Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V
PANUTUP
5.1 Kacindekan
Naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja, mangrupa hiji bukti yén di
tatar Sunda kungsi digunakeun aksara Cacarakan, sanajan éta aksara mangrupa
aksara pangaruh ti Jawa. Tapi, ayana pangaruh Jawa ka Sunda geus ngajadikeun
hiji akulturasi budaya anyar di tatar Sunda. Kitu deui, aksara Cacarakan baheula
kungsi jadi aksara resmi di tatar Sunda, salain ti aksara Latén jeung aksara Arab
Pégon. Sedengkeun aksara Sundana sorangan, kungsi pareum jeung teu
digunakeun. Ayana titinggal buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja, jadi bukti
penting ayana sajarah ngeunaan aksara Cacarakan. Kaayaanana bisa nambahan
kabeungharan kamekaran aksara di tatar Sunda.
Dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja kapanggih rupa-rupa bahan Sedengkeun nu séjénna, mangrupa kekecapan jeung kalimah basajan diajar maca
dina basa Sunda, sarta pangajaran nulis aksara Cacarakan.
Tina sakabéh carita, aya tujuh carita nu bisa dianalisis strukturna. Lantaran
henteu sakabéh carita wangunna panjang. Ku kituna nu dianalisis struktur
caritana, ngan carita anu lengkep jeung bisa dianalisis kalayan lengkep, nyaéta:
(1) “Ririwa”, (2) “Si Uja”, (3) “Dongéng Si Peucang”, (4) “Méga”, (5) “Dongéng
Bapa Satar”, (6) “Culik”, jeung (7) “Jarah”.
Tina sababaraha carita nu geus dianalisis, kapanggih rupa-rupa unsur
strukturna, nyaéta: (1) Téma, aya sababaraha téma umum nu nyampak dina
sababaraha caritana, nyaéta téma kahirupan sosial, sato, lalampahan/pangalaman,
108
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
jeung mérélé, teu aya nu galurna mundur; (3) Palaku, dina sababaraha carita
palaku atawa tokohna lolobana manusa, aya ogé anu palakuna jin jeung sato; (4)
Latar, dina sababaraha carita lolobana mangrupa galur fisik nu ngawengku ngaran
patempatan jeung wewengkon, sedengkeun latar psikologis nu kapanggih
diantarana kaayaan batin, rasa kasieun, hariwang jeung bungah.
Sabada ditalungtik, téks-téks carita nu aya dina naskah buku Tjatjarakan
karya Soeria Di Radja bisa dijadikeun alternatif bacaan pikeun bahan pangajaran
maca di sakola. Di antarana pikeun bahan pangajaran maca dongéng. Bahan
pangajaran maca dongéng anu dipaké nyaéta dongéng “Bapa Satar”. Ieu carita
miboga kaonjoyan batan carita nu séjénna, diantarana loba ajén nu bisa
dicangking tina ieu carita. Eusi tina téks nu aya dina naskah buku ajar Tjatjarakan
lolobana mangrupa téks bacaan nu dipikaresepeun, lantaran ngandung unsur
budaya jeung atikan nu hadé.
5.2 Rékoméndasi
Sabada nalungtik naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja, aya
sababaraha hal anu kudu diperhatikeun jeung ditepikeun boh ka anu maca boh ka
lembaga atikan.
1) Ka anu maca, dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja euyeub pisan
bahan pangajaran nu bisa dijadikeun pikeun bahan alternatif pangajaran di
sakola. Lantaran caritana réa pisan ku carita paguneman sapopoé,
dongéng, carita déskriptif, ogé ngeunaan basana nu basajan sarta gampang
dipikaharti ku balaréa.
2) Ka lembaga atikan, sangkan kaayaan naskah jeung aksara jaman baheula
dipikawanoh deui ku masarakat balaréa di jaman kiwari, kudu aya
sosialisasi ngeunaan naskah ka masarakat, boh dina dunya atikan boh di
masarakat umum. Kitu deui perlu aya bukti nyata dina ngalarapkeun
aksara. Saperti misalna dina ngaran-ngaran di sapanjang jalan kudu
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 109
DAFTAR PUSTAKA
Abidin, Y. (2012). Pembelajaran Membaca Berbasis Pendidikan Karakter.
Bandung: Refika Aditama.
Amminudin. (1987). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru
Algesindo.
Baried, S. spk. (1985). Pengantar Teori Filologi. Jakarta: Pusat Pembinaan
Dan Pengembangan Bahasa. Depdikbud.
Danadibrata, R.A. (2006) Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Departemen Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Bahasa Indonesia. Jakarta:
Pusat Bahasa.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat (2007) Standar Kompetensi Dan
Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung:
Disdik.
Jamaluddin. (2003) Problematik Pembelajaran Bahasa Dan Sastra. Jogjakarta:
Adicita.
Kamus Umum Basa Sunda. (2007). Bandung: Geger Sunten
Koswara, D (2010). Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Universitas Pendidikan Indonesia.
Moleong, L. (2007). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Rosda.
Novakovich, J. (2003). Berguru Kepada Sastrawan Dunia. Bandung: Kaifa.
Pudjiastuti, T. (2006). Naskah & Studi Naskah Sebuah Antologi. Bogor:
Akademia
Ruhaliah. (2012). Pedoman Ringkas Transliterasi, Edisi, dan Terjemahan Aksara
Sunda Kuna, Buda, Cacarakan dan Pegon. Bandung: Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia.
Ruhimat, Spk.(2009). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: Tim Pengembang
MKDP Kurikulum dan Pembelajaran.
110
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Suryani, E. (2012). Filologi. Bogor: Ghalia.
Tamsyah, B. Spk. (1999). Kamus Istilah Basa Jeung Sastra Sunda. Bandung:
Pustaka Setia.
Tarigan, H. (1988). Metodologi Pengajaran Bahasa 2. Bandung: Angkasa.
Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.