Asri Julaeha, 2015
Dongéng-Dongéng Sasakala Dina Manglé Taun 2014 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP
DONGÉNG-DONGÉNG SASAKALA DINA MANGLÉ TAUN 2014 PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DONGÉNG DI SMP
(ULIKAN STRUKTURAL JEUNG ÉTNOPÉDAGOGIK)
TÉSIS
diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat ngahontal gelar magister
Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda
ku
ASRI JULAEHA
NIM 1302720
PRODI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA
SEKOLAH PASCASARJANA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
Asri Julaeha, 2015
Dongéng-Dongéng Sasakala Dina Manglé Taun 2014 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP
LEMBAR HAK CIPTA
DONGÉNG-DONGÉNG SASAKALA DINA MANGLÉ TAUN 2014 PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DONGÉNG DI SMP
(ULIKAN STRUKTURAL JEUNG ÉTNOPÉDAGOGIK)
ASRI JULAEHA
NIM 1302720
Sebuah tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan
©ASRI JULAEHA 2015
Universitas Pendidikan Indonesia
Agustus 2015
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,
Asri Julaeha, 2015
Asri Julaeha, 2015
Dongéng-Dongéng Sasakala Dina Manglé Taun 2014 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP
2.2.1Wangenan Strukturalisme ... 13
2.2.2 Pamarekan Strukturalisme Robert Stanton ... 14
2.2.2.1 Tema ... 14
2.2.2.2 Fakta-fakta Carita ... 14
2.2.2.3 Sarana Sastra ... 16
2.3 Étnopédagogik... 18
2.3.1Wangenan Étnopédagogik ... 19
2.3.1.1Oriéntasi Étnopédagogik Sunda ... 20
2.3.1.2 Atikan Karakter Étnopédagogik Sunda ... 21
2.4 Pangajaran Sastra ... 22
2.4.1 Tujuan Pangajaran Sastra ... 22
2.4.1.1 Tujuan pikeun Meunangkeun Pangalaman Sastra ... 23
2.4.1.2 Tujuan pikeun Meunangkeun Pangaweruh Sastra ... 24
2.4.2 Bahan Pangajaran Sastra ... 24
2.4.2.1 Kriteria Ngamekarkeun Bahan Pangajaran Sastra ... 25
2.4.2.2 SKKD Pangajaran Maca Dongéng... 25
2.4.3 Silabus ... 26
2.4.4 RPP ... 27
Asri Julaeha, 2015
Dongéng-Dongéng Sasakala Dina Manglé Taun 2014 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP
BAB IV HASIL JEUNG PEDARAN 4.1 Hasil Panalungtikan ... 35
4.1.1 Déskripsi Dongéng-Dongéng ... 35
4.1.1.1 Sasakala Situ Bagendit ... 35
4.1.1.2 Pahlawan Tatar Subang ... 37
4.1.1.3 Sasakala Situ Patenggang ... 39
4.1.1.4 Pangguyangan Badak Putih... 41
4.1.1.5 Sasakala Reungit ... 43
4.1.1.6 Sasakala Cucunguk ... 46
4.1.1.7 Sasakala Lembur Jati... 48
4.1.1.8 Sasakala Danau Toba ... 50
4.1.1.9 Sani jeung Giran ... 51
4.1.1.10 Kuda teu Boga Tanduk... 54
4.1.1.11 Silancang ... 56
4.1.1.12 Sasakala Irian ... 58
4.1.2 Struktur Dongéng Sasakala ... 60
4.1.2.1 Struktur Dongéng Sasakala Situ Bagendit ... 61
4.1.2.2 Struktur Dongéng Pahlawan Tatar Subang ... 65
4.1.2.3 Struktur Sasakala Situ Paténggang... 69
4.1.2.4 Struktur Dongéng Sasakala Pangguyangan Budak Putih ... 72
4.1.2.5 Struktur Dongéng Sasakala Reungit ... 75
4.1.2.6 Struktur Dongéng Sasakala Cucunguk... 79
4.1.2.7 Struktur Dongéng Sasakala Lembur Jati ... 82
4.1.2.8 Struktur Dongéng Sasakala Dano Toba ... 85
4.1. 2.9 Struktur Dongéng Sasakala Sani jeung Giran ... 88
4.1.2.10 Struktur Dongéng Kuda teu Boga Tanduk ... 91
4.1.2.11 Struktur Dongéng Sasakala Si Lancang ... 94
4.1.2.12 Struktur Dongéng Sasakala Irian ... 97
4.1.3 Ajén Étnopédagogik dina Dongéng-dongéng Sasakala ... 100
4.1.3.1 Ajén Étopedagogik dina Dongéng Situ Bagendit ... 101
4.1.3.2 Ajén Étopedagogik dina Dongéng Pahlawan Tatar Subang ... 102
4.1.3.3 Ajén Étopedagogik dina Sasakal Situ Paténggang... 103
4.1.3.4 Ajén Étopedagogik dina Sasakala Pangguyangan Badak Putih ... 104
4.1.3.5 Ajén Étopedagogik dina Sasakala Reungit ... 105
4.1.3.6 Ajén Étopedagogik dina Sasakala Cucunguk ... 106
Asri Julaeha, 2015
Dongéng-Dongéng Sasakala Dina Manglé Taun 2014 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP
4.1.3.8 Ajén Étopedagogik dina Sasakala Dano Toba ... 108
4.1.3.9 Ajén Étopedagogik dina Sasakala Sani jeung Giran ... 109
4.1.3.10 Ajén Étopedagogik dina Sasakala Kuda teu Boga Tanduk ... 110
4.1.3.11 Ajén Étopedagogik dina Sasakala Si Lancang ... 110
4.1.3.12 Ajén Étopedagogik dina Sasakala Irian ... 111
4.1.4 Tabel Hasil Analisis ... 112
4.2 Pedaran Hasil Analisis ... 116
4.3 Bahan Pangajran Maca Dongéng di SMP ... 118
4.3.1 Analisis dongeng-dongeng sasakala dina Mangle pedalan taun 2014 ... 118
4.3.2 Conto Bahan Pangajaran Maca di SMP ... 118
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan ... 123
5.2 Saran (Rékoméndasi) ... 125
Asri Julaeha, 2015
Dongéng-Dongéng Sasakala Dina Manglé Taun 2014 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu BAB I
BUBUKA
1.1Kasang Tukang Panalungtikan
Kasusastraan téh salah sahiji hasil tina kabinangkitan atawa kasenian.
Sastra kaasup kana kagiatan seni ku lantaran sastra mangrupa hasil kagiatan
kréatif manusa dina ngedalkeun implenganana ngagunakeun basa (Rusyana, 1982,
kc 5). Ku sabab kitu sastra ilaharna disebut “seni sastra”. Seni sastra mangrupa
kagiatan kréatif atawa kagiatan cipta nyaéta kagiatan anu ngahasilkeun hal nu
anyar ngagunakeun média basa. Iskandarwassid (1996, kc 135) ngabagi wangun
karya sastra teh kana tilu bagian, nyaéta (1) wangun lancaran (prosa), (2) wangun
ugeran (puisi), (3) wangun paguneman (drama). Dumasar kana warnana, karya
sastra anu kaasup wangun lancaran (prosa) di antarana: dongeng, sketsa, carita
pondok, roman, jeung novel. Anu kaasup wangun ugeran (puisi) di antarana:
mantra (jangjawokan, singlar, asihan, jampé, asihan), kakawihan, sisindiran
(rarakitan, paparikan, wawangsalan), sair, pupuh, guguritan, jeung carita pantun.
Sedengkeun anu kaasup kana wangun carita (drama) di antarana: sandiwara,
opera, jeung gending karesmén. Jadi tandes yén dongéng téh kagolong kana karya
sastra. Anapon nu nyababkeun dongéng téh mangrupa sastra lisan, lantaran cara
sumebarna anu tatalépa.
Nilik kana papasinganana, wanda dongéng téh kaitung loba. Salah sahijina
nyaéta dongéng sasakala atawa carita legénda. Dongéng sasakala téh dongéng anu
ilahar dipikawanoh ti jaman baheula. Sasakala mangrupa carita rayat anu
dianggap (ku nu boga caritana) minangka hji kajadian nu bener-bener aya.
Lumangsungna éta kajadian, dina waktu nu can lila, jeung tempatna di lingkungan
nu geus dipikawanoh ku masarakat ayeuna. Dongéng sasakala mangrupa
golongan carita anu sumebarna sacara tatalépa, ku balaréa dianggap mibanda
dasar kasajarahan atawa sakabéh wanda carita anu geus jadi milik golongan
masarakat (Danandjaja, 1984, kc 66).
Sakumaha nu ditétélakeun saméméhna yén loba sastra lisan anu kiwari
geus ditulis kalawan sumebarna dina wangun tulisan. Tangtu éta hal téh teu leupas
2
Asri Julaeha, 2015
Dongéng-Dongéng Sasakala Dina Manglé Taun 2014 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
internét. Transformasi téks-téks dongéng tina basa lisan kana basa tulisan
nyababkeun dongéng-dongéng jadi leuwih babari dipikanyaho ku masarakat,
utamana barudak. Salian ti éta, munculna pasualan transformasi téks lisan
dongéng kana tulisan téh, minangka tarékah pikeun ngawanohkeun jeung
ngingetkeun deui ka barudak alam kiwari anu geus teu diwanohkeun deui kana
budaya ngadongéng—sakumaha baheula indung ngadongéng ka budakna.
Padahal, upama ditilik leuwih jero, masarakat Sunda téh miboga loba dongéng
anu pungsina pikeun ngatik barudak, salah sahijna dongéng sasakala. Kukituna,
média miboga pancén anu kacida pentingna pikeun ngawanohkeun deui
dongéng-dongéng, salah sahijna dongéng sasakala. Ieu hal dilakukeun sangkan generasi
satuluyna teu pareumeun obor dina nyekel tradisi jeung budaya Sunda.
Dongéng sasakala téh saenyana teu ukur kawatesan nyaritakeun kajadian
tempat, tapi ogé nyaritakeun asul-muasalna tutuwuhan, sato atawa barang.
Dongéng sasakala ogé mangrupa carita anu miboga fungsi pikeun hiburan. Tapi
saluareun éta, boh éta dongéng sasakala boh dongéng séjénna, miboga talatah anu
karep ditepikeun, utamana patali jeung atikan moral kahirupan. Dongéng ogé
miboga ajén-ajén nu jembar pikeun ngarojong proses atikan. Sanajan jalan carita
dongéng sasakala loba nu teu asup akal, tapi eusina mah ngeunteung kana
kahirupan manusa. Ku sabab kitu, ajén-ajén jeung siloka anu aya dina dongéng
sasakala penting pikeun diguar jeung ditalungtik. Utamana ajén atikan dina
dongéng anu masih kénéh bisa dilarapkeun dina kahirupan jaman kiwari. Pikeun
ngalarapkeunana, tangtu merlukeun formulasi jeung alamna.
Kiwari, prosés atikan téh leuwih museur kana aspék kamampuh kognitif
siswa bari jeung kurang maliré kana karakter sarta moral siswana. Jadi pantes
saupama loba siswa anu pinter sacara akademik tapi teu boga karakter nu hadé.
Prosés atikan anu kieu nu nyababkeun siswa teu maliré kana moral jeung adat
budayana lantaran leuwih mentingkeun kamampuh akademik. Prosés akademik
nu lumangsung leuwih loba kapangaruhan ti luar negeri batan ngalarapkeun
ajén-ajén atikan anu aya dina budaya sorangan (Sunda). Hasilna, barudak beuki jauh
tina adat jeung budayana, beuki teu wanoh kana tradisina, jeung beuki nyirorot
3
Asri Julaeha, 2015
Dongéng-Dongéng Sasakala Dina Manglé Taun 2014 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Dumasar kana pedaran saméméhna, tangtu perlu pikeun medar jeung
ngaguar ngeunaan ajén-ajén anu aya dina dokuméntasi tradisi pikeun dilarapkeun
dina prosés atikan jeung kahirupan kiwari. Dina medar éta pasualan, ulikan
étnopédagogik bisa maluruh ajén-ajén atikan anu nyangkaruk dina dongéng
sasakala. Tapi penting ogé maluruh kumaha struktur nu nyampak dina dongéng.
Ieu hal téh penting dilakukeun, sabab ngababarikeun dina maluruh ajén-ajén nu
nyangkaruk dina gemblengan dongéng.
Dongéng-dongéng sasakala anu geus ditransfomasikeun kana tulisan
tangtu ngarojong guru enggoning nyadiakeun bahan ajar pikeun pangajaran basa
Sunda. Dongéng-dongéng anu geus ditransformasikeun diterbitkeun dina
média-média cétak atawa éléktronik. Salah sahiji média-média anu nerbitkeun rubrik pikeun
dongéng-dongéng sasakala nyaéta Majalah Manglé. Dina Majalah Manglé aya
rubrik “Dongeng Aki Guru”. Ieu rubrik tinangtu medalkeun dongéng-dongéng
keur barudak boh éta dongéng sasatoan, dongéng kahirupan, dongéng babad, boh
dongéng sasakala.
Majalah Manglé mangrupa média tinulis dina basa Sunda anu geus hirup
leuwih ti satengah abad. Manglé kalintang babari manggihana, sabab medal
saminggu sakali dina sabulan. Nepi ka kiwari Majalah Manglé masih kénéh jadi
rujukan dina kapentingan literasi bahasa jeung budaya Sunda. Dumasar kana visi
Majalah Mangle “pikeun ngamumulé jeung miara basa, sastra jeung filosofi Ki
Sunda”, Majalah Manglé mangrupa salah sahiji média anu panceg dina widang
jurnalistik Sunda. Kukituna, urang Sunda miboga pancén pikeun ngajadikeun
Manglé salaku rujukan média Sunda. Kaasup guru basa jeung budaya Sunda nu
bisa ngajadikeun Majalah Manglé salaku bahan ajar utamana dina pangajaran
aprésiasi sastra.
Alwasilah (2006, kc 28) nétélakeun yén pangajaran aprésiasi sastra kudu
bisa ngahudang kasadaran, kepekaan, jeung ngawanohkeun ajén-ajén kaéndahan
tina karya sastra. Dumasar kana éta hal, pangajaran aprésiasi sastra téh kudu
ngahudang subjektivitas siswa tur teu ukur ngutamakeun tiori-tiori anu dumasar
kana kurikulum. Éta hal téh patali jeung tujuan pangajaran sastra, anu boga karep
pikeun ngaronjatkeun kaparigelan siswa dina nganalisis karya sastra. Ieu
4
Asri Julaeha, 2015
Dongéng-Dongéng Sasakala Dina Manglé Taun 2014 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
pangajaran sastra nu meuseur kana aspek pangalaman, lain kaparigelan pikeun
ngapalkeun tiori-tiori sastra.
Pangajaran apresiasi sastra Sunda, hususna pangajaran dongéng Sasakala
kudu bisa méré pangalaman apresiasi sastra ku jalan ngahudangkeun karep
aprésiasi siswa anu satuluyna siswa boga kaparigelan pikeun nganalisis dongéng
sasakala jeung bisa manggih ajén-ajén moral jeung atikan anu bisa dilarapkeun
dina kahirupan sapopoé.
Dumasar kana pedaran di luhur, ieu panalungtikeun téh bakal ngaguar
panalungtikan ngaguar ngeunaan struktur dongéng-dongéng sasakala anu aya dina
majalah Manglé taun 2014. Salian ti éta, ieu panalungtikan ogé baris maluruh
ajén-ajén atikan disawang tina pamarekan étnopédagogik kana dongéng-dongéng
sasakala anu medal dina Majalah Manglé taun 2014. Hasil tina ieu panalungtikan
baris dijadikeun bahan pangajaran maca dongéng di SMP. Kukituna, panalungtik
ngajudulan ieu panalungtikan “Dongéng-dongéng Sasakala dina Manglé Taun
2014 pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP (Ulikan Struktural jeung
Étnopédagogik)”
Panalungtikan anu ngaguar ngeunaan dongeng téh nyaéta judulna “Ajén
Budaya dina Dongéng-Dongéng anu aya di Kabupatén Cianjur Pikeun
Mekarkeun Atikan Karakter” dilaksanakeun ku Ratna Shinta Sukowati Suwarto.
Panalungtikan séjénna nyaéta dilaksanakeun ku Evi Sulastri anu judulna “Sastra
Lisan anu aya di Sapanjang Walungan Citanduy Kabupaten Ciamis : Ulikan
Struktur Jeung Ajén Atikan”. Panalungtikan lianna dilaksanakeun ku Wiwin
Widaniawati anu judulna “Ajén-Ajén Etnopédagogi dina Dongéng di Kota
Tasikmalaya: Ulikan Struktural jeung Hermeneutik”. Sedengkeun panalungtikan
skripsi anu ngaguar ngeunaan dongéng nyaéta dilaksanakeun ku Evi Rahmawati
“Kumpulan Dongéng Sasakala Talagawarna pikeun Bahan Pangajaran Maca di
SMP: Tilikan Struktural, Pendidikan Karakter Jeung Sawangan Hirup Urang
Sunda”. Sababaraha panalungtikan anu jadi rujukan nétélakeun ngeunaan
struktur, ajén atikan, ajén budaya, jeung ajén atikan karakter tina
dongéng-dongéng nu aya di hiji wewengkon sarta tina kumpulan buku dongéng-dongéng tapi teu
acan aya panalungtikan anu ngaguar dongéng-dongéng sasakala nu medal di
5
Asri Julaeha, 2015
Dongéng-Dongéng Sasakala Dina Manglé Taun 2014 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
Sasakala dina Manglé Taun 2014 pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di
SMP (Ulikan Struktural jeung Étnopédagogik)
1.2Rumusan Masalah Panalungtikan
Dumasar kana kasang tukang panalungtikan nu geus dipedar saméméhna,
masalahana nyoko kana kurang perhatian masarakat kana dongéng-dongéng.
Hususna, dongéng sasakala anu aya dina rubrik “Dongéng Aki Guru” nu aya dina
majalah Manglé. Lian ti éta, ogé tétéla dongéng-dongéng sasakala téh ngandung
ajén anu kalintang luhungna. Ku kituna perlu aya hiji panitén anu museur.
Sangkan teu lega teuing, ieu masalah téh baris diwatesanan jeung dirumuskeun
dina wangun kalimah patalékan ieu di handap:
1) Kumaha déskripsi dongéng-dongéng sasakala anu aya dina majalah Manglé
taun 2014?
2) Kumaha struktur dongéng-dongéng sasakala dina Manglé taun 2014?
3) Ajén étnopédagogi naon waé anu aya dina dongéng-dongéng sasakala dina
majalah Manglé taun 2014?
4) Naha dongéng-dongéng sasakala dina Manglé taun 2014 bisa dijadikeun
alternatif bahan pangajaran maca dongéng di SMP?
1.3Tujuan Panalungtikan
Tujuan panalungtikan mangrupa jawaban tina masalah pananlungtikan,
kusabab kitu tujuan panalungtikan kudu saluyu jeung rumusan masalah sarta
prosés panalungtikan.
Tujuan panalungtikan kabagi jadi dua nyaéta, tujuan umum jeung tujuan
husus. Tujuan umum nétélakeun singget dina hiji kalimah ngeunaan hasil anu
hayang dihontal dina ieu panalaungtikan. Sedengkeun tujuan husus mangrupa
rumusan anu spesifik nyoko kana patalekan panalungtikan.
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum tina ieu panalungtikan nyaéta maluruh dongéng-dongéng
6
Asri Julaeha, 2015
Dongéng-Dongéng Sasakala Dina Manglé Taun 2014 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus tina ieu pananlungtikan téh miboga tujuan pikeun
ngadéskripsikeun:
1) Dongéng-dongéng sasakala anu aya dina majalah Manglé taun 2014;
2) Struktur dongéng-dongéng sasakala anu aya dina majalah Manglé taun 2014;
3) Ajén étnopédagogi dina dongéng-dongéng sasakala anu aya dina majalah
Manglé taun 2014;
4) Alternatif bahan pangajaran maca dongéng di SMP.
1.4Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat panalungtikan nyaéta kagunaan panalungtikan anu dumasar
kana hasil panalungtikan. Aya dua mangpaat panalungtikan nyaéta, mangpaat
tioritis jeung mangpaat praktis. Mangpaat tioritis nyaéta mangpaat dina
ngamekarkeun pangaweruh. Sedengkeun mangpaat praktis nyaéta pikeun
antisipasi masalah anu aya dina objek panalungtikan.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nyaéta ngeuyeuban pangaweruh
utamana ngeunaan panalungtikan dongéng-dongéng Sunda sarta bisa dijadikeun
rujukan pikeun panalungtikan satuluyna.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis anu kapaluruh dina ieu panalungtikan nyaéta:
1) Pikeun Guru
Hasil panalungtikan bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran sastra Sunda
di sakola.
2) Pikeun Siswa
Pikeun pangalaman nganalisis struktur jeung ajén atikan dina karya sastra.
3) Pikeun Masarakat
Hasil panalungtikan bisa jadi dokumén sarta sumber rujukan pikeun
panalungtikan satuluyna.
4) Pikeun Panalungtik
7
Asri Julaeha, 2015
Dongéng-Dongéng Sasakala Dina Manglé Taun 2014 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 1.5 Raraga Tulisan
Hasil panalungtikan dina ieu tésis disusun kalawan sistematis jadi lima
bab, nyaéta:
BAB 1 BUBUKA
Medar hal ihwal anu aya patalina jeung kasang tukang tina masalah nu
baris di talungtik, idéntifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan,
mangpaat panalungtikan anu ngawengku mangpaat teoritis jeung mangpaat
praktis, jeung sistematika nyusun tésis.
BAB II ULIKAN TIORI
Medar hal ihwal anu aya patalina jeung tiori dongéng, tiori struktural, tiori
étnopédagogik, tiori bahan pangajaran maca dongéng.
BAB III METODE PANALUNGTIKAN
Medar hal ihwal anu aya patalina jeung desain panalungtikan, métode
panalungtikan, sumber data panalungtikan, instrumén panalungtikan, téknik
ngumpulkeun data, jeung analisis data.
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN
Medar hal ihwal anu aya patalina jeung deskripsi dongéng-dongéng
sasakala dina Majalah Manglé taun 2014, hasil analisis struktur dongéng-dongéng
sasakala dina Majalah Manglé pedalan taun 2014, jeung hasil analisis ajén
étnopédagogi dina dongéng-dongéng sasakala dina Majalah Manglé taun 2014.
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
Medar hal ihwal anu aya patalina jeung kacindekan panalungtikan,
Asri Julaeha, 2015
Dongéng-Dongéng Sasakala Dina Manglé Taun 2014 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP
DAPTAR PUSTAKA
Alwasilah, A. C. (2006). Pokoknya Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama
Alwasilah, A. C., spk. (2009). Etnopedagogi: Landasan praktek pendidikan dan pendidikan
guru. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian. Jakarta: PT Asdi Mahastya.
Danadibrata, R. A. (2006). Kamus basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Danandjaja, James. 2007. Folklor Indonesia ilmu gosip, dongeng, dan lain-lain. Jakarta: PT. Temprint.
Fananie, Zainuddin. (2002). Telaah sastra. Surakarta: Muhamadyah University Press.
Faturohman, Taufik. 1982. Ulikan sastra. Bandung: Djatnika.
Iskandarwassid. 1996. Kamus istilah sastra: Pangdeudeul pangajaran sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Ismawati, Esti. (2013). Pengajaran sastra. Yogyakarta: Penerbit Ombak.
Koswara, Dedi. 2003. Racikan sastra (diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.
Madjid, Abdul. 2007. Perencanaan pembelajaran. Bandung: Remaja Rosdakarya.
Nurgiyantoro, Burhan. (2010). Sastra anak. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.
Nurgiyantoro, Burhan. (2005). Teori pengkajian fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.
Rahmawati, E. (2014). Kumpulan dongeng sasakala talagawarna pikeun bahan pangajaran
maca di SMP: Tilikan struktural, pendidikan karakter jeung sawangan hirup urang Sunda.
(Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.
Ratna, Nyoman Kutha. (2013). Teori, metode, dan teknik penelitian sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Rusyana, Yus. (1982). Metode pengajaran sastra. Bandung: Gunung Larang
127
Asri Julaeha, 2015
Dongéng-Dongéng Sasakala Dina Manglé Taun 2014 Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP
Ruhaliah. (2015). Pendidikan karakter dalam sastra Sunda klasik. Pendidikan karakter dalam budaya Sunda dan Jepang: sebuah kajian perbandingan, kc. 41-60.
Sanjaya, Wina. 2008. Kurikulum dan pembelajaran: Teori dan praktik pengembangan kurikulum
tingkat satuan pendidikan (KTSP). Jakarta: Kencana Prenada Media Group.
Salmun, M.A. (1958). Kandaga kasusastraan. Jakarta: Ganaco.
Stanton, Robert. (2012). Teori fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Sudaryat, Yayat. (2014). Wawasan kesundaan. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
Sulastri, Evi. (2013). Sastra Lisan anu aya di sapanjang Walungan Citanduy Kabupaten Ciamis
: Ulikan struktur jeung ajen atikan. Sekolah Pascasarjana, Universitas Pendidikan
Indonesia, Bandung.
Suwarto, R.S. (2014). Ajen Budaya dina dongeng-dongeng anu aya di Kabupatén Cianjur pikeun
mekarkeun atikan karakter. (Tesis). Sekolah Pascasarjana, Universitas Pendidikan
Indonesia, Bandung.
Teeuw, A. (2003). Sastra dan ilmu sastra. Jakarta: Pustaka Jaya.
Warnaen, Suarsih. (1987). Pandangan hidup orang Sunda seperti tercermin dalam tradisi lisan
dan sastra Sunda. Bandung: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Provinsi Jawa
Barat.