• Tidak ada hasil yang ditemukan

MODÉL CIRC (COOPERATIVE INTEGRATED READING AND COMPOSITION) DINA PANGAJARAN NULIS ÉSÉY.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MODÉL CIRC (COOPERATIVE INTEGRATED READING AND COMPOSITION) DINA PANGAJARAN NULIS ÉSÉY."

Copied!
70
0
0

Teks penuh

(1)

No. 634/0251/FPBS/2013

MODÉL CIRC (COOPERATIVE INTEGRATED READING AND COMPOSITION) DINA PANGAJARAN NULIS ÉSÉY

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII IPA 1 SMAN 6 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan

ku

Aditya Ruganda NIM 0908949

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

No. 634/0251/FPBS/2013

Modél CIRC (Cooperative Integrated

Reading and Composition) dina

Pangajaran Nulis Éséy

Oleh

Aditya Ruganda

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Aditya Ruganda 2013

Universitas Pendidikan Indonesia

September 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)

No. 634/0251/FPBS/2013

ADITYA RUGANDA

MODÉL CIRC (COOPERATIVE INTEGRATED READING AND COMPOSITION) DINA PANGAJARAN NULIS ÉSÉY

Disaluyuan jeung disahkeun ku Pangaping I,

Prof. Dr. H. Rahman, M. Pd. NIP 195704011984121001

Pangaping II,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M. Hum. NIP 196302101987031001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

(4)

MODÉL CIRC (COOPERATIVE INTEGRATED READING AND COMPOSITION) DINA PANGAJARAN NULIS ÉSÉY 1)

ADITYA RUGANDA 2) ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Modél CIRC (Cooperative Integrated Reading and Composition) dina Pangajaran Nulis Éséy”. Tujuan penelitiannya adalah mendeskripsikan langkah-langkah modél pembelajaran CIRC dalam pengajaran menulis esai, kesalahan leksikal yang dialami siswa dalam menulis esai sebelum dan sesudah menggunakan model pembelajaran CIRC, serta efektivitas model pembelajaran CIRC dalam pembelajaran menulis esai. Metodologi yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi ekperimen dengan pretes and

posttest group design dan teknik yang digunakan adalah teknik tes. Penelitian ini

dilaksanakan di SMAN 6 Bandung kelas XII IPA 1 yang berjumlah 43 orang sebagai sampel, sedangkan populasi dalam penelitian ini sendiri adalah seluruh siswa kelas XII SMAN 6 Bandung Tahun Ajaran 2012/2013 yang berjumlah 328 orang. Hasilnya yaitu model pembelajaran CIRC bisa diterapkan dalam pembelajaran menulis esai, jumlah kesalahan leksikal yang dialami siswa dalam menulis esai berubah dari 25 kali melakukan kesalahan menjadi 4 (empat) kali saja dan kemampuan menulis esai secara keseluruhan pun meningkat setelah menggunakan modél CIRC dalam pembelajarannya. Adapun menurut hasil penghitungan uji t, terbukti bahwa titung > ttabel, yaitu 6,83 > 3,17. Artinya, hipotesis

diterima pada taraf signifikasi 99,5%. Dengan demikian, penelitian ini membuktikan bahwa model pembelajaran CIRC efektif untuk digunakan dalam pembelajaran menulis esai siswa kelas XII IPA 1 SMAN 6 Bandung Tahun Ajaran 2012/2013.

Kata kunci: Modél CIRC, kasalahan léksikal, dan éséy.

1) Skripsi ini dibimbing oleh Dosen Pembimbing I : Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd., dan Dosen

Pembimbing II: Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum..

2)

(5)

CIRC (COOPERATIVE INTEGRATED READING AND COMPOSITION) MODEL IN TEACHING WRITING ESSAY 1)

ADITYA RUGANDA 2) AN ABSTRACT

The paper entitled “CIRC (Cooperative Integrated Reading and Composition)

Model in Teaching Writing Essay”. The aim of the research is to describe the

procedures of CIRC model in teaching writing essay, the students’ lexical errors

in writing essay before and after treatment, and the effectiveness of CIRC model in teaching writing essay. The researcher employed quasi experimental method with pretest and posttest group design and used test technique. He conducted the research at SMAN 6 Bandung. He involved XII IPA 1 class which has 43 students as the sample, and the whole 2012/2013 academic year twelfth grade students of SMAN 6 Bandung which has 328 students as the population of the research. The results of the research indicated that CIRC model can be applied in teaching

writing essay, the total number of students’ lexical errors in writing essay

decreased from 25 times to 4 times, and the students’ capability of writing essay have improved after CIRC model was applied in the learning process. By using

t-test calculation, the result indicated that tcritical=6,83 > ttable=3,17from the level of

significance in 99,5%. It means that the hypothesis of the research has been accepted. Therefore, the researcher concluded that CIRC model is an effective model that can applied in teaching writing essay in XII IPA 1; 2012/2013 academic year students of SMAN 6 Bandung.

Key Word: CIRC Model, lexical error, and essay.

3) The research supervised by the First Supervisor: Prof. Dr. H. Rahman, M. Pd., and the Second

Supervisor: Dr. H. Yayat Sudaryat, M. Hum..

4)

(6)

DAPTAR EUSI

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 3

1.3.1 Tujuan Umum ... 3

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1 Mangpaat Téoritis ... 4

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 4

1.5 Raraga Tulisan ... 5

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS ... 6

2.1 Ulikan Téori ... 6

2.1.1 Wangenan Modél Pangajaran ... 6

2.1.2 Komponén Modél Pangajaran Cooperative Integrated Reading and Composition (CIRC) ... 7

2.1.2.1 Oriéntasi ... 7

2.1.2.2 Léngkah Kagiatan Pangajaran (Syntax) ... 9

2.1.2.3 Sistem Sosial Kelas ... 11

2.1.2.4 Prinsip Réaksi ... 12

2.1.2.5 Pangaruh Pangajaran (Instructional Effect) ... 12

2.1.3 Nulis ... 12

2.1.3.1 Wangenan Nulis ... 12

2.1.3.2 Fungsi jeung Tujuan Nulis ... 13

2.1.3.3 Wangun Tulisan ... 14

2.1.4 Tulisan Éséy ... 14

2.1.4.1 Wangenan jeung Ciri-ciri Éséy ... 14

2.1.4.2 Wangun jeung Léngkah-léngkah Nulis Éséy ... 15

2.1.5 Analisis Kasalahan Basa ... 16

2.1.5.1 Wangenan jeung Watesan Analisis Kasalahan ... 16

2.1.5.2 Wanda Kasalahan Basa ... 17

2.1.5.3 Gejala Hiperkorék ... 17

(7)

2.2 Raraga Mikir ... 21

2.3 Hipotésis ... 21

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 22

3.1 Lokasi jeung Jejer Panalungtikan ... 22

3.2 Métode jeung Désain Panalungtikan... 22

3.3 Wangenan Operasional ... 23

3.4 Instrumén Panalungtikan ... 23

3.4.1 Lembar Tés ... 23

3.4.2 Kartu Data Sumber ... 24

3.4.3 Instrumén Penilaian ... 24

3.5 Téknik Ngumpulkeun Data ... 28

3.6 Téknik jeung Prosedur Ngolah Data ... 29

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG HASIL ANALISIS PANALUNGTIKAN ... 30

4.1 Léngkah-léngkah Modél CIRC dina Pangajaran Nulis Éséy ... 30

4.2 Kasalahan Léksikal dina Tulisan Éséy Siswa ... 33

4.2.1 Kasalahan Léksikal dina Tulisan Éséy Siswa Saméméh Ngagunakeun CIRC (Pratés) ... 33

4.2.2 Kasalahan Léksikal dina Tulisan Éséy Siswa Sabada Ngagunakeun CIRC (Postés) ... 36

4.3 Kamampuh Siswa dina Nulis Éséy ... 38

4.3.1 Kamampuh Awal Siswa dina Nulis Éséy ... 38

4.3.2 Kamampuh Ahir Siswa dina Nulis Éséy ... 41

4.4 Tingkat Kamampuh Siswa dina Nulis Éséy ... 45

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 49

5.1 Kacindekan ... 49

5.2 Saran ... 50

(8)

DAPTAR TABÉL

Tabél 3.1 Pedoman Meunteun Éséy Pratés atawa Postés…………..…… 25

Tabél 3.2 Peunteun Pratés atawa Postés……… 27

Tabél 3.3 Daptar Peunteun Pratés jeung Postés………. 27

Tabél 4.1 Data Kasalahan Léksikal Pratés Siswa……….. 33

Tabél 4.2 Data Kasalahan Léksikal Postés Siswa………...……….. 37

Tabél 4.3 Kamampuh Awal Siswa dina Nulis Éséy (Pratés)………. 41

Tabél 4.4 Kamampuh Ahir Siswa dina Nulis Éséy (Postés).………...…. 45

Tabél 4.5 Uji Gain (d)……… 46

(9)

DAPTAR LAMPIRAN

Kaca

Lampiran 1 Surat Kaputusan Pengesahan Judul Skripsi dan Penunjukan

Dosen Pembimbing I dan II…... 54

Lampiran 2 Silabus…………..………... 56

Lampiran 3 RPP……….. 57

Lampiran 4 Daftar Hadir Siswa...……… 63

Lampiran 5 Hasil Tulisan Siswa………….……… 64

Lampiran 6 Tabél t……….. 104

(10)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Manusa mikabutuh basa salaku pakakas komunikasi sapopoé, boh éta basa

lisan boh basa tinulis, pikeun ngébréhkeun naon nu aya dina pipikiranana jeung

nu jadi kahayangna. Dina éta prosés nepikeun kahayang, tangtuna mikabutuh

pangaweruh basa nu bisa ngawakilan kedaling rasana lantaran basa miboga sifat

anu sistematis jeung sistemis. Sacara sistematis basa téh miboga aturan nu tangtu

jeung sacara sistemis basa téh mibanda sababaraha subsistem kayaning subsistem

fonologis, subsistem gramatikal jeung subsistem léksikal. Éta sakabéh subsistem

diperlukeun dina ngawangun basa, utamana léksikal.

Subsistém léksikal (léksikologi) minangka subsistem nu ngulik kandaga

kecap (léksikon) (Sudaryat, 2004:19). Léksikon saéstuna jadi dadasar pikeun

ngawangun basa nu luyu, merenah jeung nu utamana éféktif, hususna pikeun basa

tulis najan sipatna sekundér. Léksikon diperlukeun pikeun ngeusian fungsi dina

gramatikal basa. Hartina, pamaké basa moal bisa ngagunakeun hiji basa kalawan

luyu, merenah tur éféktif upama teu ngawasa léksikonna, najan mikawewuh

gramatikalna. Tapi, dina prosés pangajaran basa di lapangan, pamakéan léksikon

nu luyu, merenah jeung éféktif téh mindeng teu kapaliré lantaran guru leuwih

museurkeun paniténna kana pangajaran gramatikal basa. Antukna, siswa bisa

nyusun kalimah sacara gramatikal tapi kaéféktifan kalimahna masih jauh tina anu

sakuduna.

Masalah kaéféktifan dina nulis saéstuna karandapan ku sakumna siswa nu

diajar basa, kaasup nu karandapan ku siswa Kelas XII SMAN 6 Bandung. Dina

sababaraha kali tés nu wangunna tulisan, katitén yén pangaweruh léksikon siswa

téh kurang pisan. Ieu kahéngkér téh kabuktian nalika siswa ngarésénsi drama

jeung ulangan ngeunaan kalimah langsung jeung teu langsung dina wangun éséy.

Loba siswa nu ngagunakeun kekecapan Sunda nu langsung ditarjamahkeun tina

basa Indonésia. Antukna, kaéféktifan tulisan siswa jauh tina sakuduna najan éta

(11)

Kahéngkér siswa siga di luhur, tangtuna teu bisa disapirakeun lantaran

bakal méré pangaruh nu teu hadé pikeun pelajaran séjénna. Ku kituna, dina

pangajaran nulis satuluyna, nya éta nulis éséy, panyusun ngalarapkeun modél

pangajaran CIRC (Cooperative Integrated Reading and Composition) salaku

salasahiji cara pikeun ngungkulan masalah kaéféktifan kalimah.

Modél CIRC jadi pilihan panyusun lantaran kaéfektifan ieu modél geus

kabuktian dina sababaraha prosés pangajaran. Ieu modél téh dipiharep bisa

ngungkulan masalah di luhur lantaran sipat tina ieu modél téh gawé bareng nu

ngabalukarkeun kamampuh mikir kritis siswa ngaronjat. Ku cara kitu, dipiharep

siswa bisa silih béjaan jeung silih mariksa kana kasalahan léksikal.

Nepi ka kiwari, geus pohara panalungtikan ngeunaan modél pangajaran

CIRC dina pangajaran, salasahijina nya éta “Modél Pangajaran Cooperative

Integrated Reading and Composition (CIRC) dina Pangajaran Nulis Surat Pribadi

(Risal Hengnurwida SH)”, najan kitu ieu modél téh can loba digunakeun dina panalungtikan kasalahan léksikal –malah nu nalungtik pangajaran kasalahan

léksikal dina tulisan éséy mah can aya. Kakara aya hiji panalungtikan dina éta

widang, najan teu ngagunakeun modél CIRC, nya éta “Analisis Kasalahan

Léksikal dina Tulisan Déskripsi Siswa Kelas VII SMP Negeri 1 Lémbang

Kabupatén Bandung Barat Taun Ajaran 2007/2008 (Yuyun Yunengsih)”. Padahal

saéstuna, kasalahan léksikal téh minangka kasalahan dasar nu geus sakuduna

disingkahan dina nulis. Tapi, kanyataan di lapangan masih kurang nu maliré kana

ieu kasalahan.

Ku kituna, panalungtikan nu baris dipilampah téh, nya éta “Modél CIRC

(Cooperative Integrated Reading and Composition) dina Pangajaran Nulis Éséy”.

Ieu panalungtikan dilaksanakeun pikeun maluruh kasalahan léksikal nu masih

jeung mindeng karandapan ku siswa dina nulis éséy, lian ti kitu ieu panalungtikan

(12)

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Kasalahan léksikal ngawengku kasalahan pilihan kecap (diksi),

ambiguitas, hiperkorék jeung pléonasme. Tapi, sakumaha nu geus dijéntrékeun

dina kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan téh baris nalungtik perkara

kasalahan léksikal dina wanda gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme nu aya

dina tulisan éséy siswa kelas XII SMA Negeri 6 Bandung.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang jeung idéntifikasi masalah di luhur, bisa

dirumuskeun masalahna dina wangun pananya saperti ieu di handap.

1) Kumaha léngkah-léngkah modél CIRC dina pangajaran nulis éséy?

2) Kasalahan léksikal gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme naon waé nu

kapanggih dina tulisan éséy siswa?

(a) Kumaha kasalahan léksikal siswa dina gejala hiperkorék jeung gejala

pléonasme anu aya dina tulisan éséy saméméh ngagunakeun CIRC?

(b) Kumaha kasalahan léksikal siswa dina gejala hiperkorék jeung gejala

pléonasme anu aya dina tulisan éséy sabada ngagunakeun CIRC?

3) Naha éféktif modél CIRC pikeun digunakeun dina pangajaran nulis éséy?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum tina diayakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun

maluruh naon nu jadi kasalahan léksikal dina tulisan éséy siswa dina raraga

ngaronjatkeun kamampuh nulis nu éféktif ngaliwatan pangajaran nu ngagunakeun

modél pangajaran CIRC.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta maluruh jeung ngadadarkeun:

(13)

2) Kasalahan léksikal gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme nu kapanggih

dina tulisan éséy siswa;

(a) kasalahan léksikal siswa dina gejala hiperkorék jeung gejala

pléonasme anu aya dina tulisan éséy saméméh ngagunakeun CIRC;

(b) kasalahan léksikal siswa dina gejala hiperkorék jeung gejala

pléonasme anu aya dina tulisan éséy sabada ngagunakeun CIRC; jeung

3) kaéféktifan modél CIRC dina pangajaran nulis éséy.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Téoritis

Mangpaat téoritis nu bisa dicangking tina ieu panalungtikan nya éta pikeun

mikaweruh kasalahan léksikal naon waé nu biasa karandapan ku siswa dina nulis

éséy. Lian ti kitu, ieu panalungtikan téh bisa dimangpaatkeun pikeun pangajaran

séjénna, hususna pangajaran basa sangkan siswa bisa nulis sacara leuwih éféktif.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan, nya éta:

1) pikeun guru, bisa jadi réferénsi dina ngungkulan kahéngkér siswa dina

kasalahan léksikal nu aya dina tulisan éséy;

2) pikeun siswa, ieu panalungtikan bisa jadi salasahiji cara pikeun

ngungkulan kahéngkér nulis anu teu éféktif; jeung

3) pikeun sakola, ieu panalungtikan bisa dimangpaatkeun pikeun ngungkulan

kahéngkér nulis siswa nu teu éféktif dina pangajaran séjénna.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu skripsi téh kabagi jadi lima bab. Bab I minangka bubuka nu

ngawengku (1) kasang tukang panalungtikan, (2) rumusan masalah, (3) tujuan

panalungtikan, (4) mangpaat/signifikasi panalungtikan, jeung (5) sistematika

skripsi. Bab II medar ngeunaan tatapakan téori nu eusina (1) watesan, fungsi,

tujuan, jeung wangun nulis, (2) tulisan éséy, jeung (3) kasalahan basa. Bab III

(14)

panalungtikan, (2) wangenan operasional, (3) instrumen panalungtikan, (4) téknik

ngumpulkeun data, jeung (5) téknik ngolah data. Bab IV minangka puseur skripsi

nu eusina (1) data kasalahan léksikal, (2) wanda kasalahan léksikal, jeung (3) pola

kasalahan léksikal. Demi Bab V minangka panutup anu eusina (1) kacindekan

(15)

BAB II

ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

2.1 Ulikan Téori

2.1.1 Wangenan Modél Pangajaran

Nurutkeun Joyce&Weil (1980) dina Rahman (2006: 4) modél pangajaran

(model of teaching) nya éta hiji rarancang anu digunakeun dina nyusun

kurikulum, ngatur matéri pangajaran, jeung méré pituduh pikeun pangajar di kelas

dina setting pangajaran atawa setting séjénna. Demi nurutkeun Kemp (1977)

modél pangajaran téh nya éta hiji rarancang pangajaran (design instructional) nu

digunakeun dina nangtukeun maksud jeung tujuan unggal topik pedaran (goals

topic, and purposes), ngaanalisis karakteristik warga diajar (leraner

characteristic), nyusun tujuan instruksional husus (learning objectives), milih eusi

pangajaran (subject content), milampah pratés (pre assessment), milampah

kagiatan ngajar-diajar/sumber pangajaran (teaching learning activities/resources),

ngarojong (support services), évaluasi (evaluation), jeung nyieun révisi (revise)

(Rahman, 2007: 4).

Sudaryat & Rahman (2009: 5) nétélakeun yén modél pangajaran minangka

pola atawa rarancang pangajaran nu nganteurkeun jeung ngarojong siswa pikeun

nyangking informasi, kaparigelan, nilai-nilai, jeung cara mikir. Modél pangajaran

sorangan diwangun dumasar kana tilu hal poko, nya éta bahan, struktur, jeung

fungsina.

Dumasar kana sababaraha pamadegan di luhur, bisa dicindekkeun yén

modél pangajaran téh nya éta rarancang pangajaran nu ngatur jeung nangtukeun

prosés ngajar-diajar ti mimiti nataharkeun nepi ka ngaévaluasi hasil diajar. Modél

pangajaran anu digunakeun tangtuna disaluyukeun jeung kabutuhan pangajaran.

Upama dina pangajaran basa, modél pangajaran tangtuna disaluyukeun jeung

kaparigelan basa nu baris diajarkeun. Dina kaparigelan nulis, modél CIRC

(16)

2.1.2 Komponén Modél Pangajaran Cooperative Integrated Reading and Composition (CIRC)

2.1.2.1 Oriéntasi

Salasahiji udagan pangajaran basa Sunda nya éta siswa paham kana

wangun, ma‟na, jeung fungsi, katut parigel dina ngagunakeunana saluyu jeung

kontéks (udagan, kaperluan, jeung kaayaan). Dumasar kana Standar Kompetensi

dan Kompetesi Dasar (SKKD), udagan pangajaran nulis pikeun SMA nya éta

siswa mampuh ngébréhkeun pikiran, rasa, jeung kahayang dina rupaning

karangan prosa (surat, biografi, warta, pedaran, éséy, résénsi buku, carita pondok,

laporan, puisi -sajak, guguritan, sisindiran) jeung téks drama jeung mampuh nulis

tarjamahan kana basa Sunda, jeung ngagunakeun aksara Sunda.

Udagan nulis di SMA nu sakitu poharana saéstusna pagedrug jeung héséna

diajar jeung ngajarkeun nulis éta sorangan. Sakumaha nu ditétélakeun ku Heaton

dina Rahman (2006:2), „The writing skills are complex and sometimes difficult to teach, requiring mastery not only of grammatical and rhetorical devices but also

of conceptual and judgemental elements‟.

Naon nu ditepikeun ku Heaton di luhur mémang saluyu jeung hierarki

kaparigelan basa, nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Dumasar kana

éta opat kaparigelen basa, nulis téh minangka kaparigelan pangahirna atawa

pangluhurna. Sabab, saméméh siswa bisa ngawasa kaparigelan atawa kamampuh

nulis, siswa kudu ngawasa kaparigelan-kaparigelan séjénna leuwih ti heula. Ku

kituna, siswa nu mampuh nulis biasana miboga kamampuh nyarita nu hadé

lantaran geus bisa nepikeun naon nu aya dina pipikiranana. Ieu hal tangtu bakal

ngarojong kana prosés diajar siswa dina mata pelajaran séjénna lantaran nulis téh

lir ibarat nyangcang sato sangkan teu kabur. Hartina, élmu nu dicangking moal

„kabur‟ upama dituliskeun.

Dina perkara kaparigelan nulis, sajaba ti masalah héséna diajar ogé aya

dina masalah modél ngajarna. Saéstuna geus kudu jadi hiji hal nu pasti upama

modél ngajar jeung diajar nulis téh dumasar kana hasil panalungtikan. Tapi,

kanyataan di lapangan masih saeutik guru nu ngagunakeun modél diajar nulis nu

(17)

dilarapkeun dina pangajaran nulis, salasahijina nya éta Cooperative Integrated

Reading and Composition (CIRC).

Nurutkeun Joyce & Weil (1972) (Sudaryat & Rahman, Ed., 2009: 5),

modél pangajaran bisa digolongkeun kana opat wanda, nya éta (1) Model

Pemrosesan Informasi (The information processing family), (2) Model Personal

(The personal family), (3) Model Sosial (The social family), jeung (4) Model

Behavioral (The behavioral family). Modél pangajaran CIRC sorangan bisa

kagolong kana wanda modél sosial alatan ieu pangajaran museur kana mekarkeun

kamampuh siswa sangkan aktif dina gawé bareng jeung prosés démokrasi tur

produktif dina kahirupan masarakat ngaliwatan aspék kahirupan sosial.

Nurutkeun Slavin (Hengnurwida, 2011: 26), ieu modél téh miboga 7

(tujuh) komponén saperti ieu di handap.

1) Teams, nya éta ngawangun kelompok sacara hétérogén anu diwangun ku 4

(opat) atawa 5 (lima) siswa.

2) Placement test, pangwangunan kelompok bisa dumasar kana peunteun

ulangan harian saméméhna atawa dumasar kana peunteun rapot sangkan

guru mikaweruh kaonjoyan jeung kahéngkéran siswa dina widang nu

tangtu.

3) Student creative, ngalaksanakeun pancén dina hiji kelompok kalawan

nyiptakeun situasi nu ngarojong kana kasuksésan kelompokna.

4) Team study, nya éta tahapan diajar nu dilaksanakeun ku kelompok demi

guru nungtun ka kelompok anu kurang berhasil dina ngaréngsékeun

pancén.

5) Teaching group, nya éta méré matéri sacara singget ti guru saméméh

ngabagi pancén kelompok.

6) Facts test, ngayakeun tés dumasar kana fakta anu aya.

7) Whole-class units, nya éta prosés ngarangkum matéri ku guru di ahir

pangajaran kalawan strategi problem solving.

Nurutkeun Hengnurwida (2011: 27), ieu modél miboga kaonjoyan, di

antarana:

(18)

2) kagiatan nu dipilih saluyu jeung kahayang jeung kabutuh siswa;

3) dina prosés pangajaran, siswa diperedih sangkan bisa gawé bareng, silih

rojong, silih ajénan, jeung miboga sikep tanggung jawab;

4) dina pangalaman jeung kagiatan diajar siswa salawasna bakal saluyu jeung

tingkat kamampuhna;

5) pangajaran nu mibanda sipat terpadu bisa numuwuhkeun kaparigelan

mikir kritis siswa;

6) kagiatan diajar dina kelompok leuwih miboga ma‟na pikeun siswa nu bisa

ngaronjatkeun hasil diajarna; jeung

7) ngalatih siswa sangkan leuwih aktif jeung parigel.

2.1.2.2 Léngkah Kagiatan Pangajaran (Syntax)

Prosedur pangajaran nyoko kana runtuyan léngkah kagiatan pangajaran

(sintaks) atawa léngkah-léngkah pangajaran. Prosedur pangajaran CIRC mibanda

tahap-tahap jeung léngkah-léngkah saperti ieu di handap.

Tahap I Oriéntasi Modél

1) Muka pangajaran

2) Nepikeun udagan jeung program kagiatan

3) Apersépsi

4) Nataharkeun siswa pikeun diskusi kelompok

5) Medar conto téks éséy

Tahap II Éksplorasi Modél

1) Maca téks babarengan dina kelompok

2) Ngadiskusikeun eusi, ciri, jeung struktur éséy

3) Nepikeun hasil diskusi tiap kelompok

Tahap III Aplikasi Modél

1) Tahap Pranulis:

(19)

b) Nangtukeun poko-poko éséy kana rangka karangan

2) Tahap Nulis

a) Mekarkeun rangka karangan jadi paragraf

b) Nulis draf awal éséy (minimal 3 paragraf)

3) Tahap Pascanulis

a) Mariksa jeung ngaropéa éséy sorangan

b) Nulis draf ahir wacana éséy

Tahap IV Konsékuénsi Modél

1) Tahap Kolaboratif

Mariksa éséy hasil babaturan sakelompok

2) Tahap Tulis-ulang

a) Ngarévisi éséy dumasar kana hasil mariksa babaturan

b) Nulis ulang éséy

3) Tahap Réfléksi

a) Sikep siswa kana prosés diajar

b) Mariksa kamampuh ahir siswa

Sacara gurat badag, aya 6 (genep) léngkah dina modél pangajaran CIRC,

nya éta:

1) guru nangtukeun kelompok nu diwangun ku opat urang siswa sacara

heterogen;

2) guru méré wacana/téks saluyu jeung bahan pangajaran;

3) siswa silih macakeun jeung nangtukeun ide poko tuluy méré pamadegan

kana éta wacana/téks nu ditulis dina lembar jawaban;

4) siswa macakeun hasil gawé kelompok;

5) babarengan siswa jeung guru nangtukeun kacindekan; jeung

(20)

2.1.2.3 Sistem Sosial Kelas

Sistem sosial kelas dina modél CIRC bisa mibanda 6 (genep) ciri, nya éta

(a) kolaborasi, (b) udagan/tujuan, (c) minat/kahayang siswa, (d) pangalaman

siswa, (e) holisme, jeung (f) pangrojong.

Kahiji, kelas nulis kalawan ciri kolaborasi ditandaan ku ayana kagiatan nu

optimal, boh siswa-siswa boh siswa-guru, dina lumangsungna prosés

ngajar-diajar. Salila ieu prosés, guru mibanda peran salaku organisator, fasilitator, jeung

mediator nu nyiptakeun kaayaan komunikasi ngaliwatan prosés kolaborasi

Kadua, ciri udagan/tujuan nyoko kana siswa nu aktif dina kagiatan nulis.

Guru kudu miboga udagan husus dina ahir pangajaran. Naon nu jadi udagan jeung

harepan tina ieu ahir unit jadi dadasar pikeun nangtukeun suksés-henteuna prosés

ngajar-diajar.

Katilu, ciri kahayang/minat nyoko kana topik atawa téma nu matak ngirut

siswa. Dina milih bahan, kahayang siswa kudu jadi bahan tinimbagan nu utama.

Antusiasme jeung rasa senang bisa jadi konci nu utama pikeun kasuksésan prosés

ngajar-diajar.

Kaopat, ciri pangalaman nyoko kana pangalaman siswa nu bakal méré

dorongan nu tangtu dina nulis. Pangalaman siswa nu patali jeung topik/téma bakal

mangaruhan kana prosés ngajar-diajar lantaran bisa jadi modal jeung

kahayang/minat.

Kalima, ciri holisme nyoko kana kagiatan nulis salaku hiji beungkeutan.

Nulis minangka rinéka kaparigelan ngeunaan aturan kosakecap, éjahan, tata

kalimah, jeung paragaraf. Pangajaran nulis nu dipisah-pisah henteu

ngabalukarkeun siswa bisa nulis kalawan gancang, tapi ukur apal ngeunaan nulis

sacara teu lengkep jeung teu fungsional.

Kagenep, pangrojong bakal ngarojong kana kelas nulis nu hadé jeung

komunikatif. Guru kudu ngarojong (méré support) siswa sangkan wani

ngébréhkeun pamadeganana nu saluyu jeung téma/topik tulisan sangkan

komunikasi dina nulis di kelas lumangsung kalawan hadé, lancar, alamiah

(natural) sakumaha komunikasi nu lumangsung di masarakat (Nurjanah dina

(21)

2.1.2.4 Prinsip Réaksi

Pangajaran nulis bisa dilaksanakeun kalawan éféktif upama diatur kalawan

profésional dumasar kana udagan nu geus ditangtukeun jeung siswa bisa aktif

salila éta prosés pangajaran. Rinéka modél nu dilarapkeun dina pangajaran bisa

ngajauhkeun siswa tina rasa bosen. Sajaba ti ngalarapkeun rupa-rupa modél,

ngarojong siswa sangkan aktif ngébréhkeun jeung mekarkeun pamadeganana bisa

nimbulkeun sumanget diajar lantaran siswa teu asa dikurung jeung bébas

nuliskeun nu jadi pamadeganana. Antukna, pangajaran nulis bisa éféktif.

Salila lumangsungna prosés ngajar-diajar, siswa gawé bareng jeung

babaturanana pikeun ngungkulan masalah sacara kooperatif jeung kolaboratif. Ieu

hal ngabalukarkeun siswa miboga kasempetan pikeun méré jeung narima dina hiji

prosés nu tepung gelang pikeun kasaimbangan jeung ngawangun skemata

(struktur kognitif) (Nurjanah dina Sudaryat & Rahman, Ed., 2009: 157-158). Ieu

hal mibanda prinsip yén ngaliwatan pamarekan basa nu gembleng, siswa

dipiharep bisa diajar maca jeung nulis sakumaha diajar nyarita waktu budak, nya

éta diajar kalawan tahapan nu tangtu. Ku kituna, diperlukeun lingkungan diajar nu

komunikatif jeung kolaboratif.

2.1.2.5 Pangaruh Pangajaran (Instructional Effect)

Kaparigelan siswa nu bisa dimekarkeun ngaliwatan ieu pangajaran

ngawengku (a) ngébréhkeun pamadegan, (b) nyusun pamadegan kana rangka

karangan, (c) diskusi, (d) analisis masalah, (e) komunikasi, jeung (f) nyindekkeun.

2.1.3 Nulis

2.1.3.1 Wangenan Nulis

Nulis minangka salasahiji kaparigelan basa nu mibanda sipat produktif

lantaran hasil ahir tina nulis téh mangrupa karya tulis atawa tulisan. Tulisan

kawangun ku wangun jeung eusi. Wangunna mangrupa pedaran, runtuyan,

nepikeun pipikiran ngaliwatan runtuyan kecap jeung kalimah. Demi eusina nya

(22)

(Kuncoro, 2009:25). Ku kituna, harti paling dasar tina nulis téh nya éta nepikeun

pamadegan (Charlie, 2006: 64).

Demi nurutkeun Emilia (2010:13) nulis téh patali jeung manggihan

pamadegan atawa pipikiran, ngaruntuykeun éta pamadegan atawa pipikiran, jeung

nuliskeun ngaliwatan kekecapan anu merenah pikeun ngébréhkeun éta

pamadegan. Nurjanah (2008:7) nétélakeun yén nulis téh nurunkeun

lambang-lambang grafik anu ngagambarkeun gemblengan basa hiji jalma. Saluyu jeung

Charlie (2006:101) nu nyebutkeun yén tulisan téh pipikiran anu ditepikeun

ngaliwatan lambang-lambang. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén nulis téh

minangka jalan pikeun ngébréhkeun pamadegan atawa pipikiran jalma anu

diturunkeun dina wangun lambang-lambang nepi ka gembleng basa hiji jalma.

Dumasar kana pedaran di luhur, bisa disebutkeun hasil nulis téh mangrupa

tulisan. Ieu istilah baris digunakeun pikeun pedaran saterusna.

2.1.3.2 Fungsi jeung Tujuan Nulis

Fungsi utama nulis dumasar kana wangenan nu geus ditétélakeun di luhur

taya lian nya éta pikeun komunikasi. Ngaliwatan nulis, nu nulis bisa nepikeun

naon nu aya dina pipikiranana najan sacara teu langsung. Nulis ogé bisa mantuan

kana tumuwuhna prosés mikir nu kritis. Prosés mikir nu kritis tangtu diperlukeun

dina dunya atikan, hususna ku siswa, lantaran kamampuh mikir sacara kritis bakal

mekarkeun daya persépsi jeung dibutuhkeun pikeun ngungkulan masalah-masalah

nu disasnghareupan. Dina enas-enasna, diajar nulis téh sarua jeung diajar mikir ku

cara nu tangtu (Tarigan, 2008: 22).

Tujuan nulis sorangan bisa diwincik jadi sababaraha rupa, di antarana: (1)

tujuan migawé pancén nya éta nulis nu udaganana pikeun ngaréngsékeun pancén;

(2) tujuan alturistik nya éta tulisan anu tujuanana pikeun ngahibur nu maca nu

disebut ogé wacana kasusastraan; (3) tujuan persuasif nya éta tulisan pikeun

ngayakinkeun kanu maca ngeunaan pamadegan nu diébréhkeun; (4) tujuan

informasional nya éta tulisan anu tujuanana pikeun mere informasi/wawaran; (5)

tujuan ngawanohkeun diri nya éta tulisan anu tujuanana pikeun ngawanohkeun

(23)

tujuan ngawanohkeun diri tapi dideudeul ku ajén-inajén artistik; jeung (7) tujuan

ngungkulan masalah nya éta tulisan anu tujuanana pikeun ngungkulan masalah

anu disanghareupan. (Hartig dina Tarigan, 2008: 25-26)

2.1.3.3 Wangun Tulisan

Dumasar kana wangun jeung eusina, tulisan kabagi jadi dua rupa, nya éta

tulisan fiksi jeung nonfiksi (Romli dina Kuncoro, 2009:25). Fiksi nya éta tulisan

nu dumasar kana imajinasi, lamunan, tapi dumasar kana pipikiran nyata. Ieu

tulisan ditepikeun kalawan ngagunakeun basa anu euyeub ku gaya basa atawa

basa sastra. Anu kaasup kana ieu tulisan kayaning carita pondok, novel, sajak,

jeung sajabana.

Tulisan nonfiksi nya éta tulisan nu dumasar kana data jeung fakta. Eusina

ditepikeun ngagunakeun basa nu écés jéntré tina harti teu ngagunakeun basa sastra

najan aya sababaraha nu némbongkeun „rasa‟ sastra, hususna dina tulisan éséy.

Nu kaasup kana ieu tulisan nya éta reportase, éséy, artikel opini, jeung kolom.

Saéstuna sakabéh tulisan anu aya dina kalawarta, koran, atawa media

séjénna nu teu mangrupa warta bisa disebut artikel. Artikel sorangan mibanda

harti karangan nu aya dina kalawarta, koran, jeung sajabana. Demi nu

ngabédakeunana salasahijina nya éta tempat ditulisna. Sakumaha anu ditétélakeun

ku Komara jeung Subarkan (Kuncoro, 2009: 26):

Jika artikel itu dimuat pada halaman opini, disebut ”artikel opini”. Bila diletakkan di halaman seni, hiburan, atau di majalah, diebut “esai”. Bila diuat

di kolom khusus redaksi, diberi nama “tajuk rencana”, dan jika dimuat sebagai kolom analisis di halaman pertama surat kabar atau kolom pakar di majalah, disebut “kolom”.

Demi nu disebut warta atawa reportase mah nya éta laporan lengkep

atawa interpretative nu mangrupa pemberitaan penyelidikan (investigative

reporting) salaku hasil tina pedaran fakta-fakta (Taufik dina Kuncoro, 2009: 26).

Reportase mibanda tilu tahap, nya éta reportase dasar nu ngahasilkeun berita

(24)

feature), jeung reportase lanjutan ngahasilkeun berita analisis (news analysis)

(Denjaka dina Kuncoro, 2009: 26).

2.1.4 Tulisan Éséy

2.1.4.1 Wangenan jeung Ciri-ciri Éséy

Éséy nya éta tulisan singget nu ngébréhkeun pamadegan panulis ngeunaan

jejer nu tangtu (Kuncoro, 2009:29). Demi nurutkeun Charlie (2006:13) éséy téh

nya éta sebutan pikeun tulisan anu témana aya patalina jeung kasusastraan atawa

budaya jeung miboga ajén luhur (utamana dina jerona nyukcruk téma jeung

kaéndahan basana).

Éséy bisa diwincik jadi 3 (tilu) wincikan, nya éta (1) bubuka anu eusina

kasang tukang informasi nu nétélakeun jejer pedaran jeung panganteur ngeunaan

jejer, (2) body éséy nu medar jejer kalawan gembleng, jeung (3) konklusi anu

medar kacindekan ku cara ngaringkes body éséy atawa nambahan sababaraha

observasi ngeunaan jejer. Demi ngeunaan ukuran éséy, aya nu nyebutkeun bébas,

sedeng, jeung bisa dibaca „sekali duduk‟. Malah nurutkeun Sudaryat & Nurhayati (2006: 56) mah éséy téh sarua jeung paragraf nu medar ngeunaan hiji perkara.

Demi eusi éséy bisa mangrupa analisis atawa pedaran.

2.1.4.2 Wangun jeung Léngkah-léngkah Nulis Éséy

Nurutkeun Duniaesai (Kuncoro, 2009:30), éséy bisa dibédakeun jadi

saperti ieu di handap.

1) Éséy déskriptif nya éta éséy anu tujuanana nyiptakeun gambaran ngeunaan

tempat, manusa atawa barang. Wangun ieu éséy ngawengku gambaran

sacara jero dina runtuyan nu tangtu pikeun mawa pamaca kana visualisasi

jejer.

2) Éséy ékspositori nya éta éséy anu medar jejer. Biasana dideudeul ku

pedaran ngeunaan prosés, ngabandingkeun, maluruh patalina sabab-akibat,

medar ngagunakeun conto, ngabagi tur ngawincik.

3) Éséy naratif nya éta éséy anu ngagambarkeun pipikiran ku cara

dicaritakeun. Kajadian anu dicaritakeun biasana dipedar dumasar kana

(25)

4) Éséy persuasif nya éta éséy anu tujuanana ngarobah pamadegan atawa

ngamotivasi pamaca sangkan ilubiung dina aksi. Ieu éséy biasana mibanda

kesan émosional.

5) Éséy dokuméntatif nya éta éséy nu méré informasi dumasar kana

panalungtikan dina hiji institusi atawa otoritas nu tangtu.

Demi nu jadi léngkah-léngkah dina nulis karangan éséy sakumaha nu

ditétélakeun ku Haerudin (2011: 52), nya éta:

1) ngumpulkeun bahan ku cara maca rupa-rupa buku, koran, majalah, atawa

mun perlu bisa ku wawancara atawa survey;

2) nangtukeun pijuduleun. Judul teu kudu panjang, pondok tapi

ngagambarkeun pasualan anu dipedar;

3) nyusun rangkay karangan sangkan dina medarna mérélé jeung puguh

heula pandeurina; jeung

4) mekarkeun éta rangkay karangan nepi ka jadi karangan anu gembleng.

2.1.5 Analisis Kasalahan Basa

2.1.5.1 Wangenan jeung Watesan Analisis Kasalahan

Analisis atawa analysis nya éta “study of something by examining its

parts” (Oxford, 2011:14). Hartina, analisis téh nya éta proses nalungtik hiji perkara dina wangun wincikanana/bubuk leutikna ku cara ngajén, maluruh atawa

mariksa. Kasalahan nya éta sisi anu cacad tina omongan atawa tulisan. Demi anu

dimaksud kasalahan basa sorangan nya éta „bagian konversasi atawa komposisi nu

méngpar tina sababaraha aturan nu tangtu tina performansi basa nu sakuduna‟

(Dulay dina Tarigan & Tarigan, 2011:126).

Nurutkeun Tarigan & Tarigan (2011:63) dina prak-prakan nganalisis

kasalahan basa téh miboga léngkah-léngkah siga ieu di handap:

1) ngumpulkeun data nu mangrupa kasalahan basa nu dipilampah ku siswa,

bisa tina hasil ulangan, karangan, atawa paguneman,

2) ngaidéntifikasi jeung nglasifikasi kasalahan basa dumasar kana wangun

kasalahanana, kayaning salah dina ucapan, ngawangun kecap, atawa

(26)

3) ngaruntuykeun kasalahan dina tempatna, kasang tukang kasalahan, jeung

méré conto nu bener,

4) ngajelaskeun kasalahan kayaning ngagambarkeun tempat kasalahan,

kasang tukang kasalahan, jeung méré conto nu bener,

5) ngira-ngira atawa nyawang naon baé nu sakirana bakal ngadatangkeun

kasalahan tina basa nu keur dijarkeun, jeung

6) ngalelempeng atawa ngabebener nepi ka ngaleungitkeun kasalahan ku cara

nyusun bahan nu luyu, buku sumber nu hadé, jeung model pangajaran nu

merenah.

Cindekna, analisis kasalahan basa téh nya éta prosés anu dipilampah

pikeun maluruh perkara anu cacad atawa teu merenah dina pamakéan basa

(kompetensi jeung performansi) ngaliwatan léngkah-léngkah nu tangtu. Anu

dimaksud kasalahan basa di dieu nya éta kasalahan basa nu mibanda sipat

sistematis, konsistén tur cacad.

Dina analisis kasalahan basa, geus sakuduna dipaluruh sacara gembleng

tur nyoksrok jero kunaon alesanana éta kasalahan bisa kapilampah ku siswa; boh

performansi (pamakéan) boh kompeténsi (pangaweruh) nepi ka bisa ngawincik

kasalahan sangkan bisa ngarumuskeun piluangeunana. Tapi, dina ieu tulisan,

panulis ukur maluruh kasalahan siswa dina kompeténsi basa, hususna basa tulis,

nu kagambar dina karangan éséy.

2.1.5.2 Wanda Kasalahan Basa

Dina nganalisis kasalahan basa pikeun ieu panalungtikan, panalungtik

ngagunakeun model analisis nu dasarna tina “taksonomi kategori linguistik”

sakumaha nu dipedar ku Tarigan & Tarigan (2011:178). Unsur-unsur anu kaasup

kana taksonomi kategori linguistik téh nya éta:

1) fonologi, anu ngawengku omongan pikeun basa lisan, jeung éjahan pikeun

basa tulis;

2) morfologi, anu ngawengku prefiks, infiks, sufiks, konfiks, simulfiks, jeung

kecap rajékan;

(27)

4) léksikal atawa pilihan kecap.

Kasalahan léksikal nya éta kasalahan dina pamakéan kecap anu henteu

atawa kurang merenah (Tarigan & Tarigan, 2011:185). Anu kaasup kana

kasalahan léksikal sajaba ti pilihan kecap (diksi) téh nya éta gejala hiperkorék,

gejala pléonasme, jeung ambiguitas. Pikeun kabutuhan ieu tulisan, ngan ukur

gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme nu baris dipedar.

2.1.5.3 Gejala Hiperkorék

Nurutkeun Pernis dina Yunengsih (2008: 14) gejala hiperkorék atawa over

elegant téh nya éta prosés ngawangun nu bener di satukangeun nu bener. Hartina,

kecap anu geus bener tuluy dibebener deui nu antukna jadi salah. Ieu gejala

némbongkeun hal anu salah, boh dina ucapan boh dina éjahan.

Gejala hiperkorék bisa karandapan ku pamaké basa, kaasup pamaké basa

Sunda. Ieu gejala téh utamana dibalukarkeun ku kurangna pangaweruh basa nu

makéna. Dina basa Sunda sorangan mémang aya istilah varian bébas (alternan)

nya éta variasi tina cara ngucapkeun sora basa ku sora basa séjénna dina distribusi

kompleméntér (Sudaryat, 2010:80). Ieu variasi biasana ditangtukeun ku

lingkungan artikulasi nu sarua, najan hartina mah teu robah jeung bisa dilarapkeun

boh kana vokal (bagentén vokal) boh kana konsonan (bagentén konsonan).

Nurutkeun Sudaryat (2010:80-82), varian bébas (alternan) dina basa Sunda

téh mibanda pola kayaning ieu di handap.

1) Varian Bébas atawa Bagentén Vokal

(a) Vokal /u/ baganti jeung vokal /o/, /e/, jeung /a/. Contona:

/u/ - /o/ : /surung/  /sorong/

/u/ - /e/ : /pungkur/  /pengker/

/u/ - /a/ : /sebut/  /sebat/

(b) Vokal /a/ baganti jeung vokal /i/, /é/, jeung /u/. Contona:

/a/ - /i/ : /utama/  /utami/

/a/ - /é/ : /begang/  /begéng/

(28)

(c) Vokal /i/ baganti jeung vokal /é/. Contona:

/i/ - /é/ : /itung/  /étang/

(d) Vokal /eu/ baganti jeung vokal /e/ jeung /é/. Contona:

/eu/ - /e/ : /heueuh/  /heeh/

/eu/ - /é/ : /ceuk/  /cék/

(e) Vokal /o/ baganti jeung vokal /é/. Contona:

/o/ - /é/ : /nongtot/  /néngtét/

2) Varian Bébas atawa Bagentén Konsonan

(a) Konsonan /b/ baganti jeung konsonan /w/, /r/, jeung /h/. Contona:

/b/ - /w/ : /belas/  /welas/

/b/ - /r/ : /babut/  /rabut/

/b/ - /h/ : /banjat/  /hanjat/

(b) Konsonan /p/ baganti jeung konsonan /k/. Contona:

/p/ - /k/ : /pompa/  /kompa/

(c) Konsonan /c/ baganti jeung konsonan /j/ jeung /w/. Contona:

/c/ - /j/ : /carang/  /jarang/

/c/ -/w/ : /caringin/  /waringin/

(d) Konsonan /k/ baganti jeung konsonan /g/ jeung /r/. Contona:

/k/ - /g/ : /kumasép/  /gumasép/

/k/ - /r/ : /waka/  /wara/

(e) Konsonan /h/ baganti jeung konsonan /s/. Contona:

/h/ - /s/ : /heug/  /seug/

(29)

(f) Konsonan /r/ baganti jeung konsonan /d/, /l/, /c/, jeung /b/. Contona:

/r/ - /d/ : /iser/  /ised/

/r/ - /l/ : /raris/  /laris/

/r/ - /c/ : /ragap/  /cagap/

/r/ - /b/ : /ruhun/  /buhun/

Pola-pola variasi di luhur némbongkeun yén basa Sunda beunghar ku

variasi jeung kandaga kecap. Tapi, teu salawasna variasi nu aya téh bener atawa

kaasup kana hiperkorék Kayaning dina konsonan /s/ - /sy/ dina kecap /masarakat/

 /masyarakat/, /sarat/  /syarat/, jeung /surga/  /syurga/. Kitu ogé dina vokal /eu/ - /é/ dina kecap /nguseup/  /ngusép jeung /eu/ - /e/ dina kecap /taneuh/ 

/taneh/. Ku kituna, upama aya parobahan atawa variasi sora basa ku sora basa

séjén nu teu luyu jeung pola nu geus aya jeung ngabalukarkeun harti anu béda

atawa jadi teu mibanda harti, najan padeukeut artikulasina, bisa kaasup kana

hiperkorék.

2.1.5.4 Gejala Pléonasme

Pleonasmus (basa Latin) atawa pléonasme mibanda harti kecap anu

kaleuwihan. Upama dina gaya basa, pléonasme disebut gaya basa kadalon. Gaya

basa kadalon nya éta rakitan basa anu ngagunakeun kecap-kecap pikeun

ngébréhkeun maksud atawa pikiran leuwih tina mistina. Anu geus diécéskeun

diécéskeun deui (Sudaryat, 2010:130).

Upama disawang tina gaya basa, pléonasme teu jadi masalah lantaran geus

jadi rakitan basa nu matok. Tapi, upama disawang tina perkara kaéféktifan basa,

hususna pikeun siswa nu keur diajar basa, hadéna gejala pléonasme téh

disingkahan. Lantaran teu sakabéh basa nu mibanda pléonasme bisa digolongkeun

kana gaya basa, tapi kagolong kana klausa atawa kalimah anu teu éféktif.

Nurutkeun Subaker dina Supeksa (2010) aya 3 (tilu) rupa anu kagolong kana

pléonasme, nya éta:

(30)

- silih pateunggeul-teunggeul  silih teunggeul, pateunggeul-teunggeul

- sangkan supaya lulus  sangkan lulus, supaya lulus

2) Pamakéan kecap kadua nu teu diperlukeun deui lantaran geus kawakilan ku

kecap saméméhna. Contona:

- Manéhna tungkul ka handap, nempo kana indung sukuna.

kuduna

- Manéhna nempo ka handap kana indung sukuna.

atawa

- Manéhna tungkul nempo indung sukuna.

3) Kecap jamak anu dituliskeun dua kali. Contona:

- para bapa-bapa sareng ibu-ibu  para bapa sareng ibu, bapa-bapa

sareng ibu-ibu

- sababaraha sumber-sumber sajarah  sababaraha sumber,

sumber-sumber sajarah

2.2 Raraga Mikir

Dumasar kana ulikan téori di luhur, modél pangajaran CIRC téh luyu

upama dilarapkeun dina pangajaran basa kaparigelan nulis. Nulis éséy minangka

kaparigelan nu kudu diacangking ku siswa. Demi masalah anu disanghareupan ku

siswa dina nulis éséy téh lain ukur perkara struktur tulisanana, tapi ogé dina

perkara kaéféktifan kalimah, hususna dina wanda kasalahan léksikal; gejala

hiperkorék jeung gejala pléonasme. Nepi ka ayeuna, can aya panalungtikan nu

medar perkara kaéféktifan kalimah nu diungkulan ku modél pangajaran CIRC.

2.3 Hipotésis

1) Hipotésis Nol

H0; µ1 = µ2 hartina modél pangajaran CIRC téh henteu éféktif pikeun

digunakeun dina pangajaran nulis éséy siswa.

2) Hipotésis Alternatif

H1; µ1 ≠ µ2 hartina modél pangajaran CIRC téh éféktif pikeun

(31)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Jejer Panalungtikan

Ieu panalungtikan lumangsung di SMAN 6 Bandung nu perenahna aya di

jalan Pasir Kaliki nomer 56. Demi nu jadi subjék panalungtikanana nya éta siswa

kelas XII nu jumlahna 328 urang. Tina éta populasi ditangtukeun sampel nu

dipilih sacara acak kalawan jumlah 43 urang atawa sakelas. Ieu jumlah sampel

dipilih kalawan tinimbangan dianggap cukup pikeun ngawakilan populasi jeung

dina sakelas sangkan waktu panalungtikan leuwih éféktif.

3.2 Métode jeung Désain Panalungtikan

Nurutkeun Campbell & Stanley (Arikunto, 2010: 123), sacara gurat badag

aya dua métode panalungtikan dumasar kana hadé goréngna ékspérimén atawa

sampurna henteuna ékspérimén; (1) pre experimental design jeung (2) true

experimental design. Pre experimental design atawa ilahar disebut quasi

experiment dianggap ékspérimén nu can nyumponan kana katangtuan ilmiah,

najan kitu ieu métodé téh masih bisa digunakeun.

Métode kuasi ékspérimén miboga 3 (tilu) rupa désain panalungtikan, nya

éta (1) One shot case study, (2) Pre test and Post test, jeung (3) Static group

comparison (Arikunto, 2010: 123). Demi dina ieu panalungtikan digunakeun

désain pre test and post test kalawan pola panalungtikan:

01 X 02

Dumasar kana ieu désain, obsérvasi dilakukeun 2 (dua) kali, nya éta

saméméh treatment/perlakuan nu disebut pretest/pratés, jeung obsérvasi nu

dilakukeun sabada treatment/perlakuan nu disebut posttest/postés. Ieu désain

(32)

3.3 Wangenan Operasional

(1) Modél pangajaran Cooperative Integrated Reading and Composition (CIRC)

nya éta salasahiji modél pangajaran nu luyu pikeun digunakeun dina prosés

pangajaran basa kaparigelan nulis atawa maca.

(2) Kasalahan léksikal gejala hiperkorék nya éta kasalahan pamakéan kecap alatan

kecap anu geus bener tuluy dibebener deui nu antukna jadi salah,

(3) Kasalahan léksikal gejala pléonasme nya éta kasalahan pamakéan kecap nu

leuwih tina mistina, nu geus écés diécéskeun deui. Ieu kasalahan raket patalina

jeung éfétivitas pamakéan basa.

(4) Éséy nya éta salasahiji wangun tulisan nonfiksi nu medar hiji perkara kalawan

singget tur saulas. Masalah atawa jejer pedaran éséy gumantung kana kamahér

atawa kasang tukang kaahlian nu nulisna.

3.4 Instrumén Panalungtikan 3.4.1 Lembar Tés

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés dina wangun

lembar soal éséy/uraian. Ieu tés digunakeun pikeun mikaweruh kamampuh siswa

dina nulis éséy waktu pretest jeung posttest. Waktu pretest ngagunakeun lembar

soal saperti ieu di handap:

Jieun éséy kalawan téma kapahlawanan dina kertas nu geus disadiakeun!

Gunakeun basa nu luyu tur merenah jeung struktur nulis éséy nu bener!

Demi pikeun posttest, digunakeun lembar soal:

1. Baca conto karangan éséy ieu di handap kalawan gemet!

2. Tuliskeun kekecapana anu teu merenah (pléonasme jeung hiperkorék) dina

éta karangan!

(33)

3.4.2 Kartu Data Sumber (KDS)

Sajaba ti lembar tés di luhur, intrumén séjén anu digunakeun dina ieu

panalungtikan nya éta kartu data sumber (KDS). KDS digunakeun pikeun nyalin

sakumna kasalahan léksikal nu aya dina sumber data, boh data pretest boh data

posttest, sangkan kasalahan léksikal tulisan éséy siswa saméméh jeung sabada

ngagunakeun modél pangajaran CIRC bisa dipaluruh. Ieu KDS téh ngawengku:

(1) nomer sumber data; (2) nomer paragaraf; jeung (3) nomer kalimah nu mibanda

kasalahan léksikal. Sangkan leuwih jéntré, conto kartu data kagambar siga ieu di

handap.

Conto Kartu Data Sumber

(KDS/A8/4/2)

Wangun nu salah : basa mangsa harita

Kuduna : - basa harita

- mangsa harita

Demi léngkah-léngkah pamakéan éta KDS téh, nya éta:

1) nganomeran unggal tulisan kalawan format:

a) A1, A2, A3, jst. pikeun tulisan hasil tina pratés, jeung

b) B1, B2, B3, jst. pikeun tulisan hasil tina postés;

2) maca tulisan siswa kalawan gemet; jeung

3) nandaan unggal kasalahan jeung ngasupkeun kana kartu data sakumaha

format di luhur.

3.4.3 Instrumén Penilaian

Dua instrumén di luhur, digunakeun pikeun nalungtik kamampuh nulis

éséy siswa jeung pikeun nalungtik kasalahan léksikal naon waé nu

karandapanana, demi pikeun peunteun nu ngawengku aspék nulis éséy sacara

gembleng dibutuhkeun instrumén panalungtikan séjén. Ku kituna, instrumén

atawa pedoman meunteun/penilaian éséy bisa dipedar ngaliwatan tabél ieu di

(34)

Tabél 3.1 Pedoman Meunteun Éséy Pratés atawa Postés

No. Aspék anu dipeunteun Skala Peunteun Skor

3 2 1 0

1. Aktualisasi topik

2. Téknik mekarkeun tulisan

3. Éjahan jeung tanda baca

4. Kasalahan Léksikal

5. Diksi

Jumlah Skor

Peunteun

Katerangan Pedoman Meunteun Éséy.

1) Aktualiasi topik

Skor 5 = Topik anu dipatalikeun aktual pisan

Skor 4 = Topik anu dipatalikeun aktual

Skor 3 = Topik anu dipatalikeun cukup aktual

Skor 2 = Topik anu dipatalikeun kurang aktual

Skor 1 = Topik anu dipatalikeun henteu aktual

2) Téknik mekarkeun tulisan

Skor 5 = Téknik muka éséy jeung kohérénsi antar paragrafna hadé pisan

Skor 4 = Téknik muka éséy jeung kohérénsi antar paragrafna hadé

Skor 3 = Téknik muka éséy jeung kohérénsi antar paragrafna cukup

hadé

Skor 2 = Téknik muka éséy jeung kohérénsi antar paragrafna kurang

hadé

Skor 1 = Téknik muka éséy jeung kohérénsi antar paragrafna henteu

hadé

3) Éjahan jeung tanda baca

(35)

Skor 4 = Aya 1-4 éjahan jeung/atawa tanda baca nu salah

Skor 3 = Aya 5-8 éjahan jeung/atawa tanda baca nu salah

Skor 2 = Aya 9-11 éjahan jeung/atawa tanda baca nu salah

Skor 1 Leuwih ti 11 éjahan jeung/atawa tanda baca nu salah

4) Kasalahan léksikal (gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme)

Skor 5 = Henteu aya kasalahan léksikal

Skor 4 = Aya 1-4 kasalahan léksikal

Skor 3 = Aya 5-8 kasalahan léksikal

Skor 2 = Aya 9-11 kasalahan léksikal

Skor 1 Aya leuwih ti 11 kasalahan léksikal

5) Diksi

Skor 5 = Nyusun kalimahna kompléks tur merenah, pilihan kecap

saluyu jeung eusi éséy

Skor 4 = Nyusun kalimahna basajan tur merenah, pilihan kecap saluyu

jeung eusi éséy

Skor 3 = Nyusun kalimahna cukup merenah, pilihan kecap henteu

saluyu jeung eusi éséy

Skor 2 = Nyusun kalimahna kurang merenah, pilihan kecap kurang

saluyu jeung eusi éséy

Skor 1 = Nyusun kalimahna henteu merenah, pilihan kecap henteu

saluyu jeung eusi éséy

Skor anu kahontal ku siswa dumasar kana pedoman di luhur, dirobah jadi skor

ahir (peunteun) kalawan rumus:

Peunteun nu dicangking ku siswa digunakeun pikeun nangtukeun tingkat

signifikasi jeung ngagolongkeun kamampuh siswa kalawan kategori:

(36)

2) peunteun 21-40 = kurang,

3) peunteun 41-60 = sedeng;

4) peunteun 62-80 = alus; jeung

5) peunteun 81-100 = alus pisan (Riduwan & Sunarto, 2009:23).

Sangkan leuwih jéntré, peunteun siswa bisa ditabulasikeun saperti ieu di

handap.

Tabél 3.2 Peunteun Pratés atawa Postés

No. Aspék anu dipeunteun Ʃ P K

AT TM ÉT KL D

Katerangan:

AT = Aktualisasi Topik

TM = Téknik Mekarkeun Tulisan

ÉT = Éjahan jeung Tanda baca

KL = Kasalahan Léksikal

D = Diksi

Ʃ = Total Skor

P = Peunteun (Skor Ahir)

K = Kategori

3.5 Téknik Ngumpulkeun Data

Téknik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan

nya éta téknik tés tulis. Tés tulis dipilih alatan dianggap mampuh maluruh

kamampuh siswa dina nulis éséy, hususna dina kasalahan léksikal.

Léngkah-léngkah pikeun ngumpulkeun data nya éta ngaliwatan pretest jeung posttest. Ieu

(37)

tulisan eséy siswa. Léngkah saterusna nya éta ngumpulkeun atawa nyieun daptar

kasalahan léksikal tina tulisan éséy siwa ngagunakeun kartu data sumber (KDS).

3.6 Téknik jeung Prosedur Ngolah Data

Téknik anu digunakeun pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta

téknik Analisis Kesalahan Berbahasa Indonesia (AKBI) nu ditepikeun ku Tarigan

& Tarigan (2011: 178). Najan kitu, éta téknik téh teu dilarapkeun sagemblengna,

tapi diropéa ku panalungtik dumasar kana kabutuhan ieu panalungtikan. Jadi,

téknik anu digunakeun téh ngaliwatan prosedur atawa léngkah-léngkah saperti ieu

di handap:

1) nganomeran unggal tulisan kalawan format:

a) A1, A2, A3, jst., pikeun sumber data pretest

b) B1, B2, B3, jst., pikeun sumber data posttest;

2) maca tulisan siswa kalawan gemet;

3) nandaan unggal kasalahan jeung ngasupkeun kana kartu data;

4) nyieun klasifikasi kasalahan léksikal dina gejala hiperkorék jeung gejala

pléonasme boh dina pretest boh dina posttest; jeung

5) ngabandingkeun kasalahan léksikal nu karandapan ku siswa saméméh

treatment (pretest) jeung sabada treatment (posttest).

Téknik di luhur digunakeun pikeun maluruh kasalahan léksikal tulisan éséy siswa,

demi pikeun nangtukeun aya atawa henteuna pangaruh treatment kana kamampuh

nulis siswa, diperlukeun peunteun pikeun tiap tulisan ngagunakeun instrumén

penilaian sakumaha nu dipedar di luhur. Sabada éta prosedur, peunteun pratés

jeung postés diasupkeun kana tabél saperti ieu di handap.

Tabél 3.3 Daptar Peunteun Pratés jeung Postés

No. Ngaran Siswa Pratés Postés

Éta tabél di luhur diperlukeun pikeun mikaweruh signifikasi hasil ékspérimén nu

(38)

Ʃ

kalawan katerangan:

t = tés signifikasi;

Md = mean tina béda pratés jeung postés (postés-pratés);

Xd = déviasi masing-masing subjék (d-Md);

Ʃx2d = jumlah kuadrat déviasi; N = subjék dina sampel; jeung

d.b. = ditangtukeun ku N-1 (Arikunto, 2010: 349-350).

Éta rumus tés signifikasi di luhur téh digunakeun pikeun nangtukeun

ditarima-henteuna hipotésis kalawan katangtuan:

a) lamun titung > ttabél, hipotésis ditarima, hartina modél pangajaran CIRC téh

éféktif pikeun digunakeun dina pangajaran nulis éséy siswa; jeung

lamun titung < ttabél, hipotésis ditolak, hartina modél pangajaran CIRC téh henteu

(39)

BAB IV

DÉSKRIPSI JEUNG HASIL ANALISIS PANALUNGTIKAN

4.1 Léngkah-léngkah Modél CIRC dina Pangajaran Nulis Éséy

Léngkah-léngkah modél CIRC dina pangajaran nulis éséy dipedar saperti

ieu di handap.

1) Tahap Ngararancang

Ilaharna tahap ngararancang pikeun tiap kagiatan ngajar-diajar tangtuna

nyusun Rencana Pelaksanaan Pengajaran atawa RPP. RPP lir ibarat kompas nu

nangtukeun rék dibawa kamana prosés kagiatan ngajar-diajar nu bakal

dilaksanakeun. RPP medar prosedur pangajaran ti awal pangajaran nepi ka ahir

kaasup udagan naon waé nu hayang dihontal tina éta kagiatan. Najan kitu, guru

miboga hak pikeun ngarobah téknis lumangsungna diajar gumantung kana

kaayaan nu keur lumangsung. Sacara gembleng, RPP pikeun kagiatan nu bakal

dilaksanakeun aya dina lampiran.

2) Tahap Prosés

Tahap prosés minangka tahap inti dina kagiatan diajar-ngajar nu nyoko

kana RPP nu geus disusun dina tahap saméméhna. Ieu tahap bisa diwincik jadi

sababaraha kagiatan saperti ieu di handap.

a) Kagiatan Awal

Dina kagiatan awal pangajaran, ilaharna guru ngamimitian atawa muka

pangajaran ku ngucapkeun salam jeung mariksa kahadiran siswa. Sabada guru

bisa mastikeun yén siswa geus bisa museurkeun paniténna, guru neruskeun kana

nepikeun udagan jeung program kagiatan nu bakal dilaksanakeun. Éta pedaran

ngeunaan udagan jeung program kagiatan téh dideudeul ku apersepsi ngeunaan

pangajaran dina éta program. Ieu kagiatan awal tuluy dipungkas ku ngondisikeun

siswa pikeun diskusi nya éta ngabagi siswa kana sababaraha kelompok nu geus

(40)

b) Kagiatan Inti

Kagiatan inti saéstuna jadi puseur tina sakabéh runtuyan kagiatan

diajar-ngajar. Ieu prosés jadi acuan utama dina nangtukeun suksés-henteuna ieu

kagiatan. Ieu kagiatan bisa diwincik deui jadi sababaraha runtuyan kagiatan

saperti ieu di handap.

(a) Éksplorasi

Dina ieu tahap, siswa diperedih pikeun nangtukeun ciri-ciri éséy dumasar

kana conto nu ditepikeun ku guru. Sabada siswa paham kana ciri-cirina,

diteruskeun kana nangtukeun topik éséy nu rék ditulis. Topikna sorangan

ditangtukeun ku guru dumasar kana SKKD, nya éta ngeunaan kapahlawanan.

Sabada topik ditangtukeun, siswa nyusun rarancang tulisan mangrupa poin-poin

atawa poko-poko éséy.

(b) Élaborasi

Sabada tahap éksplorasi di mana siswa maluruh ciri-ciri jeung

ngararancang éséy, dina ieu tahap siswa geus kudu mekarkeun éta rarancang jadi

hiji tulisan nu gembleng nu nyoko kana aturan panulisan éséy sakumaha ciri-ciri

nu geus dipipaham, kaasup aturan pamakéan basa, kohérénsi antar paragraf, jeung

nyaluyukeun topik nu dipilih jeung topik atawa kaayaan nu keur lumangsung

aktual.

Sabada siswa nulis éséy sacara gembleng (draf awal), siswa tuluy

diperedih sangkan mariksa kasalahan léksikal nu aya dina tulisanana, hususna

dina gejala hiperkorék jeung pléonasme. Ieu prosés téh minangka puseur kagiatan

tina sakabéh runtuyan prosés kagiatan diajar-ngajar. Salila ieu prosés lumangsung,

guru mibanda peran salaku narasumber, fasilitator, jeung motivator pikeun

nerangkeun naon waé nu kaasup kana kasalahan léksikal.

(c) Konfirmasi

Dina ieu kagiatan, siswa medar hasil tulisanana nu geus diropéa di

hareupeun kelas. Sajaba ti éta, siswa nepikeun naon waé kasalahan léksikal nu

kapanggih salila prosés ngaropéa tadi. Dina ieu tahap ogé guru medar leuwih jero

(41)

c) Kagiatan Ahir

Kagiatan ahir tina tahap prosés nya éta siswa ngajawab soal-soal anu patali

jeung éséy saméméh évaluasi ahir (postés) dilaksanakeun. Ieu hal diperlukeun

pikeun ngeuyeuban kaweruh siswa ngeunaan éséy sacara gembleng. Sajaba ti éta,

siswa diperedih sangkan ngalarapkeun pangaweruhna ngeunaan kasalahan

léksikal dina kahirupan sapopoéna, utamana dina basa tulis.

3) Tahap Évaluasi

Tahap évaluasi dina ieu panalungtikan kabagi jadi dua, nya éta évaluasi

awal (pratés) jeung évaluasi ahir (postés).

a) Évaluasi Awal (Pratés)

Pratés nya éta évaluasi awal nu dilaksanakeun pikeun maluruh kamampuh

awal siswa dina nulis éséy. Dina ieu tés, siswa diperedih nulis éséy kalawan topik

nu geus ditangtukeun, topik kapahlawanan, tanpa dibéré heula treatment atawa

pangajaran ngagunakeun modél CIRC. Hasil pratés dipeunteun tuluy hasilna

dijadikeun peunten awal.

b) Évaluasi Ahir (Postés)

Postés nya éta évaluasi ahir nu dilaksanakeun pikeun maluruh kamampuh

ahir siswa dina nulis éséy. Dina ieu tés, siswa nulis deui éséy kalawan topik anu

sarua jeung postés sabada ngalaman treatment atawa pangajaran ngeunaan éséy

jeung kasalahan léksikal nu ngangunakeun modél CIRC. Hasil postés dijadikeun

peunteun ahir siswa nu satuluyna dibandingkeun jeung peunteun awal pikeun

nangtukeun sakumaha parobahan kamampuh nu dialaman ku siswa.

Sacara gurat badag, léngkah-léngkah pangajaran kasalahan léksikal nulis

éséy bisa diwincik saperti ieu di handap.

1) Guru nangtukeun kelompok nu diwangun ku tilu nepi opat urang siswa

sacara hétérogén, hartina guru ngabagi jumlah siswa nu aya kana 11

kelompok.

2) Guru méré wacana/téks éséy kalawan téma kapahlawanan pikeun dibaca

(42)

3) Siswa silih macakeun jeung nangtukeun ide poko tuluy méré pamadegan

kana éta wacana/téks nu ditulis dina lembar jawaban, sajaba ti éta siswa

nangtukeun kecap jeung kalimah anu kaasup kana gejala hiperkorék jeung

pléonasme.

4) Siswa macakeun hasil gawé kelompokna di hareupeun kelas.

5) Guru jeung siswa nyindekkeun ngeunaan éséy jeung kasalahan léksikal

babarengan.

6) Guru macakeun kacindekan ngeunaan pasualan-pasualan anu mindeng

karandapan ku siswa dina nulis éséy jeung ngeunaan kasalahan léksikal.

Salila pangajaran lumangsung, guru miboga peran salaku fasilitator,

motivator, jeung narasumber. Hadéna, siswa dibarengan ku kamus salila ieu

prosés lumangsung pikeun nangtukeun cara panulisan kekecapan Sunda nu bener,

tapi lantaran kawatesanan ku alokasi waktu PBM, ahirna guru jadi sumber

tunggal.

4.2 Kasalahan Léksikal dina Tulisan Éséy Siswa

4.2.1 Kasalahan Léksikal dina Tulisan Éséy Siswa Saméméh Ngagunakeun CIRC (Pratés)

Kasalahan léksikal anu karandapan ku siswa dina nulis éséy saméméh

ngagunakeun CIRC ébréh dina ieu tabél di handap.

Tabél 4.1 Data Kasalahan Léksikal Pratés Siswa

No. Data Kasalahan Gejala %

H P

(1) (2) (3) (4) (5)

1. akhirna (KDS/A5/1/5; KDS/A5/1/6; KDS/A7/3/5) 3 12%

2. cerai jeung papisah (KDS/A5/1/2) 1 4%

3. khusus (KDS/A1/3/2; KDS/A1/3/9; KDS/A3/4/3;

KDS/A4/1/1; KDS/A4/2/1; KDS/A4/2/3/;

KDS/A4/3/2)

(43)

(1) (2) (3) (4) (5)

ngabunuh Pa Otto jeung dibunuh di Tangerang

(KDS/A7/3/5)

ngajaga bangsa ieu jeung ngamajukeun bangsa ieu

(KDS/A7/5/2)

ngan dianggo kanggo maén game (KDS/A2/2/4)

para kaum istri (KDS/A3/1/4)

susulumputan ngagerilya (KDS/A11/1/1)

teu asal ngomong kamana-mana (KDS/A11/2/2)

tos seueur nu tos dilakukeun (KDS/A1/3/6)

yeun (KDS/A2/1/2; KDS/A2/2/4)

ngarandapan salah. Pola kasalahanana aya 2 (dua), nya éta; (a) /ft/  /fr/ (foném

tunggal jadi foném rangkep) jeung (b) /ft/  /ft/ (foném tunggal jadi foném

Contona: (1) /ahirna/  /akhirna/ (KDS/A5/1/5)

(3) /husus/  /khusus/ (KDS/A1/3/2)

(b) Pola Ib: GH = /é/  /eu/

(44)

2) Pola II: GH : /ft/  /ft/

Pola II: GH : /j/  /z/

Contona: (13) /jaman/  /zaman/ (KDS/A4/1/2)

Ditilik tina kasalahan hiperkorék anu karandapan ku siswa di luhur,

kamungkinan éta kasalahan téh alatan kurangna pangaweruh léksikon Sunda

siswa atawa kapangaruhan tina basa Indonésia. Dua conto di luhur bisa

ngabuktikeun yén pangaweruh léksikon basa Indonésia mangaruhan kana basa

Sunda. Sajaba ti éta, bisa jadi siswa teu apal aturan nulis dina basa Sunda alatan

can aya guru nu ngabéjaan nu sabenerna.

Demi dina gejala pléonasme, aya 9 (salapan) kali siswa ngarandapan salah

kalawan mibanda pola (a) sama‟na safungsi jeung (b) sama‟na.

1) Pola Sama‟na Safungsi

Kasalahan gejala pléonasme sama‟na safungsi karandapan waktu aya kecap anu geus disebutkeun tuluy disebutkeun deui sanajan ma‟na jeung fungsina

sarua. Contona:

(a) (7) ngan dianggo kanggo maén game (KDS/A2/2/4)

(b) (11) tos seueur nu tos dilakukeun (KDS/A1/3/6)

Dina klausa ngan dianggo kanggo maén game, aya kecap dianggo jeung

kanggo nu saéstuna éta kecap téh mibanda ma‟na jeung fungsi nu sarua. Kitu ogé

dina klausa tos seueur nu tos dilakukeun, aya kecap tos nu ditulis dua kali. Éta dua

klausa saéstuna bisa dituliskeun dina wangun anu leuwih éféktif saperti ieu di

handap:

(a) ngan dianggo maén game

atawa

ngan kanggo maén game

(b) tos seueur nu dilakukeun

Referensi

Dokumen terkait

Pendidikan Karakter Di Tk Al-Azhar Syifa Budi Parahyangan Universitas Pendidikan Indonesia |

PENERAPAN PENDEKATAN REALISTIC MATHEMATICS EDUCATION (RME) UNTUK MENINGKATKAN HASIL BELAJAR SISWA KELAS IV SEKOLAH DASAR.. U niversitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

[r]

Kegagalan untuk memberikan pelayanan profesional dan melakukan pada ukuran tingkat keterampilan dan kepandaian yang wajar di dalam masyarakatnya oleh teman sejawat rata-rata dari

Implementasi rencana strategik di sekolah dasar negeri se- Kecamatan Sukasari Kota Bandung sudah berjalan dengan sangat baik, namun dalam pelaporan anggaran

Pada penelitian ini telah dilakukan analisis kecelakaan pada kecelakaan mutakhir di pabrik tahu sepanjang tahun 2003 hingga 2005; yaitu kecelakaan pabrik tahu di Denpasar (Juni

Domain yang dipilih adalah mengenai cara-tujuan, yaitu membiasakan siswa untuk berinteraksi sosial dengan teman-teman agar memiliki sosialisasi yang baik adalah cara agar anak

[r]