• Tidak ada hasil yang ditemukan

PERIBAHASA SUNDA :Kajian Struktur, Semantis, dan Psikolinguistik.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "PERIBAHASA SUNDA :Kajian Struktur, Semantis, dan Psikolinguistik."

Copied!
40
0
0

Teks penuh

(1)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

PARIBASA SUNDA

(Ulikan Struktur, Semantis, jeung Psikolinguistik)

TÉSIS

Diajukeun pikeun Nyumponan Sabagian tina Sarat nyangking Gelar Magister Pendidikan

ku

HARIS SANTOSA NUGRAHA 1101589

PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA SEKOLAH PASCASARJANA

(2)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

PARIBASA SUNDA

(Ulikan Struktur, Semantis, jeung Psikolinguistik)

oleh

Haris Santosa Nugraha S.Pd. UPI Bandung, 2007

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Program Studi Pendidikan Bahasa

dan Budaya Sunda

© Haris Santosa Nugraha 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2013

(3)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis. LEMBAR PENGESAHAN

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M. Hum. NIP 19630210 198703 1 001

Pangaping II,

Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. NIP 19670710 199102 2 001

Kauninga ku

(4)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

(5)

iii

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

PERIBAHASA SUNDA

(Kajian Struktur, Semantis, dan Psikolinguistik)

Haris Santosa Nugraha

ABSTRAK

Penilitian ini bertujuan untuk menganalisis dan mendeskripsikan struktur peribahasa Sunda ditinjau dari unsur fungsional sintaksisnya (tata kalimat), menganalisis dan mendeskripsikan unsur Semantis peribahasa Sunda ditinjau dari jihat makna perbandingan dan maksudnya, serta menemukan dan mendeskripsikan pemetaan peribahasa Sunda di setiap jenjang sekolah (SD, SMP, SMA) yang ditinjau dari aspek psikolinguistik (perkembangan bahasa anak). Dalam penelitian ini digunakan metode deskripstif-analisis. Melalui teknik studi pustaka, diambil data secara purposif sebanyak 185 peribahasa Sunda. Data tersebut diolah menggunakan metode hermeneutik melalui analisis unsur langsung. Dari hasil penelitian ditemukan bahwa peribahasa Sunda memiliki pola-pola struktur kalimat. Pola tersebut merupakan bentuk kalimat sempurna dan kalimat tidak sempurna. Dalam bentuk kalimat sempurna ditemukan dua pola peribahasa, yaitu Pola I berupa kalimat tunggal dan Pola II berupa kalimat majemuk. Begitupun dalam kalimat tidak sempurna ditemukan dua pola peribahasa, yaitu Pola III berupa kalimat tidak sempurna bentuk tunggal dan Pola IV berupa kalimat tidak sempurna bentuk majemuk. Selain itu, dianalisis juga makna peribahasa berdasarkan sumber perbandingan dan berdasarkan maksudnya. Berdasarkan perbandingannya ditemukan dua perbandingan peribahasa, yaitu perbandingan murni dan perbandingan campuran. Dalam perbandingan murni ditemukan 144 atau 78% peribahasa Sunda yang dikelompokkan ke dalam enam perbandingan, yaitu perbandingan mialam, miawak, mibarang, milampah, misato, dan mituwuhan. Sedangkan dalam perbandingan campuran ditemukan 41 atau 22% peribahasa yang dikelompokkan ke dalam tiga belas perbandingan, yaitu perbandingan mialam dan miawak, mialam dan mibarang, mialam dan milampah,

mialam dan misato, mialam dan mituwuhan, miawak dan mibarang, miawak dan milampah, miawak dan misato, miawak dan mituwuhan, mibarang dan milampah, mibarang dan misato, milampah dan misato, serta misato dan mituwuhan.

Berdasarkan maksudnya ditemukan tiga tujuan utama dari peribahasa, yaitu peribahasa piluangeun (54%), peribahasa paréntah (5%), dan peribahasa pituah (41%). Untuk pemetaan peribahasa di sekolah digunakan aspék perkembangan bahasa anak dengan melibatkan tiga unsur utama yaitu struktur bahasa, pemakaian bahasa, dan kesadaran metalinguistik. Hasilnya, ditemukan 47 (25%) peribahasa yang dapat diajarkan di tingkat SD, 77 (40%) peribahasa dianggap sesuai untuk diajarkan di tingkat SMP, dan 65 (35%) peribahasa dianggap sesuai untuk diajarkan di tingkat SMA.

(6)

iv

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

PARIBASA SUNDA

(Ulikan Struktur, Semantis, jeung Psikolinguistik)

Haris Santosa Nugraha

ABSTRAK

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngaanalisis jeung ngadéskripsikeun struktur paribasa Sunda ditilik tina unsur fungsional sintaksisna (tata kalimah), ngaanalisis jeung ngadéskripsikeun unsur Semantis paribasa Sunda anu ditilik tina ma’na babandingan jeung maksudna, sarta maluruh jeung ngadéskripsikeun papasingan paribasa Sunda di unggal jenjang sakola (SD, SMP, SMA) anu disawang tina aspék psikolinguistik (kamekaran basa budak). Dina ieu panalungtikan digunakeun métode déskriptif-analisis. Ku cara téknik studi pustaka, dicokot data sacara purposif nu jumlahna 185 paribasa Sunda. Éta data téh diolah ngagunakeun métode hermeneutik ngaliwatan analisis unsur langsung. Tina hasil panalungtikan kapaluruh yén paribasa Sunda miboga pola-pola struktur kalimah. Éta pola téh mangrupa wangun kalimah sampurna jeung kalimah teu sampurna. Dina wangun kalimah sampurna kapanggih dua pola paribasa, nya éta Pola I mangrupa kalimah salancar jeung Pola II mangrupa kalimah rangkepan. Kitu ogé dina kalimah teu sampurna, kapanggih dua polaparibasa, nya éta Pola III mangrupa kalimah teu sampurna wangun salancar jeung Pola IV mangrupa kalimah teu sampurna wangun rangkepan. Lian ti analisis struktur, dianalisis ogé ma’na paribasa dumasar sumber babandingan jeung maksudna. Dumasar babandinganana kapanggih dua babandingan paribasa, nya éta babandingan murni jeung babandingan campuran. Dina babandingan murni kapanggih 144 atawa 78% paribasa Sunda anu dikelompokkeun kana genep babandingan nya éta babandingan mialam, miawak, mibarang, milampah, misato, jeung mituwuhan. Ari dina babandingan campuran kapanggih 41 atawa 22% paribasa anu dikelompokeun kana tilu belas babandingan, nya éta babandingan mialam jeung miawak, mialam jeung mibarang, mialam jeung milampah, mialam jeung misato, mialam jeung mituwuhan, miawak jeung mibarang, miawak jeung milampah, miawak jeung misato, miawak jeung mituwuhan, mibarang jeung milampah, mibarang jeung misato, milampah jeung misato, serta misato jeung mituwuhan. Dumasar maksudna kapanggih tilu maksud utama paribasa anu ngawengku paribasa piluangeun (54%), paribasa paréntah (5%), jeung paribasa pituah (41%). Pikeun nangtukeun papasingan paribasa di sakola digunakeun aspék kamekaran basa budak kalawan ngalibetkeun tilu unsur utama nya éta struktur basa, pemakéan bahasa, jeung kasadaran metalinguistik. Hasilna, kapanggih 47 (25%) paribasa anu dianggap merenah diajarkeu di SD, 77 (40%) paribasa dianggap merenah pikeun diajarkeu di SMP, 64 (35%) paribasa dianggap merenah pikeun diajarkeun di SMA.

(7)

v

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Kecap Kunci: paribasa Sunda, adegan, makna, jeung papasingan.

SUNDANESE PROVERB

(The Study of Structural, Semantics, and psycholinguistics)

Haris Santosa Nugraha

ABSTRACT

This research aims to analyze and describe the structure of Sundanese proverb as seen from the functional elements of syntax, semantic analyzes and describe the elements of Sundanese proverb as seen from the comparison of the meaning and intent, as well as find and describe mapping Sunda proverbs at every level of school (elementary, junior high school, high school) as seen from the aspect of psycholinguistics (child language development). This study used deskripstif-analysis method. Through technique literature, purposively sampled as many as 185 proverbs Sunda. Samples were processed using the method of hermeneutics through direct elemental analysis. From the results of the study found that the Sundanese proverb has sentence structure patterns. The pattern is a perfect tense and imperfect sentences. In the perfect tense proverbs found two patterns, namely in the form of a single sentence Pattern I and Pattern II in the form of compound sentences. In the incomplete sentence proverbs found two patterns, ie Patterns III a singular imperfect sentences and sentence pattern IV form plural imperfect. In addition, the meaning proverb also analyzed based sources and comparisons based on intent. Based on the comparison found two proverbs comparison, ie comparison of pure and mixture ratio. In a pure comparison found 144 or 78% Sundanese proverb that are grouped into six comparisons, ie comparisons mialam,

miawak, mibarang, milampah, misato, and mituwuhan. While the mixture ratio of

22% was found 41 or proverbs that are grouped into thirteen comparisons, ie comparisons mialam and miawak, mialam and mibarang, mialam and milampah,

mialam and misato, mialam and mituwuhan, miawak and mibarang, miawak and milampah, miawak and misato, miawak and mituwuhan, mibarang and milampah, mibarang and misato, milampah and misato, and misato and mituwuhan. By

means discovered three main objectives of the maxim, proverb which piluangeun (54%), proverbs parentah (5%), and proverbs pituah (41%). For mapping used proverbs in school children with aspects of language development involves three main elements of the structure of language, use of language, and metalinguistic awareness. The result, found 47 (25%) saying that can be taught at the elementary level, 77 (40%) considered suitable for maxim taught in junior high schools, and 65 (35%) considered appropriate proverb to teach at the high school level.

(8)

ix

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

DAPTAR EUSI

kaca

LEMBAR PENGESAHAN ...i

LEMBAR PERNYATAAN ...ii

ABSTRAK (BASA INDONESIA) ...iii

ABSTRAK (BASA SUNDA) ...iv

ABSTRACT ...v

PANGJAJAP ...vi

KEDALING NUHUN ...vii

DAPTAR EUSI ...ix

DAPTAR AKRONIM JEUNG WANCAHAN ...xii

DAPTAR TABEL ...xiii

DAPTAR BAGAN ...xiv

DAPTAR GAMBAR ...xvii

DAPTAR LAMPIRAN ...xviii

BAB I BUBUKA ...1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ...1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ...7

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ...7

1.2.2 Rumusan Masalah ...8

1.3 Tujuan Panalungtikan ...9

1.3.1 Tujuan Umum ...9

1.3.2 Tujuan Husus ...9

1.4 Mangpaat Panalungtikan ...9

1.4.1 Mangpaat Tioritis ...10

1.4.2 Mangpaat Praktis ...10

1.5 Raraga Tulisan ...11

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG ANGGAPAN DASAR ...12

2.1 Ulikan Tiori ...12

2.1.1 Paribasa Sunda ...12

2.1.1.1Wangenan Paribasa Sunda ...12

2.1.1.2Ciri-ciri Paribasa Sunda ...15

2.1.2 Struktur Paribasa ...16

2.1.2.1Bagbagan Klausa jeung Kalimah ...17

2.1.2.1.1 Klausa ...17

2.1.2.1.2 Kalimah ...19

2.1.2.1.3 Bédana Klausa jeung Kalimah ...22

2.1.2.1.4 Kalungguhan Klausa jeung Kalimah ...23

2.1.2.2Unsur Fungsional Sintaksis dina Paribasa ...24

(9)

x

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

2.1.2.2.2 Caritaan (Prédikat) ...26

2.1.2.2.3 Udagan (Objék) ...27

2.1.2.2.4 Panglengkep (Komplemén) ...28

2.1.2.2.5 Katerangan (Adverbial) ...29

2.1.2.3Wangun dina Paribasa ...30

2.1.3 Ma’na dina Paribasa ...41

2.1.3.1Babandingan dina Paribasa ...41

2.1.3.2Maksud dina Paribasa ...46

2.1.3.2.1 Paribasa Piluangeun ...47

2.1.3.2.2 Paribasa Paréntah ...48

2.1.3.2.3 Paribasa Pituah ...48

2.1.4 Unsur Psikolinguistik dina Paribasa ...49

2.1.4.1Wangenan Psikolinguistik ...49

2.1.4.2Wengkuan Psikolinguistik ...51

2.1.4.3Aspék Psikolinguistik dina Paribasa ...52

2.2 Raraga Mikir ...52

2.3 Anggapan Dasar ...57

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ...58

3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan ...58

3.2 Désain Panalungtikan ...61

3.3 Metode Panalungtikan ...63

3.4 Wangenan Operasional ...64

3.5 Instrumen Panalungtikan ...65

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ...66

3.7 Analisis Data ...67

BAB IV ADEGAN, MA’NA, JEUNG PAPASINGAN PARIBASA SUNDA ...69

4.1 Data Paribasa Sunda ...69

4.2 Adegan Paribasa Sunda ...83

4.2.1 Paribasa Wangun Kalimah Sampurna ...83

4.2.1.1Adegan Kalimah Salancar ...83

4.2.1.2Adegan Kalimah Rangkepan ...116

4.2.2 Paribasa Wangun Kalimah Teu Sampurna ...141

4.2.2.1Adegan Kalimah Teu Sampurna Salancar ...141

4.2.2.2Adegan Kalimah Teu Sampurna Rangkepan ...165

4.3 Ma’na dina Paribasa Sunda ...192

4.3.1 Ma’na Paribasa dumasar Babandingan ...192

4.3.1.1Paribasa Babandingan Murni ...193

4.3.1.2Paribasa Babandingan Campuran ...217

4.3.2 Ma’na Paribasa dumasar Maksud ...229

4.3.2.1Paribasa Piluangeun ...230

4.3.2.2Paribasa Paréntah ...245

(10)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

4.4 Papasingan Paribasa Sunda di Sakola ...258

4.4.1 Paribasa Sunda di SD (6 – 12 Taun) ...261

4.4.2 Paribasa Sunda di SMP (12 – 15 Taun) ...265

4.4.3 Paribasa Sunda di SMA (15 – 18 Taun) ...272

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ...279

5.1 Kacindekan ...279

5.2 Saran ...280

DAPTAR PUSTAKA ...281

DAPTAR SUMBER DATA ...284

(11)

1

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Paribasa mangrupa salasahiji sélér tina pakeman basa nu nyampak dina saban basa. Munculna paribasa dina basa Sunda, salasahijina diakibatkeun ku sipat umum urang Sunda anu tara wani nyarita langsung kana tujuan utamana (ceplak pahang). Hartina, lamun aya teu kapanuju atawa aya kahayang téh tara langsung diutarakeun sajalantrahna, tapi sok dibalibirkeun ngaliwatan paribasa. Maksudna mah ngaragangan sangkan jalma lian nu diajak nyarita atawa omongan nu ditepikeunana téh henteu nyentug teuing kana haténa (Sudaryat, 2003: 97).

Dina paribasa maksud nu ditepikeun téh disumputkeun atawa dibungkus ku kekecapan kalawan lantip jeung rikip. Saperti halna paribasa agul ku payung

butut. Mun seug dihartikeun sajalantrahna kacida teu asup akal, nya éta ngarasa

agul atawa reueus ku barang butut (goréng), tapi nalika diguar hartina, éta paribasa téh mapandékeun kabiasaan jelema anu sok ngagul-ngagul pédah turunan ménak baheula padahal kiwari mah manéhna téh jalma nu nu taya kaboga.

Nilik kana adeganana, paribasa Sunda téh diwangun dina runtuyan kecap anu matok jeung puguh éntép seureuhna. Tamsyah (1994:9) nétélakeun yén paribasa mah teu bisa dirobah ungkara jeung kekecapanana lantaran geus puguh éntép seureuhna, geus puguh surupanana, jeung geus puguh pokpokanana. Umpanana paribasa hulu gundul dihihidan dilemeskeun jadi “mastaka botak dihihidan” atawa dirobah strukturna ngahihidan hulu gundul, jelas karasa camplang sarta hartina ogé tangtu ngilu robah deuih.

(12)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

paribasa perlu ditalungtik sangkan pamahaman ma’na nu dikandungna bisa kaguar leuwih jembar.

Lian ti dicipta dina wangun nu matok, paribasa Sunda ogé diaku salaku banda budaya urang Sunda. Rosidi (2005: 7) nétélakeun yén paribasa Sunda téh mangrupa kekecapan atawa ungkara kalimah anu kecap koncina geus matok tur miboga ma’na, sanajan béda tina hartina anu asal tapi geus jadi kaweruh saréréa da geus jadi banda budaya sakumna masarakat anu ngagunakeun éta basa. Eusi paribasa téh aya nu bisa digunakeun pikeun méré naséhat, meupeuh arguméntasi lawan, ngagambarkeun situasi atawa kaayaan hiji jalma, jsb.

Ma’na nu nyangkaruk dina paribasa Sunda tangtu bisa méré gambaran ngeunaan kawijakan-kawijakan lokal (local wisdom) masarakatna. Rusyana (1982) nétélakeun yén paribasa Sunda téh mangrupa salasahiji karya cipta linuhung anu geus jadi bagéan tur milu ngajembaran kahirupan basa Sunda. Dina basa Sunda, paribasa téh boga kalungguhan salaku karsa atawa wujud ide manusa dina enggoning hirup kumbuh ngawangun kahirupan. Paribasa Sunda ogé bisa dijadikeun cecekelan hirup, lantaran nyidem ajén-inajén kahirupan saperti panyaram lampah salah atawa pangjurung lampah hadé anu kacida payusna pikeun padoman hirup.

Tina hal luhur katitén yén paribasa dina kahirupan urang Sunda téh kacida pentingna, lian ti salaku bagian tina kabeungharan basa Sunda, ogé neundeun ma’na anu bisa dijadikeun piluangeun, pieunteungeun, jeung picontoeun masarakat nu mikawanohna.

(13)

3

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Salasahiji cara pikeun ngawanohkeun paribasa Sunda ka barudak nya éta kudu diajarkeun deui di sakola (atikan formal). Dumasar hasil panalungtikan nu dilakukeun ku Sudaryat, spk. (2012: 100), 49,18% sikep masarakat kacida satujuna saumpama pakeman basa tradisional (kaasup paribasa) diajarkeun di sakola, 50% milih satuju, jeung sésana 0,82% mah haré-haré. Hartina, sikep masarakat kacida ngarojongna dina ngamumulé jeung ngamekarkeun pangajaran paribasa Sunda di sakola.

Tapi hanjakal deui baé, mun seug nititénan kurikulum pangajaran basa Sunda di sakola-sakola, nu geus henteu manggihan deui katerangan yén paribasa téh asup kana bahan anu diajarkeun ka barudak (Rosidi, 2005:8). Dina Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD) Basa Sunda, matéri paribasa henteu sacara husus diajarkeun salaku kompeténsi dasar nu kudu dicangking ku siswa, tapi kalungguhanana ngan saukur bagian tina matéri kebahasaan (pangaweruh basa) wungkul. Alesanana mah lantaran kompeténsi pangajaran basa dina kurikulum kiwari, leuwih dipuseurkeun kana aspék kaparigelan basana wungkul (ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis).

Ku ayana kawijakan kurikulum teu nuliskeun matéri paribasa sacara éksplisit, antukna réa guru anu henteu ngajarkeun matéri paribasa ka siswa, pédah ngarasa teu wajib téa. Antukna pangajaran paribasa téh réa nu diliwat atawa teu diajarkeun ka siswa. Padahal mah mun seug dipatalikeun jeung tuntutan pendidikan berbasis budaya jeung karakter bangsa, paribasa (nu ngandung ajén-ajén budaya) téh wajib diajarkeun di sakola-sakola salaku bagian tina penerapan kawijakan lokal (lokal

wisdom).

Dilarapkeunana ajén-ajén budaya (paribasa) kana pangajaran di sakola saéstuna geus ditandeskeun dina pelatihan Pengembangan Pendidikan Budaya dan Karakter Bangsa Kementrian Pendidikan Nasional (Kemendiknas) taun 2010 nu nétélakeun yén:

(14)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Tina katerangan di luhur jéntré pisan yén ajén-ajén budaya, kaasup paribasa, sakuduna dijadikeun tatapakan dina pangajaran pikeun ngaguar ngeunaan pamahaman kana budaya jeung karakter bangsa. Ajén-ajén nu nyampak dina paribasa Sunda sakuduna bisa nepi ka siswa. Pikeun pangajaran basa Sunda, tangtu leuwih payus saumpama ngajarkeun ajén paribasa ditilik langsung tina ungkara paribasana.

Ulikan ngeunaan paribasa téh ilaharna aya dina wengkuan léksikosemantik, nya éta babagian linguistik anu medar ngeunaan kabeungharan basa katut ulikanana. Ulikan nu dilakukeunana nyindekel kana tata harti (semantik).

Dumasar kana panalungtikan awal, pasualan utama guru-guru teu ngajarkeun paribasa di sakola lantaran nepi ka kiwari can aya papasingan matéri paribasa di unggal jenjang sakola. Ieu hal katitén tina paribasa nu sok diajarkeun di unggal jenjang sakola (ti mimiti SD nepi ka SMA) teu loba géséhna (éta-éta kénéh). Antukna, réa basa Sunda di sakola anu silih andelkeun, ceuk guru SD, “engké gé di SMP jeung SMA diajarkeun”, ceuk guru SMP, “di SD jeung SMA diajarkeun”, kitu deui ceuk guru SMA “geus diajarkeun di SD jeung SMP”.

Salasahiji alesan can dipetakeunana pangajaran paribasa di sakola téh lantaran nepi ka kiwari can kungsi aya panalungtikan nu sacara husus ngulik ngeunaan papasingan paribasa nu disaluyukeun jeung jejang sakola.

Dumasar pedaran di luhur, kapaluruh aya tilu pasualan utama dina ieu panalungtikan. Éta pasualan nya éta ayana adegan-adegan unik nu nyampak dina paribasa Sunda, ma’na-ma’na linuhung nu bisa kapaluruh dina paribasa sunda, jeung papasingan paribasa nu disaluyukeun jeung jenjang sakola. Pikeun maluruh éta hal perlu dilakukeun panaungtikan, anu dina ieu hal dilakukeun ngagunakeun ulikan struktur, semantisna, jeung psikolinguistik.

(15)

5

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

dina winangun kalimah. Disebut ilahar lantaran aya ogé nu ditulis dina wangun frasa tapi ngandung harti babandingan atawa silokaning hirup manusa, éta ungkara téh kaasup kana paribasa ogé. Upamana dina paribasa:

Élmu ajug, hartina jalma anu bisa mamatahan kahadéan ka batur, tapi

manéhna sorangan teu ngajalankeun papatahna.

Nilik kana strukturna mah éta paribasa téh kawengku kana wangun frasa, tapi dumasar harti nu dikandungna mah ngandung unsur babandingan, nya éta wangun jeung sipat ajug (pangganjel atawa suku damar) dipaké pikeun ngabandingkeun hiji pagawéan anu panjang maksudna. Ieu hal kaharti sabab lamun nyeungeut damar anu maké ajug (tihang/suku), caangna tangtu ka nu jauh, ari ajug anu aya di handapeunana mah tetep baé kapoékan. Éta téh diibaratkeun kana mapatahan (nyaangan) kahadéan ka batur tapi nu mapatahanana teu ngajalankeun (kapoékan kénéh). Ku kituna, sacara harti mah ieu pakeman basa téh kagolong kana wangun paribasa.

Tapi sok sanajan kitu, nu diulik dina ieu panalungtikan mah dipuseurkeun kana struktur paribasa dina wangun kalimah (klausa) wungkul. Ieu hal dilakukeun sangkan ngagampangkeun dina nangtukeun pola-pola struktur paribasa nu ditulis dina wangun klausa/kalimah. Ku kituna, struktur nu diulik dina ieu panalungtikan nya éta struktur paribasa dumasar unsur fungsional sintaksis (klausa/kalimah).

Ulikan semantik dilakukeun pikeun ngaguar ma’na nu nyampak dina paribasa. Paribasa Sunda ngandung rupa-rupa ma’na, saperti ma’na dumasar babandingan jeung ma’na dumasar maksud. Ma’na dumasar babandingan mangrupa ma’na anu sacara langsung bisa dipedar tina kekecapanana, anu ngawengku ma’na babandinngan alam, awak sakujur, barang, laku lampah jalma, sasatoan, jeung tutuwuhan. Ari ma’na dumasar maksud dupedar tina ma’na injeumana, anu ngawengku ma’na piluangeun, paréntah, jeung pituah.

(16)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

kamampuh mikir). Hasil ieu ulikan satuluyna diwilah-wilah dumasar jenjang sakola (SD, SMP, jeung SMA).

Patali jeung panalungtikan ngeunaan paribasa, sabenerna mah geus kungsi aya nu ngaguar, ngan jumlahna can pati réa sarta puseur pasualanana can nyindekel kana pasualan struktur, ma’na, jeung papasingan paribasa nu karandapan di sakola. Saperti halna dina Penelitian Penguatan Kompeténsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI nu dijudulan “Reinterpretasi dan Reformulasi Filsafat Pendidikan Sunda dalam Ungkapan Tradisional” (Sudaryat, spk), anu medar ngeunaan ungkapan tradisional nu dijerona medar ngeunaan paribasa Sunda. Hasilna ngadéskripsikeun ngeunaan ajén-ajén moral nu linuhung nu ngébréhkeun ngeunaan kaarifan lokal, pangpangna nu aya patalina jeung pasualan ngawangun karakter dina prosés atikan dumasar tilikan filosifis.

Lian ti éta, aya ogé panalungtikan nu kungsi dilakukeun ku para calon sarjana di JPBD FPBS UPI. Judul skripsi ngeunaan paribasa Sunda nu kapaluruh dina katalog mah, ngan aya sapuluh panalungtikan, tapi nalika dipaluruh ka pabukonna mah ngan aya tilu skripsi nu masih aya bungkeuleukanana téh. Tina tilu skripsi nu kapanggih, nu kahiji dijudulan “Babandingan Paribasa Sunda jeung Paribasa Indonesia Disawang tina Maksud anu Dikandung jeung Bahan anu Dibandingkeunana” (Demaswati, 2004). Ieu panalungtikan téh ngagunakeun métode déskriptif analitis komparatif pikeun ngadéskripsikeun, ngaanalisis, jeung ngabandingkeun paribasa Sunda dina buku 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda karya Budi Rahayu Tamsyah jeung paribasa Indonésia buku 1700 Peribahasa

Indonesia karya Amran Y.S. Chaniago. Hasil tina ieu panalungtikan kapaluruh

yén saba’da ngabandingkeun antara paribasa Sunda jeung Indonésia ditilik tina maksud anu dikandungna lolobana sarua ngeunaan eusi tuladeunana, ari babandingan dumasar kana bahanna mah ngeunaan ngaran sasatoan. Dina paribasa Sunda mah nu saeutik téh ngagunakeun kaayaan alam, ari dina basa Indonésia mah paribasa anu ngagunakeun babagian awak.

(17)

7

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

2005) anu ngadéskripsikeun digunakeunana babasan jeung paribasa dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot ditilik tina jumlah babasan jeung paribasana, sumber babandungan paribasa, sumber babandingan babasan, jeung larapna babasan katut paribasa dina éta carpon dumasar kana suasana caritana.

Ari skripsi nu katilu mah dijudulan “Babasan jeung Paribasa Sunda (Tilikan Linguistik Antropologi)” anu ngadéskripsikeun babasan jeung paribasa Sunda nu nu aya patalina jeung unsur budaya, pakasaban, jeung pakakas tina tilikan unsur-unsur basa jeung harti, sarta nu némbongkeun budaya masarakatna.

Lian ti saeutikna panalungtikan ngeunaan paribasa Sunda, buku nu ngaguar paribasa ogé jumlahna teu sabaraha, malah kaasup saeutik pisan. Buku-buku paribasa Sunda anu masih kénéh bisa kapaluruh, di antarana buku Kumpulan

Babasan jeung Paribasa Sunda (Djayawiguna, H.I. Buldan, 1983), Babasan jeung

Paribasa Sunda (Samsudi, 1986), 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda (Budi

Rahayu Tamsyah, 1994), Babasan jeung Paribasa: Kabeungharan Basa Sunda

Jilid 1 (Ajip Rosidi, 2005), Babasan jeung Paribasa: Kabeungharan Basa Sunda

Jilid 2 (Ajip Rosidi, 2010). 1330 Babasan dan Peribasa Bahasa Sunda

(Munawar, Candra T., 2010), jeung Ngamumulé Basa Sunda: 1200 Paribasa

jeung Babasan Sunda (Nugraha D., 2011). Tina dalapan buku nu aya patalina

jeung paribasa nu ditataan di luhur, buku anu aya jeung sok digunakeun di sakola-sakola mah paling ngan hiji atawa dua buku, éta ogé jigana mah tara kagunakeun can nepi ka ngawilah-wilah dumasar tahapan (jenjang) sakola.

Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, panalungtikan nu sacara husus ngulik jeung medar ngeunaan paribasa dumasar ulikan struktur, semantis, jeung psikolonguitik mah can kungsi aya. Ku kituna, panalungtikan nu dijudulan, “Paribasa Sunda (Ulikan Struktur, Semantis, jeung Psikolinguistik)” perlu dilaksanakeun.

1.2Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

(18)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Aya tilu pasualan utama nu kaidéntifikasi tina kasang tukang di luhur. Kahiji, wangun paribasa miboga adegan unik (unique) anu katitén béda jeung adegan kalimah séjén dina basa Sunda. Adegan nu ngawangunna rélatif angger boh dina susunanana, surupanana, boh pokpokanana. Ku kituna, kahasan adegan paribasa perlu ditalungtik sangkan pamahaman ma’na nu dikandungna bisa kaguar leuwih jembar.

Kadua, paribasa dina kahirupan urang Sunda téh kacida pentingna, lian ti

salaku bagian tina kabeungharan basa Sunda, ogé neundeun ma’na anu bisa dijadikeun piluangeun, pituah, jeung picontoeun masarakat nu mikawanohna. Ku kituna, ma’na tina paribasa Sunda téh kudu diguar kalawan gemet jeung jero.

Katilu, pikeun ngawanohkeun paribasa Sunda ka barudak salasahijina kudu

diajarkeun di sakola (atikan formal). Tapi, nepi ka kiwari réa guru basa Sunda anu ngarasa bingung, paribasa nu mana nu bisa diajarkeun di unggal jenjang sakola téh, lantaran nepi ka kiwari can aya papasinganana. Ku kituna, kudu dipaluruh papasingan paribasa nu diajarkeun di unggal jenjang sakola.

(19)

9

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar idéntifikasi masalah, aya sababaraha hal anu kudu ditalungtik. Ku kituna, diajukeun sababaraha rumusan masalah dina wangun kalimah pananya saperti ieu di handap.

a. Kumaha struktur paribasa Sunda disawang tina unsur fungsional sintaksis (tata kalimah)?

b. Naon waé unsur semantis paribasa Sunda disawang tina jihat babandingan jeung maksudna?

c. Kumaha papasingan paribasa Sunda di unggal jenjang sakola (SD, SMP, SMA) dumasar aspék psikolinguistik (kamekaran basa budak)?

1.3Tujuan Panalungtikan

Sangkan ieu panalungtikan téh museur, ditangtukeun dua tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum, dilaksanakeunana ieu panalungtikan téh nya éta pikeun maluruh adegan (struktur), ma’na (semantis), jeung papasingan paribasa Sunda anu pasing-pasing keur kaperluan barudak di unggal jenjang sakola.

1.3.2 Tujuan Husus

Sangkan leuwih spésipik, tujuan husus nu hayang dihontal tina ieu panalungtikan nya éta pikeun mikaweruh jeung ngadéskripsikeun:

a. struktur paribasa Sunda disawang tina unsur fungsional sintaksis (tata kalimah);

b. unsur semantis paribasa Sunda disawang tina jihat babandingan jeung maksudna; jeung

c. papasingan paribasa Sunda di unggal jenjang sakola (SD, SMP, SMA) dumasar aspék psikolinguistik (kamekaran basa budak).

(20)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Mangpaat ieu panalungtikan dijembarkeun kana dua bagian, nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis ieu panalungtikan nya éta bakal ngaronjatkeun kabeungharan paélmuan widang linguistik patalina jeung ulikan paribasa Sunda dina wangun tésis. Ieu ulikan dipiharep bisa manggihan rumus (formula) anyar ngeunaan adegan, ma’na, jeung papasingan paribasa Sunda di sakola. Hasil ulikan ieu panalungtikan bisa dijieun titik pamiangan pikeun ulikan-ulikan satuluyna anu leuwih lega tur jero.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara umum, mangpaat praktis ieu panalungtikan téh bakal ngaronjatkeun pamahaman kana eusi paribasa Sunda anu pinuh ku ajén-inajén boh picontoeun boh pieunteungaun. Ku kituna, dipiharep bakal ngawewegan kana pangajaran nu ngandung kawijakan lokal (local wisdom). Ieu ulikan ogé bakal méré gambaran ngeunaan pemetaan paribasa Sunda anu diwilah-wilah dumasar kamekaran umur atawa jenjang sakola.

Lian ti éta, sacara praktis ieu panalungtikan téh bisa méré mangpaat hususna pikeun pamaréntah, guru, siswa, jeung panalungtik.

a. Pikeun pamaréntah nu husus nyekel kawijakan ngeunaan kurikulum basa Sunda, ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun salasahiji bahan tinimbangan pikeun ngajarkeunana paribasa Sunda dina kurikulum di sakola. Jembarna mah ditarékahan sangkan bisa ngabaju ngawangun karakter siswa di sakola. b. Pikeun guru, hasil ieu panalungtikan bisa dijadikeun référénsi dina ngajarkeun

(21)

11

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

c. Pikeun siswa, ieu panalungtikan téh bisa mantuan siswa dina maham paribasa Sunda saluyu jeung tingkat (jenjang) sakola atawa kelasna séwang-séwangan. d. Pikeun panalungtik, hasil panalungtikan bisa méré gambaran ngeunaan

adegan, ma’na, jeung papasingan paribasa di sakola dina enggoning maluruh éféktivitas pangajaran basa Sunda nu leuwih hadé ka hareupna.

1.5Raraga Tulisan

Eusi ieu tésis téh kabéhanana ngawengku lima bab, anu eusina ngébréhkeun ngeunaan sistematika raraga tulisan dumasar kana maksud judul bab anu dipedarna.

Bab I Bubuka, medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan (tujuan umum jeung tujuan husus), mangpaat panalungtikan (mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis), jeung raraga tulisan.

Dina Bab II Ulikan Tiori, Raraga Mikir, jeung Anggapan Dasar, medar ngeunaan (1) ulikan tiori (paribasa Sunda, struktur dina paribasa Sunda, ma’na dina paribasa Sunda, jeung aspék psikolinguistik dina paribasa Sunda), (2) raraga mikir panalungtikan, jeung (3) anggapan dasar panalungtikan.

Pikeun mangtuan dina prosés panalungtikan, dina Bab III Métode Panalungtikan dipedar ngeunaan (1) data jeung sumber data jeung sumber data panalungtikan, (2) desain panalungtikan, (3) métode panalungtikan, (4) wangenan operasional, (5) instrumén panalungtikan, (6) téknik ngumpulkeun data, jeung (7) analisis data.

Bab IV Adegan, Ma’na, jeung Papasingan Paribasa Sunda, medar ngeunaan data paribasa Sunda, adegan paribasa Sunda, ma’na dina paribasa Sunda (dumasar babandingan jeung maksud), sarta papasingan paribasa Sunda di sakola (SD, SMP, jeung SMA).

(22)

58

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar tujuh hal nu aya patalina jeung métode panalungtikan. Hal-hal nu dipedar téh, nya éta (1) data jeung sumber data panalungtikan, nu eusina mangrupa léngkah-léngkah dina nangtukeun data jeung sumber data; (2) desain panalungtikan, nu eusina mangrupa alur panalungtikan; (3) métode panalungtikan, nu eusina pamarekan jeung konsép dina ngalaksanakeun panalungtikan; (4) wangenan operasional, nu eusina watesan téknis jeung istilah anu digunakeun dina panalungtikan; (5) instrumén panalungtikan, nu eusina mangrupa alat-alat nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data; (6) téknik ngumpulkeun data, eusina mangrupa cara atawa télnik dina ngumpulkeun data; jeung (7) analisis data, nu eusina mangrupa téknik jeung prosedur ngolah data.

3.1Sumber Data Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh dilaksanakeun pikeun ngulik paribasa Sunda. Dumasar éta hal, digunakeun sumber data nu mangrupa ragam tinulis atawa sumber data kaasup sumber data paper. Ari sumber data paper téh mangrupa tanda-tanda atawa simbol nu bisa mangrupa kertas atawa barang-barang nu digunakeun dina métode dokuméntasi (Arikunto, 2006: 129).

Sumber data ieu panalungtikan nya éta buku-buku paribasa Sunda. Nangtukeun sumber data tinulis téh dumasar kana sababaraha tinimbangan, di antarana: (a) ragam tinulis leuwih kapiara dibandingkeun ragam lisan nepi ka bisa méré gambaran basa anu terencana, mantap, jeung baku; jeung (b) basa Sunda geus miboga sistem tulisan nu baku (Sudaryat, 2012: 47).

Aya sababaraha buku paribasa Sunda anu kapaluruh jeung dijadikeun bahan sumber data ieu panalungtikan. Éta buku-buku éta téh di antarana:

(1) Kumpulan Babasan jeung Paribasa Sunda (KBBPS) karya Djayawiguna

& Kadarisman (1983);

(23)

59

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

(3) 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda (SBPS) karya Tamsyah (1994);

(4) Babasan jeung Paribasa: Kabeungharan Basa Sunda (BPKBS) karya Ajip

Rosidi (2005); jeung

(5) 1330 Babasan dan Peribasa Bahasa Sunda (BPBS) karya Candra T

Munawar(2010).

(6) Ngamumulé Basa Sunda: 1200 Paribasa jeung Babasan Sunda (NBSPBS)

karya Nugraha D. (2011)

Tina sajumlahing buku paribasa di luhur, kabéhanana dicutat jeung dijadikeun sumber data ieu panalungtikan. Buku-buku anu ditataan téh aya nu geus ngawilah-wilah antara babasan jeung paribasa, aya ogé nu acan. Buku anu ngangawilah-wilah-ngawilah-wilah babasan jeung paribasa, nya éta buku KBPS, BPS, SBPS, BPBS, jeung NBSPBS. Ari dina buku BPKBS mah teu ngawilah-wilah antara babasan jeung paribasa. Ku kituna, ieu buku dianalisisna terahir salaku panglengkep pikeun nambahan data nu saméméhna can kacatet.

Dumasar hal di luhur, pikeun ngagampangkeun dina prosés ngumpulkeun data, ditangtukeun heula buku anu dijadikeun sumber utama, nya éta buku KBPS. Ieu buku dipilih lantaran salian ti medalna leuwih kolot, katambah eusina leuwih lengkep sarta réa dicutat ku buku-buku séjénna. Sanggeus kitu, kakara dideudeulan jeung dikonfirmasi ngagunakeun buku-buku paribasa séjén. Éta hal dilakukeun sangkan data paribasa anu kapaluruh téh mangrupa paribasa-paribasa nu aya jeung digunakeun di masarakat Sunda.

Tina idéntifikasi awal, dina buku KBPS kacatet aya 231 ungkara anu digolongkeun kana paribasa, tina buku BPS kacatet aya 116 ungkara, tina buku

SBPS kacatet aya 198, tina buku BPBS mah kacatet aya 275, jeung tina buku

NBSPBS kacatet aya 355 ungkara. Tina paribasa nu aya dina masing-masing buku, réréana mah sarua, malahan aya ogé babasan atawa idiom séjénna anu digolongkeun kana paribasa. Éta data-data di luhur téh satuluyna digolongkeun salaku populasi ieu panalungtikan.

(24)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

dilakukeun ku cara nyokot subjék nu lain didadasaran ku strata/tingkatan, random (acak), atawa daérah, tapi didadasaran ku ayana tujuan hiji panalungtikan (Arikunto, 2006:139-140). Anapon tujuan dina ieu panalungtikan nya éta maluruh paribasa anu ngagunakeun adegan kalimah (klausa). Ieu hal dilakukeun pikeun museurkeun udagan panalungtikan jeung ngagampangkeun proses analisis. Téknik nu dilakukeun téh saéstuna didasarkeun kana sababaraha tinimbangan, di antarana kawatesanana waktu, tanaga, tur waragad (Arikunto, 2006: 134).

Tina hasil pamilihan sampel sacara purposif, kapaluruh data panalungtikan nu jumlahna 185 data paribasa Sunda. Wincikan sampel anu dimaksud téh katitén saperti dina tabél 3.1 ieu di handap.

Tabél 3.1

Sampel Data Panalungtikan

No. Abjad/Alfabét Jumlah Data

Paribasa Katerangan

1 A 13

Ieu data dicutat tina buku

Kumpulan Babasan jeung Paribasa Sunda (KBBPS) karya

Djayawiguna & Kadarisman (1983) salaku buku utama. Saumpama aya paribasa nu teu nyampak dina éta buku, mangka dicutat tina buku-buku ieu di handap.

(1) Babasan jeung Paribasa Sunda

(BPS) karya Samsudi(1986); (2) 1000 Babasan jeung Paribasa

Sunda (SBPS) karya Tamsyah

(25)

61

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3.2Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta gemblengan prosés anu diperlukeun dina rarancang panalungtikan jeung prak-prakan panalungtikan nepi ka patalékan-patalékan anu aya bisa dijawab. Ieu hal saluyu jeung nu ditétélakeun ku Frangkel & Wallen (2007: G-7) yén desain panalungtikan (research design) téh nya éta the

overall plan for colecting data in order to answer the question. Also the specific

data analysis techniques or methods that the researcher intends to use. [desain

panalungtikan nya éta gemblengan rencana pikeun ngumpulkeun data dina raraga ngajawab pertanyaan panalungtikan, sarta digunakeun pikeun téknik analisis atawa métode husus anu rék digunakeun ku panalungtik].

(26)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

(27)

63

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Bagan 3.1

Pasualan Paribasa Sunda

a. Wangun paribasa miboga adegan nu unik (unique) rélatif angger boh dina susunanana, surupanana, boh pokpokanana.

b. Dina paribasa Sunda neundeun ma’na anu bisa dijadikeun piluangeun, pituah, jeung picontoeun masarakat nu mikawanohna.

c. Nepi ka kiwari can aya papasinganana paribasa dumasar jenjang sakola.

Ngumpulkeun Data (Téknik Studi Pustaka) Intrumén Panalungtikan

(Kartu Data)

Analisis Data Analisis paribasa Sunda ngawengku: a. adegan paribasa Sunda;

b. ma’na dina paribasa Sunda; jeung c. papasingan paribasa Sunda di sakola.

Ngolah Data a. Metode Heurmeneutik b. Analisis Unsur Langsung

Deskripsi Data Pedaran paribasa Sunda ngawengku: a. adegan paribasa Sunda;

b. ma’na dina paribasa Sunda; jeung c. papasingan paribasa Sunda di sakola.

Kacindekan

Paribasa Sunda

(28)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Desain Panalungtikan

3.3Métode Panalungtikan

Istilah métode asalna tina kecap methods (basa Latén), nu hartina tarékah, stratégi, atawa siasat maham réalitas (kanyataan) dumasar léngkah-léngkah sistematis pikeun ngungkulan runtuyan sabab-akibat (kausalitas). Fungsina métode pikeun ngungkulan pasualan dina panalungtikan (Ratna, 2009: 34).

Dina enas-enasna, métode téh minangka léngkah ngahontal udagan pikeun nyangking hasil panalungtikan nu gembleng. Ku kituna, dina unggal panalungtikan salawasna merlukeun métode sangkan bisa nyangking jeung ngahontal udagan atawa tujuan panalungtikan.

Ari métode panalungtikan dihartikeun salaku cara pikeun matotoskeun pasualan panalungtikan anu dilaksanakeun kalawan dirarancang sacara gemet sangkan bisa nyangking fakta jeung kacindekan anu bisa maham, ngajelaskeun, ngaramalkeun, jeung ngadalikeun hiji kaayaan.

Dumasar éta hal, métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode dékriptif-analisis. Métode déskriptif-analisis nya éta métode nu ngagambarkeun tur méré pamahaman ngeunaan fakta-fakta nu nyampak dina objék panalungtikan. Dina ieu panalungtikan, éta métode téh digunakeun pikeun ngadéskripsikeun fakta-fakta nu nyampak dina paribasa Sunda, boh disawang tina ulikan struktur, semantis, boh psikolinguistikna.

Métode déskriptif-analitis téh kagolong kana panalungtikan kualitatif atawa naturalistik, lantaran dilakukeun dina kondisi alamiah (natural setting). Disebut panalungtikan kualitatif lantaran data nu kakumpul jeung analisisna téh sipatna kualitatif (Sugiono, 2009: 8).

(29)

65

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

papasiangan paribasa di dumasar umur/jenjang sakola ngawengku paribasa di SD (6 – 12 taun), SMP (12 -15 taun), jeung SMA (15 – 18 taun).

3.4Wangenan Operasional

Sangkan henteu nimbulkeun salah tapsir ti nu maca, ieu di handap baris dijelaskeun kalawan écés ngeunaan wangenan operasional anu digunakeun dina ieu panalungtikan.

a) Paribasa Sunda dina ieu panalungtikan nya éta ungkara (pakeman basa) dina winangun kalimah (klausa) anu kekecapan katut susunanana rélatif angger (matok), tur maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan atawa siloka lakuning hirup manusa.

b) Struktur dina ieu panalungtikan nya éta unsur-unsur anu ngawangun ngadegna paribasa Sunda, kalawan miboga fungsi jeung pola susun anu disawang tina unsur fungsional klausa atawa kalimah. Unsur fungsional éta téh ngawengku Jejer (J), Caritaan (C), Udagan (U), Panglengkep (Pang.), jeung Katerangan (Kat). Disawang tina strukturna, aya paribasa nu mangrupa kalimah sampurna jeung kalimah teu sampurna.

c) Semantik dina ieu panalungtikan nya éta ulikan ma’na nu nyampak dina paribasa Sunda. Ma’na nu nyampak paribasa Sunda téh diguar dumasar, sumber babandingan jeung maksudna. Ma’na Babandingan nyoko kana sumber anu dibandingkeunana nu ngawengku mialam, miawak, mibarang, milampah, misato, jeung mituwuhan. Ari maksud paribasa leuwih nyoko kana maksud nu dikandungna, nu ngawengku paribasa piluangeun, paréntah, jeung pituah.

(30)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3.5Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis, nepi ka leuwih gampang pikeu diolah (Arikunto, 2006:160).

Instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta lambar kartu data. Kartu data dina ieu panalungtikan boga pungsi pikeun ngumpulkeun data nu mangrupa paribasa Sunda tina sumber data nu geus ditangtukeun. Tujuanna sangkan ngagampangkeun dina prosés analisis data, jeung ngagampangkeun dina nyieun kacindekanna. Kartu data nu digunakeun dina ieu panalungtikan katitén saperti gambar ieu di handap.

KARTU DATA

A-09

Sumber Buku Kaca Paribasa

KBPS 71

Wangun K.. Sampurna Adegan Paribasa

Wangun Salancar

Anjing Ngagogogan Kalong

Salancar Basajan

Salancar Jembar Fungsi J C U

Wangun Kantétan Kategori KB KP KB

Wangun K. Teu Sampurna Analisis Semantis

Babandingan Paribasa Maksud Paribasa

Mialam Piluangeun

(31)

67

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Gambar 3.1 Kartu Data Panalungtikan

Dina kartu data di luhur katitén aya genep bagian anu kudu di eusian nalika ngalakukeun analisi data. Bagian-bagian di luhur téh mun dijentrékeun mah kieu.

Bagian kahiji nya éta hurup jeung angka nu ditulis di bagian kénca luhur

(A-09). Hurup A dihartikeun salaku alfabét tina hurup awal éta paribasa, sedengkeun 09 mangrupa nomer ka-9 tina sajumlahing kartu data dina alfabet A.

Bagian Kadua nya éta judul buku jeung kaca dicutatna éta paribasa. Ari di

gigireunana nya éta uni paribasa nu rék dianalisis. Ditukangeun ungkara paribasa aya kode (KBPS/71), kalawan wincikan: KBPS mangrupa judul tina buku utama, sedengkeun 71 mangrupa kaca buku KBPS. Saumpama dina buku utama teu kapaluruh paribasa nu rék dianalisis, mangka kode dicutat tina buku kadua atawa satuluyna, kalawan format nu sarua (judul buku/kaca buku).

Bagian katilu nya éta analisis struktur paribasa nu ngawengku wangun

kalimah sampurna (salancar jeung kantétan) jeung wangun kalimah teu sampurna. Ari gigireunana nya éta rucatan adegan paribasa.

Bagian kaopat nya éta analisis semantis anu disawang tina ma’na babandingan (mialam, miawak, mibarang, milampah, misato, jeung mituwuhan) jeung maksud paribasa (paribasa piluangeun, paréntah, jeung pituah).

Bagian kalima nya éta analisis pisikolinguistik anu disawang tina tingkatan

umur (jenjang sakola). Papasingana ngawengku paribasa di SD (6 – 12 taun), SMP (12 -15 taun), jeung SMA (15 – 18 taun)

Ari bagian kagenep nya éta catetan saumpama aya hal-hal séjén anu perlu pikeun dicatet.

3.5Téknik Ngumpulkeun Data

(32)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Téknik téks atawa studi pustaka anu digunakeun dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngumpulkeun informasi jeung maluruh data paribasa Sunda tina buku-buku sumber anu diidéntifikasi dina kartu data. Ari léngkah-léngkah dina ngumpulkeun data téh kieu.

a. Observasi jeung indéksing kana sajumlahing buku paribasa Sunda nu kapaluruh.

b. Nangtukeun buku nu rék dijadikeun sumber data panalungtikan. c. Milih buku utama nu dijadikeun babon sumber data panalungtikan. d. Ngawilah-wilah data nu kagolong kana babasan jeung paribasa.

e. Ngaidéntifikasi data nu kagolong kana paribasa Sunda dina wangun kalimah (klausa).

f. Ngadeudeulan data nu geus kapaluruh tina sumber data séjénna, sangkan data panalungtikan bisa leuwih mundel.

g. Nangtukeun data nu kagolong kana paribasa Sunda dina wangun kalimah (klausa) pikeun dijadikeun sampel panalungtikan.

3.6Analisis Data

Analisis data dilakukeun ku cara ngalaksanakeun prosedur-prosedur analisis data. Produsur analisis anu dilakukeun dina ieu panalungtikan nya éta maca, nafsirkeun, jeung ngainterprétasi kalawan gemet sampel-sampel panalungtikan. Data paribasa anu geus kapaluruh satuluyna diketik dina kartu data anu geus disadiakeun. Sampel panalungtikan satuluyna dianalisis ku cara ngarucat paribasa ngagunakeun téori nu geus ditangtukeun.

Ngaanalisi data paribasa téh dilakukeun ku cara téknik analisis unsur langsung (immediete constituent). Nurutkeun Kridalaksana (2001: 13) analisis langsung téh nya éta analisis kalimah tina unsur-unsur anu leuwih leutik; unggal konstituén anu bisa dianalisis bisa dianalisis deui dumasar konstituén séjén, nepi ka éta kalimah téh bisa disawang salaku kajadian dumasar lapisan-lapisan konstituén.

(33)

69

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

cara ngarucat fungsi-fungsi sintaksis nu nyampak dina éta paribasa. Hasil rucatan dipasing-pasing dumasar sasaruaan pola-pola kalimahna. Analisis ka dua ngaguar ngeunaan tatali harti nu nyampak dina éta paribasa ngagunakeun ulikan semantik. Aya sababaraha hal nu dianalisis, di antarana: ma’na langsung, ma’na imajinatif. Ari analisis katilu dilakukeun pikeun ngaguar papasingan paribasa dumasar umur atawa jenjang sakola ngagunakeun ulikan psikolinguistik. Hasilna nangtukeun pemetaan paribasa antara umur 6 – 12 (SD), 12 – 15 (SMP), jeung 15 – 18 (SMA). Sakabéh hasil analisis data dicatet dina kartu data pikeun didéskripsikeun jeung dipedar sangkan jadi kacindekan panalungtikan.

Sangkan leuwih jéntré, léngkah-léngkah analisis data, diwincik saperti ieu di handap.

a. Ngalakukeun réduksi data atawa ngawilah-wilah data saluyu jeung fokus masalah. Analisis datana dimimitian ti ngawilah-wilah, ngodeuan, jeung ngaalfabétis data nu kaasup kana paribasa.

b. Nganalisis kumaha strukturna paribasana. Analisis struktur dilakukeun ku cara nganalisis unsur fusngsional kalimahna. Hasilna digunakeun pikeun ngelompokeun paribasa dumasar pola-pola nu sarua.

c. Nganalisis ma’na paribasa anu ngawengku ma’na langsung (awak sakujur, alam, tutuwuhan, sasatoan, barang, jeung laku lampah jalma) jeung ma’na injeuman (paribasa piluangeun, paréntah, jeung pituah).

d. Nganalisis papasingan paribasa tina jihat psikolinguistik dumasar kana umur atawa jenjang sakola. Ulikanana disindekelkeun kana tahapan kamekaran pemeroléhan basa masa sakola anu dipatalikeun kana struktur basa, makéna basa, jeung kasadaran métalinguitik (kamekaran kamampuh mikir).

e. Ngitung frékuénsi jeung papasingan, tabulasi, jeung rékapitulasi éta paribasa Sunda.

f. Ngadéskripsikeun hasil interprétasi data panalungtikan.

(34)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

(35)

279

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana pedaran hasil panalungtikan dina bab saméméhna, ieu panalungtikan téh dicindekkeun kana sababaraha hal saperti ébréh ieu di handap.

a. Adegan Paribasa Sunda

Paribasa Sunda téh miboga opat pola, tapi umumna miboga dua adegan nya éta adegan kalimah sampurna jeung kalimah teu sampurna. Paribasa kalimah sampurna diwangun ku jejer, caritaan, udagan, panglengkep, jeung katerangan, atawa anu miboga pola J + C ± U ± Pang. ± Kat. Contona saperti paribasa: Adat

kakurung ku iga. Ari paribasa kalimah teu sampurna ngan diwangun ku caritaan,

udagan, panglengkep, jeung katerangan, atawa anu miboga pola C ± U ± Pang. ± Kat. Contona saperti: Maléngpéng pakél ku munding.

b. Ma’na Paribasa Sunda

Paribasa Sunda bisa ditilik tina ma’na babandingan jeung ma’na maksud. Ma’na babandingan ngawengku babandingan murni (mialam, miawak, mibarang, milampah, misato, jeung mituwuhan) jeung babandingan campuran (mialam jeung miawak, mialam jeung mibarang, mialam jeung milampah, mialam jeung misato, mialam jeung mituwuhan, miawak jeung mibarang, miawak jeung milampah, miawak jeung misato, miawak jeung mituwuhan, mibarang jeung milampah, mibarang jeung misato, milampah jeung misato, sarta misato jeung mituwuhan). Ari ma’na maksud ngawengku paribasa piluangeun, paréntah, jeung pituah.

c. Papasingan paribasa Sunda di sakola.

(36)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

siswa SMP wangunna kalimah jembar, jeung keur murid SMA wangunna kalimah rangkepan.

5.2 Saran

Panalungtikan ngeunaan paribasa Sunda nu diulik dumasar adegan, ma’na, jeung papasinganana téh moal boa héngkér jeung déét. Tangtu waé perlu aya panalungtikan séjén anu ngaguar struktur paribasa Sunda anu sumber datana mangrupa paribasa wangun frasa. Ieu hal perlu dilakukeun sangkan bisa ngajembaran deui ulikan struktur paribasa Sunda, pangpangna leuwih mere gambaran kahasan paribasa Sunda.

Patalina jeung ma’na, masarakat Sunda miboga paribasa nu dijerona nyampak ajén-inajén kahirupan. Ajén-inajén nu didadasaran ku pangalaman dina nyorang kahirupan, tangtu gedé mangpaatna salaku bahan picontoeun jeung pieunteungeun dina kahirupan. Ku hadirna KTSP dina kurikulum basa, saméméhna kungsi aya anggapan salah kaprah yén teu perlu ngajarkeun katatabasaan (paribasa) ka siswa di sakola. Padahal saréréa geus pada maphum yén katatabasaan téh mangrupa alat pikeun maham jeung maké basa sacara merenah. Antukna pangaweruh katatabasaan remen katotolérkeun, anu tangtuna mangaruhan kana héngkérna kaparigelan ngagunakeun basa. Ku kituna, masih perlu dilakukeun panalungtikan ma’na paribasa Sunda anu diulik ngagunakeun téori semiotik, sangkan ikon, indéks jeung simbol nu nyampak dina paribasa bisa dima’naan deui kalawan leuwih jero jeung jembar.

(37)

281

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, A.C. (2003). Pokoknya Kualitatif. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya.

Alwi, Hasan, spk. (2010). Tata Bahasa Baku Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur Panalungtikan: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, Abdul. (2009). Psikolinguistik Kajian Téoritik. Jakarta: PT. Rineka Cipta. Cook, W. A. (1970). Introduction to Tagmemic Analysis. New York: Holt,

Rinehart, and Winston.

Danadibrata, R.A. (2008). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Danandjaja, James. (2002). Folklor Indonesia: Ilmu gosip, dongéng, dan

lain-lain. Jakarta: Grafiti.

Dardjowidjojo, Soejono. (2008). Psikolinguistik Pengantar Pemahaman Bahasa

Manusia. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia.

Demaswati. (2004). “Babandingan Paribasa Sunda jeung Paribasa Indonésia Disawang tina Maksud anu dikandungna jeung bahan anu

dibandingkeunana.” Skipsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI: teu dipedalkeun.

Disdik Jabar. (2006). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran

Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Disdik Jabar.

Freankel, J.R. jeung Wallen, N.E. (2007). How to Design and Evaluate Research

in Education (Seventh Edition). San Francisco: Mc Graw Hill Higher

Education.

Gandasudirdja. (1977). 700 Paribasa Sunda. Bandung: Fa. Ekonomi.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. (2008). Palanggeran Éjahan

Bahasa Sunda (Édisi Révisi). Bandung: Sonagar Préss.

Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI). (2005). Disdik. Jakarta: Balai Pustaka.

Kementrian Pendidikan Nasional. (2010). Pengembangan Pendidikan Budaya dan

Karakter Bangsa. Jakarta: Kemendiknas.

(38)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Novianti, Nining. (2012). “Babasan jeung Paribasa Sunda (Tilikan Linguistik

Antropologis).” Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI: Teu

dipedalkeun.

Paréra, J.D. (1991). Sintaksis (Edisi Kedua). Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Pedoman Penulisan Karya Ilmiah UPI. (2012). Bandung: Universitas Pendidikan

Indonesia.

Prawirasumantri, Abud, spk. (1973). Idiomatik Sunda. Bandung: FKSS.

Prawirasumantri, Abud, spk. (2000). Tata Kalimah Basa Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI.

Prawirasumantri, Abud, spk. (2007). Kamekaran, Adegan, jeung Kandaga Kecap

Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Ramlan. M. (2005). Ilmu bahasa Indonesia Sintaksis. Yogyakarta: Karyono. Rusyana, Yus. (1982). Pedaran Paribasa Sunda. Bandung: Gunung Larang. Sagala, Saeful. (2010). Konsep dan Makna Pembelajaran. Bandung: Alfabeta. Salmun, M.A. (1985). Kandaga Kasusastran. Bandung: Ganaco N. V.

Sastrawijaya, M. Maryati, dkk. (2010). Kamus Idiom: Sunda – Indonesia.

Bandung: Kiblat.

Siswandi, Jéni. (2005). “Babasan jeung Paribasa dina Kumpulan Carpon Kanyaah

Kolot Karangan Karya Yudibrata.” Skipsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI: teu dipedalkeun.

Simanjuntak, Mangantar. (1987). Pengantar Psikolinguistik Moden. Kuala Lumpur: Dewan Bahasa dan Pustaka.

Sudaryat, Yayat. (2003). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. Sudaryat, Yayat. (1991). Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Wahana Luang.

Sudaryat, Yayat. (2005). Kamus Istilah Élmuning Basa Sunda. Bandung. Karya Ipték.

Sudaryat, Yayat. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudaryat, Yayat. (2009). Makna dalam Wacana. Bandung. Yrama Widya. Sudaryat, Yayat. (2009). Psikolinguistik. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Sudaryat, Yayat, spk. (2012). “Reinterpretasi dan Reformulasi Filsafat Pendidikan Sunda dalama Ungkapan Tradisional. Bandung: JPBD FPBS UPI.

(39)

283

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Syamduddin jeung Damaianti, V.S. (2006). Metode Penelitan Pendidikan Bahasa. Bandung: Remaja Rosda Karya.

Tarigan, Henri Guntur. (1985). Psikolinguistik. Bandung: Angkasa.

Tarigan, Henri Guntur. (2011). Pengajaran Pemerolehan Bahasa. Bandung: Angkasa.

Verhaar, J.W.M. (2010). Asas-asas Linguistik Umum. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

(40)

Haris Santosa Nugraha, 2013

Paribasa Sunda (Ulikan Struktur,Semantis,Jeung Psikolinguistik) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

DAPTAR SUMBER DATA

Djayawiguna, H.I. Buldan (1983). Kumpulan Babasan jeung Paribasa Sunda. Bandung Pustaka Buana.

Munawar, Candra T. (2010). 1330 Babasan dan Paribasa Bahasa Sunda: Disertai

Terjemahan dalam Bahasa Indonesia. Bandung: Nuansa Aulia.

Nugraha D. (2011). Ngamumulé Basa Sunda: 1200 Paribasa jeung Babasan

Sunda. Bandung: Yrama Widya.

Rosidi, Ajip. (2005). Babasan jeung Paribasa: Kabeungharan Basa Sunda 1. Bandung: PT Kiblat Buku Utama..

Samsudi. (1986). Babasan jeung Paribasa Sunda. Bandung: Tirta Kancana. Tamsyah, Budi Rahayu. (1994). 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda. Bandung:

Gambar

Gambar 3.1 Kartu Data Panalungtikan

Referensi

Dokumen terkait

Rumusan masalah dina panalungtikan mangrupa hiji hal anu penting. Rumusan masalah dina ieu panalungtikan ditétélakeun saperti ieu di handap. 1) Kumaha kamampuh siswa kelas

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan dilaksanakeun dua kali nya éta pretest jeung postest,

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi pustaka jeung téhnik dokuméntasi. Studi pustaka nya éta téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data

Dina ieu panalungtikan, sangkan bisa meunangkeun data jeung hasil nu. nyugemakeun sarta ngayakinkeun, digunakeun sababaraha instrumen,nya

Ku kituna, instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta kartu data nu mangrupa kalimat, frasa, jeung klausa anu dipaké dina studi bibliografi, ku cara nyutat sawatara

Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan média origami dina pangajaran nulis sajak, aya sababaraha saran anu patali jeung ieu panalungtikan, nya éta ieu di handap. 1) Dumasar

Ku sabab kitu, sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu masalah dina ieu panalungtikan téh diwatesanan, nalungtik ngeunaan média photostory anu dilarapkeun ka siswa kelas

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan téh nya éta téhnik tés. Téhnik tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh pikeun ngukur