• Tidak ada hasil yang ditemukan

NILAI BUDAYA SUNDA DALAM KESENIAN GAOK DI DESA KULUR KABUPATEN MAJALENGKA UNTUK PENGAJARAN MEMBACA DI SMA KELAS XII.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "NILAI BUDAYA SUNDA DALAM KESENIAN GAOK DI DESA KULUR KABUPATEN MAJALENGKA UNTUK PENGAJARAN MEMBACA DI SMA KELAS XII."

Copied!
42
0
0

Teks penuh

(1)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR KABUPATÉN MAJALENGKA PIKEUN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

SKRIPSI

Diajukeun Pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku Ida Aridah NIM 0906106

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

2

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

2013

LEMBAR PENGESAHAN

IDA ARIDAH NIM 0906106

AJẺN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK

DI DẺSA KULUR KABUPATẺN MAJALENGKA

PIKEUN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP 195906141986011002

Pangaping II,

Drs. Dede Kosasih, M.Si. NIP 196307261990011001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

(3)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

(4)

4

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu Contoh Halaman Hak Cipta untuk Mahasiswa S1

AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK DI DÉSA KULUR KABUPATÉN MAJALENGKA PIKEUN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Oleh Ida Aridah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Ida Aridah 2013

Universitas Pendidikan Indonesia Juni 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(5)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

(6)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

NILAI BUDAYA SUNDA DALAM KESENIAN GAOK DI DESA KULUR KABUPATEN MAJALENGKA UNTUK PENGAJARAN MEMBACA DI SMA KELAS XII*)

Ida Aridah**)

ABSTRAK

Penelitian ini dilaksanakan untuk mengetahui dan menganalisis nilai budaya Sunda yang terdapat dalam kesenian Gaok untuk dijadikan sebagai materi pelajaran membaca bahasan kesenian. Metode penelitian yang digunakan dalam penelitian ini adalah kualitatif deskripsi. Tekhnik yang digunakan dalam penelitian ini adalah telaah pustaka, observasi, wawancara, dan dokumentasi. Sumber data yang diambil adalah dari hasil studi pustaka, data hasil wawancara dari seniman Gaok, dan video hasil dari pagelaran kesenian Gaok di Désa Kulur. Setelah dilaksanakannya penelitian, akhirnya didapatkan data mengenai kesenian Gaok dari mulai deskripsi, sejarah, nilai budaya Sunda yang di dalamnya terdapat tujuh unsur kebudayaan, sampai kepada pengaplikasian materi pelajaran membaca bahasan kesenian di SMA kelas XII. Dari hasil analisis terdapat tujuh unsur kebudayaan yaitu (1) sistem keagamaan dan kepercayaan/religi di antaranya: pembukaan dari pagelaran seni Gaok seperti hadoroh dan kidung bubuka, sesajen seperti tumpeng (congcot rosul), rurujakan, dan congcot tujuh, serta dari acara hajat seperti sunatan, nikahan, mipit paré, ngayun, dan tingkeban; (2) sistem organisasi dan kemasyarakatan di antaranya: adanya gotong royong dalam memainkan musik dan adanya panggilan khusus yang terdapat pada naskah Wawacan Nyi Rambutkasih seperti Gusti, patih, ratu, éndang, kanjeng, serta pangeran; (3) sistem ilmu pengetahuan di antaranya: pengetahuan tentang tumbuhan yang bisa digunakan untuk obat yaitu buah maja dan mengenai waktu diadakannya seni Gaok untuk acara mipit paré; (4) sistem bahasa di antaranya: bahasa yang dipakai dalam pagelaran seni Gaok yaitu bahasa Sunda dan bahasa Jawa pada pembacaan rajah penutup; (5) kesenian di antaranya: alat musik yang digunakan seperti goong, gendang dan kulantér, terompet, dan kecrék serta kualitas suara dalang yang khas dalam menyanyikan pupuh; (6) sistem mata pencaharian dan ekonomi di antaranya: tergambar pada naskah Wawacan Sulanjana yang menceritakan asal usul padi dan menggambarkan kehidupan petani; dan (7) teknologi di antaranya: adanya pergantian alat musik dan speaker serta microphone sebagai pelengkap. Dari hasil analisis tersebut maka deskripsi mengenai kesenian Gaok bisa dijadikan bahan pembelajaran yaitu materi membaca bahasan tentang kesenian pada pelajaran bahasa Sunda di SMA kelas XII.

(7)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

ABSTRACT

(8)

vi Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

DAPTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK ...i

PANGJAJAP ...ii

TAWIS NUHUN ...iii

DAPTAR EUSI ...vi

DAPTAR GAMBAR ...x

DAPTAR TABÉL ...xi

DAPTAR LAMPIRAN ...xii

BAB I BUBUKA ...1

1.1 Kasang Tukang Masalah ...1

1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah ...6

1.2.1 Identifikasi Masalah ...6

1.2.2 Rumusan Masalah ...7

1.3 Tujuan Panalungtikan ...7

1.3.1 Tujuan Umum ...7

1.3.2 Tujuan Husus ...7

1.4 Mangpaat Panalungtikan ...7

1.4.1 Mangpaat Téoritis ...7

1.4.2 Mangpaat Praktis ...8

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi ...8

Kaca BAB II ULIKAN TIORI ...9

2.1 Budaya ...9

2.1.1 Wangenan Budaya ...9

(9)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

2.1.3 Wujud Kabudayaan ...11

2.1.4 Unsur Kabudayaan ...12

2.1.5 Komponén Kabudayaan ...14

2.2 Ulikan Ajén Budaya ...15

2.2.1 Ajén ...15

2.2.2 Wangenan Ajén Budaya ...17

2.3 Folklor ...19

2.3.1 Wangenan Folklor ...20

2.3.2 Ciri-ciri Folklor ...20

2.3.3 Mangpaat Folklor ...21

2.3.4 Papasingan Folklor ...21

2.4 Kasenian ...22

2.4.1 Fungsi jeung Tujuan Kasenian ...23

2.4.1.1 Fungsi Kasenian ...24

2.4.1.2 Tujuan Kasenian ...26

2.4.2 Kasenian Gaok ...27

2.5 Pangajaran Basa Sunda jeung Sastra Sunda...28

2.5.1 Pangajaran Maca ...29

2.5.2 Bahan Ajar ...31

2.5.3 Kritéria Milih Bahan Pangajaran ...31

2.5.4 SKKD Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ...33

2.5.5 Fungsi jeung Tujuan SKKD ...34

2.5.6 SKKD Basa jeung Sastra Sunda Maca Bahasan Kasenian ...36

2.5.7 Silabus ...37

2.5.8 RPP ...37

(10)

viii

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan ...39

3.1.1 Lokasi Géografis ...39

3.1.2 Kondisi Sosial Budaya ...39

3.1.2.1 Warga ...39

3.1.2.2 Pendidikan ...39

3.1.2.3 Agama jeung Kapercayaan ...40

3.1.2.4 Basa ...41

3.1.2.5 Pakasaban ...42

3.1.3 Sistem Kekerabatan ...43

3.1.4 Sistem Organisasi Sosial ...43

3.2 Sumber Data ...43

3.3 Desain Panalungtikan ...45

3.4 Métode Panalungtikan ...47

3.5 Wangenan Operasional ... .47

3.6 Instrumén Panalungtikan ... .48

3.7 Téhnik Panalungtikan... .49

Kaca 3.8 Analisis Data ... .50

BAB IV AJÉN BUDAYA SUNDA DINA KASENIAN GAOK PIKEUN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII ...52

4.1 Kasenian di Daérah Kabupatén Majalengka ...52

4.2 Déskripsi Kasenian Gaok ...52

4.3 Sejarah Kasenian Gaok ...53

4.4 Prak-prakkan Kasenian Gaok ...58

4.4.1 Properti Dina Kasenian Gaok ...61

4.5 Ajén Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok ...72

4.5.1 Unsur Kabudayaan ...73

(11)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

4.7 Bahan Pangajaran ...82

4.7.1 Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar ...83

4.7.1.1 Standar Kompetensi ...83

4.7.1.2 Kompetensi Dasar ...83

BAB V KACINDEKKAN JEUNG SARAN ...96

5.1 Kacindekkan ...96

5.2 Saran ...98

DAPTAR PABUKON ...99

Kaca LAMPIRAN ...103

(12)

1 Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Indonesia mangrupa nagara nu diwangun ku sababaraha sékésélér. Unggal sélér miboga kabudayaan anu béda-béda jeung wewengkon séjénna. Hal ieu tangtu ngahasilkeun kajembaran budaya nu miboga ciri has sarta kaunikan séwang-séwangan. Kabeungharan budaya nu aya di Indonesia ieu mangrupa barokah, ku kituna urang salaku masarakat Indonesia geus kuduna sukuran kana hal éta. Salian ti sukuran, ogé kudu dimumulé sarta dijaga eksistensina sangkan henteu tumpur ku jaman nu masarakatna geus teu pati maliré kana budaya nu aya. Budaya jadi salah sahiji cicirén bangsa Indonesia nu mawa ka mata internasional minangka nagara nu beunghar ku sagala rupa boh unsur budayana boh sumber alamna sarta masih kénéh loba kabeungharan nu séjénna. Hal ieu saluyu jeung naon nu dipertélakeun ku Setiawan (2011: 19) upama kasenian-kasenian

tradisional anu “asli” masih hirup séhat tur mekar di sabudeureunana, éta kasenian téh bakal méré kontribusi kana kamekaran kasenian jeung kabudayaan nasional. Kabudayaan anu kompleks ieu mangrupa hasil cipta, karsa jeung karya manusa, tina pikiran tur ngajanggélék jadi hiji produk budaya anu ngandung ajén inajén.

(13)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

kumbuhna kayaning pangaweruh, boh élmu kapercayaan nu diagemna nu ditarima ku sakabeh masarakat tur dijadikeun cecekelan dina kahirupanana.

Sakumaha nu disebutkeun di luhur, sélér bangsa naon waé jeung di mana waé tangtu ngabogaan budaya séwang-séwangan, upamana, tina pakéan, adat istiadat, kadaharan, wangun imah jeung kasenian. Éta budaya téh dicekel pageuh ku unggal masarakatna digunakeun pikeun ngatur sagala kahirupan sapopoéna, ti jaman bihari nepi ka kiwari. Kabudayaan tradisional ieu masih aya kénéh nepi ka kiwari ngan sabagian masarakat geus teu ngaprésiasi kana kayaanna. Tapi di sababaraha daérah ieu budaya tradisional téh masih aya tur diaprésiasi ku masarakatna, saperti adat istiadat upacara sérén taun di Kuningan, upacara hajat laut di Désa Waru Duwur Kabupatén Cirebon, seni Gaok di Majalengka, jsb.

Kasenian mangrupa hasil tina kabudayaan anu miboga ajén nu luhur, kasenian bisa ngaréfléksikeun kaayaan kahirupan jeung budaya masarakatna. Wanda kasenian di Indonesia nurutkeun Rohidin (2000: 209-210) dibagi kana tilu bagian, nya éta 1) kasenian anu sifatna lokal atawa tradisional; 2) kasenian umum; jeung 3) kasenian formal. Kasenian anu sifatna lokal atawa tradisional biasana sok dianggap jadi bagian tina kahirupan masarakatna, sarta hirup di lingkungan sékéseler anu tangtu.

(14)

3

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Dumasar buku Profil Kesenian Daerah Kabupaten Majalengka (2005: 7) nu dituliskeun ku Kusnadi, yén Kasenian Gaok sumebar di Majalengka sanggeus asupna Agama Islam di Désa Kulur Kabupatén Majalengka kira-kira dina abad ka 15. Harita Pangeran Muhammad keur bajoang nyebarkeun ajaran Islam di Kabupatén Majalengka. Pikeun médiumna ngagunakeun kasenian Gaok, minangka kasenian tradisonal anu geus kapangaruhan ku budaya Islam. Hal ieu katitén tina cara magelarkeunana sok dimimitian maca bismillah jeung nembangkeunana jiga nu keur adzan. Kasenian ieu kaasup kana sastra jenis

“mamacan” atawa disebut wawacan singkatan tina wawar ka anu acan. Nurutkeun Harsojo (Koentjaraningrat, 2004:309) wawacan nya éta carita nu wangunna puisi sarta dibacana ku cara ditembangkeun saperti wawacan Rengganis jeung wawacan Purnama Alam. Tapi sabenerna wawacan dina basa Sunda mah hartina maca teks.

Dina taun 1963 seni tradisional Gaok kombinasi Sinar Kiara Rambay mimiti sumebar di Désa Kulur Kabupatén Majalengka anu dipingpin ku Abah Rukmin.

(15)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

gumantung kana pesenan nu nanggap atawa gumantung kana nguranganna jumlah nu nongton.

Salian ti hadorohan, biasana seni Gaok sok dimimitian ku sasajén nya éta tujuanna pikeun ngahormat sarta méré sasajén ka karuhun, nu dituluykeun ku meuleum menyan (Kusnadi, 2005: 8). Tapi, ayeuna mah teu dimimitian deui ku meuleum menyan. Wanda carita Gaok kabagi jadi dua, nu kahiji nya éta carita buhun nu nyaritakeun carita jaman baheula, kaduana nya éta carita galur nu nyaritakeun kahirupan manusa jaman kiwari. Waditra anu digunakeun waktu keur pupuh ditembangkeun nya éta goong gedé jeung kempul, ditambahan ku kendang, kecrék jeung tarompét. Asalna mah waditra nu digunakeun téh goong buyung jeung songsong sarta kecrék nu dijieun tina awi, tapi nalika ayana parobahan jaman waditra nu digunakeun ogé leuwih variatif. Sakumaha nu dipertélakeun ku Setiawan (2011: 16) yén sanggeus kapangaruhan ku kabudayaan bangsa kulon anu dibawa ku Walanda, kamekaran kagiatan kasenian di Indonesia loba nu robah. Sababaraha warna kasenian nunjukeun sikep narima kana pangaruh ti bangsa kulon saperti digunakeunna waditra saperti biola, gitar jeung sajabana dina kasenian anu tangtu.

(16)

5

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Sakumaha anu ku urang dipikaweruh, yén kurikulum pendidikan di ieu nagri geus sababaraha kali ngalaman parobahan, saperti Kurikulum 1994, Kurikulum 1999, CBSA, KBK, KTSP sarta nu ayeuna Kurikulum 2013. Ieu hal dilaksanakeun, ku ayana kahayang mentri pendidikan pikeun ngahontal tujuan pendidikan nasional. Tapi kanyataanana, ku ayana parobahan kurikulum KTSP jadi kurikulum 2013 ieu, akibatna aya sababaraha mata pelajaran anu dileungitkeun saperti TIK. Salian ti éta, basa Sunda ogé teu asup kana muatan lokal deui, tapi asup kana Seni Budaya jeung Prakarya. Tangtu ieu hal jadi masalah, hususna pikeun para guru Basa Sunda jeung masarakat Sunda tur generasi-generasina. Ku sabab, dianggep ngaleungitkeun jati diri urang Sunda. Ku kituna, pikeun ngawanohkeun deui ieu kasenian, nu jadi sasaranana nya éta para siswa. Panalungtik miboga rarancang pikeun nyieun materi pangajaran maca, nya éta ngeunaan pedaran kasenian Gaok nu aya di Désa Kulur.

Lian ti ngawanohkeun ieu kasenian nu hampir tumpur, dipiharep ku ayana panalungtikan nu dilaksanakeun di Désa Kulur ieu bisa ngarobah anggapan jeung sikep para rumaja kana kaayaan anu leuwih hadé sarta aya kahayang pikeun ngamumulé ieu kasenian. Tujuan séjén luyu jeung pernyataan Sedyawati (2006: 307) yén tujuan diajarkeunna seni téh pikeun mekarkeun kamampuh dina penghayatan estetik ka para siswa. Ieu hal luyu jeung SKKD Mata Pelajaran

Bahasa dan Sastra Sunda, diajar sastra mangrupa sarana diajar pikeun ngahargaan ajén-ajén kamanusaan sarta ajén-ajén kahirupan.

(17)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

kahirupan sapopoéna. Misalna dina kalengkepan sasajén saperti bubur bodas jeung bubur beureum anu dihijikeun dina wadah nu sarua, ngalambangkeun yén awéwé jeung lalaki anu geus laki rabi kudu hirup rukun dina kahirupan rumah tanggana.

Hasil panalungtikan anu mutalaah ieu perkara kawilang loba nu geus dilaksanakeun ku mahasiswa lulusan Universitas Pendidikan Indonesia (UPI), saperti nu kaugel dina judul-judul skripsi ieu di handap:

1. Pertunjukan Seni Gaok Kombinasi Sinar Kiara Rambay di Desa Kulur

Kabupaten Majalengka, ku M. Faezar Ibrahim taun 2011;

2. Perkembangan Seni Gaok di Kabupaten Majalengka: Kajian Sosial

Budaya Tahun 1963-1996, ku Prima Purnama S. taun 2010;

3. Kajian Tentang Tradisi “Beluk” Dalam Kaitannya Dengan Pembinaan

Moral Masyarakat: Studi Kasus pada Masyarakat Desa Ciapus

Kecamatan Banjaran Kabupaten Bandung, ku Zafar Sidik Permana taun

2009;

4. Perkembangan Kesenian Beluk di Kecamatan Darmaraja Kabupaten

Sumedang Tahun 1966-1998: Suatu Tinjauan Sosial Budaya, ku Weli

Rahayu taun 2010;

5. Kesenian Beluk Lingkung Seni Buhun Sundamedal Pada Acara Sukuran

di Kampung Cinta Asih Desa Ciapus Kecamatan Banjaran Kabupaten

Bandung, ku Harry Apriandy Yusup taun 2010.

(18)

7

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Kelas XII. Mugia karya ilmiah ieu miboga mangpaat pikeun nu macana dina

nambahan pangaweruh nu leuwih jembar ngeunaan kasenian tradisional, sarta méré kasadaran pikeun ngamumulé ieu kasenian.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

Panulis ngaidentifikasi jeung ngarumuskeun masalah anu aya sangkan bisa mikaweruh sarta ngajawab masalah anu geus dipedar dina kasang tukang masalah.

1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Luyu jeung kasang tukang panalungtikan nu geus dipedar di luhur, ieu pananlungtikan téh baris diwatesan. Pasualan nu baris dipedar dina ieu pananlungtikan téh museur kana déskripsi ajén budaya Sunda nu aya dina kasenian Gaok pikeun pangajaran basa Sunda, tuluy hasilna disusun pikeun nyieun materi pangajaran basa Sunda di SMA kelas XII.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, panalungtik ngarumuskeun masalah dina kalimah pananya saperti kieu:

1. Kumaha prak-prakkan kasenian Gaok di Désa Kulur Kabupatén Majalengka?

2. Ajén budaya Sunda naon waé nu aya dina seni Gaok?

3. Naha cocog henteu déskripsi ngeunaan kasenian Gaok téh dilarapkeun kana bahan pangajaran maca di SMA kelas XII?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Dina panalungtikan ieu miboga tujuan umum jeung husus, sakumaha nu ditétélakeun ieu di handap:

1.3.1 Tujuan Umum

(19)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina panalungtikan ieu nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1. Prak-prakkan kasenian Gaok di Désa Kulur Kabupatén Majalengka. 2. Ajén budaya Sunda nu aya dina kasenian Gaok.

3. Nyusun bahan pangajaran maca tina materi kasenian Gaok pikeun SMA kelas XII.

1.4 Mangpaat Panaluntikan

Mangpaat anu dipiharep tina ieu panalungtikan téh nya éta mangpaat anu sipatna tioritis sarta mangpaat anu sipatna praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan ajén budaya Sunda dina kasenian Gaok, hususna dina pangajaran basa Sunda pikeun bahan ajar. Salian ti éta, ogé pikeun kaperluan panalungtikan anu leuwih jero keur kahareupna ngeunaan kasenian Gaok di Désa Kulur Kabupatén Majalengka

1.4.2 Mangpaat Praktis

Salian ti mangpaat tioritis nu dipedar saméméhna. Ieu panalungtikan ogé miboga mangpaat praktis nu dipertélakeun ieu di handap, diantarana nya éta:

1. Ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan salah sahiji kasenian tradisional di Jawa Barat.

2. Pikeun numuwuhkeun kasadaran masarakat kana pentingna ngamumulé kasenian tradisional, hususna seni Gaok di Désa Kulur Kabupatén Majalengka.

3. Pikeun numuwuhkeun ajén-inajén budaya nu aya dina Kasenian Gaok 4. Pikeun nyusun bahan materi pangajaran maca di SMA kelas XII.

(20)

9

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Sistematika nyusunna ieu skripsi kabagi kana lima BAB jeung sababaraha sub bagian, susunanna sakumaha ditétélakeun ieu di handap.

Bab I Bubuka eusina ngawengku: kasang tukang masalah, identifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

Bab II Ulikan Tiori anu eusina medar perkara anu aya hubunganna jeung kasenian Gaok di Désa Kulur kabupatén Majalengka, saperti konsép kabudayaan (wujud jeung unsur), konsép ajén budaya, konsép folklor, kasenian, pangajaran maca, jeung konsép bahan ajar.

Bab III Metode Panalungtikan ngawengku: subjek populasi panalungtikan, metode panalungtikan, definisi operasional, instrumen panalungtikan, tehnik ngumpulkeun data, jeung analisis data.

(21)

39 Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan

3.1.1 Lokasi Géografis

Lokasi nu dijadikeun tempat panalungtikan ku panulis nya éta Désa Kulur anu aya di wilayah Kecamatan Majalengka, Kabupatén Majalengka, pernahna di kampung Tarikolot. Jarak tempuh ti Kabupatén Majalengka kurang leuwih 3,5 km. Wates Désa Kulur beulah wétan nya éta Désa Kawunghilir, beulah kalér Kelurahan Cigasong, beulah kidul diwatesan ku Désa Cieurih-Désa Cibodas, sarta beulah kulon diwatesan ku Kelurahan Sindangkasih. Lega Désa Kulur nya éta 146.347,15 Ha. Nurutkeun data monografi taun 2011, jumlah pendudukna 4165 urang nu kabagi kana 1452 KK.

3.1.2 Kondisi Sosial Budaya

3.1.2.1 Warga

Dina kahirupan sapopoéna, hubungan masarakat Désa kulur kawilang alus, katitén waktu panalungtik ngayakeun panalungtikan masarakatna kacida soméah. Saupama aya nu keur hajat ngawinkeun atawa nyunatan sarta ngarehab imah, silih bantuan boh mangrupa tanaga boh mangrupa matéri. Salian ti éta, lamun aya kapapaténan atawa nu gering ogé silih tulungan. Hal ieu nandakeun hirup kumbuh masarakatna sauyunan tur masih nyekel pageuh tradisi.

3.1.2.2 Pendidikan

(22)

40

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

pendidikan. Ieu hal tangtu disababkeun ku sababaraha faktor, saperti kaayaan ekonomi nu kurang.

Saupama niténan data monografi taun 2011, masarakat Désa Kulur dina widang pendidikan geus kawilang alus. Ieu hal katitén tina jumlah murid nu sakola TK nya éta 69 urang, SD 267 urang, SMP 182 urang, SMA 118 urang, sarjana S1 12 urang sarta anu geus lulus sarjana S2 saurang. Sarana prasarana pendidikan di Désa Kulur ngan aya wangunan TK anu jumlahna hiji sarta jumlah guruna tujuh urang, wangunan SD aya dua jeung jumlah guruna 25 urang. Ditambah ku ayana pendidikan non-formal nya éta sakola Islam anu jumlahna aya hiji sarta Raudhatul Athfal anu jumlahna aya dua.

Tingkat pendidikan masarakat Désa Kulur, bisa katitén dina ieu tabél di handap:

Tabél 3.1

Jumlah Penduduk Dumasar Pendidikan Formal

No. Tingkat Pendidikan Jumlah

1 Sakola TK 69 urang

2 SD 267 urang

3 SMP 182 urang

4 SMA 118 urang

5 D-1 -

6 D-2 -

7 D3 -

8 S-1 12

9 S-2 -

10 S-3 -

Jumlah 648 urang

(23)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Umumna agama nu diagem ku masarakat Désa Kulur nya éta agama Islam. Ieu hal katitén tina data monografi yén aya 4165 urang nu ngagem agama Islam di ieu Désa. Dina ngalaksanakeun ibadahna, masarakat Desa Kulur dirojong ku tempat ibadah, nya éta 6 masjid jeung 20 mushola. Sapopoéna ieu tempat ibadah téh tara sepi ku masarakat nu ngalaksanakeun ibadah sholat berjamaah

jeung pangajian atawa majelis ta’lim.

Aya sababaraha masarakat nu masih kénéh percaya kana arwah karuhun, nya éta pernahna di blok Telar Gedang Désa Kulur. Ieu kapercayaan kagambar waktu digelarkeunna kasenian Gaok, masarakat blok Telar Gedang kacida antusiasna mawa cai kembang pikeun didu’aan ku dalang Gaok. Waktu seni Gaok rengsé dipintonkeun, masarakat ngabagi éta cai kembang kana botol-botol nu disadikeun, satuluyna dibagikeun ka masarakatna. Tujuanna nya éta pikeun ménta barokah ka karuhun utamana ka Gusti nu Maha Suci Allah SWT. Sanajan agamana Islam, tapi urang Sunda sok masih percaya kana hal-hal anu sifatna henteu réalistis. Kitu deui masarakat Désa Kulur anu masih kenéh percaya kana hal-hal goib atawa sagala hal anu aya pakaitna jeung ngadégkeun imah, itung-itungan poé anu hadé pikeun namu atawa nganjang, sarta kacida ngahormatna ka Nyi Pohaci Sanghyang Sri anu dianggap titisan tina paré. Nu matak sataun sakali

sok dilaksanakeun upacara seni Gaok dina acara mipit paré, nu miboga tujuan dipiharep sangkan hasilna mucekil sarta salian ti tujuan éta ogé pikeun ngahormat ka Nyi Pohaci.

Hal di luhur mangrupa salasahiji kabiasaan anu dilaksanakeun ku masarakat Sunda sacara turun tumurun ti karuhunna. Ieu pernyataan téh sarua jeung pamadegan Guru Besar Antropoli Sosial ti Universitas Indonesia nya éta Suwarsih Warnaen dina Bachtiar, dkk (1988: 408) urang Sunda mah kudu nyonto kana naon anu dilaksanakeun ku karuhunna dina ngajalankeun ajaran-ajaran nu aya hubunganna jeung dunya sarta ahérat.

(24)

42

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Basa ilaharna digunakeun manusa dina kagiatan komunikasi jeung papadana. Nurutkeun pamadégan Wirakusumah & Djajawiguna dina Sudaryat (2004: 5) nétélakeun yén basa téh nya éta alat nu dipaké ku manusa pikeun ngedalkeun eusi haténa, diwangun ku réntétan sora nu geus ditangtukeun éntép seureuhna ku masarakat éta basa.

Basa anu dipaké ku masarakat Désa Kulur dina komunikasi sapopoé, umumna nya éta basa Sunda. Sok sanajan aya sabagian masarakat anu urang Jawa, tapi basa Sunda tetep digunakeun nalika komunikasi. Ieu hal tangtu mangaruhan kana prosés nyebarkeunna kabudayaan asli Désa Kulur.

3.1.2.5 Pakasaban

Pakasaban masarakat Désa Kulur ngawengku sababaraha widang pagawean, tapi umumna mah jadi buruh tani. Hasil tatanén anu loba dihasilkeun ku masarakat Désa Kulur nya éta jagong jeung paré. Lian ti éta, masarakatna ogé aya anu pakasabanna salaku karyawan, tani, PNS, tukang dagang, peternak, tukang bengkél, Pembantu Rumah Tangga, TNI, POLRI, wiraswasta jeung dukun kampung. Ieu pakasaban masarakat Désa Kulur bisa dititénan dina tabél ieu di handap:

Tabél 3.2

Jumlah Penduduk Dumasar Pakasaban

No. Pakasaban Jumlah

1 Patani 445 urang

2 Buruh Tani 945 urang

3 PNS 45 urang

4 Dagang 29 urang

5 Ternak 35 urang

6 Pembantu Rumah Tangga 40 urang

(25)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

8 POLRI 2 urang

9 Wiraswasta 131 urang

10 Dukun Kampung 2 urang

Jumlah 1675

3.1.3 Sistem Kakarabatan

Dina hirup kumbuhna masarakat Désa Kulur kaasup kana masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh kana tradisi gotong royong. Ieu hal katitén tina kagiatan-kagiatan gotong royong, saperti dina waktu aya nu ngawangun imah, masarakatna leuwih ngaheulakeun pagawéan umum tibatan pagawéan pribadi. Salian ti éta, upama aya nu kapapaténan, aya nu hajatan kawinan, atawa nyundatan. Masarakatna ikhlas silih bantuan, tanpa ayana rasa kapaksa.

Kagiatan-kagiatan gotong royong séjénna nu masih dilaksanakeun ku masarakat Désa Kulur nya éta gotong royong dina ngagarap sawah atawa tatanén, dina ngajaga kaamanan jeung katertiban masarakatna, salasahijina kagiatan kamling/ronda nu dilaksanakeun unggal peuting. Satuluyna, aya gotong royong dina ngajaga kabersihan Désa, gotong royong dina ngawangun sarana prasarana Désa saperti jalan, sasak, jsb. Sarta masih loba kénéh kagiatan-kagiatan gotong royong nu rutin dilaksanakeun ku masarakatna.

3.1.4 Sistem Organisasi Sosial

Saupama niténan sub-bab di luhur, kagambar yén salian ti miboga kahirupan anu nyekel pageuh tradisi gotong royong jeung silih ngahargaan antara masarakatna. Masarakat Désa Kulur ogé miboga sababaraha sistem organisasi sosial nu masih aktif ngayakeun kagiatan dina kahirupan masarakatna, di antarana nya éta organisasi LKMD/LPM, organisasi PKK, Karang Taruna, RT, RW, BUMDES, posyandu, Kelompok Tani, jeung organisasi Kaagamaan.

(26)

44

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3.2 Sumber Data

Salah sahiji kagiatan utama dina panalungtikan nya éta kagiatan ngumpulkeun jeung nganalisis data hasil panalungtikan nu luyu jeung tujuanna. Ku lantaran kitu, panalungtik perlu mauluruh sarta nangtukeun sumber datana. Nu dimaksud sumber data nya éta tempat, jalma atawa barang anu aya patalina jeung objék panalungtikan. Aya tilu hal penting anu kudu diperhatikeun ku panalungtik anu aya patalina nalika prosés meunangkeun data, nya éta 1) perspéktif, 2) tekstual, jeung 3) kebermaknaan (Maryaeni, 2005: 60-61).

1) Perspéktif kana data dina kontéks panalungtikan kualitatif ngawengku opat perspéktif nya éta perspéktif réalis, konstruktivis, rélativis, jeung postmodernis;

2) Tékstualisasi data panalungtikan nyoko kana konsépsi yén nalika ngamimitian jeung lumangsungna ngumpulkeun data panalungtikan, panalungtik kudu mampuh nataharkeun data boh nu kakara dicokot boh nu geus aya;

3) Kebermaknaan, data panalungtikan anu digambarkeun dina kaayaan sadar batin panalungtik geus ngawakilan ciri, lambang, gambaran, jeung ilusi anu teu luyu jeung kanyataannana sacara langsung nepi ka éta data ngalaman lose their ownform. Pernyataan ieu sajalan jeung Focault (1969: 11) dina

Maryaeni (2005: 66) yén data téh minangka:

things, ... become so burdened with atributes, signs, allusions that they finally lose their form. Meaning is no longer read in an immediate perception, the figure no longer speaks for itself between the knowledge which animates and the form into which it is transposed.

Nurutkeun Arikunto (2009: 99) sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta: jalma, (person), tempat (place), jeung kertas atawa dokumén (paper).

1) Jalma (person), nya éta sumber data nu bisa méré data mangrupa jawaban lisan ngaliwatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angkét;

(27)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3) Kertas atawa dokumén (paper), nya éta sumber data nu mangrupa tanda-tanda hurup, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjén.

Dumasar kana pedaran di luhur, sumber data anu baris digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta studi pustaka, data tina hasil wawacara ti seniman Gaok, video hasil tina pintonan kasenian Gaok di Désa Kulur, jeung data ti

masarakat sabudeureun. Ku kituna, anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta grup kasenian “Gaok Kombinasi Sinar Kiara Rambay” di Désa Kulur Kabupatén Majalengka.

3.3 Désain Panalungtikan

(28)

46

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

[image:28.595.118.509.229.768.2]

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Gambar 3.1 Désain Panalungtikan

Studi Pendahuluan

Ngawatesan jeung Ngarumuskeun

Masalah

Ngarumuskeun Anggapan Dasar

Nangtukeun Sumber Data

Nangtukeun Jeung Nyusun Instrumen

(29)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3.4 Métode Panalungtikan

Métode dianggap mangrupa cara atawa stratégi panalungtik dina maham kana réalitas sarta nangtukeun léngkah-léngkah sacara sistematis pikeun nyusun jeung nganalisis runtuyan sabab akibat tina data jeung fakta anu kapanggih. Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Ieu panalungtikan kaasup kana panalungtikan kualitatif. Denzim jeung Lincoln (dina Maryaeni, 2005: 3) nétélakeun yén

Qualitative research is a field of inquiry in it’s right. It crosscuts disciplines, fields, and subject matter. Nu hartikeun ku manéhna yén panalungtikan kualitatif

téh minangka tempat nimuna pamahaman anu mangrupa kagiatan anu nyoko kana sababaraha pangaweruh, disiplin atawa pangaweruh filosofis sajalan jeung kompléksitas kana poko masalah anu digawéan. Nurutkeun Cresweel (2008) dina Semiawan (:7) medar harti metode kualitatif minangka hiji pamarekan atawa mutalaah pikeun mengeksplorasi jeung maham hiji tanda-tanda anu séntral.

Dumasar rupana, dina panalungtikan kualitatif aya nu disebut panalungtikan déskriptif. Panalungtikan kualitatif miboga maksud pikeun ngahasilkeun data déskriptif nu mangrupa kekecapan tinulis, atawa lisan nu sumberna ti jalma-jalma anu dimutalaah sacara partisipasi (Ali, 2007: 42).

Analisis Data

Nyieun Kacindekan

(30)

48

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Panalungtikan déskriptif nya éta hiji métode pikeun ngagambarkeun kaayaan objék anu ditalungtik tur ngébréhkeun aspék-aspék anu dijadikeun puseur dina panalungtikan.

Métode kualitatif déskripsi dina ieu panalungtikan pikeun ngadéskripsikeun ajén-ajén budaya Sunda nu aya dina kasenian Gaok di Désa Kulur Kabupatén Majalengka.

3.5 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré, dina ieu panalungtikan perlu wangenan istilah anu aya patalina jeung judul panalungtikan, sakumaha ditétélakeun ieu di handap: 1) Ajén budaya

Numutkeun Koentjaraningrat (1987:85) ajén budaya mangrupa konsépsi– konsépsi anu aya dina pikiran masarakat ngeunaan hal-hal anu dianggap mulya. Cindekna ajén budaya téh mangrupa nilai, harga, kualitas nu aya dina hiji budaya boh nu mangrupa alat boh hal anu lain mangrupa alat (abstrak) nu nyampak tur aya gunana pikeun kahirupan manusa.

2) Sunda

Kecap Sunda numutkeun Gonda dina Ruhaliah (2002: 4), nétélakeun yén kecap Sunda asalna tina cuddha hartina bodas, nya éta mangrupa gunung Sunda ditenjo ti kajauhan anu rupana bodas alatan lebu bituna gunung. Dina Kamus Basa Sunda, R.A Danadibrata kecap Sunda téh hartina pangkat, cai,

waspada, ngarangkep, sinar, terang jeung bengras. 3) Kasenian Gaok

Kasenian Gaok mangrupa salah sahiji kasenian tradisonal nu sumebar di Désa Kulur Kabupatén Majalengka. Ieu kasenian kaasup kana seni sastra jenis

(31)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3.6 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta hiji alat atawa fasilitas anu digunakeun nalika panalungtikan dina ngumpulkeun data. Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun ngahontal tujuan panalungtikan nya éta handphone, kaméra digital jeung pedoman wawancara.

1) Handphone/telepon selulér

Handphone/telepon selulér digunakeun pikeun ngarékam dina prosés

ngumpulkeun data nalika ngawawancara para seniman Gaok Kombinasi Sinar Kiara Rambay di Désa Kulur.

2) Kaméra Digital

Kaméra digital digunakeun pikeun moto atawa ngadokuméntasi nu jadi objék panalungtikan nya éta dina kasenian Gaok, boh prak-prakkanna boh waditra nu dipakéna sarta sagala hal anu aya pakaitna jeung ieu kasenian.

3) Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara para seniman Gaok Kombinasi Sinar Kiara Rambay di Désa Kulur. Pertanyaan-pertanyaan

anu aya dina pedoman wawancara nya éta:

1. Saha nami bapa sareng kalungguhan dina grup Seni Gaok Kombinasi Sinar Kiara Rambay?

2. Kumaha sajarah Kasenian Gaok nu diaranan Seni Gaok Kombinasi Sinar Kiara Rambay di Désa Kulur?

(32)

50

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

8. Pakakas atawa properti naon waé anu digunakeun dina kasenian Gaok Kombinasi Sinar Kiara Rambay?

9. Saha waé seniman anu aya dina ieu kasenian?

10.Simbol-simbol naon waé anu aya dina pakakas atawa properti dina kasenian Gaok ieu?

11.Ti iraha bapa tiasa kana ieu kasenian?

3.7 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik telaah pustaka, téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi.

1) Téhnik Telaah Pustaka

Téhnik telaah pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun bahan-bahan tulisan pikeun néangan tur nangtukeun dasar-dasar téoritis anu aya patalina jeung objék panalungtikan;

2) Téhnik Obsérvasi

Téhnik obsérvasi nya éta téhnik anu digunakeun pikeun néangan data langsung kana objék panalungtikan di lapangan nya éta ngeunaan sagala hal anu aya pakaitna jeung kasenian Gaok. Hasil kagiatan obsérvasi bisa mangrupa catetan, rekaman, atawa vignette tina hiji kajadian (Maryaeni, 2005: 69).

3) Téhnik Wawancara

Téhnik wawancara nya éta téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data ku cara nyangking bahan lisan ngaliwatan wawancara ka jalma anu aya pakaitna jeung objék panalungtikan nya éta seniman kasenian Gaok di Désa Kulur Kabupatén Majalengka. Nurutkeun Maryaeni (2005: 70) wawancara mangrupa salah sahiji cara meunangkeun data anu dilakukeun ngaliwatan kagiatan komunikasi lisan dina wangun terstruktur, semi terstruktur, jeung henteu terstruktur.

(33)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Téhnik dokuméntasi nya éta téhnik anu digunakeun pikeun ngadokuméntasi sagala hal anu bisa katangkep sacara indrawi nya éta kumaha prak-prakkan kasenian Gaok ti mimiti nepi ka ahir pintonan.

3.8 Analisis Data

Sanggeus meunangkeun data nu diperlukeun, satuluyna éta data dianalisis. Analisis mangrupa kagiatan (1) nyusun data luyu jeung urutan masalah anu dibutuhkeun; (2) ngorganisasikeun data dina formasi, kategori, atawa unit anu tangtu saluyu jeung antisipasi panalungtik; (3) interprétasi panalungtik kana signifikansi sababaraha data anu sajalan jeung pamahaman anu dibutuhekun; (4)

ngajén data-data anu ka kumpul nepi ka ngahasilkeun kacindekan: hadé atawa goréng, luyu atawa henteu, signifikan atawa henteu (Maryaeni, 2005: 75).

Dina nganalisisna, panalungtik baris ngagunakeun metodé déskriptif pikeun ngajelaskeun jeung ngagambarkeun sarta ngécéskeun hasil panalungtikan anu dipiharep, luyu jeung tujuan. Ku cara milih sarta milah hasil obsérvasi jeung wawancara anu can disusun sacara sistematis, panalungtik ngamimitian kagiatan ngolah data saanggeus data ka kumpul, satuluyna éta data-data diédit jeung dibéré kode (coding). Tugas utama nalika prosés ngolah data nya éta ngédit (éditing), yén dina ieu prosés panalungtik kudu maluruh atawa nalungtik deui catetan spontan nalika obsérvasi di lapangan, nginget jeung ngaplikasikeun sagala

kajadian anu dirandapan di lapangan jadi catetan-catetan sistematis, pikeun mikanyaho naha éta data geus cukup sangkan bisa nyiapkeun prosés satuluyna (Ali, 2007: 49).

(34)

52

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

(35)

96 Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB V

PANUTUP

5.1 Kacindekan

Dina ieu bab dijéntrékeun kacindekan hasil panalungtikan, sabada dititénan tur dianalisis pamanggih-pamanggih nu kapanggih dina hasil panalungtikan.

1. Gelarna Seni Gaok di Désa Kulur, Kecamatan Majalengka, Kabupatén Majalengka dina abad ka 15. Saupama ditilik tina cara mintonkeunna, seni Gaok mangrupa seni tradisional anu geus ngalaman sinkretisme antara

ajén-inajén budaya Sunda buhun jeung budaya Islam anu dibawa ti Cirebon ku Pangéran Muhammad. Pangéran Muhammad boga misi pikeun nyebarkeun ajaran Islam di Majalengka, salasahijina ngamangpaatkeun naskah wawacan anu ditembangkeun dina seni Gaok. Asal mula ayana istilah Gaok téh tina kecap ngagorowok, kulantaran pakasaban masarakat jaman harita téh nya éta melak huma. Waktu masarakat silih tempas ti huma hiji ka huma séjénna anu jarakna pajauh. Ti dinya, kapanggih sora-sora anu miboga wirahma luhur sarta kacipta kaéndahan waktu nyalukan hiji jalma ka jalma nu séjénna. Ku kituna diaranan Gaok dicokot tina kecap ngagorowok atawa ngagoak/nyalukan.

(36)

97

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

dalang langsung macakeun kidung bubuka anu tuluy ditéma ku sora waditra pananda dalang rék ngamimitian nembangkeun éta wawacan maké pupuh. Aya sababaraha pupuh anu ditembangkeun dina Wawacan Nyi Rambut Kasih, nya éta pupuh dangdanggula, kinanti, magatru, mijil,

sinom, asmarandana, jeung pangkur. Minangka pamuka carita, dua padalisan anu ditembangkeun ku Abah Rukmin maké pupuh dangdanggula, tuluy dibeuli ku anu sok disebut tukang Gaok/tukang meuli. Tukang Gaok/tukang meuli nembangkeun sabaris-sabaris anu keur dibacakeun ku dalang, ditembangkeun sacara gagantian jeung pamaén séjénna. Biasana unggal pamaén kabagian sabaris nepi ka dua baris sanggeus tembang bérés ditembangkeun ku pamaén séjénna. Saterusna, dina ahir padalisan biasana sok ditempas ku alok sarta sakali-kali sok dikombinasikeun ku tembang sunda nu ditembangkeun ku sinden. Tuluy pamungkas, dalang macakeun rajah panutup.

3. Ajén-inajén budaya anu kapanggih dina kasenian Gaok, di antarana katitẻn tina unsur anu ngawengku tujuh unsur kabudayaan nurutkeun Koentjaraningrat. Tujuh unsur kabudayaan ẻta di antarana, (1) sistem kaagamaan jeung kapercayaan/religi di antarana: bubuka dina pagelaran seni Gaok saperti hadoroh jeung kidung bubuka, sasajen saperti tumpeng (congcot rosul), rurujakan, jeung congcot tujuh, sarta dina acara hajat saperti nyunatan, nikahan, mipit paré, ngayun, dan tujuh bulanan; (2) sistem organisasi jeung kamasarakatan di antarana: ayana gotong royong dina maénkeun waditra jeung ayana sesebutan husus nu aya dina naskah Wawacan Nyi Rambutkasih saperti Gusti, patih, ratu, éndang, kanjeng,

(37)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

panutup; (5) kasenian di antarana: waditra anu digunakeun saperti goong, kendang jeung kulantér, tarompét, jeung kecrék sarta kualitas sora dalang anu has dinya nembangkeun pupuh; (6) sistem pakasaban jeung ekonomi di antarana: kagambar dina naskah Wawacan Sulanjana anu nyaritakeun asal muasal paré jeung ngagambarkeun kahirupan patani; jeung (7) téhnologi di antarana: ayana parobahan waditra jeung speaker sarta mic minangka panglengkep.

4. Pikeun mekarkeun kabudayaan hususna dina widang kasenian, pangajaran mangrupa salasahiji média anu éféktif digunakeun pikeun nepikeun sarta bisa ngaronjatkeun dina widang atikan. Ku kituna, kasenian Gaok bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran, hususna dina pangajaran maca. Salian ti salasahiji cara pikeun mekarkeun budaya tradisional, ogé pikeun ngamekarkeun kamampuh siswa dina maham téorina. Sangkan kasenian Gaok teu tumpur di era globalisasi ieu, mangka perlu pisan ku urang

saréréa pikeun ngajaga jeung ngariksa kana ieu kasenian tradisional. Lian ti éta, dipiharep ajén-inajén anu aya diunggal pintonan jeung kalengkepan dina kasenian Gaok bisa diwariskeun ka anak incu pikeun ngatur sarta dijadikeun pedoman dina kahirupanana. Ku kituna, materi maca bahasan kasenian Gaok bisa jadi pangwangun pikeun ngaréalisasikeun Pendidikan Berkarakter.

5.2 Saran

Dumasar hasil panalungtikan anu dilaksanakeun, aya sababaraha saran nu ditepikeun dina ieu panalungtikan, nya éta:

(38)

99

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

2. Ajén-inajén anu aya dina kasenian Gaok bisa ngadeudeul dina ngaréalisasikeun pendidikan karakter anu bisa ngawangun karakter siswa-siswa salaku panerus bangsa.

(39)

99 Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

DAPTAR PABUKON

Ali, Abdullah. (2007). Metodologi Penelitian dan Penulisan Karya Ilmiah. Yogyakarta: STAIN Press & Cakrawala.

Anshari, Endang Saifudin. (1980). Agama dan Kebudayaan. Surabaya: Bina Ilmu. Arikunto, S. (2006). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik: Jakarta:

Rineka Cipta.

Arikunto, S. (2009). Manajemen Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Asiah, Nur. (2010). Ajén-inajén Dina Kasenian Burok di Désa Pabedilan Wétan Kecamatan Pabedilan Kabupaten Cirebon pikeun Bahan Pangajaran di

SMP. Skripsi FPBS UPI Bandung: Tidak diterbitkan.

Bachtiar, Harsja W. (1988). Masyarakat dan Kebudayaan (Kumpulan Karangan Untuk Prof. Dr. Selo Soemardjan). Jakarta: Djambatan.

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat. Danandjaja, James. (2007). Folklor Indonesia. Jakarta: Pustaka Utama Grafiti. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda.

Bandung: Dinas Pendidikan.

Ekadjati, Edi S. (1984). Masyarakat Sunda dan Kebudayaannya. Jakarta: Girimukti Pasaka.

Hadianti, Dian. (2008). Aj̓n Atikan Kasenian Singa D̓pok di D̓sa Cupunagara

Kacamatan Cisalak Kabupat̓n Subang. Skripsi FPBS UPI Bandung:

(40)

100

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Handayani, Dewi. (2012). Aj̓n Budaya Dina Wawacan Pangant̓n Tujuh Pikeun Bahan Pangajaran di SMP. Skripsi FPBS UPI Bandung: Tidak

diterbitkan.

Harjanto. (2008). Perencanaan Pengajaran. Jakarta: Rineka Cipta. Harsojo. (1984). Pengantar Antropologi. Jakarta: Binacipta

Haviland, William A. (1999). Antropologi. Jakarta: Penerbit Erlangga.

Kubarsah, R Ubun. (1994). Waditra Mengenal Alat-alat Kesenian Daerah Jawa Barat. Bandung: Sampurna.

Kusnadi, E. (2005). Profil Kesenian Daerah Kabupaten Majalengka. Majalengka: Kantor Kabudayaan dan Pariwisata Kabupaten Majalengka.

Koentjaraningrat. (1985). Kebudayaan, Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia.

Koentjaraningrat. (2002). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta. Koentjaraningrat. (2004). Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Jakarta:

Djambatan.

Koentjaraningrat. (2005). Pengantar Antropologi II. Jakarta: Rineka Cipta. Koentjaraningrat. (2011). Pengantar Antropologi I. Jakarta: Rineka Cipta.

Majid, Abdul. (2011). Perencanaan Pembelajaran. Bandung: Remaja Rosdakarya.

(41)

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Rahayu, Weli. (2010). Perkembangan Seni Beluk di Kecamatan Darmaraja Kabupaten Sumedang Tahun 1966-1998 Suatu Tinjauan Sosial Budaya.

Skripsi FPIPS UPI: Tidak diterbitkan.

Rohidin, T. Rohendi. (2000). Kesenian dalam Pendekatan Kebudayaan. Bandung: STSI Press.

Ruhaliah. (2002). Sajarah Sastra Sunda. Diktat Perkuliahan Jurusan Pendidikan Bahasa Daeah UPI Bandung: Tidak diterbitkan.

Ruhaliah. (2010). Sajarah Sunda. Diktat Perkuliahan Jurusan Pendidikan Bahasa Daeah UPI Bandung: Tidak diterbitkan.

Sedyawati, Edi. (2006). Budaya Indonesia: Kajian Arkeologi, Seni, dan Sejarah. Jakarta: PT RajaGrafindo Persada.

Setiawan, Hawẻ. (2011). Persp̓ktif Kebudayaan Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Soelaeman, M. Munandar. (2010). Ilmu Budaya Dasar. Bandung: Refika Aditama Sudaryat, Yayat. (2004). ͂lmuning Basa. Bandung: Walatra

Suriasumantri, Jujun S. (2010). Filsafat Ilmu Sebuah Pengantar Populer. Jakarta: Pustaka Sinar Harapan.

Sutrisno, Mudji dan Putranto, Hendar. (2009). Teori-teori Kebudayaan. Yogyakarta: Kanisius.

Tamsyah, Budi Rahayu. (2008). Kamus Lengkap Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

(42)

102

Ida Aridah, 2013

Ajen Budaya Sunda Dina Kasenian Gaok di Desa Kulur Kabupaten Majalengka Pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2006). Kurikulum & Pembelajaran. Bandung: Jurusan Kutekpen FIP UPI

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI

Wangsadiharja, E. (1999). Wawacan Rambutkasih Leungit Jinis. Majalengka: Catur Mitra Pendidikan Kabupaten Majalengka

Widagdho, Djoko, dkk. (2010). Ilmu Budaya Dasar. Jakarta: Bumi Aksara.

Yuwana, Yoga. (2010). Seni, Budaya, Estetika & Audio Visual. [Online].

Gambar

Gambar 3.1 Désain Panalungtikan

Referensi

Dokumen terkait

Yang berhak mengajar pada semester bersangkutan adalah dosen yang tidak sedang dalam tugas belajar (studi lanjut) atau dosen yang sedang tugas belajar (studi lanjut)

[r]

Aligning SDGs with National Priorities: Strategic Development Plan. Vision: In 2030, Timor-Leste will be a high

Dalam suatu metode penelitian perlu menetapkan suatu metode yang sesuai dan dapat membantu mengungkapkan suatu permasalahan. Metode dalam suatu penelitian merupakan

membuat keputusan untuk melakukan pembelian terhadap produk yang ditawarkan. oleh

Hasil uji koefisien determinasi R Square = 0,706, berarti 70,6% prestasi kerja karyawan dapat dijelaskan oleh kesehatan, keselamatan dan motivasi, sedangkan sisanya 29,4%

Pengaruh Kompetensi Individu Terhadap Kinerja Pegawai Di Badan Kepegawaian Daerah Provinsi Jawa Barat. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Data keuangan perusahaan akan dapat bermanfaat bagi para pihak yang. memerlukan apabila data tersebut dianalisis