1. Kalimah Paréntah
Kalimah paréntah nyaeta kalimah anu eusina pikeun maréntah batur sangkan milampah pagawéan nu diparéntahkeun.
Contona :
1. Punteun, tiasa nambut pamupus!
2. Mah, nyuhunkeun artos!
3. Mah pangadamelkeun mie sedap!
4. Mangga ka lebet, Pa!
5. Ulah dianggo pulpen éta mah, bocor!
Ngawangun Kalimah Paréntah
Jieun kalimah paréntah di handap tina kalimah wawaran.
Contona :
Dudi dititah mupus bor.
Kalimah paréntahna: Dudi, pangmupuskeun bor!
Pigawé soal di handap kawas conto di luhur!
1. Wati dipiwarang nyandak cai.
Kalimah paréntahna:
2. Dewi dipiwarang sasapu di buruan.
Kalimah paréntahna:
3. Jajang dipiwarang megat angkot ku bapana.
Kalimah paréntahna :
4.Dadan dipiwarang meuli sabun ka warung.
Kalimah paréntahna :
5. Barudak dipiwarang migawé soal dina buku pancén.
Kalimah paréntahna :
6. Wawan dipiwarang ngantosan di payuneun kelas.
Kalimah paréntahna :
7. Anis dipiwarang ngawih di payuneun kelas.
Kalimah paréntahna :
8. Barudak dipiwarang diajar kelompok di kelas.
Kalimah paréntahna :
9. KM dipiwarang nyandak buku bacaan di meja guru.
Kalimah paréntahna :
10. Ujang dipiwarang meser cengek ka warung ceu elis.
Kalimah paréntahna :
Babasan
Babasan nyaeta ucapan basa nu ringkes, saeutik patri, anu ngan sakadar ucapan, ulah dihartikeun sacrawelan.
Conto-conto babasan basa Sunda:
Atah= langka silih anjangan Adigung Adiguna= takabur, sombong Alas Paul= jauh pisan
Ayem tentrem= tenang teu aya kasieun Asa teu beungeutan= awahing ku era Amis budi= hade paroman
Amis daging= babari katerap ku panyakit Awak sampayan= make baju naun ge pantes Beurat birit= hese dipiwarang
Birit aseupan= teu daek cicing
Balungbang timur= nuduhkeun hate beresih Buntut kasiran= medit
Bodo alewoh= bodo tapi daek tatanya Beja mah beje= beja ulah waka dipercaya Bancang pakewuh= pikasusaheun Bulu kapaut= kabawa ku batur Gede hulu= sombong
Balabar kawat= beja nu sumebar Bari mengpengan= taya kasabaran Galegeh gado= sagala dicaritakeun Gurat batu= pageuh kana janjian Gindi pikir belang Bayah= goreng hate Goong saba kari= ngagulkeun diri sorangan Geutas harupateun= gancang nafsu Hampang birit= gampang dipiwarang Heuras genggerong= hayang menang sorangan
Hutang salaput hulu= hutangna kaditu kadieu Atah warah= kurang didikan
Handep lenyap= omongana lemes tapi ngahina Harewos Bojong= ngaharewos tapi teu kadenge ku batur Kawas jogjog mondok= teu daek repeh
Kawas gaang katincak= jempe Kandel kulit beungeut= teu aya ka era Kaliung kasiput= loba baraya beunghar Kembang buruan= budak nu keur resep ulin Leuleus awak= daekan
Laér gado= resep barang penta