikir. Ku cara nulis siswa bisa ngébréhkeun gagasan, pamikiran, pangalaman, kahayang jeung sajabana ngaliwatan wangun basa tulisan. Salian ti éta, kaparigelan nulis ogé bisa ngamekarkeun daya kréativitas siswa.

Pangajaran nulis carpon mangrupa pangajaran anu produktif jeung kréatif, sabab idé-idé jeung imajinasi anu diébréhkeun kana wangun tulisan mangrupa prosés kamampuh siswa dina ngagunakeun aspék kognitif. Dina prosés pangajaran nulis carpon, siswa salian ditungtut pikeun nyangkem matéri anu ditepikeun ku guru, ogé kudu parigel dina nyieun hiji karya sastra wangun carpon.

Rusyana (1984:44) nétélakeun yén carita pondok téh nya éta carita anu parondok, eusi caritana kaharti ku akal. Palaku, jalan carita, tempat, jeung waktu kajadian diréka lir anu enya kajadian sarta mangrupa hasil sastra kaayeunakeun. Dina énas-énasna, carpon diwangun ku dua unsur nya éta unsur instrinsik jeung unsur ékstrinsik.

Unsur instrinsik nya éta unsur pangwangun karya sastrana sorangan, saperti tema, galur carita, palaku jeung panokohan, latar, amanat, jeung gaya. Unsur instrinsik mangrupa salasahiji bangbaluh keur siswa dina nyieun

karangan carpon, sabab masih loba kénéh siswa nu teu parigel dina ngalarapkeun jeung mekarkeun unsur pangwangun kana eusi karangan. Sumardjo (Sudaryat jeung Ruhiyati, 2006:32), nétélakeun yén sakurang-kurangna aya genep hal anu perlu dipikanyaho ku saha waé anu rék ngarang carita pondok, nya éta:

1) apal naon téma éta carita pondok; 2) saha waé anu bakal jadi palaku utama

atawa palaku tambahan, kumaha watek masing-masing palaku;

3) kumaha plot/galur caritan;

4) dimana jeung iraha kajadian carita (setting/latar caritaan);

5) kumaha cara pangarang méré puseur sawangan (point of view); jeung

6) kumaha suasana caritana.

Guru salaku pangajar kudu bisa ngungkulan éta pasualan, salasahiji tarékahna nya éts guru kudu parigel tur mahér dina ngokolakeun modél jeung téhnik pangajaran anu éféktif, éfisien, kréatif, sarta luyu jeung matéri. Joyce & Weil (1980) dina Sudaryat (2009:3), nétélakeun modél pangajaran (modél of

teaching) nya éta hiji rancangan anu

digunakeun pikeun nyusun kurikulum, ngatur matéri pangajaran, jeung méré pituduh ka guru di kelas pikeun ngatur

setting pangajaran jeung ngatur nu liana

Modél Mind Mapping cocog pikeun pangajaran nulis. Ieu hal luyu jeung pamadegan Wycoff (2003:84) dina Yuniarti (2013) anu nétélakeun yén pemetaan pikiran mangrupa cara anu éféktif pikeun meunangkeun jeung nyusun idé-idé saméméh kagiatan nulis.

Modél pangajaran Mind Mapping mangrupa téhnik nempatkeun informasi ka jero uteuk anu tuluy diébréhkeun kana wangun tulisan kalawan metakeun informasi (Buzan, 2012:4). Sawatara kaunggulan téhnik Mind Mapping nya éta carana gancang, bisa ngaorganisasikeun idé-idé sacara sistematis, ngamunculkeun

(4)

4 idé-idé anyar, jeung diagram nu geus kabentuk bisa dijadikeun panduan pikeun nulis.

Model Mind Mapping dipiharep bisa mantuan siswa siswa leuwih bébas mekarkeun idé jeung kréativitasna ngaliwatan prosés nyatet kréatif nu teu matak ngabosenkeun, sarta mantuan siswa dina nyusun jeung ngarobah kecap-kecap konci unsur instrinsik anu dipetakeun jadi hiji karangan sastra wangun carponanu hade kalayan puguh éntép seureuhna.

METODE

Metode anudigunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta metode kuasi ékspérimén(quasiexperiment) atawa disebut ogé ékspérimén semu. Éksperimén semu nyaéta panalungtikan anu teu ngagunakeun kelas control salaku pembanding. Kamampuh siswa diukur dua kali, nyaéta saméméh perlakuan (pratés) jeung sanggeus perlakuan (postés).

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nyaéta téhnik tés.Tés digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina pangajaran nulis carpon dumasar kana aspekeusi, imajinasi, tokoh jeung penokohan, alur, hubungan antar pada, mekanik, jeung gaya. Tés dilakukeun dua kali nyaéta saméméh jeung sabada meunangkeun perlakuan (modélMind

Mapping).

HASIL JEUNG PEDARAN

Dina ieu panalungtikan kamampuh siswa diukur dua kali nyaéta tés awal jeung tés ahir. Kamampuh nulis carpon saméméh jeung sabada ngagunakeun model Mind

Mapping bias katitén tina skor anu

dicangking ku siswa dumasar kana aspék: eusi, imajinasi, tokoh jeung penokohan, alur, hubungan antar pada, mékanik, jeung gaya basa anu dipaké.

1. Kamampuh Pratés Nulis Carita Pondok Siswa Kelas XI IPA 2 SMA

Negeri 1 Kuningan Saméméh

Ngagunakeun Modél Mind Mapping.

Kamampuh awal siswa nulis carpon saméméh ngagunakeun modél Mind Mapping, nyaéta rata-rata siswa can

mampuh dina nulis carita pondok. Ampir unggal siswa miboga kamampuh nulis carpon kurang ti KKM anu geus ditangtukeun nyaéta 65. Tina jumlah siswa 31 (100%) urang siswa, aya 21 urang siswa (67,74%) meunang peunteun < 65, hartina éta siswa téh can mampuh nulis carpon, sedengkeun 10 siswa séjénna (32,26%) meunang peunteun ≥ 65 kagolong geus mampuh nulis carpon. Rata-rata skor tiap aspékna anu ngawengku (1) aspék eusi nyaéta 2,61 atawa 65,25%; (2) aspék imajinasi nyaéta 2,06 atawa 51,5%;(3) aspék tokoh jeung penokohan nyaéta 2,48 atawa 62%; (4) aspék alur (plot) nyaéta 2,68 atawa 67%; (5) aspék hubungan antar pada nyaéta 2,45 atawa 61,25%; (6) aspék mékanik nyaéta 2,64 atawa 66%; jeung (7) aspék gaya nyaéta 2,03 atawa 50,75%. Jadi, rata-rata ahir tina sakabéh aspéknyaéta 16,97atawa 60,60% kalawan rata-rata peunteun 60,58.

2. Kamampuh Post tés Nulis Carita Pondok Siswa Kelas XI IPA 2 SMA

Negeri 1 Kuningan Sabada

Ngagunakeun Modél Mind Mapping.

Kamampuh ahir siswa nulis carpon sabada ngagunakeun modél Mind Mapping, nyaéta rata-rata siswa geus

mampuh dina nulis carita pondok. Ampir unggal siswa miboga kamampuh nulis carita pondok anu nyugemakeun nya éta kamampuh nulis carpon geus sarua atawa leuwih ti KKM anu geus ditangtukeun nya éta 65. Tina jumlah 31 (100%) urang siswa, siswa anu meunang peunteun ≥ 65 atawa geus mampuh nulis carpon aya 28 urang siswa (90,32%),sedengkeun 3 siswa

(5)

5 (9,68%) séjénna kagolong miboga kamampuh nulis carpon anu tacan nyugemakeun nyaéta can mampuh ngahontal KKM. Rata-rata skor tiap aspékna anu ngawengku (1) aspék eusi nya éta 3,39 atawa 84,75%; (2) aspék imajinasi nya éta 3,09 atawa 77,25%; (3) aspék tokoh jeung penokohan nya éta 3,16 atawa 79%; (4) aspék galur (plot) nya éta 3,16 atawa 79%; (5) aspék hubungan antar pada nya éta 3,00 atawa 75%; (6) aspék mékanik nya éta 2,97 atawa 74,25%; jeung (7) aspék gaya nya éta 2,70 atawa 67,50%. Jadi, rata-rata ahir tina sakabéh aspék nya éta 21,48

atawa 76,71% kalawan rata-rata peunteun 76,70.

3. Uji Sifat Data

Sabada mikanyaho kamampuh tés awal jeung tés ahir siswa nulis carpon, ieu panalungtikan dilakukeun analisis data kalawan cara analisis statistik, anu ngawengku uji normalitas data jeung uji homogenitas data

Dumasar kana hasil uji normalitas, mangka data hasil pangajaran carpon siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan taun ajaran 2012/2013 bisa ditempo dina tabél ieu di handap.

Tabél 1

Hasil Uji Normalitas Data Pratés jeung Post tés

No Data Hasil Diajar Xhitung Xtabél Tafsiran 1 Kamampuh awal siswa

nulis carpon saméméh ngagunakeun modél

Mind Mapping

4,71 11,3 Normal

2 Kamampuh ahir siswa nulis carpon sabada ngagunakeun modél

Mind Mapping

1,59 11,3 Normal

Tina tabél di luhur, katitén hasil ngitung uji normalitas yén data pratés X2itung (4,71) < X2tabél (11,3), hartina distribusi kamampuh awal dina taraf kapercayaan 99% sipatna normal, sedengkeun hasil ngitung uji normalitas yén data post tés X2hitung (1,59) < X2tabél (11,3), hartina distribusi kamampuh ahir dina taraf kapercayaan 99% sipatna normal.

Dumasar hasil ngitung uji homogénitas pra tés-post tés jeung katangtuan uji homogénitas, yén distribusi variansi Fhitung<Ftabél, nyaéta 1,18< 2,46 anu hartina éta dua varians téh distribusina homogeny.

4. Pédaran Modél Mind Mapping dina nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan.

Uji gain dilakukeun pikeun mikanyaho naha aya béda nu signifikan antara hasil kamampuh nulis carpon siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan saméméh jeung sabada ngagunakeun model pangajaran Mind Mapping. Uji gain dina kamampuh skor tina hasil rata-rata pratés-post tés siswa nulis carita pondok tétéla aya béda anu signifikan nyaéta 4,51atawa 14,54% tina jumlah 31 urang siswa. Saupama dititénan tina hasil skor pratés jeung post tés siswa nyaéta post tés leuwih gedé tibatan pratés. Hasil jumlah

(6)

6 rata-rata skor pratés jeung post tés siswa nyaéta tina 16,97 ngaronjat jadi 21,48.

Grafik 1 Perséntase Uji Gain Kamampuh Nulis Carita Pondok Siswa kelas XI IPA 2

SMA Negeri 1 Kuningan

Hipotésis anu diuji dina ieu panalungtikan nyaéta modél Mind Mapping bisa ningkatkeun kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan taun ajaran 2012/2013.

Pikeun nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis kudu ngaliwatan babandingan titung jeung ttabél. Sabada ngaliwatan sababaraha léngkah ngagunakeun rumus anu geus ditangtukeun mangka hasil thitung nya éta 11,28. Sedengkeun hasil ttabél dina tarap kapercayaan 97,5% kalawan dk 30, nya éta 2,04. Uji hipotésis di luhur nétélakeun yén thitung > ttabél nya éta 11,28 > 2,04. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (H0) ditolak. Éta hal ngabuktikeun yén model

Mind Mapping bisa ningkatkeun kamampuh nulis carita pondok siswa. Cindekna, yén dilarapkeunna model pangajaran Mind Mapping bisa ningkatkeun kamampuh nulis carpon siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan taun ajaran 2012/2013.

KACINDEKAN

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis data anu dipedar ngeunaan model Mind Mapping dina pangajaran nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan taun ajaran 2012/2013, bias dicindekkeun ieu di handap.

1) Kamampuh nulis carita pondok siswa saméméh ngagunakeun modél Mind

Mapping, hasilna can nyugemakeun

atawa kurang tina KKM anu geus ditangtukeun. Katitén tina hasil pratés siswa anu mampuh nulis carpon aya 10 urang siswa atawa 32,26% jeung siswa anu teu mampuh nulis carpon aya 21 urang siswa atawa 67,74% kalayan rata-rata skor tiap aspékna anu ngawengku (1) aspék eusi nya éta 2,61 atawa 65,25%; (2) aspék imajinasi nya éta 2,06 atawa 51,5% ;(3) aspék tokoh jeung penokohan nya éta 2,48 atawa 62%; (4) aspék alur (plot) nya éta 2,68 atawa 67%; (5) aspék hubungan antar pada nya éta 2,45 atawa 61,25%; (6) aspék mékanik nya éta 2,64 atawa 66%; jeung (7) aspék gaya nya éta 2,03 atawa 50,75%. Jadi, rata-rata ahir tina sakabéh aspék nya éta 16,97 atawa 60,60% kalawan rata-rata peunteun 60,58, sedengkeun kamampuh nulis carita pondok sabada digunakeunna modél Mind Mapping, hasilna geus nyugemakeun atawa geus ngahontal kana KKM anu geus ditangtukeun. Katitén tina hasil post tés siswa anu mampuh nulis carpon aya 28 urang siswa atawa 90,32% jeung siswa anu teu mampuh nulis carpon aya 3 urang siswa atawa 9,68% kalayan rata-rata skor tiap aspékna anu ngawengku (1) aspék eusi nya éta 3,39 atawa 84,75%; (2) aspék imajinasi nya éta 3,09 atawa 77,25%; (3) aspék tokoh jeung penokohan nya éta 3,16 atawa 79%; (4) aspék galur (plot) nya éta 3,16 atawa

A B C D E F G Pratés 65,2 51,5 62% 67% 61,2 66% 50,7 Postés 84,7 77,2 79% 79% 75% 74,2 67,5 Gain (d) 19,2 25,7 17% 12% 13,5 8% 17% 0,00% 20,00% 40,00% 60,00% 80,00% 100,00%

Uji Gain

(7)

7 79%; (5) aspék hubungan antar pada nya éta 3,00 atawa 75%; (6) aspék mékanik nya éta 2,97 atawa 74,25%; jeung (7) aspék gaya nya éta 2,70 atawa 67,50%. Jadi, rata-rata ahir tina sakabéh aspék nya éta 21,48 atawa 76,71% kalawan rata-rata peunteun 76,70.

2) Aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis carita pondok siswa saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Mind Mapping. Katitén tina hasil rata-rata skorpratés 16,97jadi 21,48 sabadangagunakeun modél pangajaran Mind Mapping kalayan rata-rata gainna nya éta 4,51 atawa 14,54%.

3) Aya ningkatna kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XIIPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan sabada ngagunakeun modél Mind Mapping. Ieu hal katitén tina hasil uji hipotésis anu ngahasilkeun thitung > ttabél, nya éta 11,28 > 2,04 anu hartina hipotésis gawé (Ha) ditarima jeung hipotesis nol (Ho) ditolak.

RÉKOMÉNDASI

Sabada dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan nulis carita pondok ngagunakeun model Mind Mapping di kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1

Kuningan taun ajaran 2012/2013, aya sababaraha hal anu baris ditepikeun, diantarana nyaéta:

1) Model Mind Mapping anu kabukti bisa ningkatkeun kamampuh nulis carita pondok, bias dijadikeun salasahiji alternative pikeun guru dina pangajaran séjénna;

2) Pikeun siswa anu diajar nulis carpon, dipiharep bias ngamaksimalkeun kamampuh nulisna sacara kréatif sangkan bias ngébréhkeun idé-idé

atawa imajinasi ngaliwatan nuliscarpon;

3) Hasil tina ieu panalungtikan dipiharep bias nambahan pangaweruh pikeun dijadikeun bahan tinimbangan panalungtik-panalungtik séjénna jeung bias ngawewegan panalungtikan saterusna dina widang pangajaran nulis hususna nulis carita pondok.

DAPTAR PUSTAKA

Buzan, Tony. (2012). Buku Pintar Mind

Map. Jakarta: Gramedia.

Rusyana, Yus. (1984). Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang.

Sudaryat, Yayat. spk. (2009). Model-model

Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: CV. Wahana

Karya Grafika.

Sudaryat, Yayat jeung Lilis Nur Ruhiyati. (2006). Waruga Basa Pangajaran

Basa Sunda Pikeun Murid SMA/SMK/MA Kelas XI. Bandung:

CV. Karya IPTEK.

Tarigan, Henry Guntur. (1994). Menulis

Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa Bandung.

Yuniarti, N. et al. (2013). Peningkatan Kualitas Pembelajaran dan Kemampuan Menulis Cerita Pendek dengan Menggunakan Metode Peta Pikiran (Mind Mapping) pada Siswa Kelas IX A SMP Negeri 9 Pontianak. Jurnal Pendidikan Bahasa dan Sastra [online]. Vol.1,

(1), 125-139. Tersedia: http://jurnal.pasca.uns.ac.id(2013).

Gambar

Grafik 1 Perséntase Uji Gain Kamampuh  Nulis Carita Pondok Siswa kelas XI IPA 2

Referensi

Dokumen terkait

Praktik bersifat kelompok, artinya satu kelompok maksimal empat mahasiswa. Sebelum praktik diadakan pre-tes dan bagi mahasiswa yang tidak lulus pre-tes, tidak. diperbolehkan

Tingkat kapasitas Koperasi Desa Wisata Pasir Eurih sebagai kelembagaan ekonomi lokal pedesaan yang berkaitan dengan ekonomi berkelanjutan dengan di ukur dengan menggunakan

KONTRIBUSI PROGRAM PEMBINAAN KESISWAAN TERHADAP PEMENUHAN STANDAR KOMPETENSI LULUSAN DI SEKOLAH MENENGAH KEJURUAN NEGERI 1 CIMAHI Universitas Pendidikan Indonesia |

Manual prosedur mata kuliah Kuliah Kerja Lapangan (KKL) ini bertujuan ini bertujuan untuk memberi penjelasan mengenai prosedur mata kuliah Kuliah Kerja Lapangan (KKL) program S1

3 UP3ST memeriksa substansi dan format usulan pengabdian 7 hari 5 Dosen mengirimkan usulan pengabdian 4 eksemplar ke UP3ST 1 hari Propo sal Penga bdian 6 UP3ST mengajukan

Diajukan untuk Memenuhi Sebagian dari Syarat Memperoleh Gelar Sarjana Pendidikan Program Studi Pendidikan Kepelatihan

PENGARUH PENILAIAN PRESTASI KERJA DAN PENGEMBANGAN KARIR TERHADAP KINERJA PEGAWAI PADA BIRO REKTOR.. UNIVERSITAS

Adanya motivasi intrinsik pada diri anak tersebut untuk memasuki sekolah futsal akan semakin meningkatkan kemampuannya dan keterlampilannya, karena dengan faktor motivasi