• Tidak ada hasil yang ditemukan

Kecap Barang Rundayan

Dalam dokumen DAFTAR EUSI PANGANTEUR... DAFTAR EUSI... (Halaman 44-48)

BAB III TATA KECAP TATA KECAP

Bagan 3.12: Fungsi Kecap Pananya

3.3.3 Wangun Kecap Barang

3.3.3.2 Kecap Barang Rundayan

Kecap barang rundayan nya éta kecap barang anu geus dirarangkénan, boh rarangkén hareup, tengah, tukang, boh rarangkén barung. Ari wangun dasarna bisa kagolong kana kecap barang (KB), kecap pagawéan (KP), kecap sipat (KS), jeung kecap bilangan (KBil). Dumasar kana wangun dasarna, kecap barang rundayan bisa dipolakeun kieu.

(a) KB = KB + -ar- (b) KB = KP + pang-

(c) KB = [KB, KP] + [pi-, -eun, per--an] (d) KB = [KB, KS] + [pi--an]

(e) KB = [KP, KS] + [ka-]

(f) KB = [KB, KP, KS] + [pa-, paN-, -an, ka--an, pa--an, pi--eun] (g) KB = [KB, KP, KS, KBil] + -na

a. KB Wangun ka-

Ieu kecap barang diwangun ku rarangkén hareup ka- tina dasar nu kagolong kana kecap sipat. Ari adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KB = KS + ka- Contona:

kasusah = susah + ka-

Ngararangkénan hareup ka- miboga harti:

(1) ‗hal nu patali jeung D‘: kasusah, kaembung, kasakit (2) ‗hal nu dipi-D‗: kaceuceub, kadeudeuh.

b. KB Wangun pa-

Ieu kecap barang diwangun ku rarangkén hareup pa- tina dasar **nu kagolong kana kecap barang, kecap pagawéan, jeung kecap sipat. Ari adegan kecapna bisa dipolakeun di handap ieu.

KB = [KB, KP, KS] + pa- Contona:

tugas + pa-  patugas dagang + pa-  padagang udur + pa-  paudur

Ngararangkénan hareup pa- miboga harti

(1) ‗jalma nu biasa ngalakukeun D‘: padamel, padagang, patani (2) ‗jalma anu ngalakukeun D‘: pajabat, patandang;

(3) ‗hal anu jadi D‘: paudur.

c. KB Wangun pang-

Ieu kecap barang diwangun ku rarangkén hareup pang- tina dasar nu kagolong kana kecap sipat jeung kecap barang. Ari adegan kecapna bisa dipolakeun di handap ieu.

KB = [KB, KS] + pang- Contona:

awak + pang-  pangawak agung + pang-  pangagung Ngararangkénan hareup pang- miboga harti (1) ‗jalma nu di-D-keun‘: pangagung

(2) ‗hal nu patali jeung D‘: pangawak.

d. KB Wangun -ar-

Ieu kecap barang diwangun ku rarangkén tengah -ar- tina dasar nu kagolong kana kecap barang. Ngararangkénan tengah –ar- boga harti ‗jama‘ (plural). Ari adegan kecapna bisa dipolakeun di handap ieu.

KB = KB + -ar- Contona:

budak + -ar-  barudak

Rarangkén tengah -ar- sok pindah tempatna ka hareup jadi ar- lamun wangun dasarna dimimitian ku foném vokal. Contona baé:

andika + -ar-  arandika

inyana + -ar-  arinyana

e. KB Wangun -an

Ieu kecap barang diwangun ku rarangkén tukang –an tina kecap barang, kecap pagawéan, sipat, jeung cakal. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KB = [KB, KP, KS, Cak] + -an

Contona:

laut + -an  lautan udag + -an  udagan dedeg + -an  dedegan lamun + -an  lamunan

Ngararangkénan tukang –an miboga harti

(1) ‗hal nu jadi D‘: patokan, tahapan, lambaran, pingpinan; (2) ‗hal nu di-D-keun‘: caritaan, omongan, pikiran, titipan; (3) ‗hal nu miboga D‘: umpalan, rambutan, rohangan; (4) ‗hasil tina nga-D-keun‘: rumusan, watesan, ukiran; (5) ‗kumpulan‘: lautan;

(6) ‗hal nu aya di D‘: bawahan, atasan;

(7) ‗hal nu di-D‘: ajian, ageman, tujuan, udagan; (8) ‗tempat D‘: tarétépan, kuburan;

(9) ‗tiap-tiap D‘: poéan, mingguan, bulanan;

(10) ‗alat atawa hasil tina D‘: hiburan, aturan, ukuran; (11) ‗hal nu patali jeung D‘: pujian, siksaan, urusan; (12) ‗aya dina hiji D‘: entragan, tahapan.

f. KB Wangun -eun

Ieu kecap barang diwangun ku rarangkén tukang –eun tina dasar nu kagolong kana kecap barang jeung kecap pagawéan. Adegan kecapna bisa dipolakeun di handap ieu.

Contona:

hareup + -eun  hareupeun baca + -eun  bacaeun Ngararangkénan tukang –eun miboga harti

(1) ‗tempat‘: gigireun, hareupeun, luhureun, tukangeun;

(2) ‗hal nu di-D-keun‘: pikiraneuneun, parabananeun, pakéaneun;

(3) ‗hal nu bakal atawa pikeun di-D‘: bacaeun, dahareun,

inumeun.

g. KB Wangun -na

Ieu kecap barang diwangun ku rarangkén tukang –na tina dasar nu kagolong kana kecap barang, kecap pagawéan, kecap sipat, jeung kecap bilangan. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KB = [KB, KP, KS, KBil] + -na Contona:

waktu + -na  waktuna gelar + -na  gelarna gagah + -na  gagahna tujuh + -na  tujuhna

Ngararangkénan tukang –na miboga harti, di antarana, (1) ‗milik‘ (posésif): bedogna, beungeutna, dadana;

(2) ‗nuduhkeun‘ (anafora): anginna, léngkahna, bédana, duanana.

h. KB Wangun ka--an

Ieu kecap barang diwangun ku rarangkén barung ka-an tina dasar nu kagolong kana kecap barang, kecap pagawéan, jeung kecap sipat. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KB = [KB, KP, KS] + ka—an Contona:

seni + ka--an  kasenian dahar + ka--an  kadaharan jaya + ka--an  kajayaan

Balukar tepungna rarangkén barung ka--an jeung wangun dasar anu ditungtungan atawa dimimitian ku vokal nepi ka jadi runtuyan vokal, muncul prosés morfofonémis aworna foném. Upamana waé, aworna runtuyan vokal:

(a) /aa/  /a/ : kabudayaan  kabudayan kamulyaan  kamulyan kaanoman  kanoman (b) /ia/  /é/ : kabupatian  kabupatén

kaputrian  kaputrén kasaktian  kasaktén (c) /ua/  /o/ : karatuan  karaton

kadatuan  kadaton Ngararangkénan barung ka--an miboga harti

(1) ‗hal nu patali jeung D‘: kabudayaan, kapahlawanan, kaulinan; (2) ‗tempat D‘: kacamatan, karaton, kaputrén;

(3) ‗hal nu dibéré D‘: kangaranan; (4) ‗hal nu di-D‘: kadaharan, katuangan; (5) ‗hal nu lumangsung‘: kajadian, kajantenan.

i. KB Wangun pa--an

Ieu kecap barang diwangun ku rarangkén barung pa—an tina dasar nu kagolong kana kecap barang, kecap pagawéan, jeung kecap sipat. Adegan kecapna bisa dipolakeun di handap ieu.

KB = [KB, KP, KS] + pa—an Contona:

dusun + pa--an  padusunan gawé + pa--an  pagawéan guyub + pa--an  paguyuban

Teu bina ti rarangkén ka--an, balukar tepungna rarangkén

pa--an jeung wpa--angun dasar pa--anu ditungtungpa--an ku vokal nepi ka jadi

runtuyan vokal, sok muncul prosés morfofonémis aworna foném. Upamana, aworna runtuyan vokal

(a) /aa/  /a/ : pasébaan  paséban pasundaan  pasundan (b) /ia/  /é/ : pasantrian  pasantrén (c) /ua/  /o/ : paguruan  paguron

pamiluan  pamilon Ngararangkénan barung pa--an miboga harti

(1) ‗tempat D‘: padusunan, paguron, pasantrén, palabuan; (2) ‗kumpulan D‘: pasawahan, pakampungan;

(3) ‗hal nu patali jeung D‘: padalangan, parobahan; (4) ‗hal nu jadi D‘: pakarepan, pasualan;

(5) ‗hasil ngalakukeun D‘: pagawéan, paléstéran;

(6) ‗hal nu di-D(-keun)‘: pausahaan, pagawéan, patalukan; (7) ‗tukang D‘: panayagan.

j. KB Wangun per--an

Ieu kecap barang diwangun ku rarangkén barung per--an tina wangun dasar nu kagolong kana kecap pagawéan. Adegan kecapna bisa dipolakeun jeung dicontokeun kieu.

KB = KP + per--an Contona:

tani + per--an  pertanian

Rarangkén barung (konfiks) serepan per--an miboga alomorf

pal--an jeung par--an saperti ébréh dina conto di handap ieu.

atur + pe--an  peraturan  palaturan adab + per--an  peradaban  paradaban Ngararngkénan barung per--an miboga harti, di antarana, (1) ‗alat D‘: perhiasan, pertanyaan;

(2) ‗hal nu patali jeung D‘: perdagangan, pertanian; (3) ‗hasil D‘: palaturan, perhitungan;

(4) ‗tempat D‘: perkumpulan; (5) ‗hal nu di-D-keun‘: pertunjukan.

k. KB Wangun pi--an

Ieu kecap barang diwangun ku rarangkén barung pi--an tina dasar anu kagolong kecap barang. Ngararangkénan barung pi--an miboga harti ‗kumpulan‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KB = KB + pi--an Contona:

lembur + pi--an  pilemburan ruruh + pi--an  piruruhan

l. KB Wangun pi--eun

Ieu kecap barang diwangun ku rarangkén barung pi--eun tina dasar nu kagolong kecap barang, kecap pagawéan, jeung kecap sipat. Ngararangkénan barung pi--eun boga harti ‗hal bakal D‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KB = [KB, KP, KS] + pi—eun Contona:

huma + pi--eun  pihumaeun hujan + pi--eun  pihujaneun reueus + pi--eun  pireueuseun

m. KB Wangun pa- + N-

Ieu kecap barang diwangun ku rarangkén gabung pa- + N- tina dasar anu kagolong kana kecap barang, kecap pagawéan, jeung kecap sipat. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KB = [[KB, KP, Cak] + N-] + pa- Contona:

[tumbak + N-]  numbak + pa-  panumbak [cekel + N-]  nyekel + pa-  panyekel [patil + N-]  matil + pa-  pamatil Ngararangkénan gabung pa- + N- miboga harti, di antarana, (1) ‗alat keur ngalakukeun D‘: pangrojong, panyekel, paniir; (2) ‗palaku D‘: pangurus, pamawa, pamingpin, pamanggul; (3) ‗hasil tina D‘: pamanggih, panénjo, pamayar;

(4) ‗jalma nu biasa D‘: pangarang, pangusaha; (5) ‗hal D‘: pangampura, pangrawat;

(6) ‗hal nu di-D-keun‘: panitah. n. KB Wangun pa- + N- + an

Ieu kecap barang diwangun ku rarangkén gabung pa-+N-+-an tina dasar anu kagolong kana kecap barang, pagawéan, jeung sipat. Ieu kecap téh ngalaman dua kali prosés, nya éta (1) ngararangkénan N-

jeung (2) ngararangkénan pa--an. Adegan kecapna bisa dipolakeun kieu.

KB = [[KB, KP, KS] + N-] + pa-an Contona:

barak + N-  ngabarak  pangbarakan patuh + N-  matuh  pamatuhan sawér + N-  nyawér  panyawéran Kitu deui, balukar tepungna rarangkén pa-+ N-+-an jeung wangun dasar anu ditungtungan ku vokal nepi ka jadi runtuyan vokal, sok muncul proses morfofonemis aworna foném. Upamana waé, aworna runtuyan vokal:

/ia/  /é/ : pangantian  pangantén

Prosés ngawangun kecap pangantén lamun digambarkeun ku diagram cagak bakal ébréh di handap ieu.

pangantén

pangantian

nganti

pa--an N- anti

Ngararangkénan gabung pa-+ N-+-an miboga harti, di antarana,

(1) ‗hal nu patali jeung D‘: pangajaran,, pangakuan,

pamaréntahan;

(2) ‗tempat D‘: pangbarakan, pamatuhan, pamajikan, panyawéran;

(3) ‗kaayaan D‘: pangawakan; (4) ‗hal nu ka-D-an‘: pangalaman;

(5) ‗hal nu di-D‘: pamandangan, panénjoan;

(6) ‗jalma nu milampah D‘: pangantén, pamilon.

Dalam dokumen DAFTAR EUSI PANGANTEUR... DAFTAR EUSI... (Halaman 44-48)