• Tidak ada hasil yang ditemukan

Kecap Sipat Rajékan

Dalam dokumen DAFTAR EUSI PANGANTEUR... DAFTAR EUSI... (Halaman 69-73)

3.5.3 Wangun Kecap Sipat

3.5.3.3 Kecap Sipat Rajékan

Kecap sipat rajékan diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih dasarna, sabagian atawa sagemblengna, boh robah sorana jeung dirarangkénan boh henteu. Posisi wangun dasarna aya di tukang, ari morfém pangrajékna aya di hareup. Contona:

éléngéh  alangah-éléngéh

dor  dar-dér-dor

3.5.3.3.1 Kecap Sipat Dwimurni

Kecap sipat dwimurni disusun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna bari teu robah sorana. Wangun dasarna mangrupa kecap sipat, pagawéan, jeung kecap pancen. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = [KB, KP, KS, KBil] + Rdm Contona: ati + Rdm  ati-ati buru + Rdm  buru-buru leutik + Rdm  leutik-leutik saeutik + Rdm  saeutik-saeutik

3.5.3.3.2 Kecap Sipat Dwiréka

Kecap sipat dwilingga-réka (dwiréka) bisa dirobah sorana. Ari wangun dasarna umumna kagolong kana kecap pancén jeung cakal. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = [KPan, Cak] + Rdr Contona:

cikikik + Rdr  cakakak-cikikik

éléhéh + Rdr  alangah-éléngéh

3.5.3.3.3 Kecap Sipat Dwipurwa

Kecap sipat dwipurwa bisa dirobah sorana. Ari wangun dasarna umum-na kagolong kana kecap sipat jeung cakal. Adegan kecapna bisa dipolakeun di handap ieu.

KS = [KS, Cak] + Rdr Contona:

puguh + Rdp  teu pupuguh

palingpang + Rdp  papalingpang

3.5.3.3.4 Kecap Sipat Trilingga

Kecap sipat trilingga nya éta kecap sipat nu disusun ku cara nyebut tilu kali wangun dasarna bari robah sorana. Ku kituna, kecap rajékan trilingga sok disebut ogé kecap rajékan triréka. Wangun anu dirajékna kagolong kana kecap panganteur (KA), biasana aya dina posisi katilu, ari prosés kahiji jeung kadua dicirian ku morfém pangrajékna. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = KA + Rtl Contona:

dor + Rtl  dar-der-dor

Wangun dasar dina kecap sipat trilingga kagolong kana kecap pancen panganteur anu ngan saengang. Parobahan sora dina rajekan trilingga ilaharna nurutkeun kaédah posisi vokal dina daerah

artikulasi. Ari vokal basa Sunda téh digambarkeun dina bagan juru tilu di handap.

/i/ /eu/ /u/

/é/ /e/ /o/

/a/

Dumasar kana sora vokal anu aya dina wangun dasarna, kecap sipat trilingga bisa dirumuskeun kieu.

a. KS Trilingga Wangun /o/  /a-é-o/

Lamun wangun dasarna miboga sora /o/, wangun pangrajékna anu kahiji sorana /a/, ari anu kadua sorana /é/. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu. 2 /é/ /o/ 3 /a/ 1 Contona: dar-dér-dor trang-tréng-trong brat-brét-brot cas-cés-cos blak-blék-blok

b. KS Trilingga Wangun /u/  /a-i.-u/

Lamun dasarna miboga sora /u/, wangun pangrajékna anu kahiji sorana /a/, ari nu kadua sorana /i/. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu. 2 /i/ /u/ 3 /a/ 1 Contona: plak-plik-pluk gang-ging-gung dag-dig-dug ngak-ngik-nguk

c. KS Trilingga Wangun /e/  /a-i-e/

Lamun dasarna miboga sora /e/, wangun pangrajékna anu kahiji sorana /a/, ari nu kadua sorana /i/. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

2 /i/ /e/ 3

/a/ 1 Contona: bak-bik-bek blag-blig-bleg cang-cing-ceng jlak-jlik-jlek

d. KS Trilingga Wangun /eu/  /a-i-eu/

Lamun wangun dasarna miboga sora /u/, wangun pangrajékna anu kahiji sorana /a/, ari anu kadua sorana /i/. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu. 2 /i/ /eu/ 3 /a/ 1 Contona: ba-bi-beu nang-ning-neung wah-wih-weuh

3.5.3.3.5 Kecap Sipat Rajékan Dirarangkénan

Kecap sipat rajékan (R) dirarangkénan nya éta kecap sipat rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna bari binarung ku rarangkén.

a. KS Wangun di-R

Kecap sipat rajékan anu dirarangkénan di-R bisa disusun tina wangun dasar anu kagolong kana kecap sipat jeung cakal. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = [KS, Cak] + di-R

Contona:

ugung + di-Rdm  diugung-ugung

wilah + di-Rdm  diwilah-wilah

b KS Wangun ka-R

Kecap sipat rajékan nu dirarangkénan ka-R bisa disusun tina dasar anu kagolong kana kecap pagawéan. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = KP + di-R Contona:

bantu + ka-Rdm  kabantu-bantu

candak + ka-Rdp  kacacandak

c. KS Wangun mang-R

Kecap sipat rajékan anu dirarangkénan mang-R bisa disusun tina dasar anu kagolong kana kecap barang. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = KB + mang-R Contona:

alam + mang-Rdm  mangalam-alam

abad + mang-Rdm  mangabad-abad

d. KS Wangun N-R

Kecap sipat rajékan anu dirarangkénan N-R bisa disusun tina wangun dasar anu kagolong kana kecap sipat. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu. KS = KS + N-R Contona: ngahening + N-Rdr  ngahenang-ngahening leungit + N-Rdp  ngaleuleungit e. KS Wangun pa-R

Kecap sipat rajékan anu dirarangkénan pa-R bisa disusun tina dasar anu kagolong kana kecap barang, kecap sipat, jeung cakal. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = [KB, KS, Cak] + pa-R Contona:

gigir + pa-Rdm  pagigir-gigir ahéng + pa-Rdm  paahéng-ahéng gulung + pa-Rdm  pagulung-gulung f. KS Wangun ti-R

Kecap sipat rajékan anu dirarangkénan ti-R bisa disusun tina dasar anu kagolong kana cakal. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = Cak + ti-R Contona:

buranjat + ti-R  tibuburanjat polotot + ti-R  tipopolotot g. KS Wangun R-um-

Kecap sipat rajékan anu dirarangkénan R-um- bisa disusun tina dasar nu kagolong kana kecap pagawéan. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = KP + R-um- Contona:

tuluy + Rdm -um  tuluy-tumuluy

h. KS Wangun R-an

Kecap sipat rajékan anu dirarangkénan R-an bisa disusun tina dasar anu kagolong kana kecap barang, pagawéan, sipat, jeung cakal. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = [KB, KP, KS, Cak] + R-an Contona:

sobat + Rdp-an sosobatan

jieun + Rdp-an jijieunan

gering + Rdp-an gegeringan

acak + Rdm-an acak-acakan

i. KS Wangun R-eun

Kecap sipat rajékan anu dirarangkénan R-eun bisa disusun tina dasar anu kagolong kana kecap barang, kecap sipat, jeung cakal. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = [KB, KS, Cak] + R-eun Contona:

lini + R-eun  lilinieun

jauh + R-eun  jajauheun

rumpah + R-eun  rurumpaheun

j. KS Wangun R-na

Kecap sipat rajékan anu dirarangkénan R-na bisa disusun tina wangun dasar anu kagolong kana kecap sipat. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = KS + R-na Contona:

gedé + Rdp-na  gegedéna dalit + Rdm-na  dalit-dalitna k. KS Wangun di-R-keun

Kecap sipat rajékan anu dirarangkénan di-R-keun disusun tina wangun dasar anu kagolong kana cakal. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = Cak + di-R-keun Contona:

ésék + di-R-keun  diésék-ésékkeun

l. KS Wangun N-R-keun

Kecap sipat rajékan anu dirarangkénan N-R-keun disusun tina dasar anu kagolong kana cakal. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = Cak + N-R-keun Contona:

m. KS Wangun pang-R-na

Kecap sipat rajékan anu dirarangkénan pang-R-na disusun tina wangun dasar anu kagolong kana kecap sipat, anu hartina ‗paling‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = KS + pang-R-na Contona:

alus + pang-R-na  pangalus-alusna

bageur + pang-R-na  pangbageur-bageurna

n. KS Wangun sa-R-na

Kecap sipat rajékan anu dirarangkénan sa-R-na disusun tina wangun dasar anu kagolong kana kecap sipat, anu hartina ‗paling/sa-D mungkin‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = KS + sa-R-na Contona:

hadé + sa-R-na sahadé-hadéna

bisa + sa-R-na sabisa-bisana

o. KS Wangun lain + R-eun

Ieu kecap sipat diwangun ku ngarajék dwimurni bari dirarangkénan tukang –eun jeung digondéng ku kecap lain tina dasar nu kagolong cakal, hartina ‗lain keur di-D pisan‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = Cak + lain R-eun Contona:

ungkul + lain R-eun  lain ungkul-ungkuleun bantrak + lain R-eun  lain bantrak-bantrakeun

p. KS Wangun teu R

Ieu kecap sipat diwangun ku ngarajék dwimurni bari

digondéng ku kecap teu tina dasar nu kagolong cakal, hartina ‗teu D pisan‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = Cak + teu R Contona:

euleum + teu R  teu euleum-euleum petot + teu R  teu petot-petot

c. KS Wangun (teu) R acan

Ieu kecap sipat diwangun ku ngarajék dwimurni bari digondéng kecap acan, malah dipiheulaan kecap teu, tina dasar nu kagolong kecap sipat, anu hartina ‗teu D pisan‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KS = KS + (teu) R acan Contona:

bodo + (teu) R acan  (teu) bodo-bodo acan alus + (teu) R acan  (teu) alus-alus acan

Dalam dokumen DAFTAR EUSI PANGANTEUR... DAFTAR EUSI... (Halaman 69-73)