BAB III TATA KECAP TATA KECAP
Bagan 3.13: Kecap Barang Kantétan
Adegan Kecap Kantétan Contona
Unsur-1 Unsur-2
KB
KB panon poé, kaca piring, dunya barana, batu karang
KP daya cipta, batu tulis, suuk kulub, badak heuay
KS taneuh maneuh, balé nyungcung, janari leutik
Kbil juru tilu, parapatan lima, kikiping dua Kpan kedok bakal,
Proléksém sastrawan, wartawati, budiman Cakal damar tumpuk, kanjut kundang
KP
KB indit sirib, sindang raja KP tanggug jawab, hakan paké KS jaga baya, teureuy buleud Kbil tabuh tilu, pukul dua
KS KB amis mata, beureum panon
KP haneut moyan,
Proléksém
KB paraguru, paribasa, prasarat, pribumi, swadaya, pascasarjana, pancarakén
KP pancausaha
Cakal Cakal pakan kundang, seluk-beluk
Kecap barang kantétan miboga sababaraha harti, di antarana: (1) ‗tempat‘: buku tulis, méja makan, kamar mandi;
(2) ‘waktu migawéna‘: dahar isuk, solat peuting; (3) ‘jinis‘: suuk kulub, sangu liwet, cau ambon; (4) ‗hasil‘: kulub suuk, sangray jagong, seupan cau; (5) ‗asal‘: dodol garut, tahu sumedang, peuyeum bandung; (6) ‗jumlah‘: indung bapa, nini aki, adi lanceuk;
(7) ‗bahan‘: peti beusi, korsi hoé, jékét kulit; (8) ‗saméméh‘: praduga, prasaran, prasajarah; (9) ‗sabada‘: pascasarjana, pascapanén;
(10) ‗ahli/tukang‘: sastrawan, wartawati, budayawan,
seniman.
3.3.3.5 Kecap Barang Wancahan
Kecap barang wancahan diwangun ku cara mondokkeun kecap atawa kantétan kecap. Aya rupa-rupa kecap barang wancahan, di antarana, (1) kecap singgetan, (2) kecap tingkesan, (3) kecap tangkesan, (4) kecap memet, jeung (5) kecap sirnaan.
a. Kecap Singgetan
Kecap singgetan nya éta kecap barang wancahan anu
mangrupa kantétan aksara atawa engang anu diéjah masing-masing. Contona:
jeung sajabana ti éta jsté
Lembaga Basa jeung Sastra Sunda LBSS
Sakola Dasar SD
b. Kecap Tingkesan
Kecap tingkesan atawa akronim nya éta kecap wancahan anu
mangrupa kantétan aksara atawa engang nu diucapkeun jadi hiji kecap. Contona:
Pendidikan Nasional Diknas
Jalan Tol Padalarang-Cileunyi Jalan Tol Panci
c. Kecap Tangkesan
Kecap tangkesan atawa haplologi nya éta kecap wancahan anu
diwangun ku cara ngaleungitkeun sora atawa engang nu ngaruntuy babarengan. Contona:
ceuk aing ogé cekéng gé
ceuk manéhna mah cenah
déwék mah dékah
psikologi linguistik psikolinguistik
d. Kecap Memet
Kecap memet atawa réduksi nya éta kecap wancahan anu
diwangun ku cara nyokot engang penting tina kantétan kecap atawa omongan. Contona:
dikira-kira sugan nyata kirata
kadaharan nu amis ti jerona misro
Lamun ditilik tina kantétan unsurna, nya éta kecap anteuran
gung jeung clo, kecap gungclo mah bisa kaasup kana kecap kantétan.
é. Kecap Sirnaan
Kecap sirnaan nya éta kecap wancahan anu diwangun ku cara
miceun sawatara foném tina kantétan kecap bari teu ngarobah harti. Kecap sirnaan ngawengku tilu rupa, nya éta:
(1) Sirnapurwa (aferesis), anu ngaleungitkeun foném atawa engang
mimiti tina hiji kecap, contona: ksatrya satria
umilu milu
(2) Sirnamadya (sinkope), nu ngaleungitkeun foném atawa engang
tengah tina hiji kecap, contona: banderol banrol
koronél kornél
(3) Sirnawekas (apokope), anu ngaleungitkan foném atawa
engang tungtung tina hiji kecap, contona: bénzine béngsin
président présiden
3.4 Kecap Pagawéan (Vérba) 3.4.1 Wangenan Kecap Pagawéan
Kecap pagawéan nya éta sajumlah kecap anu mibanda salasahiji ciri di handap ieu.
a. Kecap pagawéan ngandung ma‘na bawaan (inhéren)
‗kalakuan‘, ‗prosés‘, jeung ‗kaayaan‘. Contona: lumpat, leyur,
jeung resep.
b. Kecap pagawéan, utamana nu boga ma‘na inhéren ‗kalakuan‘, bisa dijadikeun wangun paréntah (imperatif). Conto: Lumpat!, Asupkeun!
c. Kecap pagawéan bisa dipiheulaan kecap pamungkir (hen)teu. Conto: henteu lumpat jeung teu leyur.
d. Kecap pagawéan bisa dipiheulaan ku kecap bari. Conto: bari lumpat
e. Kecap pagawéan bisa dituturkeun ku frasa kalawan + kecap
sipat. Contona: nyarandé kalawan tumaninah
f. Kecap pagawéan umumna nyicingan fungsi caritaan atawa puseur caritaan dina kalimah. Conto: Mang Karta keur ngala lauk di Balong.
3.4.2 Wanda Kecap Pagawéan
Disawang tina ma‘na inhérenna, kecap pagawéan bisa dipasing-pasing jadi dua rupa, nya éta kecap pagawéan dinamis (binangkit) jeung kecap pagawéan statif, anu miboga subwanda masing-masing.
Kecap pagawéan dinamis nya éta kecap pagawéan anu
miboga wangun lumaju (progrésif), ilaharna bisa dicirian ku ayana
kecap pancén aspék duratif, upamana, (eu)keur saperti dina frasa keur
lumpat. Kecap pagawéan dinamis aya lima rupa, nya éta:
a. kecap pagawéan kalakuan (aktivitas), nu nuduhkeun kalakuan ti jejer-palaku, ilaharna bisa dijieun wangun paréntah.
Contona: dahar, maca, leumpang, macul, jeung nulis.
b. kecap pagawéan prosés, anu ngagambarkeun robahna kaayaan anu kaalaman ku jejer. Contona: gelar, leyur, lilir, maot, jeung pugur.
c. kecap pagawéan miraga (sénsasi awak), anu ngagambarkeun situasi nu katampa atawa karasa ku awak. Contona: géték, linu, jeung lungsé.
d. kecap pagawéan mutatif (peristiwa transisional), anu ngébréh- keun robahna kaayaan atawa cicingna jejer. Contona: anjog, hiber, labuh.
e. kecap pagawéan salumar (moméntan), anu ngébréhkeun kagi- atan anu lumangsung sakeudeung. Contona: babuk, badug,
takol, jeung tajong.
Kecap pagawéan statif nya éta kecap pagawéan anu nuduhkeun
kaayaan tumetep (statis), ilaharna teu bisa dicirian ku kecap pancén aspék progrésif *keur. Contona: nyaho, teu bisa dicirian ku *keur
nyaho. Kecap pagawéan statif aya dua rupa, nya éta:
a. kecap pagawéan miindra, anu ngagambarkeun katampana pangaweruh wawaran ngaliwatan pancaindra atawa pikiran nepi ka hiji jalma atawa jejer ngarandapan hiji situasi bari lain ku karepna sorangan. Contona:
inget, poho, nyaho, nampa, jeung narima.
b. kecap pagawéan tatalian (rélasional), anu siga nuduhkeun aya tatalian (rélasi) antara jejer jeung caritaan. Contona: boga,
mangrupa.
Dumasar kana patalina jeung jejer, kecap pagawéan aktivitas bisa diwincik jadi opat rupa nya éta:
1) kecap pagawéan migawé (aktif), anu nuduhkeun jejerna ngala- kukeun pagawéan, contona: maca, nulis, méré, ngirimkeun; 2) kecap pagawéan dipigawé (pasif), anu nuduhkeun jejer kakeu- naan pagawéan contona: dibaca, ditulis, dibéré, dikirimkeun; 3) kecap pagawéan migawé manéh (répléksif), anu nuduhkeun jejerna ngalakukeun jeung kakeunaan pagawéan, contona:
siduru, moyan, sibeungeut;
4) kecap pagawéan silihbales (résiprokal), nu nuduhkeun kalakuan silihbales, contona: papelong-pelong, silihpelong, pateuteup.
3.4.3 Wangun Kecap Pagawéan
Wanguan kecap pagawéan nya éta rupa-rupa kecap pagawéan disawang tina jumlah morfém anu jadi pangwangunna. Aya opat rupa wangun kecap pagawéan nya éta kecap salancar, kecap rundayan, kecap rajékan, jeung kecap pagawéan kantétan.
3.4.3.1 Kecap Pagawéan Salancar
Kecap pagawéan salancar nya éta kecap pagawéan anu diwangun ku hiji morfém bébas, atawa kecap salancar anu geus jadi kecap pagawéan. Contona: dahar, diuk, saré, hudang, jeung indit
3.4.3.2 Kecap Pagawéan Rundayan
Kecap pagawéan rundayan nya éta kecap pagawéan nu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarangkén kana wangun dasarna. Wangun dasarna bisa mangrupa kecap barang, pagawéan, sipat, bilangan, pancén (KPan), jeung cakal (Cak); ari rarangkénna bisa awalan, seselan, ahiran, barungan, jeung barengan. Dumasar kana wangun dasarna, prosés ngawangun kecap pagawéan rundayan umumna bisa dipolakeun kieu.
1) KP = KP + [ka-, pa-] 2) KP = [KP, KS] + [-keun] 3) KP = [KP, KPan] + -ar- 4) KP = [KP, Cak] + -in- 5) KP = [KB, KP] + [ba-, si-] 6) KP = [KB, KS] + -um- 7) KP = [KB, KP, KS] + -an 8) KP = [KB, KP, KBil] + di-
9) KP = [KB, KP, KS, KBil, KPan, Cak] + N- 10) KP = [Cak] + [ti-, ting-]
a. KP Wangun ba-
Ieu kecap pagawéan diwangun ku rarangken hareup ba- tina dasar anu kagolong kana kecap barang jeung pagawéan, anu hartina ‗ngalakukeun D‘. Adegan kecapna bisa dipolakeun di handap ieu.
KB = [KB, KP] + ba- Contona:
layar + ba- balayar rempug + ba- barempug b. KP Wangun di-
Ieu kecap pagawéan diwangun ku rarangkén hareup di- tina dasar anu kagolong kana kecap barang, pagawéan, jeung bilangan. Adegan kecapna bisa dipolakeun di handap ieu.
KP = [KB, KP, KBil] + di-
Contona:
baju + di- dibaju
dahar + di- didahar
dua + di- didua
Ngararangkénan hareup di- miboga harti, di antarana, 1) ‗(aktif) ngalakukeun D‘: digawé, diajar;
2) ‗(aktif) maké D‘: dikopéah, disapatu; 3) ‗(aktif) ngahasilkeun D‘: disada;
4) ‗(pasif) kakeunaan pagawéan D‘: dibilang, diitung; 5) ‗(pasif) kakeunaan pagawéan ku D‘: dikompa; 6) ‗(pasif) dijadikeun D‘: diruksak.
c. KP Wangun ka-
Ieu kecap pagawéan diwangun ku rarangkén hareup ka- tina dasar anu kagolong kana kecap pagawéan. Adegan kecapna bisa dipolakeun di handap ieu.
Contona:
ambeu + ka- kaambeu
dupak + ka- kadupak
Ngararangkénan hareup ka- miboga harti, di antarana, 1) ‗nuju ka D‘: kaluar;
2) ‗bisa di-D-(keun)‘: karasa, katémbong; 3) ‗teu kahaja di-D‘: kagéléng, kadupak.
d. KP Wangun N-
Ieu kecap pagawéan diwangun ku rarangkén hareup N- tina dasar anu kagolong kana kecap barang, pagawéan, sipat, bilangan, pancén, jeung cakal. Ari adegan kecapna bisa dipolakeun di handap ieu.
KP = [KB, KP, KS, KBil, KPan, Cak] + N- Contona: pacul + N- macul baca + N- maca geulis + N- ngageulis dua + N- ngadua léos + N- ngaléos dago + N- ngadago
Ngararangkénan hareup N- miboga sababaraha harti, di antarana,
1) ‗ngalakukeun (ku, di, dina) D‘: ngigel, macul, ngalayung; 2) ‗lumaku jadi D‘: ngabdi;
3) ‗nyieun jadi/nganggap D‘: ngaruksak, ngabentuk, ngahina; 4) ‗méré D‘: meunteun, nganiléy;
5) ‗aya dina kaayaan D‘: ngagebrét, ngalempréh; 6) ‗meunang D‘: ngarasa.
Rarangkén N- robah jadi sababaraha wangun atawa boga
alomorf m-, n-, ny-, ng-, nga-, jeung nge- lamun diwuwuhkeun kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan nu luyu jeung daérah artikulasina. Kaédah robahna rarangkén N- katut conto makéna bisa ditabélkeun di handap ieu.