• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1006666 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1006666 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

Evi Rahmawati, 2014

Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan didadasaran tina ayana anggapan yén dina kumpulan

dongéng Sasakala Talaga Warna miboga ajén-ajén anu luhung. Anapon tujuan

dina ieu panalungtikan nyaéta ngadéskripsikeun unsur struktural, ajén pendidikan

karakter jeung sawangan hirup urang Sunda anu nyampak dina kumpulan

dongéng Sasakala Talaga Warna, sarta nyusun bahan ajar maca di SMP tina

dongéng nu aya tina analisis buku kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna.

Dina ieu panalungtikan, dilarapkeun tiori ngeunaan strukturalisme dina dongéng,

ajén pendidikan karakter jeung sawangan hirup urang Sunda, sarta bahan ajar

maca. Métode nu digunakeun nyaéta metode deskriptif, sedengkeun téhnikna

nyaéta studi pustaka jeung dokuméntasi.

Hasil panalungtikan tina 17 dongéng nu aya dina kumpulan dongéng Sasakala

Talaga Warna ngahasilkeun tilu kacindekan utama nyaéta unsur intrinsik

dongéng, ajén pendidikan karakter, jeung bahan pangajaran maca di SMP. Unsur

intrinsik dongéng nu dianalisis nyoko kana téma, galur, tokoh jeung penokohan,

latar, sarta sudut pandang. Kahiji, téma nu kapaluruh réréana ngeunaan masalah

jeung pangalaman hirup manusa, boh anu sifatna individual, boh anu sifatna

lahiriah, saperti ajén diri, kasombongan, cinta (boh cinta indung ka anak, boh

cinta adi ka lanceuk, boh cinta anak ka indung), cobaan hirup, kasatiaan, kasieun,

agama, jeung kaagungan Gusti Nu Maha Suci. Kadua, galur carita dina 17

dongéng nu dianalisis kabéh ngagunakeun galur mérélé. Katilu, aya dua jenis

tokoh nu kapanggih nyaéta tokoh utama jeung tokoh panambah, katitén aya 20

tokoh utama nu ngalalakon, jeung 59 tokoh panambah nu jadi panglengkep carita.

Kaopat, latar nu kapanggih nyaéta latar tempat, latar waktu, jeung latar sosial.

Latar tempat dina 17 dongéng nu dianalisis réréana di pilemburan, di imah jeung

(2)

276

jeung jaman kanabian, sedengkeun latar sosial nu kapanggih réréana nyoko kana

kahirupan sosial masarakat golongan menengah. Kalima, aya dua jenis sudut

pandang nu digunakeun dina 17 dongéng nu dianalisis, nyaéta sudut pandang

persona katilu “manéhna” kasengker jeung sudut pandang persona katilu “manéhna” sarwa nyaho. Kapanggih aya 15 dongéng nu ngagunakeun sudut pandang persona katilu “manéhna” kasengker, sedengkeun ngan ukur aya dua

dongéng nu ngagunakeun sudut pandang persona katilu “manéhna” sarwa nyaho.

Ajén pendidikan karakter nu kapanggih dina kumpulan dongéng Sasakala

Talaga Warna aya 16, nyaéta religius, jujur, toleransi, disiplin, kerja keras,

parigel, mandiri, demokratis, rasa ingin tahu, semangat kebangsaan, cinta ka

lemah cai, komunikatif, cinta damai, maliré kana lingkungan sabudeureun, maliré

kana lingkungan sosial, jeung tanggung jawab. Dongéng anu ngandung ajén

pendidikan karakter panglobana nyaéta dongéng “Sasakala Legok Cibuang”

kalayan jumlah 13 ajén, sedengkeun dongéng anu ngandung ajén pendidikan

karakter pangsaeutikna nyaéta dongéng “Sasakala Situ Bagendit” anu jumlahna

ngan ukur saajén. Anapon data sawangan hirup urang Sunda nu kapanggih dina

buku kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna aya 5, nyaéta sawangan hirup

urang Sunda ngeunaan manusa salaku pribadi, sawangan hirup urang Sunda

ngeunaan manusa jeung masarakat, sawangan hirup urang Sunda ngeunaan

manusa jeung alam, sawangan hirup urang Sunda ngeunaan manusa jeung Gusti

Nu Maha Suci, jeung sawangan hirup urang Sunda ngeunaan manusa dina

ngahontal kamajuan lahiriah jeung rohaniah.

Dongéng-dongéng dina buku kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna bisa

dipaké pikeun bahan pangajaran maca dongéng di SMP, lantaran miboga unsur

intrinsik anu lengkep jeung euyeub ku rupa-rupa ajén pendidikan karakter, sarta

luyu jeung kriteria bahan ajar nu geus ditangtukeun.

5.2Saran

Dongéng lain ngan mangrupa produk heubeul anu cukup dipikawanoh

hungkul, tapi dongéng mangrupa folklor lisan anu euyeub ku ajén-inajén anu gedé

(3)

277

bisa diguar tina dongéng anu can ditalungtik. Aya sababaraha saran nu baris

ditepikeun dina ieu panalungtikan, di antarana:

1) Saran ka Panalungtik Sastra Utamana Ngeunaan Dongéng

Ieu panalungtikan kawatesanan kana ajén pendidikan karakter nu kapaluruh

tina dongéng hungkul. Teu nutup kamungkinan panalungtikan ngeunaan ajén

pendidikan karakter bisa leuwih jembar saupama ngagunakeun sumber data

folklor séjénna. Pikeun panalungtik séjénna dipiharep ieu hasil panalungtikan bisa

jadi salah sahiji tatapakan pikeun panalungtikan anu leuwih jembar deui.

2) Saran ka Guru Basa Sunda

Dongéng-dongéng nu aya dina buku kumpulan dongéng “Sasakala Talaga

Warna” bisa dijadikeun salah sahiji alternatif bahan pangajaran aprésiasi sastra di

sakola sangkan ngeuyeuban kana dongéng Sunda anu geus aya, hususna pikeun

siswa SMP kelas VII.

3) Saran ka Urang Sunda

Hasil ieu panalungtikan bisa jadi gambaran pikeun mikanyaho ajén

pendidikan karakter dina dongéng Sunda jeung mikanyaho sawangan hirup nu

dipimilik ku urang Sunda. Ku kituna, dipiharep ngajadikeun urang Sunda leuwih

Referensi

Dokumen terkait

Dumasar hasil analisis, puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan aya opat wangun nu kapanggih nya éta nu wangun pupuh, sa’ir, puisi semi

(5) patalina alur jeung latar,(6) patalina latar jeung tokoh sarta penokohan. Patalina Antara aspek Psikologis jeung struktur carita dicindekkeun yén. Dina ieu kumpulan

Kalimah ringkesan anu kapanggih tina data téh aya 130 kalimah, kabagi jadi opat wangun, nyaéta kalimah singgetan, kalimah runtuyan, kalimah sambungan, jeung kalimah

guguritan (aturan pupuh, gaya basa, unsur eusi, purwakanti, jeung pedotan), dina. unsur eusi nu dianalisis téh aya 4, nyaéta téma, nada, rasa, jeung

sacara lisan. Dina prosés panalungtikan kapanggih sawatara ajén éstétika saperti ajén éstétis atawa ajén murni jeung ajén ékstra éstétis atawa ajén tambahan. Éta ajén

ékstrakalimah jeung intrakalimah dina éta carpon. Posisi déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina carpon anu. aya dina Majalah Manglé. Wanda déiksis

basa jeung sastra Sunda séjénna nu saluyu jeung karakteristik ieu modél, ku kituna hasilna téh leuwih optimal. 3) Pikeun panalungtik lainna nu ngalakukeun panalungtikan sanggeus

Kamampuh ahir nulis ringkesan warta siswa rata-rata peunteunna nyaéta 25,05 nu kaasup kana kritéria “hadé”.. Aspék organisasi eusi rata-rata peunteunna nyaéta 21,01 nu kaasup