BAB III TATA KECAP TATA KECAP
Bagan 3.8: Wanda Kecap Rajékan
Dwimurni Dwilingga
Gembleng Dwiréka
Trilingga
Dwipurwa Kecap Rajékan Sabagian
Dwimadya Hareup Tengah Dirarangkénan Tukang Barung Bareng
Kecap rajékan gembleng anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna disebut dwilingga (Rdl), ari anu nyebut tilu kali wangun dasarna disebut trilingga (Rtl). Dwilingga nu teu robah sorana disebut dwimurni (Rdm), ari anu robah sorana disebut dwiréka (Rdr). Trilingga umumna robah sorana tina wangun dasarna, ku kituna sok disebut ogé triréka (Rtr) Contona:
bapa + Rdm bapa-bapa tajong + Rdr tujang-tajong pluk + Rtl plak-plik-pluk
Kecap rajékan sabagian diwangun ku cara malikan deui salasahiji engang tina wangun dasarna. Kecap rajékan sabagian anu diwangun ku cara malikan deui engang mimiti wangun dasarna disebut
dwipurwa (Rdp), jeung anu diwangun ku cara malikan deui engang
tengah wangun dasarna disebut dwimadya (Rdmy). Contona: tajong + Rdp tatajong
sabaraha + Rdmy sababaraha
Kecap rajékan sagemblengna atawa sabagian bisa babarengan atawa binarung jeung ngararangkénan. Ari rarangkén anu marengan ngarajék téh bisa rarangkén hareup, rarangkén tengah, rarangkén tukang, rarangkén barung, bisa rarangkén bareng. Contona:
udag + pa-Rdm paudag-udag
balik + di-Rdr dibulak-balik
kuda + Rdp-an kukudaan
dagor + ti-Rdp-ar- tidadalagor jung + sa-R-eun sajung-jungeun asup + di-Rdm-keun diasup-asupkeun
3.2.4.4 Kecap Kantétan
Kecap kantétan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun dua wangun dasar, boh cakal jeung cakal boh kecap jeung kecap, atawa campuran duanana, sarta ngandung harti hiji mandiri. Prosés ngawangun kecap kantétan disebut ngantétkeun (komposisi). Kecap kantétan boga dua ciri utama, nya éta ciri adegan (struktur) jeung ciri harti (sémantis).
a. Kecap kantétan umumna miboga adegan, di antarana,
(1) diwangun ku dua unsur nu disebut léksém: pakan kundang; (2) patali unsur-unsurna mibanda sipat
(a) katanseselan, nya éta antar-unsurna teu bisa diseselan ku unsur lian. Contona, ngégél curuk *ngégél (kana) curu; (b) katanmulangan, nya éta antar-unsurna teu bisa dibalikkeun
sabab sok robah jadi frasa. Contona, gedé hulu *hulu
gedé;
(c) katanjembaran, nya éta unsur-unsurna teu bisa dijembaran séwang-séwangan tapi kudu duanana. Contona:
huleng jentul panghulengjentulna *panghulengnajentul *huleng pangjentulna
b. Kecap kantétan umumna ngandung hiji harti mandiri, nya éta harti
anu béda tina harti unsur-unsur pangwangunna. Contona, amis budi hartina ‗lain budina anu amis‘, tapi ‗marahmay, soméah‘.
Kecap kantétan dibédakeun jadi dua rupa, nya éta rakitan dalit (kompositum) jeung rakitan anggang (anéksi).
(1) Rakitan dalit, nya éta kecap kantetan nu sipatna éksosentris,
patali unsur-unsurna geus awor pisan nepi ka bener-bener mangrupa hiji kecap nu boga harti mandiri nu béda tina harti unsur-unsurna. Ku kituna, distribusina teu sarua jeung salasahiji atawa sakabéh unsurna. Contona, panonpoé, kacapiring,
parahulu, rajakaya.
(2) Rakitan anggang nya éta kecap kantétan anu sipatna éndoséntris,
patali unsur-unsurna can awor pisan, harti éta kecap kantétan masih katitén tina unsur-unsurna. Ku kituna, distribusina sok sarua jeung salasahiji atawa sakabéh unsurna. Contona,
seuri konéng, taleus ateul, indung bapa, jeung panon hideung.
3.2.4.5 Kecap Wancahan
Kecap wancahan nya éta kecap anu diwangun ku cara mondok-keun kecap atawa kantétan kecap. Prosés ngawangun kecap wancahan disebutna ngawancah (abréviasi). Aya sababaraha rupa kecap wancahan, di antarana:
a. Kecap tingkesan (akronim), anu mangrupa kantétan aksara atawa engang nu diucapkeun jadi hiji kecap, contona:
Diknas Pendidikan Nasional
b. Kecap singgetan, anu mangrupa kantétan aksara atawa engang anu diéjah masing-masing, contona:
RRI Radio Républik Indonésia
c. Kecap tangkesan (haplologi), nu diwangun ku cara ngaleungitkeun sora atawa engang nu ngaruntuy babarengan, contona:
dékah déwék mah
d. Kecap memet (réduksi), anu diwangun ku cara nyokot engang penting tina kantétan kecap, contona:
kirata dikira-kira sugan nyata
tina kantétan kecap bari teu ngarobah harti, anu ngawengku:
(1) Sirnapurwa (aférésis), anu ngaleungitkeun fonem atawa engang mimiti tina hiji kecap, contona:
umilu milu
(2) Sirnamadya (sinkope), anu ngaleungitkeun foném atawa engang tengah tina hiji kecap, contona:
niyata nyata
(3) Sirnawekas (apokope), anu ngaleungitkan foném atawa engang tungtung tina hiji kecap, contona:
benzine bén(g)sin
3.2.5 Warna Kecap
Dina leunjeuran kalimah, kecap bisa dipasing-pasing jadi rupa-
rupa, anu ilahar disebut warna kecap. Warna kecap mangrupa bagian kalimah atawa unsur sintaktis pangleutikna tur jadi tatapakan keur nangtukeun wangunan frasa jeung klausa. Mun aya kecap barang, upamana, aya frasa barang jeung klausa barang.
Papasingan warna kecap ditangtukeun dumasar kana wangun, sipat, fungsi, sarta paripolahna dina leunjeuran kalimah atawa konstruksi sintaktis. Najan kitu, dina nangtukeun warna kecap téh tampolana bangga. Ari sababna, aya kecap anu sipatna ganda, nya éta asup kana dua warna kecap anu béda. Upamana baé, kecap
mikanyaah asup kana kecap pagawéan atawa kecap sipat? Ěta kecap
asup kana kecap pagawéan lantaran bisa dirobah tina pagawéan aktip jadi pagawéan pasip dipikanyaah. Kana kecap sipat ogé asup lantaran bisa diuji ku ciri kecap sipat saperti dirarangkénan pang--na jadi
pangmikanyaahna.
Dumasar kana sipat, fungsi, sarta paripolahna dina leunjeuran kalimah, kecap dina basa Sunda bisa dipasing-pasing jadi dua warna, nya éta kecap lulugu jeung kecap pancén. Kecap lulugu (utama) nya éta warna kecap anu mibanda harti léksikal, sipatna peka alam, budaya, jeung tempat, sarta umumna bisa dirobah wangunna. Ari
kecap pancén (sarana, partikel) nya éta warna kecap anu umumna
jadi pakakas kalimah, ilaharna teu miboga harti léksikal, tapi harti gramatikal, sarta hésé dirobah wangunna.
Warna kecap lulugu jeung kecap pancén miboga subwarna. Ari anu ngaranna subwarna bisa jadi henteu sarua pisan, aya ciri hasna, ngan masih sagolongan kénéh. Najan kitu, subwarna kecap mah réa sasaruaanana jeung puhu kecapna. Lengkepna mah warna kecap dina basa Sunda bisa dibagankeun kieu.
Bagan 3.8: Warna Kecap
Kecap Barang (Nomina) Kecap Lulugu Kecap Pagawéan (Vérba)
Kecap Sipat (Adjéktiva) Kecap Bilangan (Numeralia) WARNA
KECAP
Kecap Panambah (Advérbia) Kecap Panyambung (Konjungsi) Kecap Pancén Kecap Pangantét (Préposisi)
Kecap Panyeluk (Interjéksi)
3.3 Kecap Barang (Nomina) 3.3.1 Wangenan Kecap Barang
Kecap barang nya éta sajumlah kecap anu sakurang-kurangna mibanda salasahiji ciri di handap ieu.
a. Kecap barang mangrupa kecap nu nuduhkeun barang jeung naon-naon nu dianggap barang saperti jalma, sato, tutuwuhan, barang, tempat, jeung hal. Contona: lurah, hayam, tangkal,
cai, lembur, kahayang.
b. Kecap barang bisa dipiheulaan kecap bilangan saperti lima jeung dalapan dina wangunan: lima imah, dalapan entragan. c. Kecap barang bisa dipiheulaan kecap pangantét saperti di, ka jeung ti dina wangunan frasa: di Bandung, ti lembur.
d. Kecap barang bisa dipiheulaan ku kecap pamungkir (negatif) saperti lain, euweuh, jeung taya dina frasa: lain guru, euweuh béas, taya jalma.
e. Kecap barang bisa dituturkeun kecap gaganti milik saperti
buku anjeun, baju manéhna.
f. Kecap barang bisa dituturkeun ku kecap sipat, boh langsung boh disela ku kecap nu atawa anu saperti dina wanguna frasa: mobil alus atawa mobil (a)nu alus.
g. Dina wangun rundayan, kecap barang sok ngandung rarangkén
paN-, paN-an, jeung –na. Contona: paneunggeul, panénjoan,
gawéna
h. Kecap barang umumna sok jadi jejer (J) jeung udagan (U) dina leunjeuran kalimah. Contona, manéhna jeung baju dina
kalimah:
(07) Manéhna meuli baju.
J C U
(08) Baju dibeuli ku manéhna.
J C U
3.3.2 Wanda Kecap Barang
Kecap barang bisa diwincik jadi opat subwarna, nya éta (1) kecap sesebutan, (2) kecap sulur, (3) kecap panuduh, jeung (4) kecap pananya.
3.3.2.1 Kecap Sesebutan
Kecap sesebutan nya éta kecap barang anu dipaké nyebutan hal-hal anu tangtu. Ari barang nu disebutanana bisa disawang tina segi (a) nyawaan atawa paéh, (b) ngaran macakal (pribadi) atawa ngaran diri, (c) nyata (konkrit) atawa maya (abstrak), (d) kabilang henteuna, jeung (e) gundukan (koléktif) lainna. Di handap ieu wincikanana.
a. Kecap Barang Nyawaan
Kecap barang nyawaan nyoko kana tilu sesebutan, nya éta: a) Sesebutan jalma (persona), anu ngawengku:
(1) ngaran diri: Anggara, Ajat, Icih, Adé;
(2) ngaran pancakaki: ema, bapa, nini, aki, anak, incu, bibi, (3) ngaran panggentra: akang, tétéh, nyai, ujang, enéng;
(4) ngaran kasab (jabatan, gelar, pangkat): guru, lurah, haji,
doktor;
b) Sesebutan sastoan (fauna), saperti bangkong, hayam,
keuyeup;
c) Sesebutan tutuwuhan (flora) saperti angkrék, jahé,
kacapiring, rasamala, supa, kalapa, rambutan;
b. Kecap Barang Paéh
Kecap barang paéh atawa teu nyawaan nyoko kana sesebutan bangsaning:
a) Zat jeung babarangan, saperti cai, hawa, gas, beusi, pacul,
semén;
b) Patempatan, saperti désa, kota, walungan, Bandung, Jawa
Barat;
c) Waktu, saperti: ayeuna, peuting, isuk-isuk, Lohor, Salasa,
Januari;
d) Ngaran lembaga, saperti DPR, Diknas, SMP, UPI;
e) Ngaran basa, saperti basa Sunda, basa Indonesia, basa Arab; f) Panggolong, saperti karung, gram, méter, kali, turuy, urang.
3.3.2.2 Kecap Sulur, Gaganti (Pronomina)
Kecap sulur atawa gaganti nya éta kecap anu dipaké nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang. Kecap sulur anu nuduhkeun jalma disebut kecap gaganti jalma. Aya gaganti jalma kahiji (panyatur), gaganti jalma kadua (pamiarsa), jeung gaganti jalma katilu (nu
dicaritakeun). Ari baganna kieu.