• Tidak ada hasil yang ditemukan

Alomorf Rarangkén N-

Dalam dokumen DAFTAR EUSI PANGANTEUR... DAFTAR EUSI... (Halaman 54-59)

BAB III TATA KECAP TATA KECAP

Bagan 3.14: Alomorf Rarangkén N-

Rarangkén Kaédah

Wangun Dasar

Conto Wangun Kecap Morf Alomor f Dasar Rundayan N- m- foném awalna /b/ /p/ /f/ baca pacul fitnah maca macul mitnah n- foném awalna /t/ tanya

tonjok

nanya nonjok ny- foném awalna /c/

/s/

cokot sugu

nyokot nyugu ng- foném awalna /k/ kawih

karang

ngawih ngarang nga- foném awalna /b/

/d/ /g/ /h/ /j/ /l/ /m/ /ny/ /r/ /w/ /y/ bedah dahar golér huit jorag lamar manah nyatakeun rakit wajit yuga ngabedah ngadahar ngagolér ngahuuit ngajorag ngalamar ngamanah nganyatakeun ngarakit ngawajit ngayuga

nge- Saengang bom

cét

ngebom ngecét

e. KP Wangun pa-

Ieu kecap pagawéan diwangun ku rarangkén hareup pa- tina dasar anu mangrupa kecap pagawéan. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KP = KP + pa- Contona:

amprok + pa-  paamprok

Ngararangkénan hareup pa- miboga harti, di antarana, 1) ‗dina kaayaan D‘: papisah, patepung;

2) ‗pabales-bales/silih D‘: pateuteup. f. KP Wangun si-

Ieu kecap pagawéan diwangun ku rarangkén hareup si- tina dasar anu kagolong kana kecap barang jeung kecap pagawéan. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KP = [KB. KP] + si- Contona:

beungeut + si-  sibeungeut duruk + si-  siduru(k)

Ngararangkénan hareup si- miboga harti, di antarana, 1) ‗ngalakukeun D‘: sideku, sidéngdang;

2) ‗migawé manéh‘: sibeungeut, siduru(k).

g. KP Wangun ti-

Ieu kecap pagawéan diwangun ku rarangkén hareup ti- tina dasar anu kagolong kana cakal, anu hartina ‗kalakuan teu dihaja‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KP = Cak + ti- Contona:

guling + ti-  tiguling solédat + ti-  titsolédat

h. KP Wangun ting-

Ieu kecap pagawéan diwangun ku rarangkén hareup ting- tina dasar anu kagolong kana cakal, anu hartina ‗kalakuan jama‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun jeung dicontoan kieu.

KB = Cak + ting- Contona:

gerendeng + ting-  tinggerendeng

Rarangkén ting- boga alomorf pating- saperti dina kecap pagawéan: jorélat + (pa)ting-  (pa)tingjorélat

burudul + (pa)ting-  (pa)tingburudul

i. KP Wangun –ar-

Ieu kecap pagawéan diwangun ku rarangkén tengah –ar- tina dasar anu kagolong kana kecap pagawéan jeung kecap pancén, nu hartina ‗ngalakukeun jama ka/di D‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KP = [KP, KPan] + -ar- Contona:

datang + -ar-  daratang

Rarangkén tengah –ar- boga alomorf -al-, ar-, jeung ra- saperti ébréh dina conto di handap ieu.

dahar + -ar-  dalahar abus + -ar-  arabus

jleng + -ar-  rajleng

j. KP Wangun –in-

Ieu kecap pagawéan diwangun ku rarangkén tengah –in- tina dasar anu kagolong kana kecap barang jeung cakal. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KP = [KP, Cak] + -in- Contona:

tulis + -in-  tinulis

Ngararangkénan tengah –in- miboga harti, di antarana, 1) ‗geus kakeunaan D‘: tinulis, sinerat;

2) ‗aya dina D‘: tinemu, pinanggih.

Ieu kecap pagawéan diwangun ku rarangkén tengah –um- tina dasar anu kagolong kana kecap barang jeung kecap Sipat. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KB = [KB, KS] + -um- Contona:

kaula + -um-  kumawula

tetep + -um-  tumetep

Ngararangkénan tengah –um- miboga harti, di antarana, 1) ‗ngalakukeun D‘: lumampah, lumaku;

2) ‗ngalakukeun salaku D‘: kumawula; 3) ‗dina kaayaan D‘: gumantung. l. KP Wangun -an

Ieu kecap pagawéan diwangun ku rarangkén tukang –an tina dasar anu kagolong kana kecap barang, pagawéan, jeung sipat. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KP = [KB, KP, KS] + -an Contona:

wakil + -an  wakilan paéh + -an  paéhan leutik + -an  leutikan

Ngararangkénan tukang –an miboga harti, di antarana, 1) ‗sangkan di-D‘: tataan, sebuatan;

2) ‗sangkan dijadikeun D‘: paéhan, leutikan; 3) ‗sangkan dibéré D‘: wakilan, suluran; 4) ‗ngalakukeun D‘: latihan, ujian;

m. KP Wangun –keun

Ieu kecap pagawéan diwangun ku rarangkén tukang –keun tina dasar anu kagolong kana kecap pagawéan jeung kecap Sipat. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KP = [KP, KB] + -keun Contona:

asup + -keun  asupkeun

raga + -keun  ragakeun

Ngararangkénan tukang –keun miboga harti, di antarana, 1) ‗sangkan di-D‘: tuliskeun, bacakeun;

2) ‗sangkan dilakukeun D‘: kawihkeun, igelkeun.

n. KP Wangun Rarangkén Ganda

Rarangkén ganda téh aya dua rupa, nya éta rarangkén barung (konfiks) jeung rarangkén bareng (ambifiks). Rarangkén barung mangrupa gabungan dua rarangkén atawa leuwih anu dipaké babarengan dina wangun kecap, ari rarangkén bareng mangrupa gabungan dua rarangkén atawa leuwih anu dipakéna teu babarengan. Contona, di-+-ar- jeung di-+pang-+N-+-keun dina kecap dibaraca jeung dipangmacakeun.

di-

(a) KP Wangun N- + -ar-

ting-

Ieu kecap pagawéan téh disusun ku rarangkén gabung, nya éta awalan di-, N-, atawa ting- jeung seselan –ar- tina wangun dasar anu kagolong kana cakal jeung kecap pagawan. Awalan di-, N-, jeung ting- bisa siligenti dipakéna. Najan kitu, awalan ting- dipakéna henteu sabébas awalan di- atawa N-. Geura titénan contona di handap ieu.

di- dibaraca

baca + N- + -ar-  maraca

ting- *tingbaraca

di- *dikarecewis

kecewis + N- + -ar-  ngarecewis

ting- tingkarecewis

Tina conto di luhur ébréh yén di antara rarangkén hareup di-, N-, jeung ting- bisa siligenti tur ngagabung jeung rarangkén tengah –ar-. Najan kitu, aya kecap nu bisa dirarangkénan di- jeung N-, tapi teu bisa ku ting-. Ogé aya kecap anu bisa dirarangkénan N- jeung ting-, tapi teu bisa dirarangkénan di-.

(b) KP Wangun di- +-ar- + -an

N- -keun

Dina ieu pola kecap pagawéan aya dalapan rarangkén gabung nya éta (1) +-an, (2) N-+-an, (3) +-keun, (4) N-+-keun, (5)

di-+-ar-+-an, (6) N- +-ar-+ -an,(7) di-+-ar-+-keun, jeung (8) N-+-ar-+-keun. Ieu rarangkén gabung téh diwuwuhkeun kana wangun dasar

anu kagolong kana kecap pagawéan, kecap sipat, kecap barang, jeung cakal. Contona: didiukan, disaatan, ditempatan, jeung dicician.

Kalawan lengkep ieu pola kecap pagawéan téh bisa dicontoan di handap ieu.

tulis + di- + -an  ditulisan

di- + -ar- + -an  ditarulisan di- + -keun  dituliskeun di- + -ar- + -keun  ditaruliskeun

tulis + N- + -an  nulisan

N- + -ar- + -an  narulisan

N- + -keun  nuliskeun

N- + -ar- + -keun  naruliskeun Umumna gabungan rarangkén nu dimimitian di- nuduhkeun harti ‗kalakuan pasif‘, ari nu dimimitian N- nuduhkeun ‗kalakuan aktif. Tambahna rarangkén tengah –ar- nuduhkeun harti ‗jama‘. Di handap ieu rupa-rupa harti ngararngkénan gabung.

Rarangkén gabung di-+-an miboga harti, di antarana: 1) ‗kakeunaan pagawéan D‘: didiukan, diiluan;

2) ‗jama kakeunaan pagawéan D‘: disebutan; 3) ‗dibéré D‘: dicician;

4) ‗jama/sababaraha kali dijieunjadi D‘: dipotongan; 5) ‗kakeunaan pagawéan D kalawan inténsif‘: ditengetan.

Rarangkén gabung di-+-keun miboga harti, di antarana: 1) ‗dijieun jadi ka-D‘: didaptarkeun;

2) ‗dijeun jadi D‘: ditutupkeun;

3) ‗kakeunaan pagawéan D‘: dipapagkeun; 4) ‗dijieun jadi boga D‘: ditempatkeun.

Rarangkén gabung N-+-an miboga harti, di antarana: 1) ‗ngalakukeun D (pikeun)‘: nawaran, nyayagian; 2) ‗sababaraha kali ngalakukeun D‘: milarian; 3) ‗dina kaayaan D‘: méréan;

4) ‗nyieun jadi D‘: nambahan, nyumponan;

5) ‗méré D (ka)‘: nutupan, mangaruhan, nyuratan, nyaluyuan; 6) ‗jadi D‘: nyaeutikan.

Rarangkén gabung N-+-keun miboga harti, di antaran: 1) ‗nyieun jadi D‘: napsirkeun, ngagunakeun, ningkatkeun; 2) ‗ngajadikeun D‘: ngabahayakeun;

3) ‗ngalakukeun D kalawan inténsif‘: nanyakeun; 4) ‗ngalakukeun D kalawan inténsif’: ngadéngékeun; 5) ‗nganggap D‘: ngaenyakeun;

6) ‗nyebut D‘: ngabibikeun; 7) ‗nepikeun D‘: ngabéjakeun; 8) ‗nyieun jadi D‘: mukakeun; (9) ‗ngahasilkeun D‘: ngucapkeun.

(c) KP Wangun di- + pi- + ka-

N-

Dina ieu pola kecap pagawéan aya tilu rarangkén gabung nya éta (1) pi-+ ka-, (2) di-+ pi-+ ka-, jeung (3) N-+ pi-+ ka-, anu diwuwuhkeun

kana dasar nu kagolong kana kecap pagawéan, kecap sipat, atawa cakal. Ari hartina ‗dijadikeun ka-D‘ jeung ‗ngarasa D ka‘. Contona:

cinta + pi- + ka- + di-  pikacinta  dipikacinta N- mikacinta

meumeut + pi- + ka- + di-  pikatineung  dipikatineung N- mikatineung

hayang + pi- + ka- + di-  pikahayang  dipikahayang N- mikahayang

di-

(d) KP Wangun ka- + pi-

N-

Dina ieu pola kecap pagawéan aya tilu rarangkén gabung nya éta (1) di- + pi-, (2) ka-+ pi-, jeung (3) N-+ pi-, anu diwuwuhkeun kana wangun dasar nu kagolong kana kecap pagawéan jeung kecap barang. Gabungan di-, ka-, jeung N- kana rarangkén pi- masing-masing ngahasilkeun harti ‗dianggap D‘, ‗dijadikeun D‘, jeung ‗nganggap D‘. Contona:

éling + pi- + di-  piéling  dipiéling

ka- kapiéling

N- miéling

indung + pi- + di-  piindung  dipiindung ka- kapiindung

N- miindung

(e) KP Wangun di- + pang- + N- + -ar- + -an + -keun

N

Ieu kecap pagawéan diwangun ku gabungan genep rarangkén, nya éta rarangkén hareup, tengah, jeung tukang. Tina ieu pola kapanggih aya rarangkén gabung, nya éta (1) pang-+ -keun, (2)

di-+pang-+-keun, (3) N-+ pang-+-keun, (4) pang-+ N-+-keun, (5) pang-+-an +-keun, (6) pang-+ N-+ -an +-keun, (7) N-+ -ar-+ -an,

(8) N-+ -ar-+ -keun.

Rarangkén gabung pang-+-keun jeung pang-+ N-+-keun diwu-wuhkeun kana kecap pagawéan jeung cakal, anu hartina ‗nitah di-D‘. Contona:

baca + pang-+ N-+-keun  pangmacakeun

guling + pang- N-+-keun  panggulingkeun

Gabungan rarangkén pang-(N)-keun jeung di- atawa N- ngaha-silkeun harti ‗pagawéan keur batur‘ (bénéfaktif)‘. Bédana mah N- hartina ‗aktif‘, ari di- hartina ‗pasif‘. Gabunganana jeung rarangkén tukang –an nambahan harti ‗sababaraha kali‘ (répétitif), ari jeung rarangkén tengah -ar- nambahan harti ‗jama‘.

Rarangkén di- jeung N- dipakéna bisa siligenti, upamana, dina kecap dipangmaracaankeun jeung mangmaracaankeun. Baganna kieu.

dipangmaracaankeun mangmaracaankeun pangmaracankeun maracaan macaan bacaan

di- pang--keun -ar- N- baca -an N-

(f) KP Wangun ka- + -an -keun

Ieu kecap pagawéan téh miboga dua wangun, nya éta wangun

ka--an jeung wangun ka--keun. Kecap pagawéan ka--an diwangun tina

hartina ‗kakeunaan kalakuan teu dihaja‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun jeung dicontona kieu.

KP = [KP, KB] + ka--an

Contona:

asup + ka--an  kaasupan peuting + ka--an  kaapuan

Kecap pagawéan ka--keun diwangun tina dasar anu kagolong kana kecap pagawéan, anu hartina ‗kakeunaan kalakuan teu dihaja di--keun‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun jeung dintoan kieu.

KP = [KP] + ka--keun

Contona:

asup + ka--keun  kaasupkeun impi + ka--keun  kaimpikeun 3.4.2.3 Adegan Kecap Pagawéan Rajékan

Kecap pagawéan rajékan nya éta kecap pagawéan anu diwangun ku cara malikan deui wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna, boh binarung ku robah sorana jeung rarangkén boh henteu. Dumasar kana prosésna, bisa dibédakeun opat rupa kecap pagawéan rajékan, nya éta (1) KP dwimurni, (2) KP dwiréka, (3) KP dwipurwa, jeung (4) KP rajékan dirarangkénan.

a. Kecap Pagawéan Dwimurni

Kecap pagawéan dwimurni (dm) nya éta kecap pagawéan rajékan (R) anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna bari teu robah sorana. Ari dasarna kagolong kana kecap barang jeung kecap pagawéan. Adegan kecapna bisa dipolakeun di handap ieu.

KP = [KB, KP] + Rdm Contona:

imah + Rdm  imah-imah

Dalam dokumen DAFTAR EUSI PANGANTEUR... DAFTAR EUSI... (Halaman 54-59)