BAB IV TATA KALIMAH
Bagan 4.1: Wanda Frasa 4.2.2.1 Frasa Ĕndoséntrik
4.2.3 Warna Frasa
4.2.3.2 Frasa Pagawéan (Verbal)
Frasa pagawéan atawa frasa vérbal nya éta frasa anu distribusina sarua jeung unsur puseurna anu mangrupa kecap pagawéan (KG) atawa vérba. Contona, frasa geus balik kaasup frasa pagawéan lantaran distribusina sarua jeung balik (unsur puseurna) anu mangrupa KG, saperti katangén dina kalimah Mang Kurdi geus balik
ti Mekah Mang Kurdi balik ti Mekah.
Dumasar kana patali harti antarunsurna, frasa pagawéan téh bisa dibédakeun jadi lima rupa, nya éta frasa pagawéan jumlah, pamilih, pamungkir, aspék, jeung modalitas, anu pola dasar adeganana bisa digambarkeun saperti anu katangén dina pedaran ieu di handap.
4.2.3.2.1 Frasa Pagawean Jumlah
Frasa pagawéan jumlah nya éta frasa pagawéan anu patali harti antarunsurna nuduhkeun jujumlah. Ieu frasa pagawéan téh diwangun ku KG jeung KG sarta éta dua KG téh disambungkeun ku kecap
jeung; upamana farsa maca jeung nulis diwangun ku KG kahiji maca
jeung KG kadua nulis, anu disambungkeun ku kecap jeung. Pola dasar adeganana saperti kieu.
[22] FG Jum KG-1 + <jeung> + KG-2
Contona:
(83) dahar jeung maké (84) ditulis jeung diketik (85) nyentak jeung nyarékan
4.2.3.2.2 Frasa Pagawéan Pamilih-1
Frasa pagawéan pamilih nya éta frasa pagawéan anu patali harti antarunsurna nuduhkeun pamilih. Ieu frasa pagawéan téh diwangun ku KG jeung KG anu dikantétkeun ku kecap atawa; upamana frasa
indit atawa balik diwangun ku KG kahiji indit jeung KG kadua balik
anu dikantétkeun ku kecap atawa. Adeganana bisa digambarkeun kieu.
[23] FG Pil-1 KG-1 + <atawa> + KG-2
Contona:
(86) rék sakola atawa rék digawé (87) urang ngobrol atawa ngawangkong (88) bisa diketik atawa ditulis
4.2.3.2.3 Frasa Pagawean Pamilih-2
Ieu frasa pagawéan téh diwangun ku KG jeung KG anu masing-masing dipiheulaan ku panyambung boh. Ccontona, frasa boh indit boh
balik diwangun ku KG kahiji indit jeung KG kadua balik, anu
masing-masing dipiheulaan ku kecap panyambung boh. Adeganana bisa digambarkeun saperti ieu di handap.
[24] FG Pil-2 <boh> KG-1 + <boh> KG-2
Conto séjénna:
(89) boh dahar boh maké
(90) boh nganteurkeun boh mapagkeun (91) boh meuli boh ngajual
4.2.3.2.4 Frasa Vérbal Pamungkir
Frasa pagawéan pamungkir nya éta frasa pagawéan anu patali harti antarunsurna nuduhkeun pamungkir atawa négatif. Ieu frasa pagawéan téh diwangun ku KG jeung KPanam négatif (pamungkir), saperti
henteu, acan, moal. Contona, frasa henteu bébéja diwangun ku KG bébéja jeung KPanam henteu anu nuduhkeun ingkar. Adeganana bisa
digambarkeun kieu.
[25] FG Pamung <henteu/acan/moal> + KG
Conto séjénna: (92) henteu indit (93) moal bisa milu (94) acan daratang
4.2.3.2.5 Frasa Pagawéan Aspék
Frasa pagawéan aspék nya éta frasa pagawéan anu patali harti antarunsurna nuduhkeun aspék éta, nya éta nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian, kagiatan, prosés, atawa kaayaan geus dilakukeun, keur dilakukeun, rék dilakukeun, jeung saterusna. Ieu frasa pagawéan téh diwangun ku KG jeung KPanam anu nuduhkeun aspék. Contona, frasa
nuduhkeun aspék (futuratif). Adeganana bisa digambarkeun saperti kieu.
[26] FG Asp KPanam Asp + V Conto séjénna:
(95) rék balik (96) keur mandi (97) geus dibaréjaan
Aspék téh loba rupana, di antarana aspék inkoatif, komplétif, duratif, futuratif, frékuéntatif, iteratif, spontanitas, répétitif, jeung habituatif.
a. Aspék Inkoatif
Aspék inkoatif téh nétélakeun yén hiji kajadian mimiti pisan lumangsungna. Biasana aspék inkoatif téh diébréhlkeun ku kecap-kecap panganteur pagawéan atawa kaayaan saperti gék, jung, jleng,
prak, sup, berebet, jeung sajabana. Contona:
(98) gék diuk (99) bray muka (100) bus diabuskeun (101) jleng luncat (102) barakatak seuri b. Aspék Komplétif
Aspék komplétif atawa aspék perféktif nétélakeun yén hiji prosés atawa hiji kajadian geus réngsé atawa geus ngahontal ahirna. Aspék komplétif sok diébréhkeun ku kecap-kecap geus, enggeus, tos, atos,
parantos. Contona: (103) geus dibéakkeun (104) parantos sumping (105) enggeus dioméan (106) tos dipasihkeun c. Aspék Duratif
Aspék duratif atawa aspék impérféktif nétélakeun yén hiji
prosés atawa kagiatan keur lumangsung kajadianana. Aspék duratif téh biasana diébréhkeun ku kecap-kecap keur, eukeur, masih, keneh, nuju. Contona: (107) keur istirahat (108) nuju aya (109) masih kénéh hog-hag (110) eukeur dibeberik kénéh d. Aspék Futuratif
Aspék fururatif nétélakeun yen hiji kajadian atawa kagiatan bakal atawa rek lumangsung. Aspék futuratif téh biasana diébréhkeun ku kecap-kecap rék, érék, bakal, baris, badé. Contona:
(111) bakal dikoroyok (112) baris diterangkeun (113) rék tijongklok (114) badé sumping
é. Aspék Frékuéntatif
Aspék frékuéntatif nétélakeun yén hiji kajadian atawa kagiatan lumangsung sababaraha kali. Aspék frékuéntatif téh sok diébréhkeun ku kecap-kecap mindeng, langka, arang, kadangkala, kungsi,
awis-awis. Contona: (115) kungsi ngahukuman (116) langka lalajo (117) mindeng dianteur (118) arang balik f. Aspék Iteratif
Aspék itératif nétélakeun yén hiji kajadian atawa kagiatan lumang- sungna tuluy-tumuluy, teu eureun-eureun, atawa teu petot-petot. Aspék itératif téh biasana diebrehkeun ku kecap-kecap hantem, haben, teu
weleh, teu petot, tansah. Contona:
(119) hantem dipépénta (120) teu weléh didu‘akeun (121) tansah diantos-antos (122) haben dikoréhan
g. Aspék Spontanitas
Aspék spontanitas nétélakeun yén hiji kajadian atawa kagiatan lumangsungna ngadadak. Aspék spontanitas téh biasana diébréhkeun ku kecap-kecap ngdadak, dumadakan, dadaksakala, ngadak-ngadak,
ujug-ujug. Contona:
(123) ngadadak eureun (124) ujug-ujug ngambek (125) dumadakan balik deui (126) dadaksakala ngagoak
h. Aspék Répétitif
Aspék répétitif nétélakeun yén hiji kajadian atawa kagiatan lumangsungna dibalikan deui. Aspék répétitif téh biasana diébréhkeun ku kecap deui. Contona:
(127) nguat-nguat manéh deui (128) kadéngé deui
(129) datang deui (130) pangalakeun deui
i. Aspék Habituatif
Aspék habituatif nételakeun yén lumangsungna hiji kajadian atawa kaayaan geus mangrupa kabiasaan. Aspék habituatif téh biasana diébréhkeun ku kecap-kecap biasa, biasana, sok, osok, tara. Contona:
(131) sok ngaliwat (132) tara mandi
(133) biasana dipihapékeun (134) biasa ka dieu
4.2.3.2.6 Frasa Pagawéan Modalitas
Frasa pagawéan modalitas téh nya éta frasa pagawéan anu patali harti antarunsurna nuduhkeun modalitas, nya éta nuduhkeun sikep, pamadegan, atawa tapsiran subjéktif panyatur kana omongan anu diucapkeun ku manéhna atawa kana lumangsungna kajadian atawa kaayaan anu diebrehkeun dina hiji omongan. Ieu frasa pagawéan téh diwangun ku KG jeung KPanam anu nuduhkeun modalitas, saperti
bisi, pasti, kudu. Contona, frasa bisi tikoséwad diwangun ku vérba tikoséwad jeung KPanam bisi anu nuduhkeun modalitas (kahariwang).
Adeganana bisa digambarkeun saperti kieu. [27] FG Mod KPanam Mod + V Conto séjénna:
(135) bisi balik (136) pasti datang (137) kudu ngajawab