STRUKTUR CARITA DINA BUKU TJATJARAKAN KARYA SOERIA DI RADJA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan
ku
Deden Muhidin NIM 1000520
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG
Struktur Carita Dina Buku
Tjatjarakan
Karya Soeria Di Radja
Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Oleh
Deden Muhidin
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Deden Muhidin 2014
Universitas Pendidikan Indonesia
Agustus 2014
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,
Lembar Pengesahan Skripsi DEDEN MUHIDIN
NIM 1000520
STRUKTUR CARITA DINA NASKAH BUKU TJATJARAKAN KARYA SOERIA DI RADJA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
disaluyuan jeung disahkeun ku:
Pangaping I,
Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 196411101989032002
Pangaping II,
Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP 195906141986011002
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu STRUKTUR CARITA DINA BUKU TJATJARAKAN
KARYA SOERIA DI RADJA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA¹)
Deden Muhidin²)
ABSTRAK
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh cerita-cerita yang terdapat pada naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja, isinya dapat digunakan sebagai bahan pembelajaran membaca. Tujuan dari penelitian ini adalah untuk mendeskripsikan, menyusun tranliterasi, serta menganalisis cerita yang terdapat pada naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja berdasarkan teori strukturalisme yang mencakup tema, alur, tokoh, dan latar. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, dengan menggunakan tehnik studi pustaka. Adapun sumber data yang digunakan dalam penelitian ini adalah naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja. Berdasarkan hasil penelitian, dapat disimpulkan bahwa dalam buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja terdapat 19 cerita, yaitu: (1) dua cerita dongeng, (2) satu cerita pengalaman pribadi/feature, (3) tiga cerita deskripsi, (4) satu tatarucingan, dan (5) dua belas cerita percakapan sehari-hari.
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
STORY STRUCTURE IN TEXTBOOK
TJATJARAKAN
BY
SOERIA DI RADJA FOR READING LEARNING MATERIAL
ABSTRAC
This research is motivated by the story of literature contained in the Tjatjarakan manuscript by Soeria Di Radja, it can be used as material in learning reading. The method used in this research is descriptive method, using literature techniques and data analysis. The source of the data used in this study is a Tjatjarakan textbook manuscript by Soeria Di Radja. The purpose of this study is to describe mentranliterasi and analyze the stories in the Tjatjarakan textbook manuscript by Soeria Di Radja. Based on the research results, it can be concluded that in the Tjatjarakan textbook by Soeria Di Radja there are 19 titles prose stories that can be used as students' learning materials for reading. There are also stories that can be classified into several genres, namely: ( 1 ) fairy tales; ( 2 ) personal experience stories / features, (3 ) description; ( 4 ) narrative, and ( 5 ) the story of everyday conversation .
Password : Struktur Carita, buku Tjatjarakan
1) Penyusunan skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Ruhaliah, M.Hum. dan Dr. Dedi Koswara, M.Hum.
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI
2.1.4 Sajarah Kamekaran Aksara Cacarakan ... 16
viii
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2.2 Struktur nu Ngawangun Karya Sastra ... 18
4.1 Déskripsi Naskah Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja ... 34
4.1.1 Idéntitas Naskah... 35
4.1.2 Raratan Naskah ... 35
4.1.3 Waruga Naskah ... 35
4.1.4 Pedoman Transliterasi ... 36
4.2 Transliterasi ... 37
4.3 Analisis Struktur Eusi Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja ... 74
4.4 Analisis Struktur Carita Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja ... 78
4.4.1 Carita “Ririwa” ... 78
4.4.1.1 Téma ... 79
4.4.1.2 Galur ... 80
ix
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
x
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4.4.8 Klasifikasi jeung Gambaran Umum Struktur Carita nu Dianalisis ... 101
4.5 Bahan Pangajaran Maca tina Téks Carita Dongéng “Bapa Satar: ... 102
4.5.1 Matéri Bahan Pangajaran Maca ... 102
4.5.2 Evaluasi ... 104
4.5.3 Soal Latihan ... 104
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ... 107
5.1 Kacindekan ... 107
5.2 Rékoméndasi ... 108
DAPTAR PUSTAKA ... 109
LAMPIRAN ... 111
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Sastra mangrupa hasil titinggal kabudayaan manusa harita, diciptakeun
pikeun nyumponan pangabutuh rohani masarakatna, anu fungsina minangka
sarana éksprési jeung sarana rékréasi. Ku kituna ti mimiti gelarna sastra nepi ka
kiwari, sastra jadi hal anu kawilang pentingna, boh di sabudeureun masarakat
sastra éta sorangan boh dina dunya atikan. Dina dunya atikan sastra bisa
dijadikeun hiji bahan pangajaran ka siswa, sedengkeun di sabudeureun masarakat
sastra, sastra téh mangrupa sarana éksprési tina kahirupan di sabudeureunana.
Karya sastra digelarkeun kalawan ngagunakeun média, salah sahijina nyaéta
ngaliwatan média wangun tinulis. Karya sastra anu wangunna tinulis, tangtuna
aya patalina jeung aksara katut média tulisna, salah sahiji contona nyaéta naskah.
Naskah nyaéta hasil titinggal budaya manusa harita anu ditulis ngagunakeun
aksara tur ngébréhkeun rasa jeung pamikiranana ngeunaan hiji hal anu sifatna
éstétis jeung intelék. Dina naskah euyeub pisan informasi-informasi baheula anu
ngagambarkeun pamikiran-pamikiran, adat-istiadat, jeung ajén bebeneran anu aya
di masarakat baheula (Baried spk., 1994, kc. 6).
Hiji panalungtikan naskah biasana miboga tujuan pikeun mikanyaho struktur,
kaayaan, sistem kamasarakatan, gagasan, jeung pola pikir manusa harita. Salian ti
éta panalungtikan naskah ogé miboga fungsi pikeun néangan ajén bebeneran
jeung falsafah kabudayaan hiji sélér bangsa.
Nurutkeun Pudjiastuti (2006, kc. 160) eusi dina hiji naskah ngawengku
sababaraha aspék, saperti aspék kahirupan sosial, politik, agama, kabudayaan,
ékonomi, basa, jeung sastra. Sedengkeun tina jihat eusi ébréhanana nyoko kana
2
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Gelarna hiji karya sastra tangtuna moal leupas tina struktur carita jeung
unsur-unsur anu ngawangunna. Pikeun mikanyaho naon-naon nu aya dina naskah,
tangtuna kudu dititénan heula eusi naskahna. Saperti nu aya dina naskah citak
buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja. Dina ieu buku euyeub pisan ku
carita-carita anu eusina bisa diklasifikasikeun jadi carita-carita dongéng, carita-carita déskripsi
ngeunaan sato jeung sakola, tatarucingan, carita lalampahan, jeung carita
paguneman sapopoé.
Buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja mangrupa hiji buku anu digunakeun
di sakola-sakola baheula pikeun bahan pangajaran, ku kituna di jerona ogé euyeub
pisan ku rupa-rupa bahan pangajaran, boh pangajaran maca boh pangajaran nulis
aksara Cacarakan. Aksara Cacarakan mangrupa salah sahiji aksara anu kungsi
digunakeun di tatar Sunda salain ti aksara séjénna.
Nilik kana sajarahna, di tatar Sunda kungsi dipikawanoh sababaraha aksara,
nyaéta: aksara Pallawa, Pranagari, Sunda Kuno, Jawa (Carakan), Arab (Pégon),
Cacarakan, jeung Latén. Éta aksara nu tujuh téh dipaké ti mimiti abad ka-4
Maséhi, ngan anu digunakeun nepi ka kiwari mah nyaéta aksara Sunda Kuno,
Arab (Pégon), Cacarakan, jeung Latén (Suryani, 2012, kc. 114).
Buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja mangrupa hiji bukti yén di tatar
Sunda kungsi digunakeun aksara Cacarakan, jeung harita bener-bener sumebar
sarta resmi digunakeun di sakola-sakola (Filantropi, 2011). Sanajan ayeuna nu
diajarkeun di sakola nyaéta aksara Sunda Kuno (Kaganga), tapi aksara Cacarakan
nu digunakeun dina buku Tjatjarakan, perlu diriksa jeung dimumulé deui,
sangkan dipikawanoh ku masarakat balaréa ka hareupna, utamana di kalangan
atikan. Dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja loba carita-carita nu bisa
diklasifikasikeun jadi sababaraha genre, di antarana aya dongéng, carita
déskriptif, paguneman, jrrd. Sakabéh genre nu aya dina buku Tjatjarakan karya
Soeria Di Radja perlu ditalungtik pikeun mikanyaho struktur carita, ogé struktur
nu ngawangun bukuna.
3
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Nabi Yusuf” (Eva Novianti, 2004), “Wawacan Abu Nawas Transliterasi jeung Analisis Struktural Sémiotika” (Ranti Purnama Dewi, 2012), “Analisis Struktur jeung Ajén Moral dina Naskah Wawacan Ratu Déwi Maléka” (Devi Cahyani Wulansari, 2009), “Analisis Struktur Wawacan Raramendut” (Rosmayanti, 2008), “Analisis Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Babad Cirebon” (Dini Siti Oktaviani, 2007), “Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Wawacan Panji Kusumah pikeun Pangajaran di SMP” (Nenden Sri Utari, 2010) jrrd.
Nepi ka kiwari, panalungtikan ngeunaan naskah di Jurusan Pendidikan
Bahasa Daérah UPI kawilang langka, komo deui naskah nu ngagunakeun aksara
Cacarakan. Lolobana nalungtik naskah anu ngagunakeun aksara Arab (Pégon)
jeung aksara Sunda Kuno. Ku kituna dina ieu panalungtikan dipedar struktur
carita nu aya dina buku Tjatjarakan, anu judulna “Struktur Carita dina Buku
Tjatjarakan karya Soeria Di Radja pikeun Bahan Pangajaran Maca”.
1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah
Dumasar kana kasang tukang di luhur, supaya henteu méngpar tina
naon-naon anu baris ditalungtik, jeung leuwih jéntré kana hal anu dipedar, ieu
panalungtikan diwatesanan, nyaéta ngawengku:
a. Ngadéskripsikeun naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.
b. Transliterasi buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.
c. Struktur anu ngawangun eusi buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.
d. Analisis struktur carita anu aya dina buku Tjatjarakan, anu ngawengku téma,
galur, tokoh jeung watek tina unggal carita.
e. Pangajaran maca tina téks nu aya dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.
1.3Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga
4
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
a. Kumaha déskripsi naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.
b. Kumaha transliterasi téks buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja?
c. Kumaha struktur anu ngawangun eusi buku Tjatjarakan karya Soeria Di
Radja?
d. Kumaha struktur carita anu aya dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja?
e. Kumaha bahan pangajaran maca tina téks nu aya dina buku Tjatjarakan karya
Soeria Di Radja?
1.4Tujuan Panalungtikan 1.4.1 Tujuan Umum
Dumasar kana rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan
umum, nyaéta pikeun mikanyaho materi pangajaran maca, budaya, jeung aksara
Cacarakan nu aya dina buku ajar Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.
1.4.2 Tujuan Husus
Anapon tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta:
a. Ngadéskripsikeun buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.
b. Ngadéskripsikeun struktur eusi anu ngawangun buku Tjatjarakan karya Soeria
Di Radja.
c. Ngadéskripsikeun struktur carita nu aya dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di
Radja.
d. Ngadéskripsikeun bahan pangajaran maca tina téks nu aya dina buku
Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.
1.5 Mangpaat Panalungtikan 1.5.1 Mangpaat Téoritis
Ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan kabeungharan élmu sastra dina
kontéks kajian élmu filologi.
5
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré informasi ngeunaan aksara Sunda
nyaéta aksara Cacarakan jeung hasil ieu panalungtikan bisa digunakeun pikeun
bahan pangajaran maca di sakola.
1.6Struktur Organisasi Skrpsi
BAB I Bubuka, nyaéta nu ngawengku kasangtukang panalungtikan, watesan
masalah, rumusan maslah, tujuan, mangpaat, jeung struktur organisasi skripsi.
BAB II Ulikan Tiori, nyaéta anu ngawengku aksara Cacarakan, struktur,
jeung pangajaran maca.
BAB III Métodologi Panalungtikan, nyaéta anu ngawengku sumber data,
desain panalungtikan, métode, définisi operasional, téhnik ngumpulkeun data,
jeung analisis data.
BAB IV Hasil Panalungtikan, nyaéta ngawengku déskripsi naskah,
transliterasi naskah, analisis struktur carita, analisis eusi nu ngawangun naskah
buku ajar Tjatjarakan, jeung pangajaran maca tina téks carita.
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber Data
Nurutkeun Lofland (dina J. Moleong 2007, kc. 157) sumber data nyaéta
kekecapan jeung paripolah atawa tindakan, saleuwihna mangrupa data tambahan
saperti dokumén, sumber data tulis, foto jeung statistik.
Luyu jeung katerangan di luhur, sumber data anu digunakeun dina ieu
panalungtikan, nyaéta naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja. Sumber
data nu ditalungtik nyaéta carita-carita nu nyampak dina buku Tjatjarakan karya
Soeria Di Radja.
Dina naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja, éjahan nu digunakeun
henteu sarua jeung éjahan nu kiwari. Dina éta naskah, masih ngagunakeun standar
éjahan nu baheula. Saperti misalna kecap “sia”, dina naskah ditulisna “siya”. Kitu
deui “tujuh”, ditulisna “toejoeh”. Tapi, dina nyusun transliterasi di ieu panalungtikan, digunakeun éjahan anu geus disampurnakeun. Kitu deui judulna,
aya sababaraha carita nu euweuh judulna, tapi dina ieu panalungtikan carita nu
euweuh judulna dijudulan dumasar kana eusi caritana.
Dina ieu naskah, henteu sakabéh eusi naskah bisa ditalungtik strukturna,
lantaran aya sababaraha bagian data nu wangunna lain carita. Sangkan leuwih
écés jeung babari dina medar sarta nganalisis strukturna, dina ieu bab ditataan
sakabéh data nu nyampak dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.
Tabél 3.1
STRUKTUR NU NGAWANGUN EUSI NASKAH
No. Kaca Klasifikasi Eusi Judul Katerangan
1 2 3 4 5
27
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
28
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
29
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
30 89 -90 Diajar Pasangan
Paguneman “Culik” Dianalisis
37 109 -
30
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
40 117 -
124
Paguneman “Tatarucingan” -
Dumasar kana data di luhur, aya tujuh carita jeung paguneman anu
ditalungtik, nyaéta: (1) “Ririwa”, (2) “Si Uja”, (3) “Si Peucang”, (4) “Culik”, (5)
“Bapa Satar”, (6) “Méga”, jeung (7) “Jarah”.
3.2 Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan nyaéta rarancang sakabéh hal jeung kagiatan anu
dilakukeun ku panalungtik ti saacan panalungtikan, keur dilaksanakeun
panalungtikan, sarta nepi ka aya kacindekan jeung laporanna panalungtikan.
Desain panalungtikan dipidangkeun dina ieu bagan di handap.
Bagan 3.1
Desain Panalungtikan
Tujuan Panalungtikan:
Ngadéskripsikeun:
1. Naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja 2. Transliterasi
3. Struktur nu ngawangun eusi naskah 4. Struktur carita
5. Matalikeun téks carita jeung pangajaran maca
Nangtukeun masalah
31
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.3 Métode Panalungtikan
Dina ieu panalungtikan digunakeun métode kualitatif, nyaéta hiji métode anu
tujuanana néangan gambaran jeung karakteristik anu leuwih jero dina buku
Tjatjarakan karya Soeria Di Radja. Nurutkeun J. Moleong (2007, kc. 6)
panalungtikan kualitatif nyaéta panalungtikan anu miboga tujuan sangkan maham
fénoména ngeunaan naon-naon anu kaalaman ku subjék panalungtikan, misalna
paripolah, persépsi, jeung motivasi kalawan ngagunakeun cara ngadéskripsikeun
dina wangun kalimah, sarta ngamangpaatkeun sababaraha métode ilmiah.
Dina ieu panalungtikan ogé digunakeun métode déskriptif analisis, anu
tujuanana pikeun nyutat, napsirkeun, ngadéskripsikeun, jeung nyusun transliterasi
data nu baris ditalungtik (Suryani, 2012, kc. 74). Sedengkeun paélmuan sastra
digunakeun pikeun ngaguar ngeunaan struktur nu nyampak dina buku Tjatjarakan
karya Soeria Diradja.
3.4 Wangenan Operasional
Sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksudna, tujuan, sarta udaganana,
ditataan heula istilah-istilah anu aya patalina kana ieu panalungtikan.
a. Struktur
Nurutkeun Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda (1999, kc. 237)
struktur nyaéta carana hiji hal diwangun atawa disusun. Sedengkeun nurutkeun
Ngolah data Ngumpulkeun data
32
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Kamus Umum Bahasa Indonesia (2008, kc. 1341) struktur nyaéta cara sesuatu
disusun atau dibangun;susunan;bangunan; (2) yg disusun dengan pola tertentu;
(3) pengaturan unsur atau bagian suatu benda.
b. Buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja
Mangrupa buku pangajaran jaman baheula. Ieu buku judulna Tjatjarakan,
kaca bukuna henteu lengkep, ngan aya ti kaca 33 nepi ka kaca 126. Kitu deui ciri
identitas bukuna geus euweuh, kaasup sampul hareupna. Judul ieu buku
kapangggih dina kaca 33, aya tulisan “Tjatjarakan, Soeria Di Radja”. Harita, ieu
buku mangrupa buku pangajaran nu kungsi aya di tatar Sunda jeung digunakeun
di sakola-sakola. Ieu buku ngagunakeun aksara Cacarakan nu eusina rupa-rupa
carita, saperti carita kahirupan sapopoé, dongéng, tatarucingan, diajar nulis
Cacarakan, jeung carita bacaan séjénna.
c. Cacarakan
Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda (2007, kc. 18) Cacarakan nyaéta abjad
qt.alfabet (aksara) Sunda: ha, na, ca, ra, ka, jst., jumlahna 18 aksara. Cacarakan
mangrupa salah sahiji aksara nu kungsi digunakeun di tatar Sunda.
d. Pangajaran Maca
Pangajaran maca mangrupa hiji program anu dirarancang jeung kaasup kana
salah sahiji kaparigelan basa, nu tujuanana sangkan siswa maham jeung
nyangkem pangaweruh tina rupa-rupa téks bacaan. Téks dibagi-bagi jadi téks
pondok anu dimimitian ku daptar kekecapan nu diajarkeun jeung dibarengan ku
gambar-gambar, ogé téks anu leuwih héngkér nyaéta téks carita panjang saperti
novel anu dibasajankeun (Mackey dina Tarigan, 1988, kc. 48).
3.5 Téhnik Panalungtikan
Dumasar kana métode anu digunakeun, pikeun ngahontal tujuan dina ieu
panalungtikan, téhnik panalungtikan anu digunakeun nyaéta téhnik studi
pustaka/ulikan pustaka. jeung analisis data. Téhnik ulikan pustaka nyaéta hiji
33
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
cara ngumpulkeun jeung macaan sababaraha buku/réfrénsi nu raket patalina jeung
panalungtikan. Sedengkeun téhnik analisis data, nyaéta hiji kagiatan anu néangan
informasi sajembar-jembarna tina data-data anu geus dikumpulkeun. Téhnik
analisis data digunakeun pikeun nganalisis struktur carita nu aya dina buku
Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.
Nurutkeun J. Moleong (2007, kc. 220) téhnik analisis data disebut ogé kajian
eusi atawa analisis kontén. Kitu deui nurutkeun Weber (dina J. Moleong 2007,
kc. 220) kajian eusi nyaéta léngkah panalungtikan nu ngamanpaatkeun sababaraha
prosedur pikeun néangan kacindekan nu pasti tina hiji dokumén.
Dina ieu panalungtikan, téhnik ulikan pustaka digunakeun pikeun neangan
data atawa informasi ngeunaan teori struktur anu ngawangun karya sastra jeung
teori ngeunaan filologi nu aya patalina jeung naskah buku Tjatjarakan karya
Soeria Di Radja.
3.6 Analisis Data
Téhnik ngolah data dilakukeun sanggeus ngadéskripsikeun jeung nyusun
transliterasi naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja. Aya sababaraha
tahapan sanggeus data kakumpul, nyaéta anu mimiti nganalisis struktur anu
ngawangun eusi naskah buku Tjatjarakan. Anu kadua, mariksa data nu rék diolah.
Katilu, éta data dianalisis tuluy didéskripsikeun saluyu jeung udagan
panalungtikan. Sanggeus réngsé ngadéskripsikeun jeung nganalisis data, hasilna
dilarapkeun kana bahan pangajaran maca. Anu pamungkas nyaéta nyieun
kacindekan ngeunaan déskripsi jeung analisis struktur carita dina naskah buku
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB V PANUTUP
5.1 Kacindekan
Naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja, mangrupa hiji bukti yén di
tatar Sunda kungsi digunakeun aksara Cacarakan, sanajan éta aksara mangrupa
aksara pangaruh ti Jawa. Tapi, ayana pangaruh Jawa ka Sunda geus ngajadikeun
hiji akulturasi budaya anyar di tatar Sunda. Kitu deui, aksara Cacarakan baheula
kungsi jadi aksara resmi di tatar Sunda, salain ti aksara Latén jeung aksara Arab
Pégon. Sedengkeun aksara Sundana sorangan, kungsi pareum jeung teu
digunakeun. Ayana titinggal buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja, jadi bukti
penting ayana sajarah ngeunaan aksara Cacarakan. Kaayaanana bisa nambahan
kabeungharan kamekaran aksara di tatar Sunda.
Dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja kapanggih rupa-rupa bahan Sedengkeun nu séjénna, mangrupa kekecapan jeung kalimah basajan diajar maca
dina basa Sunda, sarta pangajaran nulis aksara Cacarakan.
Tina sakabéh carita, aya tujuh carita nu bisa dianalisis strukturna. Lantaran
henteu sakabéh carita wangunna panjang. Ku kituna nu dianalisis struktur
caritana, ngan carita anu lengkep jeung bisa dianalisis kalayan lengkep, nyaéta:
(1) “Ririwa”, (2) “Si Uja”, (3) “Dongéng Si Peucang”, (4) “Méga”, (5) “Dongéng
Bapa Satar”, (6) “Culik”, jeung (7) “Jarah”.
Tina sababaraha carita nu geus dianalisis, kapanggih rupa-rupa unsur
strukturna, nyaéta: (1) Téma, aya sababaraha téma umum nu nyampak dina
sababaraha caritana, nyaéta téma kahirupan sosial, sato, lalampahan/pangalaman,
108
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
jeung mérélé, teu aya nu galurna mundur; (3) Palaku, dina sababaraha carita
palaku atawa tokohna lolobana manusa, aya ogé anu palakuna jin jeung sato; (4)
Latar, dina sababaraha carita lolobana mangrupa galur fisik nu ngawengku ngaran
patempatan jeung wewengkon, sedengkeun latar psikologis nu kapanggih
diantarana kaayaan batin, rasa kasieun, hariwang jeung bungah.
Sabada ditalungtik, téks-téks carita nu aya dina naskah buku Tjatjarakan
karya Soeria Di Radja bisa dijadikeun alternatif bacaan pikeun bahan pangajaran
maca di sakola. Di antarana pikeun bahan pangajaran maca dongéng. Bahan
pangajaran maca dongéng anu dipaké nyaéta dongéng “Bapa Satar”. Ieu carita
miboga kaonjoyan batan carita nu séjénna, diantarana loba ajén nu bisa
dicangking tina ieu carita. Eusi tina téks nu aya dina naskah buku ajar Tjatjarakan
lolobana mangrupa téks bacaan nu dipikaresepeun, lantaran ngandung unsur
budaya jeung atikan nu hadé.
5.2 Rékoméndasi
Sabada nalungtik naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja, aya
sababaraha hal anu kudu diperhatikeun jeung ditepikeun boh ka anu maca boh ka
lembaga atikan.
1) Ka anu maca, dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja euyeub pisan
bahan pangajaran nu bisa dijadikeun pikeun bahan alternatif pangajaran di
sakola. Lantaran caritana réa pisan ku carita paguneman sapopoé,
dongéng, carita déskriptif, ogé ngeunaan basana nu basajan sarta gampang
dipikaharti ku balaréa.
2) Ka lembaga atikan, sangkan kaayaan naskah jeung aksara jaman baheula
dipikawanoh deui ku masarakat balaréa di jaman kiwari, kudu aya
sosialisasi ngeunaan naskah ka masarakat, boh dina dunya atikan boh di
masarakat umum. Kitu deui perlu aya bukti nyata dina ngalarapkeun
aksara. Saperti misalna dina ngaran-ngaran di sapanjang jalan kudu
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
109
DAFTAR PUSTAKA
Abidin, Y. (2012). Pembelajaran Membaca Berbasis Pendidikan Karakter.
Bandung: Refika Aditama.
Amminudin. (1987). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru
Algesindo.
Baried, S. spk. (1985). Pengantar Teori Filologi. Jakarta: Pusat Pembinaan
Dan Pengembangan Bahasa. Depdikbud.
Danadibrata, R.A. (2006) Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Departemen Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Bahasa Indonesia. Jakarta:
Pusat Bahasa.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat (2007) Standar Kompetensi Dan
Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung:
Disdik.
Jamaluddin. (2003) Problematik Pembelajaran Bahasa Dan Sastra. Jogjakarta:
Adicita.
Kamus Umum Basa Sunda. (2007). Bandung: Geger Sunten
Koswara, D (2010). Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Universitas Pendidikan Indonesia.
Moleong, L. (2007). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Rosda.
Novakovich, J. (2003). Berguru Kepada Sastrawan Dunia. Bandung: Kaifa.
Pudjiastuti, T. (2006). Naskah & Studi Naskah Sebuah Antologi. Bogor:
Akademia
Ruhaliah. (2012). Pedoman Ringkas Transliterasi, Edisi, dan Terjemahan Aksara
Sunda Kuna, Buda, Cacarakan dan Pegon. Bandung: Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia.
Ruhimat, Spk. (2009). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: Tim Pengembang
MKDP Kurikulum dan Pembelajaran.
110
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Suryani, E. (2012). Filologi. Bogor: Ghalia.
Tamsyah, B. Spk. (1999). Kamus Istilah Basa Jeung Sastra Sunda. Bandung:
Pustaka Setia.
Tarigan, H. (1988). Metodologi Pengajaran Bahasa 2. Bandung: Angkasa.
Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.
Deden Muhidin, 2014
Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR PUSTAKA
Abidin, Y. (2012). Pembelajaran Membaca Berbasis Pendidikan Karakter.
Bandung: Refika Aditama.
Amminudin. (1987). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru
Algesindo.
Baried, S. spk. (1985). Pengantar Teori Filologi. Jakarta: Pusat Pembinaan
Dan Pengembangan Bahasa. Depdikbud.
Danadibrata, R.A. (2006) Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Departemen Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Bahasa Indonesia. Jakarta:
Pusat Bahasa.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat (2007) Standar Kompetensi Dan
Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung:
Disdik.
Jamaluddin. (2003) Problematik Pembelajaran Bahasa Dan Sastra. Jogjakarta:
Adicita.
Kamus Umum Basa Sunda. (2007). Bandung: Geger Sunten
Koswara, D (2010). Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Universitas Pendidikan Indonesia.
Moleong, L. (2007). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Rosda.
Novakovich, J. (2003). Berguru Kepada Sastrawan Dunia. Bandung: Kaifa.
Pudjiastuti, T. (2006). Naskah & Studi Naskah Sebuah Antologi. Bogor:
Akademia
Ruhaliah. (2012). Pedoman Ringkas Transliterasi, Edisi, dan Terjemahan Aksara
Sunda Kuna, Buda, Cacarakan dan Pegon. Bandung: Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia.
Ruhimat, Spk. (2009). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: Tim Pengembang
MKDP Kurikulum dan Pembelajaran.
108
Suryani, E. (2012). Filologi. Bogor: Ghalia.