• Tidak ada hasil yang ditemukan

AGEMAN SUNDA. Numutkeun. AGEMAN MUHAMMAD (Al-Qur an & Al-Hadist) Disusun ku Agus Wirabudiman

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "AGEMAN SUNDA. Numutkeun. AGEMAN MUHAMMAD (Al-Qur an & Al-Hadist) Disusun ku Agus Wirabudiman"

Copied!
88
0
0

Teks penuh

(1)

II

AGEMAN SUNDA

Numutkeun

AGEMAN MUHAMMAD

(Al-Qur’an & Al-Hadist)

Disusun ku

Agus Wirabudiman

TASIKMALAYA

02-02-2012 Masehi

(2)

AGEMAN SUNDA Numutkeun AGEMAN MUHAMMAD (Al-Qur’an & Hadist)

Panganteur!

Sampurasuun…

Seratan anu bakal kaos kunu ngaluangkeun waktos, ieu téh seratan pribados kalih wargi sanagari nalika silih asah-silih harti perkawis agami. Ari tempatna nganggo Teknologi Milis kisunda@yahoogroups.com nami. Rebu wargi anu kauni.

Hapunten teu di sundakeun :

Prof. DR. Busthanul Arifin, S.H.

mengatakan, Bagaimana konsep hukum dalam agama Islam?.

Ad-din ini sama bagi semua manusia, karena Allah adalah Esa dan ad-din yang diturunkan-Nya juga satu (Ali Imran ayat 3, Al-Anbiya ayat 24 dan Asy-Syura ayat 13). Kata kunci dari Al-Qur’an tetang ad-din ini adalah “aamanuu wa’amilush-shaalihaat”, beriman dan beramal baik dan sifat yang terkait dengan ad-din adalah adil.

Syari’at adalah metode atau cara menjalankan ad-din. Syari’at dapat juga disebut program implementasi dari ad-din. Jadi kalau Ad-din hanya satu dan seragam, program pelaksanaannya berbeda-beda sepanjang sejarah kemanusiaan. Setiap rasul membawa syari’atnya masing-masing. Ada syari’at Nabi Nuh, syari’at Nabi Musa, syari’at Nabi Isa dan lain-lain. Syarit’at Nabi Muhammad adalah syari’at yang mengukuhkan dan meluruskan (mush-shaddiqan) kembali syari’at-syari’at yang terdahulu, sekaligus syri’at terakhir yang diturunkan Allah. “…Untuk tiap-tiap ummat di antara kamu, Kami berikan aturan dan jalan yang terang…” (Al-Maa’idah ayat 48).

DR. YUSUF QORDHOWI dalam kitabnya “Fiqhul Ikhtilaf”, mengatakan : ”Muhammad Rahimahullah berkata :”Demikian pula jika seorang awam diuji dengan suatu persoalan kemudian menanyakannya kepada fuqaha. Para fuqaha menfatwakan kepadanya dengan keputusan haram atau halal sedangkan hakim kaum Muslimin memutuskan kebalikannya, karena termasuk masalah yang diperselisihkan oleh para fuqaha”. Ia harus mengikuti keputusan Hakim dan meninggalkan fatwa para fuqaha”. Lihat dalam Hujjatullahi Balighah, 1/158-60.

Tasikmalaya, 02-02-2012 M, 9 Mulud/Robiulawal 1433 H Rampééés, Rayu-rahayu

Baktos,

Agus Wirabudiman

Kp. Sukagalih, Desa Cilolohan/Cibalanarik Kec. Tanjungjaya, Kab. Tasikmalaya http://sukapura.wordpress.com Email : fb_76@yahoo.com HP : 085 393 381 732

(3)

AGEMAN SUNDA Numutkeun AGEMAN MUHAMMAD (Al-Qur’an & Hadist) bagéan I

Ti kapungkur oge, group milist kisunda mah sagala asup pamahamannana, margi Urang Sunda sorangan arelingna pada-pada nuju ngaprak dina sakabeh pamahaman agama.

Aya elingna anu keur ngaprak kana Elmu Budha Aya elingna anu keur ngaprak kana Elmu Hindu Aya elingna anu keur ngaprak kana Elmu Konghucu Aya elingna anu keur ngaprak kana Elmu Nasrani/Karesten Aya elingna anu keur ngaprak kana Elmu Islam

Jsb….

Aya oge elingna anu keur neuleuman kana Elmu Lemah Caina masing-masing. Loba laku nafsu-na pada hayang nerapkeun pamahaman di lemah caina menang hasil ngaprak!...

Ayeuna kumbuh hirup di tanah sunda, elingannana dina rupa-rupa agama jeung nagara!, antukna loba laku anu lain-lain!

Elmu Kisunda dikufur jeung dikafirkeun, kajadiannana Luluhur kisunda anu mawa ageman memehna tara kasebut dina tawasulan, tara kasebut dina neuleuman pamahaman ageman sejen, pajarkeun teh ageman Luluhur Sunda mah can

SAMPURNA!, masih leuheung disebutkeun can sampuran, daaa ieu mah loba nyebutna oge Kafir ieuh numawi ulah neuleuman komo di Ziarahan mah.

Boro-boro Ziarah ka Luluhur Sunda, Ziarah ka Para Wali-Wali Alloh oge anu aya ditanah Nusantara geus loba ku Urang Sunda sorangan di Musyrikkeun!, pajarkeun teh anu Ziarah ka para Wali mah mementa ka Batu jeung Nisan cenaaaaah. CEUK anu elingannana keur ngaprak tuuur elingna sarua jeung Mufti-Mufti Arab Saudi.

MASALAH DINNUL-ISLAM (SUNI-SYIAH) ---anu acan beres mah, TEGESNA pamahaman dirina masing-masing anu elingna keur dina SUNI, elingna keur dina SYIAH katambah jeung elingna keur dina WAHABI.

Sakitu heula, baktos

Agus Wirabudiman

(4)

AGEMAN SUNDA Numutkeun AGEMAN MUHAMMAD (Al-Qur’an & Hadist) bagéan I

Ari simkuring mah Nitip!...Nitip!...Nitip!..., nitip soteh bakating nyaah kadulur

salembur, dulur sa-bahasa sunda, dulur sa-tanah sunda, dulur sa-adat sunda, bisi leungit kasundaannana.

Lamun bade ngaraji Elmu naon wae, Elmu Islam boh Suni atawa Syi'ahna kudu/wajib nyampakeun wadah kosong anu bakal di eusian ku rupi-rupi paham dina anu bade di ajina!. Supaya Objectif.

Tingali Tumpeng, tingali Bakakak Hayam...ceuk elmu Kisunda mah.

Lenyepan harti TUMPENG, Lenyepan harti BAKAKAK!, lamun parantos katingal tuuur kalenyepan, pok...geura guar, geura dadar elmu pangaweruhna sewang-sewangan (SILIH ASAH), bari teu lepas tina HARTI tumpeng tur teu leupas tina HARTI bakakak.

Bral geura ngaprak!, ulah poho kana bekelna (tumpeng jeung bakakak), poho kana bekelna bisi katalangsara dina keur ngaprakna...

Atuuuh ka palawagi bilih aya anu bade ngiring ngaprak! kana Syi'ah tiasa di aosan di http://syiahali.wordpress.com/about/

katingalna mah rada enceub. heuheuheu

Bral geura mariang!

Simkuring mah ti Galunggung bade turun gunung miang kabandung pikeun ngabandungan...heheh :-)

sakitu heula tisimkuring baktos

Agus Wirabudiman

(5)

AGEMAN SUNDA Numutkeun AGEMAN MUHAMMAD (Al-Qur’an & Hadist) bagéan I

On Sat, Jan 14, 2012 10:54 AM ICT Subject: [kisunda] Ageman Sunda Fessy Ratnasari wrote:

teu boleh mencela agama lain ?, saha yg nulis orang islam semah (islam agamana orang arab) ?, saha yg nulis orang islam teu usah ka mekah buang duit aja, mending nyieun samodel mekah di pasundan ?, kunaon sieun pindah kayakinan ka agama nu teu jelas asal usulna, model agama 'kuring', nalar kita masih alus bisa bedain yg jelek jeung alus, hanyalah jalma edan nu nyebut barang goreng disebut bagus, kalo salira mau fair-play silahkan tulis artikel/ajas tujuan/kitab/nabi tentang agama 'kuring' (bukan sunda wiwitan) yg dicipta ku madrais/mei sok bandingkeun jeung agama islam.

From: Gus Maman <manz2002@yahoo.com> To: kisunda@yahoogroups.com

Sent: Saturday, January 14, 2012 6:49 PM Subject: [kisunda] Fessy Ratnasari

Ceuk kuring mah lain awewe. he.he.he.. (nuju nyamar nya?) ---

(6)

AGEMAN SUNDA Numutkeun AGEMAN MUHAMMAD (Al-Qur’an & Hadist) bagéan I

AGEMAN SUNDA bagéan I

To: "kisunda@yahoogroups.com" <kisunda@yahoogroups.com>

Cc: "urangsunda@yahoogroups.com" <urangsunda@yahoogroups.com> Sent: Monday, January 16, 2012 4:50 PM

Subject: Re: [kisunda] Fessy Ratnasari

heheh, kang Gus Maman, di search di Google mah Fessy Ratnasari memang Awewe...hihihi

eta nilik seratanna, mani asa pang Islamna, tapi Photona neng Fessy Ratnasari teh, teu make tiung, duka eta mah Photo batur anu teu make tiung/teu nutup aurat ceuk na aturan Agama Islam mah, heheh.

Kahatur Neng Fessy Ratnasari

Dauhan Alloh dina Al-Qur'an anu Bahasa Arab, kieu cenah : hapunten teu disundakeun

SURAT AL-HUJURAT

49:13. Hai manusia, sesungguhnya Kami menciptakan kamu dari seorang laki-laki dan seorang perempuan dan menjadikan kamu berbangsa-bangsa dan bersuku-suku supaya kamu saling kenal mengenal. Sesungguhnya orang yang paling mulia di antara kamu di sisi Allah ialah orang yang paling bertakwa di antara kamu. Sesungguhnya Allah Maha Mengetahui lagi Maha Mengenal.

Ayat anu diluhur eta, Dalil kanggo ngahukuman HARAMna Lalaki nyanyaruaan

Awewe, conto Lalaki make Anting model Awewe, atanapi Awewe nyanyaruaan Lalaki. Dina nutup oratna oge beda!!!, lamun nyaruakeun hukum nutup orat awewe jeung lalaki, eta Bid'ah Dlolalah. Cirining bukti urang kudu tumarimana kana PAPASTEN Alloh anu parantos nyiptakeun Lalaki tur Awewe.

PON kitu deui, PAPASTEN Alloh nyiptakeun mangrupa-rupa SUKU jeung BANGSA. Aturan hukumna SARUA kudu tumarima lamun jadi Lalaki, kudu tumarima jadi Awewe, kudu Tumarima jadi Suku Sunda, kudu Tumarima jadi Suku Batak, kudu Tumarima jadi Bangsa Indonesia....Geura Tarimakeun!!! papasten ti Gusti Nu Maha Suci.

(7)

AGEMAN SUNDA Numutkeun AGEMAN MUHAMMAD (Al-Qur’an & Hadist) bagéan I

Ngabedakeun Lalaki jeung Awewe pangna kitu oge aya CIRIna sewang-sewangan, PASTI rupa SUKU-SUKU, BANGSA-BANGSA oge kudu wajib miboga, minyaho kana CIRIna sewang-sewangan. Supaya ulah SULAYA tina PAPASTEN ALLOH SWT.

Salajengna :

SURAT IBRAHIM

14:4. Kami tidak mengutus seorang rasul pun, melainkan dengan bahasa kaumnya, supaya ia dapat memberi penjelasan dengan terang kepada mereka. Maka Allah menyesatkan siapa yang Dia kehendaki, dan memberi petunjuk kepada siapa yang Dia kehendaki. Dan Dia-lah Tuhan Yang Maha Kuasa lagi Maha Bijaksana.

JELAS!!!, salianti Alloh ngajadikeun rupa-rupa Kaum Suku/Bangsa, Alloh oge ngutus Rosul katiap-tiap suku masing-masingna. Aya anu dicaritakeun aya anu teu di

caritakeun dina Al-Qur'an.

QS.4:164. Dan (kami telah mengutus) rasul-rasul yang sungguh telah Kami kisahkan tentang mereka kepadamu dahulu, dan rasul-rasul yang tidak Kami kisahkan tentang mereka kepadamu. Dan Allah telah berbicara kepada Musa dengan langsung.

Para Nabi Rosul anu dicaritakeun dina Al-Qu'an maah, sadayana aya di wewengkon Tanah Arab "Sanes Arab Saudi Ayeuna", supaya gampil dipikawanohna ku Bangsa Arab, ari wanoh mah mere pepelingna oge babari, moal loba tatanya!!! pikeun jalama anu wanoh kana Bahasa Arab. Cobi perhatoskeun Ieu :

SURAT ASY-SYUURA

42:7. Demikianlah Kami wahyukan kepadamu Al Qur'an dalam bahasa Arab supaya kamu memberi peringatan kepada umulqura (penduduk Mekah) dan penduduk (negeri-negeri) sekelilingnya serta memberi peringatan (pula) tentang hari berkumpul (kiamat) yang tidak ada keraguan padanya. Segolongan masuk surga dan segolongan masuk neraka.

(8)

AGEMAN SUNDA Numutkeun AGEMAN MUHAMMAD (Al-Qur’an & Hadist) bagéan I

SURAT YUSUF

12:2. Sesungguhnya Kami menurunkannya berupa Al Qur'an dengan berbahasa Arab, agar kamu memahaminya.

SURAT MARYAM

19:97. Maka sesungguhnya telah Kami mudahkan Al Qur'an itu dengan bahasamu, agar kamu dapat memberi kabar gembira dengan Al Qur'an itu kepada orang-orang yang bertakwa, dan agar kamu memberi peringatan dengannya kepada kaum yang membangkang.

SURAT FUSHILAT

41:3. Kitab yang dijelaskan ayat-ayatnya, yakni bacaan dalam bahasa Arab, untuk kaum yang mengetahui (bahasa Arab),

41:44. Dan jika Kami jadikan Al Qur'an itu suatu bacaan dalam selain bahasa Arab tentulah mereka mengatakan: "Mengapa tidak dijelaskan ayat-ayatnya?". Apakah (patut Al Qur'an) dalam bahasa asing, sedang (rasul adalah orang) Arab?...

Masih seueur keneh Ayat anu patula-patalina ngenaan Bahasa Arab. tidieu oge tiasa dicandak makna yen BAHASA teh mang rupikeun CIRI kanggo salah sahiji kaum SUKU, BANGSA anu tadi...

Lamun Awewe nyaruaan Lalaki atawa sabalikna HUKUMna HARAM, Kumaha HUKUMna Urang Sunda (Suku Sunda) nyanyaruan Urang Arab (Suku Arab)???. heuheuheu :-)

Tah..tah..Neng Ratnaaa, JANTEN!!!, lamun ayeuna aya ajaran Madrais/Mei

Kartawinata eta anu mupusti, anu ngarawat, ngagali kana Elmu Sunda, Bahasa Sunda, Adat Sunda, Ageman Sunda, Budaya Sunda eta teh dina raraga milakon kana TAKDIR PAPASTEN TI ALLOH anu parantos ngajantenkeun janten URANG SUNDA boga BAHASA SUNDA----daaaaaa HIRUPna oge deuiiiih lain meunang hayang, lain meunang menta. HIRUP lain menang pamere ti BATUR. Hirup di SUNDA estuning dikerskeun kunu MAHA HIRUP, ceuk bahasa arabna mah (Al-Hayyu).

(9)

AGEMAN SUNDA Numutkeun AGEMAN MUHAMMAD (Al-Qur’an & Hadist) bagéan I

Upami dina Bahasa Arab para utusan Alloh teh disebat PARA-NABI dan PARA ROSUL, di Urang Sunda mah disebat PARA-HYANGAN = hartosna Reng-rengan, jalmi-jalmi anu parantos wanoh ka Hyang Agung, anu pada ngabdi ka Hyang Agung, Hyang Widi dst.

Kitu panginten panalungtikan sementawis simkuring mah...

Naha Neng Ratna...urang mana???, parantos ngajalankeun Takdirna nyalira???, heheheh :-)

hapunten anu kasuhuuuuun, pun paraluuun kasadayana sakitu heula tisimkuring

Wallohu'alam bimuroodih baktos,

Agus Wirabudiman

http://sukapura.wordpress.com

--- From: Gus Maman <manz2002@yahoo.com> To: kisunda@yahoogroups.com

Sent: Monday, January 16, 2012 10:15 PM Subject: Re: [kisunda] Fessy Ratnasari

Kang Agus, naha jadi nyosok jero kieu ? Bogoh ka Fessy ?

Pasihan kembang sareng coklat ulah dalil upami bogoh mah. ha.ha.ha.. ---

From: ilen kardani <ilen1017@yahoo.com>

To: "kisunda@yahoogroups.com" <kisunda@yahoogroups.com> Sent: Monday, January 16, 2012 10:10 PM

Subject: Re: [kisunda] Fessy Ratnasari

Edun pisan eta seratan kang Agus Wirabudiman, sarebu kali "LIKE" na oge.

Ngan palebah Neng Fessy teu nganggo tiung mah sigana miluan tafsir Quraish Shihab anu nandeskeun yen TIUNG mah henteu WAJIB da kaasup budaya lokal...kitu cenah.

(10)

Assalamu'alaikum Wr Wb Sampurasuuun...

Hapunten nembé kasampeur deui muka milis dina topik Ageman Sunda. Tipayun sim kuring kawit ngaguar Dalil Al-Qur’an anu aya patula-patalina sareng Ageman dina masing-masing suku jeung bangsana, dina Ageman Sunda bagéan I.

Ngahaturkeun rebu nuhun ka Neng Fessy anu parantos ngaluangkeun waktos kanggo maos dokumen pribados dina http://sukapura.wordpress.com/para-hiyangan/, Anu salajengna….

//---Neng Fessy Ratnasari Nyerat :

Wed, Feb 1, 2012, Re: Bls: [kisunda] Ageman Sunda

"mudah pisan ngahujat sesama islam, padahal syiah oge shalat jamaah jeung sunni, aya oge urang islam anu ngahujat islam karena tahlil, qunut, taraweh 21 rakaat dst, padahal ketika umat islam dikatakan agamaNYA orang arab (semah) koq diam aja, abdi tos baca artikel Kang Agus wira, teu aya hubungan sejarah sunda wiwitan versi madrais & mei k sareng pajajaran, beda sareng baduy anu memang masih runtuyan, alesanna mudah boh madrais atawa mei k, sebelumnya adalah orang islam beda jeung baduy anu geus tidituna, jadi wajar kalo mereka mencipta agama sakahayang sorangan alias agama "kuring".

---//

Etéh Ratna!..., langkung tipayun hapunten anu kasuhun, bilih aya catur anu mawur kirang éntép seureuhna, rumaos sepi kénéh ku pangarti, sepi kénéh kupangabisa.

Dina cara ngamaphum pasualan ieu, KEDAH dibéntenkeun heula dina émutan urang antawis RUNTUYAN / SILSILAH "GETIH INDUNG + BAPA" sareng RUNTUYAN / SILSILAH "ELMU AJARANnana...". Naon margina kedah dipisahkeun / dibéntenkeun heula!!!???

1. Margi RUNTUYAN "GETIH" (sababna LAHIR) dugi ka DIRI urang MOAL BISA DIROBAH!!!

2. ari RUNTUYAN AJARANnana mah katampi ku diri urang BISA ROBAH-ROBAH tiLUHUR méméhna ogé.

Kanjeng Nabi Muhammad SAW (urang Arab / turunan BANGSA ARAB), éta nyampurnakeun, ngalempengkeun Elmu Ajaran para Nabi Rosul méméhna,. IEU BUKTOS!!! yen ELMU AJARAN BISA ROBAH!!!, katambih unggelan Kanjeng Nabi ku anjeuna parantos mertélakeun “Yén Islam bakal kabagi 73 Golongan”. Noong kana sajarah KARBALA ping 10 Muharam tahun ke-61 Hijriah sami sareng ping 10 Oktober Tahun 680 Masehi, kasauran Imam Husen samemeh miang ka Tanah Karbala, kieu “Andaikan

(11)

DIINUL-MUHAMMAD dapat Tegak dengan terputusnya leherku/kematian, maka aku akan menjemputnya”. Kanggo rujukan kasauran Imam Husen ieu, mangga taroskeun ka kang Muhammad Zen /atanapi ka kang Ahsa, hehehe ☺.

Kecap anu di gunakeun ku Iman Husen di luhur teu ngagunakeun kecap “ISLAM” Diinul-Islam, tapi Diinul-Muhammad, kusabab ti waktu harita kénéh ELMU AJARAN ISLAM geus dirobah-robah ku Ummat Islamna, hartosna Ajaran Islam anu sumebar dina Abad ka-7 M lolobana LAIN Ngagem Ajaran Sajati anu didugikeun ku Kangjeng Nabi Muhammad SAW (Dinnul-Muhammad / Ageman Muhammad). Ari Kanjeng Nabi Muhammad urang mana atuh?. Hehehe.

Ngeunaan geus robahna ajaran islam, seueur Hadistna salianti anu 73 Golongan, mangga bagéan kang Zén sareng kang Ahsa deui, hehehe. Urang silih lengkepan, silih simbeuhan waé.

Upami nilik sajarah asupna “Islam” ka tatar Pasundan dina Abad ka-14 M, hartosna aya selang -/+ 700 tahun ti saprak Imam Husen Syahid dicacag diwalang-walang ku ummat Islam kénéh di Karbala, NAHA atuh AJARAN ISLAM anu mana anu diaragem ku jalma Islam di tatar Pasundan waktu harita, mangaruhan rahayat Pajajaran dugi ka ngancur leburkeun Dayeuh Pajajaran teh?, moal kitu mah ajaran islamna anu maténi Imam Husen téa???. Mangga ku Néng Ratna emutan!!!. Aos ogé dina PANTUN BOGOR Beunang Rakean Kalang Sunda anu parantos diterjemahkeun ku Ambu Richadiana Kartakusuma.

Kariweuhan situasi politik saprakna wafat Kanjeng Nabi, kajadian peperangan anu kacida rongkahna nyaéta Perang Jamal (Siti Aisyah r.a perang sareng Imam Ali k.w), Perang Siffin (Siti Aisyah+Muawiyah bin Abu Sofyan perang sareng Imam Ali k.w) dugi ka tragedi Karbala (Syahidna Imam Husen kalebet sahabat satiana).

Ngaliwatan sababaraha generasi, muncul pangarang-pangarang ngadamel Fatwa-fatwa dina kitab anu dikarangna, sadaya ngarasa bener margi ngarujuk kana Al-Qur’an sareng Hadist Nabi SAW, muncul deui Kitab-kitab Hadist dina Abab 2 H, +/- tahun 200 Hijrah. Anu ngarang, ngabukukeun hadistna sapertos Imam Bukhori, Muslim, Nasai, Timizi, Ahmad, Baehaki teu kantos paamprok jonghok patepang raray sareng Kanjeng Nabi.

Etéh Ratna!...,

Kabéh dieunakeun Abad ka 13-14 M, Ibnu Taimiyyah nalika mimpin pasuka perang, ngaruksak Makam Imam Husen, kulantaran sok loba di ziarahan, alesannana merangan kamusyrikan. Makam di Baqi, tempat pamakaman para Syuhada dimana Kanjeng Nabi Muhammad SAW kalih Sahabatna waktu harita sok ziarah ka Baqi, ayeuna geus diancur leburkeun ku Rezim Suud anu maké ngarujuk kana Fatwa-fatwa Muhammad bin Abdul

(12)

Wahab (Wahabiyyah) sareng kana Fatwa-fatwa Ibnu Taimiyyah. Sok sanaos Silih Kafirkeun, Silih Sesatkeun, Silih Merangan ku kalayan Hujjahna masing-masing, tetep waé cenah pangakuannana meunang hiji pahala sok sanajan salah! tur balukarna Rebuan Ummat Muslim ngalayang ogé. Beu...beu...beu, kumahanya ☺.

Sakitu geus robahna Ajaran Islam, anu pada-pada ngadamel fatwa ku kahayangna, kuciptaannana tur pamanggihna Masing-Masing, katampa Ajarannana ku jaman urang ayeuna tetep waé disarebatna téh AJARAN AGAMA ISLAM sanés Ajaran Agama anu Ngadamel Fatwa-na (misalna disebat Agama Wahabi), margi ngangken sadayana ngarujuk kana Al-Qur’an sareng Hadist/Beja nganisbahkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW anu jumeneng dina antawis Abad Ka 6-7 M di jazirah Arab.

LITA’AR-ROFUU (TAK KENAL, MAKA TAK SAYANG)

Kumaha kaayaan di Tatar Pasundan dina mangsa Abad Ka 6-7 M, Kumaha Elmu Ajarannana?, kumaha dugi ka muncul istilah Agama “kuring” sagala dina abad ayeuna. Hal ieu peryogi ditaliti kalayan dariya, jembar manah sapertos bakakak hayam namprak!...hehehe ☺, anu tujuannana ngéntépkeun élmu pangaweruh dina diri supados ulah “ngaréméh”, sasat parantos ngéntép, numpuk ngajadi Tumpeng, nangtung ajeg, teteg tur panceg, hirup sauyunan pikeun ngahontal tujuannana sakabéh Manusa.

Karang Kamulyan (Kamulya-an) anu ayeuna katincak saban ngaliwat, Gunung Agung (Galunggung) anu masih kateuteup kupanon ayeuna geus mimiti hudang pikeun méré pépéling (Status Waspada), nunda carita Kamulyaan tur Kaagungan. Kocapkeun aya Raja Galuh anu kawéntar, Eyang Weritikendayun anu jumeneng dina Abad ka-6, kagungan putra tilu. Eyang Semplakwaja, Eyang Jantaka, Eyang Mandiminyak anu janten salah sawios santrina Eyang Guru Resi Kuncung Putih. Gunung Agung tibaheula méméh abad ka-6 ogé, minangki tempat kempelna para Guru Resi kasebatna Karesian. Ari anu dialajarna disebat Santri, tempat Santri disebatna Pasantrian (pasantrén). Malih aya PANDITA ti India nyukruk-nyukcruk ngajalankeun Pituduh ti Nu Maha Kawasa cenah...ngadon nyumprih élmu ka wewengkon Tatar Pasundan.

Denuh, Karang Nunggal nepi ka Cipatujah ayeuna, tempat akhir/mukimna Guru Resi Eyang Jantaka, kawéntar gelar Batara Karang Nunggal (Batara=Luhung/Luhur, Karang=Kuat Pilih Tanding, Nunggal=teu aya babandingannana). Kecap bahasa gelar Batara Karang Nunggal émut kana bahasa Arab “Al-Islaamu Ya’lu Walaa Yu’la ‘Alaih” = ”Ari Islam éta Luhur jeung euweuh anu ngaluhuran kana éta Islam”.

(13)

Ayana kecap gelar tangtos sanés mung ukur babasaan, teu sapati-pati aya kecap bahasa lamun teu aya jinisna, ucap saucapna tara sulaya jeung laku lampahna anu ngajantenkeun seukeutna ucap ti Nu Maha Ucap, seukeutna paningal ti Nu Maha Tingal, seukeutna pangdangu ti Nu Maha Rungu ngajantenkeun “Saciduh Metu-Saucap Nyata” = “Kun Fayakun” anu kauni dina Al-Qur’an.

Gunung Agung kapalih dieunakeun aya kajadian Geger Hanjuang (Gelegerna Hana ing Juang), Abad ka-12 M/ Tahun 1111 Masehi. Guuung Aguuung Pangadeganing Salira, Sasatning Agung ku Nu Maha Agung, Prak Lakuning Kaagungan, Gumulungna ka Nu Agung.

Keur mépéling ayeuna aya Prasastina, Amanatna kabuka di Ciburuyan Garut, katelah Amanat Galunggung téa. Panambih aosan ngeunaan Eyang Batari Hiyang (Gunung Agung) seratan Ambu Richadiana Kartakusuma, dilampirkeun…

Sareng aya naskah Sanghyang Siksakandang Karesian dibuat pada Tahun 1518 M, ngagunakeun aksara Sunda kuno. Tiasa dipilari dina google, atuh disimkuring oge parantos aya terjemahannana. Hehehe ☺

Etéh Ratna!...,

Perkawis Sajarah Sunda danget ieu parantos seueur Bukuna, malih Websitena oge anu ngagali Sajarah lokal parantos seueur, kantun kersana, mangga éta mah kantun ngoréhan kuanjeun, tangtos moal sarumit, sasulit neuleuman Sajarah suku/bangsa séjén panginten!!!. Bukti nyampak dina dampaleun salira, Hehehe.

Diaos heula perkawis Islam di Sunda geus sumebar 2 abad saméméh Wali 9 : http://sunda.andyonline.net/2011/07/islam-di-sunda-geus-sumebar-2-abad.html

Saurna mah, Ajaran Islam kawit diajarkeun di wewengkon Pasundan téh nyaéta ngeunaan élmu katauhidan/monoteisme, élmu HAKEKATna Ajaran ISLAM. Dauhan Alloh dina Al-Qur’an, Surat Muhammad: 19. “Fa’lam Annahu Laailaaha Illalloh…” = ”Maka kanyahokeun (kudu kaélmuan), saestuna euweuh Pangeran (anu wajib disembah) lintangti Alloh…”. Ditandeskeun ku Hadist ti kanjeng Nabi SAW : “Awwalu Wajibun linnaasi Ma’rifatubillahi”=”Mimiti diwajibkeun ka manusa téh Ma’rifat/Wanoh ka Alloh Ta’ala”.

Kitu deui kasauran Imam ‘Ali k.w anu kauni dina Najhul Balaghoh nerangkeun “Awwalud-diini Ma’rifatu bihi”=”Mimiti milakon Din/Ageman téh Ma’rifat/Wanoh heula ka Gustina”.

(14)

Kumargi kitu masalah Din/Ageman teu kenging dianggap énténg /atawa dianggap susah, teu kenging dilalaworakeun!, Neng Ratna…mangga geura guar élmu Ma’rifatna dina ajaran Islam, supados nalika Ibadah Syari’at sapertos sholat 5 waktu teu kalayan angen-angen wungkul!, sanés nyembah kana Ka’bah pasagi opat!, nalika Sholat ngaraos ditingal ku Alloh téh sanés ku dibayang, sanés nyembah kana hurup Arab lafadz Alif Lam-lam-he !, da Gusti mah lain Bangsa Arab!, paréntah dina Al-Qur’annana ogé kieu : “Wa’bud robbaka hattaa ya’tiyakal yaqiin”.QS.15(Al-Hijr):99. hartosna “Jeung sembah Pangeran anjeun, nepi datang ka anjeun anu diyakinkeun (dina disembahna)”. Numawi milampah élmu Syari’at kedah kalayan élmu Wanoh ka Pangerannana (Ma’rifat, ‘Ilmal-yaqiin,‘Ainal-Yaqiin) supaya sah ditampi Ibadahna, saluyu sareng pituduh Al-Qur’an saluyu sareng Hadistna.

Robihna jaman, naha éta mah kusabab manusa deui anu ngajamanannana /atawa ku Alam muterna kahirupan dunya, kabéh dieunakeun élmu Ma’rifat jarang diajarkeun, perkara HUKUM anu WAJIB dina DIN/Agama kaluli-luli, dianggap énténg /atawa dianggap susah, pasantrén Islam robih janten seueur ngajarkeun élmu Syari’atna. Aya ogé pasantrén Aliran Torékat anu ngajarkeun KaMa’rifatan tapi sakedik jumlahna (minoritas). Nalika kitu mah lolobana jalma milakon Syari’at Islam téh teu manjing Ma’rifat AGAMAna, balukarna AJARAN ISLAM dijaradikeun alat ngarebut kakawasaan tur kabeungharan dunya pikeun kelompok Islamna, paloba-loba santri, paalus-alus wangunan. Hal ieu parantos di emutkeun dina Al-Qur’an Surat At-Takaatsur (bermegah-megahan). Ayat ka-5, “Kalla lauta’lamuuna ‘Ilmal-yaqiin”.

Surat At-Takaatsur, ayat 5-6 Artinya : 5. Janganlah begitu, jika kamu mengetahui dengan pengetahuan yang yakin. 6. niscaya kamu benar-benar akan melihat neraka Jahiim. 7. dan

sesungguhnya kamu benar-benar akan melihatnya dengan 'ainul yaqin, 8. kemudian kamu pasti akan ditanyai pada hari itu tentang kenikmatan (yang kamu megah-megahkan di dunia itu).

Mulih deui kana Ajaran Islam anu mimiti asup ka tatar Pasundan dina Abad ka-14 (misalkeun ku Haji Baharudin téa). Kanjeng Nabi dina Abad ka 6-7 dipaparin wahyu, diwartosan waktu harita pikeun Kanjeng Nabi Muhammad pribadi katut Ummatna dauhan Alloh dina Al-Qur’an, nerangkeun yén Alloh SWT ngutus para rosul téh katiap-tiap kaum ku BAHASAna masing-masing, ari Al-Qur’an nyalira ngajelaskeun ayat-ayat bacaannana dina BAHASA Arab pikeun jalma anu ngarti kana bahasa Arab. Al-Qur’an mangrupikeun bacaan dina Bahasa Arab sotéh, wiréh Kanjeng Nabi Muhammad SAW nyalira urang Arab sakumaha anu parantos dijelaskeun Dalil-dalil Al-Qur’anna dina AGEMAN SUNDA bagéan I.

(15)

Anu janten pertarosan salajengna, naon tujuannana Kanjeng Nabi SAW di utusan ku Alloh waktos Abad ka 6-7 di Arab téh???. Diwaler ku Hadist Kanjeng Nabi SAW :”Innamal bu’istu liutammima makaarimal akhlaaq” = “Saéstuna kuring di utus, teu aya sanés pikeun nyampurnakeun pirang-pirang kalakuan”. Laku ka Gusti, Laku ka Alam katut Hewan, Laku ka papada Manusa. Naha Karuhun Urang Sunda baheula dina Abad ka 6-7 anu boga BAHASA SUNDA dugi ka ayeuna, naha geus boga CARA Laku ka Gustina???, naha geus boga CARA Laku ka Alamna???, naha geus boga CARA Laku ka padada Manusa-na???.

Upami ummat Islam ayeuna (boh urang Sunda, Batak, Bugis, Dayak, Arab, Walanda, Amerika, Cina jsjb..) PERCAYA tur YAKIN kana Kitab Al-Qur’an anu ku Bahasa Arab ayeuna kajaga kana kaasliannana, lain ngan sa-ukur dongeng!, berlaku Hukumna nepi ka akhir zaman, sakumaha anu di dugikeun ku Kanjeng Nabi dina Abad ka 6-7, maka pasti kudu PERCAYA tur YAKINna yén Urang Sunda asal ti Karuhun Sunda ayeuna anu boga BAHASA SUNDA, yakin GEUS miboga CARA Laku ka Gustina, yakin GEUS miboga CARA Laku ka papada Manusa-na, yakin GEUS miboga CARA Laku ka Alamna. Alamna ogé disebut Tanah Sunda, kawéntar Tatar Pasundan.

Geuning cenah teu kasebatkeun dina Al-Qur’an ayana Rosululloh Urang Sunda???, teu disebatkeun dina hadist Kanjeng Nabi SAW???. Walerna, dauhan Alloh dina Al-Qur’an : QS.4:164. “…, dan rasul-rasul yang tidak Kami kisahkan tentang mereka kepadamu. Dan Allah telah berbicara kepada Musa dengan langsung”.

Para Nabi Rosul anu jelas dicaritakeun dina Al-Qu'an boh dina Hadistnana mah, éta sadayana aya di wewengkon Tanah Arab "sanés Arab Saudi ayeuna", anu pada-pada ngartos kana Bahasa Arab, supaya gampil dipikawanohna ku BANGSA Arab, salianti éta, misina bari nyampurnakeun ajaran para Nabi Rosul méméh Kanjeng Nabi anu Hirup kumbuh di Tanah Arab kénéh, disebatna Jazirah Arab téa.

Ari Karuhun Sunda anu hirup sajaman sareng Kanjeng Nabi di Arab, anu geus miboga CARA Laku ka Gustina, anu geus miboga CARA Laku ka Alamna, anu geus miboga CARA Laku ka papada Manusa-na, éta téh GEUS sampurna AJARANnana???.

Sakedik urang guar CARA Laku AGEMAN Urang Sunda nalika paamprok jonghok patepang raray, nalika rék asup ka imah, nalika rék nyémah /atawa nalika bubuka dina pidato sok ngedalkeun, ngaBAHASAkeun UCAPna SAMPURASUN!, anu hartosna di terjemahkeun mah “SAMPURNA ing (kacida/banget) INGSUN”, ngadu’akeunnana ogé parantos teteg panceg dugi silih sampurnakeun. Tuh geuning parantos sampurna kécap dina CARA Laku AGEMANnana ogé.

(16)

Upami parantos sampurna AJARANnana Karuhun Urang Sunda, NAHA geuning béda CARA Laku ka Gustina (Sembah Hiyang) sareng anu diajarkeun ku Kanjeng Nabi Muhammad SAW? kapan saur Hadistna :”Sholluu kama roaitumuunii Ushollii” = “Sarolat anjeun saperti aranjeun ningali ka kaula kana solat kaula”, atuh béda antawis Gusti Karuhun Urang Sunda sareng Gusti anu di sembah ku Kanjeng Nabi!. heuheuheu ☺, ari kitu!…keur ningali CARA sholat Kanjeng Nabi waktu harita, Gusti anu disembahna katingal Jentul???, naha nyebut béda!. heuheuheu ☺. Atuh nyembah BERHALA ngajentulkeun Gusti mah!!!. Numawi teu kenging disamikeun antawis CARA Lakuna sareng ka Gustina, margi ari CARA Lakuna mah éta anu katingal ku panon kepala kadangu ku cepil (jelas), sedengkeun Gusti mah Maha Ghaib tur Ahad/Ésa ceuk Karuhun Sunda mah Sanghiyang Tunggal, tuuuh geuning AKUR Hakékatna mah!, maenya Gusti bet béda-béda!, béda sotéh Bahasa jeung metakeun Carana/Syari’atna, lamun geus akur hakékatna kantun pahadé-hadé dina milari/milampah tarékah élmu (Toriqoh/Torékat) supados pada-pada dugi kana milakon WAJIB AGAMA (Ma’rifat).

Emut deui kana “AwwaluWajibul-linnaasi Ma’rifatu billahi” sareng “Awwalud-diini Ma’rifatu bihi” teges dalilna téa, aya deui Hadist Qudsi (Mawa’idz fil Ahadis Al-Qudsiyyah, Imam Al-Ghozali), Alloh ngadauh kieu : “Héé bani adam (Manusa)…Téangan KURING/AKU anjeun bakal panggih jeung KURING!!!…”. Sakitu pepekna éta katerangan paréntahna!, tah kumaha atuh néangan Alif Lam-lam-he téh???, kumaha atuh néangan AKU téh???, kumaha atuh néangan KURING téh???.

Karuhun Urang Sunda, sakumaha anu parantos kacatur diluhur, yénta geus boga Cara Laku ka Gustina disebatna Sembah Hiyang téa, atuh PASTI sarua kudu pada WANOH/Ma’rifat (Bhs.Arab) nganyahokeun ka Sanghiyang Tunggal-na ogé???. iiiiiih kantenan waééé KUDU mah, margi Sembah Hiyang teu kalayan wanoh ka Sanghiyang, Sembahna jadi kana sakahayang/napsuna, matak BATAL!!!, matak Doraka!!!. Perkara Manusa kudu wanoh ka Gustina mangrupikeun naluri/kodrati sakabéh Manusa anu asal ti Gusti. Asa kabina-bina lamun Manusa kajongjonan mikirna ngan ukur dipaké néangan kadaharan eusi beuteung!!!, naon bédana jeung sato!!!.

Pikeun Karuhun Urang Sunda anu mibanda Alam sakitu éndahna kasebat Tatar PASUNDAN, dahar tinggal am, nginum tinggal regot, tatangkalan bubuahan sakitu eunceubna, rék marebutkeun naon deui!!!, unggal kaluar ti imahna éstuning rupi-rupi tuangeun eusi beuteung, kantun miara Alam Anu Agung, Ngagungkeun ka Nu Agung supados langgeng di Nu Maha Agung. Guuuung Aguuung.

(17)

Perkawis kanggo wanohna ka Sanghiyang Agung, Sanghiyang Tunggal, piwejangna Karuhun Urang Sunda kudu Nyungsi Diri Nyuai Badan Angelo Paésan Tunggal. Hartosna, supados wanoh ka Sanghiyang, PATOKANna kedah wanoh kana Diri, kucara nyuaikeun badan. Kecap bahasa nyuai sok dianggo ogé dina metakeun tatanén, sapertos nalika nyuaikeun paré. Panjang lamun dicatur nyuaikeun badan, ku jisim kuring badé disingket sakumaha piwejang Eyang Prabu Linggawastu anu Makamna caket Situ Sanghiyang, Desa Cibalanarik, Kec. Tanjungjaya, Kab. Tasikmalaya.

Eyang Prabu Linggawastu anu jumeneng antawis Abad ka 7-8 kajamanan ogé sareng Eyang Guru Resi Jantaka (Denuh, Karang Nunggal, Kab.Tasikmalaya), maparin piwejang pikeun patokan Nyungsi Diri, kanyahokeun ku anjeun perkara anu aya dina Diri :

Trimurtining Diri (Tilu anu musti ing/kacida/bangetna aya dina DIRI ) 1. KURUNG

2. JISIM 3. KURING

Trimurtining Kuring (Tilu anu musti ing/kacida/bangetna dina KURING ) 1. Kuring Ucap

2. Kuring Lampah 3. Kuring Tékad

Trimurtining Laku (Tilu anu musti ing/kacida/bangetna aya dina LAKU ) 1. Laku Cageur

2. Laku Bageur 3. Laku Bérés

KURUNG (Waruga/Jasmani/Lahir), JISIM (Kahayang/Napsu/Batin), KURING (Hirup). Kaharti ku Jisim Kuring mah, samodél Mobil jaman ayeuna, Mobil téh tutumpakan pangumbaraan di Alam Dunya. Ban jeung Rangka Mobil ibarat KURUNG(Lahir), Mesin, Gas jeung Bengsin ibarat JISIM(Batin), sedengkeun Sopirna nyaéta KURING téa. Kurung+Jisim dijieun bahanna ti Alam Dunya (sari Seuneu, sari Cai, sari Angin, sari Bumi/Taneuh), sedengkeun Kuring langsung asalna ti Nu Maha Hirup, widi Hirup ti Sanghiyang Widi, diutus HIRUP ngumbara di Alam Dunya.

Dina KURING, aya Tékadna, aya Ucapna, aya Lampahna, Hadé/Goréng dina Tékad-Ucap-Lampahna kumaha peta KURING, hasilna ogé keur KURING kénéh. Anapon supaya salamet!...Laku-Lampahna Diri, KUDU Laku Cageur, Laku Bageur, Laku Bérés, bérés dina Cageurna, bérés dina Bageurna.

(18)

Tah sakitu heula anan sakedikna pangaweruh Karuhun Urang Sunda dina néangan KURINGna pikeun wanoh ka Sanghiyang Tunggal téa, supados SAH ADATna dina Sembah Hiyangna. ADAT Sunda, BUDI Sunda - DAYA Sunda, BAHASA Sunda, Sah Adatna, Sah Budina, Sah Dayana, Sah BAHASAna, Sah HIRUPna, Papastén HIRUP di Tanah Sunda kawéntar Tatar Pasunda-an.

Tanah Sunda wibawa…Geumah ripah tur éndah…Nu ngumbara suka betah… Urang Sunda sawawa, Sing toeksa perceka, Nyangga darma anu nyata

Seuweu Pajajaran, muga tong Kasmaran…Sing tulaten jeung rumasa Miara pakaya, Memang sawajibna, Geten titen rumawat Tanah Pusaka janten ngahaleuang…hehehe ☺, haleuang pinuh piwejang.

Étéh Ratna!...Geuliiiiiis

Mangga bageueueueur…geura guar élmu Ajaran Islam-na dina CARA maluruh ka Gustina!!!, supados ngangkeun Din/Ageman nami Islam ulah mung ukur kadangu/katingal Syari’atna wungkul!!!, supados milampah Syari’at Islam ulah sumbuh-sembah kana bahan materi Dunya, BERHALA!!!. Da geuning nyatana palebah laku Syari’at mah béda- béda. Sakumaha dauhan Alloh :

Al-Maidah:48. “Untuk tiap-tiap umat di antara kamu, Kami berikan aturan dan jalan yang terang.”.

Béda - bédana Syari’at /atawa Cara Laku metakeun tina Kaimanan/Kapercayaan dina jero Din/Agama/Ageman téh, éta mangrupikeun katangtuan langsung Hukum ti Alloh Maha Kawasa (Sanghiyang Kersa) anu netepkeun aturannana pikeun sakabéh Manusa salaku ummat Gusti.

Salajengna dina terasna surat Al-Maidah ayat 48 di luhur, aya kecap “Fastabiqul-khoiroot” hartosna “Maka buru-buru/pagancang-gancang pada nyieun kahadéan”, Kahadéan/Kaalusan katarima ku sasama Manusa salaku ummat Gusti. LAIN kahadéan!, LAIN kaalusan numutkeun Syari’at Aturan/Cara Laku kelompok déwékna sorangan! kantenan bari jeung dipaksakeun kunafsu mah!. Tapi KUDU Kahadéan/ Kaalusan Mungguh Langsung Hukum Alloh(Gusti) ka ummat Alloh(Gusti) anu pada-pada kagungan HAK sami Cara Lakuna (Syir’atan Waminhaajan).

(19)

CARA LAKU AGAMA-I

Ti kawit para Nabi Rosul sakumaha di terangkeun dina Al-Qur’an sareng Hadistna anu pada-pada jarumeneng di wewengkon Arab, masing-masing NGAJARKEUN Kaimanan/Kapercayaan katut ngajarkeun CARA Laku Ngalampahkeun Agemannana (Syari’atna). Ari AJARAN dina jero Kaimanan/Kapercayaan, eusi nana mah Ngajarkeun Nerangkeun Kudu Nyaho Ayana Sang Pencipta anu nyieun Alam katut Sakabéh Eusina. Palebah metakeun/nga-implementasi-keun Kaimanan-nana dina kumbuh kahirupan sasuai karakter Manusa anu keur di sanghareupannana, para Nabi Rosul ngabogaan Cara Laku/Metodena (BUDI-DAYAna) masing-masing sakumaha pituduh Gusti, Syari’at Nabi Nuh a.s béda sareng Syari’at Nabi Musa a.s, Syari’at Nabi Musa a.s ogé béda sareng Syari’atna Nabi Isa a.s…jst, sadaya AJARAN anu parantos di dugikeun ku para Nabi Rosul di wewengkon Arab éta disampurnakeun Syari’atna ku Kanjeng Nabi Muhammad SAW dina Abad 6-7 M kawéntar disebatna ogé Khootamin-Nabiyyin téa.

Étéh Ratna!...

Dihandap ieu RUNTUYAN “GETIH” Kanjeng Nabi Muhammad ti garis BAPAK : http://tafsirtematis.wordpress.com/2008/07/08/nasab-garis-keturunan-nabi-saw/ Dalam Kanzul Ummal 6: 300, kitab Fadhail, hadis ke 35512 disebutkan :

Ibnu Abbas berkata, aku mendengar Nabi saw bersabda: “Aku adalah Muhammad (Tahun 571 Masehi) bin Abdillah bin Abdil Muththalib bin Hasyim bin Abdil Manaf bin Qushay bin Kilab bin Murrah bin Ka’b bin Luay bin Ghalib bin Fahr bin Malik bin Nadhar bin Kinanah bin Khuzaimah bin Mudrikah bin Ilyas bin Mudhar bin Nazzar bin Ma’da bin ‘Adnan bin Adda bin Udada bin Hamyasa’ bin Yasyhab bin Nabat bin Jamil bin Qaidar bin Ismail bin Ibrahim bin Tarikh bin Nahur bin Asyu’ bin Ar’us bin Faligh bin ‘Abar (Hud) bin Syalikh bin Arfakhsyad bin Sam bin Nuh bin Lumka bin Mutawasysyalikh bin Akhnukh (Idris) bin Azda bin Qinan bin Anwasy bin Syayts bin Adam (as).”

Carios ngeunaan Adam sareng Hawa Lungsur/Kaluar/Miang ti Surga sakumaha anu di dugikeun dina Al-Qur’an, seueur tafsirna, rupi-rupi ngamaknaannana ku para ‘Alim-‘Ulama urang Arabna ogé. Adam(Lalaki)+Hawa(Istri) kaluar ti Surga téh margi Ibu Hawa nuang buah Larangan, namina buah Huldi. Perkawis Jannatun/Surga tempat hirupna Adam+Hawa waktu harita masih diparebutkeun, naha Jannatun = Alam Akherat??? /atanapi Jannatun di Bumi???.

(20)

Upami Jannatun Alam Akhir = Alam Ghaib (aya Malaikat, aya Jin/Iblis), teras Adam+Hawa diturunkeun/dikaluarkeun ka Alam Bumi/Dunya, hal ieu patojaiah sareng Penciptaan Adam nyalira anu bahan jieunannana ti Alam Dunya (Taneuh, Leutak, Cai..dst), anapon aya Malaikat+Jin mah waktos kanjeng Nabi Muhammad ogé aya. Janten keur Sim Kuring mah leuwih cocok Jannatun téh LAIN Alam Ghaib/Alam Akhérat tapi Alam Dunya anu pinuh ku kani’matan, Nyata Ni’matna, Nyata Senangna kasebut Alam Jannatun éta.

Ari dijero Jannatun éta pirang-pirang kani’matan (fii Jannatin-Na’iim), karasa Ni’mat margi dahar tinggal am, nginum tinggal regot, hayang buah-buahan tinggal metik teu kudu melak heula, teu kudu balangsak susah payah milarina, sagala nyampak dipayuneun aranjeuna. Rupi-rupi buah kalebet Cau (pisang) anu buahna ngéntép sakumaha digambarkeun kaayaan Jannatun dina Al-Qur’an salah sawiosna Surat Al-Waaqi’ah:29.”dan pohon pisang yang bersusun-susun (buahnya)”.

Beu…beu…beu…, moal kitu Alam Surga téh Alam Sunda, Jannatun(Bhs.Arab) diterjemahkeun jadi Sunda(Bhs.Sunda), da ari kecap Surga mah bahasa Malayu meureun “Surga Dunia”. Sunda sareng Surga bénten hurup r = n, g = d, bénten ngamayna hurup. Kumaha lamun kitu nyaaaa…Hehehe ☺, ari Bukti Nyatana mah, naon-naon anu di dugikeun ngeunaan Alam Jannatun téh kadangu-katingali-katincak-kaangseu-katuang-karegot kénéh ku Urang Sunda ayeuna, kantenan ku Karuhun Urang Sunda baheula, Alam Sunda-na ogé masih asli, Leuweung gerotan, Gunung Galunggung, Gunung Krakatau, Gunung Tangkuban Parahu tacan ancur, margi anu miara Alam Sunda kalintang saéna, miara Alam Sunda kalintang ngamulyakeunnana, miara Alam Sunda kalintang ngagungkeunnana disebatna ogé “Sewabakti ring batara upati” (dina Carita Parahiyangan), nyata ngabaktina kanu Maha Agung, Maha Luhur. Guuung Aguuung.

Kumargi Adam anu “ngala”, Hawa anu “nuang”, tangtos waé duanana pada kenging bebendon ti Gusti, ngarumpak Larangan téa, Bahasa Karuhun Sunda mah “mipit teu amit, ngala teu menta”, Adam Hawa ngadadak jadi sangli, teu apal jalan pangbalikan saparantosna angkat ngala buah Huldi, Hawa nuang buah Huldi. Saterasna papisah Adam sareng Hawa, leumpang nuturkeun indung suku masing-masing, teu puguh tujuannana, aprak-aprakan, panas jadi kapanasan, hujan jadi kahujanan, susah payah néangan inumeun dahareun, hanaang kudu néangan, dahar kudu nyiar, pakéannana mung ukur daun salambar, éstuning balangsakna akibat Ngarumpak Larangan anu aya di Alam Jannatun. Lami-lami akhirna paamprok patepang deui antawis Adam sareng Hawa di Padang Arofah ayeuna, rét ka hareup, rét katukang, rét ka gigir lowong kosong satungtung deuleu, euweuh leuweung/tatangkalan, komo buah-buahan, taneuh garing éstuning robah rupa Alam, Jannatun

(21)

jadi Alam Naarun(Panas), ditempat éta kénéh duanana sujud nyungkur bari ngocéak maratan jagat, tobat ménta hampura!.

Seueur Ayat Al-Qur’an bacaan Bahasa Arab ngeunaan Adam-Hawa disimpen dina sababaraha Surat, ieu ogé mangrupikeun salah sawios Syari’at/Tuntunan/Aturan/Metode (Budi-Daya)na, Cara Laku Kanjeng Nabi Muhammad SAW sakumaha tuntunan Gusti dina ngajalankeun AGEMANnana. Dihandap ieu seratan ambu Richa, salah sawios ngeunaan Budi-Daya Karuhun Urang Sunda dina Cara nerangkeun/ngajarkeun AGEMANnana.

NAY POHACI 'INDUNG KURING'

by Richadiana Kartakusuma on Sunday, October 17, 2010 at 11:33am SIAPA yang tidak mengenal mitologi NAY Pohaci di TATAR SUNDA?

Mungkin secara umum telah banyak kenal ceritanya, namun tidak salah jikalau diungkapkan ulang di sini (bari ngadaweung - ngopi - nanghunjar lambar... emh... aya ku nikmat)

Mitologi Sunda mengandung filsafat struktur pemikiran di dalamnya juga menjawab pertanyaan sangkan paran, asal-usul jati atau genesis ekologi Sunda tempat nenek moyang- orang Sunda dahulu hidup, antara lain terdapat dalam Pantun Sulanjana, Wawacan Nyi Pohaci, Wawacan Pohaci Terus Dangdayang.... hayu cuang teuleuman piwejang KARUHUN urang anu sakitu mundelna ! kieu ringkesna mah ...

Nay Pohaci tidak dilahirkan oleh siapa pun tetapi diceritakan berasal dari sebutir telur yang semula dari tetesan air mata Dewa Naga Anta (dunia bawah). Diawali Dewa Guru (dunia atas) yang hendak membangun istana maka para dewa turut membantu membangun diantaranya - Bale Mariuk dan - Gedong Sasaka Domas.

---dipotong heula ku sim kuring bilih panjang teuing, seratan salajengna---

Namun apa yang terjadi ? Semua tanaman itu dirusak Kalabuat dan Budug Basu tetapi kemudian Sanghiyang Maha Wenang menciptakan Jaka Sadana (Sulanjana), Sri Sdana, dan Rambut Sadana (juga disebut Talimenar dan Talimenir) yang juga lahir dari tetes air mata Sang Naga Anta tadi dan sejak itu Dewa Guru menitahkan tiga bersaudara itu memelihara segala tanaman yang dibutuhkan manusia (di sini berkait langsung kepada masyarakat Sunda - pantun Sulanjana). Dewa Guru juga menitahkan Batara Semar dan membiakkan tanaman-tanaman tersebut khusus di wilayah Kerajaan Pajajaran (baca: TATAR SUNDA).

(22)

Hapunten ku Jisim Kuring di potong deui supados teu panjang teuing. Seueur kénéh seratan ngenaan asal-usul Urang Sunda, ieu ogé salah sawios Aturan/Cara/Metode (Budi-Daya)na Karuhun Urang Sunda (Parahiyangan) Cara Laku dina ngajalankeun AGEMANnana tangtos sami sakumaha pituduh Sanghiyang Tunggal(Gusti).

Upami Abad ka 6-7 M Kanjeng Nabi Muhammad SAW di Tanah Arab nerangkeun ngeunaan Adam(Lalaki)-Hawa(Istri), dina Abad ka 6-7 M Eyang Guru Resi Kuncung Putih di Tanah Sunda (Gunung Agung) nerangkeun ngeunaan Nay Pohaci, Jaka Sadana/Sulanjana (Lalaki) - Sri Sadana(Istri), Rambut Sadana, tangtos teu tiasa disamikeun Carana/Metodena dina ngadugikeun ka balaréa/kaummatna, margi Syari’at/Aturan/Cara Lakuna kawates ku PAPASTÉN Gusti anu parantos netepkeun Hukum ku ngajadikeun Manusa mangrupi-rupi Suku, Bangsa tur BAHASAna, kantun pilih agem eusi caritana.

Di handap ieu, ku sim kuring di lebetkeun deui potongan seratan ambu Richa hasil nerjemahkeun ngeunaan Kitab-Kitab Pangruhum Kisunda kanggo conto yén Karuhun Urang Sunda anu sakitu luhungna, sok maénya ku Urang Sunda sorangan ayeuna dianggap nyembah Roh kénéh, sok maenya ku Urang Sunda sorangan dianggap nyembah kabendaan kénéh, nurut kana emutan béja Panjajah, badé iraha deui MERDÉKAna émutan Urang Sunda téh???, sanés hartos Urang Sunda anu nyepeng nami Agama Islam kudu pindah jadi nyepeng nami Agama Sunda…Sanes!!!, margi ari nyepeng Agami mah, éta pilihan Manusana “Laa ikhroha fid-diin” téa, Tapi Urang Sunda KUDU bersih!!!, bersih Émutan-Tékad-Ucap-Lampah tina SANGKAAN yén Karuhun Urang Sunda sorangan (primitive) tacan Wanoh ka Gustina???. Mangga perhatoskeun geura seratan di handap ieu :

by Richadiana Kartakusuma on Saturday, July 30, 2011 at 10:29pm

PEMAHAHAMAN ALAM PAGETO MENURUT KITAB-KITAB PANGRUHUM KISUNDA (Richadiana Kadarisman Kartakusuma)

………

Dalam pada itu, paparan mengenai suasana kahyangan atau kalanggêngan dalam SSKK (Sanghyang Siksa: Kanda ng Karêsyan) ternyata hampir tidak berbeda dengan paparan SD (Sewakadarma), dan terdapat pada bagian kedua (Darmapitutur) :

/25/ ... Ña mana kitu ayöna, na janma ingêt di Sanghyang Darmawisesa, ñaho di karaseyan ning janma. Ya ta sinangguh janma rahaseya ngaranna. Lamun pati ma, eta atmana manggihkön sorga rahayu. Manggih rahina tanpa balik pêtêng, suka tanpa balik duka, sorga tanpa balik papa, enak tanpa balik lara, hayu tanpa balik hala, nohan tanpa balik wogan, mokta tanpa balik byakta, nis tanpa balik hana, hyang tanpa balik dewa. Ya ta sinangguh parama Iêñêp ngaranna

(23)

(= Manusia yang ingat Sanghyang Darmawisesa, mengetahui kerahasiaan manusia; itulah yang disebut manusia (yang paham) rahasia. Jika meninggal, sukmanya akan menemukan kemuliaan dan kebahagiaan, mengalami siang tanpa malam, suka tanpa duka, kemuliaan tanpa kenistaan, senang tanpa menderita, indah tanpa keburukan, kepastian tanpa kebetulan, gaib tanpa nyata, hilang tanpa wujud, menjadi hyang tanpa kembali menjadi dewa. Itulah yang disebut parama-lênyêp (kesadaran utama).

………

Upami anu dimaksud Animismeu nyaéta sembah kana Roh Luluhur, Dinamismeu nyaéta sembah kana Kabendaan, nyata seratan diluhur Karuhun Urang Sunda mah sumbuh-sembah téh inget/mengingat/eling-na ka Sanghiyang Darmawisesa, Sanghiyang Wenang, Sanghiyang Tunggal seueur namina, samodel dina ajaran Islam ogé asma Alloh téh aya Ar-Rohman, Ar-Rohim, Al-Qodir, Al-Ahad, Al-Bashor, Al-Hayyu, Al-‘Alimu jeung saterusna.

Mangga geura bersihan!!!, geura salametkeun diri!!!, margi “1).Ridholloh Ridho walidain” = “Ridhona Alloh dina Ridhona Indung-Bapak(Karuhun)”. Moal aya Urang Sunda ayeuna, lamun Karuhun Urang Sunda baheula biadab, tukang bobok tukang tarok tukang maéhan orok!!!. Hehe ☺.

Anu ka “2). Perkawis sembah mah, méméhna parantos dijelaskeun, sok sanaos namina Agama Islam, Sunda, Hindu, Buda, Konghucu, Yahudi, Nasrani, Sabiin, Majusi ari Manusana teu Wanoh(Ma’rifat) ka Gustina mah, sembahna kana sakahayang/nafsuna, Berhala kénéh!!!”, sabalikna upami Manusa Wanoh ka Gustina (Iman/Percaya kalayan Ma’rifat), Iman/Percaya ayana poé akhir(kalayan ‘ainalyaqin:At-Takaatsur.6), sarta midamel kana kasaéan (amal sholéh), sadayana kenging wawales anu sami, margi sadayana ogé ummat Gusti anu pada-pada kagungan HAK sami téa. Dauhan Alloh dina Al-Qur’an :

Al-Maidah:48. “…Sekiranya Allah menghendaki, niscaya kamu dijadikan-Nya satu umat (saja), tetapi Allah hendak menguji kamu terhadap pemberian-Nya kepadamu, maka berlomba-lombalah berbuat kebajikan. Hanya kepada Allah-lah kembali kamu semuanya, lalu diberitahukan-Nya kepadamu apa yang telah kamu perselisihkan itu”.

Al-Baqoroh:62. Sesungguhnya orang-orang mu'min, orang-orang Yahudi, orang-orang Nasrani dan orang-orang Shabiin, siapa saja di antara mereka yang benar-benar beriman kepada Allah(Ma’rifat), hari kemudian(kalayan ‘ainalyaqin) dan beramal saleh, mereka akan menerima pahala dari Tuhan

(24)

Étéh Ratna!..., anu sholehaah…, amiin

Jelas!!! geuningan Aturan/Syari’atna Hirup Manusa mah pada-pada kagungan HAK sami, kantun Manusa pada ngalakon perkara WAJIBna. Nyiar Élmu téh Wajib!, tikawit urang di kandung ku indung, diwartosan ku indung-bapak, cenah sok usik-sok malik, hartosna aya soca teu kalayan paningalna, aya cepil tapi teu kalayan pangdanguna, aya baham tapi teu kalayan pangucapna, aya irung tapi teu kalayan napasna!, usik-sausikna, malik-samalikna éstuning lain meunang hayang!!!, lain meunang menta!!!. Lenyepaneun asal-usul Diri.

Kedah wajib nyiar élmu naon atuh???, nyiarna! Élmu anu Wajib, Wajibna Élmu tegesna Ma’rifat téa, supados keuna kana paripaosna “Wajib Kalakon, Fardhu Kalampah, Sunat Kasampeur”. Nyiar élmu-na “minal Mahdi ilal-lahdi”. Nepi liang kubur, hartosna layon di kubur, sasat geus jadi rokrak, usik di usikeun!, malik dimalikeun!, soca kantun buleudna, cepil kantun rebingna, sungut kantun balemna, irung kantun molongona, badan Jasmani teges ngajadi babatang, aya Soca kamana anu sok Popolototna???, aya Ceuli kamana anu sok sadéngé-déngéna???, aya Irung kamana anu sok saangseu-angseuna???, aya Sungut kamana anu sok gogorowokan-sesentakna???, aya Suku kamana anu sok tatajongna???, aya Leungeun kamana anu sok teuteunggeulna???, aya KURUNGna kamana atuh KURINGna???, éstuning kedah kapisahkeun tur kapendak AYEUNA!, supados Sah Sholat kalayan Ma’rifatna, supados Sah Sembah kalayan Hiyangna. AYEUNA!...margi Hirup katungkul ku pati, paéh teu apal dimangsa, bilih kaduhung jagana!, kaduhung? margi teu wanoh téa!

Pilari AYEUNA!...nalika Soca nuju sareng Paningalna, Cepil nuju sareng Pangdanguna, Baham nuju sareng Pangucapna, Irung nuju sareng Renghapna/Napasna, Panangan nuju sareng Obahna, Sampéan nuju sareng Léngkahna, Jas-mani nuju sareng Roh-hanina, PRAK!!! Geura RAK-RAK!!! saméméh jadi ROKRAK!, supados tiasa panceg “Mulih Ka Jati Mulang Ka Asal”, kecap dina bahasa Arabna “Innalillahi wainna ilaihi roojiuun” supados teges pituduh dalilna dicruk-cruk kalayan ELMUna.

Prak geura diajar ngarak-rak! Danguna teu kalayan Cepil, Ningalna teu kalayan Soca, Angseuna teu kalayan Irung, Ucapna teu kalayan Baham, Obahna teu kalayan Leungeun, Lempangna teu kalayan Suku, KURUNGna ganti ku KURING (Nga-hiyangan) da tadi ogé diluhur parantos disebatkeun, KURING Ucap - KURING Lampah - KURING Tékad.

Tuuuh geuning aya sakedik élmu Karuhun Urang Sundana, heheh ☺. Kahartos ku sim kuring dina bahasa Arabna, hadist Kanjeng Nabi : “Muutuu qobla ‘antal mauta” = “prak geura maot aranjeun saméméh sanyatana anjeun maot”. Mangga geura pilari cara maot dina Ajaran Islamna!, supados wanoh Innalillahi wainna ilaihi roojiuun, saméméh waktosna!!!.

(25)

Ari kawit koncina diajar élmu Agama mah tegesna élmu wanoh ka Gusti téa, éta kedah bersih!, Suci pikir jeung batin, namparak samodél bakakak!, nyucikeun diri tina tékad-pikir-ucap-lampah awon/kotor ka sasama Manusa anu pada-pada kagungan Hak sami, margi urang badé ngélmu ka Asal sakabéh Manusa, ngélmu ka Asal sakabéh Asal (Purwaning Dumadi), utami kawit pisan ka Indung-Bapak, Nini-Aki, Buyut, Bao, Jangawaréng…dst(Karuhun) kedah bersih tina tékad-pikir-ucap-lampah awon ka aranjeuna!, kedah ménta hampura ka Gusti, ménta hampura ka Karuhun sadaya! anu parantos dijarantenkeun ku Gusti cukang lantaran Hirup abdi. Moal aya hampura Gusti lamun teu aya hampura Karuhun abdi.

Étéh Ratna!..., mangga perhatoskeun katerangan dihandap ieu :

Hadist Qudsi (dauhan Alloh SWT anu heunteu kalebet ayat Al-Qur’an), satiap Hadist Qudsi tingkatannana Mutawatir/langkung ti Shohéh. Kumpulan hadist qudsi dina Kitab Al-Mawa’idz fil Ahadis Al-Qudsiyyah, Imam Al-Ghozali. Hapunten teu disundakeun : Alloh berfirman :

“Wahai manusia! Harta kekayaan itu adalah milik-Ku. Hartamu tidak lain hanyalah apa yang kau makan, kemudian habis, apa yang kau pakai kemudian rusak atau yang engkau dermakan kemudian kekal. Ada tiga hal dalam hubungan antara Aku denganmu: yang satu hal milik-Ku, yang satu hal milikmu, sedangkan yang satu hal lagi adalah milik antara Aku dan kamu.

Satu hal yang menjadi milik-KU adalah RUHmu.

Satu hal lagi yang menjadi milikmu adalah amal perbuatanmu.

Sedangkan do’a dan urusan pengabulan adalah yang menjadi milik antara Aku dan kamu. Do’a itu darimu sedangkan urusan pengabulan adalah dari-ku.

Wahai manusia! Berhati-hatilah dalam menjalankan aturan dan terimalah pembagian rejeki sebagaimana adanya, maka engkau akan melihat-Ku. Menyembahlah kepada-Ku, engkau akan pulang kembali pada-Ku. Carilah Aku, engkau akan bertemu dengan-Ku.”. Dauhan Alloh SWT dina Al-Qur’an surah Qaaf:16.

Artinya : Dan sesungguhnya Kami telah menciptakan manusia dan mengetahui apa yang dibisikkan oleh hatinya, dan Kami lebih dekat kepadanya dari pada urat lehernya,

(26)

CARA LAKU AGAMA-II

Karuhun Urang Sunda sakumaha parantos diserat saméméhna, nerangkeun dina Sanghyang Siksa: Kanda ng Karêsyan. Darmapitutur : “/25/ ... Ña mana kitu ayöna, na

janma ingêt di Sanghyang Darmawisesa, ñaho di karaseyan ning janma. Ya ta sinangguh janma rahaseya ngaranna. = Manusia yang ingat Sanghyang Darmawisesa, mengetahui

kerahasiaan manusia; itulah yang disebut manusia (yang paham) rahasia”, manusa geus nganyahokeun rusiah dina dirina sorangan, nganyatakeun bédana anu Asal ti Gusti sareng anu asal ti Bumi (Dunya) pasti Mulih Kajatina - Mulang ka Asalna kalayaning Sampurna.

Salajengna urang sok nguping piwejang sepuh Urang Sunda ku istilah “Papat Kalima Pancer”, Dulur anu 4 (Opat) Taneuh-Cai-Angin-Seuneu, 1 (hiji) Pancerna. Disebut dulur téh!, margi babarengan jeung anu 1 (hiji) Pancerna téa nalika beurang boh peuting éstuning tuhu jeung satiana. Ari Pancer, éta Kuring/Hirup asal ti Nu Maha Hirup.

Sari Taneuh - sari Cai - sari Angin - sari Seuneu (tina Lemah Caina Urang Sunda) jéngélék Waruga Rupi Kasép, Waruga Rupi Geulis, dugi kadieu teu acan aya Pancerna margi nuju usik-sausikna, malik-samalikna di Alam Asih Gusti. Niti wanci nu mustari ningang mangsa nu sampurna, nyambat sapaat Aki Paraji Sakti-Nini Paraji Sakti, gurujag aya anu datang tina lawang guha Indung, jabang bayi waruga lalaki. Tali ari-ari di teuk-teuk ku Paraji Sakti, Paraji neukteuk jalan jabang bayi antawis Alam Asih Gusti sareng Alam Bumi, numawi disebatna ogé Paraji Sakti (teu sambarangan) margi neukteukna kedah nganggo Adab Laku ka Gusti (mipit kudu amit, ngala kudu menta).

Anapon wenang Hirupna éta jabang bayi ngumara di Alam Dunya, sanés paparin ti Paraji Sakti, Paraji Sakti mung deuheus widi ka Gusti, prak midamel ngurusna kalayan tarapti, wenang Hirupna langsung ti Sanghiyang Wenang, Pancer nyukma badan jabang bayi nuluy hirup ngumbara di Alam Dunya.

Dumasar ayeuna rasa rumasa narimakeun Pangasih Gusti, Alam anu bukti, Alam Gedé nyatana jagat raya, Angkasa anu ngayuga - Bumi anu ngandung, panyelangna Alam Leutik, nyatana Jagat Diri satangtung, Luhurna sausap rambut - Handapna sausap dampal, di Panceran ti Sanghiyang Tunggal. Ingsun geus medal di Alam Dunya, prak!!! geura tataan : Aya Panon pikeun Kuring nempo Dunya, teu nginjeum anu batur

Aya Ceuli pikeun Kuring ngadéngé Dunya, teu nginjeum anu batur Aya Baham pikeun Kuring ngomong Dunya, teu nginjeum anu batur Aya Irung pikeun Kuring ngangseu Dunya, teu nginjeum anu batur

(27)

Nyabit deui perkawis “Nyambat sapaat Paraji Sakti”. Apan ayeuna mah tara nganggo Aki Paraji???, tara nganggo Nini Paraji upama aya anu rék ngalahirkeun téh???, ayeuna mah geus modern alatna ogé, nganggo bidan, susterna ogé aranom jabi gareulis, heuheuheu ☺. Atuh geus teu kapaké Cara Laku baheula Nyambat sapaat Paraji Sakti téh???, barina ogé Aki Paraji jeung Nini Paraji parantos maraot, kumaha tiasa maparin sapaatna???.

Pun sapun! ka LUHUR ka Bale Agung Anu Nunggal di Mandala Agung! Ka HANDAP ka Batara pangraksa jagat; ka Batari panghurip bumi; ka Ambu Sari Pohaci;…

Paralun! ka gunung bakal kacatur; ka lebak bakal kasebut; ka cai bakal kasungsi; ka tangkal bakal kapahpral; ka sakabeh nu ngarana; dijieun bukti carita; tapi carita nu teu make saksi; Pun ! Kaula deuk nginjeum ngaran; caturkeuneun dina beja;

(tina Pantun Bogor RKS. Ambu Richardiana Kartakusumah)

Ari Aki (Lalaki anu dikolotkeun), Nini (Awéwé anu dikolotkeun). Upamana Jaka Sadana (Sulanjana) téh Adam (Lalaki), Sri Sadana téh Hawa (Awéwé), tuluy Ibu Sri kakandungan, ilaharna nu jadi Indung, dina wancina ngalahirkeun, meureun anu mimiti nguruskeun kalahiran (paraji) jabang bayi téh Sulanjana salakina, tidieu mimiti aya Aki Paraji Sakti wiwitan, heheheh ☺. Sareng saterasna. Disebat Paraji Sakti, éta gelar kanggo jalmi-jalmi anu parantos wanoh ka Gusti (“…janma rahaseya ngaranna” = “…manusia yang paham rahasia”) ogé ahlina dina ngurus jabang bayi, ti kawit dina kandungan dugi kalahiran.

Atuh dina abad kadieunakeun kirang langkung ka 7-8 M, putu lungsuran ti Eyang Batara Semplakwaja (Gunug Agung) aya anu nyandang gelar Aki Paraji Sakti - Nini Paraji Sakti, anjeuna kahot Sakti, kakoncara satatar Pasundan gumela ngabantu, ngaping-ngajaring kaseuweu-siwi Urang Sunda tug dugi ka ayeuna pikeun anu Nyambat Sapaat anjeuna, tangtos Sumpingna teu rupa Waruga kawas baheula!!!, Ningalna teu kalayan buleud soca, Leumpangna teu kalayan suku, Danguna teu kalayan cepil, Ngucapna teu kalayan baham, Hirupna teu kalayan nafas disebatna ogé utusan/asal ti Nu Maha Ghaib, parentah ti Nu Maha Suci margi salami jumenengna ngalakon wanoh ka Gusti, teu wéléh midamelna dina kasaéan tur kasucian. Salajengna, mangga perhatoskeun dina Uga sepuh Karuhun Urang Sunda ieu :

Uga Wangsit Siliwangi : Raja Pajajaran, Sri Baduga Maha Raja (1482-1521 M) ……….

Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu nu perlu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan anu hadé laku lampahna.

Mun ngaing datang moal kadeuleu, mun ngaing nyarita moal kadéngé. Memang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu geus rancage haténa, kanu weruh disemu anu saéstu, anu ngarti kana wangi nu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang : teu ngarupa teu nyawara, tapi méré ciri ku wawangi. ……….

(28)

Étéh Ratna!..., Maenya ari Jurig-Siluman percaya bisa nyurup édan kamanusa, Sétan-Belis bisa ngaharewosan goréng kajero dada manusa ari Ka-Ruhun anu Suci teu bisa???. Ceuk sim kuring mah, lamun aya jalma rék naon waé pangkat kaélmuannana tuluy nerangkeun perkawis Karuhun anu suci moal bisa ngaping ngajaring méré sapaat ka seuweu-siwi putuna!, éta jalma téh keur dikawasaan batin jeung pikirannana ku Sétan-Belis-Jurig-Siluman anu tadi, maklum keur néangan ngalobaan baladna ti turunan seuweu-siwi putu Karuhun anu Suci…Hehehe ☺. Numawi seuweu-siwi putu Urang Sunda kedah ati-ati, rancagé haté, lantip pikir supados heunteu keuna ku euwah gingsir.

puguh nafsu bayangan pikiran sorangan hayoooh ngaku-ngaku Karuhun, Puguh-puguh ngaku Jin hayoooh dijaradikeun rujukan, Puguh-Puguh-puguh Maung Siluman (kekerewet-gegeremmm) hayoooh ngaku-ngaku Prabu Siliwangi (Raja Pajajaran) bari jeung diharaminan (sumuhun dawuh…teu pararuguh…), hehehe ☺. Ditambahan ku sabagéan Ahli Sajarah nuliskeun yén Raja Pajajaran-Prabu Siliwangi pédah narah lebet Islam tuluy ngahiyang jadi Maung, ari seuweu-siwi putuna geuningan manusa???, tah Ahli Sajarah anu kieu, keur nuliskeun Sajarahna dina batin-pikirna karaksukan ku Sétan-Belis-Maung Siluman anu tadi. Hehehe ☺.

Geus puguh Eyang Jantaka téh gelar kecapna ogé Batara Guru Resi (Karesyan = Ngajarkeun /atawa Ngabukakeun Karahasiahan Manusa) hayoooh ditulis ku sabagéan Ahli Sajarah cenah panyakitan “burut” pédah teu jadi Raja, tur padahal dina élmu Kisunda mah pikeun Nata Kahirupan téh geus maké patokan Tri Tangtu (Tilu Katangtuan) Resi-Raja-Ratu, anu ngabogaan tugasna béda-béda sesuai fungsi tujuannana masing-masing. Anapon Eyang Jantaka kuanjeun milih Resi tinimbang Raja, éta mah pilihan kersana, sakersana ti Sanghiyang Kersa. Moal nyandang gelar “Pilih Tanding” Batara Karang Nunggal atuuuh upami anjeuna panyakitan “burut”???, mangga geura émutan!!!.

Manusa disebat maot/wafat/pupus téh tegesna Warugana/Kurungna, Kurung(Lahirna) pupus lalakon pikeun makalangan di Alam Dunya, sedengkeun ari Kuring(Hirup) tetep Hirup anu saéstu, margi bibitna langsung tinu Maha Hirup téa.

Hirupna teu maké Napas! Ngupingna teu maké Ceuli! Ningalna teu maké buleud Panon! Ngucapna teu maké Baham!

Lempangna teu maké Suku!, (Irung, Ceuli, Panon, Baham, Suku sadayana bahan Dunya). Ku Urang Sunda anu masih kénéh nyangking élmuna mah sok dibagéakeun kasumpingan Karuhunnana téh kalayan dariya sakumaha ngabagéakeun sumping sepuhna.

(29)

Sumping?, margi karasa sumpingna, katingal sumpingna, kakuping suwantenna, kaangseu wangina, tangtos tadi ogé kasungsi ku jalma anu geus Rancagé haténa, surti tur lantip pikirna. Tidieu aya Cara Laku (Budi-Dayana) Karuhun dina Cara nyasajén, anu saleresna mah mangrupikeun (“kitab hayat pikeun bacaeun”, bahan pisalameteun ti lahir tumekaning batin pangeusi buana kabéh), maparin élmu ku cara siloka supados diajar lantip pikirna, diajar rancagé haténa!!!. SASAJÉN (Sa-sajian) ngandung harti (sa ajén / sa aji /sa pangarti anu jadi budi paragi tata titi tur nastiti, geusan nyangking daya pangawasa Gusti).

Naon hubungannana Sasajén jeung Nyambat Paraji Sakti???

1. Conto anu aya dina Sasajén (Cai Kopi pait, Cai Kopi Amis, Cai Asak Herang). Kopi pait, kopi amis & cai asak herang diwadahan kana batok kalapa???.

Bacaeun!!!, Cai mangrupikeun salah sawios sumber kahuripan Dunya, Kopi Pait & Amis dina jero Cai = Kopi warna Hideung lambang/simbul Bumi. Kopi dina jero Cai = Sajeroning lampah hirup di Alam Bumi pinasti ngaliwatan papait jeung mamanis anu sakuduna (Cai Asak) di GODOG!, di asakeun dina “babatok” (pikiran/elingan), wening ati HERANG manah.

Perkawis hartos Tumpeng sareng Bakakak parantos kasebat tipayun. 2. Nyambat Sapaat

Ari nyambat Paraji Sakti mah mung ukur salahsawios conto anu kacatur di luhur. Sok disambat hususna dina salametan anu kakandungan dugi kalahiran jabang bayi, supados Paraji Sakti ngaping-ngajaring salamet Indung-Bapakna utamina jabang bayi salamet/kajagi tina Siluman-Jurig anu tadi. Hehehe ☺, margi Setan-Belis-Jurig-Siluman ngagoda-nyurup ka Manusana ogé widi Gusti. Maenya urang culangung nitah ka Gusti pikeun nyingkahkeun Jurig-Siluman anu tadi, geus puguh sagala rupina ogé diayakeun ti Nu Maha Widi. Kantun seuweu-siwi putu urang Sundana sing ati-ati dina jalan tarékah pamilihna, numawi wajib nyiar pangartina ogééé supados sa-ajén, sa aji, sa pangarti sareng Karuhun anu suci.

3. Hubungan Sasajén & Nyambat Sapaat

Sasatning Diri parantos Nyasajén (nya-sa ajén, nya-sa aji, nya-sa pangarti) hasil maca tina rupi-rupi Sasajén, Wening ati Herang manah, eling nyalindung ka Gusti kana Kasaéan, wiréh abdi teu daya-upaya, namprak sumerah, usik-malik anging ku Gusti. Kanggo pangjagi pangraksa tina Setan-Belis-Siluman tadi, Nyambat jembarna Karuhun suci anu HAK ngaping-ngajaring seuweu-siwi putuna. Margi Diri tadi parantos Nyasajén…, anu sumpingna ogé pasti sajatina Karuhun suci, nyukmana… Sa-ajén panampian Diri, anu pada-pada sami asal ti Gusti.

(30)

Téh Ratna…, di luhur nembe sakedikna gambaran/conto Aturan/Cara Laku Ageman Karuhun Urang Sunda, tangtos masih seueur kénéh anu teuacan ka guar dina ieu seratan, mung hapuntennnn, ampun paraluuun ka palawargi, sesepuh, anu mémang parantos ahlina dina Ageman Sunda, sim kuring sanés kumawantun…, mugia ageung sih tawakufna, neda panggeuingna, neda pangwurukna tina seueur lepat catur diluhur, margi naliti nembé kamari, di ajar nembé salancar. Puun ampun paraluuun!

Salajengna, kumaha numutkeun Ageman Kanjeng Nabi SAW ngeunaan Sasambat neda Syafa’at. Sim kuring aya seratan ti Madzhab Ahlulbait/Madzhab Ja’fariah/Syi’ah 12 Imam. Ari nasabna Imam Ja’far nyaéta Ja’far As-Shoddiq bin Muhammad Al-Baqir bin ‘Ali Zainal’abidin bin Husein bin Fatimah Az-Zahra binti Muhammad SAW. Runtuyan Nasab tur Runtuyan Elmu Agemannana, ku sim kuring disebat Diinul-Muhammad (Ageuman Muhammad), sakumaha kasauran Imam Husen a.s saméméh miang ka Karbala téa.

Hapunten teu di sundakeun :

SAYAFA’AT

Dalam Bahasa Arab,

ﻊﻓﺷ

berarti menggabungkan sesuatu dengan sesuatu lain yang sejenisnya agar menjadi sepasang. Syafaat, yang diambil dari kata syafa‘a ini, dalam istilah berarti memohonkan ampunan untuk dosa yang telah diperbuat. Syafaat juga berarti permohonan ampun oleh seseorang yang memiliki hak syafaat untuk orang yang berhak mendapatkannya. Jadi, syafaat Nabi SAWW atau manusia-manusia suci lainnya untuk sekelompok umat berarti doa, permohonan ampun, atau juga permintaan atas sebuah hajat ke hadirat Allah SWT untuk umat yang menerima syafaat. Ringkasnya, makna syafaat tidak jauh berbeda dari doa.

Dalam kitab suci Al Quran Al-Karim, kata syafaat dipergunakan untuk menunjukkan beberapa arti yang berlainan. Jumlah seluruh ayat yang secara langsung menyebut masalah syafaat ini adalah 25 ayat yang tersebar di delapan belas surat Al Quran. Semua ayat tadi menunjukkan arti permohonan ampun atas dosa-dosa seperti yang disebutkan dalam arti istilah syafaat yang pertama dan tidak mengacu pada permohonan akan kedudukan yang tinggi di sisi Allah SWT.

……….…ku sim kuring di potong……….………

Ibnu Taimiyyah dan para pengikutnya berpendapat bahwa meminta sesuatu berhubungan

dengan kebutuhan duniawi atau lainnya kepada orang yang sudah mati sama dengan syirik. “…Jika ada orang yang mengatakan, “Aku meminta kepada orang ini karena ia adalah orang yang lebih dekat dengan Allah daripada aku, supaya dia menjadi syafi’-ku dalam hal-hal ini. Apa yang kulakukan dengan menjadikan orang yang dekat dengan Allah itu sebagai penghubung antara aku dengan-Nya sama dengan apa yang biasanya dilakukan orang dengan menjadikan orang yang dekat dengan raja sebagai penghubung.” Ketahuilah, bahwa apa yang ia

(31)

lakukan itu sama dengan perbuatan mereka yang menjadikan para rahib sebagai pemberi syafaat dalam urusan-urusan mereka. Ia juga sama dengan kaum musyrikin yang mengatakan,

ﺎﻣ

ﻢهﺪﺒﻌﻧ

ّﻻإ

ﺎﻧﻮﺑﺮﻘﻴﻟ

ﻰﻟإ

ﷲا

ﻰﻔﻟز

...

Artinya: Kami tidak menyembah mereka melainkan supaya mereka mendekatkan kami kepada

Allah dengan sedekat-dekatnya…”[1]

Kesalahan pertama yang dilakukan oleh Ibnu Taimiyyah adalah menyamakan doa dan

syafaat dengan ibadah kepada selain Allah SWT. Padahal syafaat tidak memiliki arti penyembahan sama sekali, baik dilihat dari sudut bahasa maupun dari sisi istilahnya. Selain itu, faktor yang mendorong seseorang untuk meminta syafaat berbeda sekali dengan faktor yang mendorong orang untuk menyembah berhala, manusia, atau lainnya yang oleh kaum kafir dan musyrik diklaim sebagai penghubung kedekatan mereka dengan Allah SWT.

Pada pembahasan yang lalu juga telah kami sebutkan riwayat yang menceritakan bahwa khalifah Abu Bakar setelah Nabi SAWW wafat mendatangi jenazah manusia suci itu. Setelah menyingkap kain yang menutupi wajah Nabi SAWW dan mengucapkan salam kepadanya, ia meminta agar beliau SAWW mendoakannya di sisi Allah SWT. Hal yang sama juga dilakukan oleh Imam Ali a.s. Jika Ali a.s. yang disebut oleh Nabi SAWW sebagai pintu kota ilmu telah melakukan hal demikian, berarti agama memperbolehkan kita untuk memohon sesuatu kepada Rasulullah SAWW meskipun beliau SAWW telah wafat.

Coba kita perhatikan dua ayat di bawah ini.

ﻻو

ّﻦﺒﺴﺤﺗ

ﻦﻳﺬﻟا

اﻮﻠﺘﻗ

ﻲﻓ

ﻞﻴﺒﺳ

ﷲا

ﺎﺗاﻮﻣأ

ﻞﺑ

ءﺎﻴﺣأ

ﺪﻨﻋ

ﻢﻬّﺑر

نﻮﻗزﺮﻳ

..

Artinya: Janganlah kamu mengira bahwa orang-orang yang gugur di jalan Allah itu mati, mereka

itu hidup di sisi Tuhan dan mendapat rezeki...[2]

ﻻو

اﻮﻟﻮﻘﺗ

ﻦﻤﻟ

ﻞﺘﻘﻳ

ﻲﻓ

ﻞﻴﺒﺳ

ﷲا

تاﻮﻣأ

ﻞﺑ

ءﺎﻴﺣأ

ﻦﻜﻟو

نوﺮﻌﺸﺗ

...

Artinya: Dan janganlah kalian mengatakan terhadap orang-orang yang gugur di jalan Allah

(bahwa mereka) itu mati, (sebenarnya) mereka itu hidup, tetapi kalian tidak menyadarinya…[3]

Kedua ayat di atas dengan sangat jelas menyebutkan adanya kehidupan

pascakematian. Hanya saja, manusia sebagai makhluk yang akrab dengan unsur materi, tidak dapat merasakan dan mengenalnya secara benar kecuali setelah ia mati.

Allamah Thabathaba’i dalam menafsirkan ayat kedua di atas mengatakan, “Ayat ini dengan jelas menunjukkan akan adanya kehidupan di alam barzakh (alam kubur), sama seperti ayat yang mirip dengannya yaitu ayat,

ﻻو

ّﻦﺒﺴﺤﺗ

ﻦﻳﺬﻟا

اﻮﻠﺘﻗ

ﻲﻓ

ﻞﻴﺒﺳ

ﷲا

ﺎﺗاﻮﻣأ

ﻞﺑ

ءﺎﻴﺣأ

ﺪﻨﻋ

ﻢﻬّﺑر

نﻮﻗزﺮﻳ

..

Artinya: Janganlah kamu mengira bahwa orang-orang yang gugur di jalan Allah itu mati; bahkan

mereka itu hidup di sisi Tuhannya dengan mendapat rezki...[4]

Sedangkan mengenai kaum mukminin lain yang tidak terbunuh di jalan Allah, banyak hadis dan riwayat yang menyebutkan bahwa mereka juga hidup di alam barzakh dan mengunjungi keluarga mereka di dunia.

Referensi

Dokumen terkait