ÉFÉKTIVITAS MÉDIA KOMIK
PIKEUN PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK
(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)
SKRIPSI
Diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat
Nyandang Gelar Sarjana Pendidikan
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
ku
REVI PEBRIYANTO NIM 0902437
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
BANDUNG
Revi Pebriyanto, 2013
ÉFÉKTIVITAS MÉDIA KOMIK
PIKEUN PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK
(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)
Oleh Revi Pebriyanto
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Revi Pebriyanto
Universitas Pendidikan Indonesia Maret 2013
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,
REVI PEBRIYANTO NIM 0902437
ÉFÉKTIVITAS MÉDIA KOMIK
PIKEUN PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK
(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)
Disaluyuan jeung disahkeun ku Pangaping I,
Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd. NIP 195704011984121001
Pangaping II,
Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum. NIP 197212021999032001
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia
ÉFÉKTIVITAS MÉDIA KOMIK
PIKEUN PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK
(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013) 1)
REVI PEBRIYANTO 2) Revipebriyanto@rocketmail.com
ABSTRAK
Skripsi ini berjudul “Éféktivitas Média Komik Pikeun Pangajaran Nulis Carita Pondok (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)”. Tujuan penelitiannya mendeskripsikan: kemampuan siswa dalam menulis carita pondok sebelum dan setelah menggunakan media komik, tingkat kemampuan menulis carita pondok sebelum dan setelah menggunakan media komik dan éféktivitas média komik dalam pengajaran menulis carita pondok. Metodologi yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi ekperimen, dengan pretes and post test group design, dan tehnik yang digunakan adalah tehnik tes. Penelitian ini dilaksanakan di SMA Negeri 1 Kuningan kelas XI IPA 1 yang berjumlah 32 orang. Adapun populasi dalam penelitian ini adalah siswa kelas XI IPA SMA Negeri 1 Kuningan Tahun Ajaran 2012/2013, sedangkan yang menjadi sampelnya siswa kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Tahun Ajaran 2012/2013. Hasilnya yaitu kemampuan menulis carita pondok sebelum menggunakan media komik hasilnya dengan skor rata-rata 67,1 dan kemampuan menulis carita pondok setelah menggunakan media komik hasilnya dengan skor rata-rata 77,4; ada peningkatan antara pretes dan post test hal itu terbukti dari kemampuan sebelum menggunakan media komik siswa yang belum mampu menulis carita pondok ada 40,63% dan yang mampu menulis carita pondok dengan kategori cukup ada 59,37%, sedangkan setelah menggunakan media komik ada 18,75% siswa yang mampu menulis carita pondok dengan kategori baik dan 81,25% siswa yang mampu menulis carita pondok dengan kategori cukup; dan menurut hasil penghitungan uji t, terbukti bahwa titung > ttabel, yaitu 11,57 > 2,46. Artinya hipotesis diterima pada taraf signifikasi 99%. Dengan demikian, penelitian ini membuktikan bahwa media komik efektif untuk digunakan pada pembelajaran menulis cerita pendek siswa kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan tahun pelajaran 2012/2013.
Kata kunci: Éféktivitas, média komik, dan carita pondok.
1) Skripsi ini dibimbing oleh pembimbing I : Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd., dan; pembimbing II: Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum.
2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Penddidikan Bahasa dan Seni
THE MEDIUM OF COMICS EFFECTIVENESS FOR SHORT STORY WRITING LESSON
(QUASI EXPERIMENTAL STUDY TO STUDENT CLASS XI IPA 1 SMAN 1 KUNINGAN ACADEMIC PERIOD 2012/2013) 1)
REVI PEBRIYANTO 2)
Program Study S-1 Local Language Education Indonesian University of Education
Revipebriyanto@rocketmail.com
ABSTRACT
This research has the tittle “The Medium Of Comics Effectiveness For Short Story Writing Lesson (Quasi Experimental Study To Student Class XI IPA 1 SMAN 1 KUNINGAN Academic Period 2012/2013). The purpose of this research is to describe the ability of student in short story writing before and after using the medium of comics, a significant difference between the ability to write the short story before and after using the medium of comics and the medium of comics effectiveness in short story writing lesson. The methodology used in this research is a quasi-experimental methods, with pre-test and post test group design, and the techniques used are tests. This research was conducted in SMAN 1 Kuningan at XI IPA 1 class with 32 students. The population in this study was students who studied in XI IPA class SMAN 1 Kuningan Academic Period 2012/2013 and the sample is the students of XI IPA 1. The result is the ability of the students to write short story before using the medium of comics had the average score about 67.1 point, and the ability of the studentd to write short story after using the medium of comics had the average score about 77.4 point. From that point we can compare the result, there was a significant difference between the pre test and post test that proved of ability before using the medium of comics. The students who have not been able to write short story was 40.63% and the students who have been able to write short story with “Enough” category was 59.37% of this class. In the other hand after using the medium of comics there is 18.75% of students have been able to write short story include “Good” category and 81.25% of the students have been able to write short story with “Enough” category. According to the results of t-test calculation proved that t hitung > t table was 11.57 > 2.46, it means that the hypothesis is accepted at the 99% significance level. Based on that results, this study proved that the medium of comics was effective for used in teaching students to write a short story in XI IPA 1 Class SMAN 1 Kuningan Academic Period 2012/2013.
Key word: The Effectiveness, medium of comics, and short story 1)
This script is guided by Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd. and Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum. 2)
DAPTAR EUSI
Kaca
ABSTRAK ... i
PANGJAJAP ... ii
TAWIS NUHUN ... iii
DAPTAR EUSI ... vi
DAPTAR TABEL ... x
DAPTAR BAGAN ... xii
DAPTAR GRAFIK ... xiii
DAPTAR SINGGETAN ... xiv
DAPTAR LAMPIRAN ... xv
BAB I BUBUKA ... 1
1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1
1.2 Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah ... 4
1.2.1 Watesan Masalah ... 4
1.2.2 Rumusan Masalah ... 4
1.3 Tujuan Panalungtikan... 4
1.3.1 Tujuan Umum ... 4
1.3.2 Tujuan Husus ... 4
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5
1.5 Raraga Tulisan ... 6
BAB II ULIKAN TIORI, ASUMSI, JEUNG HIPOTÉSIS PANALUNGTIKAN ... 7
2.1 Ulikan Tiori ... 7
2.1.1.1 Wangenan Komik... 7
2.1.1.2 Tujuan jeung Mangpaat Nyieun Komik ... 8
2.1.1.2.1 Tujuan Nyieun Komik ... 8
2.1.1.2.2 Mangpaat Komik ... 8
2.1.1.3 Jenis-jenis Komik ... 9
2.1.1.4 Kamekaran Komik di Indonesia... 9
2.1.1.4.1 Generasi 1930-an ... 9
2.1.1.4.2 Generasi 1940-1950-an ... 10
2.1.1.4.3 Generasi 1960-1970-an ... 10
2.1.1.4.4 Generasi 1990-2000-an ... 10
2.1.1.5 Kaunggulan Komik ... 11
2.1.1.6 Kahengkeran Komik ... 11
2.1.1.7 Komik Minangka Média Pangajaran ... 12
2.1.1.7.1 Wangenan Média Pangajaran ... 12
2.1.1.7.2 Fungsi Média Pangajaran ... 13
2.1.1.7.3 Mangpaat Média Pangajaran ... 15
2.1.1.7.4 Kamampuh Média Pangajaran ... 16
2.1.1.7.5 Ciri-ciri Média Pangajaran ... 16
2.1.1.7.6 Papasingan Média Pangajaran... 17
2.1.1.7.7 Dasar Milih Média Pikeun Pangajaran ... 18
2.1.2 Pangajaran Nulis Carita Pondok ... 19
2.1.2.1 Nulis ... 19
2.1.2.1.1 Wangenan Nulis ... 19
2.1.2.1.2 Fungsi Nulis ... 20
2.1.2.1.3 Tujuan Nulis ... 21
2.1.2.1.4 Léngkah-léngkah Nulis ... 21
2.1.2.2 Carita Pondok ... 22
2.1.2.2.1 Wangenan Carita Pondok ... 22
2.1.2.2.2 Ciri-ciri Carita Pondok ... 22
viii
2.1.2.3 Pangajaran Nulis Carpon Dina Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar (SKKD)
Muatan Lokal Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda SMA/SMK/MA ... 25
2.2 Asumsi ... 26
2.3 Hipotésis ... 26
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 27
3.1 Sumber Data Panalungtikan ... 27
3.2 Desain Panalungtikan ... 27
3.3 Métode Panalungtikan ... 28
3.4 Wangenan Operasional ... 28
3.5 Instrumen Panalungtikan ... 29
3.6 Téknik Ngumpulkeun Data ... 32
3.7 Téknik Ngolah Data ... 32
BAB IV DESKRIPSI JEUNG HASIL ANALISIS PANALUNGTIKAN ... 39
4.1 Kamampuh Nulis Carita Pondok Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Média Komik ... 39
4.1.1 Analisis Hasil Nulis Carita Pondok Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan ... 39
4.1.1.1 Analisis Hasil Nulis Carita Pondok Siswa S-15 ... 40
4.1.1.2 Analisis Hasil Nulis Carita Pondok Siswa S-25 ... 44
4.1.1.3 Analisis Hasil Nulis Carita Pondok Siswa S-7 ... 47
4.1.1.4 Analisis Hasil Nulis Carita Pondok Siswa S-16 ... 51
4.1.2 Kamampuh Nulis Carita Pondok Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan ... 55
4.2 Tingkat Kamampuh Nulis Carita Pondok Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Média Komik ... 59
4.2.1 Kamampuh Nulis Carita Pondok Siswa Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Média Komik dumasar Aspék ... 60
4.3 Éféktifitas Média Komik dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Siswa
Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan ... 67
4.3.1 Uji Normalitas Data ... 68
4.3.1.1 Uji Normalitas Data Pratés... 68
4.3.1.2 Uji Normalitas Data Postés ... 71
4.3.2 Uji Homogénitas Data ... 74
4.3.3 Uji Gain ... 76
4.3.4 Uji Hipotésis ... 77
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 80
5.1 Kacindekan ... 80
5.2 Saran ... 81
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Dina pangajaran kaparigelan basa jeung sastra Sunda aya opat kaparigelan
anu wajib dikawasa ku siswa, nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis.
Kaparigelan basa téh porsina kudu bisa saimbang jeung bisa silih rojong antara nu
hiji jeung nu séjénna. Éta kaparigelan téh dibagi kana bahan pangajaran réséptif jeung
bahan pangajaran produktif. Bahan pangajaran réséptif ngawengku kaparigelan
ngaregepkeun jeung maca, sedengkeun bahan pangajaran produktif ngawengku
kaparigelan nyarita jeung nulis.
Nurutkeun Tarigan (2008:22), nulis nya éta nurunkeun lambang-lambang
grafik anu ngagambarkeun basa hiji jalma, nepi ka jalma séjénna bisa nyangkem éta
basa. Kagiatan nulis dina basa Sunda jaman kiwari geus jarang pisan, nu nulis téh
ngan ukur kalangan akademik (para siswa, mahasiswa Jurusan Pendidikan Basa
Sunda) jeung non akademik (Sastrawan, budayawan Sunda). Kagiatan nulis paling
saeutik dipakéna dina aktivitas komunikasi sapopoé dibandingkeun jeung aspék
kaparigelan basa nu séjénna, katitén dina Iskandarwassid (2004:156) anu nyebutkeun
yén kagiatan nulis ngan salapan persen.
Dina kahirupan sapopoé ogé, anu medalkeun tulisan jeung bacaan ku basa
Sunda téh geus kurang pisan. Tangtuna ogé aya sababaraha hal anu mangaruhan kana
kurangna tulisan basa Sunda téh diantarana kurangna pangaresep kana nulis basa
Sunda, jeung kurangna pangaresep kana pangajaran basa Sunda di sakola.
Dina prak-prakanana ngajar di sakola, para guru maké basa panganteurna ku
basa Indonesia atawa basa Inggris. Hal ieu kapangaruhan ku lingkungan di
sabudeureunana anu geus teu maraké basa Sunda deui, boh dina lisan boh dina
Ngaliwatan kagiatan nulis guru bisa ningali kamampuh tur poténsi anu aya di
diri siswa. Salasahiji cara pikeun mikanyaho kamampuh siswa dina nulis bisa katiten
tina kamampuh siswa dina nulis carita pondok.
Diajar nulis carita pondok téh salah sahiji kaparigelan pikeun ningkatkeun
kamampuh jeung pangaweruh siswa dina pangajaran basa Sunda. Ku cara
ningkatkeun kaparigelan jeung pangaweruh siswa kana nulis jeung mikaresep nulis
dipiharep bisa ngahasilkeun tulisan anu antukna bisa kabaca ku balaréa, tur
ngamekarkeun basa Sunda di jaman kiwari anu geus tara diparaké.
Upama siswa geus ngawasa kana kaparigelan nulisna, tangtuna bakal
gampang ngawasa kaparigelan anu séjénna. Tapi dina kanyataanna loba pisan
masalah anu disanghareupan ku siswa dina kagiatan nulis. Teu saeutik siswa anu
masih kénéh ngarasa hésé dina néangan idé atawa gagasan, nyieun kalimah
munggaran, milih kecap, nepi ka siswa teu mampuh ngébréhkeun idéna kana wangun
tinulis. Antukna hal éta nyababkeun siswa teu resep kana kagiatan nulis.
Dumasar kana masalah-masalah anu kapanggih di luhur, perlu aya métode
pangajaran nulis anu jadi alternatif, hususna dina nulis carita pondok anu jadi puseur
panalungtikan panulis. Alternatif pangajaran anu dipaké pikeun ningkatkeun
éféktivitas pangajaran nulis carita pondok nya éta ngagunakeun média komik. Arsyad
(2007:4) nétélakeun yén média nya éta alat anu nepikeun atawa nganteurkeun
pésen-pésen pangajaran. Saupama éta média mawa pésen-pésen-pésen-pésen atawa inpormasi anu
mibanda tujuan instruksional atawa ngandung maksud-maksud pangajaran mangka
éta média disebut média pangajaran. Daryanto (2011:117) nétélakeun yén komik nya
éta bentuk kartun anu ngébréhkeun karakter jeung ngalarapkeun hiji carita dina
runtuyan anu deukeut kaitanana jeung gambar sarta dirancang pikeun méré hiburan
ka nu maca.
Média komik dipaké sangkan kagiatan diajar, hususna diajar nulis carita
pondok leuwih variatif pikeun ngaronjatkeun motivasi jeung inspirasi siswa kana
pangajaran basa Sunda umumna. Panalungtikan anu ngagunakeun média komik ogé
3
“Éfektivitas Média Komik Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Pamahaman Dongéng” . Éta panalungtikan hasil ngabuktikeun hipotesis anu nyebutkeun yén média komik éféktif digunakeun pikeun ngaronjatkeun maca pamahaman dongéng.
Salian ti éta, Pupung Ratnaningrum dina taun 2012 kalawan judul panalungtikan “Média Komik dina Pangajaran Nulis Karangan Narasi: Studi Kuasi éksperimen ka Siswa Kelas VII SMP Negeri 15 Bandung Taun Ajaran 2011/2012” ogé geus hasil ngabuktikeun hipotésisna yén média komik éféktif dina pangajaran nulis karangan
narasi. Sabenerna ieu panalungtikan téh bisa jadi nuluykeun panalungtikan nu
ditalungtik ku Pupung Ratnaningrum, sabab saméméhna mah meredih siswa sangkan
bisa nyaritakeun deui eusi carita dina wangun karangan narasi anu wandana
nyaritakeun runtuyan kajadian.
Dina ieu panalungtikan mah béda proses jeung tujuan, sabada siswa maham
eusi, siswa bakal diperedih sangkan bisa nyaritakeun deui éta eusi carita komik dina
wangun carita pondok. Runtuyan carita dina gambar atawa komik dipiharep bisa
mantuan ngahudangkeun imajinasi ngaliwatan visual sangkan leuwih kréatif, nepi ka
siswa teu ngarasa hésé deui dina ngamekarkeun idé jeung gagasanana pikeun nyusun
kajadian anu aya dina gambar dina wangun tinulis.
Ku lantaran kitu, tina sababaraha alesan karasa perluna dilaksanakeun
panalungtikan ngeunaan éféktivitas média komik dina pangajaran nulis carita pondok
kalawan tujuan pikeun ngabuktikeun éféktif-henteuna média komik dina pangajaran
nulis carita pondok. Dumasar kana éta hal, ieu panalungtikan téh dijudulan “Éféktivitas Média Komik Pikeun Pangajaran Nulis Carita Pondok (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran
1.2 Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah
Masalah nu ditalungtik kudu diwatesanan sangkan teu lega teuing
ambahanana jeung puguh pedaranana. Ku kituna, diwatésanan kana média komik
jeung jeung kagiatan nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1
Kuningan taun ajaran 2012/2013.
1.2.2 Rumusan Masalah
Masalah anu baris ditalungtik kudu dirumuskeun sangkan puguh pedareunana.
Rumusan masalah dina ieu panalungtikan ditétélakeun saperti ieu di handap.
1) Kumaha kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1
Kuningan saméméh jeung sabada ngagunakeun média komik?
2) Kumaha tingkat kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 1 SMA
Negeri 1 Kuningan saméméh jeung sabada ngagunakeun média komik?
3) Kumaha éféktivitas média komik dina pangajaran nulis carita pondok siswa kelas
XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan?
1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta nguji éféktif-henteuna média
komik dina pangajaran nulis carita pondok.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:
1) kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan
saméméh jeung sabada ngagunakeun média komik;
2) tingkat kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1
Kuningan saméméh jeung sabada ngagunakeun média komik;
3) éféktivitas média komik pikeun pangajaran nulis carita pondok siswa kelas XI
5
1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis
Ieu panalungtikan ngarojong kana tiori anu patali jeung kaéféktifan média
komik jeung inovasi pembelajaran dina pangajaran nulis carita pondok. Rojongan
kana éta teori bisa dijadikeun dadasar pikeun mekarkeun panalungtikan lanjutan
jeung panalungtikan dina widang séjénna.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Sangkan leuwih écés deui baris diwincik sababaraha mangpaat anu sipatna
praktis, diantarana pikeun:
1) Guru
Guru dipiharep bisa mikaweruh sajumlahning variasi média pangajaran
anu bisa digunakeun dina nulis carita pondok, sangkan ngirut ati jeung ngirut
minat siswa pikeun nulis carita pondok kalawan ngamanpaatkeun média.
2) Siswa
Dipiharep hasil tina ieu panalungtikan bakal ngadatangkeun mangpaat
pikeun siswa anu miboga masalah dina kaparigelan nulis, hususna nulis carita
pondok. Bisa ogé nimbulkeun karesep siswa kana maca kusabab ayana wacana
téks basa Sunda nu aya dina gambar.
3) Panalungtik
Panalungtik bisa mikaweruh kaéféktivan hiji média pangajaran, nya éta
média komik dina pangajaran nulis carita pondok.
4) Paélmuan
Pikeun paélmuan dipiharep pangajaran Basa jeung Sastra Sunda jadi
leuwih euyeub ku rupaning pangajaran anu hadé, lantaran prosés jeung hasilna
1.5 Raraga Tulisan
Dina ieu panalungtikan matéri disusun kalawan sistématis sarta di wangun ku
lima bab. Dina bab I diwangun ku kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan
masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. Dina
bab II diwangun ku média komik, pangajaran nulis carita pondok, asumsi, jeung
hipotésis panalungtikan. Dina bab III diwangun ku métode panalungtikan, téknik
ngumpulkeun data jeung téknik ngolah data, sumber data panalungtikan, instrumen
panalungtikan, desain panalungtikan, jeung wangenan operasional. Dina bab IV
diwangun ku déskripsi jeung hasil analisis panalungtikan. Sarta Bab V anu mangrupa
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber Data Panalungtikan
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas XI IPA 1 SMA
Negeri 1 Kuningan taun ajaran 2012/2013 anu jumlahna aya 32 urang. 30 urang téh
ngawengku 14 urang lalaki jeung 18 urang awéwé.
3.2 Desain Panalungtikan
Dumasar kana sampurna henteuna ékspérimén. Nurutkeun Campbell jeung
Stanley dina Arikunto (2010:123) sampurna henteuna hiji panalungtikan
ditangtukeun ku desain panalungtikan, desain dina ieu panalungtikan aya dua
kelompok. Kelompok nu ka hiji disebut pre experimental design atawa disebut
ékspérimén nu tacan sampurna. Kelompok nu ka dua disebut true experimental
design atawa disebut ékspérimén sampurna. Kusabab pre experimental design
mangrupa panalungtikan anu lain sabenerna. Ku kituna, desain ieu disebut ogé
panalungtikan kuasi atawa kuasi ékspérimén.
Nurutkeun Arikunto (2010:123) desain kuasi ékspérimén aya tilu rupa nya éta
(1) one shot study, (2) pretest-postés, jeung (3) static group comparison.
Dina ieu panalungtikan, desain anu digunakaeun nya éta pretest-postést.
O
1X
O
2Bagan 3.1 Pratés jeung Postés (Kuasi Ékspérimén)
Katerangan:
O1 = pratés
X = ‘perlakuan’ atawa treatment (komik) dina prosés diajar ngajar ngagunakeun
média komik.
3.3 Métode Panalungtikan
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi
ékspérimén atawa disebut ogé ékspérimén semu, nya éta hiji panalungtikan
ngagunakeun kelas ékspérimén kalayan henteu maké kelas kontrol.
Métode ékspérimén mangrupa métode panalungtikan anu produktif sabab
digunakeun pikeun ngajawab hipotésis anu geus dirumuskeun.
3.4 Wangenan Operasional
Dumasar kana pedaran panalungtikan anu sipatna leuwih tioritis, ieu dihandap
baris dijéntrékeun deui wangenan panalungtikan dina wangun anu leuwih
operasional, diantarana:
a. média komik nya éta salah sahiji média anu ngebrehkeun karakter jeung
nepikeun carita ngaliwatan ilustrasi gambar. Média komik bisa dijadikeun
stimulus dina pangajaran nulis carita pondok sarta bisa méré inspirasi pikeun
siswa, boh pikeun nulis carita pondok boh pikeun mikareueus Pangajaran
Basa jeung Sastra Sunda sacara umum.
b. pangajaran nulis carita pondok nya éta prosés ngébréhkeun hiji hal ngaliwatan
média tinulis kucara nulis carita rékaan (fiksi) tina tingkah laku manusa anu
nyaritakeun kahirupan masarakat atawa manusa sapopoé anu méré kesan lir
enya-enya kajadian. Pangajaran nulis carita pondok dina ieu panalungtikan
mangrupa pangajaran nulis hiji karya sastra, mangrupa carita anu disusun
kalawan sistématis dumasar kana unsur intrinsik jeung ékstrinsikna, sarta
prosés ngébréhkeun eusi atawa hasil maca komik ngajadi paragrap anu
29
3.5 Instrumén Panalungtikan
Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés. Tés digunakeun
pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis carpon. Tés dilakukeun dua kali nya éta
saméméh jeung sabada meunangkeun perlakuan. Tés kahiji dilakukeun pikeun
ngukur kamampuh awal siswa, sedengkeun tés kadua dilakukeun pikeun ngukur
pangaruh perlakuan (média komik) kana kamampuh siswa nulis carpon.
Tabél 3.1
Pedoman Meunteun Karangan
Aspék Penilaian Skala Penilaian Skor
4 3 2 1
Eusi Carpon
Imajinasi
Tokoh jeung Penokohan
Alur
Hubungan antar Pada
Mékanik
Gaya
Jumlah Skor Peunteun
(Nurgiyantoro, 2010:488)
Katerangan Pedoman Skala Penilaian:
a) Eusi Carpon
Skor 4 = Hadé pisan: substantif, informasina pepel, mekarkeun idéna
hadé, sarta rélevan jeung téma.
Skor 3 = Cukup hadé: lumayan substantif, informasina lumayan pepel,
Skor 2 = Kurang: kurang substantif, informasina kurang pepel,
mekarkeun idéna kurang hadé, sarta kurang rélevan jeung téma.
Skor 1 = Kurang pisan: henteu substantif, informasina henteu pepel,
mekarkeun idéna henteu hadé, sarta henteu rélevan jeung téma.
b) Imajinasi
Skor 4 = Hadé pisan: imajinsina kuat sarta diolah kalawan hadé.
Skor 3 = Cukup hadé: imajinsina kurang kuat sarta diolah kalawan hadé.
Skor 2 = Kurang: imajinasina kurang kuat sarta diolahna kurang hadé.
Skor 1 = Kurang pisan: imajinasina teu kuat sarta diolahna kurang hadé.
c) Tokoh jeung Penokohan
Skor 4 = Hadé pisan: aya tokoh utama jeung tokoh pendukung sarta
watekna digambarkeun kalawan jelas.
Skor 3 = Cukup hadé: aya tokoh utama jeung tokoh pendukung sarta
watekna digambarkeun kalawan cukup jelas.
Skor 2 = Kurang: teu aya tokoh utama jeung tokoh pendukung sarta watek
digambarkeun kurang jelas.
Skor 1 = Kurang pisan: teu aya tokoh utama jeung tokoh pendukung sarta
watekna teu digambarkeun kalawan jelas.
d) Plot/Galur
Skor 4 = Hadé pisan: plot digambarkeun kalawan jelas sarta jalan
caritana gampang dipikaharti.
Skor 3 = Cukup hadé: plot digambarkeun cukup jelas sarta jalan caritana
cukup dipikaharti.
Skor 2 = Kurang: plot digambarkeun kurang jelas sarta jalan caritana
kurang dipikaharti.
Skor 1 = Kurang pisan: plot digambarkeun kalawan henteu jelas sarta
31
e) Hubungan antar Pada
Skor 4 = Hadé pisan hubungan antar pada kagambar kalawan hadé sarta
silih lengkepan.
Skor 3 = Cukup hadé: hubungan antar pada kagambar lumayan hadé sarta
lumayan silih lengkepan.
Skor 4 = Hadé pisan: gaya anu dipakéna éféktif sarta matak ngirut ati.
Skor 3 = Cukup hadé: gaya anu dipakéna cukup éféktif sarta cukup matak
ngirut ati.
Skor 2 = Kurang: gaya anu dipakéna kurang éféktif sarta kurang matak
ngirut ati.
Skor 1 = Kurang pisan: gaya anu dipakéna henteu éféktif sarta henteu
Peunteun =
x 100
3.6Téknik Ngumpulkeun Data
Téknik ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téknik
tés. Nurutkeun Arikunto (2010:266) tés nya éta runtuyan patalékan atawa latihan
sarta alat liana anu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh intelegénsi,
sarta kamampuh atawa bakat anu dipimilik ku individu atawa kelompok.
Dina ieu panalungtikan, jenis tés anu dilakukeun téh nya éta tés tulis,
masing-masing siswa nulis carita pondok.
3.7Téknik Ngolah Data
Téknik ngolah data mangrupa kagiatan nganalisis jeung ngolah data. Kagiatan
nganalisis jeung ngolah data minangka cara anu digunakeun pikeun nyangking
jawaban tina pasualan dina ieu panalungtikan. Data dina ieu panalungtikan
dicangking ngaliwatan téknik tés, ngawengku pratés jeung postés.
Analisis data dina ieu panalungtikan baris dilakukeun ngaliwatan
tahapan-tahapan saperti ieu di handap.
1) Hasil pratés jeung postés dipariksa sarta dianalisis.
2) Méré peunteun kana hasil carita pondok siswa kalawan ngagunakeun Pedoman
Meunteun Karangan (il. Tabél 3.1). Skor ahir siswa maksimal nya éta 28, sarta
minimalna 7. Skor anu kahontal éta dirobah jadi peunteun siswa anu dikalikeun
kana 100 (peunteun idéal) kalawan rumus:
Sangkan leuwih écés, peunteun ahir siswa ditabulasikeun dina tabél ieu
33
Tabél 3.2
Peunteun Tés Nulis Carita Pondok Siswa
Katerangan:
KK = Kode karangan siswa A = Eusi Carpon
B = Imajinasi
C = Tokoh jeung Penokohan D = Plot/Galur
E = Hubungan antar Pada F = Mékanik
G = Gaya
∑ = Jumlah Skor P = Peunteun
Katégori = Perséntase > 65% siswa dianggap mampuh nulis carita pondok. Perséntase < 65% siswa dianggap can mampuh nulis carita pondok.
3) Ngasupkeun data peunteun pratés jeung postés kana tabél ieu dihandap.
Tabél 3.3
Daptar Peunteun Pratés jeung Postés
No. KK Aspék Penilaian ∑ P % Katégori
A B C D E F G
4) Data dianalisis pikeun nguji hipotésis, carana saperti ieu di handap.
a) Uji Normalitas Data
(1) Nangtukeun peunteun panggedéna jeung pangleutikna.
(2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu dihandap.
r = peunteun panggedéna – peunteun pangleutikna
(3) Nangtukeun jumlah kelas (k)
k = 1 + 3,3 log n
(4) Nangtukeun panjang kelas (P)
P =
(5) Nyieun tabél frékuénsi peunteun pratés jeung postés kalawan
ngagunakeun tabél ieu dihandap.
Tabél 3.4
Frékuénsi Peunteun Pratés jeung Postés
(6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun pratés jeung postés kalawan
ngagunakeun rumus:
Katerangan:
x = rata-rata (mean)
∑ = jumlah (sigma) fi = jumlah data
No. Kelas Interval fi xi xi2 fixi fixi2
1
2
3
35
xi = nilai tengah
(Sudjana, 2005:93-95)
(7) Ngitung standar déviasi (s) kalawan rumus:
√
(Sudjana, 2005:95) (8) Ngitung frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspétasi (perkiraan).
(a) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspétasi.
Tabél 3.5
Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspétasi
(b) x2 itung > x2 tabél hartina distribusi data teu normal.
(Arikunto, 2010:361)
b) Uji Homogénitas
(1) Ngitung variasi (S2) unggal kelompok Variasi pratés
√
Interval Oi bkhandap bkluhur Z1 Z2 Z1tabél Z2tabél L Ei
Variasi postés
√
(Sudjana, 2005:95)
(2) Ngitung harga variasi (F)
F =
(3) Ngitung darajat kabébasan (dk), kalawan rumus:
dk = n - 1
(4) Nangtukeun harga Ftabél
(5) Nangtukeun homogeny henteuna data dumasar kana criteria ieu di handap:
(a) Fitung < F tabél hartina variasi sampel homogen; tapi upama (b) Fitung > F tabél hartina variasi sampel teu homogeny.
(Sudjana, 2005:250)
c) Uji Gain (d)
Tujuan uji gain nya éta pikeun nangtukeun naha aya bédana antara hasil pratés
jeung hasil postés. Ngaliwatan uji gain, bisa kagambar aya-henteuna pangaruh
digunakeun média komik kana kamampuh nulis carita pondok. Pikeun
37
Tabél 3.6
Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Siswa Nulis Carita Pondok
d) Uji Hipotésis
(1) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun pratés jeung postés
kalawan ngagunakeun rumus:
Md =
(2) Ngitung derajat kabébasan (dk)
dk = n – 1
(3) Ngitung jumlah kuadran déviasi
∑x2d = ∑d2
(4) Ngitung t
√
Katerangan:
t = tés signifikasi
Md = rata-rata tina béda antara peunteun pratés jeung postés
∑x2d = jumlah kuadran déviasi n = jumlah subjék tina sampel
No. Ngaran Siswa Pratés Postés d d2
(5) Nangtukeun ditarima-henteuna hipotésis dumasar kana kriteria ieu
dihandap:
(a) Lamun titung > ttabel, hartina hipotésis ditarima, yén média komik téh éféktif pikeun pangajaran nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 1
SMA Negeri 1 Kuningan taun ajaran 2012/2013.
(b) Lamun titung < ttabel, hartina hipotésis ditolak, yén média komik téh henteu éféktif pikeun pangajaran nulis carita pondok siswa kelas XI
IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan taun ajaran 2012/2013.
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Média komik digunakeun pikeun ngukur kamampuh nulis carita pondok nu di terapkeun dina pratés jeung postés (salaku “perlakuan”) nu dilaksanakeun ku siswa. Prosés panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén. Lian ti éta téknik
ngolah data nu dipaké ngawengku uji sipat data (uji normalitas jeung uji homogénitas
pikeun ngukur data normal-henteuna katut homogén-henteuna data pratés jeung
postés), uji gain (ngukur béda data hasil analisis pratés jeung postés nu hasilnya nguji
ngaronjat-henteuna “perlakuan” sabada postés, jeung uji hipotésis (ngukur éféktif-henteuna “perlakuan” dina hasil panalungtikan).
Panalungtikan dilaksanakeun di SMA Negeri 1 Kuningan kelas XI IPA 1 anu
jumlah siswana nya éta 32 siswa. Dina lawungan kahiji dilaksanakeun pratés pikeun
mikanyaho kamampuh siswa saméméh ngagunakeun média komik. Lawungan kadua
dilaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun média komik (postés) pikeun mikanyaho kamampuh siswa sabada ngagunakeun “perlakuan”.
Kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1
Kuningan saméméh dilaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun média komik
nya éta can nyugemakeun, lantaran masih kénéh loba siswa anu can mampuh dina
nulis carita pondok. Tina 32 siswa, ngan aya 19 siswa anu mampuh dina nulis carita
pondok, sedengkeun sésana 13 siswa can mampuh dina nulis carita pondok.
Kamampuh nulis carita siswa XI IPA SMA Negeri 1 Kuningan taun ajaran
2012/2013 saméméh ngagunakeun média komik téh dumasar kana rata-rata peunteun
anu dicangkingna nya éta 67,1. Siswa anu dianggap can mampuh nulis carita pondok
dina pratés téh nya éta aya 40,63%. Sabada ngagunakeun média komik, sakabéh
Aya tingkat kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 1 SMA Negeri
1 Kuningan taun ajaran 2012/2013 saméméh jeung sabada ngagunakeun média
komik. Éta hal bisa katitén tina ayana béda antara hasil diajar siswa, boh tina rata-rata
aspék anu dipeunteun, boh rata-rata peunteun. Saméméh ngagunakeun média komik,
aya 40,63% siswa anu can mampuh nulis carita pondok. Anapon siswa anu geus
mampuh nulis carita pondok kalawan katégori cukup téh aya 59,37%. Dina pratés,
can aya siswa anu mampuh nyangking katégori alus. Sedengkeun dina postés, aya
18,75% siswa anu geus mampuh nulis carita pondok kalawan katégori alus, jeung
81,25% siswa séjénna geus mampuh nulis carita pondok kalawan katégori cukup.
Média komik éféktif pikeun digunakeun dina pangajaran nulis carita pondok.
Éta hal kabukti tina hasil uji hipotésis, kapanggih yén titung > ttabél, nya éta 11,57 >
2,46. Hartina, hipotésis ditarima dina taraf signifikasi 99%. Éta hal ngabuktikeun yén
média komik éféktif pikeun digunakeun dina pangajaran nulis carita pondok siswa
kelas XI IPA SMA Negeri 1 Kuningan taun ajaran 2012/2013.
5.2 Saran
Sabada dilaksanakeun panalungtikan di SMA Negeri 1 Kuningan anu judulna
“Éféktivitas Média Komik Pikeun Pangajaran Nulis Carita Pondok (Studi Kuasi
Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)”, aya sababaraha hal anu baris ditepikeun sangkan ieu panalungtikan bisa leuwih ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis carita pondok, di antarana:
1) pikeun panalungtikan anu saterusna, dipiharep sangkan anu dijadikeun populasi
leuwih lega wengkuanana, sangkan hasil panalungtikan bisa digeneralisasikeun;
2) guru kudu leuwih kréatif dina milih média pangajaran nu luyu jeung matéri anu
baris ditepikeun, sangkan kamonotonan diajar hususna dina pangajaran nulis bisa
ngurangan. Patalina jeung ieu panalungtikan, hal di luhur téh bisa mangaruhan
kana kamampuh nulis siswa;
3) dina nulis carita pondok, siswa kudu dirangsang heula pikiranana pikeun
82
panalungtikan di kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan katitén siswa hésé
nulis hiji carita pondok, anu alesanana bingung nanon anu kudu ditulisna atawa
kakurangan idé;
4) dipiharep média komik bisa digunakeun ku guru mata pelajaran pikeun leuwih
DAPTAR PUSTAKA
Agriawan, Fregina. (2011). Efektivitas Media Game dina Pangajaran Nulis Surat Pribadi Siswa Kelas VII SMP Negeri 1 Lembang. Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.
Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.
Arsyad, Azhar. (2007). Media Pembelajaran. Jakarta: PT. Raja Grafindo Persada.
Asmoro, dkk. (2010). Animasi Kartun Dari Analog Sampai Digital. Jakarta: Indeks
Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Daryanto. (2011). Media Pembelajaran. Bandung: PT Sarana Tutorial Nurani Sejahtera.
Depdiknas UPI. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Depdiknas Universitas Pendidikan Indonesia.
Dinas Pendidikan Prov. Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Dinas Pendidikan Prov. Jawa Barat.
Iskandarwassid. (2004). Raksarasa (Antologi Basa jeung Sastra Sunda katut pangajaranana). Bandung: Geger Sunten.
Isnéndés, Rétty. (2010). Téori Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.
McCloud, Scott. (2008). Understanding Comics. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia.
Nurgiyantoro, Burhan. (2002). Penilaian dalam Pengajaran Bahasa dan Sastra Indonesia. Yogyakarta: BPFE.
Nurjanah, Nunuy. (tanpa taun). “Tiori Nulis”. (handout). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.
Priansyah, Luxas. (2011). Efektivitas Media Komik pikeun Ngaronjatkeun Maca Pamahaman (Sudi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas X-2 SMA Pasundan Bandung. . Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.
84
Sudaryat, Yayat, Prawirasumantri, Abud., & Yudhibrata, Karna. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.
Sudjana, Nana & Rivai. (2011). Media Pangajaran. Jakarta: PT. Sinar Baru Algensindo.
Sudjana. (2005). Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.
Susilana, Rudi jeung Cepi Riyana. (2008). Media Pembelajaran. Bandung: Kurtekpend FIP UPI.
Tarigan, Henry Guntur. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.