Adegan Contona
Unsur-1 Unsur-2
KS
KS sirik pidik, leuleus liat KB gedé hulu, héjo tihang KP pinter kodék, seukeut deuleu Kbil beurat sabeulah, alus sawaréh Cak runtut raut, handap asor KB saur manuk, ngégél curuk
KP
KP welas asih, ngaleut ngeungkeuy KS seuri konéng, kutuk gendeng Kpan liwat saking
Cak Cak gurung gusuh, harung gampung Kpan kejot borosot, api lain
Kecap sipat kantétan miboga harti, di antarana:
1) ‗jeung‘: handap asor, runtut raut, harung gampung; 2) ‗saperti‘: saur manuk;
3) ‗ka‘: beurat sabeulah;
4) ‗ngeunaan‘: pinter kodék, seukeut deuleu, hideung santen.
3.6 Kecap Bilangan (Numeralia) 3.6.1 Wangenan Kecap Bilangan
Kecap bilangan nya éta sajumlah kecap anu umumna miboga ciri-ciri, di antarana waé,
a. nuduhkeun jumlah, beungkeutan, urutan, jeung tahapan tina barang.
b. bisa dituturkeun kecap kali, nu hartina ‗titikelan‘: lima kali; c. bisa dituturkeun kecap barang: dalapan sakola;
d. bisa dirarangkénan ka- nu hartina ‗tahapan‘: kahiji e. bisa dipiheulaan kecap ngan saperti ngan lima; jeung
3.6.2 Wanda Kecap Bilangan
Kecap bilangan bisa dipasing-pasing dumasar kana hartina, di antarana, ébréh di handap ieu.
a. Kecap bilangan utama: hiji, dua, tilu, opat, salapan, sarébu; b. Kecap bilangan réndon: welas, puluhan, ratusan, rébuan,
jutaan;
c. Kecap bilangan recahan: satengah, saparapat, sapertilu; d. Kecap bilangan tahapan: kahiji, kadua,katilu, kasarébu; e. Kecap bilangan klitik: éka-, dwi-, tri-, catur-,panca-, sapta-,
dasa-.
3.6.3 Wangun Kecap Bilangan 3.6.3.1 Kecap Bilangan Salancar
Kecap bilangan salancar nya éta kecap bilangan anu diwangun ku hiji morfém bébas. Contona: hiji, dua, tilu, opat, lima, genep, jeung
tujuh.
3.6.3.2 Kecap Bilangan Rundayan
Kecap bilangan rundayan nya éta kecap bilangan anu diwangun ku cara dirarangkénan. Rarangkén anu dipaké pikeun ngawangun kecap bilangan, di antarana, ka-, sa-, jeung –an saperti dipedar di handap ieu. a. KBil Wangun ka-
Ieu kecap bilangan diwangun ku rarangkén hareup ka- tina dasar anu kagolong kana kecap bilangan, anu hartina ‗tingkat‘, ‗bagian‘, atawa ‗nomor‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun jeung dicontoan di handap ieu.
KBil + ka- KBil Contona:
hiji + ka- kahiji
genep + ka kagenep
b. KBil Wangun sa-
Ieu kecap bilangan diwangun ku rarangkén hareup sa- tina wangun dasar anu kagolong kana kecap barang jeung cakal, anu hartina ‗hiji‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun jeung dicontoan di handap ieu.
KB + sa- KBil kilo + sa- sakilo
Cak welas + sa- sawelas
c. KBil Wangun -an
Ieu kecap bilangan diwangun ku rarangkén hareup -an tina dasar anu kagolong kana kecap bilangan jeung cakal. Adegan kecapna bisa dipolakeun jeung dicontoan di handap ieu.
KBil + -an KBil dua + -an duaan
Kecap bilangan rundayan –an miboga harti, di antarana, 1) ‗diwangun ku D‘: tiluan, opatan, tujuhan;
2) ‗giliran‘: kaduakalian, katilukalian;
3) ‗jama teu tangtu‘: puluhan, ratusan, rébuan, jutaan; 4) ‗gundukan, jinis, atawa golongan‘: + ratusan, + rébuah.
3.6.2.3 Kecap Bilangan Rajékan
Kecap bilangan rajékan nya éta kecap bilangan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna, sagemblengna atawa sabagian, boh binarung ku rarangkén boh henteu. Kecap bilangan rajékan aya anu (1) dwimurni, (2) dwimdya, jeung (3) dirarangkénan.
a. Kecap Bilangan Dwimurni
Kecap bilangan dwilingga-murni atawa dwimurni diwangun ku cara nyebut dua kali sagemblengna wangun dasarna bari teu robah sorana. Wangun dasarna kagolong kana kecap bilangan, kecap sipat, jeung cakal. Adegan kecapna bisa dipolakeun di handap ieu.
KBil KS + Rdm KBil Cak Contona: hiji + Rdm hiji-hiji saeutik + Rdm saeutik-saeutik welas + Rdm welas-welas
Kecap bilangan dwimurni miboga harti, di antarana,
1) ‗demi/masing-masing‘: hiji-hiji, saeutik-saeutik,
satahap-satahap;
2) ‗jam teu tangtu‘: pirang-pirang, welas-welas.
b. Kecap Bilangan Dwimadya
Kecap bilangan dwimadya diwangun ku cara nyebut engang mimiti wangun dasarna nu kagolong kana kecap bilangan, anu hartina ‗jama teu tangtu‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun di handap ieu.
KBil + Rdmy KBil Contona:
sabaraha + Rdmy sababaraha
sakumaha + Rdmy sakukumaha
c. Kecap Bilangan Rajékan Dirarangkénan
Ieu kecap bilangan rajékan diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna bari dirarangkénan mang-, -an, jeung –na. Wangun dasarna kagolong kana kecap bilangan jeung cakal. Adegan kecapna bisa dipolakeun jeung dicontoan di handap ieu.
KBil + mang-R Cak R-an KBil
R-na Contona:
réwu + mang-R mangréwu-réwu
likur + R-an lilikuran
hiji + R-na hiji-hijna
Kecap bilangan rajékan dirarangkénan boga harti, di antarana, 1) ‗jama teu tangtu‘: mangréwu-réwu, lilikuran;
2) ‗ngan/taya leuwihna‘: hiji-hijina.
3.6.2.4 Kecap Bilangan Kantétan
Kecap bilangan kantétan diwangun ku cara ngantétkeun kecap bilangan jeung kecap bilangan atawa jeung kecap lianna. Adegan kecapna bisa dipolakeun jeung dicontoan di handap ieu.
KBil lima puluh dalapan
KBil kant = KBil + KB dalapan urang
Cak dua welas
Kecap bilangan kantétan miboga harti, di antarana, 1) ‗jumlah‘: sarebu lima ratus dua;
2) ‗titikelan‘: dalapan urang, lima héktar;
3) ‗jumlah bilangan kali hiji...‘: opat welas, lima ratus, 4) ‗nepi ka/wates: dua tilu urang;
3.7 Kecap Pancén (Partikel) 3.7.1 Watesan Kecap Pancén
Kecap pancén atawa partikel nya éta kecap anu gunana
pikeun ngajéntékeun kalimah katut babagianana. Kecap pancén umumna miboga ciri-ciri, di antarana, (1) mangrupa kecap salancar, (2) hésé dirobah wangunna, (3) mibanda harti gramatikal, (3) sok ngagondéng kecap lulugu, (4) dipaké pikeun nyelangsurupkeun kalimah katut babagianana, turta (5) mancén jadi panambah, panyambung, jeung pangantét.
3.7.2 Wangun Kecap Pancén
Najan umumna hésé dirobah wangunna, kecap pancén ogé aya nu mangrupa wangun rékaan. Ku kituna, najan jumlahna teu réa, jaba ti kecap pancén salancar, aya ogé kecap pancén rundayan, kecappancén rajékan, jeung kecap pancén kantétan.
3.7.2.1 Kecap Pancén Salancar
Kecap pancén salancar nya éta kecap pancén nu diwangun ku hiji morfém madyabébas. Dumasar kana jumlah engangna, kecap pancén salancar aya nu diwangun ku saengang, dua engang, nepi ka tilu engang. Contona: jung, lamun, lantaran.
3.7.2.2 Kecap Pancén Rundayan
Kecap pancén rundayan nya éta kecap pancén anu diwangun ku cara dirarangkénan. Rarangkén nu ngawangun kecap pancén rundayan, di antarana, sa-, si-, -in-, -eun, -keun, -na, sa--eun, sa--na,
sa--ning, jeung N-an. Wangun dasarna umumna mangrupa kecap
pancén, sanajan aya ogé kecap barang jeung kecap pagawéan. Kecap pancén rundayan ébréh dina tabél di handap ieu.
Bagan 3.18: Kecap Pancén Rundayan
Rarangkén Dasar Contona
sa- KPan saméméh, sabada, sa(e)nggeus, sanajan
si- KPan sihoréng
ka- KPan kajaba, kalawan
-in- KPan minangka
-an
KPan malahan
Cakal bubuhan, lantaran KB alatan
-eun KB gigireun, kéncaeun, luhureun -keun KPan sedengkeun
-na
KPan tangtuna, biasana, kuduna, pangna KB ahirna, tungtungna, mimitina KS hadéna, alusna
sa--eun KB sagigireun, sakuloneun, sakéncaeun
sa--na
KPan sakuduna, saméméhna
KP saterusna, sanepina
KB sawadina
sa--ning KS sajeroning
N--an KP ngeunaan
3.7.2.3 Kecap Pancén Rajékan
Kecap pancén rajékan nya éta kecap pancén anu diwangun ku cara nyebut dua kali dasarna nu masih kagolong kana kecap pancén. Ditilik tina wangunna, aya kecap pancén dwimurni aya dwipurwa binarung rarangkén.
a. Kecap pancén dwimurni, contona: kari-kari, masing-masing,
tiap-tiap, ujug-ujug, unggal-unggal
b. Kecap pancén R-na, contona: pangpangna. 3.7.2.4 Kecap Pancén Kantétan
Kecap pancén kantétan nya éta kecap pancén anu diwangun ku jalan ngantétkeun kecap pancén jeung kecap pancén atawa jeung kecap lianna. Kecap pancén kantétan miboga sababaraha adegan saperti dipolakeun dina bagan di handap ieu.