• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1103089 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1103089 Chapter3"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

Risky Ashary, 2015

SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON KATALIMBENG ANGEN-ANGEN KARYA BUDI RAHAYU TAMSYAH

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh kagolong kana panalungtikan kualitatif. Ari

panalungtikan kualitatif téh nya éta panalungtikan anu sumber datana mangrupa

kekecapan lisan, tulisan atawa barang anu ditalungtik kalayan gemet sangkan

makna tina éta dokumén bisa kacangking (Arikunto, 2010, kc. 22). Panalungtikan

sastra anu objékna ngawengku karya, pangarang, jeung nu maca karya, kaasup

objék panalungtikan humaniora anu merlukeun interpretasi maksud (ma’na). Ku

kiuna panalungtikan kualitatif luyu diterapkeun kana panalungtikan sastra (Semi,

1984, kc. 31).

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif

analitik. Nurutkeun Ratna (2013, kc. 53), métode déskriptif analitik dilaksanakeun

ku cara ngadéskripsikeun fakta-fakta anu tuluy dianalisis. Sacara étimologis

déskripsi jeung analisis hartina ngaguar.

Desain dina ieu panalungtikan kualitatif digambarkeun dina wangun galur

(2)

Risky Ashary, 2015

SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON KATALIMBENG ANGEN-ANGEN KARYA BUDI RAHAYU TAMSYAH

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Ulikan Tiori Masalah

- Kumaha aspék sosial

pangarang mangaruhan kana karyana

- Kumaha gambaran sosial dina carpon-carpon nu aya dina Katalimbeng Angen-Angen

- Kumaha sawangan masarakat kana carpon-carpon nu aya dina

Katalimbeng Angen-Angen

Ngumpuleun data

- Dokuméntasi - Wawancara

Analisis data

- Pamarekan Sosiologi Sastra

Nafsirkeun data

(3)

Risky Ashary, 2015

SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON KATALIMBENG ANGEN-ANGEN KARYA BUDI RAHAYU TAMSYAH

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

3.2 Data jeung Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nya éta carpon-carpon karya Budi Rahayu

Tamsyah nu aya dina buku kumpulan carpon Katalimbeng Angen-Angen.

Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 172), nu dimaksud sumber data nya éta subjek ti

mana éta data dipibeunang. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta buku

kumpulan carpon Katalimbeng Angen-Angen karya Budi Rahayu Tamsyah. Dina

ieu buku ngamuat dalapan belas carita pondok karya Budi Rahayu Tamsyah.

Pikeun kaperluan panalungtikan ngan salapan carpon anu ditalungtik.

Sumber data séjénna nya éta data jeung informasi anu dipaluruh ti individu,

hususna masarakat anu maca karya sastra. Kriteria individu anu diperlukeun

nyaéta anu boga interpretasi jeung pemahaman kana karya sastra. Dina ieu

panalungtikan individu anu dimaksud nyaéta kritikus jeung ahli sastra. Salian éta

pikeun ngajembaran sawangan kana karya Budi Rahayu Tamsyah dipilih guru

jeung mahasiswa Departmen Pendidikan Bahasa Daerah UPI anu ngawakilan

masarakat akademis, jeung masarakat awam.

3.3 Tahap Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data mangrupa léngkah anu paling strategis dina

panalungtikan, lantaran udagan tina panalungtikan nyaéta meunangkeun data

atawa informasi (Sugiyono dina Nursolihah, 2015, kc. 26). Dina ieu

panalungtikan, ngagunakeun téhnik wawancara atawa interviu jeung dokuméntasi.

Interviu atawa wawancara bisa disebut ogé kuesionér lisan, nya éta hiji dialog

nu dilaksanakeun ku pewawancara pikeun meunangkeun informasi ti

terwawancara (Arikunto, 2010, kc. 198). Sedengkeun dina dokuméntasi nu

nalungtik maluruh barang-barang tinulis samodél buku-buku, majalah,

aturan-aturan, jeung sajabana.

3.3.1 Instrumén Panalungtikan

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta pedoman

wawancara jeung kartu data. Wawancara dilaksanakeun pikeun nyangking

(4)

Risky Ashary, 2015

SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON KATALIMBENG ANGEN-ANGEN KARYA BUDI RAHAYU TAMSYAH

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

panalungtikan, sedengkeun kartu data digunakeun pikeun dijadikeun pedoman

analisis data anu kapanggih tina téks sumber data. Conto kartu data jeung

pedoman wawancara saperti ieu di handap.

Narasumber :

Tempat, waktu wawancara :

1. Sacara umum kumaha gambaran karya-karya Budi Rahyu Tamsyah anu aya dina kumpulan Carpon Katalimbeng Angen-Angen?

2. Naon nu hayang ditepikeun pangarang dina karya-karyana? 3. Naha sadérék resep kana karya-karya Budi Rahyu Tamsyah? 4. Tina sakabéh carpon mana nu pang dipikaresepna? Alesanna? 5. Kumaha pribadi Budi Rahayu Tamsyah nurutkeun sadérék?

1) Wasta :

2) Yuswa :

3) Alamat :

4) Pakasaban :

5) Riwayat Atikan :

6) Sacara umum kumaha sawangan sadérék kana carpon-carpon nu aya dina

kumpulan carpon Katalimbeng Angen Angen karya Budi Rahayu

Tamsyah?

7) Jejer carita naon waé nu aya dina kumpulan carpon Katalimbeng Angen

Angen karya Budi Rahayu Tamsyah? Judul Carpon

No Aspék Sosial Sempalan Carita Kaca

1

Gambar 3.1 Conto Kartu Data

(5)

Risky Ashary, 2015

SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON KATALIMBENG ANGEN-ANGEN KARYA BUDI RAHAYU TAMSYAH

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

8) Carpon mana anu paling dipikaresep (atawa dianggap paling penting) dina

buku kumpulan carpon Katalimbeng Angen Angen? Naon alesanna?

9) Sabada maca carpon-carpon anu aya dina kumpulan carpon Katalimbeng

Angen Angen hal naon (amanat) anu kacangking ku sadérék?

1. Wasta?

2. Tempat, ping gumelar?

3. Riwayat Atikan?

4. Pangalaman Organisasi?

5. Riwayat Pakasaban?

6. Ti iraha mimiti nulis karya sastra?

7. Judul karangan nu mimiti dimuat?

8. Nu paling ngamotivasi dina nulis karya sastra?

9. Karya nu paling dipikaresep nu mana? Naon alesanna?

10.Penghargaan nu tos dicangking?

11.Nu ngailhaman dina ngadamel carpon carpon nu aya dina buku

Katalimbeng Angen-Angen?

12.Nu hayang ditepikeun dina buku Katalimbeng Angen-Angen?

13.Kungsi aya kritik teu kanggo karya akang? Ti saha? Jeung kumaha

sawangan akang kana kritikna?

14.Karep ngadamel wangun karya sastra nu sanés?

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Tehnik wawancara jeung dokumentasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data

dina ieu panalungtikan. Wawancara dilaksanakeun pikeun meunangkeun

informasi ti individu. Individu anu jadi narasumber nya éta kritikus sastra jeung

ahli sastra, lantaran bisa ngawakilan masarakat anu maca. Tuluy pikeun

meunangkeun sawangan anu leuwih jembar dideudeulan ku sawangan ti guru,

mahasiswa, jeung masarakat awam. Sedengkeun dokumétasi digunakeun pikeun Gambar 3.3 Pedoman Wawancara

(6)

Risky Ashary, 2015

SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON KATALIMBENG ANGEN-ANGEN KARYA BUDI RAHAYU TAMSYAH

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

ngalengkepan data atawa informasi anu diperlukeun, saperti tina sumber pustaka

atawa catetan-catetan leutik.

3.3.3 Analisis Data

Analisis data nya éta proses nyusun, ngatur, jeung ngolah data sangkan bisa

digunakeun pikeun nguji hipotesis (Sudjana, 2011, kc. 76). Tehnik nganalisis data

diruntut jadi léngkah-léngkah saperti di handap :

1) tahap awal aprésiasi sastra;

2) milih sawatara carpon di Katalimbeng Angen-Angen anu miboga

téma-téma kamasarakatan atawa sosial;

3) nganalisis carpon-carpon anu geus dipilih dumasar kana kajian sosiologi

sastra;

4) nganalisis data-data anu kapanggih tina data pangarang, karya sastra,

jeung nu maca karya; sarta

5) méré interprétasi, gambaran anu gembleng, jeung kacindekan sabada

Gambar

Gambar 3.1 Conto Kartu Data
Gambar 3.3 Pedoman Wawancara

Referensi

Dokumen terkait

Dalam penelitian ini tes yang digunakan untuk mengetahui hasil belajar keterampilan bermain bolabasket adalah sebuah jenis butir tes bermain bolabasket yang telah

- Menurut FI edisi III, penetapan kadar tablet = 20 tablet, maka diambil 20 tablet furosemid, digerus dan ditimbang berat totalnya = 3415,5 mg - Berat bahan aktif furosemid dalam

PENGARUH MODEL PEMBELAJARAN PEER TEACHING TERHADAP HASIL BELAJAR KETERAMPILAN BERMAIN BOLABASKET DI SMA ALFACENTAURI BANDUNG Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Istriku tercinta Mismar, Amk,dan anak-anakku tersayang jantung hati belahan jiwa Muhammad Raihan Ulmi, Annisa Khairani Bulqis dan Nayyara Adelia Ulmiterima kasih untuk

peunteun rata-ratana 2,9. 2) Katitén tina hasil nulis pangalaman pribadi siswa kelas VII SMP Bina Dharma. 3 Bandung sanggeus ngagunakeun modél field trip kagolong

maior retorno, quer em investimento público, quer em novas medidas a levar a cabo, quer ainda no reforço das verbas afetas a atividades já previstas, dar continuidade, desta forma, a

MODÉL PANGAJARAN FIELD TRIP PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS PANGALAMAN PRIBADI.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Puji dan syukur kehadirat Tuhan Yang Maha Kuasa atas rahmat dan kasihNya sehingga penulis dapat menyelesaikan skripsi ini dengan judul Pengendalian Persediaan