• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1103056 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1103056 Chapter3"

Copied!
5
0
0

Teks penuh

(1)

Aditia Solehudin, 2014

CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Unggal panalungtikan tangtu mikabutuh desain panalungtikan sangkan

panalungtikan leuwih museur. Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 22-23) desain

panalungtikan nyaéta prosés anu dirarancang pikeun ngajawab sarta

ngajéntrékeun sababarah masalah anu aya dina panalungtikan.

Dina ieu panalungtikan digunakeun pamarekan kualitatif kalawan métode

déskriptif. Pamarekan kualitatif digunakeun dina ieu panalungtikan, lantaran data

anu ditalungtikna mangrupa kecap-kecap dina tulisan. Saluyu jeung anu

diébréhkeun ku Moleong (dina Arikunto, 2010, kc. 22) yén panalungtikan

kualitatif téh nya éta panalungtikan anu datana atawa sumber datana mangrupa

kecap-kecap dina wangun lisan atawa tulisan, sarta barang-barang anu ditalungtik

sacara rinci sangkan ma’na nu nyamuni tina éta dokumén atawa tina éta barang

bisa kacangkem.

Djajasudarma (2010, kc. 9) nétélakeun yén métode panalungtikan déskriptif

nya éta métode anu miboga tujuan pikeun nyieun déskripsi; maksudna nyieun

gambaran, lukisan sacara sistematis, faktual jeung akurat ngeunaan data,

sifat-sifat, sarta hubungan fénoména-fénoména anu ditalungtik. Dina ieu

panalungtikan, métode déskriptif digunakeun pikeun ngadéskripsikeun campur

kode anu aya dina akun twitter mahasiswa Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Satuluyna, desain dina panalungtikan digambarkeun ku bagan galur saperti ieu

(2)

Aditia Solehudin, 2014

CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Ngolah Data

- Téhnik Analisis Unsur Langsung

Nyieun Papasingan Data Campur Kode Dumasar

Wanda, Wujud, sarta Adegan Kecapna Milah-milah

Data

Nganalisis Data

Nyieun Kacindekan Masalah

Observasi Tioritis Observasi Data

Ngumpulkeun Data

- Téhnik Dokuméntasi

Instrumén

(3)

Aditia Solehudin, 2014

CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

3.2 Data jeung Sumber Data

Data mangrupa sagala hasil catetan panalungtik, boh fakta boh angka

(Arikunto, 2010, kc. 161). Dumasar kana judul panalungtikan, data anu

ditalungtik nyaéta campur kode anu aya dina akun twitter, sedengkeun nu jadi sumber datana nyaéta tweet dina akun twitter mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI anu aya dina daptar pengikut atawa followers akun

@diitadiit salaku panalungtik.

Data dina ieu panalungtikan aya 821 akun anu aya dina daptar followers per tanggal 5 April 2015. Tina 821 akun twitter, teu sakabéh akun dipiboga ku mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Dina média sosial

bisa dipiboga ku saha waé. Ku kituna, populasi anu nu dipilih mangrupa akun

twitter aktip nu dipiboga ku mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Data nu dipilih pikeun sumber data diacak sacara random atawa acak ku cara diundi luyu jeung nu diébréhkeun ku Arikunto (2010, kc. 180) yén sangkan

ngagampangkeun sampel random ku cara undian (untung-untungan). Dina daptar

followers panalungtik kapanggih aya 95 akun twitter nu dipiboga ku mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Tina 95 akun twitter,

panalungtik nyokot sampel 15 akun twitter (25%) tina 60 akun twitter entragan 2011. Akun anu dipilih mangrupa akun aktip ti mimiti Januari 2014 nepi ka ahir

Desember 2014.

3.3 Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan mangrupa alat atawa fasilitas nu digunakeun ku

panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanna leuwih gampang tur

meunangkeun hasil anu hade, dina harti anu leuwih taliti, lengkep, jeung

sistematis sangkan gampang diolah (Arikunto, 2010, kc. 203).

Nurutkeun Sudjana (2011, kc. 15) instrumén panalungtikan nyaéta alat pikeun

ngadéskripsikeun dina ngumpulkeun data anu dipaké pikeun ngukur variable

(4)

Aditia Solehudin, 2014

CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta kartu data. Dina unggal

tweet anu ngandung kecap atawa kalimah anu kaasup kana campur kode disalin kana kartu data, diébréhkeun kode sumber data, tanggal, jeung déskripsi tina data

nu kapanggih. Kartu data dina ieu panalungtikan bisa katitén ieu di handap:

Gambar 3.1 Conto kartu data

Katerangan:

Makan bari tunduh = tweet

@ugitugit = ngaran akun twitter

050814 = tanggal, bulan jeung taun dikirimna

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik dokuméntasi.

Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun nganalisis wanda, wujud campur kode,

jeung adegan kecap dina akun twitter mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Téhnik ngumpulkeun data kalawan léngkah-léngkah ieu di

handap.

a. Mariksa jeung nitétan data-data anu dina file gambar.

b. Mindahkeun data campur kode tina file gambar kana microsoft word.

c. Nyirian campur kode nu aya dina file microsoft word.

d. Nyatet campur kode nu aya dina file microsoft word kana kartu data. e. Mindahkeun data campur kode nu aya dina kartu data kana tabél data.

KARTU DATA

Makan bari tunduh (@ugitugit/ 050814)

Wanda Campur Kode: ka jero

Wujud Campur Kode: kecap

Wangun Campur Kode: kecap rundayan

(5)

Aditia Solehudin, 2014

CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

3.4 Analisis Data

Téhnik analisis data mangrupa kagiatan ngaanalisis jeung ngolah data. Téhnik

ngolah data dina ieu panalungikan nya éta ngagunakeun téhnik analisis unsur

langsung (immediate constituent (IC) analysis), nya éta analisis anu niténan unsur-unsur basa anu langsung ngawangun unsur saluhureunana (Hockett dina

Sudaryat, 2004, kc. 32). Éta data diolah kalawan léngkah-léngkah ieu di handap.

a. Niténan deui data campur kode nu geus dikumpulkeun.

b. Nyieun papasingan data dumasar kana wanda campur kode, wangun campur

kode, jeung adegan kecapna.

c. Nganalisis campur kode.

d. Ngadéskripsikeun campur kode.

Gambar

Gambar 3.1 Conto kartu data

Referensi

Dokumen terkait

Sedangkan secara parsial harga saham dan volume perdagangan berpengaruh negatif dan signifikan terhadap bid-ask spread dan varian return berpengaruh positif dan tidak

PSB IPB merupakan lembaga di bawah Lembaga Penelitian dan Pemberdayaan Masyarakat IPB yang menghimpun dan melibatkan peneliti-peneliti yang memiliki keahlian dan

PENERAPAN METODE KARYA WISATA PADA MATA PELAJARAN IPS TENTANG MACAM-MACAM SUMBER DAYA ALAM UNTUK MENINGKATKAN HASIL BELAJAR SISWA SEKOLAH DASAR.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Agência Nacional para a Avaliação e Acreditação Académica (Serviço e Fundo Autónomo...716. Instituto Nacional da Saúde (Serviço e

Hubungan iq (intelligence quotient) dengan keterampilan teknik dasar futsal pada siswa ekstrakurikuler futsal SMA NEGERI 1 KOTA BANDUNG.. Universitas Pendidikan Indonesia |

(2) Dalam rangka penyelenggaraan pembangunan, pengelolaan sarana dan prasarana, dan/atau pengusahaan kegiatan usaha dan/atau operasional lainnya pada Kawasan

Berdasarkan hasil penelitian yang telah dilakukan dapat diketahui bahwa subjek mengalami konflik personal, diantaranya keinginan subjek untuk menjalin hubungan resmi tetapi

Hal ini berarti bahwa program bimbingan karier untuk memantapkan pilihan karier layak untuk diujicobakan pada peserta didik kelas XI SMK Negeri 1 Indramayu Tahun