SUNGKEMAN
Kasep, geulis anaking...
Cunduk waktu ninggang mangsana pikeun hidep Anaking...
Asa nembe kamari hidep dititipkeun ku sepuh hidep di ieu sakola
Malihan asa kamari pisan hidep ngedalkeun ikrar janten siswa didieu, di ieu sakola..
Tapi...
Ayeuna hidep rek pamitan ti ieu sakola.
Cunduk waktu nu rahayu ninggang mangsa nu waluya, hidep ninggalkeun ieu sakola
Anaking....
Prak geulis, kasep....
Ayeuna hidep geura sungkem ka Ibu anu aya dipayuneun hidep.
Ibu... hapunten abdi
Mugia ibu nampi ieu kereteg ati
Abdi seja ngawakilan rasa anu pinuh ku rumasa Rumasa seueur kalepatan sareng kaluluputan Margi... salami abdi sakola di sakola ieu Tangtos ngahese keun ibu guru sadaya
Rumaos abdi parantos culangung sareng wangkelang Malih dugi ka ngarheutkeun manah Ibu guru sadaya.
Kalayan disarengan ku manah anu ikhlas
Harepan abdi pangampura sareng pangdeudeul do’a ti ibu sadaya.
Ibu.... abdi saparakanca seja bade ngalengkah
Wirehna tuntas ngalap elmu nyuprih harti ti ibu sadayana Seja teh bade ngojayan lalakon anu masih keneh panjang
Ibu....
Hapunten abdi sadaya parantos ngarepotkeun
Mugia hasil jerih payah ibu sadaya sing janten modal dasar nepikeun ka abdi lumampah
Abdi kedah paturay tineung ka sadayana Abdi bade miang ninggalkeun anu mikaheman Pileuleuyan... Pileuleuyan...
Sapu nyere pegat simpay....
Kasep, geulis anaking anak Ibu..
Pangampura hidep dihampura ku bapa miwah ibu sadaya Najan hidep henteu menta
Tangtu ibu sadaya ngahampura ka hidep
Mugia hidep salamet mungguh rahayu waluya diri...