• Tidak ada hasil yang ditemukan

Langkung tipayun hapunten anu kasuhun, ka sesepuh, palawargi Urang Sunda anu pada-pada ngagem élmu Karuhun Urang Sunda, khususna ka dulur salembur Tatar Sunda kum dulur satatar Nusantara anu aya dina Sawarga Ajaran Bapak Mei Kartawinata, sim kuring badé kumawantun tulas-tulis sabagéan katerang sim kuring ngeunaan Ajaran mantena. Tangtos seratan ieu teu ngawakilan /sanés atas nami wawakil tina kempelan Sawarga Ajaran Bapak Mei Kartawinata. Sakali deui, ieu mah sabagéan katerang sim kuring baé..hehehe ☺.

Urang noong heula sababaraha tahun katukang :

http://www.mail-archive.com/kisunda@yahoogroups.com/msg00810.html Dr. Abdul Rozak, MA, Naha Enya Aya Agama Sunda?

Dekan Fakultas Ushuluddin IAIN Sunan Gunung Bandung, Dr. Abdul Rozak, M.A, boga hasil panalungtikan nu hade patali jeung Agama Sunda. Ieu panalungtikanana teh mangrupa disertasina basa ngarengsekeun S3-na di IAIN Syarif Hidayatullah, Jakarta, Januari 2003. Judul disertasina : "Teologi Aliran Kebatinan Perjalanan atau Teologi Agama Sunda".

Nurutkeun pangakuan Abdul Rozak, nu lahir di Losari, Brebes, Jawa Tengah, 11 Juni 1952, nu jadi kasangtukang dirina nalungtik Agama Sunda teh, salah sahijina, sabab salila ieu nu aliran kabatinan sok dianggap aliran Kejawen. Nu nyebutkeun kitu teh, di antarana Prof. Kamil Kartapradja.

Ku sabab sok diidentikkeun jeung Kejawen, atuh tangtuna aliran kebatinan teh kuduna mah ayana ngan di lingkungan masarakat Jawa wungkul, sabab inti-intina Kejawen mah pan ngalestarikeun budaya Jawa. Nu jadi kapanasan teh, ceuk Abdul Rozak, tapi naha di Sunda oge aya aliran kabatinan?

Tina kasang tukang samodel kitu pisan, nya Abdul Rozak, ngangkat kahemengna jadi disertasi. "Basa diteliti, breh we katembong, geuning bener aya aliran kabatinan asli Sunda. Malah tokoh-tokohna oge kabeh Sunda," ceuk Dr. Abdul Rozak, M.A basa ngobrol jeun Fakultas Ushuluddin, Kemis, kamari ieu.

g Mangle di Rohang Dekan

Ieu panalungtikan teh, nurutkeun Abdul Rozak, sakaligus ngagugurkeun tesis Pa Kamil Kartapradja nu boga anggapan yen aliran kebatinan teh Kejawen. "Aliran kabatinan mah, nya aliran kabatinan we, hiji organisasi sosial nu aya niley-niley spiritualna, nu dikembangkeun ku masarakat. Landasanana kultural, dina hartina leuwih ngembangkeun aspek budaya," tandesna.

………..kasimpulannana……….:

Agama Sunda, ceuk Abdul Rozak, memang ngajarkeun teologi, nu intina yen Tuhan teh Maha Esa kalawan sababarapa sipat kacida miripna jeung teologi Islam Sunni, oge ngajarkeun semedi, penyembahan ngaliwatan roh-roh nenek moyang jeung sejenna nu animis. "Ku kituna, sim kuring yakin yen teologi Agama Sunda mangrupa rekayasa," pokna mungkas obrolan. [MANGLE]

---

Upami Bapak Dr. Abdul Rozak ngagugurkeun tesis Bapak Prof. Kamil Kartapradja, dina kasimpulan desertasina diluhur nyimpulkeun yén Teologi Agama Sunda mangrupa rekayasa, sarta Karuhun Urang Sunda /atawa nenek moyang Sunda Animisme (“nyembah roh”) jeung Dinamisme (“nyembah Kabendaan”), tulisan sim kuring ieu di Judulan TABAYYUN-II AGEMAN SUNDA Numutkeun AGEMAN MUHAMMAD ngagugurkeun panalungtikan Bapak Dr. Abdul Rozak simpulan éta. Hehehe ☺, tapi hapuntennn anu kasuhun, gugur sotenan ceuk panalungtikan pamahaman sim kuring pribadi, lain ceuk ukuran anu sakola luhur. Margi tutulisan sim kuring mah lain jang Skripsi, Tesis atawa pikeun Desertasi, éstuning pikeun ngaji Diri.

Dina Taun 2002 M, sim kuring tulas-tulis anu di Judulan RINGKASAN TENTANG ROH Menurut Nas Al-Qur’an dan Al-Hadist, ogé tutulisan ieu mah lain jang jualeun /dijual,

tulisan ieu mah éstuning bacaeun sorangan, ulikan sorangan anu dipariksakeun ka salahsawios Guru sim kuring dipasantren Awipari, maklum maca kitab gundulna atag-atog kénéh.…hehehe ☺. Lulus dipariksa boh dina nerangkeun, ngaitkeun Ayat Al-Qur’an tur Hadistna, tuluy di photocopy dibikeun ka sing saha waé anu butuheun, sugan jeung sugan méré manpaat kanu macana.

Pon kitu deui dina Tahun 2003 M, nyieun tutulisan judulna TABAYYUN - I (Tinjauan Ajaran Nabi Muhammad SAW Terhadap Ajaran Para-Hiyangan). Salah sawiosna nerangkeun kumaha hukumna lamun ummat Islam praktek nyasajén, da geuning euweuh Nas anu ngajentrekeun langsung dina Al-Qur’an & Al-Hadist, lamun Nas na teu aya anu nyarek, ulah wani-wani urang nyarek, bisi ka asup nyieun hukum anyar dina Islam, hehehe ☺. Masalahna ari nyasajén mah Budaya local. Anu puguh mah aya siloka/umpama dina Suroh Al-Baqoroh:67, ngeunaan kudu meuncit sapi pikeun syarat néangan jalma anu maéhan. Dina Tafsir Ibnu Katsir, yén nalika Kanjeng Nabi nuju nerangkeun “Nabi Musa berkata : Berikanlah Sapi kepunyaanmu kepada mereka (yaitu Bani Israil yang akan melakukan penyembelihan Sapi Betina untuk dijadikan sarat dalam menghidupkan orang mati, sehingga tercapai tujuannya menemukan orang yang membunuhnya)”. Ketika mendengar kisah tersebut, salah seorang sahabat Rosululloh bertanya :

“Ya Rusulalloh, dapatkan dengan harta?(selain sapi betina yang sedang diceritakan)”. Rosululloh SAW menjawab :”Shodaqta…” = “kamu benar”.

Upami aya ummat Islam anu kagungan pamaksadan, teras nyaréat (usaha lahir) kucara Nyasajén bari Syaratna kudu aya Bakakak Hayam+Tumpeng, éta téh sarua jeung ngayakeun Syarat pikeun Sapi anu tadi, hehehe ☺. Malah di Pondok Pasantren Thoriqoh Siddiqiyyah di Jawa Timur, sok ngalaksanakeun nyasajén, kabeneran aya dulur sim kuring anu jadi santrina.

Cenah aya deui jalmi nyarios kieu, “jelema Islam anu nyasajén mah, ngondang JIN, méré kadaharan pikeun Jin, jadi ngabalad jeung Jin”. Malik di taros ku sim kuring : “Ari kitu katempo ku anjeun Jin-na?”. Ngajawab “heunteu”. Dibuka ku sim kuring dina Hadist Kanjeng Nabi, geuning kadaharan JIN mah tulang jeung tai sato!!!, teu beukieun Bakakak Hayam jeung Tumpeng….hahaha ☺. Jadi tétéla jalma anu teu apal kana élmuna maaaah, batin-pikirna babari karaksukan ku Jin, da teu wéléh pikir-ucapa-na kana Jin waé. Hehehe ☺, Cobi upami nuduhna ku Malaikat ulah ku Jin, meureueueun batin-pikirna keur karaksukan ku Malaikat…hehehe, Anu dituduh! haré-harééé…, anu nuduhna meunang kahormatan, genah hirup sauyunan sok sanajan béda jampé pamaké, ti-iiis ceuli, herang mata. …hehehe ☺. tapi hapunten téh Ratna…sok seueur bari banyol.

Saterasna ngeunaan Panalungtikan Bapak Dr. Abdul Rojak kana Ajaran Bapak Mei Kartawinata, kang engkus nyerat dina Milis :

---

http://www.mail-archive.com/kisunda@yahoogroups.com/msg01155.html

engkus ruswana, Wed,

23 Feb 2005

Ngeunaan Agama Sunda nu dipadungdengkeun, memang kuring ge kantos paadu hareupan sareng kang Rozak (Abdul Rozak ) teh, waktos anjeunna nuju nalungtik pikeun desertasina….

….

Tapi ari ieu nu ku sim kuring kabandungan mung ukur datang 2-3 kali kalayan nyandak sababaraha tulisan/buku teras pleng les terang-terang nonghol di Mangle, padahal ari nalungtik soal ajaran nu nyangkut spiritual mah dugi ka ngartos eusina teh mangtaun-taun, atuh tangtos bae nu katangkepna saukur kulit-kulitna eta ge teu sautuhna.

---

Nalika aya kempelan HBH anggota Milist Urang Sunda urangsunda@yahoogroups.com / kisunda@yahoogroups.com dina Tahun 2006 M, aya Bazar Buku dina acara éta téh, singkat carita kuring meuli buku Teologi Kebatinan Sunda karangan Bapak Abdul Rojak téa. Maklum keur resep ngaguar masalah Kisunda sok sanaos dina akhirna Buku éta patojaiyah jeung pikiran pamahaman Diri sorangan, margi méméhna sim kuring parantos tulas-tulis ngenaan Ringkasan Roh (2002) sareng Tabayyun-I (2003) téa. Tapi keun waé…étang-étang ngalengkepan referensi bacaan sim kuring. Hehehe ☺

Hapunten teu di sundakeun :