• Tidak ada hasil yang ditemukan

MODEL OF COOPERATIVE LEARNING BY CIRC TYPE TO INCREASE ABILITY READING SHORT STORY: Classroom Action Research to Class VII-A Students of MTsN Sindangsari Kuningan in 2012/2013.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MODEL OF COOPERATIVE LEARNING BY CIRC TYPE TO INCREASE ABILITY READING SHORT STORY: Classroom Action Research to Class VII-A Students of MTsN Sindangsari Kuningan in 2012/2013."

Copied!
33
0
0

Teks penuh

(1)

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPECIRC

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH MACA CARITA PONDOK (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII-A MTsN Sindangsari

Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

TATI ROSMIATI NIM 0906246

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

Tati Rosmiati, 2013

Model Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPECIRC

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH MACA CARITA PONDOK (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII-A MTsN Sindangsari

Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

Oleh Tati Rosmiati

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Tati Rosmiati 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

April 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI

Tati Rosmiati 0906246

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE CIRC

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH MACA CARITA PONDOK (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII-A MTsN Sindangsari

Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd. NIP 195704011984121001

Pangaping II,

Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd. NIP 195901191986011001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

Tati Rosmiati, 2013

Model Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE CIRC

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH MACA CARITA PONDOK (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII-A MTsN Sindangsari

Kuningan Taun Ajaran 2012/2013) 1)

Tati Rosmiati 2)

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Carita Pondok (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)”. Penelitian ini dilatar belakangi dengan rendahnya kemampuan membaca cerita pendek siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan dalam mata pelajaran bahasa Sunda. Tujuan yang ingin dicapai dalam skripsi ini adalah untuk meningkatkan kemampuan siswa dan hasil belajar siswa dalam membaca cerita pendek serta menciptakan suasana belajar yang menyenangkan. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode Penelitian Tindakan Kelas (PTK) dengan menggunakan dua siklus pembelajaran. Teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah teknik tes kemampuan siswa dan observasi. Adapun instrumen yang digunakan yaitu lembar tes, lembar pedoman observasi aktivitas guru, dan lembar observasi aktivitas siswa. Berdasarkan hasil penelitian yang telah dilakukan, pelaksanaan tindakan yang dilakukan telah mengatasi masalah dalam penelitian yaitu meningkatkan kemampuan membaca cerita pendek siswa secara tuntas dengan melampaui batas KKM 75. Hasil belajar siswa berdasarkan hasil tes dalam pra penelitian hanya 6 orang atau 15% termasuk kategori tuntas serta 34 orang atau 85% termasuk kategori belum tuntas. Rata-rata nilai yang diperoleh siswa yaitu 54. Pada tes siklus I ada 24 orang atau 60% masuk kategori tuntas, serta 16 orang atau 40% termasuk kategori belum tuntas. Rata-rata nilai yang diperoleh siswa yaitu 76,7. Sedangkan hasil belajar siswa pada tes siklus II adalah seluruh siswa atau 100% dari 40 orang siswa masuk dalam kategori tuntas. Rata-rata nilai yang diperoleh siswa yaitu 91,3. Selain itu, model pembelajaran kooperatif tipe CIRC dapat menciptakan suasana belajar yang menyenangkan. Hal ini terlihat dari partisipasi dan aktivitas siswa yang meningkat dalam setiap siklusnya. Berdasarkan hasil penellitian, bisa disimpulkan bahwa penerapan modél pembelajaran kooperatif tipe CIRC dalam pembelajaran membaca cerita pendek dapat meningkatkan kemampuan siswa dalam membaca cerita pendek.

Kata kunci: modél kooperatif, CIRC, carita pondok

1)

Penyusunan skripsi ini dibimbing oleh Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd. dan Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd.

2)

(5)

MODEL OF COOPERATIVE LEARNING BY CIRC TYPE TO INCREASE ABILITY READING SHORT STORY

(Classroom Action Research to Class VII-A Students of MTsN Sindangsari Kuningan in 2012/2013)1)

Tati Rosmiati 2)

ABSTRACT

This journal is titled “Model Of Cooperative Learning by CIRC Type to Increase Ability Reading Short Story (Classroom Action Research to Class VII-A Students of MTsN Sindangsari Kuningan in 2012/2013). Background of this research overshadow lowly of ability reading short story to class VII-A MTsN Sindangsari Kuningan an subject Sunda language. The purpose of this study is to increase ability of students and result learning of students in reading short story and also create an atmosphere to learn that fun. This research using method “Classroom Action Research (CAR)” by using two study cycle. Technique used in this research are technique of tes ability of students and observation. As for instrument used there are sheet tes, sheet of guidance of observation teacher activity, and sheet of gidance observation students activity. Based of result of this research which have been do, action execution it have overcome the problem contend of this research, that is improve the ability read the short story of students completely by boundary KKM 75. Result of the learn students based on result tes in this pre-research only 6 students or 15% inclusive of complete category and also 34 students or 85% inclusive of category not yet complete. Average of value a students that is 54. At tes cycle 1 there are 24 students or 60% inclusive of complete category, and also 16 students or 40% inclusive of category not yet complete. Average of value a students that is 76,7. While of result learn at tes cycle II is all students or 100% from 40 students is inclusive of complete category. Average of value a students that is 91,3. The other way, models of cooperative teaching by CIRC type can create an atmosphere to learn that fun. This matter is seen from participation and increase students activity every cycle. Based on this research, can conclused that the model of cooperative learning by CIRC type can to increase ability reading short story.

(6)

vi

Tati Rosmiati, 2013

Model Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

DAFTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

CATUR NUHUN ... iii

DAFTAR EUSI ... vi

DAFTAR TABÉL ... x

DAFTAR GAMBAR ... xi

DAFTAR SINGGETAN ... xii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5

1.2.1 Watesan Masalah ... 5

1.2.2 Rumusan Masalah ... 6

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 6

1.3.1 Tujuan Umum ... 6

1.3.2 Tujuan Husus ... 7

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 7

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 7

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 7

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi ... 8

BAB II MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE CIRC, MACA CARITA PONDOK, ANGGAPAN DASAR JEUNG HIPOTÉSIS TINDAKAN 2.1 Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC ... 9

2.1.1 Modél Pangajaran ... 9

2.1.2 Modél Kooperatif Tipe CIRC ... 9

2.1.2.1Tujuan Modél Pangajaran CIRC ... 11

(7)

2.2.1 Hakékat Maca ... 11

2.2.1.1Wangenan Maca ... 12

2.2.1.2Tujuan Maca ... 14

2.2.1.3Warna Maca ... 14

2.2.2 Hakékat Maca Pamahaman ... 15

2.2.2.1Wangenan Maca Pamahaman ... 15

2.2.2.2Prinsip-prinsip Maca Pamahaman ... 16

2.2.2.3Kamampuh Maca Pamahaman ... 17

2.2.2.4Tingkatan Kamampuh Maca Pamahaman ... 18

2.2.2.5Hal-hal nu Diukur dina Maca Pamahaman ... 19

2.2.3 Hakékat Carita Pondok ... 20

2.2.3.1Wangenan Carita Pondok ... 20

2.2.3.2Ciri-ciri Carita Pondok ... 21

2.2.3.3Unsur-unsur Intrinsik Carita Pondok ... 22

2.2.4 Kamampuh Maca Pamahaman Carita Pondok ... 24

2.3 Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina Pangajaran Maca Carita Pondok ... 25

2.3.1 Hakékat Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina Pangajaran Maca Carita Pondok ... 25

2.3.2 Oriéntasi Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina Pangajaran Maca Carita Pondok ... 26

2.3.3 Prak-prakan Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina Pangajaran Maca Carita Pondok ... 27

2.3.4 Prosedur Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina Pangajaran Maca Carita Pondok ... 28

2.4 Anggapan Dasar ... 29

2.5 Hipotésis Tindakan ... 29

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Setting Panalungtikan ... 30

(8)

viii

Tati Rosmiati, 2013

Model Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3.1.2 Subjék Panalungtikan ... 30

3.1.3 Waktu Panalungtikan ... 30

3.2 DesainPanalungtikan ... 30

3.3 Wangenan Operasional ... 33

3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 34

3.4.1 Tés Kamampuh Siswa ... 34

3.4.2 Observasi ... 35

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 35

3.5.1 Lambaran Tés ... 35

3.5.2 Lambaran Obsérvasi ... 36

3.6 Prosedur Ngolah Data ... 38

3.8 Prosedur Panalungtikan ... 39

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS HASIL MACA CARITA PONDOK NGAGUNAKEUN MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE CIRC 4.1 Pangajaran Maca Carita Pondok Ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina Unggal Siklus ... 41

4.1.1 Siklus I ... 41

4.1.2 Siklus II ... 45

4.2 Hasil Diajar Maca Carita Pondok Ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina Unggal Siklus ... 49

4.2.1 Siklus I ... 49

4.2.2 Siklus II ... 52

4.2.3 Rékapitulasi Hasil Diajar ... 55

4.3 Suasana Diajar Maca Carita Pondok Ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC ... 57

4.3.1 Siklus I ... 57

4.3.2 Siklus II ... 58

(9)

5.2 Rékoméndasi ... 60

DAFTAR PUSTAKA ... 62

LAMPIRAN-LAMPIRAN LAMPIRAN 1 ... 64

LAMPIRAN 2 ... 95

LAMPIRAN 3 ... 137

(10)

1 Tati Rosmiati, 2013

Model Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB 1 BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Maca nya éta salah sahiji kaparigelan basa nu kacida pentingna, lantaran ieu kaparigelan loba fungsina dina kahirupan manusa sapopoé. Malahan maca téh mangrupa salah sahiji faktor nu kacida pentingna dina nangtukeun kaberhasilan akademik hiji jalma. Tapi, dina kanyataanana, penduduk Indonesia jaman kiwari leuwih resep méakkeun waktu hareupeun TV batan maca.

Kalungguhan maca dina kahirupan masarakat mibanda posisi nu kacida pentingna. Masarakat dina mangsa nu bakal datang meredih wargana supaya parigel jeung ngabiasakeun kana hal bucu-baca. Ieu hal luyu jeung pameredih masarakat kiwari, sangkan masarakat loba maca pangaweruh umum, kamekaran budaya, teknologi jeung pangaweruh liana nu sagemblengna dipidangkeun dina wangun bacaan.

Numutkeun Tarigan (1979:7) maca nya éta prosés nu dilaksanakeun tur digunakeun ku nu maca pikeun nyangking informasi nu ditepikeun ku nu nulis ngaliwatan media kecap-kecap atawa basa tinulis.

Kaparigelan maca mangrupa bagian tina pangajaran basa sunda. Hasil henteuna pangajaran basa Sunda gumantung kana hasil pangajaran maca. Kudu diaku ku urang, yén nepi ka kiwari pangajran basa Sunda can bisa lumangsung saperti anu dipiharep. Hartina pangajaran maca ogé can bisa nyumponan udagan anu dipiharep.

Fungsi pangajaran maca nya éta edukatif, sosial jeung instrumental. Sedengkeun tujuan utama maca nya éta néangan sarta nyangking informasi nu ngawengku eusi, maham ma’na bacaan, jeung ma’na harti (meaning).

(11)

Pangajaran maca dina basa jaman kiwari geus mekar. Namung tina hasil

pengamatan némbongkeun yén para guru kurang nerapkeun pamarekan, strategi

atawa modél pangajaran maca nu inovatif. Umumna, pangajaran maca dilakukeun kalawan ngagunakeun métode tradisional nu leuwih condong kana narjamahkeun kecap atawa kalimat.

Salasahiji masalah nu disanghareupan di dunia pendidikan di Indonesia nya éta héngkérna prosés pangajaran. Prosés pangajaran di sakola kurang ngaronjatkeun kréativitas siswa. Loba tanaga pendidik anu ngagunakeun métode konvensional sacara monoton dina kagiatan pangajaran di kelas, sahingga suasana diajar kaku jeung leuwih didominasi ku guru.

Prosés pangajaran nu dilakukeun ku tanaga pendidik kiwari leuwih condong kana kahontalna targét matéri kurikulum, leuwih mentingkeun hapalan batan pamahaman. Ieu hal bisa katitén tina kagiatan pangajaran di kelas nu didominasi ku guru. Dina nepikeun matéri, guru biasana ngagunakeun métode ceramah, dimana siswa ngan ukur diuk, nulis jeung ngadéngékeun naon nu ditepikeun ku guru. Siswa teu dibéré kasempetan keur nanya naon nu teu dipikahartina. Ku kituna, suasana pangajaran di kelas teu kondusif lantaran siswa jadi pasif.

Pangajaran maca carita pondok mangrupa salah sahiji matéri pangajaran dina basa Sunda anu penting, sabab aya dina kurikulum pangajaran basa Sunda. Pangajaran maca carita pondok aya di kelas VII kalayan Standar Kompeténsi: Mampuh maca pikeun maham jeung méré tanggepan kana bacaan anu mangrupa sajarah lokal/carita babad, téks paguneman, dongéng, jeung carita pondok; Kompeténsi Dasar: Maca carita pondok. Lian ti éta, pangajaran maca carita pondok ogé penting pikeun siswa sangkan bisa nambahan pangaweruh jeung pangalaman.

(12)

3

Teu saeutik murid anu horéam maca atawa diajar maca, utamana maca bacaan-bacaan atawa karangan-karangan basa Sunda.

Numutkeun Bapa Igna Nuradiyana, S.Pd (guru basa Sunda kelas VII) di MTsN Sindangsari, nalika diajar maca, siswa aya nu resep maca aya ogé anu henteu. Lian ti éta, sakapeung siswa ngan ukur maca hungkul tanpa maham eusi bacaan.

Pangajaran maca carita pondok (carpon) nu dilaksanakeun téh dianggap hésé ku siswa. Ieu hal bisa katingali nalika prosés diajar lumangsung jeung dina hasil diajar siswa hésé nyangking unsur intrinsik nu nyangkaruk dina carpon. Métode nu biasa digunakeun ku guru biasana modél ceramah jeung démontrasi (konvénsional).

Modél konvénsional lain modél nu kurang hadé pikeun diterapkeun di sakola, tapi dina ieu hal guru ngan saukur nitah siswa maca carita pondok, sedengkeun murid nu lianna mah ngan saukur ngaregepkeun. Kagiatan siswa ngaregepkeun carita pondok téh teu salawasna optimal, aya siswa nu heureuy, nu teu ngaregepkeun sacara maksimal, nu antukna ngabalukarkeun leungitna konséntrasi ngaregepkeun. Guru ogé teu salawasna niténan sarta merhatikeun siswa. Modél konvénsional nu dilakukeun ku guru ogé mangaruhan kana hasil diajar siswa. Ieu hal bisa katitén tina hasil Ujian Akhir Semester (UAS) semester ganjil di MTsN Sindangsari saperti dina tabél ieu di handap.

Tabél 1.1

Peunteun UAS Basa Sunda Kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan

Semester Ganjil Taun Ajaran 2012/2013

No. Peunteun Jumlah Siswa Perséntase (%)

1. 90 – 100 0 0

2. 80 – 89 5 12

3. 75– 79 12 29

4. <75 25 59

Jumlah 42 100

(13)

Nilai anu dipintonkeun di luhur téh di jerona nyampak ogé hasil tina matéri ngeunaan maca carita pondok. Awalna mah maca carita pondok téh disawang salaku pangajaran anu dianggap gampang, lantaran ngan saukur maca hiji conto carita pondok anu geus disadiakeun. Tapi dina émprona mah geuningan réa kénéh siswa anu can mampuh pikeun ngalakukeunana.

Faktor-faktor nu nyababkeunna nya éta; (1) siswa kurang merhatikeun

penjelasan guru dina unggal pangajaran, (2) métode nu diajarkeun ku guru

monoton, (3) kurangna kasadaran siswa kana pangajaran basa Sunda, hususna maca.

Tina pasualan-pasualan di luhur, disawang kudu aya tarékah sangkan pangajaran maca carita pondok téh bisa leuwih ngaronjat sarta dipikaresep ku siswa. Nu jadi pasualan dina ieu hal nya éta métode (cara) pikeun ngajarkeunana ka siswa nu salila ieu mah lir ibarat ngeusian keretas kosong hungkul, kudu robah

oriéntasina. Prosés diajar anu dilakukeun ku siswa ilaharna kawatesanan ngan

saukur nyangkem matéri pangajaran atawa nambahanana pangaweruh minangka bahan ujian atawa tés. Padahal dina tungtutan KTSP kiwari, siswa dipiharep bisa ngahontal kompeténsi, nya éta adumanisna pangaweruh, sikep, jeung kaparigelan anu bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoé.

Dumasar pedaran di luhur, dirasa perlu ayana modél pangajaran anu disawang bisa ngungkulan pasualan nu keur karandapan nya éta modél pangajaran kooperatif tipe CIRC.

(14)

5

pangajaran maca carita pondok sarta bisa ngajadikeun suasana kelas leuwih kondusif.

Hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Galuh Permana M.S., Modél

Cooperative Integrated Reading and Composition (CIRC) pikeun Ningkatkeun Kamampuh Maca Sajak (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa kelas IX-1 SMP

Negeri 1 Leuwiliang Kabupatén Bogor Taun Ajaran 2010/2011), nyindekkeun

yén modél CIRC bisa ningkatkeun kamampuh siswa dina maca sajak. Salian ti éta, hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Anggi Windiasih ngeunaan Modél

Cooperative Integrated Reading and Composition (CIRC) dina Pangajaran

Narjamahkeun Wacana Basa Indonésia kana Basa Sunda (Studi Ékspérimén ka

Siswa Kelas X SMA Kartika Siliwangi 2 Bandung Taun Ajaran 2010/2011),

nyindekkeun yén modél pangajaran CIRC bisa ningkatkeun kamampuh siswa dina narjamahkeun wacana basa Indonésia kana basa Sunda. Anu pamungkas nya éta hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Retna Wulandari, ngeunaan Pangajaran

Nulis Sajak Ngagunakeun Modél Cooperative Integrated Reading and

Composition (CIRC) Siswa Kelas VII SMP Negeri 3 Bandung Taun Ajaran

2007/2008, nyebutkeun yén modél pangajaran CIRC bisa ningkatkeun kamampuh

nulis sajak siswa kelas VII SMP Negeri 3 Bandung.

Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, panalungtik ngarasa perlu ngayakeun panalungtikan anu judulna “Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC

pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Carita Pondok (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran

2012/2013).

1.2 Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

(15)

pamahaman inferensial; 3) pamahaman élaborasi; jeung 4) pamahaman évaluasi. Sangkan ieu panalungtikan henteu lega teuing ambahanana, masalah dina ieu panalungtikan diwatesanan ngeunaan ngamekarkeun kamampuh maca pamahaman literal. Sedengkeun dina carita pondok aya dua unsur nu ngawangunna nya éta unsur intrinsik jeung unsur ékstrinsik. Dina ieu panalungtikan diwatesanan ngeunaan unsur intrinsik hungkul anu ngawengku téma, latar, alur (galur), palaku (character), gaya basa, amanat jeung puseur implengan (point of view).

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina pangajaran maca carita pondok ka siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013 dina unggal siklus?

2) Kumaha hasil diajar maca carita pondok siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013 ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina unggal siklus?

3) Naha Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC bisa nyiptakeun suasana diajar maca carita pondok anu pikaresepeun pikeun siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Unggal kagiatan tangtuna ngabogaan tujuan anu pasti. Tujuan mangrupa hal utama sangkan panalungtikan bisa réngsé luyu jeung kahayang panulis. Ku kituna, satacan ngalaksanakeun kagiatan, tujuan kudu dirumuskeun sacara jéntré. Tujuan ieu panalungtikan nya éta:

1.3.1 Tujuan Umum

(16)

7

pangajaran basa Sunda bisa leuwih dipikaresep jeung nimbulkeun kréativitas siswa.

1.3.2 Tujuan Khusus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan, nya éta ngadéskripsikeun: a. modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina pangajaran maca carita

pondok ka siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013 dina unggal siklus;

b. hasil diajar maca carita pondok siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013 ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC unggal siklus; jeung

c. modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC bisa nyiptakeun suasana diajar maca carita pondok anu pikaresepeun pikeun siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan téh miboga mangpaat pikeun ngeuyeuban élmu pangaweruh ngeunaan modél-modél pangajaran hususna pangajaran maca.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nyaéta: 1) Pikeun siswa

Ieu panalungtikan dipiharep kabéh siswa bisa aktif dina prosés pangajaran sarta bisa nambahan élmu pangaweruh jeung kaparigelan siswa dina maca carita pondok.

2) Pikeun guru

(17)

3) Pikeun sakola

Ieu panalungtikan dipiharep bisa dijadikeun asupan pikeun sakola lantaran modél pangajaran kooperatif tipe CIRC éféktif pikeun guru-guru dina pangajaran maca carita pondok.

4) Pikeun panalungtik

Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban élmu pangaweruh ngeunaan modél pangajaran. Pangaweruh ieu modél bisa digunakeun di sakola séjén.

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi

(18)

30

Tati Rosmiati, 2013

Model Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Setting Panalungtikan

Setting panalungtikan ngawengku lokasi panalungtikan, subjék

panalungtikan jeung waktu pelaksanaan panalungtikan.

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi ieu panalungtikan dilaksanakeun di MTsN Sindangsari, Jl. Eyang Hasan Maolani Desa Sindangsari Kecamatan Sindangagung Kabupatén Kuningan.

3.1.2 Subjék Panalungtikan

Anu dijadikeun subjék panalungtikan dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari, kalawan jumlah siswa 42 urang, anu ngawengku 25 urang siswa lalaki jeung 17 urang siswa awéwé.

3.1.3 Waktu Panalungtikan

Ieu panalungtikan dilaksanakeun dina waktu kurang leuwih sabulan nya éta dina ahir bulan Januari nepi ka awal bulan Fébruari 2013, anu diwincik saperti dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.1

Kagiatan jeung Waktu Panalungtikan

No. Kagiatan Waktu Panalungtikan

1 Pra-Panalungtikan Sabtu, 26 Januari 2013

2 Siklus I Sabtu, 2 Februari 2013

3 Siklus II Sabtu, 9 Februari 2013

3.2 Desain Panalungtikan

(19)

kooperatif tipe CIRC. Dina ieu panalungtikan, métode nu digunakeun nya éta Panalungtikan Tindakan Kelas (PTK).

PTK (Panalungtikan Tindakan Kelas) ngawengku tilu wangenan kecap inti, nya éta:

1) panalungtikan, nyoko kana hiji kagiatan mencermati hiji objék kalawan ngagunakeun cara jeung aturan métodologi nu tangtu pikeun meunangkeun data atawa informasi nu mangpaat dina ningkatkeun mutu hiji hal anu ngirut minat jeung penting pikeun panalungtik;

2) tindakan, nyoko kana hiji kagiatan anu ngahaja dilakukeun kalawan tujuan nu tangtu. Ieu disebut siklus kagiatan;

3) kelas, dina ieu hal teu kaiket ku wangenan rohangan kelas, tapi leuwih spésifik. Kelas anu dimaksud nya éta sakelompok siswa dina waktu nu sarua, narima pangajaran nu sarua ti guru nu sarua ogé.

Tina tilu wangenan kecap inti di luhur, bisa dicindekkeun yén panalungtikan tindakan kelas mangrupa hiji pencermatan kana kagiatan diajar nu mangrupa hiji tindakan anu ngahaja dimunculkeun jeung kajadianana dina hiji kelas sacara babarengan (Arikunto, 2006: 2-3).

Kemmis dina Sanjaya (2009: 24) nétélakeun yén panalungtikan tindakan nya éta hiji panalungtikan reflektif jeung kolektif nu dilakukeun ku panalungtik dina situasi sosial pikeun ningktkeun penalaran prakték sosialna.

Karakteristik PTK ngawengku:

1) ayana masalah dina PTK dipicu ku munculna kasadaran dina diri guru yén dina prakték pangajaranna aya masalah;

2) self-reflective inquiry, nya éta panalungtikan ngaliwatan réfléksi diri, guru

ngumpulkeun data tina praktékna ngaliwatan réfléksi diri;

3) dilakukeun di jero kelas, anu fokus kana prilaku guru jeung siswa dina ngalakukeun interaksi;

4) tujuanna pikeun menerkeun pangajaran.

(20)

32

[image:20.595.113.508.196.597.2]

Tina sababaraha modél éta, desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta desain anu nyoko kana pamadegan Arikunto (2006: 16) nya éta modél Kurt Lewin. Ieu di handap mangrupa bagan siklus PTK.

Gambar 3.1

Modél Panalungtikan Tindakan Kurt Lewin (Arikunto, spk., 2006:16)

Katerangan Gambar:

Tahap 1: Ngararancang Tindakan (Planning)

Dina ieu tahapan, panalungtik ngajéntrékeun ngeunaan naon, ku naon, iraha, di mana, ku saha jeung kumaha tindakan éta dilakukeun. Léngkah-léngkah nu dilakukeun dina ieu tahap nya éta nyiapkeun alat bantu jeung nyiapkeun instrumén anu diperlukeun nalika prosés siklus atawa tindakan.

Tahap 2: Pelaksanaan Tindakan (Acting)

Tahap kadua tina ieu panalungtikan nya éta pelaksanaan anu mangrupa impleméntasi atawa ngalarapkeun eusi rarancang, hartina dina ieu tahapan

REFLEKSI PELAKSANAAN

PERENCANAAN

SIKLUS 1

PENGAMATAN

PERENCANAAN

SIKLUS II

REFLEKSI PELAKSANAAN

PENGAMATAN

(21)

panalungtik baris ngalarapkeun modél pangajaran kooperatif tipe CIRC dina maca carita pondok anu geus dirarancang.

Tahap 3: Pengamatan (Observing)

Dina ieu tahapan, panalungtik ngarékam sakabéh prosés anu dilaksanakeun nalika siklus atawa tindakan. Dina tahap observasi ieu, kagiatan inti panalungtik nya éta ngumpulkeun data ngaliwatan padoman panalungtikan atawa instrumén panalungtikan anu geus disiapkeun saperti padoman tés, padoman observasi jeung pakakas dokuméntasi pikeun meunangkeun pamanggih jeung masukan salila kagiatan lumangsung sarta pikeun ngahontal tujuan nu dipiharep.

Tahap 4: Réfléksi (Reflecting)

Tahap réfléksi mangrupa kagiatan pikeun malikan deui naon nu geus dilakukeun. Dina ieu tahap bisa ditangtukeun siklus anu geus dilaksanakeun hasil atawa henteu. Upama henteu hasil, biasana dilakukeun léngkah saterusna nya éta, ngayakeun siklus II.

3.3 Wangenan Operasional

Pikeun nyingkahan salah tapsir ngeunaan istilah anu aya dina ieu panalungtikan, ku kituna ieu di handap dipedar ngeunaan wangenan operasionalna.

1) Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC

(22)

34

2) Kamampuh Maca Pamahaman Carita Pondok

Kamampuh asalna tina kecap mampuh anu hartina kuat, sanggup, wasa, mempan (Danadibrata, 2006: 424). Sedengkeun maca pamahaman nya éta maca anu miboga tujuan pikeun maham eusi téks kalayan teleb.

Carita pondok téh nya éta carita rékaan (fiksi) tina tingkah laku manusa anu nyaritakeun kahirupan masarakat atawa manusa sapopoé anu méré kesan lir enya-enya kajadian. Jadi, kamampuh maca pamahaman carita pondok hartina kabisa dina maham eusi carita pondok kalayan teleb.

Dina ieu panalungtikan anu diukur nya éta kamampuh maca pamahaman literal. Pikeun ngukur hasil maca pamhaman bisa dilaksanakeun tés préstasi boh dina wangun ésay boh dina wangun Pilihan Ganda (PG). Dina ieu panalungtikan tés anu digunakeun nya éta tés préstasi dina wangun ésay.

3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngawengku tés kamampuh siswa jeung observasi.

3.4.1 Tés Kamampuh Siswa

Tés dilaksanakeun pikeun ngukur hasil diajar siswa tina matéri nu geus ditepikeun salila kagiatan pangajaran ngagunakeun modél kooperatif tipe CIRC. Tés dilaksanakeun ngaliwatan tés tulis di unggal tahap pangajaran pikeun ngukur ngaronjatna kamampuh maca carita pondok siswa ngagunakeun format peunteun anu geus ditetepkeun.

(23)

3.4.2 Observasi

Dina ieu panalungtikan, observasi diperlukeun pikeun ngagambarkeun

setting anu disanghareupan, kagiatan-kagiatan anu lumangsung, jalma-jalma nu

kalibet dina kagiatan jeung ma’na kajadian disawang tina perspéktif maranéhna nu kalibet dina kajadian nu diperhatikeun. Observasi ieu dilakukeun pikeun niténan aktivitas guru jeung siswa dina kagiatan kelompok atawa individu salila prosés diajar lumangsung. Dua format observasi éta dieusian ku observer nu dilakukeun babarengan nalika pelaksanaan tindakan di unggal siklus pikeun nempo aktivitas guru jeung aktivitas siswa salila pangajaran lumangsung.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén atawa alat panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta: 1) lambaran tés, jeung 2) lambaran observasi.

3.5.1 Lambaran Tés

Tés digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina maham eusi teks. Tés dina ieu panalungtikan ngagunakeun wangun soal ésay. Jumlah soal aya 2 nya éta ngawengku soal pamahaman literal. Sangkan leuwih jéntré, ieu di handap dipedar kisi-kisi soal tés siklus I jeung siklus II.

Tabél 3.2

Kisi-kisi Soal Tés Siklus I jeung Siklus II

Standar

Kompetensi Matéri Indikator No. Soal

Bobot Soal 7.3 Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi bacaan yang berupa sajarah lokal/cerita babad, teks percakapan, dongeng, dan carita pondok. 7.3.4. Membaca carita pondok  Bisa nyebutkeun unsur-unsur intrinsik carpon nu geus dibaca (téma, palaku, latar, galur, amanat, gaya basa, point of

view)

(24)

36

 Bisa

nyaritakeun deui ringkesan carpon kalawan maké basa sorangan

2 30

Jumlah Skor 100

3.5.2 Lambaran Observasi

Lambaran observasi disusun dumasar kana kalakuan siswa jeung guru salila prosés pangajaran, sarta pangaruhna anu ditimbulkeun kana prosés jeung hasil diajar. Jadi, dina ieu observasi aya dua hal nu ditalungtik, nya éta lambaran padoman observasi aktivitas guru jeung lambaran observasi aktivitas siswa.

1) Lambaran Padoman Observasi Aktivitas Guru

Observer niténan jeung ngaévaluasi panalungtik (guru) salila KBM lumangsung.

Tabél 3.3

Lambaran Observasi Aktivitas Guru

Wasta Obsérver : ... Poé, Ping : ... Jam : ... Standar Kompeténsi : 7.3 Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi

bacaan yang berupa sajarah lokal/cerita babad, teks percakapan, dongeng, dan carita pondok.

Kompeténsi Dasar : 7.3.4. Membaca carita pondok.

No Aktivitas Ya Tidak Koméntar

1 Kegiatan awal

a) Guru ngondisikeun siswa.

b) Guru ngadata (ngabsén) kahadiran siswa. c) Guru ngayakeun apersépsi ngeunaan matéri

anu baris dijelaskeun.

d) Guru ngamotivasi siswa sangkan sumanget diajar.

e) Guru nepikeun tujuan jeung léngkah-léngkah pangajaran anu kudu dilaksanakeun salila pangajaran.

2 Kagiatan inti

(25)

c) Guru ngabagi téks carpon jeung soal tés. d) Ngaping siswa nalika maca carpon, diskusi

jeung ngeusian soal tés.

e) Méré kasempetan ka siswa macakeun hasil kelompokna.

3 Kagiatan ahir

a) Guru jeung siswa babarengan nyindekkeun matéri pangajaran.

b) Guru nepikeun kagiatan pangajaran satuluyna, kaasup méré tugas. c) Guru mungkas kagiatan pangajaran.

Jumlah Persentase

Katerangan : Béré tanda chek list (√) dina kolom Ya lamun katitén dilaksanakeun, atawa

dina kolom Tidak lamun teu katitén dilaksanakeun.

Catatan Observer :

...

Sindangsari, ... Februari 2013

2) Lambaran Padoman Observasi Aktivitas Siswa

Observer niténan aktivitas siswa salila pangajaran lumangsung nu aya patalina jeung motivasi nu tumuwuh salila prosés pangajaran.

Tabél 3.4

Lambaran Observasi Aktivitas Siswa

Wasta obsérver : ... Poé, ping : ... Jam : ... Standar Kompeténsi : 7.3 Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi

bacaan yang berupa sajarah lokal/cerita babad, teks percakapan, dongeng, dan carita pondok.

Kompeténsi Dasar : 7.3.4. Membaca carita pondok.

No Aktivitas Ya Tidak Koméntar

1 Kegiatan awal

a) Nurut nalika dikondisikeun.

b) Ngaréspon nalika keur didata (absén).

Panalungtik,

Tati Rosmiati NIM. 0906246 Observer,

(26)

38

c) Ngarti kana apersépsi matéri anu baris dijelaskeun.

d) Kamotivasian pikeun sumanget diajar. e) Ngarti kana tujuan jeung léngkah-léngkah

pangajaran anu kudu dilaksanakeun salila pangajaran.

2 Kagiatan inti

a) Ngabandungan nalika guru ngajelaskeun matéri.

b) Ngarti nalika dibagi jadi sababaraha kelompok.

c) Tartib nalika dibagi téks carpon jeung soal tés.

d) Gawé babarengan, silih macakeun, nimukeun unsur-unsur intrinsik carita pondok jeung méré tanggepan kana carpon nu geus dibaca sarta ngeusian soal tés. e) Siswa macakeun hasil kelompokna

hareupeun babaturanna. 3 Kagiatan ahir

a) Babarengan jeung guru pikeun nyindekkeun matéri pangajaran.

b) Ngabandungan kagiatan pangajaran satuluyna, kaasup aya tugas.

Jumlah Persentase

Katerangan : Béré tanda chek list (√) dina kolom ya lamun katitén dilaksanakeun,

atawa dina kolom tidak lamun teu katitén dilaksanakeun.

Catetan Obsérver :

...

Sindangsari, 2 Februari 2013

3.6 Prosedur Ngolah Data

Dina ieu panalungtikan, analisis data dilakukeun di unggal siklus, minangka bahan réfléksi pikeun pelaksanaan siklus satuluyna. Aya sababaraha tahapan dina analisis data, di antarana:

1) Ngalakukeun klasifikasi data atawa ngawilah-wilah data saluyu jeung fokus masalah. Dina ieu hal, panalungtik ngumpulkeun sakabéh alat ngumpulkeun

Obsérver,

NIP.

Panalungtik,

(27)

data panalungtikan anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data, satuluyna dikumpulkeun dumasar fokus masalahna.

2) Nafsirkeun data anu geus diwilah-wilah dina wangun pernyataan.

3) Nganalisis data nu mangrupa hasil tés maca carita pondok siswa di unggal tindakan pikeun mikanyaho hasil panalungtikan anu geus dilakukeun. Kriteria ketuntasan minimal (KKM) pelajaran basa Sunda di MTsN Sindangsari nya éta 75. Sangkan leuwih jéntré bisa ditingali dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.5 Katégori Peunteun

Peunteun Katerangan

≥75 Tuntas

<75 Can Tuntas

4) Nganalisis hasil obsérvasi aktivitas guru jeung siswa ku cara ngitung unggal perséntase tiap katégori dina unggal tindakan anu dilakukeun ku panalungtik jeung ngitung perséntase ti obsérver.

5) Ngalakukeun analisis kualitatif, nya éta nyindekkeun ngaronjat-henteuna hasil pangajaran anu geus dilaksanakeun dumasar tina hasil obsérvasi kalawan babarengan jeung obsérver.

6) Nyindekkeun hasil panalungtikan, dumasar kana analisis hasil obsérvasi anu disaluyukeun jeung tujuan panalungtikan anu diinterprétasikeun dina kalimah pernyataan.

3.7 Prosedur Panalungtikan

Prosedur dina ieu panalungtikan ngawengku sababaraha kagiatan anu dilaksanakeun salila panalungtikan ti awal nepi ahir, diantarana:

1) ngalakukeun pendekatan ka pihak sakola ngeunaan panalungtikan anu baris dilaksanakeun sarta ngalakukeun sosialisasi panalungtikan ka guru pikeun mantuan panalungtik salaku observer;

(28)

40

3) réfléksi awal tina pangajaran maca carpon anu geus diajarkeun;

4) ngaidéntifikasi pasualan dina prak-prakan pangajaran maca carpon anu ngabalukarkeun munculna pasualan anu karandapan ku siswa dina pangajaran nyaritakeun pangalaman, saperti halna kapaluruh modél pangajaran anu kurang éféktif;

5) nyusun rarancang jeung netepkeun modél anu baris digunakeun nalika panalungtikan lumangsung;

6) nyusun jeung netepkeun métode téhnik pemantauan (observasi) dina unggal tahapan panalungtikan kalawan ngagunakeun format observasi; 7) netepkeun jumlah siklus salila pelaksanaan PTK, nya éta dua siklus; 8) nyusun RPP anu ngawengku: indikator, tujuan pangajaran, skénario

pangajaran, alokasi waktu, métode, alat jeung bahan, jeung évaluasi kaasup tés;

9) nyieun instrumén panalungtikan pikeun masing-masing siklus, nyua éta tés, observasi aktivitas guru jeung observasi aktivitas siswa;

10)prak-prakan tindakan siklus I.

11)réfléksi tindakan siklus I anu hasilna digunakeun salaku patokan dina nangtukeun perbaikan tindakan dina siklus II;

12)prak-prakan tindakan siklus II;

(29)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun di kelas VII-A MTsN Sindangsari Kabupatén Kuningan taun ajaran 2012/2013, bisa dicidekkeun saperti ieu di handap.

1) Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina pangajaran maca carita pondok dilaksanakeun dina dua siklus. Dina siklus I kagiatan pangajaran geus bisa dilaksanakeun saluyu jeung rarancang pangajaran anu geus ditangtukeun. Kaaktipan, antusias siswa nalika maca carita pondok jeung prosés pangajaran sacara umum geus bisa diungkulan, tapi nalika guru ngabagi kelompok, jeung pamahaman siswa dina nangtukeun unsur-unsur intrinsik carita pondok masih tacan maksimal. Aya sababaraha siswa nu ngarasa éra jeung loba heureuy nalika ngerjakeun pancén kelompok nu ngabalukarkeun kurang éféktifna kagiatan pangajaran. Dina siklus II kagiatan pangajaran geus bisa dilaksanakeun saluyu jeung rarancang panagjaran anu geus ditangtukeun. Kagiatan pangajaran karasa leuwih éféktif dibanding kagiatan pangajaran dina siklus I. Siswa geus teu éra deui jeung leuwih seurieus nalika ngerjakeun pancén kelompok sarta siswa bisa nangtukeun unsur-unsur intrinsik dina carita pondok.

(30)

60

Tati Rosmiati, 2013

Model Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

siswa dina siklus II nya éta 100% atawa kabéh siswa tina 40 urang asup kana kategori tuntas. Rata-rata peunteun nu dihontal ku siswa nya éta 91,3. 3) Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC bisa nyiptakeun suasana diajar

anu pikaresepeun. Ieu hal katitén dina partisipasi jeung aktivitas siswa anu ngaronjat dina unggal siklus. Dina siklus I, siswa geus mimiti daria jeung serius pikeun maca carita pondok, siswa geus mimiti aktif pikeun méré kontribusi dina kelompok (CIRC) pikeun ngadiskusikeun atawa nangtukeun unsur-unsur intrinsik nu nyampak dina carita pondok nu dibacana. Lian ti éta, kagiatan pangajaran anu dilaksanakeun ogé geus kawilang éféktif jeung pikaresepeun, lantaran ku cara nyieun kelompok leutik, waktu leuwih éfisién. Sanggeus siswa maca carita pondok, tuluy ngeusian soal tés pikeun nguji pemahamanna ku cara diskusi jeung babaturan sakelompokna, tuluy merséntasikeun hasil jawaban kelompokna dihareupeun babaturan nu séjén (kelompok séjén). Dina siklus II, siswa bisa leuwih aktif dina méré kontribusi nalika diskusi jeung babaturan sakelompokna nangtukeun unsur-unsur intrinsik nu nyampak dina carita pondok nu dibacana, pangajaran bisa leuwih éféktif jeung pikaresepeun siswa lantaran waktu henteu loba kacontang. Siswa leuwih kondusif nalika pangajaran lumangsung.

5.2 Rekomendasi

Sabada diayakeun panalungtikan ngeunaan pangajaran maca carita pondok kalawan ngagunakeun modél pangajaran kooperatif tipe CIRC, aya sababaraha rékomendasi saperti ieu di handap.

1) Tina hasil panalungtikan, modél pangajaran kooperatif tipe CIRC bisa digunakeun salaku alternatif modél pangajaran nu bisa ngaronjatkeun kamampuh maca carita pondok atawa dina kamampuh maca nu séjén. 2) Guru kudu leuwih kréatif dina kagiatan pangajaran sangkan siswa leuwih

(31)
(32)

62

Tati Rosmiati, 2013

Model Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

Sumber Buku:

Aminuddin. 2009. Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algesindo.

Arikunto, Suharsimi. spk. 2009. Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta: Bumi Aksara.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2006. Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung.

Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Isnendes, Retty. 2010. Kajian Sastra. Bandung: Daluang.

Kuswari, Usep. 1995. Handout Tiori Maca. Bandung: IKIP Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Lie, Anita. 2008. Cooperative Learning. Jakarta: Grasindo.

Nurhadi. 2008. Membaca Cepat dan Efektif. Bandung: Sinar Baru Algesindo. Rahim, Farida. 2007. Pengajaran Membaca di Sekolah Dasar. Jakarta: Bumi

Aksara.

Ruhaliah. 2002. Diktat Sajarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Basa Daerah.

Ruhimat, Toto. 2009. Kurikulum & Pembelajaran. Bandung: Jurusan Kurtekpen FIP UPI.

Sanjaya, Wina. 2009. Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta: Kencana Prenada Media Group.

Slavin, E. Robert. 2005. Cooperative Learning. Bandung: Nusa Media.

Sudaryat, Yayat. 2007. Makaya Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Sudaryat, Yayat. spk. 2009. Model-model Pembelajaran Bahasa dan Sastra

Sunda. Bandung: CV. Wahana Karya Grafika.

Sumardjo, J & Saini K.M. 1988. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Sumarsono, Tatang. 2008. Gapura Basa. Bandung: Geger Sunten.

(33)

Tarigan, H.G. 2008. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI Press.

Sumber Skripsi:

Hidayat, M.R. 2010. Modél Pangajaran CIRC jeung Modél Jigsaw dina

Pangajaran Maca Carpon. Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS

UPI Bandung: Teu diterbitkeun.

Priansyah, Luxas. 2011. Média Komik pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca

Pamahaman Dongéng Babad Siswa di kelas X-2 SMA Pasundan 8 Bandung.

Skripsi Pendidikan Jurusan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: Teu diterbitkeun.

Saputra, G.P.M. 2011. Modél CIRC pikeun Ningkatkeun Kamampuh Maca Sajak

(Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas IX-1 SMP Negeri 1

Leuwiliang Kabupatén Bogor Taun Ajaran 2010/2011). Skripsi Pendidikan

Jurusan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: Teu diterbitkeun.

Widianingsih, W. 2012. Modél STAD pikeun Ningkatkeun Kamampuh Maca

Carita Pondok (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII-F SMP

Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2011/2012). Skripsi Pendidikan Jurusan

Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: Teu diterbitkeun.

Sumber Internet:

IDTesis. 2012. Sejarah Penelitian Tindakan Kelas (PTK). [online]. Tersedia: http://idtesis.com/penelitian-tindakan-kelas-ptk-sejarah/.

Indien. 2012. Modél Pembelajaran Kooperatif Tipe CIRC. [online]. Tersedia: http://007indien.blogspot.com/2012/04/model-pembelajaran-kooperatif-tipe-circ.html.

Khosun, Nur. 2011. Hakikat Membaca Pemahaman. [online]. Tersedia: http://nurkhosun.blogspot.com/2011/05/hakikat-membaca-pemahaman.html. Saja, Cuma Nulis. 2012. Membaca Pemahaman dan Unsur-unsurnya. [online].

Gambar

Gambar 3.1 Modél Panalungtikan Tindakan Kurt Lewin

Referensi

Dokumen terkait

Dalam peraturan yang ada hak pengelolaan dapat diberikan kepada instansi atau perusahaan baik melalui konversi atau melalui penetapan pemerintah/Permohonan juga Hak

Pola asuh orang tua merupakan salah satu faktor yang mempengaruhi perkembangan anak pra sekolah.Terdapattigakategoripolaasuh orang

Pada tahun 2017, Pemerintah menerapkan kebijakan subsidi listrik tepat sasaran terhadap rumah tangga daya 900 VA dengan mengacu Data Terpadu Program Penanganan

Gambar 5, menunjukan bahwa server pendaftaran online SPMB STSN sedang tidak dapat melakukan koneksi s dengan server Panselnas untuk melakukan verifikasi data pendaftar panselnas..

[r]

[r]

Petugas medis maupun paramedis di Rumah Sakit Medika, baik para dokter maupun perawatnya, seluruhnya berlatar belakang pendidikan kesehatan yang belajar tentang dokumen rekam

Vandoe Indonesia Saya berharap bisa melihat terumbu2 eksotis dan rare, ternyata isinya terumbu2 biasa seperti kolang kaling cendol putih (gk ada yg hijau), goniopora biasa,