• Tidak ada hasil yang ditemukan

Saha Karuhun anu dijantenkeun Rujukan Ajaran dina Ageman Sunda???. Sadaya Karuhun suci Urang Sunda anu parantos ngamulyakeun, ngagungkeun miara Alam anu Agung, kantenan sareng papada jalmina kalintang silih ngagungkeunnana, ka Alam katut ka Satona waé parantos nganggo ADAB (tata titi), sadaya Karuhun éta dijarantenkeun rujukan ajarannana tikawit anu dina Karesian, Karajaan tur Karatuan. Upami ngudag kana periode Abad ka 6-7 M, Karuhun anu janten rujukan téh tegesna Eyang Kuncung Putih atanapi Eyang Tanji Wulung di Gunung Agung.

Nyarioskeun elmu Kisunda moal leupas tina kaluhungan dina sagala widang kahirupan tegesna Eyang Prabu Silihwangi. Tokoh ieu ogé anu dijarantenkeun pikeun Rujukan Ajaran Ageman Sunda ti Abad ka-16 M. Sok sanaos Ajaran Islam parantos sumebar di Tatar Pasundan tikawit Abad 14-15 M, nalika ngahijikeun Karajaan-karajaan di Tatar Pasundan ngadegna Dayeuh Pajajaran, sadaya Rahyatna mayoritas satia tumut ka Raja Prabu Siliwangi anu TEU INGKAH INCAH BALILAHAN TINA AGEMAN JATI INDUNGna!.

Catetan Ambu Richardiana Kartakusumah :

Pada masa pemerintahan Sri Baduga Maharaja /Prabu Silihwangi (1482-1521 M) ada embaran mengenai pedoman hidup /19/” ... tan krêta ja lakibi dina urang reya, ja Ioba di sanghiyang siksa”. = “Tidak merasa aman yang berkeluarga di lingkungan khalayak karena mereka yang melanggar Sanghyang Siksa”.

PANTUN BOGOR (Beunang Rakean Kalang Sunda) :

NYAETA RAJA MUDU DISUNDATAN; JEUNG SOMAH (Rakyat) SAKABEHNA; MUDU NGUCAP HIJI MANTRA (Syahadatain) NU BASANA LAIN BASA PAJAJARAN !!!. TAPI SAENYANA MAH; CEUK NU NYAHO RAHASIAHNA; ETA MANTRA TEA; DINA HARTINA SABENERNA SARUA BAE; JEUNG MANTRA PAJAJARAN, BEDA SOTEH ; NGAN WUNGKUL DINA PETANA!

JELEMA ANU NYIEUN SOMAH (Rakyat) PADA BAROBAH; JADI DANGKA KA RAJANA; JEUNG MARICEUN TALI PARANTI KARUHUN; KU RAJA TEH KANYAHOAN!!!. NYAHO DIA JAYA ANTEA! SAHA NGARANANA ETA JELEMA?

TAPI RAJA PAJAJARAN; RAJA ADIL, RAJA SABAR! JELEMA ANU JULID TEA; ANU NGOJOK2 SOMAH JARADI DANGKA; KU RAJA HANTEU DIHUKUM; TAPI DITAMPING; DIKALUARKEUN TINA KALANGAN BANGSA PAJAJARAN!...

Uga Wangsit Silihwangi : Raja Pajajaran, Sri Baduga Maha Raja (1482-1521 M)

Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu. Najan dia kabehan ka ngaing pada satia, tapi ngaing heunteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup kahareupna, supaya engke jagana jembar senang mugih mukti, bisa ngadegkeun deui Padjadjaran. Lain Padjadjaran nu kiwari, tapi Padjadjaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman; Pilih: ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, heunteu pantes jadi raja mun somah(Rakyat) sakabehna lapar bae jeung balangsak.

……….

Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu nu perlu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan anu hadé laku lampahna.

Mun ngaing datang moal kadeuleu, mun ngaing nyarita moal kadéngé. Memang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu geus rancage haténa, kanu weruh disemu anu saéstu, anu ngarti kana wangi nu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang : teu ngarupa teu nyawara, tapi méré ciri ku wawangi.

……….

Atuh kantenan Eyang Prabu Siliwangi anu silsilahna /Runtuyan Getihna caket kénéh ka Bapak Mei Kartawinata, teu weléh ngaping ngajaring, sumping maparin élmu pangaweruh ka anjeuna dina enggoning ngajalankeun kahirupan Berbangsa jeung Bernegara. Salahsawios ngadegna deui Pajajaran (Lain Karajaan Pajajaran /”...Lain Padjadjaran nu kiwari...”), tapi Pajajaran digeuingkeun ku obahna jaman, nya éta ngadegna Divisi Siliwangi (Tentara Nasional Indonesia) pikeun ngaping ngajaring tur ngajaga wibawa komara Bangsa Indonesia. Wangsit Siliwangi :

Sing saha baé anu ngagunakeun ngaran Siliwangi, atawa ngarasa jadi sékésélér Siliwangi, manéhna bakal nanjung hirupna, bakal mulya gumelarna kawangikeun sabuana Panca Tengah, lamun manehna jujur, sinatria, teuneung gumati kanu leutik, nyaah ka

rahayat sarta wibawa kasasana. Sabalikna hirupna moal panggih jeung kasenangan bakal lara balangsak saindengna lamun ingkar tina patokan anu tadi.

Puun, ampun paraluuun…sanés cologog kumawantun, geuning lalampahan nyukcruk galur, mapay laratan Karuhun téh dugi kapayuneun salira (Eyang Prabu Purba Wisesa) gelar Raja kakoncara Sri Baduga Maha Raja/ Prabu Silihwangi (Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh):

Eyang Prabu Silihwangi | | | | | | | | | | | | |

Panembahan Rakean Sake Pangeran Sageri

Raden Siti Mariah

Bapak Mei Kartawinata Lahir 1 Mei 1897 M

Wafat :

11 Februari 1967 M

Eyang Prabu Silihwangi Eyang Raden Sangara

(Batara Sri Gading Anteg, Batara Sukapura) Raden Nyi Perak Galuh

Raden Dalem Himba Raden Dalem Santawoan

Raden Ayu Gede (Nyi Punyai Agung) Raden Wira Wangsa

(Wiradadaha I, 1632 M) /Abad ka-17 M. | | | | | | | | | | | | | | | |

Agus Wirabudiman, Lahir 1976 M

Dihandap ieu kanggo conto Runtuyan Getih Raden Wirawangsa (Bupati Sukapura I) ti jalur Indung :

Eyang Kandiyawan (550 M)/ Raja Kendan Eyang Weritikendayun (591-702 M) / Raja Galuh Eyang Semplakwaja (620 M)

Eyang Purbasora (643-723 M) Eyang Wijayakusumah

Eyang Adi Mulya Permana Dikusumah (Ajar Sukaresi/Ajar Padang) Eyang Ciung Wanara

Eyang Purba Sari

Eyang Prabu Hujung Kulon Eyang Dewi Arista

Eyang Rakean Wuwus (Prabu Gajah Kulon) Eyang Dewi Sawitri

Eyang Rakean Kamuning Gading/Pucuk Wesi Eyang Rakean Limbur Kancana

Eyang Dewi Somya Eyang Prabu Brajawisesa Eyang Prabu Dewa Sanghiyang Eyang Prabu Sanghiyang Ageng Eyang Srijaya Bupati (1030 M) Eyang Batarahiyang Purnawijaya

Eyang Dewi Citrawati (Batarihiyang Janapati, 1111 M) Geger Hanjuang Eyang Batara Danghiyang Guru Darmawiyasa

Eyang Prabu Darma Kusumah

Eyang Prabu Darmasiksa (Naskah Ciburuy/Amanat Galunggung) Eyang Prabu Raga Suci

Eyang Prabu Citra Ganda Eyang Prabu Lingga Dewata

Eyang Ratna Uma Lestari+Prabu Lingga Wisesa Eyang Prabu Raga Mulya Luhur Prabawa (Aki Kolot)

Eyang Prabu Lingga Buana (Gugur di Perang Bubat, 1357 M) Eyang Prabu Niskala Wastu Kencana

Eyang Prabu Ningrat Kancana (Dewa Niskala) Eyang Prabu Silihwangi (1482-1521 M)

Eyang Raden Sangara (Batara Sri Gading Anteg, Batara Sukapura) Raden Nyi Perak Galuh

Raden Dalem Himba Raden Dalem Santawoan

Raden Ayu Gede (Nyi Punyai Agung)

Raden Wira Wangsa (Wiradadaha I, 1632 M) /Abad ka-17 M.

Ieu silsilah nembé sajalur ti pihak Ibu kanggo Raden Wira Wangsa, tangtos seueur cabang ti luhurna ogé anu janten seuweu-siwi Urang Sunda, ti luhur silsilahna parantos pakuat-pakait, kantenan ari kampungkur mah perjodohan/papasangan hirup téh tara anu jauh. Sim kuring ngabantun conto silsilah anu dugi ka Raden Wira Wangsa sotéh, wiréh anu neras silsilahna dugi ka diri pribadi. Bacaeun anak incu Hehehe ☺.

Tuh geuning sareng Bapak Mei Kartawinata téh dulur!!!, dulur salembur, dulur saturunan ti Eyang Prabu Siliwangi. Hehehe