SISTEM PAKAKAS JEUNG TÉKNOLOGI
MASARAKAT KAMPUNG NAGA
PIKEUN ALTERNATIF BAHAN AJAR
MACA ARTIKEL BUDAYA DI KELAS XII SMA
SKRIPSI
disusun pikeun nyumponan salasahiji sarat ujian sidang Sarjana Pendidikan
Program Studi Pendidikan Bahasa Daerah
COVER
ku
Andini Isti Syafitri 1000148
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG
Sistem Pakakas jeung Téknologi
Masarakat Kampung Naga
pikeun Alternatif Bahan Ajar
Maca Artikel Budaya di Kelas XII SMA
Oleh
Andini Isti Syafitri
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Andini Isti Syafitri 2014 Universitas Pendidikan Indonesia
Januari 2014
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.
SISTEM PERALATAN DAN TEKNOLOGI MASYARAKAT KAMPUNG NAGA
UNTUK ALTERNATIF BAHAN AJAR MEMBACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII1)
ABSTRAK Andini Isti Syafitri 2)
Penelitian ini dilatarbelakangi dari penggunaan peralatan dan teknologi pada masarakat umumnya sudah mengalami perubahan yang signifikan. Masyarakat era modéren seperti saat ini, selalu berpikir dan mengharapkan sesuatu dengan instan, yaitu serba cepat dan mudah dalam pemanfaatan produk, serta peralatan dan teknologi yang digunakan. Sehingga, mengakibatkan pergeseran nilai adat dan budaya masyarakat secara luas. Namun, ada sebagian masyarakat yang dinilai sampai saat ini masih kuat mempertahankan nilai adat dan budaya nenek moyang yang diwariskan turun temurun, di antaranya adalah masyarakat Kampung Naga. Oleh karena itu, penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan: (1) masyarakat dan daerah Kampung Naga; (2) sistem peralatan dan teknologi masyarakat Kampung Naga; dan (3) cara masyarakat Kampung Naga mempertahankan peralatan dan teknologi tradisional; serta (4) menyusun alternatif bahan pembelajaran membaca artikel budaya untuk siswa SMA kelas XII tentang Masarakat Kampung Naga. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, dengan menggunakan teknik observasi, studi pustaka, studi dokumenter, wawancara, dan analisis data. Hasil penelitian ini menunjukkan bahwa (1) masyarakat Kampung Naga masih kuat mempertahankan nilai-nilai adat dan budaya Sunda dan keasrian alamnya; (2) sistem peralatan dan teknologi secara umum, masih memanfaatkan warisan dan tradisi nenek moyang, namun juga ditemukan beberapa peralatan modéren digunakan sebagai alternatif untuk mendukung kebutuhan pokok serta penggunaanya dengan wajar dan batas-batas tertentu; (3) dalam mempertahankan pemanfaatan peralatan dan teknologi tradisional, dilakukan dengan memberikan pendidikan dan doktrin pewarisan kepada keturunannya secara turun-temurun, dan (4) sistem peralatan dan téknologi masyarakat Kampung Naga dapat disusun sebagai alternatif bahan ajar membaca artikel budaya di SMA.
1 ) Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. dan Dr. H. Dingding Haerudin,
M.Pd.
THE SYSTEM OF EQUIPMENT AND TECHNOLOGY IN KAMPUNG NAGA COMMUNITY
ALTERNATIVE TEACHING MATERIAL OF CULTURAL ARTICLE READING IN HIGH SCHOOL GRADE XII
ABSTRACT
This research based on an issue about the significant transformation of equipment and technology which used by community in general. The current modern community always think and wishes instantly, everything is so quick and easy by using the equipment and technology. Therefore, it causes the widespread transformation of customs and cultural values. However, there is still some community who still maintain the customs and cultural values of their ancestor hereditarily, such as Kampung Naga. Based on that, this research aims to describe: (1) the community of Kampung Naga; (2) the system of equipment and technology in Kampung Naga community; (3) the method of maintaining traditional equipment and technology in Kampung Naga community; and (4) to arrange alternative learning materials of cultural articles reading about Kampung Naga for class XII Senior High School student. The method of this research are descriptive method, by using observation technique, literature study, documentary study, interview, and data analysis. The result of research shows that: (1) the community of Kampung Naga still strongly maintain their customs and Sunda cultural values; (2) the system of equipment an technology in general still using their ancestor tradition and heritage, but some of the modern equipment also found as an alternative way to provide basic needs and it is used properly in a certain term; (3) the traditional equipment and technology is used by giving educational learning and inheritance doctrine to their descendant hereditarily; and (4) the system of equipment and technology in Kampung Naga can be arranged as an alternative learning material for Senior High School cultural articles reading.
1
This essay is under guidance of Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. dan Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd.
2
DAPTAR EUSI
1.2. Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 4
1.2.1. Idéntifikasi Masalah ... 4
1.2.2. Rumusan Masalah ... 5
1.3. Tujuan Panalungtikan... 5
1.3.1. Tujuan Umum ... 5
1.3.2. Tujuan Husus ... 5
1.4. Mangpaat Panalungtikan ... 6
1.4.1. Mangpaat Tioritis ... 6
1.4.2. Mangpaat Praktis ... 6
1.5. Raraga Tulisan ... 7
BAB II RARAGA TIORI ... 8
2.1 Sistem Pakakas jeung Téknologi ... 8
2.1.1 Wangenan Sistem Pakakas jeung Téknologi ... 8
2.1.2 Sistem Pakakas jeung Téknologi salaku Unsur Budaya ... 8
2.1.3 Rupa-rupa Sistem Pakakas ... 13
2.2 Kearifan Lokal ... 16
2.3 Pendidikan Karakter ... 18
2.4 Bahan Pangajaran ... 20
2.5 Kriteria Milih Bahan Pangajaran ... 20
2.7 Artikel ... 23
2.8 SKKD ... 24
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 26
3.1 Lokasi jeung Sumber Panalungtikan ... 26
3.1.1 Lokasi Panalungtikan ... 26
3.1.2 Sumber Data ... 26
3.2 Desain Panalungtikan ... 26
3.3 Métode Panalungtikan ... 27
3.4 Wangenan Oprasional ... 28
3.5 Instrumén Panalungtikan ... 28
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 30
3.6.1 Téhnik Obsérvasi ... 30
3.6.2 Téhnik Wawancara ... 31
3.6.3 Téhnik Studi Pustaka ... 31
3.6.4 Téhnik Studi Dokuméntasi ... 32
3.7 Téhnik Ngolah Data ... 32
BAB IV HASIL ANALISIS JEUNG PEDARAN SISTEM PAKAKAS JEUNG TÉKNOLOGI MASARAKAT KAMPUNG NAGA ... 33
4.1 Déskripsi Umum Masarakat jeung Daérah Kampung Naga ... 33
4.2 Pakakas jeung Téknologi di Kampung Naga ... 38
4.2.1 Pakakas jeung Téknologi di Imah ... 38
4.2.2 Pakakas, jeung Téknologi di Dapur ... 46
4.2.3 Alat Penerangan ... 58
4.2.4 Alat Komunikasi ... 59
4.2.5 Pakakas, jeung Téknologi dina Tatanén ... 62
4.2.6 Pakakas jeung Téknologi Kabutuhan Sapopoé ... 65
4.3 Cara Masarakat Naga Ngukuhan Pakakas jeung Téknologi Tradisional ... 67
4.4 Alternatif Bahan Ajar Maca Artikel ... 69
4.5 Pedaran ... 72
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ... 76
5.1 Kacindekan ... 76
5.2 Rékoméndasi ... 77
DAPTAR PUSTAKA ... 78
BAB I BUBUKA
1.1. Kasang Tukang
Globalisasi teu salawasna méré mangpaat keur kahirupan manusa, saperti
sarwa gancang, sarwa babari jeung sarwa némbrak, tapi aya kalana globalisasi ogé
méré pangaruh négatif pikeun manusa. Salasahiji pangaruh négatif tina globalisasi,
nyaéta beuki nyirorotna ajén-inajén budaya karuhun, ngésér kasilih ku budaya
deungeun. Kiwari, masarakat leuwih milih kabudayaan anyar anu holna ti nagara
barat, anu ceuk maranéhna leuwih maju, luhur géngsina, tur bisa ngigelan jaman,
sarta leuwih praktis dibandingkeun jeung kabudayaan lokalna.
Manusa mangrupa mahluk individu jeung mahluk sosial, sabab salian ti
miboga kahirupan jiwa sorangan, manusa ogé henteu bisa dipisahkeun ti masarakat.
Manusa lahir, hirup, kumbuh, jeung maot dina kahirupan masarakat. Nurutkeun
Aristoteles, manusa mangrupa Zoon Politicon, hartina manusa miboga kamampuh
pikeun hirup dina kelompok jeung manusa séjén dina hiji organisasi anu sistematis,
ogé miboga tujuan anu jelas, nyaéta nagara. Manusa miboga kahayang pikeun gaul
tur kumpul jeung sasama, sangkan jadi mahluk anu sok anclub di masarakat. Ku
sabab sipatna anu sok gaul jeung batur, manusa disebut mahluk sosial.
Manusa jeung masarakat, miboga hubungan anu dalit jeung kabudayaan. Jadi,
Kabudayaan masarakat, mangrupa idéntitas atawa cicirén masarakatna sorangan. Di
jaman kiwari, teu saeutik manusa atawa masarakat anu geus teu maliré kabudayaan.
Padahal gedé mangpaatna lamun urang mikaya budaya, ku cara miara tur
mertahankeun éta budaya, hususna budaya Sunda.
Nurutkeun Rosidi, (2007, kc. 18) kabudayaan Sunda, mangrupa maniféstasi
gagasan katut pikiran sarta kagiatan, boh nu abstrak, boh anu mangrupa barang.
Kiwari, kareueus masarakat kana mertahankeun budayana, hususna budaya Sunda
geus ngalaman parobahan. Beuki dieu, beuki saeutik kareueus urang
Sunda kana budayana. Ajén-ajén kabudayaan anu biasa digunakeun mangtaun-taun,
2
pangaruhna kana kabudayaan daérah atawa kabudayaan lokal. Unsur kabudayaan
nurutkeun Koentjaraningrat (2009, kc. 164) di antarana:
1) Basa;
2) sistem pangaweruh;
3) organisasi sosial;
4) sistem pakakas hirup jeung téknologi;
5) sistem pakasaban;
6) sistem religi;
7) kasenian.
Mekar tur majuna téknologi jaman kiwari, geus kapangaruhan ku budaya
séjén. Tina sakabéh masarakat Indonesia anu geus kapangaruhan ku budaya séjén,
aya kénéh masarakat anu tetep nyekel pageuh kabudayaan sorangan, hususna
kabudayaan Sunda. Salasahiji daérah atawa kampung anu masih nyekel pageuh kana
budayana tur ngajaga alamna, nyaéta Kampung Naga.
Salaku salasahiji bagian tina masarakat Sunda, warga Kampung Naga geus
mikaya budaya Sunda. Prinsip-prinsip anu diwariskeun karuhunna miboga kaarifan
dina sistem pangaweruh tradisional anu kiwari disakompétdaunkeun ku masarakat
modéren.
Masarakat Kampung Naga, miboga anggapan yén Kampung Naga mangrupa
tanah warisan karuhun pikeun anak-incuna. Jadi, maranéhna miboga kawajiban
pikeun ngajaga éta alam (Suganda, 2006, kc. 21). Éta saluyu jeung pamadegan Rosidi
(2007, kc. 38) yén urang Sunda kudu ngajaga alam Sunda sangkan ulah rusak, miara,
jeung makayakeun budayana kalawan daria. Ngajaga alamna, ngandung harti kudu
ngusahakeun sangkan walungan angger caian, tur caina hérang. Ngajaga alam
ngandung harti kudu ngajaga sangkan gunung-gunung jeung pasir-pasir ulah
dibukbak leuweungna, digalian taneuh jeung keusikna.
Urang Sunda, miboga anggepan yén alam bakal méré mangpaat anu gedé ka
3
ngagunakeun éta alam sacukupna. Lamun henteu dijaga atawa henteu digunakeun
kalawan hadé, mangka bakal ngabalukarkeun mamala.
Ku majuna jaman, mekar tur canggihna téknologi, masarakat Kampung Naga
tetep nyekel pageuh kana aturan atawa tradisi budayana ku cara ngagunakeun
pakakas jeung téknologi anu sarwa basajan, jeung tradisional. Masarakat Kampung
Naga tetep mertahankeun éta budaya di tengah-tengah jaman modérn jiga kiwari.
Éta hal, nyieun kapanasaran panulis pikeun mikanyaho leuwih jero ngeunaan
kabudayaan atawa kearifan lokal anu masih dicekel pageuh ku masarakat Kampung
Naga, hususna ngeunaan sistem pakakas jeung téknologi. Panulis panasaran kana cara
masarakat Kampung Naga dina mertahankeun pakakas jeung téknologi tradisional di
tengah jaman anu geus sarwa canggih atawa modéren.
Ieu panalungtikan penting diayakeun, sabab miara kabudayaan geus aya
payungna, nyaéta UUD NRI 1945, Pasal 32, anu unina:
“Pemerintah memajukan kebudayaan Nasional Indonesia”. Penjelasan: “kebudayaan bangsa ialah kebudayaan yang timbul sebagai buah usaha budinya rakyat Indonesia seluruhnya. Kebudayaan lama dan asli terdapat
sebagai puncak-puncak kebudayaan di daerah-daerah di seluruh Indonesia,
terhitung sebagai kebudayaan bangsa. Usaha kebudayaan harus menuju ke
arah kemajuan adab, budaya, persatuan,dengan tidak menolak bahan-bahan
baru dari kebudayaan asing yang dapat memperkembangkan atau
memeperkaya kebudayaan bangsa sendiri, serta mempertinggi derajat
kemanusiaan bangsa Indonesia.”
Ieu hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan ajar maca, wangun artikel
budaya di SMA kelas XII. Standar kompéténsi jeung Kompéténsi Dasar Mata
Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda minangka program pikeun mekarkeun
pangaweruh, kaparigelan basa, jeung sikep positif kana basa jeung sastra Sunda.
Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar Mata Pelajaran Basa jeung Sastra
4
ngeunaan ngamumulé basa, sastra, jeung aksara daérah anu netepkeun basa Sunda
diajarkeun di lembaga pendidikan dasar di Jawa Barat.
Dasar diajar basa jeung sastra, sarua jeung diajar komunikasi. Sedengkeun
diajar sastra, sarua jeung jeung diajar ngahargaan ajén kemanusiaan sarta
ajén-ajén kahirupan. Bahan-bahan pangajaran maca basa Sunda téh kacida réana,
salasahijina nyaéta pangajaran maca artikel. Saluyu jeung anu dijéntrékeun dina SKKD SMA kelas XII dina aspék maca, Standar Kompetensina “Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi bacaan yang berupa artikel, carita buhun, dan
bahasan.”, salasahiji Kompetensi Dasarna nya éta: “Membaca artikel tentang budaya”. Ku kituna, hasil panalungtikan budaya di Kampung Naga bisa dijadikeun alternatif bahan ajar artikel ngeunaan budaya di kelas XII SMA.
Panalungtikan ngeunaan Kampung Naga, geus aya nu nalungtik, salasahijina
nyaéta “Kajian Ajén Éstétika dina Arsitéktur Imah Adat Kampung Naga, pikeun Bahan Pangajaran Kandaga Kecap” (Dewi, K: 0902407). Tapi, Sistem Pakakas jeung Téknologi masarakat Kampung Naga, acan aya anu nalungtik.
Dumasar kana éta hal, ieu panalungtikan téh dijudulan “Sistem Pakakas jeung
Téknologi Masarakat Kampung Naga pikeun Alternatif Bahan Ajar Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII”
1.2. Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1. Idéntifikasi Masalah
Dumasar kana kasang tukang di luhur, masalah anu kapanggih di lapangan
ngeunaan kabudayaan téh di antarana, nyaéta (1) sistem basa di Kampung Naga anu
masih kénéh leket jeung basa Sundana, tapi bisa maraké basa asing; (2) sistem filter
élmu pangaweruh anu tetep digunakeun ku masarakat Kampung Naga; (3) sistem
pamaréntahan atawa kamasarakatan anu tetep diwariskeun sacara turun-tumurun; (4)
sistem pakakas jeung téknologi anu masih tradisional; (5) sistem pakasaban anu
5
jeung mitologina, jste. Éta kabéh masalah bisa ditalungtik kalawan jero. Sangkan ieu
panalungtikan bisa museur, masalah rék diwatesanan, nyaéta ngeunaan sistem
pakakas jeung téknologi dina: (1) Ngawangun imah; (2) di dapur; (3) alat penerangan
(4) alat komunikasi; (5) Pakakas jeung téknologi dina tatanén (6) Pakakas jeung
téknologi pikeun nyumponan kabutuhan sapopoé, jeung (7) cara ngukuhan éta
pakakas jeung téknologi ka anak-incu.
1.2.2. Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah di luhur, anu jadi masalah dina ieu
panalungtikan, dirumuskeun dina kalimah ieu di handap.
1) Kumaha déskripsi umum masarakat jeung daérah Kampung Naga?
2) Kumaha sistem pakakas jeung téknologi masarakat di Kampung Naga?
3) Kumaha cara masarakat Kampung Naga ngukuhan pakakas jeung téknologi
tradisional di jaman modéren jiga kiwari?
4) Kumaha alternatif bahan ajar maca artikel budaya kelas XII SMA?
1.3. Tujuan Panalungtikan 1.3.1. Tujuan Umum
Tujuan umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan, nyaéta pikeun
ngeuyeuban pangaweruh panulis jeung pamaca ngeunaan kabudayaan Sunda, hususna
ngeunaan hal anu aya patalina jeung sistem pakakas jeung téknologi masarakat
Kampung Naga. Éta pangaweruh, dipiharep bisa numuwuhkeun kasadaran masarakat
kana pentingna miara tur mertahankeun budaya, hususna budaya Sunda.
1.3.2. Tujuan Husus
Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:
1) Masarakat jeung daérah Kampung Naga;
6
3) cara masarakat Kampung Naga ngukuhan pakakas jeung téknologi tradisional di
jaman modéren;
4) alternatif bahan ajar maca artikel budaya kelas XII SMA.
1.4. Mangpaat Panalungtikan 1.4.1. Mangpaat Tioritis
1) Pikeun mikawanoh tur nambahan élmu kabudayaan di Kampung Naga, hususna
ngeunaan kabudayaan dina sistem pakakas jeung téknologi;
2) nambahan élmu jeung pangaweruh panulis ngeunaan kabudayaan Sunda anu
masih dicekel pageuh ku masarakat Kampung Naga;
3) nambahan réferénsi atawa hasanah panulisan ngeunaan kabudayaan Sunda di
Kampung Naga pikeun Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah tur lembaga séjén anu
miboga kapentingan kana ieu panalungtikan;
4) nambahan informasi tur inspirasi keur pihak séjén, sangkan kataji atawa kairut
haténa pikeun nalungtik leuwih jero ngeunaan kabudayaan Sunda.
1.4.2. Mangpaat Praktis
Dipiharep, tina ayana ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun:
1) Numuwuhkeun kasadaran masarakat kana pentingna kabudayaan, tur bisa
nambahan pangaweruh ka kabéh pihak, ngeunaan sistem pakakas jeung
téknologi pikeun dijadikeun pieunteungeun dina kahirupan anu ngabudaya.
2) Miharep yén budaya Sunda bakal terus dimumulé tur digunakeun, ogé bisa
ngeuyeuban kana budaya bangsa.
3) Mawa ajén-ajén budaya, anu miboga tujuan pikeun sumanget ngabudaya, tur
sikep positif utamana pikeun generasi muda salaku hiji pangajén kana
pajoangan masarakat Kampung Naga anu masih mertahankeun budaya Sunda.
4) Nambahan alternatif bahan ajar maca artikel ngeunaan budaya di kelas XII
7
1.5. Raraga Tulisan
Ieu skripsi, disusun jadi lima bab. Bab I eusina mangrupa bubuka anu
ngawengku kasang tukang masalah, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan
panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga tulisan.
Bab II eusina raraga tiori ngeunaan budaya, sistem pakakas jeung téknologi,
pranata budaya, kearifan lokal, pendidikan karakter, bahan pangajaran maca.
Bab III medar ngeunaan métode panalungtikan. Eusina ngawengku lokasi
panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan oprasional,
instrument panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis data.
Bab IV ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Eusina ngawengku déskripsi
umum masarakat jeung daérah Kampung Naga, Sistem pakakas jeung téknologi
masyarakat Kampung Naga, cara ngukuhan pakakas jeung téknologi tradisional,
nyieun rékoméndasi alternatif bahan ajar maca artikel budaya, jeung pedaran.
Bab V kacindekan jeung rékoméndasi, kana panalungtikan anu geus
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Lokasi jeung Sumber Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan
Kampung Naga sacara administratif ayana di daérah Néglasari Kacamatan,
Salawu, Kabupatén Tasikmalaya Provinsi Jawa Barat. Jarak ti kota Tasikmalaya
kurang leuwih kilometer 27 arah Garut, ti Kota Garut aya di kilometer 30,5 arah
Tasikmalaya. Ieu Kampung, luhurna aya dina 448 ti dasar laut. Kampung Naga ayana
di handap, di tengah-tengah leuweung dina kemiringan 0-25%. Wates padumukan
Kasmpung Naga, nya éta:
1) Belah kulon diwatesanan ku pager kandang jaga, jeung kebon alit;
2) belah kidul diwatesanan ku pager kandang jaga, jeung saluran leutik (koco);
3) belah kelér diwatesanan ku pager kandang jaga, jeung saluran leutik (koco); sarta
4) belah wétan diwatesanan ku kandang jaga, jeung walungan ciwulan.
3.1.2 Sumber Data
Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nyaéta masarakat
Kampung Naga, hususna kepala keluarga, patani, ogé buku sumber.
3.2 Desain Panalungtikan
27
1) Tatahar
Panalungtik nyiapkeun bahan-bahan, instrumén panalungtikan, alat-alat, jeung
téknologi anu diperlukeun pikeun nalungtik sistem pakakas hirup jeung téknologi
di Kampung Naga.
2) Obsérvasi
Panalungtik turun ka lapangan, tur niténan langsung hiji objék anu bakal
ditalungtik.
3) Ngumpulkeun data
Panalungtik ngumpulkeun data, boh ku cara wawancara, obsérvasi, jste.
4) Nganalisis jeung ngolah data
Data anu geus dikumpulkeun tuluy dipilah-pilah, mana anu saluyu jeung tujuan
panalungtikan saméméhna, mana anu henteu saluyu.
5) Nyusun laporan
Panalungtik nyusun data anu geus aya, dina wangun laporan karya ilmiah
(skripsi).
3.3 Métode Panalungtikan
Nurutkeun Ratna (2010, kc. 467), métode mangrupa stratégi, prosedur,
cara-cara pikeun ngumpulkeun, nganalisis, jeung midangkeun objék panalungtikan.
Sedengkeun nurutkrun Sugiyono (2010, kc. 283), métode panalungtikan mangrupa
cara ilmiah pikeun meunangkeun data anu miboga tujuan jeung mangpaat. Métode
anu digunakeun panulis dina ieu panalungtikan, nyaéta métode déskriptif. Métode
déskriptif nyaéta métode anu digunakeun pikeun ngadéskripsikeun atawa
ngagambarkeun hiji hal, tampa nguji hipotésis saméméhna (Ratna, 2010, kc. 337).
Ieu métode digunakeun lantaran data anu ditalungtik leuwih nyoko kana
bahan anu bisa dianalisis ku cara déskriptif. Dina masalahna, méré gambaran sacara
28
Tujuan ngagunakeun métode déskriptif nyaéta pikeun ngadéskripsikeun sistem
pakakas jeung téknologi masyarakat Kampung Naga.
3.4 Wangenan Oprasional
1) Sistem Pakakas jeung Téknologi
Sistem Pakakas jeung Téknologi mangrupa barang anu diwangun ku
komponen-komponen anu silih sinambung jeung kompleks, sarta ngagunakeun
métode ilmiah pikeun ngahontal tujuan praktisna, sangkan dina ngalakukeun
pagawéan bisa lumangsung kalawan gampang.
2) Masarakat Kampung Naga
Masarakat Kampung Naga, mangrupa kumpulan jalma anu hirup, jeung
cicing di Kampung Naga, anu nyekel pageuh budaya karuhun, nyaéta budaya
Sunda. Masarakat Kampung Naga, miboga norma jeung ajén anu kudu
digunakeun atawa diturut ku kabéh anggota tur miboga tujuan nu tangtu
(Sapriya, 2007, kc. 72).
3) Bahan Pangajaran Maca Artikel
Bahan pangajaran maca artikel, mangrupa sajumlahing matéri anu rék
ditepikeun ka murid, ku cara ngalisankeun aksara, dina wangun karya tulis
lengkep, saperti warta atawa éséy dina majalah, jeung surat kabar.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan, nyaéta alat anu digunakeun ku panalungtik dina
énggoning ngumpulkeun data, sangkan pagawéanana leuwih gampang, tur hasilna
ogé leuwih hadé, dina harti leuwih gancang, lengkep, jeung sistematis sangkan datana
leuwih gampang diolah.
1) Pedoman Obsérvasi :
Téma obsérvasi:
Lokasi obsérvasi: tgl./jam:
29
Koding Data/hasil obsérvasi
2) Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara, mangrupa sajumlahing patalékan anu diasong atawa
ditanyakeun ka narasumber
Wasta :
Jenis kelamin :
Umur :
Kalungguhan di kulawarga :
Alamat :
Pakasaban :
Jenjang atikan :
Kalungguhan di masarakat:
a. Kumaha konsép hirup masarakat Kampung Naga?
b. Naon waé pakakas jeung téknologi anu digunakeun ku masarakat Kampung
Naga dina kahirupan sapopoé, hususna dina: Ngawangun imah;
di dapur; dina tatanén; alat penerangan; alat komunikasi
c. Naon sababna ngagunakeun éta pakakas jeung téknologi? Naon simbol,
falsafah, atawa alesanana?
d. Naha aya téknologi modérn anu digunakeun dina kahirupan sapopoé di
masarakat Kampung Naga? Naon sababna? Naon anu ngabalukarkeunana?
e. Kumaha cara atawa atikan kolot dina nurun-numurunkeun pakakas jeung
30
ngeunaan pakakas jeung téknologi anu Ngawangun imah, di dapur, dina
tatanén, alat penerangan, alat komunikasi,
f. Upama aya budak nu sakola formal di luar Kampung Naga, kumaha lajuning
laku tina pendidikan pakakas jeung téknologi ti sakola formalna? Naha
diterapkeun di Kampung Naga, atawa henteu?
g. Naon sababna masarakat Kampung Naga masih mertahankeun tur
ngagunakeun pakakas jeung téknologi tradisional?
h. Naon balukarna lamun masarakat Kampung Naga ngagunakeun pakakas
jeung téknologi modérn tur ninggalkeun pakakas jeung téknologi
tradisional?
3) Alat rékam anu digunakeun dina panalungtikan Kaméra, pikeun moto pakakas jeung narasumber.
kaméra-vidéo jeung tape recorder, pikeun ngarékam naon-naon anu diomongkeun ku narasumber kalawan kumplit, henteu aya anu katinggaleun.
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik ngumpulkeun data, mangrupa léngkah anu penting pisan dina
panalungtikan, sabab tujuan tina panalungtikan, nyaéta meunangkeun data. Pikeun
ngumpulkeun data, téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik
obsérvasi, studi pustaka, studi dokuméntasi, wawancara, jeung analisis data.
3.6.1 Téhnik Obsérvasi
Sutrisno Hadi nétélakeun, yén obsérvasi mangrupa hiji proses anu kompléks,
hiji proses anu kasusun ku sababaraha proses biologis jeung psikologis. Marshall
(dina Sugiyono, 2010, kc. 316) nétélakeun, yén tina obsérvasi, anu nalungtik bakal diajar ngeunaan paripolah, jeung ma’na tina éta paripolah.
Obsérvasi dilakukeun ku cara niténan langsung hiji objék anu bakal
31
gambar jeung rékaman sora. Pikeun ngahontal éta hal, tangtuna waé ngagunakeun
média atawa alat anu ngarojong, saperti kaméra, handphone, jste. Obsérvasi
dilakukeun sangkan meunang gambaran anu nyata ngeunaan kabudayaan Sunda di
Kampung Naga, jeung unsur budaya hususna sistem pakakas jeung téknologi
masarakat Kampung Naga. Léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina téhnik
obsérvasi, nyaéta:
1) Panalungtik nyieun pedoman observasi.
2) Panalungtik turun ka lapangan.
3) Panalungtik niténan langsung kaayaan masarakat Kampung Naga, katut
paripolahna.
4) Kaayaan masarakat diasupkeun kana naon-naon anu aya dina pedoman obsérvasi
3.6.2 Téhnik Wawancara
Esterberg (dina Sugiyono 2010, kc. 317) nétélakeun yén wawancara
mangrupa patemon dua jalma pikeun nukeur informasi jeung idé ku cara tanya jawab nepi ka bisa meunang ma’na dina hiji topik.
Wawancara mangrupa téhnik anu dilakukeun ngaliwatan komunikasi
langsung atawa tanya jawab jeung kuncén, masarakat Kampung Naga, wawakil ti
kulawarga, patani, jeung tukang nyieun imah. Léngkah-léngkah dina ngalaksanakeun
téhnik wawancara, di antarana nyaéta:
1) Panalungtik nyieun pedoman wawancara;
2) panalungtik nyusun daptar patalékan saluyu jeung tujuan panalungtikan;
3) panalungtik néang narasumber pikeun meunaNgkeun informasi ku cara
wawancara; tuluy
4) panalungtik nulis jawaban di handap daftar patalékan.
32
Studi pustaka, dilakukeun ku cara néang sumber anu mangrupa buku, artikel,
dokumén, jurnal, jste. anu engkéna tuluy dikaji pikeun meunangkeun informasi solusi
kana masalah anu ditalungtik. Léngkah-léngkah dina ngalaksanakeun ieu téhnik,
nyaéta:
1) Néang buku ngeunaan budaya, Kampung Naga, pakakas jeung téhnologi, jeung
buku ngeunaan bahan ajar;
2) nelaah eusi buku anu saluyu jeung judul panalungtikan;
3) néang harti pakakas-pakakas tradisional.
3.6.4 Téhnik Studi Dokuméntasi
Studi dokuméntasi, mangrupa hiji cara ngumpulkeun data atawa sumber tina
média visual anu mangrupa poto atawa gambar, sarta arsip-arsip anu aya, basa
ngalakukeun panalungtikan lapangan atawa obsérvasi.
Nurutkeun Sugiyono (2010, kc. 329), hasil panalungtikan bakal leuwih
kredibel atawa bisa dipercaya lamun didukung ku foto atawa karya tulis akademik
jeung seni anu geus aya. Léngkah-léngkah dina ieu téhnik, nyaéta:
1) Nyieun daptar ngeunaan naon waé anu perlu difoto;
2) di lapangan, panalungtik moto naon-naon anu geus aya dina daptar foto.
3.7 Téhnik Ngolah Data
Sanggeus meunang data, panalungtik ngolah éta data ku cara:
1) Niténan deui data anu geus dikumpulkeun;
2) nyieun papasingan data;
3) nganalisis jeung ngadéskripikeun data;
4) nafsirkeun data;
BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI
5.1 Kacindekan
Dumasar kana rumusan masalah, jeung hasil analisis, bisa dicindekeun, yén:
1) Masarakat Kampung Naga mampuh ngukuhan kaasrian alam, ogé nyekel pageuh
adat-istiadat Sunda di tengah-tengah jaman modéren jiga kiwari. Di masarakat
umum, kabéh pakakas, hususna dina pakakas rumah tangga jeung tatanén geus
loba pisan anu ngagunakeun téknologi canggih atawa modéren. Sarwa gancang,
jeung sarwa gampang jadi tujuan utama keur masarakat umumna. Béda jeung
masarakat Kampung Naga anu miboga papagon hirup, yén dina ngalakukeun hiji
hal téh “entong gancang tapi pincang”, anu miboga harti nguntungkeun dina
jangka péndék, tapi bakal jadi pasualan keur waktu anu lila atawa jangka
panjang.
2) Sistem pakakas jeung téknologi anu digunakeun di masarakat Kampung Naga,
umumna masih ngagunakeun pakakas jeung téknologi tradisional. Aya
sababaraha pakakas jeung teknologi hasil produksi modéren, di antarana: (a)
Pakakas paranti nginum, jeung dahar anu dijieun tina beling, ku sabab masarakat
Kampung Naga miboga niat keur ngahargaan para sémah anu hétérogén, anu teu
biasa nginum, jeung dahar dina cangkir, jeung piring kaléng; (b) Alat
komunikasi diantaranya Telepon seluler (Ponsel) jeung televisi (TV). Anapon
geus aya TV, jeung HP, masarakat tetep ngagunakeun éta alat ku cara sawajarna,
jeung saperluna; (c) Kusabab masarakat kampung Naga henteu narima listrik,
jadi dina nge-charge HP jeung ngahurungkeun TV ku cara ngagunakeun accu
atawa aki. Aki di-charge di luar Kampung Naga salila tilu poé-tilu peuting. 50%
masarakat Kampung Naga geus miboga handphone atawa HP, jeung televisi
atawa TV. Anapon geus aya TV, jeung HP, masarakat tetep ngagunakeun éta alat
ku cara sawajarna, jeung saperluna. (d) kompor minyak tanah, anu digunakeun
77
3) Pakakas jeung téknologi diwariskeun sacara turun-tumurun, ku cara
diwanohkeun, dipraktékkeun, diajarkeun jeung digunakeun unggal waktu, nepi
ka budak paham jeung biasa ngagunakeun éta pakakas jeung téknologi.
4) Bahan pangajaran maca anu ngandung pakakas jeung téknologi tradisional
diwujudkeun kana wangun artikel “Pakakas jeung Téknologi Tradisional
Kampung Naga”.
5.2 Rékoméndasi
Masarakat Kampung Naga anu reueus, jeung geus ngariksa kana budaya
Sunda dipiharep bisa narima pangajén ti pamaréntah, sabab budaya mangrupa
salasahiji asét nagara anu kudu dipertahankeun ayana jeung digunakeun ku
masarakat.
Kahirupan masarakaat Kampung Naga, alus pikeun jadi picontoeun masarakat
lianna, utamana dina miara, jeung ngokolakeun alam kalawan hadé.
Nu ditalungtik dina ieu panalungtikan, karék hiji tina tujuh unsur budaya.
Loba kénéh unsur budaya séjén anu acan jeung perlu ditalungtik. Ku kituna,
panalungtik méré rékoméndasi ka panalungtik séjén pikeun nalungtik sacara spésifik
jeung leuwih jero ngeunaan unsur budaya séjén di Kampung Naga, di antarana nyaéta
nalungtik sistem élmu pangaweruh, sistem filter élmu pangaweruh, basa nu
DAPTAR PUSTAKA
Aminuddin. (2013). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algensio.
Budimansyah, D. (1994). Faktor Sosial Budaya dalam Proses Adopsi Inovasi
Teknologi, Suatu Kajian Teentang Tradisi dan Perubahan pada Masyarakat Kampung Naga. (Tesis). Pascasarjana, Universitas Padjajaran, Bandung.
Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Rif’ati, H.F & Sucipto, T. (2002). Kampung Adat & Ruma Adat di Jawa Barat.
Bandung: Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Provinsi Jawa Barat.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi
Dasar. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat
Hadi, A. (1991). Peperenian. Bandung: CV Geger Sunten
Haerudin, D & Kardana, K. (2013). Panganteur Telaah Buku Ajar. Bandung: Wahana Karya Grafika.
Mulyasa, E. (2008). Standar Kompetensi dan Sertifikasi Guru. Bandung: Remaja Rosda Karya
Noviardi, E. (1992). Dasar–dasar Pendekatan Sistem Teori dan Aplikasi. Fakultas
Ilmu Pendidikan. IKIP : Padang.
Kementrian Pendidikan Nasional Badan Penelitian dan Pengembangan Pusat Kurikulum dan Perbukuan. (2011). Pedoman Pelaksanaan Pendidikan
Karakter. Jakarta: Kementrian Pendidikan Nasional Badan Penelitian dan
Pengembangan Pusat Kurikulum dan Perbukuan.
Keraf, S. (2002). Etika Lingkungan. Jakarta: Kompas
Koentjaraningrat. (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta.
Mulyana, R. (2013). Model Pembelajaran Nilai. Jakarta: PT Saadah Pustaka Mandiri.
Mulyono, I. (2012). Dari Karya Tulis Ilmiah Sampai Dengan Soft Skill. Bandung: YRA.
78
Rosidi, A. (2007). Urang Sunda jeung Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Sapriya, dkk. (2007). Konsep dasar IPS. Bandung: Laboratorium Pendidikan Kewarganegaraan
Soekamto, Soejono. (2000). Sosiologi Suatu Pengantar. Jakarta: Raja Grafindo
Perada.
Sudaryat, Y. (2004). (2004). Élmuning Basa. Bandung: Walatra.
Suganda, H. (2006). Kampung Naga. Bandung: Kiblat.
Sugiyono. (2010). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Alfabeta.
Sumarwoto, O. 2001. Atur Diri Sendiri: Paradigma Baru Pengelolaan Lingkungan Hidup. Yogyakarta: Gajah Mada Press.
Suryani, E & Charliyan, A. (2010). Menguak tabir kp. Naga. Bandung: Cv damar jaya.
Sutarya, O. 2005. Kearifan Lokal dan Pelestarian Lingkungan Hidup di Kampung
Naga Tasikmalaya. Yogyakarta: Sekolah Pasacasarjana Universitas Gadjah
Mada
Tarigan, H.G. (1979). Membaca sebagai Keteranpilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI Press.