• Tidak ada hasil yang ditemukan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013"

Copied!
5
0
0

Teks penuh

(1)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Basa mangrupa pakakas komunikasi dina kahirupan manusa. Ayana prosés komunikasi téh lantaran manusa butuh pikeun ngedalkeun eusining uteuk katut haté. Ku kituna, manusa salaku makhluk sosial teu leupas tina patalimarga antar anggota kelompokna. Basa ogé miboga fungsi penting pikeun nepikeun maksud jeung tujuan kalawan ngedalkeun pikiran, gagasan, jeung rarasaan, boh lisan boh tulisan.

Unggal basa nu dipaké ku panyaturna, pasti dipangaruhan ku rupa-rupa faktor, di antarana, saha nu nyarita jeung diajak nyarita, katut iraha jeung di mana lumangsungna prosés komunikasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan élmu pragmatik anu nétélakeun bagbagan makéna basa keur kaperluan anu tangtu dina hiji komunikasi, kumaha patalina kalimah nu luyu jeung pangabutuh nu makéna. Atawa kumaha cara milih basa anu keuna tur luyu jeung pangabutuh nu makéna (Levinson, dina Sudaryat, 2003: 9-10).

Dina pamakéanana, basa bisa dipaké dina wangun fiksi jeung non fiksi. Basa dina wangun fiksi teu saukur ngaitkeun tanda jeung naon nu dimaksudna wungkul, tapi ogé mangrupa wujud éksprési pangarang anu di jerona aya idé, gagasan atawa amanat anu ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Pakaitna basa jeung sastra téh bisa katempo tina hasil karya sastra. Sarta tulisan nu diwangun ku élmuning basa.

Salah sahiji widang ulikan basa nu ditalungtik nya éta ngeunaan pragmatik. Pragmatik maluruh patalina tindak basa jeung konteks tempat, waktu, kaayaan pamakéan katut patalina ma’na jeung anéka situasi ungkara. Sakumaha nu dipedarkeun ku Levison (1983) dina F.X. Nandar (2009: 5):

Pragmatik adalah suatu istilah yang mengesankan bahwa sesuatu yang sangat khusus dan teknis sedang menjadi objek pembicaraan, padahal istilah tersebut tidak mempunyai arti yang jelas.

(2)

Jadi, pragmatik mah maluruh jeung nalungtik maksud omongan, lain ma’na omongan, ku kituna pragmatik téh élmu ngeunaan hubungan antara lambang jeung panafsiran (Poerwo 1990: 15). Ulikan pragmatik nu ditalungtik ngeunaan fungsi Lokusi, Ilokusi, jeung Perlokusi. Austin (1962) dina Chaer (2010: 53) ngabagi tindak tutur kana tilu rupa, nu kahiji Tindak lokusi (lecutionary act) nya éta polah ucap dina wangun kalimah nu ngabogaan ma’na jeung bisa dipaham. Tindak ilokusi (illecitionary act) nya éta polah ucap nu biasana dipaluruh ku kalimah performatif nu éksplisit. Tindak perlokusi (perlocutionary act) nya éta polah ucap nu aya hubunganana jeung sikep non linguistik ti paregepna sorangan.

Searle (1975) dina Chaer (2010: 29) ngabagi fungsi tindak tutur jadi lima, nya éta fungsi assertif atawa representatif, fungsi anu ngawawarkeun jeung medar ngeunaan hiji hal saayana, bener atawa salahna, fungsi direktif, fungsi anu meredih sangkan pamiarsa ngalakukeun hiji hal, fungsi komisif, fungsi anu meredih sangkan panyatur ngalakukeun hiji hal anu aya dina jero omonganana, fungsi éksprésif, fungsi anu ngébréhkeun rasa panyatur sacara psikologis dumasar kana pangalamanana, jeung fungsi déklaratif, anu tujuanana pikeun ngarobah kaayaan ngaliwatan omonganana.

Dina ieu panalungtikan baris medar ngeunaan fungsi tindak tutur dina naskah drama. Salah sahijina nyaéta dina naskah drama Meredong karya Rosyid E. Abby, naskah saduran tina naskah judulna “Ke” karya Yudhistira ANM Massardi nu dilélér pinunjul ka-3 dina “Sayembara Penulisan Naskah Sandiwara Indonesia”, anu mibanda unsur-unsur kalimah nu bisa dianalisis dumasar kana tiori katatabasaan. Di antarana ngeunaan analisis fungsi tindak tutur dina naskah drama.

Panalungtikan ngeunaan analisis pragmatik saacanna di antarana waé: “Adegan Pragmatis Kalimah Pananya dina Naskah Drama Sunda Karangan Siswa Kelas XII IPA SMA Sindangkasih Kab. Ciamis Taun Ajaran 2010/2011” ku (Endhang Mardhayanty, 2011), “Adegan Pragmatis Kalimah Pananya dina Kumpulan

(3)

Pérsuasif Siswa Kelas X SMA Pasundan 8 Bandung Taun Ajaran 2010/2011” ku (Dian Cesar Maharani, 2011), “Adegan Pragmatis Kalimah Singgetan dina Novel

Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbrian Karya Tatang Sumarsono pikeun

Bahan Pangajaran di SMP” ku (Andika Wibowo, 2010), “Adegan Pragmatis Kalimah Paréntah dina Kumpulan Carpon Dukun Lepus Karangan Ahmad Bakri” ku (Aryani Purbasari, 2008), “Analisis Kalimah Pragmatis dina Naskah Budah Si Narko Karya Dadan Sutisna pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP”ku (Septiadi Angga Yuda, 2012).

Panalungtikan saacanna miboga sasaruaan medar ngeunaan wangun, harti, jeung adegan kalimah pragmatis. Bédana jeung panalungtikan anu baris dilaksanakeun nya éta panalungtikan nu di luhur teu medar ngeunaan tindak tutur anu nyoko kana wanda jeung fungsi tindak tuturna.

Dumasar kana kasang tukang éta, dicindekkeun yén can aya panalungtikan séjén ngeunaan fungsi tindak tutur dina naskah drama. Ku kituna, ieu panalungtikan museur kana analisis fungsi lokusi, ilokusi, jeung perlokusi dina Naskah Drama

Meredong karya Rosyid E. Abby.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah, sangkan ieu panalungtikan teu lega teuing ambahanna ku kituna perlu diwatesannan dina panalungtikanna. Ieu panalungtikan medar ngeunaan wanda jeung fungsi tindak tutur dina wacana paguneman/drama, analisina nyoko kana tilu wanda tindak tutur, nya éta lokusi, ilokusi jeung perlokusi sarta lima rupa wanda fungsi tindak tutur anu numutkeun Searle dina Chaer (2010: 29), nya éta: fungsi asértif atawa répreséntatif, fungsi diréktif, fungsi éksprésif, fungsi komisif jeung fungsi déklarasi, dina naskah drama

(4)

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah jeung kasang tukang, ieu panalungtikan boga sababaraha masalah anu kudu dirumukeun. Masalah nu baris ditalungtik dirumuskeun dina wangun panya ieu dihandap.

a) Kumaha wanda tindak tutur dina naskah drama Meredong? b) Kumaha fungsi tindak tutur dina naskah drama Meredong?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Patali jeung rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan nu rék dihontal, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta maluruh fungsi tindak tutur dina naskah drama Meredong.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: a) Wanda tindak tutur dina naskah drama Meredong.

b) Fungsi tindak tutur dina naskah drama Meredong.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara téoritis, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa nambahan pangaweruh sarta pikeun jadi pangdeudeul dina paélmuan katatabasaan utamana pragmatik, katut jadi salah sahiji référénsi pikeun kaperluan-kaperluan nu aya pakaitna jeung panalungtikan anu medar ngeunaan naskah drama.

(5)

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun:

a) Panalungtik jeung umum sangkan méré pangaweruh dina widang katatabasaan, hususna dina analisis pragmatis

b) Méré pangaweruh ngeunaan fungsi tindak ujar dina naskah drama Meredong karya Rosyid E. Abby.

c) Jadi bahan tinimbang guru-guru dina nyusun sumber pangajaran.

1.5 Raraga Tulisan

BAB I Bubuka, ngajéntrékeun masalah jeung tujuan panalungtikan anu pakait jeung analisis fungsi tindak tutur dina naskah drama.

BAB II Ulikan Tiori, ngajéntrékeun tiori-tiori anu dipaké dina ieu panalungtikan. Medar ngeunaan pragmatik ti mimiti wangenan pragmatik, wangenan tindak tutur, fungsi-fungsi tindak tutur jeung wangenan drama.

BAB III Metode Panalungtikan, ngajéntrékeun métode panalungtikan dina ieu panalungtikan. Métode panalungtikan anu baris dipaké nya éta métode déskriptip analitis.

BAB IV Analisis Fungsi Tindak Tutur dina Naskah Drama Meredong, ngajéntrékeun hasil panalungtikan. Ngeunaan fungsi tindak tutur dina naskah drama

Meredong.

BAB V Kacidekan, ngajéntrékeun kacindekan sarta saran tina hasil panalungtikan pikeun nu maca ieu panalungtikan.

Referensi

Dokumen terkait

Ends bertujuan untuk menghasilkan apa yang ingin dicapai oleh pelibat (terapis), pada ends ini menjelaskan hal-hal yang ingin dicapai oleh terapis pada setiap aktivitas

Tugas yang diberikan oleh guru kepada siswa dapat dijadikan alat ukur untuk mengukur tingkat keberhasilan siswa dalam mengikuti proses pembelajaran. Penilaian yang digunakan

dicapai yaitu pelayan seks pilihan atau kelas atas. 2) Pengenalan tanda komunikasi pada ruang virtual sex oleh mucikari dan pekerja. seks memiliki perbedaan pada tahapan, dan

REPÚBLICA DEMOCRÁTICA

Dalam suatu metode penelitian perlu menetapkan suatu metode yang sesuai dan dapat membantu mengungkapkan suatu permasalahan. Metode dalam suatu penelitian merupakan

atas kerugian yang terjadi pada pelaksanaan operasi kontrak operasi bersama. perusahaan minyak dan

Hubungan iq (intelligence quotient) dengan keterampilan teknik dasar futsal pada siswa ekstrakurikuler futsal SMA NEGERI 1 KOTA BANDUNG.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Pengaruh Penerapan Pendekatan Problem Centered Learning (PCL) Terhadap Peningkatan Kemampuan Penalaran Adaptif Siswa SMP.. Universitas Pendidikan Indonesia |