• Tidak ada hasil yang ditemukan

TATAKRAMA DINA NYARITA

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "TATAKRAMA DINA NYARITA"

Copied!
8
0
0

Teks penuh

(1)

1

TATAKRAMA DINA NYARITA

Panumbu catur: Sadérék sadayana, tah kitu geuning pedaran ti Kelompok Lima téh.

Cindekna mah tatakrama basa téh dipaké pikeun silihajénan antar jalma nu nyaritana. Nanging, bilih di antawis sadérék aya anu teu acan patos jelas atanapi bade nambihan kana pedaran ti kelompok nu midang, mangga dihaturanan. Nu bade naroskeun atanapi sasauran, dipiharep ngacungkeun panangan sareng nyebatkeun jenengan katut kelompokna.

Rika: Hatur nuhun, Abdi Rika ti Kelompok Hiji. Abdi badé nambihan kana pedaran anu didugikeun ku Kelompok Lima di payun. Sanaos urang nganggo basa anu merenah nanging urang ogé peryogi merhatoskeun lentong. Margi lentong ogé baris mangaruhan kana rasa basa anu dipakéna. Lentong ogé némbongkeun nada nu nyarita. Naha nu nyarita téh bungah, ambek, nyungkun, sareng sajabina.

Moderator: Tah, kitu geuning pamendak Rika ti Kelompok Hiji mah. Cing kumaha pamadegan réngréngan Kelompok Lima, katampi éta pamadegan ti Sadérék Rika téh?

Kelompok V: Leres pisan, hatur nuhun ka Sadérék Rika nu parantos ngeuyeuban kana pedaran ti kelompok sim kuring saparakanca. Lentong ogé salahsawios aspék nu ngadeudeul kana tatakrama basa. Nanging peryogi kauninga, yén teu unggal ungakara basa ngagaduhan lentong anu sami. Lentong urang Bandung tacan karuhan sami sareng lentong urang Suban, Kuningan atanapi urang Majalengka. Ku margi kitu, lentong mah kapangaruhan pisan ku kasang tukang budaya daérah asal éta jalma nu nyarita. Hatur nuhun sakali deui ka Sadérék Rika anu parantos ngadugikeun pamendakna.

Moderatos: Manawi aya deui nu badé naroskeun?

Sandi: Abdi Sandi ti Kelompok Dua. Abdi mah badé naroskeun perkawis pasemon atanapi mimik dina nyarita. Cing manawi Sadérék ti Kelompok Lima tiasa ngajelaskeun!

Kelompok V: Tadi ogé parantos didugikeun, yén pasemon atanapi mimik dina kagiatan nyarita téh ageung pisan pangaruhna ka jalma nu diajak nyarita. Sajeroning nyarita urang perlu merhatikeun pasemon anu béar marahmay. Geuning aya paribasa hadé budi hadé basa, hadé gogog hadé tagog. Jadi basa anu hadé kudu dibarengan ku paripolah anu hadé. Upama urang nyarita jeung batur ulah bari ngabalieur, tapi usahakeun kudu paadu teuteup. Geuning sok aya

(2)

2 nu ngajak sasalaman tapi bari beungeut ngabalieur, atawa nyaritana hadé tapi paromana baketut haseum.

Moderator: Aya kénéh, Mangga ka Sadérék Tomi dihaturanan!

Tomi: Abdi Tomi ti Kelompok Tujuh. Abdi sok ngabandungan aya jalma nu nyaritana teureuges tapi teu matak nyentug kana haté. Modél réréncangan ieu nu sabangku (bari nunjuk ka babaturan sabangkuna) nyaritana téh meuni kasar, tapi ku abdi mah dianggap biasa wé. Tah kumaha anu kitu, merenah henteu?

Kelompok V: Urang tiasa nyarios sareng réréncangan atanapi sobat dalit nganggo basa loma, margi tos deuheus. Eta gé teu lepat, da anu penting mah pada-pada ngarti naon anu diobrolkeunana. Sanajan ngagunakeun ragam lemes ari teu kaharti mah taya mangpaatna? Kajabi, upami urang nyarios sareng jalmi nu anyar pinanggih mah kedah dibéntenkeun, margi urang kedah ngajaga sopan santun. Kumaha upami jalmi nu diajak nyarita ku urang teu narima, hég nganggap ka urang jalma polontong, antukna bakal jadi piributeun. Tah,nyarios sareng jalmi nu anyar pinanggih atanapi saluhureun mah langkung saé nganggo basa ragam hormat.

Moderator: Waktosna sakedik deui, mung cekap kanggo saurang pananya. Mangga ka Déndi nu ngacung ti tadi dihaturanan!

Déndi: Abdi Déndi ti Kelompok Tilu. Abdi mah badé naroskeun cara ngalarapkeun kecap mulih sareng wangsul; angkat sareng mios, manawi réngréngan ti Kelompok Lima ngajelaskeun!

Kelompok V: Sakaterang abdi mah kecap mulih kanggo batur atawa jalmi nu saluhureun, wangsul kanggo urang; kitu ogé kecap angkat kanggo batur atawa jalmi nu saluhureun. Geura titénan contona:

Abdi wangsul Pun adi wangsul

Saur Pa Guru, “Ka mana Tomi?”

“Tomi mah wangsul ti payun Pa.” Ceuk Ramdan. Pun Bapa mulih

Kang Yudi mulih

Saur Pa Guru, “Ka mana Bu Ida?”

Bu Ida mah mulih ti payun Pa.” Ceuk Tomi. Abdi mios

Pun adi mios

Saur Pa Guru, “Ka mana Tomi?

“Tomi mah mios ti payun Pa.” Ceuk Ramdan Pun Bapa angkat

(3)

3 Saur Pa Guru, “Ka mana Bu Ida?”

“Bu Ida mah angkat ti payun Pa.” Ceuk Ramdan.

(4)

4 Moderator: Tah, kitu geuning parasadrérék pedaran anu didugikeun ku

Kelompok Lima téh. mugia waé Sadérék sadayana sarugema kana naon anu parantos disawalakeun nembé. Kacindekkanana mah moal dipedar ku simkuring, mangga waé nyanggakeun ka sadérék sadayana. Atuh, simkuring ngahaturkeun nuhun ka Kelompok Lima anu parantos midang, kitu ogé ka Sadérék sadayana anu parantos daria pisan ngalaksanakeun ieu sawala ngeunaan Tatakrama dina Nyarita. Simkuring nyuhunkeun dihapunten bilih salami mingpin sawala aya kalepatan. Mangga urang tutup waé ieu sawala ku maos hamdallah sasarengan.

Alhamdulillahirobbil’alamian.

(5)

5 Tatakrama dina nyarita

Moderator:

Sadérék sadayana, tah kitu geuning pedaran ti Kelompok Lima téh. Cindekna mah tatakrama basa téh dipaké pikeun silihajénan antar jalma nu nyaritana. Nanging, bilih di antawis sadérék aya anu teu acan patos jelas atanapi bade nambihan kana pedaran ti kelompok nu midang, mangga dihaturanan. Nu bade naroskeun atanapi sasauran, dipiharep ngacungkeun panangan sareng nyebatkeun jenengan katut kelompokna.

Rika:

Hatur nuhun, Abdi Rika ti Kelompok Hiji. Abdi badé nambihan kana pedaran anu didugikeun ku Kelompok Lima di payun. Sanaos urang nganggo basa anu merenah nanging urang ogé peryogi merhatoskeun lentong. Margi lentong ogé baris mangaruhan kana rasa basa anu dipakéna. Lentong ogé némbongkeun nada nu nyarita. Naha nu nyarita téh bungah, ambek, nyungkun, sareng sajabina.

Moderator:

Tah, kitu geuning pamendak Rika ti Kelompok Hiji mah. Cing kumaha pamadegan réngréngan Kelompok Lima, katampi éta pamadegan ti Sadérék Rika téh?

Kelompok V:

Leres pisan, hatur nuhun ka Sadérék Rika nu parantos ngeuyeuban kana pedaran ti kelompok sim kuring saparakanca. Lentong ogé salahsawios aspék nu ngadeudeul kana tatakrama basa. Nanging peryogi kauninga, yén teu unggal ungakara basa ngagaduhan lentong anu sami. Lentong urang Bandung tacan karuhan sami sareng lentong urang Suban, Kuningan atanapi urang Majalengka. Ku margi kitu, lentong mah kapangaruhan pisan ku kasang tukang budaya daérah asal éta jalma nu nyarita. Hatur nuhun sakali deui ka Sadérék Rika anu parantos ngadugikeun pamendakna.

Moderator:

Manawi aya deui nu badé naroskeun?

Sandi:

Abdi Sandi ti Kelompok Dua. Abdi mah badé naroskeun perkawis pasemon atanapi mimik dina nyarita. Cing manawi Sadérék ti Kelompok Lima tiasa ngajelaskeun!

(6)

6

Kelompok V:

Tadi ogé parantos didugikeun, yén pasemon atanapi mimik dina kagiatan nyarita téh ageung pisan pangaruhna ka jalma nu diajak nyarita. Sajeroning nyarita urang perlu merhatikeun pasemon anu béar marahmay. Geuning aya paribasa hadé budi hadé basa, hadé gogog hadé tagog. Jadi basa anu hadé kudu dibarengan ku paripolah anu hadé. Upama urang nyarita jeung batur ulah bari ngabalieur, tapi usahakeun kudu paadu teuteup. Geuning sok aya nu ngajak sasalaman tapi bari beungeut ngabalieur, atawa nyaritana hadé tapi paromana baketut haseum.

Moderator:

Aya kénéh, Mangga ka Sadérék Tomi dihaturanan!

Moderator:

Waktosna sakedik deui, mung cekap kanggo saurang pananya. Mangga ka Déndi nu ngacung ti tadi dihaturanan!

Tomi:

Abdi Tomi ti Kelompok Tujuh. Abdi sok ngabandungan aya jalma nu nyaritana teureuges tapi teu matak nyentug kana haté. Modél réréncangan ieu nu sabangku (bari nunjuk ka babaturan sabangkuna) nyaritana téh meuni kasar, tapi ku abdi mah dianggap biasa wé. Tah kumaha anu kitu, merenah henteu?

Déndi:

Abdi Déndi ti Kelompok Tilu. Abdi mah badé naroskeun cara ngalarapkeun kecap mulih sareng wangsul; angkat sareng mios, manawi réngréngan ti Kelompok Lima ngajelaskeun!

TATAKRAMA

DINA NYARITA

(7)

7 Kelompok V:

Urang tiasa nyarios sareng réréncangan atanapi sobat dalit nganggo basa loma, margi tos deuheus. Eta gé teu lepat, da anu penting mah pada-pada ngarti naon anu diobrolkeunana. Sanajang ngagunakeun ragam lemes ari teu kaharti mah taya mangpaatna? Kajabi, upami urang nyarios sareng jalmi nu anyar pinanggih mah kedah dibéntenkeun, margi urang kedah ngajaga sopan santun. Kumaha upami jalmi nu diajak nyarita ku urang teu narima, hég nganggap ka urang jalma polontong, antukna bakal jadi piributeun. Tah,nyarios sareng jalmi nu anyar pinanggih atanapi saluhureun mah langkung saé nganggo basa ragam hormat.

Kelompok V:

Sakaterang abdi mah kecap mulih kanggo batur atawa jalmi nu saluhureun, wangsul kanggo urang; kitu ogé kecap angkat kanggo batur atawa jalmi nu saluhureun. Geura titénan contona: Abdi wangsul.

Pun adi wangsul.

Saur Pa Guru, “Ka mana Tomi?”

“Tomi mah wangsul ti payun Pa.” Ceuk Ramdan.

Pun Bapa mulih. Kang Yudi mulih.

Saur Pa Guru, “Ka mana Bu Ida?”

Bu Ida mah mulih ti payun Pa.” Ceuk Tomi.

Abdi mios. Pun adi mios.

Saur Pa Guru, “Ka mana Tomi?

“Tomi mah mios ti payun Pa.” Ceuk Ramdan.

Pun Bapa angkat. Kang Yudi angkat.

Saur Pa Guru, “Ka mana Bu Ida?”

“Bu Ida mah angkat ti payun Pa.” Ceuk Ramdan.

Moderator:

Tah, kitu geuning parasadrérék pedaran anu didugikeun ku Kelompok Lima téh. mugia waé Sadérék sadayana sarugema kana naon anu parantos disawalakeun nembé. Kacindekkanana mah moal dipedar ku simkuring, mangga waé nyanggakeun ka sadérék sadayana. Atuh, simkuring ngahaturkeun nuhun ka Kelompok Lima anu parantos midang, kitu ogé ka Sadérék sadayana anu parantos daria pisan ngalaksanakeun ieu sawala ngeunaan Tatakrama dina Nyarita. Simkuring nyuhunkeun dihapunten bilih salami mingpin sawala aya kalepatan. Mangga urang tutup waé ieu sawala ku maos hamdallah sasarengan.

(8)

Referensi

Dokumen terkait

Cing kumaha pipokeunana merenahkeun kecap nu hartina sarua jeung kecap “meuli”, keur ka sorangan, jeung ka batur saluhureun, ngagunakeun basa

c. Di Kampung Mahmud loba kénéh wangunan imah panggung. Sawaréhna deui imah gedong. Baheula mah imah téh kabéh ogé panggung cenah, sabab kitu wasiat ti Éyang

Pikeun urang Sunda mah sisindiran téh lain baé jadi kalangenan atawa hiburan, tapi sok dalit dina omongan sapopoé. Buktina, dina omongan baheula atawa dina karya sastra

Cing kumaha pipokeunana merenahkeun kecap nu hartina sarua jeung kecap “meuli”, keur ka sorangan, jeung ka batur saluhureun, ngagunakeun basa

patali jeung kabudayaan ti masarakat anu makéna.. Alatan kitu, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan bakal diwatesan ku.. mangrupa patalékan ieu di handap. 1) Naon atawa

Mekar dina situs jejaring sosial facebook jeung twitter, fiksimini basa Sunda. kakeunaan ogé ku kawatesanana karakter nu bisa ditémbongkeun

1 Pikeun nuliskeun kecap, Anjeun bisa nginput unggal abjad, atawa milih tina daptar kecap nu diramalkeun sawaktos nembongan ku cara mencet kenop napigasi ka handap.. 2 Upami kecap

Ajén-inajén nu aya dina éta wujud mibanda pungsi salaku palasipah, sawangan hirup (Weltanschauung) hiji kelompok masarakat. Kitu ogé aya patalina jeung kapercayaan sarta