Siti Mulkiyah Abbas, 2016
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASADINA NULIS PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII ASMP NEGERI 3 LEMBANG TAUN AJARAN 2015/2016
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Desain Panalungtikan
Dina ieu panalungtikan, digunakeun pamarekan kualitatif kalawan métode déksriptif.
Métode déskripstif nya éta métode anu dipaké pikeun nganalisis data sacara déskriptif ku cara ngumpulkeun data di lapangan, tuluy dianalisis jeung didéksripsikeun dumasar fakta-fakta jeung sipat-sipat nu tangtu. Dina panalungtikan anu ngagunakeun métode déksripstif henteu nguji hipotésis jeung teu nyieun ramalan.
Ieu métode digunakeun pikeun ngadéskripsikeun kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa dina pangalaman pribadi siswa kelas VII-A SMPN 3 Lembang taun ajaran 2015/2016. Anu didéskripsikeun nya éta perkara kumaha kamampuh ngalarapkeun basa loma (sedeng), basa lemes keur sorangan, jeung basa lemes keur batur.
Dina ngalaksanakeun panalungtikan diperlukeun desain panalungtikan anu gunana pikeun ngagambarkeun sakabéh prosés panalungtikan sangkan nyaho kana léngkah-léngkah anu kudu dilakukeun ku panalungtik.
Desain panalungtikan nya éta anu dirancang pikeun ngajawab atawa ngajelaskeun masalah-masalah panalungtikan. Ieu desain panalungtikan téh disusun dumasar kana léngkah-léngkah: (a) ngarumuskeun masalah anu patali jeung kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa; (b) ngumpulkeun data maké instrumén; (c) ngolah data ku cara nganalisis kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa nu aya dina karangan pangalaman pribadi siswa; (d) déksripsi data; jeung (e) nyieun kacindekkan.
Siti Mulkiyah Abbas, 2016
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASADINA NULIS PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII ASMP NEGERI 3 LEMBANG TAUN AJARAN 2015/2016
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
Dumasar kana bagan 3.1 di luhur, bisa katitén yén dina tahap kahiji, dirumuskeun heula masalah nu rék ditalunggtik nya éta kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa Sunda. Tuluy, dina tahap kadua panalungtik nangtukeun sumber data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VII A SMP Negeri 3 Lembang. Tahap katilu nya éta ngumpulkeun data, dina ieu tahap panalungtik
Masalah Panalungtikan:
Kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa dina nulis pangalaman pribadi siswa kelas VII A SMP Negeri 3
Lembang taun ajaran 2015/2016
Ngumpulkeun Data: Téhnik Tés
Ngolah Data: - Téhnik dokuméntasi
- Téhnik analisis kamampuh makéna basa
Déskripsi Data:
Kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa dina nulis pangalaman pribadi siswa kelas VII A SMP Negeri 3
Lembang taun ajaran 2015/2016
Kacindekkan:
Disusun dumasar kana hasil panalungtikan
Ulikan Tiori
Siti Mulkiyah Abbas, 2016
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASADINA NULIS PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII ASMP NEGERI 3 LEMBANG TAUN AJARAN 2015/2016
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
maké instrumén soal tés jeung kartu data pikeun ngumpulkeun data. Data nu dikumpulkeun nya éta karangan pangalaman pribadi hasil nulis siswa. Tahap satuluyna nya éta analisis jeung déskripsi data. Dina tahap ieu, panalungtik nganalisis data nu geus diasupkeun kana kartu data, tuluy data éta téh didéskripsikeun lebah mana kasalahan, jeung dipasing-pasing dumasar warna kasalahanana. Tahap pamungkas panalungtik nyieun kacindekkan tina hasil panalungtikanana.
3.2 Sumber Data
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VII-A SMPN 3 Lembang taun ajaran 2015/2016. Jumlah sumber data dina ieu panalungtikan nya éta 28 siswa, nu kabagi kana 12 siswa lalaki jeung 16 siswa awéwé. Ari datana nya éta sakabéh kecap anu aya dina karangan pangalaman pribadi siswa. Data anu kapanggih tuluy dianalisis.
3.3 Instrumén Panalungtikan
Arikunto (2010, kc. 203) nétélakeun yén instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan migawéna leuwih babari, sarta hasilna leuwih hadé, hartina leuwih gemet, lengkep, jeung sistematis nepi ka leuwih babari diolah. Anapon instrumén dina ieu panalungtikan mangrupa lembaran tés tinulis. Ari dina prakna ngolah data mah instrumén tabél.
3.3.1 Instrumén Pangumpul Data
Instrumén pangumpul data mangrupa lembaran tés jeung kartu data, bisa dititénan ieu di handap.
a. Lembaran Tés
Siti Mulkiyah Abbas, 2016
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASADINA NULIS PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII ASMP NEGERI 3 LEMBANG TAUN AJARAN 2015/2016
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Pancén
Jieun karangan pangalaman pribadi anu sarat-saratna ditétélakeun ieu di handap!
1. Témana : bébas
2. Panjangna karangan : maksimal tilu paragraf
b. Kartu Data
Kartu data dipaké pikeun ngumpulkeun data nu mangrupa kecap-kecap tina undak usuk basa Sunda nu aya dina karangan siswa. Dina kartu data aya informasi, nya éta: (1) alphabetis; (2) data undak usuk basa; jeung (3) sumber data, nu ngawengku kode siswa, jeung kode kalimah. Conto kartu data ébréh ieu di handap. Undak usuk basa Sunda;
a. Larapna
S.01 : siswa nurutkeun absén K.01 : Kalimah ka sabaraha
3.3.2 Instrumén Ngolah Data
Instrumén pikeun ngolah data anu mangrupa tabél data anu bisa dititénan di handap ieu.
Siti Mulkiyah Abbas, 2016
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASADINA NULIS PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII ASMP NEGERI 3 LEMBANG TAUN AJARAN 2015/2016
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Instrumén Ngolah Data
No Kecap f Perséntase
%
Makéna Basa Basa Loma Basa Lemes
Nu
dipaké Kuduna M TM Sorangan Batur
M TM M TM
3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés jeung téhnik dokuméntasi.
a. Téhnik Tés
Tés nya éta saruntuyan patalékan, latihan, atawa alat séjén anu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, intelegensi, kamampuh, atawa bakat anu dipibanda ku individu atawa kelompok (Anderson dina Nugiyantoro, 1995, kc. 59).
Dumasar kana kapentingan panalungtikan anu merlukeun data anu konkrit pikeun dianalisis, mangka téhnik tés anu dilakukeun diwujudkeun dina wangun tulisan, nya éta méré tugas nyieun karangan pangalaman pribadi ka siswa kelas VII-A SMPN 3 Lembang taun ajaran 2015/2016.
b. Téhnik Dokuméntasi
Téhnik dokuméntasi dipaké pikeun ngumpulkeun data UUBS tina karangan siswa. Dumasar kana téhnik di luhur ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
1) Ngayakeun tés ngarang pangalaman pribadi;
2) Ngumpulkeun hasil karangan pangalaman pribadi siswa; 3) Maca karangan pribadi siswa;
Siti Mulkiyah Abbas, 2016
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASADINA NULIS PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII ASMP NEGERI 3 LEMBANG TAUN AJARAN 2015/2016
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sanggeus data nu rék di talungtik geus kumpul, éta data téh diolah sangkan bisa dicindekkeun ngagunakeun téhnik analisis unsur langsung, imadiate, constituent. Anapon léngkah-léngkah nganalisis datana saperti ieu di handap:
a. nganomeran unggal siswa nurutkeun absén; b. maca pangalaman pribadi siswa kalawan gemet;
c. nganomoran unggal kalimah anu aya dina pangalaman pribadi;
d. milihan kecap-kecap nu aya dina unggal kalimah, tuluy dinomeran; jeung e. masing-masing kecap, tuluy diasupkeun kana tabél dumasar klasifikasi anu
geus ditangtukeun, nya éta gundukan kecap loma, kecap lemes keur sorangan, jeung kecap lemes keur batur.
Sabada diasupkeun kana tabél, tuluy dianalisis maké ukuran préstasi anu dihontal ku siswa dina hiji kelompok.
Indéks préstasin kelompok =
(Nurgiyantoro, 2001, kc. 415)
a. Kamampuh maké basa loma
L =
Katerangan:
X : Jumlah basa loma nu merenah Y : Jumlah basa loma nu dipaké L : Perséntasi larapan basa loma
b. Kamampuh maké basa lemes keur sorangan
Ls =
Katerangan:
Siti Mulkiyah Abbas, 2016
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASADINA NULIS PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII ASMP NEGERI 3 LEMBANG TAUN AJARAN 2015/2016
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
c. Kamampuh maké basa lemes keur batur
Lb =
Katerangan:
X : Jumlah basa lemes keur batur nu merenah Y : Jumlah basa lemes keur batur nu dipaké Lb : Perséntasi larapan basa lemes keur batur
Tabél 3.3
Patokan Perséntasi Skala Lima Interval persentasi
tingkat
Nilai ubah skala lima Katerangan 0 - 4 E - A
85% - 100 % 4 A alus pisan
75% - 84% 3 B alus
60% - 74% 2 C cukup
40% - 59% 1 D kurang
0% - 39% 0 E goréng