• Tidak ada hasil yang ditemukan

S PGSD 1000520 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S PGSD 1000520 Chapter1"

Copied!
5
0
0

Teks penuh

(1)

Deden Muhidin, 2014

Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Sastra mangrupa hasil titinggal kabudayaan manusa harita, diciptakeun pikeun nyumponan pangabutuh rohani masarakatna, anu fungsina minangka sarana éksprési jeung sarana rékréasi. Ku kituna ti mimiti gelarna sastra nepi ka kiwari, sastra jadi hal anu kawilang pentingna, boh di sabudeureun masarakat sastra éta sorangan boh dina dunya atikan. Dina dunya atikan sastra bisa dijadikeun hiji bahan pangajaran ka siswa, sedengkeun di sabudeureun masarakat sastra, sastra téh mangrupa sarana éksprési tina kahirupan di sabudeureunana.

Karya sastra digelarkeun kalawan ngagunakeun média, salah sahijina nyaéta ngaliwatan média wangun tinulis. Karya sastra anu wangunna tinulis, tangtuna aya patalina jeung aksara katut média tulisna, salah sahiji contona nyaéta naskah. Naskah nyaéta hasil titinggal budaya manusa harita anu ditulis ngagunakeun aksara tur ngébréhkeun rasa jeung pamikiranana ngeunaan hiji hal anu sifatna éstétis jeung intelék. Dina naskah euyeub pisan informasi-informasi baheula anu ngagambarkeun pamikiran-pamikiran, adat-istiadat, jeung ajén bebeneran anu aya di masarakat baheula (Baried spk., 1994, kc. 6).

Hiji panalungtikan naskah biasana miboga tujuan pikeun mikanyaho struktur, kaayaan, sistem kamasarakatan, gagasan, jeung pola pikir manusa harita. Salian ti éta panalungtikan naskah ogé miboga fungsi pikeun néangan ajén bebeneran jeung falsafah kabudayaan hiji sélér bangsa.

(2)

Gelarna hiji karya sastra tangtuna moal leupas tina struktur carita jeung unsur-unsur anu ngawangunna. Pikeun mikanyaho naon-naon nu aya dina naskah, tangtuna kudu dititénan heula eusi naskahna. Saperti nu aya dina naskah citak buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja. Dina ieu buku euyeub pisan ku carita-carita anu eusina bisa diklasifikasikeun jadi carita-carita dongéng, carita-carita déskripsi ngeunaan sato jeung sakola, tatarucingan, carita lalampahan, jeung carita paguneman sapopoé.

Buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja mangrupa hiji buku anu digunakeun di sakola-sakola baheula pikeun bahan pangajaran, ku kituna di jerona ogé euyeub pisan ku rupa-rupa bahan pangajaran, boh pangajaran maca boh pangajaran nulis aksara Cacarakan. Aksara Cacarakan mangrupa salah sahiji aksara anu kungsi digunakeun di tatar Sunda salain ti aksara séjénna.

Nilik kana sajarahna, di tatar Sunda kungsi dipikawanoh sababaraha aksara, nyaéta: aksara Pallawa, Pranagari, Sunda Kuno, Jawa (Carakan), Arab (Pégon), Cacarakan, jeung Latén. Éta aksara nu tujuh téh dipaké ti mimiti abad ka-4 Maséhi, ngan anu digunakeun nepi ka kiwari mah nyaéta aksara Sunda Kuno, Arab (Pégon), Cacarakan, jeung Latén (Suryani, 2012, kc. 114).

Buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja mangrupa hiji bukti yén di tatar Sunda kungsi digunakeun aksara Cacarakan, jeung harita bener-bener sumebar sarta resmi digunakeun di sakola-sakola (Filantropi, 2011). Sanajan ayeuna nu diajarkeun di sakola nyaéta aksara Sunda Kuno (Kaganga), tapi aksara Cacarakan nu digunakeun dina buku Tjatjarakan, perlu diriksa jeung dimumulé deui, sangkan dipikawanoh ku masarakat balaréa ka hareupna, utamana di kalangan atikan. Dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja loba carita-carita nu bisa diklasifikasikeun jadi sababaraha genre, di antarana aya dongéng, carita déskriptif, paguneman, jrrd. Sakabéh genre nu aya dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja perlu ditalungtik pikeun mikanyaho struktur carita, ogé struktur nu ngawangun bukuna.

Nepi ka kiwari, geus loba panalungtikan-panalungtikan ngeunaan naskah

(3)

Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Nabi Yusuf” (Eva Novianti, 2004),

“Wawacan Abu Nawas Transliterasi jeung Analisis Struktural Sémiotika” (Ranti Purnama Dewi, 2012), “Analisis Struktur jeung Ajén Moral dina Naskah Wawacan Ratu Déwi Maléka” (Devi Cahyani Wulansari, 2009), “Analisis Struktur Wawacan Raramendut” (Rosmayanti, 2008), “Analisis Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Babad Cirebon” (Dini Siti Oktaviani, 2007), “Analisis

Struktur jeung Ajén Budaya dina Wawacan Panji Kusumah pikeun Pangajaran di

SMP” (Nenden Sri Utari, 2010) jrrd.

Nepi ka kiwari, panalungtikan ngeunaan naskah di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI kawilang langka, komo deui naskah nu ngagunakeun aksara Cacarakan. Lolobana nalungtik naskah anu ngagunakeun aksara Arab (Pégon) jeung aksara Sunda Kuno. Ku kituna dina ieu panalungtikan dipedar struktur carita nu aya dina buku Tjatjarakan, anu judulna “Struktur Carita dina Buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja pikeun Bahan Pangajaran Maca”.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, supaya henteu méngpar tina naon-naon anu baris ditalungtik, jeung leuwih jéntré kana hal anu dipedar, ieu panalungtikan diwatesanan, nyaéta ngawengku:

a. Ngadéskripsikeun naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja. b. Transliterasi buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.

c. Struktur anu ngawangun eusi buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.

d. Analisis struktur carita anu aya dina buku Tjatjarakan, anu ngawengku téma, galur, tokoh jeung watek tina unggal carita.

e. Pangajaran maca tina téks nu aya dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.

1.3Rumusan Masalah

(4)

a. Kumaha déskripsi naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja. b. Kumaha transliterasi téks buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja?

c. Kumaha struktur anu ngawangun eusi buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja?

d. Kumaha struktur carita anu aya dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja? e. Kumaha bahan pangajaran maca tina téks nu aya dina buku Tjatjarakan karya

Soeria Di Radja?

1.4Tujuan Panalungtikan

1.4.1 Tujuan Umum

Dumasar kana rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan umum, nyaéta pikeun mikanyaho materi pangajaran maca, budaya, jeung aksara Cacarakan nu aya dina buku ajar Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.

1.4.2 Tujuan Husus

Anapon tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta: a. Ngadéskripsikeun buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.

b. Ngadéskripsikeun struktur eusi anu ngawangun buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.

c. Ngadéskripsikeun struktur carita nu aya dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.

d. Ngadéskripsikeun bahan pangajaran maca tina téks nu aya dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.

1.5 Mangpaat Panalungtikan

1.5.1 Mangpaat Téoritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan kabeungharan élmu sastra dina kontéks kajian élmu filologi.

(5)

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré informasi ngeunaan aksara Sunda nyaéta aksara Cacarakan jeung hasil ieu panalungtikan bisa digunakeun pikeun bahan pangajaran maca di sakola.

1.6Struktur Organisasi Skrpsi

BAB I Bubuka, nyaéta nu ngawengku kasangtukang panalungtikan, watesan masalah, rumusan maslah, tujuan, mangpaat, jeung struktur organisasi skripsi.

BAB II Ulikan Tiori, nyaéta anu ngawengku aksara Cacarakan, struktur, jeung pangajaran maca.

BAB III Métodologi Panalungtikan, nyaéta anu ngawengku sumber data, desain panalungtikan, métode, définisi operasional, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis data.

BAB IV Hasil Panalungtikan, nyaéta ngawengku déskripsi naskah, transliterasi naskah, analisis struktur carita, analisis eusi nu ngawangun naskah buku ajar Tjatjarakan, jeung pangajaran maca tina téks carita.

Referensi

Dokumen terkait

(2) segmen potensial konsumen di pasar traditional diketahui Konsumen dengan tingkat pendidikan perguruan tinggi menjadi konsumen yang dominan dalam aspek tingkat

Selain tugas awal untuk mengisikan nilai HPS/OE dan melakukan persetujuan agar paket dapat diproses lebih lanjut oleh ULP, pada saat lelang akan diumumkan,

PENERAPAN METODE KARYA WISATA PADA MATA PELAJARAN IPS TENTANG MACAM-MACAM SUMBER DAYA ALAM UNTUK MENINGKATKAN HASIL BELAJAR SISWA SEKOLAH DASAR Universitas Pendidikan Indonesia |

A detailed analysis by the Government has shown that in the long term, as infrastructure spending declines and domestic revenue increases, the amount of money

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar sarjana pada Fakultas Pendidikan Matematika dan Ilmu Pengetahuan Alam. © Isep Bambang Kurniawan 2015

Penyusunan Skripsi ini dengan judul “Pengaruh Penilaian KInerja Terhadap Prestasi Kerja Pegawai Pada PT PLN Area Medan", untuk memenuhi salah satu syarat guna

dari wawancara dan observasi yang berkaitan dengan masalah

Hal ini berarti bahwa program bimbingan karier untuk memantapkan pilihan karier layak untuk diujicobakan pada peserta didik kelas XI SMK Negeri 1 Indramayu Tahun