• Tidak ada hasil yang ditemukan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013"

Copied!
7
0
0

Teks penuh

(1)

1

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Sakabéh manusa gumelar ka alam dunya dibekelan ku poténsi-poténsi, boh poténsi internal ogé poténsi éksternal. Éta poténsi-poténsi tangtuna digunakeun ku manusa pikeun ngajalankeun kahirupanana, kaasup nyiptakeun kabudayaan katut ngajalankeun éta kabudayaan dibarung ku ajén-inajén anu nyangkaruk di jerona.

Kumpulan manusa anu cicing di hiji wewengkon sarta maranéhna migawé interaksi atawa campur gaul jeung manusa séjénna disebut masarakat. Unggal kelompok masarakat tangtu miboga kabudayaan séwang-séwangan anu ngabédakeun hiji kelompok jeung kelompok masarakat séjénna.

Nurutkeun élmu antropologi, budaya téh nya éta sakabéh sistem gagasan, paripolah, jeung hasil karya manusa dina kahirupan masarakat anu dijadikeun milik dirina ku cara diajar. Kabudayaan mangrupa hasil tina cipta, karsa, jeung rasa. Jadi, kabudayaan mangrupa sakabéh hasil karya, cipta manusa (tindakan, norma, adat-istiadat, artéfak jrrd.) dina hirup kumbuh di masarakat anu dicangking tina prosés diajar (Koentjaraningrat, 2009:144-146).

Unsur-unsur kabudayaan miboga sifat universal, hartina mangrupa unsur-unsur anu pasti dipiboga ku sakabéh kabudayaan anu aya di alam dunya, boh kabudayaan nu hirup di masarakat kota boh kabudayaan nu hirup di masarakat pilemburan. Éta unsur-unsur kabudayaan téh ngawengku basa, sistem pangaweruh, organisasi sosial/kamasarakatan, sistem pakakas hirup jeung téhnologi, sistem pakasaban, sistem réligi, jeung kasenian. Dina unsur-unsur kabudayaan éta, basa nyekel peran pangpentingna di masarakat (Koentjaraningrat 2006:149; 2009:165).

Basa mibanda fungsi anu kacida pentingna dina kahirupan manusa, di antarana waé pikeun nepikeun kahayang, gagasan atawa pikiran hiji jalma ka jalma séjénna dina hirup kumbuh sapopoé. Nurutkeun Halliday basa ogé miboga fungsi pikeun ngébréhkeun rasa émosi nu sipatna éndah (éstétis) tur imajinatif.

(2)

Salian ti éta, nurutkeun Jakobson basa mibanda fungsi puitis nya éta pikeun nepikeun amanat anu sipatna éstétis patali jeung karya sastra (Sudaryat, 2004:17). Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeunana ngagunakeun médium basa. Nilik kana wangunna, karya sastra Sunda bisa dibagi jadi tilu golongan nya éta: prosa atawa wangun lancaran, puisi atawa wangun ugeran, jeung carita drama. Dumasar kana warna karanganana: (a) prosa téh ngawengku: dongéng, skétsa, carita pondok, roman atawa novél; (b) puisi ngawengku: puisi anu ngawujud carita/naratip (carita pantun jeung wawacan) jeung teu naratip (puisi mantra, kakawihan, sisindiran, sa’ir, guguritan, sajak); (c) drama nu ngawengku: rupa-rupa carita drama dina ungkara dialog wanda prosa jeung ungkara dialog wanda puisi (kawih, tembang). Nilik kana médiana, aya sastra lisan jeung sastra tinulis. Sastra lisan nya éta sastra anu hirupna (tumuwuhna, mekarna, jeung sumebarna) dina média lisan, sakurang-kurang dina mangsana. Sabalikna, sastra tinulis nya éta anu hirupna dina média tulis (Iskandarwassid, 2003:138).

Rusyana ngabagi sastra jadi dua bagian nya éta sastra lisan jeung sastra tulisan. Sastra lisan sok dipatalikeun kana sastra balaréa (folk literature), demi sastra tulisan sok dipatalikeun kana seni sastra atawa istilahna literature of art. Dina sastra Sunda kapanggih hasil-hasil sastra anu mangrupa sastra balaréa, di antarana nya éta dina wangun puisi lisan. Puisi lisan téh kabagi jadi lima golongan nya éta: puisi anu eusina carita, puisi anu mangrupa paguneman, puisi didaktis, puisi anu patali jeung upacara, jeung puisi panglipur (1970:1).

Puisi nya éta wanda basa karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung diksina, lain dina ungkara kalimah cara basa sapopoé atawa cara wangun prosa. Kitu deui mantra, Iskandarwassid nétélakeun yén mantra téh warnaning puisi (ugeran) buhun (tradisional) anu eusina jajampéan, jangjawokan, parancah, singlar, asihan, jsté (Iskandarwassid, 2003:118).

Mantra téh kaasup puisi buhun anu teu ngawujud carita (naratif) tur sumebarna sacara lisan. Dina kahirupan masarakat baheula mantra raket patalina jeung kapercayaan. Mantra mangrupa du’a husus anu ditepikeun ngagunakeun

(3)

basa sarta miboga maksud nu tangtu. Mantra bakal miboga kakuatan gaib lamun dina ngucapkeunana maké ritual husus.

Dina hirup kumbuhna, mantra mangrupa bagian tina sastra daérah anu perlu dimumulé jeung diriksa, sabab éta téh salasahiji warisan titinggal budaya karuhun urang Sunda nu luhung budayana. Isnéndés nétélakeun yén lian ti mantra téh unik jeung buhun, ogé ngagambarkeun paripolah jeung moral manusa sacara umum. Éta hal bisa dijadikeun landasan sikep sarta acuan moral positif manusa anu kiwari nyebut dirina salaku manusa modérn (2010:100).

Pikeun ngariksa jeung ngamumulé kabudayaan daérah, Undang-Undang

Dasar 1945 dina BAB XIII Pasal 32 Ayat 1 jeung 2 nandeskeun yén:

“(1) Negara memajukan kebudayaan nasional Indonesia di tengah peradaban dunia dengan menjamin kebebasan masyarakat dalam memelihara dan mengembangkan nilai-nilai budayanya; (2) Negara menghormati dan memelihara bahasa daerah sebagai kekayaan budaya nasional.”

Salasahiji tarékah pikeun ngamumulé budaya daérah pangpangna anu mangrupa sastra lisan nya éta ku cara ngayakeun panalungtikan. Ku ayana éta panalungtikan, sastra lisan baris didokuméntasikeun dina wangun tinulis tur bisa dianalisis nepi ka bisa kanyahoan struktur pangwangunna. Sanggeus didokuméntasikeun sarta dianalisis struktur pangwangunna, éta data bisa digunakeun pikeun bahan pangajaran, hususna pangajaran aprésiasi puisi.

Dina Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) Basa Sunda taun 2007 anu dimedalkeun ku Dinas Provinsi Jawa Barat, katitén yén di SMA kelas X diajarkeun perkara maca puisi. Sacara jelas katémbong tina standar kompeténsi nomor 10.3 Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi

wacana yang berupa sejarah lokal/cerita babad, puisi, dan berita dari surat kabar/majalah/media elektronik.

Aya sababaraha hasil panalungtikan ngeunaan mantra nu geus dilaksanakeun di antarana: Bagbagan Puisi Mantra Sunda meunang Rus Rusyana (1970); “Puisi Mantra pikeun Bahan Pangjaran Aprésiasi Sastra Sunda di SMP” meunang Lina Herlinawati (1997); “Puisi Mantra di Kecamatan Nagrak

(4)

Kabupatén Sukabumi: Analisis Déskriptif Téks jeung Kontéks” meunang Rétty Isnéndés (1998); “Invéntarisasi Puisi Jangjawokan di Kampung Anggacarang Kacamatan Bojongloa Kidul Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SLTP” meunang Kiki Maria Hodijah (2003); “Analisis Puisi Mantra di Désa Malati Kecamatan Naringgul Kabupatén Cianjur” meunang Dadang Gunawan (2004); “Puisi Mantra di Kampung Ciarileu Kacamatan Cikajang Kabupatén Garut: Invéntarisasi jeung Analisis Ajén Estétis Struktur” meunang Aneu Nurléla (2008); “Jangjawokan di Désa Nagrak Kacamatan Buahdua Kabupatén Sumedang pikeun Bahan Ajar Aprésiasi Sastra Sunda di Kelas XII SMA Negeri I Cicaléngka: Ajén Struktur” meunang Élis Nurhayati (2009); “Analisis Struktural Puisi Mantra di Désa Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi di SMA” meunang Ayu Aningsih (2013).

Ku lantaran puisi mantra di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis tacan aya nu medar. Ku kituna, ieu panalungtikan téh dianggap penting pikeun ngadéskripsikeun jeung nganalisis struktur ngeunaan puisi mantra di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis. Ieu panalungtikan dijudulan “Analisis Struktural Puisi Mantra di Désa Cimindi Kacamatan Cigugur Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi di SMA Kelas X”.

(5)

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kasang tukang di luhur, masalah dina ieu panalungtikan téh ngeunaan puisi mantra. Sangkan pedaran leuwih museur jeung teu lega teuing ambahanana, masalah ieu panalungtikan baris diwatesanan ngeunaan ulikan sacara struktural puisi mantra di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis, dipatalikeun jeung bahan pangajaran aprésiasi puisi di SMA kelas X.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang jeung watesan masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun patalékan ieu di handap.

1) Puisi mantra naon baé anu aya di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis, sarta kumaha wincikan éta puisi mantra dumasar jenis-jenisna?

2) Kumaha adegan (struktur) jeung eusi (basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, pencitraan) puisi mantra di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis?

3) Kumaha larapna hasil analisis puisi mantra ti Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis, pikeun bahan pangajaran aprésiasi puisi di SMA kelas X?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Tujuan dina ieu panalungtikan téh nya éta ngawengku: 1) tujuan umum; 2) tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun miara jeung ngamumulé salasahiji hasil kabudayaan masarakat Sunda hususna karya sastra, sangkan bisa dipikanyaho tur diaprésiasi ku masarakat kiwari, sarta pikeun dipilih tur dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi puisi di SMA kelas X.

(6)

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.

1) Ngumpulkeun jeung ngadokuméntasikeun puisi mantra di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis, sarta mikanyaho jenis puisi mantra anu geus dikumpulkeun.

2) Ngadéskripsikeun adegan (struktur) jeung eusi (basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, pencitraan) puisi mantra di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis.

3) Ngalarapkeun hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran aprésiasi puisi di SMA kelas X.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan ngawengku: 1) mangpaat tioritis; 2) mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan puisi mantra hususna dina analisis struktural.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta:

1) pikeun dunya atikan, bisa dijadikeun salasahiji bahan pangajaran di sakola; 2) pikeun masarakat, sangkan teu mopohokeun budaya titinggal karuhun, sarta

bisa ngaprésiasi éta titinggal budaya karuhun;

3) pikeun nu nalungtik, nambahan élmu pangaweruh ngeunaan karya sastra buhun hususna puisi mantra sangkan bisa jadi luang pikeun ngawariskeun budaya ka generasi saterusna;

(7)

1.5 Rangkay Panulisan Skripsi

Rangkay panulisan skripsi eusina ngeunaan wincikan runtuyan tulisan tina unggal bab jeung bagian bab, ti mimiti bab hiji nepi ka bab ahir.

BAB I: Bubuka eusina pedaran ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta rangkay panulisan skripsi.

BAB II: Kajian pustaka eusina pedaran tiori-tiori atawa bahasan ngeunaan hal nu aya pakuat-pakaitna jeung panalungtikan nu dilaksanakeun nu ngawengku: wangenan puisi, mantra (wangenan mantra, tujuan mantra, papasingan mantra), analisis struktural (eusi, basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, pencitraan), jeung bahan pangajaran aprésiasi puisi (wangenan bahan pangajaran, tujuan pangajaran, kriteria nyieun bahan pangajaran, nyusun bahan pangajaran, SKKD pangajaran basa jeung sastra Sunda).

BAB III: Métodologi panalungtikan eusina pedaran ngeunaan métode panalungtikan anu ngawengku: lokasi panalungtikan, sumber data, data, métode jeung téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, désain panalungtikan, analisis data, jeung wangenan operasional.

BAB IV: Hasil panalungtikan jeung pedaran eusi kumpulan data hasil panalungtikan sarta analisis struktural ngeunaan data hasil panalungtikan.

BAB V: Kacindekan jeung saran, ngébréhkeun tapsiran nu nalungtik kana hasil panalungtikan.

Referensi

Dokumen terkait

[Nama Ketua

http://repository.usu.ac.id/bitstream diakses pada tanggal 17 Januari 2016 pukul 11.30

Penerapan Multimedia Pembelajaran Untuk Mneingkatkan Motivasi Dan Hasil Belajar Siswa XI TKR 1 SMKN 6 Bandung Pada Mata Pelajaran Produktif Motor.. Universitas Pendidikan Indonesia

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Olahraga dan Kesehatan. © Danny Adhitya

Dalam suatu metode penelitian perlu menetapkan suatu metode yang sesuai dan dapat membantu mengungkapkan suatu permasalahan. Metode dalam suatu penelitian merupakan

atas kerugian yang terjadi pada pelaksanaan operasi kontrak operasi bersama. perusahaan minyak dan

Penanggung jawab pelaksanaan dapat dilakukan dengan membentuk m peningkatan mutu layanan klinis dan keselamatan pasien di Puskesmas, yang mempunyai program kerja yang jelas.

(2) secara parsial, variabel periklanan mempunyai pengaruh positif dan signifikan terhadap variabel kesadaran merek pada Starbucks Coffee Shop Sun Plaza, Medan, (3) Hasil