• Tidak ada hasil yang ditemukan

MODÉL PANGAJARAN TIMBAL-BALIK (RECIPROCAL TEACHING) DINA MACA CARITA PONDOK.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MODÉL PANGAJARAN TIMBAL-BALIK (RECIPROCAL TEACHING) DINA MACA CARITA PONDOK."

Copied!
35
0
0

Teks penuh

(1)

No.840/FPBS/0251/2015

MODÉL PANGAJARAN TIMBAL-BALIK (RECIPROCAL TEACHING)

DINA MACA CARITA PONDOK

(Studi Kuasi Éksperimén ka Siswa Kelas VIII-A MTs Khoerul Falah Taun Ajaran 2014/2015)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat ngahontal gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku Wafa Shofiani NIM 1105047

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

(2)
(3)

No.840/FPBS/0251/2015

MODÉL PANGAJARAN

TIMBAL-BALIK

(

RECIPROCAL TEACHING

)

DINA MACA CARITA PONDOK

(Studi Kuasi Éksperimén ka Siswa Kelas

VIII-A MTs Khoerul Falah

Taun Ajaran 2014/2015)

Oleh Wafa Shofiani

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

© Wafa Shofiani 2015 Universitas Pendidikan Indonesia

Januari 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(4)

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

MODEL PEMBELAJARAN TIMBAL-BALIK (RECIPROCAL TEACHING)

DALAM MEMBACA CERITA PENDEK

(Studi Kuasi Eksperimen kepada Siswa Kelas VIII-A MTs Khoerul Falah Tahun Ajaran 2014/2015

Wafa Shofian

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi kurangnya kemampuan siswa dalam membaca cerita pendek yang bertujuan untuk menguji dan mendeskripsikan bagaimana pelaksanaan pengajaran menggunakan model pembelajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dalam membaca cerita pendek di kelas VIII-A MTs Khoerul Falah. Metode yang digunakan adalah metode studi kuasi eksperimen, dengan sumber data kelas VIII-A MTs Khoerul Falah. Desain yang digunakan adalah one group pretest dan posttest. Instrumen yang digunakan dalam pengumpulan data adalah instrumen tes sebelum dan sesudah menggunakan model pembelajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching). Data yang diperoleh dianalisis menggunakan analisis t-test. Berdasarkan hasil penelitian yang telah dilakukan, diperoleh gambaran sebagai berikut: (1) model pembelajaran Timbal-Balik

(Reciprocal Teaching) dapat meningkatkan hasil belajar siswa. rata-rata hasil belajar

membaca cerita pendek siswa kelas VIII-A sebelum menggunakan model pembelajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) adalah (60,18) belum mencapai standar Ketuntasan Minimal (KKM), sedangkan rata-rata setelah menggunakan model pembelajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) adalah (77,68) sudah mencapai standar Ketuntasan Minimal (KKM); (2) Setelah dilakukan analisis dengan t-test diperoleh harga (7,96) >

(2,47). Dengan demikian terbukti bahwa model pembelajaran Timbal-balik

(Reciprocal Teaching) dapat meningkatkan hasil belajar membaca cerita pendek pada

siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah.

(5)

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1 Skripsi ini dibawah bimbingan Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Hernawan, S.Pd., M.Pd. 2 Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah angkatan 2011

MODELS OF RECIPROCAL TEACHING IN SHORT STORY READING

(Study Quasi Eksperimen at Students Class VIII-A MTs Khoerul Falah Taun Ajaran 2014/2015

Wafa Shofian

ABSTRACT

(6)

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

(7)

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.1 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.3.1 Mangpaat Tioritis ... 6

1.3.1 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II ULIKAN PUSTAKA ... 8

2.1 Ulikan Pustaka ... 8

2.1.1 Modél Pangajaran... 8

2.1.1.1 Wangenan Modél Pangajaran ... 8

2.1.1.2 Rumpun Modél Pangajaran ... 8

2.1.1.3 Unsur-unsur Modél Pangajaran... 10

2.1.2 Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) ... 10

2.1.2.1 Wangenan Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) ... 10

2.1.2.2 Prinsip-prinsip Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) ... 11

(8)

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.3 Maca ... 12

2.1.3.1 Wangenan Maca ... 12

2.1.3.2 Tujuan Maca... 13

2.1.3.3 Papasingan Maca ... 14

2.1.3.4 Faktor-faktor anu Nangtukeun Kamampuh Maca... 16

2.1.4 Carita Pondok ... 17

2.1.4.1 Wangenan Carita Pondok ... 17

2.1.4.2 Ciri-ciri Carita Pondok ... 17

2.1.4.3 Papasingan Carita Pondok...18

2.1.4.4 Unsur-unsur dina Carita Pondok ... 19

2.1.5 Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina Maca Carita Pondok ... 21

2.1.5.1 Orientasi ... 21

2.1.5.2 Léngkah-léngkah diajar ... 22

2.2 Panalungtikan Saméméhna ... 23

2.3 Kalungguhan Tiori ... 23

2.4 Raraga Mikir ... 24

2.5 Hipotésis ... 25

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 26

3.1 Desain Panalungtikan ... 26

3.2 Sumber Data ... 26

3.3 Instrumén Panalungtikan ... 26

3.3.1 Kisi-Kisi Instrumén Tés ... 27

3.3.2 Uji Validitas ... 27

3.3.3 Uji Réabilitas ... 29

3.4 Prosedur Panalungtikan ... 30

3.5 Analisis Data ... 32

3.5.1 Téhnik Ngolah Data ... 32

3.5.2 Uji Sipat Data ... 33

(9)

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5.2.2 Uji Homogénitas ... 35

3.5.3 Uji Gain ... 36

3.5.4 Uji Hipotésis ... 36

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 39

4.1 Hasil Panalungtikan ... 39

4.1.1 Kamampuh Maca Carita Pondok Siswa Kelas VIII-A MTs Khoerul Falah Taun Ajaran 2014/2015 Saméméh Ngagunakeun Modél Pangajaran Timbal-Balik (Reciprocal Teaching) ... 39

4.1.2 Kamampuh Maca Carita Pondok Siswa Kelas VIII-A MTs Khoerul Falah Taun Ajaran 2014/2015 Sabada Ngagunakeun Modél Pangajaran Timbal-Balik (Reciprocal Teaching) ... 41

4.1.3 Uji Béda Kamampuh Maca Carita Pondok Siswa Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Modél Kooperatip TGT ... 43

4.1.3.1 Uji Sipat Data ... 43

4.1.3.1.1 Uji Normalitas ... 43

4.1.3.1.2 Uji Homogénitas ... 49

4.1.4 Uji Gain ... 50

4.1.5 Uji Hipotésis ... 52

4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan... 53

BAB V KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG REKOMENDASI ... 57

5.1 Kacindekan ... 57

5.2 Implikasi ... 58

5.3 Rekomendasi ... 58

DAPTAR PUSTAKA ... 59

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 61

(10)

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB 1

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Maca mangrupa salah sahiji kaparigelan nu wajib dikawasa ku siswa. Kaparigelan maca mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan basa salian ti kaparigelan ngaregepkeun, nyarita, jeung nulis. Kaparigelan basa ieu salawasna silih pangaruhan sarta raket hubunganana jeung prosés-prosés nu jadi dadasar makéna basa.

Gillet jeung Temple (dina Lestari 2011, kc. 67) nétélakeun yén reading is making sense of written language. Maca nya éta méré ma’na kana basa tinulis.

Méré ma’na remen disebut nyangkem eusi bacaan anu mangrupa kagiatan paling dasar tina prosés maca. Esénsi tina kagiatan maca mangrupa pamahaman bacaan. Sinom (dina Lestari 2011, kc. 67) nyebutkeun yén pamahaman nya éta hiji prosés mental salaku wujud tina aktivitas kognisi anu teu bisa ditempo. Produk tina pamahaman téh nya éta kalakuan nu dihasilkeun sanggeus prosés pamahaman éta lumangsung, contona ngajawab patalékan, boh sacara lisan atawa tinulis.

Dina dunya atikan kagunaan maca kacida pentingna. Ku cara maca pangaweruh siswa bisa leuwih jembar, siswa bisa leuwih ngamekarkeun dirina sacara optimal sarta bisa meunang sagala informasi anu diperlukeun dina prosés diajar-ngajar. Pangajaran maca mangrupa pangajaran anu diajarkeun di SMP kaasup anu rek ditalungtik nya éta pangajaran maca carita pondok. Sakumaha geus ditangtukeun ku Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat anu dirumuskeun dina Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar. Kompetensi Dasar nya éta ieu di handap.

8.1.1 Menghargai, menghayati, dan mensyukuri bahasa Sunda sebagai anugrah

Tuhan yang Maha Esa sebagai sarana komunikasi melalui Rumpaka Kawih,

Guguritan, Sisindiran, Bahasan, CARPON, Surat, Warta, dan Biantara.

8.2.1 Menunjukkan perilaku jujur, tanggung jawab, percaya diri, peduli, dan

santun dalam menggunakan bahasa Sunda untuk memahami Rumpaka

(11)

2

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

8.3.8 Mengidentifikasi dan menganalisis CARPON sesuai dengan

kaidah-kaidahnya.

8.4.8 Menanggapi dan menyusun teks CARPON dengan memperhatikan

kaidah-kaidahnya.

Masalah anu kapanggih di lapangan nya éta kurangna minat siswa dina maca, lantaran siswa teu ngabogaan sumanget pikeun ngabogaan kasadaran diri hayang terus ngaronjatkeun kabiasaan maca sahingga kamampuh maca siswa tacan kalaksanakeun sacara optimal. Hal anu ngalantarankeun kurangna minat maca sarta pamahaman kana eusi bacaan anu di baca siswa nya éta kurangna motivasi tina diri siswa jeung kurangna model pangajaran anu ngirut, hal ieu jadi salah sahiji faktor anu ngabalukarkeun ayanana pasualan sahingga mangaruhan kana proses diajar-ngajar, antukna siswa teu ngabogaan sikep daria kana diajar utamana maca. Salian ti kompetensi atawa tujuan pangajaran moal kahontal, ogé mangaruhan kana pamahaman siswa, anu antukna moal bisa nyangkem atawa méré tanggapan kana ma’na jeung informasi bacaan nu dibacana.

Salian ti éta, aya ogé faktor séjén nu ngalantarankeun kurangna kamampuh maca siswa nya éta guru salaku pangatik. Kurangna guru dina méré kasempetan ka siswa pikeun aktif dina prosés diajar-ngajar, kaayaan prosés diajar-ngajar nu masih lumangsung sacara monoton ku ngagunakeun pola tradisional nya éta saperti guru nerangkeun di hareup, siswa ngaregepkeun bari nyatet satuluyna siswa dibéré latihan soal. Kitu lumangsungna diajar-ngajar ti mimiti nepi ka jam diajar béak. Kondisi nu saperti kitu kurang kondusif dina ngarojong kamekaran kamampuh maca siswa anu antukna ngajadikeun siswa kurang kritis, kurang aktif jeung henteu kréatif. Guru miboga pancén pikeun ngajembaran misi jeung fungsi anu jadi tanggung jawabna,nurutkeun Darodhiharjo dina (Marno & Idris, kc.18) aya tilu pancén guru: ngadidik, ngajar, jeung ngalatih.

(12)

3

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

leuwih loba komunikasi ngajak siswa supaya leuwih aktif, sangkan siswa babari ngamekarkeun dirina dina ngedalkeun pamahaman pikeun nepikeun gagasan-gagasan anu dipibogana ka siswa séjén atawa ka guruna. Variasi diajar nu dilakukeun ku guru dimaksudkeun supaya siswa bisa kairut kana materi anu diajarkeun, ngajaga saimbangna prosés diajar-ngajar boh sacara fisik atawa méntal, ngahudang motivasi diajar siswa salila proses diajar-ngajar lumangsung. Ku ayana interaksi unggal siswa jeung guruna bisa leuwih ngaronjatkeun kamampuh siswa ku cara silih nanya, diskusi, atawa silih ngajéntrékeun sahingga kaayaan kelas teu monoton kitu ogé siswa bakal leuwih ka motivasi dina lumangsungna diajar-ngajar. Kagiatan saperti kitu bisa dipaké dina sakabeh kagiatan diajar-ngajar kaasup ogé kagiatan maca.

Sakumaha standar kompeténsi, salah sahiji matéri anu kudu diajarkeun di kelas VIII patali jeung maca nya éta maca carita pondok. Tujuan utama pangajaran maca carita pondok nya éta pikeun méré kasempetan ka siswa supaya bisa neangan jeung meunang pangaweruh nu jembar, néangan jeung meunang informasi, sarta nyangkem kana ma’na bacaan anu satuluyna bisa méré tanggapan

kana éta bacaan jeung nepikeun naon anu keur di bacana dina wangun karangan carita pondok. Kompeténsi ieu dipiharep bisa ningkatkeun pangaweruh jeung kamampuh siswa dina maca anu ngan lain saukur siswa ngalaksanakeun kagiatan maca lantaran kapaksa pikeun ngaréngsékeun pancén-pancén ti guruna tapi bisa dijadikeun hiji kagiatan anu dipikaresep jeung dijadikeun kabutuhan anu mangaruhan kana préstasi diajar siswa.

Anapon dina ulikan pangajaran nu medar ngeunaan penerapan model Timbal-balik (Reciprocal Teaching) nu geus aya nya éta “Modél Pangajaran Timbal-balik

(Reciprocal Teaching) pikeun Ningkatkeun Kamampuh Maca Pamahaman Artikel” (Skripsi Leny Lestari, 2007) anu ngadéskripsikeun Studi Ekspérimén ka siswa kelas XI-D SMP Negri Lémbang. Hal anu jadi sasaruan jeung nu rék ditalungtik nya éta modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching).

Sedengkeun anu ngabédakeunana nya éta matéri ajar, métode pangajaran jeung sumber data nu rék ditalungtik. Aya ogé nu geus medar di Jurusan Pascasarjana

(13)

4

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(Reciprocal Teaching) bagi Peningkatan Kemampuan Membaca Pemahaman

(Studi Éksperimén Kuasi terhadap Siswa Kelas VIII SMPN 1 Kota Tasikmalaya)”

(Tesis Sri Mulyani, 2009). Hasil panalungtikanna kapaluruh yén modél Timbal-balik (Reciprocal Teaching) sacara signifikan cukup éféktif dina ngaronjatkeun

kamampuh maca pamahaman siswa. Dina lumangsungna pangajaran maca katitén siswa leuwih aktif jeung antusias dina diajarna. Hal ieu lantaran guru leuwih nagjak aktif ka siswa pikeun silih tanya jawab, ngajelaskeun jeung nepikeun gagasan-gagasan pikiran nu patali jeung eusi wacana nu dibacana. Anu jadi sasaruan nya éta dina modél jeung métode pangajaran nu digunakeun, sedengkeun nu ngabedakeunna nya éta matéri ajar jeung sumber data. Dina ieu panalungtikan anu jadi sumber data nya éta MTs Khoerul Falah. Materi pangajaran nu baris di talungtik nya éta carita pondok, sedengkeun métode panalungtikan nya éta kuasi ékspérimén.

Ku kituna, ieu panalungtikan dilaksanakeun kalawan gemet sangkan bisa ngaréngsékeun pasualan-pasualan nu geus aya, salah sahijina ku cara guru kudu bisa ngawangun suasana diajar anu kréatif jeung inovatif supaya prosés diajar-ngajar teu monoton ogé bisa ngajak leuwih loba siswa interaksi sahingga siswa leuwih bisa ngamekarkeun pangaweruhna jeung sakabéh poténsi nu dipibogana.

Dumasar kana pedaran di luhur, panalungtikan anu judulna Modél Pangajaran

Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina Maca Carita Pondok (Studi Kuasi

Éksperimén ka Siswa Kelas VIII-A MTs. Koérul Falah Taun Ajaran 2014/2015) perlu dilakukeun.

1.2Rumusan Masalah

(14)

5

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kasang tukang masalah di luhur, mangka nu jadi masalah panalungtikana dirumuskeun dina wangun kalimah pananya di handap.

a. Kumaha kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah saméméh ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching)?

b. Kumaha kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah sabada ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching)?

c. Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah saméméh jeung sabada digunakeun modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching)?

1.3Tujuan Panalungtikan

Ieu panalungtikan miboga dua tujan nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum tujuan dina ieu panalungtikan nya éta nguji modél pangajaran

Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok.

1.3.2 Tujuan Husus

Dumasar kana masalah anu geus dirumuskeun di luhur, sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan hayang ngadéskripsikeun:

a. kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah saméméh ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching);

b. kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah sabada ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching);

jeung

c. béda anu signifikan antara kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah saméméh jeung sabada digunakeun modél pangajaran

(15)

6

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.4Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat dina ieu panalungtikan kabagi dua nya éta mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nya éta pikeun nyeuyeuban pangaweruh tiori métodologi pangajaran ngeunaan kamampuh maca sarta bisa jadi alternatif dina prosés diajar-ngajar utamana dina milih modél pangajaran anu leuwih éféktif jeung inovatif dina pangajaran maca carita pondok.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Anu jadi mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap. a. Pikeun guru, modél ieu bisa dijadikeun alternatif dina ngajar sangkan prosés

diajar-ngajar bisa leuwih variatif jeung teu monoton;

b. Pikeun siswa, bisa leuwih aktif dina prosés diajar ngajar ku ayana sumanget sahingga bisa maham kana naon anu dibacana; jeung

c. Pikeun nu nalungtik, bisa leuwih ngaronjatkeun kualitas paélmuan jeung ngaimpléméntasikeun modél pangajaran anu saluyu pikeun pangajaran maca.

1.5Raraga Tulisan

Dina ieu skripsi ngawengku lima bab anu ngagunakeun raraga nulis saperti di handap ieu.

Dina bab I dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga nulis.

Bab II eusina ngeunaan Ulikan Pustaka anu ngawengku Modél Pangajaran, Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching), Maca, Carita Pondok

Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina Maca Carita Pondok,

(16)

7

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dina bab III dipedar ngeunaan Desain Panalungtikan, Sumber Data Panalungtikan, Instrumén Panalungtikan, Prosedur Panalungtikan, jeung Analisis Data.

Bab IV eusina ngeunaan Hasil Panalungtikan jeung Pedaran Hasil Panalungtikan Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina Maca

Carita Pondok.

(17)

8

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

(18)

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan kuantitatif. Métode panalungtikanna métode kuasi ékspérimen. Hal ieu luyu jeung pamanggih Arikunto (2010, kc. 123) nétélakeun yén aya tilu desain panalungtikan, nya éta (1) one shot study, (2) pretest-postes, jeung (3) static group comparison. Desainna one group pretest-posttest design. Observasi anu dilakukeun dina ieu desain

dilakukeun dua kali, nya éta saméméh panalungtikan jeung sabada panalungtikan. Observasi anu dilakukeun saméméh panalungtikan (O1) disebut pre-test, sedengkeun sabada panalungtikan (O2) disebut post-test. Sangkan leuwih jénté desain panalungtikan bisa katitén dina bagan ieu di handap.

Bagan 3.1 Katerangan:

O1 = Pretest (hasil panalungtikan saméméh perlakuan)

X = treatment (diajar maca carita pondok ngagukeun modél pangajaran Timbal-balik)

O2 = posttest (hasil panalungtikan sabada ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik)

Arikunto (2010, kc. 123)

3.2 Sumber Data

Arikunto (2010, kc. 172) nétélakeun yén sumber data mangrupa subjék timana data dimeunangkeun. Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah taun ajaran 2014/2015 anu jumlahna 28 ngawengku 13 lalaki jeung 15 awéwé. Anu jadi data ieu panalungtikan nya éta kamampuh maca carita pondok siswa.

3.3 Instrumén Panalungtikan

Arikunto (2010, kc. 203) nétélakeun yén Instrumén panalungtikan téh nya éta alat atawa fasilitas nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan

(19)

27

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

leuwih babari jeung hasilna leuwih alus, dina harti taliti, lengkep, jeung sistematis nepi ka bakal leuwih babari dina ngolah data. Dina ieu panalungtikan instrumén nu digunakeun nya éta lembar tés wangun objéktif pilihan ganda.

Tes mangrupa réntétan patalékan atawa latihan sarta hiji alat anu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan , pangaweruh inteligensi, kamampuan atawa bakat nu dipiboga ku individu atawa kelompok (Arikunto 2010, kc. 193). Tes dilakukeun pikeun ngumpulkeun data, nya éta pikeun ngukur kamampuh siswa dina maham eusi teks. Tes anu dilaksanakeun nya éta pretes jeung posttest. Tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta dina wangun soal-soal objektif tinulis anu ngawengku tés pilihan ganda. Soal-soal tés jumlahna 20 soal. Sangkan

leuwih jéntré, ieu di handap dipedar kisi-kisi soal pretest jeung posttest.

3.3.1 Kisi-kisi Instrumen Tés

Kisi soal dina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun méré watesan ngeunaan instrumén anu bakal dibikeun ka siswa. Kisi-kisina saperti ieu di handap.

Tabél 3.1

Kisi-kisi Instrumen Tés Kamampuh Maca Carita Pondok

Pretest jeung Posttes

No. Unsur Intrinsik

Carpon Jenjang Kognitif Jumlah Soal

(20)

28

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Validitas nya éta hiji ukuran anu nunjukrun tingkatan valid henteuna hiji instrumen. Instrumén anu valid miboga validitas nu luhur, sedengkeun instrumén nu kurang valid miboga validitas nu handap. Hiji instrumén bisa disebut valid saupama mampu ngukur naon nu dibutuhkeun, bisa ngungkeb data tina variabel nu ditaliti sacara tepat. Rumusna nya éta:

(Arikunto 2010, kc. 213) Katerangan:

= koéfisién korélasi antaravariabel x jeung variabel y n = jumlah subyék

x = X- ̅, simpangan rata-ratatina data kelompok variabel X y = Y- ̅, simpangan rata-rata tina data kelompok variabel Y

Nurutkeun Arikunto (2013, kc. 75) klasifikasi validitas dijelaskeun dina tabél di handap.

(21)

29

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

8 0,62 Luhur

Nurutkeun Masrun (dina Sugiyono, 2012, kc. 188) yén ayana sarat minimum pikeun dianggap nyumponan sarat validitas nya éta r = 0,3. Katitén tina tabél diluhur, instrumén dina butir soal > 0,3 sahingga butir soal dina ieu instrumén valid.

3.3.3 Uji Réabilitas

Réabilitas nya éta tolak ukur hiji instrumén anu digunakeun salaku alat ngumpulkeun data naha éta instrumén geus ajeg atawa bisa dipercaya. Téhnik anu digunakeun dina ieu uji réabilitas nya éta téhnik beulah dua ganjil genap ( split-halp method). Mimitina hasil tés dibagi 2 jadi skor nomor ganjil jeung skor nomor

genap. Koéfisién belahan di notasikeun ku

sarta bisa diitung ngagunakeun rumus korélasi angka kasar pearson. Tuluy koéfisién réabilitas sagemblengna

diitung maké rumus Spearman Brown.

(22)

30

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Klasifikasi réabilitas digambarkeun dina tabél di handap.

Tabél 3.4

Uji réabilitas instrumén dilakukeun ngagunakeun microsoft excel. Hasil

koéfisién belahan

= 0,84 , sedengkeun koéfisién sagemblengna . Sakumaha kritéria koéfisién réabilitas di luhur ieu soal kaasup kana drajat réabilitas luhur. Ku kituna, dumasar kana uji validitas jeung réabilitas di luhur, instrumén soal anu digunakeun geus nyumponan kritéria valid jeung réliabel sahingga ieu instrumén bisa digunakeun pikeun alat ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan.

3.4 Prosedur Panalungtikan

Prosedur panalungtikan mangrupa léngkah-léngkah anu bakal dilaksanakeun dina panalungtikan. Pamarekan ieu panalungtikan nya éta desain kuantitatif kalawan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén. Desain anu anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta pretest-posttest. Prosédur panalungtikan baris

ditétélakeun ieu di handap.

1) Tatahar

(23)

31

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Anu jadi variabél dina ieu panalungtikan aya dua, nya éta variabel bébas mangrupa variabél anu dipangaruhan ku variabel lianna, dina ieu panalungtikan nya éta Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) anu mangaruhan.

Sedengkeun variabel kauger mangrupa variabel anu dipangaruhan ku variabel bébas, dina ieu panalungtikan nya éta kamampuh siswa kelas VIII-A MtsKhoerul Falah dina maca carita pondok.

2) Ngalaksanakeun Panalungtikan jeung Ngumpulkeun Data

Sakumaha masalah anu kapanggih dina pangajaran maca, pikeun ngumpulkeun data panalungtik ngalaksanakeun panalungtikan ka kelas. Téhnik anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés anu dilaksanakeun dua kali nya éta pretest anu dilaksanakeun saméméh ngagunakeun modél nya éta pikeun

mikanyaho kamampuh maca carita pondok siswa saméméh ngagunakeun Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching). Tés kadua nya éta posttest anu

dilaksanakeun sabada ngagunakeun modél, anu tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh maca carita pondok siswa sabada ngagunakeun Modél Pangajaran

Timbal-balik (Reciprocal Teaching).

Léngkah-léngkah nu dilaksanakeun dina téhnik ngumpulkeun data nya éta ieu di handap.

a. Siswa maca hiji carpon ”Duh Indung” kalawan taliti

b. Siswa ngerjakeun pretest.

c. Siswa ngaregepkeun matéri ngeunaan carpon anu ditepikeu ku guru.

d. Siswa dijelaskeun ku guru ngeunaan tahap-tahap pangajaran maca carita pondok ku ngagunakeun Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) nu ngawengku: ngaramalkeun, nyieun patalékan/jawaban,

ngajelaskeun, jeung ngarangkum, siswa ngaregepkeun sangkan bisa nyangkem pangajaran ieu.

e. Siswa maca hiji carpon kalawan taliti nu eusina kudu diramalkeun ku siswa. f. Siswa ngalaksankeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun Modél Pangajaran

Timbal-balik (Reciprocal Teaching).

g. Siswa jeung guru nyimpulkeun hasil pangajaran.

(24)

32

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ku ayana ieu panalungtikan bisa katitén bédana kamampuh maca siswa tina data pretest jeung posttest.

3) Nganalisis Data

Sanggeus dilaksanakeun panalungtikan geus tangtu aya data pretest jeung posttest, sahingga panalungtik miboga pancén pikeun nganalisis data ku cara

naggunakeun rumus-rumus statistik.

4) Kacindekan

Sanggeus dilaksanakeun sakabéh prosedur panalungtikan anu ngawengku tatahar, ngalaksanakeun panalungtikan, jeung nganalisis data, panalungtik nyieun kacindekan tina sakabéh prosés anu geus dilaksanakeun salila panalungtikan.

3.5 Analisis Data

3.5.1 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data digunakeun pikeun maluruh jawaban tina pasualan anu kapanggih dina panalungtikan. Ngolah data miboga tujuan pikeun mikanyaho hasil pretest jeung posttest sahingga kapaluruh bédana antara hasil pretest jeung

hasil posttest sarta pikeun ngajawab masalah-masalah anu karandapan salila

panalungtikan.

Ngolah data tés dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap. 1) Mariksa hasil pretest jeung posttest

2) Méré peunteun hasil pretest jeung posttest, ngagunakeun rumus:

Katerangan: P = peunteun

Skor siswa = peunteun siswa

Skor maksimal = peunteun maksimal

3) Skor ahir siswa diasupkeun kana tabél di handap. Tabél 3.5

Skor Hasil Peunteun Siswa

No Nama C1 C2 C3 P % Katégori

P =

(25)

33

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

∑ Peunteun ≤ 75 dianggap can mampuh

3.5.2 Uji Sipat Data

Data hasil ngolah diuji sipat datana ku cara uji normalitas jeung uji homogénitas.

3.5.2.1 Uji Normalitas

Uji normalitas ditujukeun pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa téh mibanda distribusi anu normal. Salaku sarat anu kudu dicumponan pikeun nguji kamampuh dua rata-rata, pikeun nangtukeun yén data téh mibanda sipat anu normal atawa henteu, bisa ngagunakeun rumus chi kuadrat ( .

Saméméh ngagunakeun chi kuadrat, dilakukeun heula léngkah-léngkah saperti ieu di handap.

1) Nangtukeun nilai panggedéna jeung pangleutikna 2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus di handap.

3) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus:

4) Nangtukeun panjang kelas interval

r = Peunteun pangluhurna – Peunteun panghandapna

k = 1 + 3,3 log n

(26)

34

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5) Nyieun tabél frékuénsi peunteun tés awal (pretest) jeung tés ahir (posttest)

kalawan ngagunakeun tabél ieu di handap. Tabél 3.6

Format Frékuénsi Peunteun pretest jeung posttest

No Kelas Interval

6) Ngitung rata-rata tés awal (pretest) jeung tés ahir (posttest) kalawan rumus:

Katerangan: ̅: rata-rata

∑ : jumlah

fi : jumlah data xi : nilai tengah

(Sudjana, 2005, kc. 70) 7) Néangan standar deviasi, ngagunakeun rumus:

8) Ngitung frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspétasi. Carana nya éta: a) Nyieun tabél frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspétasi (perkiraan)

Tabél 3.7

Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspétasi Interval Oi BK L

b) Nangtukeun Oi (frékuénsi observasi) c) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

̅ = ∑ ∑

Sd = √ ∑

(27)

35

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu d) Ngitung (transformasi normal standar bébas kelas)

e) Nangtukeun

f) Nangtukeun lega kelas interval (L)

g) Ngitung frékuénsi ékspétasi, ku cara:

h) Nangtukeun chi kuadrat anu rumusna

(Sudjana 2005, kc. 273) i) Nangtukeun derajat kabébasan (dk)

(Sudjana 2005, kc. 293) j) Nangtukeun harga

k) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap.

Lamun hartina distribusi data normal, tapi upama Lamun hartina distribusi data teu normal

Sabada dilaksanakeun uji normalitas, sarta data anu dihasilkeunana normal, hal anu kudu dilaksanakeun satuluyna nya éta uji homogénitas varian anu fungsina pikeun nangtukeun uji paramétrik nu luyu.

3.5.2.2 Uji Homogénitas

Uji homogénitas dilaksanakeun pikeun mikanyaho homogén atawa henteuna variasi sampel dina populasi anu sarua, pikeun nangtukeun homogén henteuna nya éta ngaliwatan léngkah-léngka saperti di handap.

1) Nangtukeun variasi masing-masing kelompok kalawan ngagunakeun rumus: Variasi tés awal (pretest)

Z = ̅

L =

Ei = n x L

(28)

36

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Variasa tés ahir (posttest)

(Sudjana 2005, kc. 95) 2) Ngitung harga variasi (F)

3) Ngitung derajat kabébasan

4) Nangtukeun harga

5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria hartina variasi sampel homogén hartina distribusi data teu homogén

(Sudjana, 2005, kc. 250)

3.5.3 Uji Gain

Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun béda antara hasil pretest jeung posttest. Hasil tina uji gain bisa méré gambaran ngeunaan pangaruh dilarapkeunna

modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

ka siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah Taun Ajaran 2014/2015. Tabél 3.8

Uji Gain. Tingkat Kamampuh Maca Carita Pondok

No. Nama Siswa Pretest Posttest D

̅

= ∑ ∑

∑ ∑

F =

(29)

37

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.5.4 Uji Hipotésis

Dina nguji hipotésis aya dua cara. Kahiji, saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun yén data miboga distribusi anu normal, dina nguji éta data téh hipotésisna ngagunakeun statistik paramétris kalawan ngagunakeun uji t- tés. Kadua, saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga distribusi anu teu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun statistik non-paramétris kalawan ngagunakeun uji Wilconon.

1) Statistik Paramétris

Statistik paramétris digunakeun saupama data miboga distribusi normal. Léngkah-léngkah dina statistik paramétris nya éta ieu di handap.

a) Ngitung rata-rata tina béda antara peunteun tés awal jeung tés ahir, rumusna:

b) Ngitung derajat kabébasan

c) Ngitung jumlah kuadrat deviasi

d) Ngitung I

e) Ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu di handap.

 Saupama > hartina hipotésis ditarima, yén aya béda anu signifikan antara kamampuh siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah

Md =

dk = n - 1

∑ ∑ ∑

t =

(30)

38

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Taun Ajaran 2014/2015 saméméh jeung sabada dilarapkeuna modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok.

 Saupama < hartina hipotésis ditolak, yén aya béda anu signifikan antara kamampuh siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah Taun Ajaran 2014/2015 saméméh jeung sabada dilarapkeuna modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok.

2) Statistik Non-Parametris

Statistik non-parametris digunakeun saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun yén data miboga distribusi data nu teu normal, dina nguji éta data kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon. Sudjana (2005, kc. 450) léngkah-léngkah uji Wilcoxon nya éta:

a) asupkeun peunteun pretest kana kolom ka-2 (VIIIA1);

b) asupkeun peunteun posttest siswa kana kolom ka-3 (VIIIB1);

c) itung bédana pretest jeung posttest ku cara VIIIB1-VIIIA1 tuluy asupkeun

hasilna kana kolom ka-4;

d) nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti nilai béda anupangleutikna nepi ka panggedéna;

e) sanggeus ditataan (misalna aya nilai nu sarua) pikeun nangtukeun jenjangna éta nilai dijumlahkeun tuluy dibagi dua. Nilai tina hasil ngabagi mangrupa hasil jenjang;

f) sanggeus ditataan, asupkeun nilai jenjang JB kana kolom ka-5;

g) ngasupkeun nilai jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya nilai anu béda anu négatif kana kolom ka-7;

h) tingali kana tabél harga-harga kritis uji Wilcoxon, misal jumlah n = 23

kalawan ngagunakeun taraf kasalahan 5% = 73;

i) data nu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji Wilcoxon di handap.

(31)

39

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Katerangan:

XA1 = peunteun tés awal (pretest)

XB1 = peunteun tés ahir (posttest)

j) ditarima henteuna hipotésis dina uji Wilcoxon ngagunakeun kritéria ieu di

handap.

a. Saupama dumasar taraf nyata anu ditangtukeun,

hartina Ha ditarima, yén aya béda anu signifikan antara kamampuh siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah taun ajaran 2014/2015 saméméh ngagunakeun Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching).

b. Saupama dumasar taraf nyata anu ditangtukeun, hartina Ha ditolak, yén aya béda anu signifikan antara kamampuh siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah taun ajaran 2014/2015 saméméh ngagunakeun Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching).

(32)

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Sanggeus dilaksanakeunna sakabéh prosés panalungtikan, panalungtik bisa ngébréhkeun kacindekan ngeunaan prak-prakan pangajaran, hasil pangajaran jeung suasana maca carita pondok ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) saperti ieu di handap.

Dina prak-prakan pangajaran ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) bisa ningkatkeun kamampuh siswa dina ngaguar eusi carita

pondok, nepi ka bisa nganalisis unsur intrinsik anu ngawengku téma, galur, latar, tokoh/watek, gaya basa, puseur panitén jeung amanat tina carita pondok anu dibacana. Salian ti kitu, dina prak-prakan modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) bisa leuwih ningkatkeun kaaktifan siswa sabab prosés

pangajaran ieu leuwih loba ngalibatkeun siswa, guru ngan saukur jadi fasilitator. Dumasar kana hasil analisis data dina bab IV, ieu panalungtikan bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh maca carita pondok siswa saméméh ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching), siswa kelas VIII-A MTs

Khoerul Falah can mampuh, rata-rata 60,18. Aspék ingetan (C1) saméméh mampuh, rata 3,64. Sedengkeun aspék maham (C2) can mampuh, rata-rata 5,14 jeung aspék nganalisis (C3) saméméh can mampuh, rata-rata-rata-rata 3,29. 2) Kamampuh maca carita pondok siswa sabada ngagunakeun modél pangajaran

Timbal-balik (Reciprocal Teaching), katitén yén siswa kelas VIII-A MTs

Khoerul Falah mampuh, rata-rata 77,68. Aspék ingetan (C1) sabada mampuh, rata-rata 6,61. Aspék maham (C2) mampuh, rata-rata 6,61. Aspék nganalisis (C3) mampuh, rata-rata 4,29.

(33)

58

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(7,96) > (2,47). Hartina modél pangajaran Timbal-balik

(Reciprocal Teaching) bisa ngaronjatkeun kamampuh maca carita pondok

siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah taun ajaran 2014/2015.

5.2 Implikasi

Modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) digunakeun pikeun

ngaronjatkeun kamampuh maca carita pondok. Dina prak-prakanna ieu modél bisa ngirut jeung pikaresepeun pikeun siswa, lantaran aya peran siswa dina ieu modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching), sahingga meunang sawangan anu

positif ti guru jeung siswa. Ku kituna, ieu modél pangajaran miboga poténsi pikeun numuwuhkeun kaaktifan jeung kamotékaran siswa sahingga bisa macu siswa leuwih gampang dina maham matéri pangajaran maca carita pondok kalayan suasana anu teu monoton.

5.3 Rekomendasi

Dumasar kana hasil analisis data jeung kacindekan, aya sawatara rekomendasi anu baris ditepikeun saperti ieu di handap.

1) Modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) bisa dijadikeun hiji

alternatif ku guru dina pangajaran maca carita pondok, lantaran geus dilaksanakeunna panalungtikan yén ieu modél bisa ngaronjatkeun kamampuh maca siswa.

2) Dina tahap ngararancang jeung prak-prakkanna Modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching), kudu leuwih asak jeung optimal sahingga

tahapan pangajaran bisa katepikeun sacara optimal luyu jeung rencana nu geus ditangtukeun, ogé dina prak-prakan pangajaran bisa lumangsung kalawan tartib.

(34)

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. 2010. Prosedur penelitian suatu pendekatan praktik. Jakarta: PT

Rineka Cipta

Ahuja, dkk. 2010. Membaca secara efektif dan efisien. Bandung: PT Kiblat Buku

Utama

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat (2013). Kompetensi inti dan kompetensi dasar mata pelajaran bahasa dan sastra sunda. Bandung

Hasbullah, 2009. Dasar-dasar ilmu pendidikan. Jakarta: PT Raja Grafindo

Persada

Istkandarwassid. 2003. Kamus istilah sastra. Bandung: Geger Sunten

Joyce, Bruce dkk. 2009. Models of teaching model-model pengajaran.

Yogyakarta: PT Pustaka Bealajar

Koswara. 2013. Racikan sastra. Bandung: UPI Bandung

Lestari, L. 2011. Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) pikeun ningkatkeun kamampuh maca pamahaman artikel (panalungtikan

tindakan kelas ka kiswa kelas XI-D SMP Negeri 3 Lembang taun ajaran

2010/2011). SKRIPSI JPBD FPBS UPI. Bandung: teu dipedalkeun

Marno, dkk. 2010. Strategi & metode pembelajaran. Depok: PT Ar-Ruzz Media

Mirnawati. 2007. Modél pangajaran cooperative script pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina maca carpon di kelas VII SMP Negeri 19 Bandung.

SKRIPSI UPI BANDUNG

Mulyani, S. 2009. Penggunaan model mengajaran timbal-balik (reciprocal teaching) bagi peningkatan kemampuan membaca pemahaman (studi

éksperimén kuasi terhadap siswa kelas VIII SMPN 1 kota Tasikmalaya).

TESIS UPI BANDUNG.

Nurhadi. 2008. Membaca cepat dan efektif. Bandung: PT Sinar Baru Algensindo Palincsar, A.S. (1986). Reciprocal teaching. In Teaching reading as thinking. Oak

Brook, IL: North Central Regional Educational Laboratory :

(35)

60

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sudaryat & Rahman. 2009. Modél-modél pembelajaran bahasa dan sastra sunda.

Bandung: PT Sonagar Press

Sudjana. (2005). Metode statistika. Bandung: Tarsito.

Tampubolon, DP. 2008. Kemampuan membaca teknik membaca efektif dan efisien. Bandung: PT Angkasa

Tamsyah, spk. (1996). Pangajaran sastra sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Tarigan. (2013). Membaca sebagai suatu keteraampilan berbahasa. Bandung: Angkasa.

Wiryodijoyo, S. 1989. Membaca : strategi pengantar dan tekniknya. Jakarta:

Referensi

Dokumen terkait

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu. jeung éta

Dumasar téknik panalungtikan anu dipaké, instrumén dina ieu panalungtikan nyaéta wangun tés tinulis. Tés anu dijieun dina wangun soal unjuk kerja ditepikeun saméméh

kartu kata bergambar ), jeung data pascatés (sabada ngagunakeun média kartu kata bergambar ). Ieu tés nguji kamampuh siswa dina pangajaran nulis karangan éksposisi. Tés

4.1.1 Kamampuh Nyusun Guguritan Siswa Kelas VIII A SMP Kartika Siliwangi XIX-2 Bandung Saméméh Ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif Tipe Student Teams

4.1.3 Analisis Béda Signifikan Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung Taun Ajaran 2015/2016 antara Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Modél Quantum

4.1.4 Béda signifikan antara kamampuh nulis karangan éksposisi Siswa Kelas VIII C SMPN 12 Bandung Taun Ajaran 2014/2015 Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Modél

Kamampuh maca carpon siswa kelas X TKJ-1 SMK Negeri 1 Tirtajaya Karawang saméméh ngagunakeun modél explicit intruction téh can mampuh. Ieu hal bisa katiten tina

4.1.3 Béda anu Signifikan antara Kamampuh Nulis Ringkesan warta Siswa Kelas VIII D SMP Negeri 5 Bandung Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Modél Pangajaran