• Tidak ada hasil yang ditemukan

T PBBS 1204864 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "T PBBS 1204864 Chapter3"

Copied!
7
0
0

Teks penuh

(1)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1. Data jeung Sumber Data Panalungtikan

Data ieu panalungtikan nyaéta ragam basa lisan jeung tulisan tina karangan

carita pangalaman jeung biantara siswa Kelas X jurusan akomodasi Perhotelan SMK

Negeri 3 Bogor.

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta karangan carita pangalaman jeung

video rékaman nyarita wangun biantara siswa kelas X jurusan Akomodasi Perhotelan

SMK Negeri 3 Bogor taun ajar 2013-2014.

3.2.Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan atawa bagbagan prosés panalungtikan nu digunakeun

dina ieu panalungtikan ngawengku studi pustaka, ngumpulkeun data, idéntifikasi data,

ngolah data, jeung satuluyna hasil data dilaporkeun dina eusi panalungtikan. Desain ieu

panalungtikan bisa katitén dina gambar di handap.

Tabél 3.1 Desain panalungtikan

(2)

3.3 Métode panalungtikan

Métode mangrupa hiji stratégi atawa tarékah atawa cara nu sipatna sistematis

pikeun nyangkem réalitas nu kapanggih dina panalungtikan (Ratna, 2003. kaca.34).

Tujuan métode panalungtikan nya éta, pikeun méré gambaran ngeunaan prak-prakan

panalungtikan nu bakal dilaksanakeun (Soekanto, 2004. kaca.14). Hartina, métode

mangrupa hiji cara pikeun maham objék nu jadi sasaran dina panalungtikan jeung

pikeun meunangkeun fakta tina panalungtikan nu keur digarap.

Sacara umum, ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan basa anu

ngagunakeun pamarekan kualitatif. Métode anu digunakeun nyaéta métode déskriptif.

Métode dekriptif mangrupa métode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun

rupa-rupa fenomena ragam basa dina biantara jeung ragam basa lisan dina carita

pangalaman boh sipatna alamiah boh sipatna jijieunan atawa rékayasa, kalawan

musatkeun ulikanana kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina,

sasaruanana, sarta bédana jeung fénoména liana. Tujuan utama métode déskriptif, nya

éta pikeun mere gambaran ngeunaan ragam basa lisan jeung tulisan dina karangan

pangalaman jeung biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri

3 Bogor.

3.4Wangenan Operasional

Pikeun napsirkeun nu maca, di handap ieu baris dijentrékeun kalawan écés

ngeunaan wangenan operasional dina ieu panalungtikan

a. Ragam basa nya éta variasi basa nurutkeun pamakéna nu béda-béda nurutkeun

(3)

dicaritakeun sarta nurutkeun médium caritaanana (Kridalaksana. 2001, kaca.

184).

b. Ragam basa lisan nya éta ragam basa Sunda anu maké pakakas lisan, biasana

kawilang gumantungna kana situasi, waktu, lingkungan, katut jalma nu diajak

nyarita. Basa lisan bisa lumangsung pateuteup, ngaliwatan radio, televisi,

telepon, jst (Chaer, 2010.kaca 72)

c. Ragam basa tulisan nya éta ragam basa Sunda anu maké pakakas tulisan,

biasana leuwih nyusun batan basa lisan. Aturan tata tulis leuwih dikukuhan.

Basa tulisan biasa dipaké dina surat, telegram, artikel, makalah, buku, jst.

(Sudaryat, 2007.kaca 4-5)

3.5Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan bisa ogé disebut alat bantu panalungtik dina

ngalaksanakeun panalungtikan. Instrumen nu digunakeun dina ieu panalungtikan

nya éta tés nyarita dina wangun biantara jeung nulis dina wangun karangan

pangalaman , angket, jeung tabél data. Angket data digunakeun pikeun ngaguar

data anu luyu jeung kasang tukang panalungtikan anapon angkét data anu

digunakeun nya éta wangun basa Indonesia, Fungsina nya éta pikeun

ngumpulkeun data nu paling pokok nu aya di lapangan atawa objek

panalungtikan. Anapon jumlah siswa atawa data nu ditalungtik nya éta 33 siswa

(4)

Tabél 3.2 Angket Data Latar makéna Basa Sunda

Nama :

Kelas :

1. Apakah anda bisa menggunakan bahasa Sunda?

a. Bisa

b. Tidak bisa

c. Tidak lancar atau tidak fasih

2. Berasal dari daérah mana ayah anda?

a. Sunda

b. Jawa

c. …………

3. Berasal dari daerah mana ibu anda?

a. Sunda

b. Jawa

c. ………

4. Bahasa apa yang digunakan sehari-hari dengan ayah anda?

a. Sunda

b. Indonesia

c. ……….

5. Bahasa apa yang digunakan sehari-hari dengan ibu anda?

a. Sunda

b. Indonesia

(5)

6. Bahasa apa yang digunakan saat berbincang dengan teman anda?

a. Sunda

b. Indonesia

c. ………

7. Apakah anda bisa menulis dengan bahasa Sunda dalam pembelajaran bahasa

Sunda?

a. Bisa

b. Sedikit

c. Tidak bisa

Tabél 3.3 Data Ragam Basa Lisan

NO No Data DATA

Ragam Basa Lisan

Kat Baku Teu baku

Tabél 3.4 Data Ragam Basa Tulis

NO No Data DATA

Ragam Basa Tulisan

(6)

3.6Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun nya éta tés, transliterasi biantara, angkét , tulis

dina carita pangalaman. Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngumpulkeun

data pikeun ngaguar ayana ragam basa. Téknik transliterasi dipaké pikeun

meunangkeun ragam basa dina wangun nyarita. Dumasar dina téknik diluhur,

ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan lengkah-lengkah ieu di handap.

a. Studi Pustaka

b. Nyusun rarancang panalungtikan

c. Ngumpulkeun data responden anu baris ditalungtik kelas X Akomodasi

Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor.

d. Siswa nyusun Carita Pangalaman pikeun bahan analisis ragam basa.

e. Analisis data carita pangalaman.

f. Rekam wangun biantara.

g. Sadap rekam wangun rékam pikeun bahan analisis data ragam basa.

h. Nyindekeun hasil panalungtikan.

3.7Téhnik Ngolah Data

Téknik nu dipaké dina ngolah data nyaéta téknik analisis wangun

langsung. Ari léngkah-léngkah ngolah data saperti ieu di handap.

a. Niténan deui data anu geus dikumpulkeun.

b. Nagayakeun transliterasi hasil rékaman

c. Sumber data ragam basa dina hasil karangan carita pangalaman siswa jeung

hasil rékam biantara siswa kelas X jurusan Akomodasi Perhotelan ngaliwatan

(7)

d. Nyieun papasingan ragam basa siswa kelas X jurusan Akomodasi Perhotelan

dumasar kana

- Jejerna

- Pasosokna

- Latar makéna basa

e. Nganalisis ragam basa siswa kelas X jurusan Akomodasi Perhotelan SMK

Negeri 3 Bogor.

f. Ngadéskripsikeun ayana ciri has ragam basa jeung variasi basa anu aya

patalina jeung jurusan Perhotelan.

g. Nafsirkeun jeung nyindekeun ragam basa siswa kelas X jurusan Akomodasi

Referensi

Dokumen terkait

Panalungtikan kumpulan carita pondok Panggung Wayang (Tilikan Strukturalisme jeung Psikologi Sastra) digambarkeun dina désain panalungtikan sakumaha bagan ieu di

Struktur carita dina naskah drama Rajapati disawang tina jihat lahir jeung batin.. Naskah drama Rajapati mibanda unsur pragmatik jeung stilistik nu antukna

Nganalisis wawacan dumasar kana struktur carita jeung ajén étnopédagogik. Ngadéskripsikeun dumasar kana struktur carita jeung

Netepkeun sumber data ku cara sadap rékam tina data basa lisan téh.. jalaran sajalan jeung sawangan Grinder jeung Elgin dina Sudaryat (1991:10)

Analisis Aspék Tatakrama sosial masarakat Sunda dina babasan jeung paribasa Sunda dumasar aspék pragmatis jeung.

Nano S., Doel Sumbang, Darso, jeung Yayan Jatnika, jeung sajabana. Obyék ieu panalungtikan nya éta Struktur sintaksis jeung Semantis basa.. dina populasi téh teu sakabéhna

Data anu aya patalina jeung kahirupan sosial politik masarakat Sunda sabada jaman réformasi sakumaha nu ébréh dina carita pondok téh didéskripsikeun, dilaksanakeunana ku

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS RAGAM BASA SUNDA LISAN JEUNG TULISAN SISWA KELAS X JURUSAN AKOMODASI PERHOTÉLAN SMK NEGERI 3 BOGOR 4.1 Data ragam basa lisan jeung tulisan