• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1105047 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1105047 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Sanggeus dilaksanakeunna sakabéh prosés panalungtikan, panalungtik bisa

ngébréhkeun kacindekan ngeunaan prak-prakan pangajaran, hasil pangajaran

jeung suasana maca carita pondok ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik

(Reciprocal Teaching) saperti ieu di handap.

Dina prak-prakan pangajaran ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik

(Reciprocal Teaching) bisa ningkatkeun kamampuh siswa dina ngaguar eusi carita

pondok, nepi ka bisa nganalisis unsur intrinsik anu ngawengku téma, galur, latar,

tokoh/watek, gaya basa, puseur panitén jeung amanat tina carita pondok anu

dibacana. Salian ti kitu, dina prak-prakan modél pangajaran Timbal-balik

(Reciprocal Teaching) bisa leuwih ningkatkeun kaaktifan siswa sabab prosés

pangajaran ieu leuwih loba ngalibatkeun siswa, guru ngan saukur jadi fasilitator.

Dumasar kana hasil analisis data dina bab IV, ieu panalungtikan bisa

dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh maca carita pondok siswa saméméh ngagunakeun modél

pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching), siswa kelas VIII-A MTs

Khoerul Falah can mampuh, rata-rata 60,18. Aspék ingetan (C1) saméméh

mampuh, rata 3,64. Sedengkeun aspék maham (C2) can mampuh,

rata-rata 5,14 jeung aspék nganalisis (C3) saméméh can mampuh, rata-rata-rata-rata 3,29.

2) Kamampuh maca carita pondok siswa sabada ngagunakeun modél pangajaran

Timbal-balik (Reciprocal Teaching), katitén yén siswa kelas VIII-A MTs

Khoerul Falah mampuh, rata-rata 77,68. Aspék ingetan (C1) sabada mampuh,

rata-rata 6,61. Aspék maham (C2) mampuh, rata-rata 6,61. Aspék nganalisis

(C3) mampuh, rata-rata 4,29.

3) Aya béda anu signifikan tina kamampuh maca carita pondok siswa kelas

VIII-A MTs Khoerul Falah saméméh jeung sabada ngagunakeun modél

pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching), kalawan rata-rata peunteun

(2)

58

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(7,96) > (2,47). Hartina modél pangajaran Timbal-balik

(Reciprocal Teaching) bisa ngaronjatkeun kamampuh maca carita pondok

siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah taun ajaran 2014/2015.

5.2 Implikasi

Modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) digunakeun pikeun

ngaronjatkeun kamampuh maca carita pondok. Dina prak-prakanna ieu modél bisa

ngirut jeung pikaresepeun pikeun siswa, lantaran aya peran siswa dina ieu modél

pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching), sahingga meunang sawangan anu

positif ti guru jeung siswa. Ku kituna, ieu modél pangajaran miboga poténsi

pikeun numuwuhkeun kaaktifan jeung kamotékaran siswa sahingga bisa macu

siswa leuwih gampang dina maham matéri pangajaran maca carita pondok

kalayan suasana anu teu monoton.

5.3 Rekomendasi

Dumasar kana hasil analisis data jeung kacindekan, aya sawatara

rekomendasi anu baris ditepikeun saperti ieu di handap.

1) Modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) bisa dijadikeun hiji

alternatif ku guru dina pangajaran maca carita pondok, lantaran geus

dilaksanakeunna panalungtikan yén ieu modél bisa ngaronjatkeun kamampuh

maca siswa.

2) Dina tahap ngararancang jeung prak-prakkanna Modél pangajaran

Timbal-balik (Reciprocal Teaching), kudu leuwih asak jeung optimal sahingga

tahapan pangajaran bisa katepikeun sacara optimal luyu jeung rencana nu

geus ditangtukeun, ogé dina prak-prakan pangajaran bisa lumangsung

kalawan tartib.

Referensi

Dokumen terkait

Karawang sabada ngagunakeun modél Explicit interuction téh mampuh. Aya ngaronjatna kamampuh maca carpon siswa kelas X TKJ-1 SMK Negeri 1. Tirtajaya Karawang antara

“Wawacan Pangantén Tujuh” sabada dianalisis luyu pikeun dijadikeun bahan ajar maca carita buhun sabab saluyu jeung kritéria milih bahan ajar sarta tahapan kamampuh. basa

4.1.4 Béda signifikan antara kamampuh nulis karangan éksposisi Siswa Kelas VIII C SMPN 12 Bandung Taun Ajaran 2014/2015 Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Modél

maca carita pondok ngagunakeun métodeu dramatic reading saperti ieu di handap. Dina prak-prakan, métodeu dramatic reading bisa ngaronjatkeun kamampuh. siswa dina ngaguar eusi

bisa dicindekkeun saperti ieu di handap. 1) Kamampuh nyaritakeun lalampahan siswa kelas VIII-H SMP Negeri 26. Bandung saméméh ngagunakeun modél pangajaran Talking

3) Analisis béda signifikansi kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél group

Sedengkeun sabada ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik kapaluruh 5 urang atawa 18,52% siswa anu meunang peunteun < 75 kalawan katégori can

4.1.3 Béda anu Signifikan antara Kamampuh Nulis Ringkesan warta Siswa Kelas VIII D SMP Negeri 5 Bandung Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Modél Pangajaran