BAB I
BUBUKA
1.1. Kasang Tukang Masalah
Paguneman nyaéta kagiatan nyarita silih tempas, unggal palaku migoga hak
pikeun nanya jeung ngajelaskeun atawa ngajawab. Paguneman sarua jeung
ngawangkong atawa ngobrol. Nu diwangkongkeunnana biasana kajadian sapopoé.
Jaba ti ngawangkong, paguneman téh aya nu ngaranna sawala. Ari bedana téh
dina kaayaannana, ngawawangkong mah hénteu resmi sarta eweuh nu ngaturna,
saha waé meunang nyarita jeung motong caritaan batur baris tempatna bebas, nya
kitu deui topikna heunteu ditangtukeun heula samemehna.
Komunikasi basa asup kana aktivitas sosial, sabab dina komunikasi aya
interaksi atawa hubungan timbal balik antara panyatur jeung pamiarsa.
Komunikasi ieu bisa disebut ogé paguneman. Minangka salasahiji wangun
komunikasi, paguneman téh panyambung prinsip-prinsip basa jeung maksim
omongan. Dina prinsip jeung maham paguneman téh diperlukeun ka unggal jalma
waktu komunikasi sangkan komunikasi lumangsung kaburu lamer. Najan kitu,
dina prak-prakanana jarang pisan jalma anu niténan kana ieu prinsip jeung
maksim dina ngalakukeun paguneman dikahirupan sapopoé, padahal éta
paguneman téh dilakukeun sacara langsung, komo deui upama nilik paguneman
anu aya dina wangun tinulis anu sifatna tékstual, anu eusi atawa maksud
caritaanana kudu diteuleuman ngaliwatan maca, tangtu waé prinsip gawé bareng
jeung prinsip kasopanan anu aya dina éta téks moal bisa katitén.
Dina waktu paguneman, lumangsung komunikasi basa antara anu nyarita
jeung nu diajak nyarita. Basa nu dipakéna rupa-rupa, bisa basa daerah bisa basa
indonesia atawa basa asing. Atuh munasabah lamun komunikasi basa téh
lumangsung maké basa anu sarua atawa basa anu beda. Lamun komunikasi
lumangsung antara nu maké basa tina latar basa nu beda, ilaharna digunakeun
basa anu dipikabutuh ku nu nyarita jeung anu diajak nyarita.
Konteks antara nu maké basa téh nimbulkeun rupa-rupa pangaruh.
Upamana waé, mun urang Sunda nyarita jeung bangsa séjén tangtu kudu maké
ngagunakeun basa asing. Balukar kontak antara nu maké basa nu hiji jeung basa
séjén timbul silih pangaruhan, atawa sakurang-kurangna basa nu hiji nyerep
kecap-kecap tina basa séjén.
Dumasar kana katerangan di luhur, tétéla dina kagiatan paguneman baris
ngakibatkeun lumangsungna serepan-serepan boh budaya, boh kesenian boh dina
basa. Prosés serepan bisa langsung ngaliwatan kagiatan naon waé. Hususna prosés
serepan basa biasana lumangsung ngaliwatan interaksi komunikasi, boh lisan boh
tulisan, nepi ka aya istilah basa serepan.
Lumangsungna komunikasi dina kahirupan sapopoé di jaman kiwari moal
bisa leupas tina makéna kecap serepan. Kecap-kecap serepan dina basa Sunda téh
kacida lobana komo deui jaman ayeuna anu disebut jaman globalisasi téa. Éta téh
muncul balukar interaksi nu ngabiasakeun kecap-kecap serepan. Dina kamekaran
jaman kiwari, kecap serepan leuwih loba dipaké, lantaran masarakat teu
mikawanoh kecap-kecap tina basa Sundana atawa dina basa Sunda memang teu
aya kecapna. Contona baé baheula, lantaran lila dijajah ku Walanda, loba basa
Sunda serepan tina basa Walanda.
Basa bangsa-bangsa séjén miboga peran anu gédé dina parobahan basa di
tatar Sunda. Contona baé Inggris ogé managruhan pisan kana basa Sunda. Ku
sabab basa Inggris téh jadi basa Internasional lantaran sanajan basa Inggris loba
mangaruhan, ngan sabada digunakeun dina basa Sunda geus teu karasa deui
asingna, ku sababna geus biasa dipaké ku urang Sunda, jadi geus dianggap basa
Sunda.
Lobana kecap serepan dina paguneman téh muncul dina rupa-rupa
kahirupan urang Sunda, boh dina lisan, boh dina tulisan. Dina basa lisan, kecap
serepan muncul dina paguneman antara nu nyarita jeung nu diajak nyarita. Kituna
téh lain di masarakat Sunda waé, tapi werekab ka budak sakola.
Kumaha serepan kecap-kecap tina basa sejen, kecap basa asing, komo dina
paguneman barudak sakola, masih perlu aya panalungtikan. Panalungtikan anu
geus aya patali jeung éta panalungtikan di antarana waé “Analisis Kecap Serepan
Panalungtikan Aisah jeung anu baris dilaksanakeun sasaruanana nyaéta
sarua nganalisis kecap serepan hasil karya siswa boh dina wangun kecap, boh dina
warna kecap, boh dina harti kecap. Bédana panalungtikan saméméhna jeung
panalungtikan nu baris dilaksanakeun nyaéta panalungtikan anu ditalungtik ku
Aisah (2012) nalungtik ngeunaan analisis kecap serepan dina karangan berita
siswa. Sedengkeun panalungtikan nu baris ditalungtik ngeunaan kecap serepan
anu kapanggih dina karangan paguneman siswa.
Ku kituna, panalungtikan nu patali jeung kecap serepan dina karangan
paguneman masih perlu dilaksanakeun. Éta sababna, panalungtikan anu judulana “Kecap Serepan dina Karangan Paguneman siswa kelas VII SMP Negeri 6 Bandung” dilaksanakeun.
1.2. Rumusan Masalah
Unggal basa teu aya nu murni, patali menang pangaruh tina basa séjén.
Kitu deui, basa Sunda kungsi meunang pangaruh tina rupa-rupa basa, basa
sangsakerta, basa walanda, basa indonesia, basa inggris, jeung basa sajabana. Ieu
panalungtikan baris nilik jeung medar kecap-kecap serepan anu aya dina karangan
paguneman siswa kelas VII-3 SMP Negeri Bandung.
Dumasar kana indétifikasi masalah di luhur, anu jadi masalah dina ieu
panalungtikan dirumuskeun dina kalimah panaya ieu di handap.
1) Kecap-kecap serepan naon waé anu kapanggih dina paguneman karangan
siswa?
2) Tina basa naon asalna éta kecap serepan téh?
3) Kumaha wangun kecap-kecap serepan dina karangan paguneman siswa?
4) Kumaha warna kecap-kecap serepan dina karangan paguneman siswa?
5) Kumaha harti kecap serepan dina karangan paguneman siswa?
1.3.Tujuan Panalungtikan
Saluyu jeung kasang tukang katut rumusan masalah anu geus diébréhkeun,
ieu panalungtikan téh boga tujuan pikeun maluruh jeung ngadéskripsikeun kecap
1) Kecap-kecap serepan anu aya dina karangan paguneman siswa kelas VII-3
SMPN 6 Bandung;
2) Basa nu jadi asal kecap serepan nu aya dina karangan paguneman siswa kelas
VII-3 SMPN 6 Bandung;
3) Wangun kecap serepan dina karangan paguneman siswa kelas VII-3 SMPN 6
Bandung;
4) Warna kecap serepan dina karangan paguneman siswa kelas VII-3 SMPN 6
Bandung; jeung
5) Harti kecap serepan dina karangan paguneman siswa kelas VII-3 SMPN 6
Bandung.
1.4.Mangpaat Panalungtikan
Ieu panalungtikan miboga mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis anu
kaunggel di handap.
1.4.1. Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngeuyeuban deui
élmu pangaweruh ngeunan kecap serepan tina basa séjén.
Mangpaat anu dipiharep dina ieu panalungtikan nyaéta:
a. Pikeun paélmuan leksikon Sunda, hasil tina ieu panalungtikan téh dipaké
ngeuyeuban leksikon anu geus aya
b. Pikeun bahan informasi ngeunaan kecap serepan salaku unsur basa anu loba
dipaké dina proses diajar.
1.4.2. Mangpaat Praktis
Panalungtikan ieu aya hubunganna jeung pangajaran siswa kelas VII SMP
dina pangajaran nulis, tapi dina ieu panalungtikan guru diperedih pikeun
ngamekarkeun deui kamampuh siswa ngaliwatan diajar nuis dina paguneman
sangkan siswa parigel dina kamampuh nulis hususna kamampuh nulis
paguneman.
Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun guru jeung murid:
a) Pikeun Guru
b) Pikeun Murid
Hasil panalungtikan bisa nambahan kandaga kecap keur murid dijadikeun
nambahan élmu pangawéruh.
1.5. Raraga Tulisan
Eusi dina ieu skripsi aya lima bab. Dina bab I ngawengku bubuka, eusina
medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan
panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika penulisan.
Bab II ulikan pustaka, eusi ngenaan kecap serepan, kandaga kecap, wangun
kecap, warna kecap, harti kecap, karangan, jeung paguneman; panalungtikan
saméméhna jeung kalungguhan teoritis panalungtikan.
Bab III métode panalungtikan, eusi ngeunaan désain panalungtikan, sumber
data panalungtikan, instrumén panalungtikan, ngumpulkeun data jeung analisis
data hasil panalungtikan.
Bab IV hasil jeung pedaran, anu eusina ngawengku hasil panalungtikan,
data-data kecap serepan anu kahasilkeun jeung analisisna, jeung eusi pedaran
nyoko kana ringkesan jeung komentar hasil panalungtikan.
Bab V kacindekan jeung rékomendasi. Kacindekan mangrupa saripati tina
sakabéh pedaran. Sangkan ieu panalungtikan bisa méré mangpaat pikeun ka
hareupna, dina ieu bab ditambahan subbab rékoméndasi anu ditepikeun ku nu