• Tidak ada hasil yang ditemukan

KUALITAS SOAL TES SUMATIF PELAJARAN BAHASA SUNDA DI MTS SIRNAMISKIN TAHUN AJARAN 2012/2013.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "KUALITAS SOAL TES SUMATIF PELAJARAN BAHASA SUNDA DI MTS SIRNAMISKIN TAHUN AJARAN 2012/2013."

Copied!
34
0
0

Teks penuh

(1)

KUALITAS SOAL TÉS SUMATIF PANGAJARAN BASA SUNDA DI MTs SIRNAMISKIN TAUN AJARAN 2012/2013

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat Ujian Sarjana Pendidikan Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Devi Meylani Sutarjat NIM 0908959

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

Kualitas Soal Tés Sumatif Pangajaran

Basa Sunda di MTs Sirnamiskin

Taun Ajaran 2012/2013

Oleh

Devi Meylani Sutarjat

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Devi Meylani Sutarjat 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Desember 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Lembar Pengesahan Skripsi DEVI MEYLANI SUTARJAT

NIM 0908959

KUALITAS SOAL TÉS SUMATIF PANGAJARAN BASA SUNDA DI MTs SIRNAMISKIN TAUN AJARAN 2012/2013

DISALUYUAN JEUNG DISAHKEUN KU: Pangaping I,

Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. NIP. 195901191986011001

Pangaping II,

Hernawan, S.Pd., M.Pd. NIP. 197810202003121001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

KUALITAS SOAL TES SUMATIF PELAJARAN BAHASA SUNDA DI MTS SIRNAMISKIN TAHUN AJARAN 2012/20131)

Devi Meylani Sutarjat2) devimeylani22@ymail.com

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh masalah di lapangan, yaitu kurang terperhatikannya kualitas soal tes yang bagus. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan kualitas soal tes sumatif atau soal UAS semester ganjil di MTs Sirnamiskin. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Selain itu métode khusus yang digunakan ialah statistik deskriptif dan inferensial. Populasi penelitian ini yaitu seluruh soal UAS dan lembar jawaban siswa semester ganjil di MTs Sirnamiskin, sedangkan sampel yang diambil adalah semua soal UAS dan lembar jawaban siswa kelas VII 4, VIII 1, dan IX 2. Untuk mengetahui kualitas soal tés sumatif ini dilakukan analisis validitas isi, reliabilitas, tingkat kesukaran soal, dan tingkat daya pembeda soal. Dari hasil analisis kualitas tersebut, diperoleh data sebaga berikut: tingkat validitas isi soal tés sumatif basa Sunda di MTs Sirnamiskin yaitu cukup valid artinya cukup sesuai dengan 6 aspék analisis yaitu indikator, matéri ajar, bahasa yang komunikatif, serta kualitas stém dan alternatif jawaban untuk soal pilihan ganda. Reliabilitas soal tés sumatif termasuk cukup reliabel, karena hasilnya untuk soal pilihan ganda masing-masing dari kelas VII, VIII, dan IX adalah (0,619), (0,667), dan (0,603), sedangkan untuk bentuk esay yaitu (0,17), (0,54), dan (0,54). Tingkat kesukaran soal menunjukkan bahwa soal tés sumatif basa Sunda di MTs Sirnamiskin proporsinya tidak rata, soal mudah sangat banyak sedangkan soal sulit sangat sedikit. Tingkat daya pembeda soal UAS hasilnya adalah cukup, dikarenakan soal yang memenuhi kritéria daya pembeda soal masing-masing untuk kelas VII dan VIII sama yaitu untuk bentuk pilihan ganda 35%, bentuk esay 40%, sedangkan untuk soal kelas IX masing-masing bentuk soal yaitu pilihan ganda dan esay memiliki tingkat daya pembeda 37,5% dan 40%. Berdasarkan hasil analisis data tersebut, dapat disimpulkan bahwa kualitas soal tes sumatif basa Sunda semester ganjil di MTs

Sirnamiskin taun ajaran 2012/2013 yaitu “cukup”. Untuk itu guru sebaiknya

memperhatikan pembuatan kualitas soal serta mengadakan analisis butir soal sehingga soal-soal yang berkualitas dapat dipergunakan kembali.

Kata kunci: Kualitas Soal dan Tes Sumatif

1) Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Hernawan, S.Pd., M.Pd.

2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung angkatan 2009

(5)

QUALITY SUMMATIVE TEST ITEM SUNDANESE LANGUAGE LESSONS

IN MTs SIRNAMISKIN ACADEMIC YEAR 2012/20131)

Devi Meylani Sutajat2) devimeylani22@ymail.com

ABSTRACT

This research is motivated by problems in the field , namely the lack of attention to the quality of a good test item. This study aimed to describe the quality of the summative test item in MTs Sirnamiskin. The method used in this research is descriptive method. In addition to the specific method used is descriptive and inferential statistics. The population of this research is the whole matter of UAS and answer sheet students in MTs Sirnamiskin, whereas samples taken was all about UAS and student answer sheets of class VII-4, VIII-1, and IX-2. To determine the quality of the summative test item is done analysis content validity, reliability, level of difficulty of questions, and the level of distinguishing matter. From the analysis of the quality, the data obtained as the following: the level of content validity of test summative Sundanese MTs Sirnamiskin are quite valid means quite according to 6 aspects of analysis, indicator, teaching materials, communicative language, as well as the quality of the stem and alternative answers to questions multiple choice. About the reliability of summative tests including quite reliable, because the results for the multiple choice questions each from classes VII, VIII, and IX are ( 0.619 ), ( 0.667 ) and ( 0.603 ) , whereas for the essay form , namely ( 0.17 ), ( 0.54 ) and ( 0.54 ). The level of difficulty of questions suggests that summative test questions Sundanese MTs Sirnamiskin uneven proportion, a matter very much easy while difficult matter very little. UAS level distinguishing about the result is good enough, because matter is a matter of meeting the criteria distinguishing each class VII and VIII for the same ie to 35% multiple choice, essay form 40%, while the matter of class IX for each form of matter that is multiple choice and essay distinguishing levels of 37.5% and 40%. Based on the results of the data analysis , it can be concluded that the quality of test Sundanese summative in MTs Sirnamiskin teachings epidemic 2012/2013 is "enough " . For that teachers should pay attention to the quality of manufacture and conducting analysis about the grain problem that quality problems can be re-used.

Keywords : Quality Problem and Summative Tests

1) This essay is under the guidance of Dr. H. Usep Kuswari , M.Pd. and Hernawan , S.Pd. , M.Pd.

(6)

v

DAPTAR EUSI

PANGJAJAP ... i

CATUR NUHUN... ii

ABSTRAK... iv

DAPTAR EUSI... v

DAPTAR TABÉL... ix

DAPTAR DIAGRAM... xii

DAPTAR LAMPIRAN... xiii

BAB I BUBUKA A. Kasang Tukang Panalungtikan... 1

B. Watesan jeung Rumusan Masalah... 3

1. Watesan Masalah... 3

2. Rumusan Masalah... 4

C. Tujuan Panalungtikan... 4

1. Tujuan Umum... 4

2. Tujuan Husus... 4

D. Mangpaat Panalungtikan... 5

1. Mangpaat Tioritis... 5

2. Mangpaat Praktis... 5

E. Struktur Organisasi Skripsi... 6

BAB II ULIKAN TIORI JEUNG ANGGAPAN DASAR A. Ulikan Tiori...7

1. Évaluasi Hasil Diajar... 7

a. Évaluasi... 7

b. Hasil Diajar... 8

2. Ciri-ciri Alat Évaluasi... 9

3. Tés Minangka Alat Évaluasi... 10

a. Wangenan Tés... 10

b. Wanda Tés... 11

(7)

4. Validitas... 16

5. Réliabilitas... 18

6. Analisis Butir Soal... 20

a. Tingkat Hésé Babarina Soal... 21

b. Daya Pangbéda... 22

B. Anggapan Dasar... 24

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN A. Lokasi, Data jeung Populasi/Sampel Panalungtikan... 25

B. Desain Panalungtikan... 27

C. Métode Panalungtikan... 28

D. Wangenan Operasional... 28

E. Instrumén Panalungtikan... 29

F. Téhnik Ngumpulkeun Data... 29

G. Analisis Data... 29

1. Tahap Tatahar... 29

2. Tahap Ngumpulkeun Data... 30

3. Tahap Ngolah Data... 30

BAB IV KUALITAS SOAL TÉS SUMATIF PANGAJARAN BASA SUNDA DI MTS SIRNAMISKIN TAUN AJARAN 2012/2013 A. Analisis Validitas Eusi Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda di MTs Sirnamiskin Taun Ajaran 2012/2013... 39

1. Analisis Validitas Eusi Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda Kelas VII... 39

2. Analisis Validitas Eusi Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda Kelas VIII... 42

3. Analisis Validitas Eusi Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda Kelas IX... 46

B. Analisis Réliabilitas Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda di MTs Sirnamiskin Taun Ajaran 2012/2013... 49

(8)

vii

2. Analisis Réliabilitas Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda

Kelas VIII... 54 3. Analisis Réliabilitas Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda

Kelas IX... 59 C. Analisis Tingkat Hésé Babari Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda

di MTs Sirnamiskin Taun Ajaran 2012/2013... 64 1. Analisis Tingkat Hésé Babari Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda

Kelas VII... 65 2. Analisis Tingkat Hésé Babari Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda

Kelas VIII... 69 3. Analisis Tingkat Hésé Babari Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda

Kelas IX... 74 D. Analisis Tingkat Daya Pangbéda Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda

di MTs Sirnamiskin Taun Ajaran 2012/2013... 79 1. Analisis Tingkat Daya Pangbéda Soal Tés Sumatif

Pangajaran Basa Sunda Kelas VII... 79 2. Analisis Tingkat Daya Pangbéda Soal Tés Sumatif

Pangajaran Basa Sunda Kelas VIII... 83 3. Analisis Tingkat Daya Pangbéda Soal Tés Sumatif

Pangajaran Basa Sunda Kelas IX... 87 E. Rékapitulasi Hasil Analisis Kualitas Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda

di MTs Sirnamiskin Taun Ajaran 2012/2013... 91 1. Rékapitulasi Hasil Analisis Kualitas Soal Tés Sumatif

Pangajaran Basa Sunda Kelas VII Semester Ganjil...91 a. Tabél Rékapitulasi Hasil Analisis Kualitas Soal Tés Sumatif

Pangajaran Basa Sunda Kelas VII Semester Ganjil...92 b. Analisa Tabél Rékapitulasi Hasil Analisis Kualitas Soal

Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda Kelas VII Semester Ganjil... 93 2. Rékapitulasi Hasil Analisis Kualitas Soal Tés Sumatif

(9)

Pangajaran Basa Sunda Kelas VIII Semester Ganjil... 108

b. Analisa Tabél Rékapitulasi Hasil Analisis Kualitas Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda Kelas VIII Semester Ganjil... 109

3. Rékapitulasi Hasil Analisis Kualitas Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda Kelas IX Semester Ganjil... 123

a. Tabél Rékapitulasi Hasil Analisis Kualitas Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda Kelas IX Semester Ganjil... 124

b. Analisa Tabél Rékapitulasi Hasil Analisis Kualitas Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda Kelas IX Semester Ganjil... 125

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI A. Kacindekan... 140

B. Rékoméndasi... 142

DAPTAR PUSTAKA... 143

LAMPIRAN...145

(10)

BAB I BUBUKA

A. Kasang Tukang Panalungtikan

Standar prosés pendidikan mangrupa tatapakan pikeun guru dina ngalaksanakeun prosés diajar ngajar. Standar prosés pendidikan téh ngawengku rarancang dina prosés diajar, prakna prosés diajar, évaluasi sarta pengawasan dina prosés diajar. Éta hal téh saluyu jeung Peraturan Pemerintah Republik Indonesia Bab IV No. 19 taun 2005 ngeunaan Standar Prosés (Arifin, 2013:46).

Jaman kiwari kualitas prosés pendidikan beuki nyirorot baé. Ti mimiti rarancang prosés diajarna, prakna, nepi ka cara ngajén hasil prosés diajar. Kualitas anu beuki nyirorot téh katémbong pisan dina hasil prosés diajar atawa peunteun parasiswa anu beuki handap. Dina pangajaran basa Sunda éta hal téh katémbong ogé tina hasil évaluasi ahir parasiswa anu asor. Rata-rata parasiswa teu bisa ngahontal peunteun KKM pangajaran basa Sunda anu lumayan luhur nya éta leuwih ti 70. Maluruh ngeunaan hasil diajar siswa, évaluasi téh mangrupa hal anu penting pisan. Évaluasi mangrupa gambaran nu bisa nangtukeun kualitas pendidikan. Kualitas pendidikan téh hadé atawa goréng bisa katingali tina hasil évaluasi parasiswa. Évaluasi mangrupa salah sahiji standar prosés pendidikan nu miboga tujuan pikeun ngukur kahontal atawa henteuna tujuan pendidikan. Ku sabab éta évaluasi téh bisa nangtukeun kualitas pendidikan. Kualitas pendidikan nu hadé atawa luhur téh nya éta nalika tujuan tina pendidikan kahontal. Kitu deui dina pangajaran basa Sunda nu jaman kiwari katingalina beuki nyirorot lantaran hasil évaluasina goréng.

(11)

waé nu rék diukur (Suyatna, 2002:73) sedengkeun réliabilitas bisa disebut ogé ajeg nu hartina éta tés téh méré hasil anu tetep (Suyatna, 2002:82). Alat évaluasi pangajaran basa Sunda nu teu nyumponan kana tingkat validitas jeung réliabilitas nu luhur téh hartina éta alat évaluasi miboga kualitas goréng. Teu saluyuna soal dina alat évaluasi jeung tujuan pangajaran basa Sunda (Standar Kompeténsi (SK) jeung Kompeténsi Dasar (KD) ngabalukarkeun hasil évaluasi siswa nu goréng, lantaran éta soal euweuh patalina jeung matéri nu diajarkeun. Salian ti alat évaluasi nu teu nyumponan kana tingkat validitas jeung réliabilitas, alat évaluasi gé henteu diuji cobakeun heula nu matak éta alat évaluasi téh teu dipikanyaho

layak henteuna jadi alat évaluasi pikeun ngukur kamampuh parasiswa.

Salah sahiji jinis tés pikeun ngaévaluasi dina pangajaran basa Sunda téh nya éta tés sumatif. Tés sumatif mangrupa tés nu aya di ahir semestér/ahir kelas/ahir

jenjang (Wirasasmita, 1998:4) atawa kiwari mah sok biasa disebut UAS (Ujian

Ahir Semester). Tés sumatif mangrupa tés anu penting pisan dilaksanakeun lantaran éta tés téh bisa mikanyaho kumaha kamampuh siswa dina nyangkem pangajaran basa Sunda salila sasemester. Biasana tés sumatif miboga ajén nu panggedéna ti batan tés-tés nu séjén nya éta ajénna dua kali ti batan tés séjén. Ku lantaran ajénna leuwih gedé, éta tés téh mangaruhan pisan kana hasil ahir évaluasi siswa. Masalahna hasil tés sumatif parasiswa dina pangajaran basa Sunda téh handap pisan nu ngabalukarkeun hasil évaluasi akumulatifna gé goréng. Saluyu jeung pedaran di luhur hasil tés sumatif siswa goréng téh ku sabab soal tés sumatif teu nyumponan kana ukuran kualitas évaluasi nya éta tingkat validitas jeung réliabilitas. Sakuduna soal tés sumatif téh dijieun dumasar kana kualitas évaluasi. Butir-butir soal tés sumatif kudu ditingali tingkat hésé babarina, butir soal teu hésé teuing sarta teu babari teuing. Tapi dina kanyataanna soal pikeun tés sumatif dijieun teu ningali kana kualitas alat évaluasi nu matak éta hasil tés sumatif parasiswa téh handap. Handapna hasil tés atawa évaluasi ngabalukarkeun kualitas pangajaran basa Sunda nu handap.

(12)

3

sumatif pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin Kota Bandung. Ieu panalungtikan téh penting pisan pikeun mikanyaho kumaha kualitas soal tés sumatif di MTs Sirnamiskin. Pikeun mikanyaho kualitas soal tés sumatif, soal tés diukur dumasar kana tingkat daya pangbéda, tingkat hésé babarina soal, tingkat validitas, jeung réliabilitas soal. Sabenerna panalungtikan anu medar ngeunaan tés évaluasi geus dilaksanakeun ku sababaraha panalungtik nya éta ku Yayan Mulyana dina taun 2004 ngeunaan Kualitas Instrumén Évaluasi Mata Kuliah

Morfologi di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Taun Ajar

2002/2003 dina taun 2004. Panalungtikan ngeunaan Analisis Rélévansi Soal UAS

Basa Sunda jeung KTSP di SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2009/2010 ku

Dahlia Nurwulandari dina taun 2010. Panalungtikan ngeunaan Analisis Soal Ujian

Akhir Semester (UAS) Basa Sunda SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajar 2010/2011

ku Fitri Apriyanti dina taun 2011. Panalungtikan ngeunaan Kualitas Soal Basa

Sunda di SMP Negeri 45 Bandung Semester Ganjil Taun Ajar 2010/2011 ku

Muizza Indah Lestari sarta panalungtikan-panalungtikan séjén saméméhna. Bédana ieu panalungtikan jeung panalungtikan séjén nya éta ditilik tina objékna. Nu jadi objék ieu panalungtikan nya éta sakola MTs (Madrasah Tsanawiyah). Panalungtikan saméméhna can aya nu medar ngunaan analisis kualitas tés sumatif di tingkat Madrasah Tsanawiyah nu mangrupa sakola satingkat SMP nu miboga dadasar atawa tatapakan ageman Islam. Ieu panalungtikan nu judulna “Kualitas Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda di MTs Sirnamiskin Taun Ajaran 2012/2013” dipiharép bisa méré pangaweruh ngeunaan kualitas alat évaluasi sarta bisa méré feed back utamana pikeun guru basa Sunda atawa nu nyusun alat évaluasi sangkan bisa nyieun soal tés anu miboga kualitas hadé atawa saluyu jeung ukuran kualitas alat évaluasi nu bisa ngaronjatkeun kualitas pangajaran basa Sunda.

B. Watesan jeung Rumusan Masalah 1. Watesan Masalah

(13)

eusi soal, tingkat réliabilitas, tingkat hésé babarina soal, jeung tingkat daya pangbéda soal basa Sunda dina wangun pilihan ganda (PG) jeung éséy dina semester ganjil taun ajaran 2012/2013 tingkat satuan pendidikan Madrasah Tsanawiyah.

2. Rumusan Masalah

a. Kumaha tingkat validitas eusi soal tés sumatif pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin taun ajaran 2012/2013?

b. Kumaha tingkat réliabilitas soal tés sumatif pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin taun ajaran 2012/2013?

c. Kumaha tingkat hésé babarina soal tés sumatif pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin taun ajaran 2012/2013?

d. Kumaha tingkat daya pangbéda soal tés sumatif pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin taun ajaran 2012/2013?

C. Tujuan Panalungtikan 1. Tujuan Umum

Sacara umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun kualitas soal tés sumatif pangajaran basa Sunda di MTs Sirna Miskin Kota Bandung taun ajar 2012/2013.

2. Tujuan Husus

Tujuan nu baris dihontal dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun:

a. tingkat validitas eusi soal tés sumatif pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin taun ajaran 2012/2013;

b. tingkat réliabilitas soal tés sumatif pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin taun ajaran 2012/2013;

(14)

5

d. tingkat daya pangbéda soal tés sumatif pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin taun ajaran 2012/2013.

D. Mangpaat Panalungtikan 1. Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa méré informasi ngeunaan tingkat validitas eusi, tingkat réliabilitas, tingkat hésé babarina soal, jeung tingkat daya pangbéda soal tés sumatif pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin taun ajaran 2012/2013.

2. Mangpaat Praktis

Sacara praktisna, ieu panalungtikan téh bisa méré mangpaat pikeun guru, siswa, sarta nu nyusun.

a. Pikeun Guru

Mangpaat anu bisa dihontal pikeun guru nya éta sangkan ieu panalungtikan bisa méré gambaran ngeunaan kumaha nganalisis alat évaluasi sarta dipiharep ieu panalungtikan bisa méré umpan balik pikeun guru sangkan bisa ngoméan alat évaluasi pikeun ngamekarkeun kualitas pangajaran basa Sunda dina mangsa kahareupna.

b. Pikeun Siswa

Pikeun siswa mangpaatna ieu panalungtikan téh nya éta sangkan bisa migawé soal évaluasi hususna soal sumatif nu miboga kualitas dumasar kana tingkat validitas, tingkat réliabilitas, tingkat hésé babarina soal, jeung tingkat daya pangbéda anu hadé.

c. Pikeun Nu Nyusun Panalungtikan

(15)

pangbédana. Salian ti éta ieu panalungtikan bisa méré gambaran kumaha kualitas évaluasi tés sumatif di tingkat pendidikan Madrasah Tsanawiyah hususna di MTs Sirnamiskin.

E. Struktur Organisasi Skripsi

Ieu skripsi ngawengku lima bab. Bab 1 nya éta bubuka nu eusina ngeunaan kasang tukang masalah panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi skripsi.

Dina bab 2 dipedar ngeunaan tiori-tiori nu aya patalina jeung panalungtikan

ieu skripsi. Ieu bab nu judulna “Ulikan Tiori jeung Anggapan Dasar” dipedar tiori-tiori ngeunaan évaluasi hasil diajar, ciri-ciri alat évaluasi, tés minangka alat évaluasi, validitas, réliabilitas, jeung analisis butir soal. Salian ti éta dipedar ogé ngeunaan anggapan dasar.

Bab 3 nya éta métode panalungtikan, dipedar ngeunaan lokasi, data, populasi jeung sampel panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis data.

Bab 4 eusina mangrupa hasil jeung pedaran panalungtikan ngeunaan kualitas soal tés sumatif pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin taun ajaran 2012/2013. Ieu déskripsi hasil analisis ngawengku tingkat validitas eusi soal, tingkat réliabilitas, tingkat hésé babarina soal, jeung daya pangbéda soal.

(16)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

A. Lokasi, Data jeung Populasi/Sampel Panalungtikan 1. Lokasi Panalungtikan

Lokasi ieu panalungtikan nya éta di MTs Sirnamiskin. Sakola MTs Sirnamiskin dijadikeun lokasi panalungtikan ku sabab pikeun néangan data nu mangrupa soal jeung jawaban UAS Basa Sunda semester hiji. MTs Sirnamiskin perenahna di jalan K.H. Wahid Hasyim (Kopo) 429-433.

2. Data

Data nu ditalungtik dina ieu panalungtikan nya éta butir soal jeung jawaban UAS Basa Sunda siswa MTs Sirnamiskin semester hiji taun ajar 2012/2013 sarta angka-angka nu mangrupa data pikeun analisis.

3. Populasi jeung Sampel Panalungtikan a. Populasi

Populasi mangrupa sakabéh subjék panalungtikan (Arikunto, 2010:173). Nu jadi populasi dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh jawaban UAS Basa Sunda siswa nu aya di MTs Sirnamiskin nya éta kelas VII, VIII, jeung IX. Masing-masing tingkatan diwincik deui jadi sababaraha kelas nya éta kelas VII aya 9 kelas, kelas VIII aya 6 kelas, kelas IX aya 4 kelas. Jadi jumlah populasi dina ieu panalungtikan nya éta 19 kelas.

b. Sampel

(17)

Sampel jawaban siswa nu dicokot nya éta masing-masing sakelas tina tiap tingkatan ku cara undian. Kelas VII dicokot sakelas, kelas VIII sakelas, kelas IX sakelas.

Tabél 3.1

Sampel Panalungtikan Dumasar Kelas

No. Kelas Populasi Sampel Katerangan

1 VII 9 kelas 1 kelas VII-4

2 VIII 6 kelas 1 kelas VIII–1

3 IX 4 kelas 1 kelas IX–2

Jumlah 19 kelas 3 kelas

(18)

27

B. Desain Panalungtikan

Bagan 1

Désain Panalungtikan

Nangtukeun Masalah

Studi Awal

Ngarumuskeun Masalah

Ngarumuskeun Anggapan Dasar

Nangtukeun Data jeung Sumber Data

Nangtukeun jeung Nyusun Instrumén

Ngumpulkeun Data

Analisis Data

Nyokot Kacindekan

(19)

C. Métode Panalungtikan

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode deskriptif. Metode déskriftif pikeun meunangkeun data ku cara akumulasi data dasar dina cara deskriptif wungkul sarta teu nguji hipotesis.. Tujuan panalungtikan déskriptif nya éta pikeun meunangkeun data anu sipatna faktual nya éta data-data nu aya patalina jeung soal tés sumatif pangajaran basa Sunda sarta hasil tés parasiswa di MTs Sirnamiskin.

Métode husus nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta statistik deskriptif jeung statistik inferensial. Métode statistik deskriptif digunakeun pikeun ngitung varian siswa jeung perséntase kualitas soal,. Métode statistik inferensial digunakeun pikeun ngitung tingkat réliabilitas, tingkat hésé babarina soal, jeung daya pangbéda. Nu nyusun miboga tujuan sangkan bisa nepikeun jeung ngabahas ngeunaan kualitas soal tés sumatif pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin.

D. Wangenan Operasional

1. Kualitas Soal Tés Sumatif nya éta tingkat hadé goréngna soal tés sumatif. Dina ieu panalungtikan nu disebut tés sumatif téh nya éta tés anu ayana di ahir semester pikeun ngukur tingkat pangaweruh siswa dina nyangkem pangajaran anu geus dilaksanakeun dina prosés diajar atawa biasa disebut UAS. Tés sumatif dina ieu panalungtikan mangrupa soal UAS semester ganjil. Kualitas hadé goréngna soal tés sumatif diukur dumasar kana kualitas évaluasi nya éta tingkat validitas jeung réliabilitas. Salian ti éta soal tés danalisis dumasar kana analisis butir soal nya éta tingkat daya pangbéda jeung tingkat hésé babarina soal.

(20)

29

3. Réliabilitas mangrupa stabil henteuna soal pikeun dijadikeun hiji tés. Métode pikeun néangan réliabilitas dina ieu panalungtikan nya éta métode beulah dua jeung Alfa Cornbach.

4. Tingkat hésé babari soal nya éta analisis soal dumasar kana tingkat hésé jeung babarna soal.

5. Daya pangbéda soal mangrupa analisis soal dumasar kana bisa henteuna soal dina ngabédakeun siswa kelompok luhur jeung siswa kelompok handap.

E. Instrumén Panalungtikan

Nu jadi instrumén dina ieu panalungtikan nya éta soal tés pilihan ganda jeung uraian nu dipaké dina tés sumatif semester hiji pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin taun ajar 2012/2013 nu diolah ku aplikasi microsoft excel pikeun nangtukeun daya pangbéda, tingkat hésé babarina soal, validitas, jeung réliabilitas. Instrumén séjén nya éta tabél analisis nu ngawengku tabél validitas, tabél réliabilitas, tabél tingkat hésé babarina soal, jeung tabél daya pangbéda nu mangrupa hasil tina analisis kualitas évaluasi jeung analisis butir soal.

F. Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta studi dokuméntasi. Téhnik studi dokuméntasi nya éta ngumpulkeun data-data nu mangrupa dokumén atawa tulisan pikeun bahan panalungtikanana. Nu mangrupa dokumén dina ieu panalungtikan nya éta lembar soal UAS semester hiji taun ajaran 2012/2013 jeung lembar jawaban siswa.

G. Analisis Data 1. Tahap Tatahar

(21)

2. Tahap Ngumpulkeun Data

Dina tahap ngumpulkeun data nu dilaksanakeun nya éta ngumpulkeun lembar jawaban siswa MTs Sirnamiskin jeung soal UAS Basa Sunda semester ganjil taun ajar 2012/2013.

3. Tahap Ngolah Data

Léngkah-léngkah dina tahap ngolah data:

a. méré skor jawaban soal UAS Basa Sunda siswa; b. nganalisis validitas eusi soal;

c. nganalisis réliabilitas soal;

d. nganalisis tingkat hésé babarina soal; e. nganalisis tingkat daya pangbéda soal.

a. Téhnik Méré Skor

Téhnik méré skor disebut ogé prosés méré angka (Arikunto; 2012:259). Méré skor mangrupa tahap kahiji dina prosés pengolahan hasil tés. Téhnik méré skor dibédakeun dumasar kana wangun tésna. Dina ieu panalungtikan wangun tésna nya éta PG (Pilihan Ganda) jeung éséy.

Dina wangun soal objéktif unggal butir soal nu jawabanna bener dibéré skor 1 sedengkeun jawaban salah dibéré skor 0. Skor totalna nya éta sakabéh jawaban anu bener.

(22)

31

Tabél 3.2

Pola Skor UAS Basa Sunda Kelas VII Wangun Éséy

Nomer Soal Ajén peunteun

1 10

2 4

3 4

4 5

5 7

Skor Total 30

Tabél 3.3

Pola Skor UAS Basa Sunda Kelas VIII Wangun Éséy

Nomer Soal Ajén Peunteun

1 4

2 7

3 5

4 10

5 4

Skor Total 30

Tabél 3.4

Pola Skor UAS Basa Sunda Kelas IX Wangun Éséy

Nomer Soal Ajén Peunteun

1 8

2 7

3 4

4 4

5 7

(23)

Dumasar kana tabél di luhur bisa katitén yén jumlah skor kelas VII, VIII, jeung XI nya éta 30. Skor maksimum tiap soal béda-béda dumasar kana bobotna, aya nu 3, 4, 5, 6, 7, 8, jeung 10. Skor minimum soal nya éta 2, tapi lamun éta soal teu dieusian skor minimumna 0.

Tabél 3.5

Dina ieu panalungtikan, analisis tingkat validitasna nyoko kana validitas eusi nya éta dumasar kana 6 aspék nya éta rumusan indikator, patalina soal jeung indikator, luyu henteuna matéri jeung buku ajar, basana, hubungan antara stém jeung option sarta homogénitas alternatif jawaban.

Tabél 3.6

Analisis Validitas Eusi Soal UAS Basa Sunda Wangun Pilihan Ganda jeung Éséy

No. Aspék nu dianalisis Nomer Soal

1 2 3 4 5 6 7 Jst. 1 Rumusan indikator

2 Patalina soal jeung indikator 3 Matéri luyu jeung buku ajar 4 Basana komunikatif

5 Hubungan antara stém jeung option 6 Homogénitas alternatif jawaban

Katerangan

(24)

33

c. Analisis Réliablitas

Nganalisis tingkat réliabilitas soal wangun PG jeung éséy digunakeun cara anu béda. Métode nu digunakeun pikeun ngitung tingkat réliabilitas soal PG nya éta métode belah dua ku cara ngabagi soal nu ganjil jeung genap. Rumus nu digunakeunna nya éta rumus Spearman-Brown.

Rumus Spearman-Brown:

(Arikunto, 2012:107) Katerangan:

r11 = koéfisién korélasi

= korélasi antara skor-skor unggal bagéan

mangrupa korélasi antara skor-skor unggal bagéan (ganjil jeung genap) nu kudu ditéangan maké rumus korélasi product moment.

Rumus korélasi product moment:

(25)

Katerangan:

r11 = réliabilitas tés n = jumlah butir soal

= varian skor tiap butir soal = varian skor total

Varian skor bisa ditéangan ku cara ngagunakeun rumus:

(Arikunto, 2012:123)

d. Analisis Tingkat Hésé Babari

Pikeun nangtukeun mana soal nu gampang jeung mana soal nu hésé dilaksanakeun analisis tingkat hésé babarina soal. Rumus pikeun nangtukeun tingkat hésé babarina soal UAS Basa Sunda di MTs Sirnamiskin dumasar kana

P = indéks hésé babarina soal (indeks fasilitas) B = lobana siswa nu ngajawab bener

JS = jumlah sakabéh siswa

Tabél 3.7

(26)

35

2) Wangun Éséy

Katerangan:

IF = indéks hésé babarina soal (Indeks fasilitas) x = jumlah skor siswa

Sm = Skor maksimum

N = jumlah siswa

Tabél 3.8

Hasil Analisis Tingkat Hésé Babari Soal UAS Wangun Éséy

No. Soal ∑x

Pikeun nangtukeun kaasup kana klasifikasi mana tingkat hésé babarina soal, digunakeun klasifikasi tingkat hésé babari nurutkeun Robert L. Thorndike jeung Elizabeth Hagen (Sudijono; 2009:372).

Klasfikasi indéks hésé babarina soal:

(27)

e. Analisis Daya Pangbéda

Analisis daya pangbéda mangrupa analisis soal pikeun ngabédakeun antara siswa nu kamampuhna luhur jeung siswa nu kamampuhna asor. Dina prak-prakan analisisna dibédakeun antara wangun PG jeung éséy.

1) Wangun Soal Pilihan Ganda

Dina nganalisis tingkat daya pangbéda soal UAS Basa Sunda di MTs Sirnamiskin nu wangun soalna PG digunaken rumus:

Katerangan:

D = indéks diskriminasi atawa daya pangbéda

BA = lobana siswa kelompok luhur nu ngajawab bener BB = lobana siswa kelompok asor nu ngajawab bener N = jumlah siswa

Pikeun ngabédakeun kelompok siswa luhur jeung asor nya éta ku cara ngabagi kelompok luhur 50% jeung kelompok asor 50% ku sabab jumlah sampel atawa siswana ka asup kana kelompok leutik nya éta kurang ti 100 (Arikunto; 2012:227).

Tabél 3.9

Hasil Analisis Tingkat Daya Pangbéda Soal UAS Wangun Pilihan Ganda

(28)

37

2) Wangun Soal Éséy

Rumus pikeun nganalisis tingkat daya pangbéda soal UAS Basa Sunda dina wangun éséy nya éta:

Katerangan:

D = indéks diskriminasi atawa daya pangbéda

BA = jumlah skor siswa kelompok luhur BB = jumlah skor siswa kelompok asor N = jumlah siswa

Sm = Skor maksimum

Tabél 3.10

Hasil Analisis Tingkat Daya Pangbéda Soal UAS

Wangun Éséy

Pikeun nafsirkeun D atawa indéks daya pangbéda soal digunakeun klasifikasi daya pangbéda nu ngabédakeun antara soal nu miboga tingkat daya pangbéda alus jeung goréng.

Klasifikasi Daya Pangbéda nurutkeun Arifin (2013:274):

D : 0,00 – 0,19 : goréng

D : 0,20 – 0,29 : cukup

D : 0,30 – 0,39 : alus

D = − �

(29)

D : 0,40 – 1,00 : alus pisan

D : Negatif hartina éta soal goréng pisan tingkat daya pangbédana sarta kudu

(30)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

A. Kacindekan

Dumasar analisis déskripsi data dina bab IV, bisa dicindekkeun yén kualitas soal tés sumatif pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin taun ajaran 2012/2013 téh hasilna nya éta: Kahiji, Validitas eusi soal nu dianalisis pikeun wangun pilihan ganda nya éta dumasar kana rumusan indikator, patalina soal jeung indikator, kasaluyuan matéri jeung buku ajar, basa nu komunikatif, hubungan stém jeung optionna, sarta homogénitas alternatif jawaban, sedengkeun pikeun soal wangun ésay nya éta dumasar kana rumusan indikator, patalina soal jeung indikator, kasaluyuan matéri jeung buku ajar, jeung basa nu komunikatif. Sabada dianalisis, soal tés sumatif kelas VII seméster ganjil validitas eusina geus valid. Hal éta katitén tina hasil analisis soal wangun pilihan ganda nu geus valid aya 90% tina 40 soal, sedengkeun wangun ésay jumlah soal nu geus valid aya 100%. Soal tés sumatif kelas VIII miboga validitas eusi nu valid ku sabab jumlah soal nu valid dina wangun pilihan ganda aya 70% dirojong ku soal wangun ésay nu jumlah validitas eusina 80%. Béda jeung soal tés sumatif kelas VII jeung VIII, validitas eusi soal tés sumatif kelas IX validitas eusina cukup lantaran jumlah soal anu validna nya éta 62,5%, sedengkeun soal wangun ésayna miboga validitas eusi 80%. Ku kituna soal tés sumatif basa Sunda di MTs Sirnamiskin taun ajaran 2012/2013 tingkat validitas eusina cukup, sanajan masih aya kénéh soal nu kudu dirévisi jeung diganti.

Kadua, tingkat réliabilitas soal tés sumatif basa Sunda kelas VII wangun

pilihan ganda nya éta “luhur” atawa “réliabel”, sedengkeun soal wangun ésayna

miboga tingkat réliabel nu “handap pisan” atawa henteu réliabel. Soal tés sumatif

basa Sunda kelas VIII wangun pilihan ganda, tingkat réliabilitasna “luhur” atawa

réliabel, sedengkeun soal wangun ésayna miboga tingkat réliabilitas nu “cukup”.

(31)

soal tés sumatif basa Sunda di MTs Sirnamiskin taun ajaran 2012/2013 ditilik tina

tingkat réliabilitasna nya éta “cukup réliabel”.

Katilu, tingkat hésé babarina soal tés sumatif basa Sunda dumasar kana

analisis dina BAB IV nya éta “cukup alus”, hartina proporsi soal hésé jeung babarina kurang rata atawa kurang nyumponan kana batas normal (rata). Éta hal katitén tina soal kelas VII wangun pilihan ganda anu tingkat hésé babarina

“cukup” sarta soal wangun éséy anu tingkatna “alus”. Tingkat hésé babari wangun

soal pilihan ganda jeung wangun soal éséyna kelas VIII nya éta “cukup”. Kitu ogé soal kelas IX wangun pilihan ganda jeung éséy nu miboga tingkat hésé babari nu

“cukup”

Kaopat, tingkat daya pangbéda soal mangrupa analisis kualitas soal ditilik

tina bisa henteuna soal ngabédakeun siswa kelompok luhur jeung siswa kelompok handap. Soal tés sumatif basa Sunda kelas VII wangun pilihan ganda tingkat daya pangbédana cukup lantaran soal nu bisa ngabédakeun siswa kelompok luhur jeung handap ngan aya 35%, sedengkeun soal éséyna aya 40% nu hartina tingkat daya pangbédana cukup. Jumlah peréntase tingkat daya pangbéda soal kelas VIII

wangun pilihan ganda nya éta 35% nu hartina tingkat daya pangbédana “cukup”,

sedengkeun soal éséyna miboga tingkat daya pangbéda soal sajumlah 40% nu hartina miboga tingkat daya pangbéda nu cukup ogé. Kitu ogé soal UAS kelas IX nu hasilna ampir sarua nya éta pikeun soal pilihan ganda sajumlah 37,5% jeung soal éséy sajumlah 40%. Bisa dicindekkeun yén tingkat daya pangbéda soal tés sumatif pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin taun ajaran 2012/2013

“cukup”.

Ku kituna, dumasar kana hasil analisis ngeunaan kualitas soal tés sumatif di MTs Sirnamiskin taun ajaran 2012/2013 bisa dicindekkeun yén kualitasna

“cukup”.

(32)

142

B. Rékoméndasi

Sabada dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan kualitas soal tés sumatif

pangajaran basa Sunda anu judulna “Kualitas Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda di MTs Sirnamiskin Taun Ajaran 2012/2013”, aya sababaraha hal nu baris

ditepikeun ka ku nu nyusun pikeun ngaronjatkeun kualitas soal, diantarana: 1. Pikeun panalungtikan saterusna, dipiharep ssalian ti nalungtik soal tingkat

MTs tapi ogé tingkat MI jeung MA;

2. Dina nyieun soal UAS Basa Sunda, guru sarta hususna Kemenag minangka nu nyusun soal UAS kudu nyaluyukeun soal jeung indikator nu geus saluyu jeung SK KD sarta matéri nu luyu jeung ajar;

(33)

DAPTAR PUSTAKA

Ali, Mohamad. (1982). Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi. Bandung: Angkasa.

Arifin, Zainal. (2013). Evaluasi Pembelajaran. Bandung: PT Remaja Rosdakarya. Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik.

Jakarta: Rineka Cipta.

. (2012). Dasar-Dasar Evaluasi Pendidikan. Jakarta: Bumi Aksara.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan Jawa Barat.

Indah, Muizza L. (2011). Kualitas Soal Basa Sunda di SMP Negeri 45 Bandung

Semester Ganjil Taun Ajar 2010/2011. UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Nurkancana, W. jeung Sumartana. (1986). Evaluasi Pendidikan. Surabaya: Usaha Nasional.

Risnandar, Dede. jeung Nurpatonah. Galileo Basa Sunda Kelas VII Semester

Ganjil. Bandung: CV Grafika Dua Tujuh.

Risnandar, Dede. jeung Nurpatonah. Galileo Basa Sunda Kelas VIII Semester

Ganjil. Bandung: CV Grafika Dua Tujuh.

Risnandar, Dede. jeung Nurpatonah. Galileo Basa Sunda Kelas IX Semester

Ganjil. Bandung: CV Grafika Dua Tujuh.

Sudijono, Anas. (2009). Pengantar Evaluasi Pendidikan. Jakarta: Rajawali Pers. Surapranata, Sumarna. (2006). Analisis, Validitas, Réliabilitas, dan Interpretasi

Hasil Tés Implementasi Kurikulum 2004. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Sukardi. (2010). Evaluasi Pendidikan Prinsip dan Operasionalnya. Jakarta: Bumi Aksara.

Suyatna, Amir. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan

Pengajaran Bahasa. FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan

Tamsyah, B. R. (2003). Kamus Lengkep Sunda-Indonesia Indonesia-Sunda

(34)

144

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah

Universitas Pendidikan Indonesia. Bandung: Universitas Pendidikan

Indonesia.

Wirasasmita, Sutardi. (1998). Teknik Penyusunan dan Analisis Tés Préstasi

Belajar Dengan Pengembangan Tés Préstasi Belajar Bahasa Indonesia.

Referensi

Dokumen terkait

PERANCANGAN DAN PEMBUATAN RUMAH DC : DC-DC CONVERTER PADA BEBAN TELEVISI UNTUK DC HOUSE ” beserta seluruh isinya adalah karya saya sendiri dan bukan merupakan karya

Metode ini banyak digunakan karena memiliki keunggulan antara lain: sederhana, cepat, tidak membutuhkan biaya yang besar, hasilnya dapat dipercaya dan sering dikaitkan dengan metode

[r]

Keputusan Presiden Nomor gZ Tahun Lggg tentang Rumpun Jabatan Fungsional pegawai Negeri. Sipil sebagaimana telah beberapa kali

Home Industry Kripik Pisang (Studi pada Home Industry Warna Sari, Dahlia. dan Devi Kabupaten

sebagai berikut: peserta didik mampu menerapkan pemecahan masalah yang efektif dan keterampilan pengambilan keputusan untuk membuat pilihan yang aman dan sehat, seperti ketika

[r]

“Implementasi Augmented Reality (AR) pada Pengenalan Ikan Hias Menggunakan Metode Markerless Berbasis Android”, rumusan masalah, batasan masalah, tujuan. penelitian,