• Tidak ada hasil yang ditemukan

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015."

Copied!
30
0
0

Teks penuh

(1)

No. Skripsi: 898/FPBS/0251/2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA (Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak

Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat

nyangking gelar Sarjana Pendidikan di Departemen Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Muhammad Ridwan NIM 1106146

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

(2)

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA (Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak

Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015)

Oleh

Muhammad Ridwan

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar

Sarjana Pendidikan pada Fakultas Ilmu Pendidikan

© Muhammad Ridwan 2015

Universitas Pendidikan Indonesia

Januari 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)

LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI

MUHAMMAD RIDWAN NIM 1106146

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak

Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015)

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd NIP 195704011984121001

Pangaping II.

Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd, NIP 195901191986011001

Kauninga ku

Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015)1

Muhammad Ridwan2

ABSTRAK

Pembelajaran menulis aksara Sunda sangat penting terutama dalam melestarikan warisan budaya leluhur. Adanya anggapan siswa bahwa belajar aksara Sunda sulit menjadi salah satu penyebab dari tidak maksimalnya pencapaian hasil belajar. Media pembelajaran memiliki peran penting dalam kegiatan belajar mengajar di sekolah, sebab media pembelajaran merupakan perantara yang dapat membantu guru dalam menyampaikan materi pelajaran. Tujuan penelitian adalah untuk mengetahui pengaruh media ular tangga terhadap kemampuan menulis aksara Sunda di kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi tahun pelajaran 2014/2015. Penelitian ini menggunakan pendekatan kuantitatif, metode yang dipakai adalah metode kuasi eksperimen dengan desain pre-test and pos-test group. Sumber data dalam penelitian adalah siswa kelas VII-A SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi tahun pelajaran 2014/2015 yang berjumlah 30 siswa. Hasil penelitian menunjunkan adanya peningkatan kemampuan siswa dalam menulis aksara Sunda. Hal ini dapat terlihat dari hasil uji gain. Rata-rata nilai siswa sebelum menggunakan media ular tangga yaitu 39,8 sedangkan setelah menggunakan media ular tangga rata-rata nilai siswa menjadi 70,26. Selain itu, meningkatnya kemampuan menulis aksara Sunda bisa dilihat dari hasil uji hipotesis yang menunjukkan thitung 13,32 > ttabél 2,46. Artinya, ada perbedaan yang signifikan antara hasil pembelajaran sebelum dan sesudah menggunakeun media ular tangga.

Kata kunci: media ular tangga, nulis aksara Sunda.

___________________________ 1

Skripsi ini di bawah bimbingan Prof. Dr. H Rahman, M.Pd. dan Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd.

2

(5)

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

SNAKE-LADDER MEDIA IN WRITTING LEARNING SUNDANESE SCRIPT (A Quasi Experimental Study of Students Class VII-C SMP PGRI Cibadak

Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015)1

Muhammad Ridwan2

ABSTRAK

Learning to write Sundanese script is really important, especially in conserving cultural

heritage from the ancestor. Student’s assumption that learning Sundanese script is really difficult became one cause of learning achievement that not maximized. Learning media has a really important role in teaching and learning process in the school because it can help teacher to communicate he learning material. The aim of this research is to find out the effect of snake-ladder media to students progress in writing Sundanese script in SMP PGRI Cibadak VII-C, Kab. Sukabumi 2014/2015. This research used quantitative approach. Method that used in this research was quasi-experiment with pre test and post test group. Data source of this research was the students of SMP PGRI Cibadak class VII-C which were consist of 30 Students. The result of this research shows the increasing

of student’s ability in writing Sundanese script. This can be seen from the gain test result. The average score before using the snake-ladder media, are 39,8. And after using the snake-ladder media, their average score are 70,26. Besides the score, the increase of

student’s ability in writing Sundanese script can be seen from the hypothesis test thitung

13,32 > ttabél 2,46. It means that there is significant difference between before, and after

using the snake-ladder media.

Key word: snake-ladder media, writing leraning Sundanese script

___________________________ 1)

Counselors scientific paper Prof. Dr. H Rahman, M.Pd. and Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd.

2)

(6)

i

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

kaca

LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI

PERNYATAAN ... Error! Bookmark not defined.

ABSTRAK ... Error! Bookmark not defined.

PANGJAJAP ... Error! Bookmark not defined.

DAPTAR EUSI ... i

DAPTAR TABÉL ... Error! Bookmark not defined.

DAPTAR GAMBAR ... Error! Bookmark not defined.

DAPTAR LAMPIRAN ... Error! Bookmark not defined.

BAB I BUBUKA ... Error! Bookmark not defined.

1.1 Kasang Tukang Masalah ... Error! Bookmark not defined.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... Error! Bookmark not defined.

1.3 Tujuan Panalungtikan ... Error! Bookmark not defined.

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... Error! Bookmark not defined.

1.5 Raraga Tulisan ... Error! Bookmark not defined.

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

PANALUNGTIKAN ... Error! Bookmark not defined.

2.1 Ulikan Tiori ... Error! Bookmark not defined.

2.1.1 Média ... Error! Bookmark not defined.

2.1.2 Hakékat Média Ular Tangga ... Error! Bookmark not defined.

2.1.3 Nulis ... Error! Bookmark not defined.

2.1.4 Aksara Sunda ... Error! Bookmark not defined.

(7)

ii

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.6 Panalungtikan Saméméhna ... Error! Bookmark not defined.

2.2 Raraga Pikir ... Error! Bookmark not defined.

2.3 Anggapan Dasar jeung Hipotésis ... Error! Bookmark not defined.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... Error! Bookmark not defined.

3.1 Desain Panalungtikan ... Error! Bookmark not defined.

3.2 Sumber Data Panalungtikan ... Error! Bookmark not defined.

3.3 Instrumén Panalungtikan ... Error! Bookmark not defined.

3.4 Prosedur panalungtikan ... Error! Bookmark not defined.

3.5 Analisis Data ... Error! Bookmark not defined.

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARANError! Bookmark not defined.

4.1 Hasil Panalungtikan ... Error! Bookmark not defined.

4.1.1 Kamampuh Nulis Aksara Sunda Siswa Kelas VII C SMP PGRI

Cibadak Kabupaten Sukabumi Saméméh Ngagunakeun Média Ular

Tangga. ... Error! Bookmark not defined.

4.1.2 Kamampuh Nulis Aksara Sunda Siswa Kelas VII C SMP PGRI

Cibadak Kabupaten Sukabumi Sabada Ngagunakeun Média Ular

Tangga. ... Error! Bookmark not defined.

4.1.3 Béda Kamampuh Nulis Aksra Sunda Siswa Saméméh jeung Sabada

Ngagunakeun Media Ular Tangga ... Error! Bookmark not defined.

4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan ... Error! Bookmark not defined.

BAB V KACINDEKAN, IMPLIKASI, SARAN .. Error! Bookmark not defined.

5.1 Kacindekan ... Error! Bookmark not defined.

5.2 Implikasi ... Error! Bookmark not defined.

5.3 Rekomendasi ... Error! Bookmark not defined.

DAPTAR PUSTAKA ... Error! Bookmark not defined.

(8)

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Pangajaran nulis aksara Sunda téh penting, utamana dina ngamumulé

warisan budaya ti karuhun. Ku kaparigelan nulis aksara Sunda, informasi

ngeunaan sejarah, ajén-inajén budaya sarta aspék budaya liana bisa ditepikeun ka

generasi saterusna. Salian ti éta kaparigelan nulis aksara Sunda ogé bisa jadi

inspirasi pikeun nyieun rupa-rupa karancagéan tina éta aksara contona aksara

Sunda bisa dijeun kaligrafi dina lukisan, bisa dijieun plang jalan, tina aksara

Sunda bisa nyieun mural, bisa ogé dijieun patung jeung ukiran.

Niténan kaayan kiwari hasil pangajaran nulis téh masih keneh can

nyugemakeun. Nurutkeun Sudarmansyah (2014, kc.1) Tina rupaning

panalungtikan anu dilaksanakeun seméméhna, katitén yén kamampuh nulis ti

mimiti siswa sakola dasar nepi ka paguron luhur masih keneh asor.

Tina data nilai siswa kelas VII di SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi

taun ajar 2013/2014, katitén hasil diajar nulis aksara Sunda siswa masih can

nyugemakeun. Tina sakelas anu jumlah siswana aya tilu puluh opat urang anu

geus bisa ngahontal KKM ngan dalapan urang éta ogé nilaina pas standar

kelulusan. Ieu kondisi jelas ngagambarkeun rendahna hasil diajar siswa dina nulis

aksara Sunda.

Hasil pangajaran nulis husuna nulis aksara Sunda anu can nyugemakeun éta,

sabab ayana sababaraha pasualan di antarana nya éta siswa ngarasa hésé dina nulis

aksara Sunda, alatan teu apal kana wangun aksara Sundana, teu apal dina

nerapkeun rarangken. Pasusalan séjén, prosés diajar nu monoton tur kurang

parigelna guru dina nyiptakeun média pangajaran alternatif nu antukna minat

siswa dina diajar nulis akasara Sunda téh kurang.

Sangkan dina kagiatan pangajaran ngeunaan aksara Sunda hususna nulis

aksara Sunda teu monoton, tur bisa ngahudang minat siswa kana nulis aksara

Sunda, guru kudu ngagunakeun média anu cocog dina nepikeun matéri ajar nalika

(9)

2

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Média pangajaran miboga peran penting dina prosés pangajaran di sakola,

sabab média mangrupa perantara anu mantuan guru dina nepikeun matéri ajar.

Nurutkeun Kemp jeung Dayton (dina Arsyad, 2013, kc.23) Dipakéna média dina

prosés pangajaran miboga sababaraha fungsi di antarana 1) fungsi motivasi anu

bisa ngirut minat jeung méré rangsang ka siswa pikeun diajar, 2) fungsi informasi

digunakeun dina nepikeun informasi ka siswa sangkan bahan pangajaran jadi

leuwih jelas jeung gampang dipaham ku siswa, sarta 3) fungsi instruksi.

Dumasar pentingna média dina pangajaran, ku kituna perlu ayana modifikasi

média. modifikasi média dina kagiatan pangajaran téh mangrupa upaya pikeun

nyieun kagiatan pangajaran jadi leuwih efektif tur kahontalna hasil anu hadé. Tina

sababaraha modifikasi média pangajaran anu aya, dipilih média ular tangga anu

dipaké dina pangajaran nulis aksara Sunda.

Média ular tangga cocog dipaké dina pangajaran nulis aksara Sunda sabab

miboga sababaraha kaonjoyan di antarana nya éta média ular tangga bisa

ngahontal kognitif sacara umum, hususna nu kaasup kana ngawanohkeun,

ngabédakeun, jeung maham dina nulis aksara Sunda. Bisa ngirut minat siswa dina

diajar aksara Sunda, bisa nyieun struktrur kognitif siswa dina diajar jadi leuwih

stabil tur kasusun sacara relevan. Ieu hal bisa méré pemahan anu gancang dina

nulis aksara Sunda.

Panalungtikan ngeunaan pangajaran aksara Sunda saméméhna geus aya nu

nalungtik, disusun dina wangun skripsi di antarana ku Ervani (2013) ngeunaan

média flash card pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Aksara Sunda”. Hasil panaluntikanana nuduhkeun yén kamampuh siswa dina nulis aksara Sunda téh

ngaronjat, katitén tina hasil tes siklus II aya 22 urang anu bisa ngahontal nilai 100,

7 urang ngahontal nilai 90, 6 urang ngahontal nilai 70. aya deui Sudarmansyah

(2014) nu nalungtik ngeunaan “Média Strip Story dina Nulis Aksara Sunda”.

Hasilna nuduhkeun yén kamampuh siswa dina nulis aksara Sunda téh ngaronjat,

katiten tina rata-rata nilai siswa anu tadina 55,25 jadi 86,25. Najan panalungtikan

nu bakal dilakukeun miboga sasaruaan jeung panalungtikan nu di luhur nya éta

ngaguar perkara nulis aksara Sunda. tapi aya ogé pangbédana nya éta variabel

(10)

3

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

média flash card sarta média strip story, ari nu ieu mah ngagunakeun média ular

tangga.

Dumasar kana pentingna média dina kagiatan pangajaran, pentingna nulis

dina pangjaran basa Sunda utamana nulis aksara Sunda, sarta pausalan-pasualan

anu aya dina kagiatan nulis aksara Sunda. Ngajurung panalungtik pikeun

ngayakeun panalungtikan dina narékahan pasualan dina kagiatan pangajaran nulis,

hususna nulis aksara Sunda. Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Média Ular

Tangga dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda (studi kuasi ékspérimén ka kelas

VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi 2014/2015)”

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan miboga watesan jeung rumusan masalah

1.2.1 Watesan masalah

Sangkan panalungtikan leuwih éféktif jeung museur kana hiji titénan,

panalungtik nyanggeum ieu masalah anu ditalungtik ku cara museurkeun

panalungtikan ngeunaan média ular tangga dina nulis aksara Sunda di kelas

VII-C SMP PGRI VII-Cibadak Kabupaten Sukabumi taun ajaran 2014/2015, anu

ngawengku aksara ngalagena, aksara swara atawa vokal, sarta ngalarapkeun

rarangken kalawan ngagunakeun média visual nya éta média ular tangga.

1.2.2 Rumusan masalah

Luyu jeung kasang tukang sarta watesan masalah nu diébrehkeun di luhur,

sangkan nu rék dianalisis tur dipedar dina ieu panalungtikan puguh ambahanana,

masalah panalungtikan dirumuskeun ieu dihandap :

1) Kumaha kamampuh nulis aksara Sunda Siswa kelas VII-C SMP PGRI

Cibadak Kabupaten Sukabumi taun ajaran 2014/2015 saméméh ngagunakeun

média ular tangga?

2) Kumaha kamampuh nulis aksara Sunda Siswa kelas VII-C SMP PGRI

Cibadak Kabupaten Sukabumi 2014/2015 sabada ngagunakeun média ular

(11)

4

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis aksara Sunda di kelas

VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi 2014/2015 saméméh jeung

sabada ngagunakeun média ular tangga?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Unggal panalungtikan hakékatna miboga tujuan. Luyu jeung kasang tukang

masalah nu geus diébrehkeun, tujuan dina ieu panalungtikan dibagi jadi tujuan

umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan pikeun mikanyaho pangaruh média ular

tangga kana kamampuh nulis aksara Sunda di kelas VII-C SMP PGRI Cibadak

Kabupaten Sukabumi taun ajar 2014/2015.

1.3.2 Tujuan Husus

Luyu jeung kasang tukang jeung rumusan masalah. Tujuan masalah téh

pikeun ngadeskripsikeun:

1) kamampuh nulis aksara Sunda Siswa kelas VII-C SMP PGRI Cibadak

Kabupaten Sukabumi taun ajar 2014/2015 saméméh ngagunakeun média ular

tangga;

2) kamampuh nulis aksara Sunda Siswa kelas VII-C SMP PGRI Cibadak

Kabupaten Sukabumi taun ajar 2014/2015 sabada ngagunakeun média ular

tangga;

3) bédana kamampuh nulis aksara Sunda di kelas VII-C SMP PGRI Cibadak

Kabupaten Sukabumi taun ajar 2014/2015 saméméh jeung sabada

ngagunakeun média ular tangga.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis mangpaat dina ieu panalungtikan nya éta sangkan bisa

mangpaat pikeun sistem pendidikan dina nyiptakeun média pangajaran basa

(12)

5

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4.2 Mangpaat praktis

1) Pikeun Guru

Pikeun guru basa Sunda bisa nambahan pangaweruh dina milih média anu

digunakeun dina kagiatan pangajaran di kelas. Hususna média ular tangga dina

pangajaran aksara Sunda, sarta mikanyaho kumaha siswa dina pangajaran nulis

aksara Sunda sabada digunakeun média ular tangga.

2) Pikeun Siswa

Siswa bisa miknyaho mangpaat média ular tangga dina pangajaran nulis

aksara Sunda, nepi ka minat jeung sumanget siswa diajar nulis aksara Sunda bisa

ngaronjat.

3) Pikeun Panalungtik

Sanggeus ngalaksankeun ieu panalungtikan, bisa dipikanyaho babandingan

kamampuh Siswa dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas VII-C SMP PGRI

Cibadak Kabupaten Sukabumi.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu skripsi disusun jadi lima bab, bab I ngeunaan bubuka. Eusina

ngébréhkeun kasang tukang panulis dina panalungtikan, watesan jeung rumusan

masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus.

Mangpaat tulisan, boh mangpaat praktis boh mangpaat tioritis, jeung raraga

tulisan dina ieu skripsi.

Bab II medar tiori-tiori ngeunaan média ular tangga, aksara Sunda jeung

hipotesis.

Bab III ngébréhkeun métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan,

sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, desain panalungtikan, téknik

panalungtikan, instrumén panalungtikan, wangenan operasional.

Bab IV ngadéskripsikeun kamampuh nulis aksara Sunda saméméh jeung

sabada ngagunakeun media ular tangga, jeung medar pangaruh média ular tangga

dina nulis aksara Sunda siswa.

Bab V nya éta panutup tina skripsi. Ngébréhkeun kacindekan tina hasil

(13)

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Wanda ieu panalungtikan nya éta kuantitatif sabab ieu panalungtikan bakal

nafsirkeun data-data obyéktif sarta dianalis ngagunakeun statistik. Métode anu

dipaké dina ieu panalugtikan nya éta métode kuasi ékspérimén. métode kuasi

ékspérimén sok disebut pre experimental desaign atawa ékspérimén anu teu

sabenerna (Arikunto, 2013, kc.123).

Desain panalungtikan kuasi ékspérimén dibagi jadi tilu rupa, nya éta (1) one

shot case study, (2) pre-test and post-test group, jeung (3) static group

comparison (Arikunto, 2013, kc.123). Dina ieu panalungtikan, desain anu di paké

nya éta pre-test and post-test group. Observasi dilakukeun dua kali nya éta

saméméh ékspérimén (01) disebut pre-test, jeung observasi anu dilakukeun sabada

eksperimen (02) disebut post-test. Bédana antara 01 jeung 02 nya éta 02 – 01

diasumsikeun mangrupa pangaruh tina diayakeunna treatmen atawa ékspérimén.

desain pre-test and post-test group diagambarkeun dina pola dihandap:

0

1

x 0

2

Keterangan:

01 = pre-tés (hasil panalungtikan saméméh dilakukeun treatment)

X = treatment (diajar nulis aksara Sunda ngagunakeun média ular tangga)

02 = post-test (hasil panalungtikan sabada dilakukeun treatment )

(Arikunto, 2013, kc.124)

3.2 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data nya éta sakabéh objék anu bakal ditalungtik, data dina ieu

panalungtikan nya éta kamampuh nulis aksara Sunda dina wangun kuantitatif.

(14)

29

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(Arikunto, 2013, kc. 172). Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas

VII-C SMP PGRI Cibadak Sukabumi taun ajar 2014/2015. Rincianana

digambarkeun dina tabél di handap.

Tabél 3.1

Jumlah Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak

Jenis kelamin Jumlah siswa

Awéwé 18

Lalaki 12

Jumlah siswa : 30

3.3 Instrumén Panalungtikan

Instrument panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas nu digunakeun ku

panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanna leuwih babari sarta

hasilna hadé. Hartina leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis sangkan leuwih

babari dina ngolahna (Arikunto, 2013, kc.203).

Instrumén anu digunakuen dina ieu panalungtikan nya éta lembar tés tulis.

Tés sorangan masih nurutkeun Arikunto (2013, kc.193), nya éta saruntuyan

patalékan atawa latihan sarta alat séjén nu dipaké pikeun ngukur kaparigelan,

kamampuh intelegensi, bakat individu atawa kelompok. Ieu tés tulis digunakeun

pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis aksara Sunda. Dina ieu lembar tés aya

sapuluh soal ngarobah aksara latén kana aksara Sunda dina wangun kecap.

Aksara anu dijadikeun tés téh ngawengku aksara ngalagena, aksara swara, jeung

ngalarapkeun rarangkén saméméh jeung sabada dilakukeun treatment

ngagunakeun média ular tangga.ieu dihandap soal tés tulis anu digunakeun dina

(15)

30

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Wasta : aksara ngalagena huruf dasar /ta/ anu dirarangkénan ‘panyecek’. Soal nomer dua, aya aksara ngalagena huruf dasar /ba/, /ka/ anu dirarangkénan pamepet, jeung

huruf /la/ anu dirarangkénan pamaéh. Soal nomer tilu aya aksara ngalagena huruf

dasar /ta/, huruf dasar /pa/ dirarangkénan panyiku, jueng huruf dasar /ka/ anu

dirarangkénan pamaéh. Soal nomer opat aya aksara swara (vokal) /u/ jeung aksara

ngalagena huruf dasar /ba/ dirarangkénan panglayar. Soal nomer lima aya aksara

ngalagena huruf dasar /ba/, /ba/, anu dirarangkénan panolong, hurup dasar /ta/ anu

dirarangkénan panolong jeung pangwisad. Soal nomer genep aya aksara

ngalagena huruf dasar /pa/, huruf dasar /ra/ anu dirarangkénan paneuleung, jeung

huruf dasar ma anu dirarangkénan pamaéh. Soal nomer tujuh aya aksara

ngalagena huruf dasar /na/ jeung /ka/ anu dirarangkénan panéléng. Dina soal

nomer dalapan aya aksara ngalagena hurup dasar /sa/ anu dirarangkénan panyuku,

huruf dasar /da/ anu dirarangkénan panghulu, jeung huruf dasar /ra/. Soal nomer

(16)

31

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung hurup dasar ma. Soal nomer sapuluh aya aksara swara (vokal) /a/, aksara

ngalagena huruf dasar /nya/ anu dirarangkénan panglayar.

3.4 Prosedur panalungtikan

Prosedur panalungtikan kawilang penting, lantaran dina prosedur

panalungtikan téh nétélakeun léngkah-léngkah anu bakal dilaksanakeun. Dina ieu

panalungtikan ngaliwatan sababraha tahap nya éta ieu di handap.

1) Tatahar

Saacan ngalaksanakeun panalungtikan, panalungtik milih masalah ku cara

ngumpulkeun data awal tina nilai siswa sataun katukang luyu jeung kompeténsi

dasar nu aya dina kurikulum 2013. Tuluy diidéntifikasi, diwatesan, tur

dirumuskeun. Panalungtik nyusun léngkah-léngkah pikeun ngungkulan masalah

ngagunakeun média anu luyu. Média anu di paké nya éta média ular tangga

pikeun ngungkulan masalah kamampuh siswa dina nulis aksara Sunda.

2) Ngalaksanakeun jeung ngumpulkeun data

Sanggeus kapanggih ayana masalah, panalungtik nyieun instrumén, tuluy

ngumpulkeun data. Tehnik anu dipaké dina ngumpulkeun data dina ieu

panalungtikan nya éta tehnik tes. Tes dilaksanakeun dua kali nya éta pre-test

jeung post-test.

3) Nganalisis data

Sanggeus data tina pre-test jeung post-test kakumpul, éta data dianalisis

ngagunakuen rumus statistik, tuluy dipedar.

4) Kacindekan

Sanggeus tatahar, ngalaksanakeun panalungtikan, jeung nganalisis data,

panalungtik nyieun kacindekan tina sakabéh proses anu geus dilaksanakeun.

3.5 Analisis Data 3.1.1 Téknik Ngolah Data

Data anu kakumpul tuluy diolah pikeun jawaban tina rumusan masalah

jeung hipotésis anu aya dina ieu panalungtikan. Anapon léngkah-léngkah ngolah

(17)

32

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Mariksa hasil tés, pre-test jeung post-test. Tujuana pikeun mikanyaho

rata-rata peunteun siswa,

2) Méré peunteun, pikeun menteun hasil pre-test jeung post-test siswa,

ngagunakeun format skala peunteun tina tabél di handap.

Tabél 3.2

Format Skala Peunteun Nulis Aksara Sunda

No Soal

Luhur Handap Sajajar

(18)

33

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

skor anu kahontal dirobah jadi skor akhir kalawan ngagunakeun rumus:

P =

a a a aa

X

Keterangan:

P = Peunteun

∑ skor siswa = jumlah peunten siswa ∑ skor maksimal = jumlah peunteun maksimal

3) Nyieun tabél tabulasi tina peunteun siswa

Tabél 3.3

Tabulasi Kamampuh Nulis Aksara Sunda

KS

Luhur Handap Sajajar

mampu

Peunteun ≥ 70 (M) siswa dianggap mampuh nulis aksara Sunda

(19)

34

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.2 Uji Sifat Data

Uji sifat data ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas. Uji

normalitas nya éta uji sifat anu miboga fungsi pikeun ngukur normal atawa

henteuna data anu digunakeun. Sedeng uji homogénitas pikeun nguji homogén

henteuna éta variasi ku cara ngabandingkeun varians-na.

3.1.2.1 Uji Normalitas

Uji normalitas miboga tujuan pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa

miboga distribusi anu normal, pikeun nagtukeun yén éta data téh miboga sifat data

anu normal dilaksanakeun sababara lengkah di handap:

1) Nangtukeun peunteun panggedéna jeung pangleutikna

2) Ngitung rentang (r) ku rumus

r = Peunteun mak – Peunteun min

3) Nangtukeun jumlah kelas interval

k = 1+3.3 log n

Keterangan:

k = lobana kelas

n = lobana data

3.3= bilangan konstan

4) Nangtukeun panjang kelas interval

� = �

Keterangan:

P = panjang kelas

r = range

(20)

35

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5) Nyieun tabél frekuensi peunteun tés ahir kayalan ngaggunakeun tabél tabulasi

di handap

Tabél 3.4

Distribusi frekuensi hasil pre-test jeung post-test

No kelas interval fi xi Xi2 fixi Fixi2

6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun pre-test jeung post-test ngagunakeun

rumus

x =∑f∑fi xi

i

Keterangan:

x = rata-rata

∑ = jumlah fi = jumlah data

xi = jumlah tengah

(Sudjana, 2013, kc.70)

7) Ngitung standar deviasi ngagunakeun rumus

� = √�∑�� � −��� − ����

8) Ngitung frekuensi observasi jeung frekuensi ekspétasi.

(21)

36

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabél 3.5

Ngitung chi kuadrat

Kelas interval O1 Bk zitung ztabél L E1 x2

Keterangan:

O1 = Frekuensi observasi

bk = batas kelas

Zitung = transformasi normal standar bebas kelas

ztabél = nila tabél distribusi data normal

b) Nangtukeun O1 (frekuensi observaisonal)

c) Nangtukeun Bk (batas kelas interval)

d) Ngitung Zitung

Z = bk − xsd

e) Nangtukeun Ztabél

f) Ngitung lega kelas interval (L)

L = Zitung– Ztabél

g) Ngitung Ei frekuensi ekspétasi

(22)

37

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu h) Nangtukeun nilai X2 (chi kuadrat)

x = ∑

O − E

E

(Sudjana, 2013, kc. 273)

i) Nangtukeun derajat kebebasan

dk = k-3

(Sudjana, 2013, kc. 293)

j) Nangtukeun harga X2tabél

k) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kriteria dihandap

Lamun x2itung < x2tabél, hartina data distribusi normal

Lamun x2itung > x2tabél, hartina data distribusi teu normal

3.1.2.2 Uji Homogénitas

Uji homgenitas dilakukeun pikeun mikanyaho homogén henteuna sampel

anu di ujikeun.

Dina nangtukeun homogénitas, lengkahna saperti ieu dihandap

1) Ngitung variasi kelompok nya éta:

a) Variasi prettés S12

=

∑f.x

2 – ∑f.x 2

b) Variasi posttés S22 =

∑f.x2 – ∑f.x 2 −

2) Ngitung harga variasi (F)

(23)

38

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3) Ngitung derajat kebebasan (dk)

dk = n-1

4) Nangtukeun harga Ftabél

5) nangtukeun homogén henteuna data ku kriteria ieu dihandap.

Fitung < Ftabél hartina variasi sampel homogén

Fitung > Ftabél hartina variasi sampel teu homogén

(Sudjana, 2013, kc. 250)

3.1.3 Uji Gain

Pikeun nangtukeun naha aya beda anu signifikan antara pre-test jeung

post-test mangka dilakukeun uji gain. Lengkah-lengkah uji gain ngagunakeun tabél di

handap

Tabél 3.6

Uji Jumlah rata-rata peunteun

No pre-test post-test d d2

x

3.1.4 Uji Hipotésis

Hipotésis nya éta jawaban sementara tina masalah panalungtikan, nepi

kabukti tina hasil data anu kakumpul (Arikunto, 2013, kc. 110). Dina nangtukeun

ditarima atawa henteuna uji hipotésis anu dirumuskeun dina panalungtikan,

mangka dilakukeun uji hipotésis ngagunakeun stasistik parametis jeung uji

(24)

39

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.4.1 Statistik parametris

Statistik parametis digunakeun nalika data miboga distribusi anu normal.

Lengkah –lengkahna saperti ieu di handap

1) Nangtukeun mean tina beda antara pre-test jeung post-test

Md =∑ dN

2) Ngitung darajat kabebasan (dk)

dk = n – 1

3) Ngitung kuadran deviasi

∑x2d = ∑d2

∑ d

2

N

4) Ngitung uji t

t = Md

√∑ x d N N −

(Arikunto, 2013, kc.250)

5) Ditarima henteuna hipotésis dumasar kriteria di handap

a) Lamun titung > ttabél hartina hipotésis ditarima, media ular tangga bisa

nagronjatkeun kamapuh nulis aksara Sunda siswa kelas VII A SMP PGRI

Cibadak Kabupaten Sukabumi taun ajaran 2014/2015.

b) Lamun titung < ttabél hartina hipotésis ditolak, media ular tangga teu bisa

nagronjatkeun kamapuh nulis aksara Sunda siswa kelas VII A SMP PGRI

(25)

40

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.4.2 Statistik non-parametris

Sistem parametris digunakeun nalika data hasil uji normalitas nuduhkeun

distribusi anu teu normal. Téhnik anu dipake nya éta uji Wilcoxon.

Lengkah-lengkah uji Wilcoxon nya éta:

1) Asupkeun peunteun pre-test siswa kana kolom ka-2 (XA1);

2) Asupkeun peunteun post-test siswa kana kolom ka-3 (XB1);

3) Itung bédana antara pre-test jeung post-test ku cara XA1-XB1 tuluy asupkeun

hasilna kana kolom ka-4;

4) Nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 timimiti

nilai béda anu pangleutikna nepi ka anu panggedéna;

5) Sanggeus diurutkeun, misalna aya nilai anu sarua. Pikeun nangtukeun

jenjangna, éta nilai téh dijumlahkeun tuluy dibagi dua. Nilai tina hasil

ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna;

6) Sanggeus diurutkeun, asupkeun nilai jenjang JB kana kolom ka-5;

7) Ngasupkeun nilai jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya nilai béda

anu négatif asupkeun kana kolom ka-7;

8) Ningali kana tabél harga-harga kritis uji wilcoxon, misalna jumlah n = 23

kalawan maké taraf kasalahan 5% Wtabél = 73;

9) Data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji wilcoxon ieu di

handap.

Tabél 3.7 Uji Wilcoxon

No XIAI XIBI Béda Tanda Jenjang

XAI – XBI Jenjang + -

(26)

41

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ditarima henteuna hipotésis dina uji Wilcoxon ngagunakeun kriteria ieu

dihandap.

a) Saupama Witung < Wtabél dumasar taraf nyata anu ditangtukeun, hartina

hipotésis ditarima, yén media ular tangga miboga pangaruh dina

ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas VII A SMP

PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi.

b) Saupama Witung > Wtabél dumasar taraf nyata anu ditangtukeun, hartina

hipotésis ditarima, yén media ular tangga henteu miboga pangaruh dina

ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas VII A SMP

(27)

64

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan, analisis jeung pedaran panalungtikan

ngeunaan média ular tangga dina pangajaran nulis aksara Sunda siswa kelas VII

C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi taun ajar 2015, bisa dicindekeun

sababaraha hal ieu di handap.

1) Kamampuh nulis akasara Sunda siswa kelas VII-C SMP PGRI Cibadak

Kabupatén Sukabumi taun ajaran 2014/2015 saméméh ngagunakeun média

ular tangga kagolong can mampu, rata-rata peunteun siswa nya éta 39,8 tina

KKM 70. Ditilik tina jihat masing-masing aspék anu dipeunteun, presentase

tinggkat pencapaian 30 urang siswa dina nuliskeun aksara ngalagena nya éta

52,7%, aksara swara 30,0%, rarangkén luhur 34,2%, rarangkén handap

16,6%, rarangkén sajajar 24,7%.

2) Kamampuh nulis akasara Sunda siswa kelas VII-C SMP PGRI Cibadak

Kabupatén Sukabumi taun ajaran 2014/2015 sabada ngagunakeun média ular

tangga kagolong mampu , rata-rata peunteun siswa nya éta 70,3 tina KKM

70. Ditilik tina jihat masing-masing aspék anu dipeunteun, presentase

tinggkat pencapaian 30 urang siswa dina nuliskeun aksara ngalagena nya éta

78,3%, aksara swara 68,3%, rarangken luhur 61,4%, rarangken handap

51,6%, rarangken sajajar 67,2%.

3) Aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis aksara Sunda di kelas VII-C

SMP PGRI Cibadak Kabupatén Sukabumi 2014/2015 saméméh jeung sabada

ngagunakeun média ular tangga. Hasil rata-rata pre-test 39,8 ngaronjat jadi

70,3.

5.2 Implikasi

Média ular tangga bisa dilarapkeun dina pangajaran nulis aksara Sunda.

Matéri akasara Sunda anu aya dina ieu média nyakup aspék aksara ngalagena,

aksara swara, jeung aspék rarangkén. Média ular tangga bisa dijadikeun salah

(28)

65

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sunda. Dilarapkeunna média ular tangga dina pangajaran nulis aksara Sunda

kawilang ngirut jeung matak pikaresepeun siswa, sabab ieu média mangrupa

inovasi média anu ngadumaniskeun antara kaulinan jeung materi aksara Sunda.

Jadi siswa moal ngarasa bosen nalika diajar.

5.3 Rekomendasi

Dumasar panalungtikan ngeunaan média ular tangga dina pangajaran nulis

aksara Sunda nu geus dilaksanakeun aya sawatara rekomendasi nya éta ieu di

handap:

1) Média ular tangga bisa dijadikeun salah sahiji média alternatif dina

pangajaran nulis aksara Sunda.

2) Nalika média ular tangga dipaké dina pangajaran, guru kudu nepikeun

instruksi anu jelas ngeunaan naon anu kudu dilaksanakeun ku siswa, sarta

kudu merhatikeun alokasi waktu.

3) Ku lantaran ieu panalungtikan naggunakeun métode kuasi ékspérimén, perlu

diayakeun deui panalungtikan dina ékspérimén murni.

4) Pikeun panalungtik satuluyna dipiharep bisa ngujikeun ogé aspék angka teu

ngan sawates aspék aksara ngalagena, aspék aksara swara jeung rarangken

(29)

Muhammad Ridwan,2015

MÉDIA ULAR TANGGA DINA PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA: Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas VII-C SMP PGRI Cibadak Kabupaten Sukabumi Taun Ajar 2014/2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2013). Prosedur penelitian: suatu pendekatan praktik. Bandung : Rineka Cipta.

Arsyad, A. (2013). Media pembelajaran. Jakarta: Raja Grafindo Persada.

Baidillah, spk. Departemen Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2008).

Direktori aksara Sunda untuk unicode. Bandung: Depdikbud.

Ervani, E. (2013). Media flash card pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis

aksara Sunda siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 Majalaya taun ajar 2012/2013. (Skripsi). Sarjana, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Meilia, D. (2013). Penggunaan media ular tangga DIKE untuk meningkatkan

hasil belajar siswa dalam pembelajaran IPA materi pesawat sederhana.

(Skripsi). Sarjana, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Nurjanah, N. (2007). Handout tiori nulis. Bandung: UPI Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Rahayu, N.A. (2012). Efektivitas penggunaan media ular tangga dalam

mengembangkan kemampuan mengenal konsep bilangan anak taman kanak-kanak. (Skripsi). Sarjana, Universitas Pendidikan Indonesia,

Bandung.

Rasendra, (tanpa tahun). Media pembelajaran permaianan ular tangga. [online]. Diakses dari

http://www.academica.edu/376135/MEDIA_PEMBELAJARAN_PERMAI ANAN_ULAR_TANGGA.

Sadiman, A.S, spk. (2014). Media pendidikan: pengertian, pengembangan, dan

pemanfaatannya. Jakarta: Raja Grafindo Persada.

Sudarmansyah, R. (2014). Media strip story dina pangajaran nulis aksara Sunda

(Studi Kuasi Eksperimen di kelas X saintek 1 SMA Laboratorium

Percontohan UPI Taun Ajar 2013-2014) . (Skripsi). Sarjana, Universitas

(30)

67

Sudjana, (2013). Metode statistika. Bandung: Tarsito.

Suryani, E. (2011) Kamaheran jeung kaparigelan Aksara Sunda. Bogor: Graha Indonesia.

Tarigan, H. G. (2013). Menulis sebagai suatu keterampilan berbahasa. Bandung: CV Angkasa.

Referensi

Dokumen terkait

Manual prosedur mata kuliah Kuliah Kerja Lapangan (KKL) ini bertujuan ini bertujuan untuk memberi penjelasan mengenai prosedur mata kuliah Kuliah Kerja Lapangan (KKL) program S1

3 UP3ST memeriksa substansi dan format usulan pengabdian 7 hari 5 Dosen mengirimkan usulan pengabdian 4 eksemplar ke UP3ST 1 hari Propo sal Penga bdian 6 UP3ST mengajukan

Diajukan untuk Memenuhi Sebagian dari Syarat Memperoleh Gelar Sarjana Pendidikan Program Studi Pendidikan Kepelatihan

PENGARUH PENILAIAN PRESTASI KERJA DAN PENGEMBANGAN KARIR TERHADAP KINERJA PEGAWAI PADA BIRO REKTOR.. UNIVERSITAS

Berdasarkan latarbelakang diatas, maka yang menjadi permasalahan dalam penelitian ini yaitu, “Apakah penggunaan Model Pembelajaran Team Quiz dapat meningkatkan motivasi

Adanya motivasi intrinsik pada diri anak tersebut untuk memasuki sekolah futsal akan semakin meningkatkan kemampuannya dan keterlampilannya, karena dengan faktor motivasi

mandibular dental arch form in subjects with normal occlusion. Universitas

Jadi metode survey explanatory adalah suatu metode penelitian yang mengambil sampel dari suatu populasi dengan menggunakan kuisioner sebagai alat pengumpulan data