• Tidak ada hasil yang ditemukan

Panungtun jang nu maké

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "Panungtun jang nu maké"

Copied!
109
0
0

Teks penuh

(1)

Panungtun jang nu maké

(2)

Eusi

Ngamulai... 6

Ringkesan...6

Pamasangan...7

Perlindungan layar...8

Ngamulai alat Anjeun pertama kalina...8

Kunaon abdi butuh akun Google™?... 9

Ngeusi batre alat...9

Diajar dasar-dasar...11

Nganggo layar rampa...11

Ngonci jeung muka konci layar...13

Layar Utama... 13

Layar aplikasi... 15

Aplikasi napigasi...16

Widget... 16

Potong kompas jeung polder... 17

Latar tukang sareng tema... 18

Nyandak potret layar... 19

Status jeung bewara... 19

Ikon dina bar status...20

Langlangan aplikasi...21

Ngundeur aplikasi... 23

Ngundeur aplikasi ti Google Play™... 23

Ngundeur aplikasi ti sumber nu sejen... 23

Internet jeung jaringan...24

Ngotektak web...24

Setelan Internet sareng MMS ... 24

Wi-Fi®... 25

Babagi koneksi data telepon seluler anjeun... 27

Ngadalikeun pamakean data...28

Milih jaringan seluler... 29

Jaringan pribadi virtual (VPN)...29

(3)

Konci layar... 35

Basa tulisan... 36

Kaping jeung waktos...36

Ningkatkeun output sora... 37

Ngetik teks... 38

Kibor di layar... 38

Nuliskeun teks make input sora...39

Ngedit teks... 39

Ngaluyukeun kibor Experia...40

Nelepon... 41

Nelepon... 41

Nampa telepon... 42

Telepon Lumangsung... 43

Make log telepon... 43

Neraskeun sauran... 44

Ngawatesan telepon... 44

Sauran nu langkung ti hiji... 45

Telepon konprensi...45

Suratsora... 46

Telepon darurat...46

Kontak ... 47

Nransper kontak... 47

Neangan jeung nempo kontak... 48

Nambahkeun sareng ngedit kontak...49

Nambahkeun inpormasi kontak medis jeung darurat... 50

Paporit sareng grup... 51

Ngirim inpo kontak... 52

Ngahindarkeun panulisan ganda dina aplikasi Kontak... 52

Nyieun cadangan kontak...53

Talatah jeung chat...54

Maca jeung ngirim talatah... 54

Ngatur talatah anjeun... 55

Nelepon ti talatah... 56

Setelan talatah... 56

Talatah instan jeung chat video... 56

Surelek... 58

Nyetel surelek... 58

Ngirim jeung nama talatah surelek...58

Panel tilikan surelek...60

Ngatur talatah surelek anjeun... 60

Setelan akun surelek... 61

(4)

Musik ...63

Nransperkeun musik ka alat Anjeun ... 63

Ngadangukeun musik... 63

Menu layar utama “WALKMAN”... 64

Daptar puter...66

Babagi musik... 66

Ningkatkeun sora... 67

Pangatur visual ...67

Mikawanoh musik make TrackID™... 67

Ladenan online Music Unlimited... 69

Radio FM...70

Ngadangukeun radio...70

Saluran radio paporit...71

Setelan sora...71

Kamera... 72

Nyandak poto sareng ngarekam video... 72

Nganggo Smile Shutter™ pikeun moto ramo nu seuri... 73

Nambahan posisi geografis ka poto anjeun... 73

Setelan kamera umum... 73

Setelan kamera poto... 75

Setelan kamera video...78

Poto sareng video di Albeum... 80

Nempo poto sareng video...80

Babagi jeung ngatur poto sareng video... 81

Ngedit poto make aplikasi editor Poto...82

Menu layar utama albeum... 83

Nempo poto Anjeun dina peta...83

Video... 86

Lalajo video dina aplikasi Pilem...86

Nransperkeun eusi video ka alat Anjeun ... 87

Ngatur eusi video... 87

Konektipitas... 88

Teknologi nirkabel Bluetooth® ... 88

Alat komputer... 90

(5)

Almenak sareng jam alarm...97

Almenak...97

Alarm jeung jam... 98

Rojongan tur pamaliharaan... 100

Rojongan kanggo alat Anjeun...100

Ngapdet alat Anjeun...100

Nomer IMEI...101

Batre sareng pangaturan daya... 102

Memori jeung panyimpenan... 103

Nyieun cadangan tur ngabalikkeun eusi... 104

Balikan deui tur nga-reset alat Anjeun... 106

Ngadaur mulang alat Anjeun... 107

Inpo penting... 108

Liplet inpo penting...108

Watesan ladenan sareng fitur... 108

(6)

Ngamulai

Ringkesan

1 Lampu ngeusi/Lampu bewara 2 Speaker ceuli

3 Tombol WALKMAN 4 Sensor jarak/Sensor cahaya 5 Tombol Sora/Zoom 6 Tombol daya 7 Mikropon utama

(7)

12 Speaker 13 Liang tempat tali

Pamasangan

Lambar plastik nu ngalindungan ditempelkeun ka layar/ Anjeun kudu ngaleupaskeun lembar plastik ieu samemeh make layar rampa. Lamun teu kitu, pungsi layar rampa bisa jadi teu bener.

• Make jempol Anjeun, geser kaluar panutup nu aya dina luhureun alat.

• Cabut panutup batre sareng batre, teras selapkeun kartu SIM ka slot kartu nu sasuai bari bagean nu warna emasna ngadep ka handap.

Pikeun nyelapkeun kartu memori

1 Cabut panutup tukang sareng batre.

2 Selapkeun kartu memori ka slot kartu memori, sareng bagean kontak nu warna-emas ngarah ka handap.

(8)

• Geser panutup luhur ka handap. Anjeun ngadangu sora sawaktos panutup kakonci ka tempatna.

Perlindungan layar

Samemeh Anjeun make alat, cabut film pelindung transparan kucara ngaleupaskeun tab anu nonjol.

Disarankeun pikeun ngajagi alat Anjeun make panutup layar merek Sony atawa pelindung nu dihususkeun kanggo model Xperia™ Anjeun. Pamakean asesoris pelindung layar pihak katilu tiasa nyegah alat Anjeun berpungsi sae ku sabab nutupan sensor, speaker, atawa mikropon, tur tiasa ngabatalkeun haransi alat eta.

Ngamulai alat Anjeun pertama kalina

Waktu pertama anjeun ngamimitian alat, pituduh setelan muka pikeun mantuan anjeun ngonpogurasi setelan dasar, asup ka sababaraha akun, jeung nyetel personalisasi alat. Contona, lamun Anjeun boga akun Sony Entertainment Network, Anjeun bisa asup ka dinya ti dieu jeung bisa lagsung dipake. Jeung Anjeun bisa ngundeur setelan Internet jeung Wi-Fi®.

Anjeun tiasa ngakses pituduh setelan engke ti menu Setelan.

Pikeun ngaktipkeun alat

1 Pencet terus kenop daya nepi ka lampu bewara hurung ngiceupan sakali.

2 Tulis PIN kartu SIM Anjeun basa ditaros, teras ketok .

(9)

Kunaon abdi butuh akun Google™?

Alat Xperia™ ti Sony Anjeun dijalankeun dina platform Android™ nu dikembangkeun ku Google™. Loba aplikasi jeung ladenan Google™ nu disadiakuen dina alat Anjeun basa Anjeun meuli eta alat, contona, aplikasi Gmail™, Google Maps™, YouTube™, jeung Play Store™, toko online nu mere Anjeun wasa ka toko online Google Play™ pikeun

ngundeur aplikasi Android™. Pikeun tiasa make ladenan ieu sacara maksimal, Anjeun butuh akun Google™. Contona, Anjeun kudu gaduh akun Google™ upami hoyong:

• Ngundeur tur masang aplikasi ti Google Play™.

• Nyingkronkeun surelek, kontak, sareng almenak nganggo Gmail™.

• Ngobrol jeung babaturan make aplikasi Hangouts™.

• Nyinkronkeun riwayat kotektak sareng tetengger Anjeun make pangotektak web Google Chrome™.

• Ngidentipikasi diri Anjeun sabage pamake nu berhak saatos ngalakukeun perbaikan software make Xperia™ Companion.

• Ti jarak jauh, manggihan, ngonci, mupus alat nu leungit atawa dipaok make ladenan my Xperia™ atawa Manajer Alat Android™.

Kanggo inpo nu lainna tentang Android™ sareng Google™, buka http://support.google.com.

Penting pisan kanggo Anjeun inget ngaran nu make sareng kecap akses akun Google™ Anjeun. Di sababaraha situasi, Anjeun bisa jadi kudu ngidentipikasi diri Anjeun sorangan kanggo alesan kaamanan make akun Google™ Anjeun. Upami Anjeun gagal merek ngaran nu make sareng kecap akses Google™ Anjeun dina situasi ieu, alat Anjeun bakal dikonci. Salain eta, upami Anjeun gaduh leuwih ti hiji akun Google™, pastikeun pikeun nuliskeun wincik kanggo akun nu sasuai.

Pikeun nyetel akun Google™ dina alat Anjeun

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Tambahkeun akun > Google.

3 Turutan wizard pandaptaran pikeun nyieun hiji akun Google™, atawa daptar asup upami Anjeun tos boga akun.

Anjeun bisa oge asup atawa nyieun akun Google™ tina pituduh setelan basa Anjeun mimiti ngahurungkeun alat Anjeun. Atawa Anjeun bisa online tur nyieun akun di

www.google.com/accounts.

Ngeusi batre alat

Batre alat teh geus dieusi sawareh pas anjeun meser alat. Anjeun tiasa keneh make alat pas dieusi batrena. Baca salengkepna ngeunaan batre jeung cara ningkatkeun kinerja dina Batre sareng pangaturan daya di kaca 102 .

(10)

1 Colokkeun carjer ka colokan listrik.

2 Colokkeun ujung nu sejen kabel USB ka carjer (atawa ka liang USB dina komputer).

3 Colokkeun ujung kabel nu hiji deui ka liang USB mikro dina alat anjeun, lambang USB-na ngadep ka luhur. Lampu bewara hurung upami ngeusi aya dimimitian.

4 Sawaktos batre alat geus dieusian pinuh, coplokkeun kabel USB tina telepon anjeun ku cara nyabut kabel eta kaluar. Pastikeun anjeun teu nekuk konektor.

Upami batre bener-bener soak, butuh sababaraha waktu nepi ka lampu bewara hurung tur ikon ngeusi batre nembongan.

Bewara status lampu batre

Hejo Tingkat eusian batre langkung ageung ti 90% Beureum ngedip Batre nuju ngeusi tur tingkat eusian batre kirang ti 15% Oranyeu Batre nuju ngeusi tur tingkat eusian batre kirang ti 90%

(11)

Diajar dasar-dasar

Nganggo layar rampa

Ngetok

• Buka atau pilih item.

• Cirian atawa buka tetengger kotak centang atawa pilihan.

• Ngasupkeun teks make kibor di layar.

Noel jeung nahan

• Mindahkeun item.

• Ngaktipkeun menu husus item.

(12)

Nyiwit jeung ngalegakeun

• Leutikkeun atawa gedekeun kaca web, poto, atawa peta.

Ngusapkeun

• Gulung ka luhur atawa ka handap daptar.

(13)

Nyintreuk

• Gulung gancang, contona, dina daptar atawa dina kaca web. Anjeun tiasa nyetop gerakan ngagulung ku cara ngetok layar.

Ngonci jeung muka konci layar

Lamun alat anjeun diaktipkeun teras dianggurkeun sababaraha waktu, layar bakal moekan pikeun ngahemat daya batre, tur otomatis ngonci. Konci nyegah tindakan nu teu dipikahayang dina layar rampa lamun keur teu dipake ku Anjeun. Basa meuli alat anjeun, konci usap layar dasar tos dipangnyetelken. Artina Anjeun kudu ngusap ka kabeh arah ti tengah layar jang muka konci na. Engke Anjeun bisa ngarobah setelan kaamanan jeung nambahkeun konci jinis sejen. Tempo Konci layar di halaman 35 .

Pikeun ngaktipkeun layar

• Pencet sakeudeung kenop daya .

Muka konci layar

• Simpen ramo dina tengah-tengah layar teras usapkeun ka palih mana waé.

Pikeun ngonci layar

• Sawaktos layar keur aktip, pencet sakeudeung kenop daya .

Layar Utama

Layar Utama teh titik mimiti make alat anjeun. Itu teh jiga desktop dina layar komputer. Layar Utama anjeun tiasa gaduh tujuh panel, langkung rubak ti pintonan layar biasa.

(14)

Jumlah panel Layar Utama teh ditembrakkeun kalayan runtuyan titik-titik di palih luhur Layar Utama Titik nu disorot nempokeun yen panel tempat anjeun aya ayeuna.

Pikeun pindah ka layar Utama

• Pencet .

Ngotektak Layar Utama

Panel layar utama

Anjeun tiasa nambahkeun panel anyar ka layar urama (dugi ka maksimum tujuh panel) jeung mupus panel. Anjeun oge tiasa nyetel panel nu ku anjeun hayang dipake minangka panel layar Utama.

Pikeun nyetel hiji panel minangka panel Layar Utama

1 Toel jeung tahan wewengkon kosong dina Layar Utama Anjeun nepi ka alat ngagater.

(15)

Pikeun mupus hiji jandela tina layar Utama

1 Toel jeung tahan wewengkon kosong dina Layar Utama Anjeun nepi ka alat ngagater.

2 Sintreuk kenca atawa katuhu pikeun ngotektak jandela nu Anjeun hoyong pupus, teras ketok .

Layar aplikasi

Layar Aplikasi, nu dibuka ku anjeun tina layar Utama, ngandung aplikasi nu geus dipasang dina alat anjeun kitu oge sareng aplikasi nu diundeur ku anjeun.

Nempo sadaya aplikasi di layar Aplikasi

1 Tina layar Utama Anjeun, ketok .

2 Sintreuk ka kenca atawa ka katuhu alayar Aplikasi.

Muka aplikasi ti layar Aplikasi

• Sitreuk ka kenca atawa katuhu pikeun manggihan aplikasi, teras ketok aplikasi.

Muka menu layar Aplikasi

• Basa layar Aplikasi kabuka, sered sisi kenca layar Aplikasi ka katuhu.

Mindahkeun aplikasi dina layar Aplikasi

1 Pikeun muka menu layar Aplikasi, sered sisi kenca layar Aplikasi ka katuhu.

2 Pastikeun Own order dipilih di handapeun TEMBONGKEUN APLIKASI.

3 Toel jeung tahan apliaksi nepi ka ngadegean jeung alat ngageter, teras sered ka lokasi anyar.

Nambahkeun potong kompas aplikasi ka Layar Utama

1 Tina Layar Utama, toel jeung tahan ikon aplikasi nepi ka layar ngegeter, teras sered ikon ka palih luhur layar. Layar Utama kabuka.

2 Sered ikon ka lokasi nu dipikayang di Layar Utama, teras leupaskeun ramo anjeun.

Pikeun nyusun aplikasi di layar Aplikasi

1 Pikeun muka menu layar Aplikasi, sered sisi kenca layar Aplikasi ka katuhu.

2 Pilih pilihan nu dipikahoyong di handapeun TEMBONGKEUN APLIKASI.

Pikeun neang aplikasi tina layar Aplikasi

1 Pikeun muka menu layar Aplikasi, sered sisi kenca layar Aplikasi ka katuhu.

2 Ketok Teang aplikasi.

(16)

Mupus pamasangan aplikasi tina layar Aplikasi

1 Pikeun muka menu layar Aplikasi, sered sisi kenca layar Aplikasi ka katuhu.

2 Ketok Bongkar pmsngn. Sadaya aplikasi nu teu tiasa dipasang diindentipikasi ku .

3 Ketok aplikasi nu hayang dipupus pamasanganna ku anjeun, teras ketok Bongkar pmsngn.

Aplikasi napigasi

Anjeun tiasa nganapigasi antar aplkiasi make kenop napigasi, bar aplikasi leutik jeung jandela aplikasi nu nembe dipake, nu ngidinan anjeung ngaganti aplikasi kalayan

gampang di antara sadaya aplikasi nu nembe dipake. Sababaraha aplikasi ditutup upami anjeun mencet pikeun kaluar nuju aplikasi nu sejen terus jalan dina latar tukang atawa reureuh. Upami aplikasi direureuhken atawa jalan dina lata tukang, anjeun tiasa

neruskeun pas engke deui anjeun muka aplikasi.

Langlangan aplikasi napigasi

1 Jandela aplikasi nu nembe dipake – Buka aplikasi nu nembe dipake 2 Bar aplikasi leutik – Buka aplikasi leutik

3 Kenop napigasi – Buka aplikasi nu nembe dipake jeung bar aplikasi leutik 4 Kenop napigasi utama – Kaluar ti aplikasi tur mulang ka Layar Utama

5 Kenop napigasi mulang – Mulang ka layar samemehna dina aplikasi atawa tutup aplikasi

Pikeun muka jandela aplikasi anu nembe dipake

• Pencet .

Muka ménu di aplikasi

• Pas nganggo aplikasi, pencét .

(17)

Pikeun nambah widget ka layar Utama

1 Toel jeung tahan wewengkon kosong dina Layar Utama Anjeun nepi ka alat eta ngageter, teras ketok Widget.

2 Panggihan tur ketok widget nu Anjeun hoyong tambah.

Pikeun ngatur ukuran hiji widget

1 Toel jeung tahan hiji widget nepi ka ngagedean tur alat ngageter, teras leupaskeun widget eta. Upami widget tiasa diatur ukuranana, contona, widget Almenak, teras pigura nu disorot sareng titik-titik pangaturan ukuran jadi nembongan.

2 Sered titik-titik eta ka jero atawa ka luar pikeun ngaleutikan atawa ngagedean widget eta.

3 Pikeun mastikeun ukuran anyar widget eta, ketok di mana wae dina Layar Utama.

Pikeun mindahkeun widget

• Toel jeung tahan widget nepi ka ngadegean jeung alat ngageter, teras sered ka lokasi anyar.

Pikeun mupus widget

• Toel jeung tahan widget nepi ka ngadegean jeung alat ngageter, teras sered ka .

Potong kompas jeung polder

Pake potong kompas jeung polder pikeun ngatur aplikasi jeung nyieun Layar Utama anjeun rapih.

(18)

1 Ngakses polder nu aya aplikasi

2 Ngakses aplikasi nu make potong kompas

Nambahkeun potong kompas ka Layar Utama

1 Toel jeung tahan wewengkon nu kosong di Layar Utama nepi ka alat ngegeter tur menu kustomisasi nembongan.

2 Dina menu kustomisasi, ketok Aplikasi.

3 Gulung ka daptar aplikasi tur pilih hiji aplikasi. Aplikasi nu dipilih ditambahkeun ka Layar Utama.

Di lengkah 3, alternatipna anjeun oge tiasa ngetok Potong kompas teras milih aplikasi tina daptar nu aya. Upami anjeun make metodeu ieu pikeun nambahkeun potong kompas, sababara aplikasi nu sadia ngidinan anjeun nambahkeun pungsionalitas nu tangtu ka potong kompas.

Pikeun mindahkeun hiji item dina layar Utama

• Toel jeung tahan item nepi ka ngagedean tur alat ngageter, teras sered item eta ka lokasi nu anyar.

Pikeun mupus hiji item tina layar Utama

• Toel jeung tahan hiji item nepi ka ngagedean tur alat ngageter, teras sered item eta ka .

Pikeun nyieun polder ka layar Utama

• Toel jeung tahan ikon aplikasi atawa potong kompas nepi ka ngagedean tur alat ngageter, teras sered tur teundeun ikon eta ka luhureun ikon aplikasi atawa potong kompas nu sejen.

Pikeun nambah item ka polder dina layar Utama

• Toel jeung tahan hiji item nepi ka ngagedean tur alat ngageter, teras sered item eta ka polder.

Pikeun ngaganti nami polder dina layar Utama

1 Ketok polder pikeun mukakeunana.

2 Ketok bar judul polder pikeun mintonkeun widang Ngaran polder.

3 Tulis nami polder nu anyar tur ketok Rengse.

Latar tukang sareng tema

Anjeun tiada ngaluyukeun Layar utama ka gaya nyalira make wallpaper sareng rupa-rupa tema. Anjeun oge tiasa ngarobah wallpaper dina layar konci.

(19)

Ngarobah wallpaper Layar Utama anjeun

1 Colék teras hiji widang kosong di Layar Utama anjeun nepi ka alat ngageter.

2 Ketok Wallpaper tur pilih hiji pilihan.

Nyetel tema

1 Colék teras hiji widang kosong di Layar Utama anjeun nepi ka alat ngageter.

2 Ketok Tema, teras pilih hiji tema.

Sawaktos Anjeun ngarobah tema, latar tukang oge robah di sababaraha aplikasi.

Ngarobah wallpeper pikeun layar konci

1 Tina layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Personalisasi > Lock Screen.

3 Pilih hiji pilihan, teras turutan pitunjuk pikeun ngarobah wallpaper.

Nyandak potret layar

Anjeun tiasa nyandak gambar poto ti layar nu mana wae di alat Anjeun pikeun jadi potret layar. Potret layar nu Anjeun candak bakal otomatis disimpen di Albeum.

Pikeun nyandak potret layar

1 Pencet jeung tahan kenop daya sareng kenop polumeu babarengan nepi ka Anjeun ngadangu sora klik.

2 Pikeun nempo potret layar, sered bar status ka handap.

Status jeung bewara

Ikon dina bar status masihan terang ka anjeun ngeunaan kajadian kawas talatah anyar jeung bewara almenak, kagiatan nu lumangsung kawas undeuran payil, jeung inpormasi status kawas tingkat batre jeung kakuatan sinyal. Anjeun tiasa nyered bar status ka handap pikeun muka panel Bewara tur meunangkeun inpo nu langkung seueur.

Pikeun milih ikon sistem nu mana nu dipintonkeun di bar status

1 Tina layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Personalisasi > Ikon wagel status.

3 Pilih ikon nu ku Anjeun hoyong dipintonkeun.

(20)

Kanggo milih aplikasi nu tiasa ngirim bewara

1 Tina layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Personalisasi > Atur bewara.

3 Pilih aplikasi nu tiasa ngirim bewara.

Nyandak tindakan ihwal bewara

• Ketok bewara.

Miceun bewara ti panel Bewara

• Simpen ramo di bewara terus toel ka kenca atawa katuhu.

Mupus sadaya bewara ti panel Bewara

• Ketok Pupus.

Lampu bewara

Lampu bewara ngabejaan Anjeun ngenaan status batre jeung kajadian sejenna. Contona, lampu bodas nu kedip-kedip hartina aya talatah anyar atawa telepon lasut.

Ikon dina bar status.

Ikon status

Kakuatan sinyal Taya sinyal Roaming

GPRS keur sadia EDGE keur sadia 3G sadia

Jaringan data seluler sadia

Ngirim sareng ngundeur data GPRS Ngirim sareng ngundeur data EDGE Ngirim jeung ngundeur data 3G Ngirim jeung ngundeur data seluler Status batre

(21)

Modeu rehe Modeu geter Alarm disetel GPS diaktipkeun

Keur ngalakukeun singkronisasi Masalah asup atawa singkronisasi

Gumantung kana panyadia layanan, jaringan jeung/atawa wewengkon, fungsi atawa ladenan anu dinyatakeun ku sababaraha ikon dina daptar ieu tiasa wae teu sadia.

Ikon bewara

Ikon bewara di handapeun ieu bakal nembongan di layar anjeun: Talatah surelek anyar

Talatah teks atawa talatah multimedia anyar Suratsora anyar

Kagiatan almanak nu dipayun Lagu nuju diputer

Alat disambungkeun ka komputer via kabel USB Talatah panggeuing

Talatah misalah Telepon lasut Telepon lumangsung Telepon tunda heula

Telepon terusan diaktipkeun.

Sambungan Wi-Fi® diaktipkeun jeung jaringan nirkabel sadia Apdet software sadia

Ngundeur data Munggah data

Bewara salengkepna (teu ditampilkeun)

Langlangan aplikasi

Pake aplikasi Alarm sareng jam pikeun nyetel sagala rupa alarm.

Pake pangotektak web pikeun nganapigasi tur nempo kaca web, ngatur tetengger, tur ngatur teks sareng gambar.

Pake aplikasi Kalkulator pikeun ngalakonan itungan dasar.

Pake aplikasi Almenak pikeun ngalacak kajadian tur ngatur pasini anjeun. Pake kamera pikeun moto sareng ngarekam klip video.

Pake aplikasi Kontak pikeun ngatur nomer telepon, alamat surélék tur inpo sejenna nu berhubungan ka kontak Anjeun.

(22)

Akses aplikasi nu tos diundeur.

Pake aplikasi Surelek pikeun ngirim tur nampa surelek ti akun pribadi sareng perusahaan.

Pake aplikasi Facebook™ pikeun ngiringan dina jejaring sosial sareng babaturan, anggota kulawarga sareng kolega di sakuliling dunya.

Kotektak tur dengekeun stasiun radio FM.

Pake aplikasi Albeum pikeun nempo jeung ngolah poto sareng video anjeun. Pake aplikasi Gmail™ pikeun maca, nyerat tur ngatur talatah surelek. Teang inpo dina alat anjeun sareng di web.

Tempo lokasi Anjeun ayeuna, panggihan lokasi nu sejen, tur etang rute nganggo Google Maps™.

Pindah ka Google Play™ pikeun ngundeur haratis sarta mayar aplikasi kanggo alat Anjeun.

Pake aplikasi Talatah pikeun ngirim tur nampa talatah teks sareng multimedia. Pake aplikasi Movies pikeun muterkeun video dina alat Anjeun, tur ngabagikeun eusi sareng babaturan Anjeun.

Pake aplikasi "WALKMAN" pikeun ngatur tur muter musik, buku audio sareng podcast.

Tempo carita-carita anyar sareng ramalan cuaca.

Telepon ku cara muter nomer sacara manual atawa ku cara make pungsi pencet pinter.

Optimalkeun setelan alat pikeun nyocogkeun ka persaratan Anjeun sorangan. Pake aplikasi Hangouts™ pikeun ngomong sareng babaturan sacara online. Identipikasi lagu musik anu nuju diputer di lingkungan anjeun, tur menangkeun inpo artis, albeum sareng inpo nu sejen.

Pake YouTube™ keur ngabagikeun tur nempo video ti saluruh dunya. Pake aplikasi Rojongan pikeun ngakses rojongan langsung di alat. Contona, anjeun tiasa ngakses Buku pituduh, inpo cara ngungkulan, plus tips sareng trik. Undeur tur pasang aplikasi nu anyar sareng apdet.

Sababaraha aplikasi teu dirojong ku sadaya jaringan sareng/atawa propaider ladén di sadaya wewengkon.

(23)

Ngundeur aplikasi

Ngundeur aplikasi ti Google Play™

Google Play™ teh toko online resmi Google pikeun ngundeur aplikasi, kaulinan, musik, pilem jeung buku. Kaasup aplikasi haratis jeung nu kedah mayar. Sateuacan mimiti ngunder ti Google Play™, pastikeun koneksi Internet anjeun jalan, langkung sae ti Wi-Fi®

kanggo ngawatesan beaya patalimarga data.

Pikeun make Google Play™, anjeun kedah gaduh akun Google™. Google Play™ bisa wae teu sadia di sadaya nagara atawa kawasan

Ngundeur aplikasi ti Google Play™

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan teras ketok Play Store.

3 Panggihan item nu hayang diunduh ku anjeun ku cara ngotektak kategori, atawa ku cara make pungsi teang.

4 Ketok item pikeun nempo wincikna, sarta turutan instruksi pikeun ngabereskeun pamasangan.

Sababaraha aplikasi meureun perlu akses data, setelan jeung rupa-rupa pungsi di alat anjeun ngarah jalanna bener. Pasang jeung pasihan idin ngan ka aplikasi nu dipercaya ku anjeun.

Anjeun tiasa nempo idin nu dipasikan ka aplikasi nu diundeur ku cara ngetok aplikasi di Setelan > Aplikasi.

Ngundeur aplikasi ti sumber nu sejen

Lamun alat anjeun disetel meh tiasa ngundeur ti sumber salain ti Google Play™, anjeun tiasa ngundeur aplikasi langsung ti situs web ku cara nurutan pitunjuk nu kakait.

Masang aplikasi nu teu terang sumberna atawa nu teu bisa dipercaya bisa ngaruksak alat. Undeur aplikasi ngan ti sumber nu tiasa dipercaya. Kontak nu nyadiakeun aplikasi upami anjeun aya patarosan atawa masalah.

Ngidinan undeuran aplikasi ti sumber nu sejen

1 Tina Layar Utama nnjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Kaamanan.

3 Cirian kotak centang Sumber anu teu jelas.

4 Ketok OK.

Sababaraha aplikasi meureun perlu akses data, setelan jeung rupa-rupa pungsi di alat anjeun ngarah jalanna bener. Pasang jeung pasihan idin ngan ka aplikasi nu dipercaya.

Anjeun tiasa nempo idin nu dipasikan ka aplikasi nu diundeur ku cara ngetok aplikasi di Setelan > Aplikasi.

(24)

Internet jeung jaringan

Ngotektak web

Pangotektak web Google Chrome™ pikeun alat Android™ geus dipasang samamehna kanggo kalolobaan pasar. Buka http://support.google.com/chrome tur klik kakait "Chrome for Mobile" pikeun meunangkan inpo wincik ngeunaan cara make pangotektak web ieu.

Ngotektak ku Google Chrome™

1 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2 Panggihan terus ketok .

3 Upami Anjeun munggaran nganggo Google Chrome™, pilih salasa hiji antara asup kana akun Google™ atawa ngotektak tanpa ngaran make Google Chrome™.

4 Asupkeun istilah paneangan atawa alamat web dina widang paneangan jeung alamat, teras ketok Buka di kibor.

Langlangan pangotektak web

1 Buka kaca layar utama 2 Widang teang jeung alamat 3 Kaca refresh

4 Ngakses tab pangotektak 5 Nempo pitulung jeung opsi

6 Mulang hiji kaca dina riwayat pangotektak.

Setelan Internet sareng MMS

(25)

• Anjeun oge tiasa iraha wae nambah, ngarobah, atawa mupus setelan Internet sareng MMS ku cara manual di alat Anjeun. Kontak ka operator jaringan Anjeun kanggo inpo wincikna.

• Upami Anjeun teu tiasa ngakses Internet liwat jaringan seluler atawa ti talatah multimedia teu berpungsi, sanajan tampilan Internet sareng setelan MMS tos berhasil diundeur ka alat Anjeun, tingal ka cara ngungkulan kanggo alat Anjeun dinawww.sonymobile.com/ support/ kanggo masalah wewengkon jaringan, data seluler sareng masalah MMS.

Pikeun ngundeur setelan Internet jeung MMS

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Setelan internet.

3 Pilih kartu SIM, atawa kartu SIM, nu Anjeun hoyong undeur setelan Internet jeung MMS-na.

4 Ketok Tampi. Sawaktos setelan berhasil diundeur, nembongan di bar status tur data seluler dihurungkeun sacara otomatis.

Upami setelan teu bisa diundeur ka alat Anjeun, pariksa kakuatan sinyal jaringan seluler Anjeun. Pindah ka lokasi nu kabuka anu henteu kahalangan atanapi ngadeukeutan ka jandela terus cobaan deui.

Pikeun mariksa data seluler hurung atawa pareum

1 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.

3 Pilih kartu SIM.

4 Pariksa yen kotak centang Mobile data traffic dicirian atawa hente.

Pikeun nambahkeun setelan Internet sareng MMS sacara manual

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Access Point names > .

5 Ketok Nami tur tulis nami nu dipikahoyong.

6 Ketok APN tur tulis ngaran titik akses.

7 Tulis sadaya inpo nu diperlukeun. Upami Anjeun teu terang inpo naon nu diperlukeun, kontak operator jaringan Anjeun kanggo wincik nu lain.

8 Sawaktos Anjeun geus rengse, ketok , teras ketok SIMPEN.

Pikeun nempo setelan Internet jeung MMS nu diundeur

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Access Point Names.

5 Pikeun nempo wincik nu lain, ketok item nu sadia.

Upami Anjeun gaduh sababaraha sambungan nu sadia, koneksi jaringan aktip dituduhkeun ku kenop nu dicirian .

Pikeun mupus sadaya setelan Internet jeung MMS

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.

3 Pilih kartu SIM nu Anjeun hoyong reset setelan-na.

4 Ketok Access Point Names, teras ketok .

5 Ketok Reset ka asalna. Sadaya setelan Internet jeung MMS tos dipupus.

Wi-Fi®

Gunakeun sambungan Wi-Fi® jang ngajalajah Internet, ngundeur aplikasi, atawa ngirinkeun jeung narima surelek. Saenggeus Anjeun kasambung kana jaringan Wi-Fi®, alat Anjeun bakal nginget jaringan eta jeung otomatis kasambung laun engke deui Anjeun aya dina wewengkon jaringan eta.

(26)

Sababaraha hiji jaringan Wi-Fi® bakal menta Anjeun asup ka hiji kaca web sateuacan meunangkeun wasa ka jaringan eta. Kontak administrator jaringan Wi-Fi® nu

berhubungan pikeun meunangkeun inpo nu leuwih lengkep.

Kakuatan sinyal jaringan Wi-Fi® beda-beda. Nyaketkeun ka titik akses Wi-Fi® bakal ningkatkeun kakuatan sinyal.

Jaringan Wi-Fi® bisa jadi jaringan bebas atawa aman:

• Jaringan bebas dicirian ku disabeulah ngaran jaringan Wi-Fi®.

• Jaringan aman dicirian ku disabeulah ngaran jaringan Wi-Fi®.

Sababaraha hiji jaringan Wi-Fi® moal nembongan dina daptar jaringan nu sadia kusabab eta jaringan teu ngabewarakeun ngaran jaringan (SSID) na. Lamun Anjeun apal ngaran jaringan na, Anjeun bisa nambahkeun sacara manual kana daptar jaringan Wi-Fi® nu sadia.

Pikeun ngaktipkeun Wi-Fi®

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan.

3 Sered slaider nu aya di gigireun Wi-Fi ka Beulah katuhu kanggo ngahurungkeun pungsi Wi-Fi®.

Hal ieu bakal ngabutuhkeun sababaraha detik saencan Wi-Fi® diaktipkeun.

Otomatis nyambungkeun ka jaringan Wi-Fi®

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan.

3 Ketok Wi-Fi. Sadaya jaringan Wi-Fi® nu sadia dipintonkeun.

4 Ketok hiji jaringan Wi-Fi® nu bade disambungkeun. Kanggo jaringan aman, asupkeun kecap akses nu luyu. dipintonkeun di bar status sanggeus nyambung.

Pikeun neangan jaringan anyar nu sadia, ketok , tur ketok Pariksa.

Pikeun nambahkeun jaringan Wi-Fi® kalayan manual

1 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Wi-Fi.

3 Ketok .

4 Asupkeun inpormasi SSID jaringan.

5 pikeun milih jinis kaamanan, toel widang Kaamanan.

6 Lamun disuhunkeun, tuliskeun kecap akses.

7 Jang ngedit sababaraha pilihan lanjutan sapertos setelan proksi jeung IP, cirian kotak centang Tempokeun opsi maher jeung terus edit sakayang.

8 Ketok Simpen.

Kontak administrator jaringan Wi-Fi® Anjeun pikeun meunangkeun SSID Jaringan jeung kecap akses.

Setelan Wi-Fi®

Sawaktos anjeun nyambung ka Wi-Fi® jaringan Wi-Fi® di mana aya jaringan nu sadia di sakuliling anjeun, status jaringan tea tiasa katempo. Anjeun oge tiasa ngaktipkeun alat pikeun mere beja lamun Wi-Fi® jaringan nu kabuka kadeteksi.

(27)

Ngaktipkeun bewara jaringan Wi-Fi®

1 Ngaktipkeun Wi-Fi®, upami can aktip.

2 Ti Layar Utama, ketok .

3 Teang terus ketok Setelan > Wi-Fi.

4 Pencet .

5 Ketok Tingkat Maher.

6 Cirian kotak centang Bewara jaringan.

Nempo inpo nu leuwih wincik ihwal jaringan Wi-Fi® nu disambungkeun

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Wi-Fi.

3 Ketok jaringan Wi-Fi® nu keur disambungkeun. Inpo wincikan jaringan dipintonkeun.

Nambahkeun kawijakan modeu sare Wi-Fi®

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Wi-Fi.

3 Pencet .

4 Ketok Maher.

5 Ketok Aktipkeun terus Wi-Fi keur sare.

6 Pilih hiji opsi.

Babagi koneksi data telepon seluler anjeun

Anjeun tiasa babagi koneksi data seluler anjeun ka hiji komputer nganggo kabel USB. Proses ieu disebut ngaranggitkeun USB. Anjeun oge tiasa babagi koneksi data alat anjeun nepi ka dalapan alat sakaligus, kucara ngarobah alat anjeun jadi hotspot Wi-Fi® portabel. Upami koneksi data seluler anjeun geus tiasa dibagikeun, alat nu ngabagikeun tiasa make koneksi data alat anjeun, contona, pikeun ngotektak Internet, ngundeur aplikasi, atawa ngirim jeung nampa surelek.

Anjeun bisa jadi kudu nyiapkeun komputer Anjeun pikeun nyieun koneksi jaringan liwat kabel USB. Buka www.android.com/tether pikeun meunangkeun inpo nu panganyarna.

Pikeun babagi sambungan data make kabel USB

1 Nonaktipkeun sadaya sambungan kabel USB ka alat Anjeun.

2 Nganggo kabel USB nu disertakeun sareng alat Anjeun, sambungkeun alat ka komputer.

3 Tina Layar Utama, ketok .

4 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Nranggitkeunt & hotspot port.

5 Cirian kotak centang Ranggitan USB, teras ketok OKE upami dipenta. dipitonkeun dina bar status sanggeus kasambung.

6 Pikeun ngeureunkeun babagi sambungan data, buka tetengger kotak centang Ranggitan USB atawa pegatkeun sambungan kabel USB.

Anjeun teu tiasa babagi sambungan data alat Anjeun sareng kartu SD liwat kabel USB di waktu nu sami.

Pikeun make alat Anjeun jadi hotspot Wi-Fi® portabel

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Nranggitkeunt & hotspot port.

3 Ketok Setelan hotspot Wi-Fi portabel > Konpigurasikeun hotspot Wi-Fi.

4 Tulis inpo SSID jaringan.

5 Pikeun milih jinis kaamanan, ketok widang Kaamanan. Lamun disuhunkeun, tuliskeun kecap akses.

6 Ketok Simpen.

7 Ketok tur cirian kotak centang Hotspot Wi-Fi Portabel.

8 Upami dipenta, ketok OKE pikeun ngonpirmasi. nembongan di bar status basa hotspot Wi-Fi® portabel aktip.

9 Pikeun ngeureunkeun babagi koneksi data Anjeun liwat Wi-Fi®, buka tetengger kotak centang Hotspot Wi-Fi Portabel.

(28)

Pikeun ngaganti nami atawa ngamankeun hotspot portabel Anjeun

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Nranggitkeunt & hotspot port.

3 Ketok Setelan hotspot Wi-Fi portabel > Konpigurasikeun hotspot Wi-Fi.

4 Tuliskeun SSID jaringan kanggo jaringan.

5 Pikeun milih jinis kaamanan, ketok widang Kaamanan.

6 Lamun disuhunkeun, tuliskeun kecap akses.

7 Ketok Simpen.

Ngadalikeun pamakean data

Anjeun tiasa ngalacak jumlah data nu ditransfer ka sareng ti alat Anjeun make data seluler atawa sambungan Wi-Fi® salami periode nu ditangtukeun. Contona, Anjeun tiasa nempo jumlah data nu dipake ku aplikasi individu. Kanggo data nu ditransper make sambungan data seluler, Anjeun oge tiasa nyetel ati-ati sareng wates pamakean data supados teu aya bea tambahan.

Nyaluyukeun setelan pamakean data tiasa mantuan Anjeun pikeun ngadalikeun pamakean data tapi teu bisa ngajamin pencegahan beaya tambahan.

Pikeun ngahurungkeun atanapi mareuman patalimarga data

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Pamakean data.

3 Pilih kartu SIM.

4 Sered geseran nu aya di gigireun Lalar liwat data seluler pikeun ngaktipkeun atawa nganonaktipkeun patalimarga data.

Waktos patalimarga data dipareuman, alat Anjeun masih bisa nyieun sambungan Wi-Fi® jeung Bluetooth®.

Pikeun nyetel sauran ati-ati pamakean data

1 Pastikeun patalimarga data seluler diaktifkeun.

2 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

3 Panggihan tur ketok Setelan > Pamakean data.

4 Pilih kartu SIM.

5 Pikeun nyetel tingkat sauran ati-ati, sered garis ati-ati ka nilei nu dipikahoyong. Anjeun nampa hiji bewara sauran ati-ati basa jumlah patalimarga data ngedeketan tingkat nu Anjeun setel.

Pikeun nyetel wates pamakean data seluler

1 Pastikeun patalimarga data seluler diaktifkeun.

2 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

3 Panggihan tur ketok Setelan > Pamakean data.

4 Pilih kartu SIM.

5 Cirian kotak centang Wates pamakean data seluler upami teu acan dicirian, teras ketok OKE.

6 Pikeun nyetel wates pamakean data seluler, sered garis nu sasuai ka nilei nu dipikahoyong.

Upami pamakean data seluler anjeun geus nepi ka wates nu disetel, patalimarga data seluler dina alat Anjeun bakal otomatis dinonaktipkeun.

(29)

Pikeun ngadalikeun pamakean data seluler kanggo aplikasi individu

1 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Pamakean data.

3 Pilih kartu SIM.

4 Panggihan tur ketok aplikasi nu dipikahoyong.

5 Cirian kotak centang Watesan data latar.

6 Pikeun ngakses setelan nu leuwih khusus kanggo aplikasi eta (upami sadia), ketok Tempo setelan aplikasi tur jieun perobahan nu dipikahoyong.

Kinerja ti aplikasi individu bisa jadi dipangaruhan upami Anjeun ngarobah setelan pamakean data nu berhubungan.

Pikeun nempo data nu ditransperkeun liwat Wi-Fi®

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Pamakean data.

3 Ketok , teras cirian kotak centang Pinton pamakean Wi-Fi upami teu acan dicirian.

4 Ketok tab Wi-Fi.

Milih jaringan seluler

Alat Anjeun sacara otomatis pindah antara jaringan seluler gumantung ka jaringan seluler naon nu sadia di tempat Anjeun. Anjeun oge tiasa nyetel alat Anjeun ku cara manual pikeun ngakses modeu jaringan seluler husus, contona, WCDMA atawa GSM.

Pikeun milih modeu jaringan

1 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Modeu jaringan.

5 Pilih modeu jaringan.

Alat Anjeun ngarojong pamakean babarengan ti hiji jaringan WCDMA sareng hiji jaringan GSM, atawa dua jaringan GSM.

Pikeun milih jaringan nu sanes ku cara manual

1 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Network operators.

5 Ketok Modeu teang > Manual.

6 Pilih jaringan.

Upami Anjeun milih hiji jaringan ku cara manual, alat Anjeun moal bakal neangan jaringan nu sejen, sanajan upami Anjeun mindahkeun rentang jaringan nu dipilih sacara manual.

Ngaktipkeun pilihan jaringan otomatis

1 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > Jaringan mobile.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Network operators.

5 Ketok Modeu teang > Select automatically.

Jaringan pribadi virtual (VPN)

Pake alat anjeun pikeun nyambungkeun ka jaringan pribadi virtual (VPN), nu ngidinan anjeun ngakses sarana di hiji jaringan lokal aman ti jaringan publik. Contona, sambungan VPN sering dianggo ku perusahaan tur lembaga pendidikan pikeun sasaha nu perlu ngakses Intranet sareng ladenan internal sejenna basa aranjeunna keur aya di luar jaringan internal, contona, basa aranjeunna keur iinditan.

(30)

Sambungan VPN bisa disetel ku sababaraha cara, gumantung ka jaringanana.

Sababaraha jaringan bakal menta anjeun nransper tur masang sertipikat aman dina alat anjeun. Pikeun inpo nu wincik ngeunaan kumaha cara nyetel hiji koneksi ka jaringan pribadi virtual, mangga kontak administrator jaringan perusahaan atawa organisasi Anjeun.

Nambahkeun jaringan virtual pribadi

1 Tina Layar Utama nnjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Lainna... > VPN.

3 Ketok .

4 Pilih jinis VPN nu rek ditambahkeun.

5 Asupkeun setelan VPN.

6 Ketok Simpen.

Nyambung ka jaringan pribados virtual

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Lainna... > VPN.

3 Di daptar jaringan nu sadia, ketok VPN nu rek disambungkeun.

4 Asupkeun inpo nu dibutuhkeun.

5 Ketok Sambungkeun.

Megatkeun ti jaringan pribados virtual

1 Séréd bar status ka handap.

(31)

Nyingkronkeun data dina alat Anjeun

Nyingkronkeun jeung akun online

Nyingkronkeun alat Anjeun jeung kontak, surelek, kajadian almenak, jeung inpo sejen ti akun online, contona, akun surelek sapertos Gmail™ jeung Exchange ActiveSync, Facebook™, Flickr™, tur Twitter™. Anjeun bisa nyingkronkeun data sacara otomatis jang kabeh akun ku ngaktipkeun pungsi sinkronisasi otomatis. Atawa Anjeung bisa nyingkronkeun unggal akun sacara manual.

Jang nyetel akun online pikeun singkronisasi

1 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2 Ketok Setelan > Tambahkeun akun, terus pilih akun nu ku NAjeun hoyong ditambahkeun.

3 Turutan parentah pikeun nyieun akun, atawa asup mun anjeun geus boga akun.

Nyingkronkeun akun online ku cara manual

1 Tina Layar Utama, ketok > Setelan.

2 Dina Akun, pilih jinis akun, terus ketok ngaran akun nu ku Anjeun hoyong disingkronkeun. Daptar item nu bisa disingkronkeun jeung akun bakal ditembongkeun.

3 Cirian item nu ku Anjeun rek disingkronkeun.

4 Ketok , terus ketok Singkronkeun ayeuna.

Jang mupus akun online

1 Tina Layar Utama, ketok > Setelan.

2 Dina Akun, pilih jinis akun, terus ketok ngaran akun nu ku Anjeun hoyong dipupus.

3 Ketok , teras ketok Pupus akun.

4 Ketok Pupus akun deui pikeun ngonpirmasi.

Nyingkronkeun jeung Microsoft® Exchange ActiveSync®

Make akun Microsoft Exchange ActiveSync, anjeun tiasa ngakses talatah surelek pausahaan, pasini almenak jeung kontak langsung di alat anjeun. Saatos nyetel, anjeun bisa manggihan inpo anjeun dina aplikasi Surelek, Almenak sareng Kontak.

Jang nyetel akun EAS pikeun singkronisasi

1 Pastikeun Anjeun boga wincik domain jeung pangladen, nu disadiakeun ku administrator jaringan perusahaan.

2 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

3 Ketok Setelan > Tambahkeun akun > Exchange ActiveSync.

4 Tulis alamat surelek perusahaan jeung kecap akses anjeun.

5 Ketok Salajengna. Alat anjeun bakal ngamimitian nyokot inpormasi akun. Lamun gagal, asupkeun wincik domain jeung pangladen akun Anjeun sacara manual terus ketok Salajengna.

6 Ketok OK pikeun ngidinan pangladen pausahaan ngadalikeun alat anjeun.

7 Pilih data nu bade disingkronkeun ka alat, kawas kontak jeung entri almenak.

8 Upami dipikahayang, aktipkeun administrator alat pikeun ngidinan pangladen pausahaan ngadalikeun fitur kaamanan nu tangtu di alat anjeun. Contona, idinan pangladen pausahaan nyetel aturan kecap akses jeung nyetel enkripsi

penyimpenan.

9 Lamun nyetel geus rengse, asupkeun ngaran jang akun perusahaan

Upami Anjeun ngarobih kecap akses asup jang akun EAS di komputer Anjeun, Anjeun kudu asup deui ka akun EAS di alat Anjeun.

(32)

Ngarobah setelan akun EAS

1 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2 Ketok Surelek, teras ketok .

3 Ketok Setelan jeung pilih akun EAS, terus ganti setelan akun EAS sakahayang.

Pikeun nyetel interpal singkronisasi kanggo akun EAS

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Ketok Surelek, teras ketok .

3 Ketok Setelan terus pilih akun EAS.

4 Ketok Akun periksa frekuensi > Frekuensi mariksa tur pilih pilihan interpal.

Jang mupus akun EAS

1 Tina Layar Utama, ketok > Setelan.

2 Dina Akun, ketok Exchange ActiveSync, terus pilih akun EAS nu ku Anjeun hoyong pupus.

3 Ketok , teras ketok Pupus akun.

(33)

Setelan dasar

Ngakses setelan

Tempo jeung robah setelan alat anjeun ti menu Setelan. Menu setelan bisa diakses tina Layar aplikasi jeung Panel setelan gancang.

Ngabuka menu setelan alat ti layar Aplikasi

1 Tina Layar Utama nnjeun, ketok .

2 Ketok Setelan.

Muka Panel setelan gancang

• Nganggo dua ramo, sered bar status ka handap.

Kanggo milih setelan mana nu dipintonkeun di Panel setelan gancang

1 Nganggo dua ramo, sered bar status ka handap, terus ketok Edit.

2 Pilih setelan gancang nu ku Anjeun hoyong dipintonkeun.

Nyusun Panel setelan gancang

1 Nganggo dua ramo, sered bar status ka handap, terus ketok Edit.

2 Toel jeung tahan di samping setelan gancang, tur pindahkeun ka posisi nu dipikahayang.

Sora, rington jeung polumeu

Anjeun tiasa nyetel polumeu rington kanggo sauran telepon sareng bewara oge kanggo musik jeung pamuter video. Contona, anjeun tiasa nyetel alat anjeun ka modeu jempe supados teu ngirining basa anjeun keur dina rapat.

Ngaluyukeun polumeu rington make kenop polumeu

• Pencet tombol polumeu ka luhur atawa ka handap.

Nyetél volumeu media nu diputer nganggo konci volumeu

• Mun muter tembang atanapi ningali video, pencét konci volumeu kaluhur atanapi kahandap.

Nyetel alat anjeun ka modeu geter

• Pencet kenop polumeu ka handap nepi ka nembongan di bar status.

Nyetel alat ka modeu jempe

1 Pencet kenop volumeu nepi ka alat ngageter tur muncul dina bar status.

2 Pencet deui kenop polumeu ka handap nepi ka nembongan di bar status.

Nyetel alat Anjeun ka modeu geter jeung modeu nyora

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Sora.

3 Cirian kotak centang Geter lamun ngirining.

Pikeun nyetel rington

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Sora > Rington telepon.

3 Pilih hiji rington.

(34)

Pikeun milih sora bewara

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Sora > Bewara sora.

3 Pilih sora nu bade diputerkeun basa bewara datang.

4 Ketok Rengse.

Ngaktifkeun nada toel

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Sora.

3 Cirian kotak centang Sora rampa kenop telepon jeung Sora rampa.

Panangtayungan kartu SIM

Anjeun tiasa ngonci tur muka konci unggal kartu SIM nu Anjeun pake di alat Anjeun nganggo PIN (Nomer Identitas Pribadi). Lamun kartu SIM kakonci, langganan anu pakait kana kartu eta ditangtayungan tinu panyalahgunaan, hartina anjeun kudu ngasupkeun PIN tiap kali ngahurungkeun alat.

Upami anjeun ngasupkeun PIN salah leuwih ti bates nyobian maksimum nu diidinan, kartu SIM Anjeun bakal kablokir. Anjeun kedah ngasupkeun PUK (Personal Unblocking Key) tur ngasupkeun PIN anyar. PIN jeung PUK Anjeun disadiakeun ku operator jaringan Anjeun.

Pikeun ngonci atawa muka konci kartu SIM

1 Tinu layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Kaamanan > Setel konci kartu SIM.

3 Pilih kartu SIM.

4 Cirian atawa buka tetengger kotak centang Konci kartu SIM.

5 Tulis PIN kartu SIM jeung ketok OK.

Ngarobah PIN kartu SIM

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Kaamanan > Setel konci kartu SIM.

3 Pilih SIM1 atawa SIM2.

4 Ketok Robih PIN SIM.

5 Tulis PIN kartu SIM nu lami jeung ketok OK.

6 Tulis PIN kartu SIM nu anyar jeung ketok OK.

7 Ketik-deui PIN kartu SIM nu anyar jeung ketok OK.

Muka konci kartu SIM anu kablokir make kode PUK

1 Asupkeun kodeu PUK tur ketok .

2 Asupkeun kodeu PIN anyar tur ketok .

3 Asupkeun deui kodeu PIN anyar tur ketok .

Lamun anjeun ngasupkeun kode PUK nu salah sababaraha kali, anjeun kudu ngontak operator jaringan pikeun menta kartu SIM anyar.

Setélan layar

(35)

Nyetel layar meh ngageter upami ditoel

1 Tina layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan> Sora.

3 Cirian kotak centang Geter mun dirampa. Layar ayeuna ngageter mun anjeun ngetok kenop lemes sareng aplikasi nu ditangtukeun.

Ngaluyukeun waktos cicing samemeh layar dipareuman

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Layar > Sare.

3 Pilih hiji opsi.

Pikeun gancang mareuman layar, pencet sakedeung kenop daya .

Konci layar

Aya sababaraha cara pikeun muka konci layar. Tingkat kaamanan tiap jinis konci aya dinu daptar di handap ieu mimiti tinu paling lemah nepikeun kanu paling kuat:

• Usap – euweuh panangtayungan, tapi anjeun bisa ngakses gancang kana layar Utama

• Muka konci ku raray – muka konci alat ku cara ningalikeun wungkul

• Pola muka konci – gambar pola sederhana ku ramo pikeun muka konci alat anjeun

• PIN muka konci – tulis PIN numerik minimal opat angka pikeun muka konci alat anjeun

• Kecap akses muka konci – tulis kecap akses alpanumerik pikeun muka konci alat anjeun

Penting pisan yen Anjeun emut ka pola muka konci layar, PIN atawa kecap akses Anjeun. Upami Anjeun hilap, Anjeun moal tiasa mulangkeun data penting sapertos kontak sareng talatah.

Pikeun nyetel pitur Buka Konci Beunget

1 Tinu Layar Utama, ketok > Setelan > Kaamanan > Konci layar.

2 Ketok Buka Konci Raray, teras turutan pitunjuk nu aya di alat pikeun moto raray anjeun.

3 Saatos beungeut anjeun berhasil dipoto, ketok Teruskeun.

4 Pilih metodeu muka cadangan terus tutrkeun pitunjuk nu muncul dinu alat jang namatkeun panyetelan.

Kanggo hasil nu pangsaena, poto ramo Anjeun di wewengkon jero ruangan nu dibere pencahyaan nu sae tapi teu caang teung tur tahan alat eta dina bates soca.

Pikeun muka konci layar nganggo fitur Buka Konci Raray

1 Aktipkeun layar.

2 Tingal alat Anjeun ti sudut nu sami nu Anjeun pake pikeun nyandak poto Buka Konci Raray Anjeun.

Upami pitur Buka Konci Raray gagal ngenalan raray anjeun, anjeun perlu make pola cadangan pikeun muka konci layar eta.

Nyieun pola konci layar

1 Tinu layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Kaamanan > Konci layar > Pola.

3 Turutan pitunjuk dina alat anjeun.

Lamun pola konci anjeun ditampik lima kali basa nyobian muka alat anjeun, tungguan 30 detik tur cobaan deui.

Pikeun ngarobah pola konci layar

1 Tinu Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Kaamanan > Konci layar.

3 Gambar pola buka konci layar.

(36)

Pikeun nyieun PIN muka konci layar

1 Tina layar Utama Anjeun, ketok > Setelan > Kaamanan > Konci layar > PIN.

2 Asupkeun PIN angka.

3 Lamun perlu, ketok jang ngaleutikan kibor.

4 Ketok Teruskeun.

5 Asupkeun deui tur konpirmasikeun PIN Anjeun.

6 Lamun perlu, ketok jang ngaleutikan kibor.

7 Ketok OK.

Pikeun nyieun kecap akses konci layar

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok > Setelan > Kaamanan > Konci layar > Kecap akses.

2 Tulis kecap akses.

3 Lamun perlu, ketok jang ngaleutikan kibor.

4 Ketok Teruskeun.

5 Tuliskeun deui tur konpirmasikeun kecap akses anjeun.

6 Lamun perlu, ketok jang ngaleutikan kibor.

7 Ketok OK.

Pikeun ngarobah jenis konci layar

1 Tinu layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Kaamanan > Konci layar.

3 Turutan pitunjuk dinu alat anjeun teras pilih jenis konci layar nu sejen.

Basa tulisan

Anjeun tiasa milih basa standar pikeun alat anjeun tur ngarobah eta deui engke. Anjeun oge tiasa ngarobah basa tulisan pikeun input teks. Tempo Ngaluyukeun kibor Experia dina kaca 40 .

Pikeun ngarobah basa

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Basa & input > Basa.

3 Pilih hiji pilihan.

4 Ketok OKE.

Upami Anjeun milih basa nu salah jeung teu bisa maca teks menu, panggihan tur ketok . Teras pilih teks salaen tur pilih entri pertama nu aya dina menu nu muka. Anjeun teras bisa milih basa nu Anjeun hoyongkeun.

Kaping jeung waktos

Anjeun tiasa ngagentos waktos sareng kaping dina telepon anjeun.

Pikeun nyetel tanggal sacara manual

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Tanggal & waktos.

3 Pupuskeun tanda kotak centang Tanggal & waktu otomatis, lamun dicentang.

4 Ketok Setel tanggal.

5 Saluyukeun tanggal ku cara ngagulung ka luhur jeung ka handap.

(37)

Nyetel zoneu waktu

1 Ti Layar Utama, ketok .

2 Teang terus ketok Setelan > Tanggal & waktos.

3 Pupus ciri kotak centang Zona waktu otomatis, lamun dicirian.

4 Ketok Pilih zona waktu.

5 Pilih hiji opsi.

Ningkatkeun output sora

Anjeun tiasa ningkatkeun sora alat ku cara ngaktipkeun setelan unggal sora sacara manual kawas Clear Phase™ and xLOUD™, atawa anjeun bisa ngidinan teknologi ClearAudio+ otomatis ngaluyukeun sora. Anjeun oge tiasa ngaktipkeun alat

nganormalkeun (normaliser) Dynamic sangkan polumeu antara payil media anu beda tiasa diminimalkeun.

Nganggo teknologi Clear Phase™

Pake teknologi Clear Phase™ ti Sony pikeun otomatis nyaluyukeun mutu sora ti speaker internal alat Anjeun tur meunangkeun sora nu jernih, jeung leuwih alami.

Pikeun ningkatkeun mutu sora sepeker nganggo Clear Phase™

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Sora > Epek sora.

3 Buka tetengger kotak centang ClearAudio+ lamun dicirian.

4 Ketok Perbaikan sora > Setelan.

5 Cirian kotak centang Clear Phase™.

Aktipasi fitur Clear Phase™ teu mangaruhan aplikasi komunikasi sora. Contona, teu aya parobahan dina kualitas sora telepon sora.

Nganggo teknologi xLOUD™

Pake teknologi ayak audio xLOUD™ ti Sony pikeun ningkatkeun polume speaker tanpa ngurbankeun mutu. Meunangkeun sora dinamis basa Anjeun ngadengekeun lagu paporit Anjeun.

Pikeun ningkatkeun polumeu sepeker nganggo xLOUD™

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Sora > Epek sora.

3 Buka tetengger kotak centang ClearAudio+ lamun dicirian.

4 Ketok Perbaikan sora > Setelan.

5 Cirian kotak centang xLOUD™.

Aktipasi fitur xLOUD™ teu mangaruhan aplikasi komunikasi sora. Contona, teu aya parobahan dina kualitas sora telepon sora.

(38)

Ngetik teks

Kibor di layar

Anjeun tiasa nulis teks ku kibor QWERTY di layar ku cara ngetok unggal hurup, atawa anjeun tiasa make fitur input Gerakan tur ngegeser jari Anjeun ti hurup ka hurup pikeun nyieun kecap.

Anjeun tiasa milih dugi ka tilu basa pikeun input teks. Kibor ngadeteksi basa nu dipake ku Anjeun tur mrediksi kecap pikeun eta basa pas Anjeun nulis. Sababaraha aplikasi otomatis kabuka dina kibor di layar, contona, aplikasi talatah surelek sareng teks.

1 Mupus hiji karakter nu aya di sabelah kenca kursor. 2 Ngasupkeun kenop mulang atawa konpirmasi input teks. 3 Ngasupkeun hiji spasi.

4 Personalisasi kibor Anjeun. Kenop ieu leungit sanggeus kibor dipersonalisasi. 5 Mintonkeun nomer jeung lambang. Kanggo lambang nu lainna, ketok .

6 Pindah antara hurup leutik , hurup ageung jeung kapitalisasi . Kanggo sababaraha basa, kenop ieu dipake pikeun ngakses karakter ekstra nu aya di basa eta.

Mintonkeun tuts na-layar pikeun ngasupkeun teks

• Ketok widang entri teks.

Make kibor di layar dina orientasi lanskap

• Sawaktos kibor di layar dipintonkeun, balikkeun alat ka gigir.

Anjeun meureun perlu ngaluyukeun setelan di sababaraha aplikasi pikeun ngaktipkeun orientasi lanskap.

Ngasupkeun teks hiji-hiji karakter

1 Pikeun nuliskeun karakter nu bisa ditingali dina kibor, ketok karakter nu dimaksud.

2 Pikeun ngalebetkeun jinis karakter, toél jeung tahan karakter kibor umum pikeun ningali daptar pilihan nu sadia, teras pilih tina daptar. Contona, pikeun nulis "é", toél jeung tahan "e" nepi ka pilihan sejen nembongan, teras, sambil terus mencet kibor, séred tur pilih "é".

Ngasupkeun periode

(39)

Ngarobah setelan Input sapuan

1 Basa kibor di layar dipintonkeun, ketok .

2 Ketok , teras ketok Setelan kibor> Setelan input teks.

3 Pikeun ngaktipkeun atawa nganonaktipkeun pungsi input Gerakan, cirian atawa buka tetenggeer kotak centang Input sapuan.

Nuliskeun teks make input sora

Mun anjeun ngalebetkeun teks, anjeun bisa make pungsi input sora sanes ngetikkeun kecap. Omongkeun kecap nu rek dilebetkeun. Input sora teh teknologi percobaan ti Google™, jeung disadiakeun pikeun sababaraha basa tur kawasan.

Pikeun ngaktipkeun input sora

1 Sawaktos Anjeun nulis teks make kibor di layar, ketok .

2 Ketok , teras ketok Setelan kibor.

3 Cirian kotak centang Tombok ketik sora Google™.

4 Ketok pikeun nyimpen setelan Anjeun. Hiji ikon mikropon nembongan dina kibor di layar Anjeun.

Ngasupkeun teks make input sora

1 Buka kibor di-layar.

2 Ketok . Waktu nembongan, ngomong pikeun ngasupkeun teks.

3 Lamun geus rengse, ketok deui . Teks nu diusulkeun nembongan.

4 Edit teks sacara manual lamun perlu.

Pikeun jieun kibor muncul jeung nulis ku cara manual, ketok .

Ngedit teks

Anjeun tiasa milih, motong, niron jeung nempelkeun teks pas anjeun nulis. Anjeun tiasa ngakses alat ngedit ku cara ngetok dua kali teks nu diasupkeun. Alat ngedit terus jadi sadia via bar aplikasi.

Bar aplikasi

1 Tutup bar aplikasi 2 Pilih kabeh teks 3 Potong teks 4 Tiron teks 5 Tempelkeun teks

ngan nembongan lamun anjeun geus nyimpen teks di papan klip.

Pikeun milih teks

1 Tulis sababaraha teks, teras ketok dua kali teks eta. Kecap nu Anjeun ketok bakal disorotan ku tab dina dua sisi.

(40)

Pikeun ngedit teks dina orientasi potret

1 Tulis sababaraha teks, teras ketok dua kali teks nu dituliskeun eta pikeun nyieun palang aplikasi nembongan.

2 Pilih teks nu Anjeun hoyong edit, teras pake palang aplikasi pikeun nyieun perobahan nu Anjeun hoyongkeun.

Pikeun ngedit teks dina orientasi lanskap

1 Tulis sababaraha teks, teras ketok dua kali teks nu ditulis eta.

2 Pilih teks nu Anjeun hoyong gawekeun, teras ketok Edit tur pilih hiji pilihan.

Ngaluyukeun kibor Experia

Basa ngasupkeun teks make kibor di layar, anjeun tiasa ngakses setelan kibor jeung setelan input teks nu sejen nu mantuan anjeun nyetel pilihan pikeun basa tulisan, prediksi teks, spasi otomatis, jeung titik gancang. Kibor bisa make data tina talatah jeung aplikasi sejenna pikeun nginget gaya nulis Anjeun. Aya oge pituduh Personalisasi nu nuntun anjeun pikeun nyetel nu setelan dasar, ameh bisa ngamimitian gancang.

Pikeun ngakses setelan kibor di layar

1 Basa Anjeun nulis teks make kibor di layar, ketok .

2 Ketok , teras ketok Setelan kibor tur robah setelan nu dipikahoyong.

3 Pikeun nambahkeun basa kanggo input teks, ketok Basa tulisan tur tandaan kotak centang nu luyu.

4 Ketok OKE pikeun ngonpirmasi.

Pikeun ngarobah setelan input teks

1 Sawaktos Anjeun nulis teks make kibor di layar, ketok .

2 Ketok , teras ketok Setelan kibor > Setelan input teks tur pilih setelan nu sasuai.

Pikeun mintonkeun kenop Smiley

1 Basa Anjeun nulis teks make kibor di layar, ketok .

2 Ketok , teras ketok Setelan kibor> Simbol jeung keom.

3 Cirian kotak centang Kenop keom.

Milih varian tata perenah kibor

Varian tata perenah ngan sadia pikeun kibor di layar upami anjeun milih dua atawa tilu basa tulisan tur meureun teu sadia dina sadaya basa tulisan.

1 Waktu anjeun nulis teks make kibor di layar, ketok .

2 Ketok , teras ketok Setelan kibor.

3 Ketok Basa tulisan, teras ketok .

4 Milih varian tata perenah kibor.

(41)

Nelepon

Nelepon

Langlangan nelepon

Anjeun bisa nelepon sacara manual ku cara mencet nomer telepon, ku cara ngetok nomer nu disimpen dina daptar kontak Anjeun, atawa ku cara ngetok nomer telepon nu aya nu di panempoan catetan telepon Anjeun. Anjeun oge tiasa make fitur pencet pikeun neangan nomer ti daptar kontak sareng catetan telepon Anjeun. Jang ngagunakeun sauran video, Anjeun bisa make aplikasi talatah instan jeung paguneman video Hangouts™ di alat Anjeun. Tingali Talatah instan jeung chat video dina kaca 56 .

1 Buka daptar kontak Anjeun 2 Tempo entri catetan telepon 3 Tempo kontak paporit Anjeun

4 Tempo sadaya grup kontak nu disimpen dina alat Anjeun 5 Pupus nomer

6 Papan tombol 7 Nempo pilihan nu sejen 8 Kenop telepon

9 Sumputkeun atawa pintonkeun pamencet

Pikeun nelepon make mencet nomer

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Telepon.

3 Tuliskeun nomer panarima tur ketok .

Pikeun nelepon nganggo telepon pinter

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Telepon.

3 Pake papan tombol pikeun nuliskeun aksara atawa nomer nu berhubungan ka kontak nu Anjeun hoyong telepon. Basa Anjeun nulis unggal aksara atawa nomer, hiji daptar kontak nu mungkin cocog nembongan.

(42)

Pikeun nyieun telepon internasional

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Telepon.

3 Toel jeung tahan 0 nepikeun tanda a “+” nembongan.

4 Tuliskeun kode nagara, kode wewengkon (teu nganggo nol diawal) sareng nomer telepon, teras ketok .

Ningalikeun atanapi nyumputkeun nomor télépon anjeun

Anjeun tiasa milih bade ningalikeun atanapi nyumputkeun nomor télépon anjeun dina alat panarima nu disaur mun anjeun nyauran.

Pikeun mintonkan atawa nyumputkeun nomor telepon Anjeun

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan teras ketok Setelan > Setelan nelepon.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Additional settings > Caller ID.

Nampa telepon

Nampi sahiji sauran

Pikeun nolak hiji sauran

Sahiji sauran anu asup

• Sawaktos anjeun nampa telepon, pencet kenop polumeu.

Nampik telepon ku talatah

Anjeun bisa nampik telepon ku talatah nu siap pake. Sawaktos Anjeun nampik telepon ku talatah sapertos ieu, talatah eta sacara otomatis dikirim ka panelepon tur disimpen dina alat Anjeun.

Genep talatah tos siap pake dina alat Anjeun. Anjeun tiasa milih ti talatah nu siap pake ieu, nu bisa diedit oge upami diperlukeun.

Pikeun nampik telepon ku talatah nu siap pake

• Sered Tampik make talatah ka luhur, teras pilih hiji talatah.

Pikeun nampik telepon kadua ku talatah nu siap pake

• Sawaktos Anjeun ngadangu sora bip nu malikan deui basa keur nelepon, sered Tampik make talatah ka luhur, teras pilih hiji talatah.

Pikeun ngedit talatah teks nu dipake pikeun nampik telepon

1 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

(43)

Telepon Lumangsung

Langlangan telepon nu lumangsung

1 Buka kontak anjeun

2 Ngaktipkeun loudspeaker nuju nelepon

3 Nyimpen telepon nu lumangsung dina posisi dagoan atawa neruskeun deui nelepon 4 Ngasupkeun nomer nuju nelepon

5 Ngajempeken mikropon nuju nelepon 6 Nutup telepon

Ngarobih polumeu speaker dina sauran

• Pencét tombol polumeu kaluhur atanapi kahandap.

Pikeun ngaktipkeun layar salami keur nelepon

• Pencet sakeudeung .

Make log telepon

Dina log teleponn, Anjeun tiasa ningali sauran nu kaliwat , nu katampi sareng nu kaputer .

Nempo telepon lasut

1 Pas anjeun boga telepon lasut, ditembongkeun dina bar status. Sered bar status ka handap.

2 Ketok Missed call.

Pikeun nelepon nomer ti daptar telepon kumplit Anjeun

1 Ti Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Teang tur ketok Telepon.Daptar telepon kumplit Anjeun nembongan di bagean luhur layar.

3 Pikeun nelepon hiji nomer sacara langsung, ketok nomer eta. Jang ngedit eta nomer samemeh nelepon, rampa terus tahan nomer, terus ketok Edit nomer samemeh nelepon.

(44)

Pikeun nambah nomor ti daptar telepon kumplit kontak Anjeun

1 Ti Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Teang tur ketok Telepon.Daptar telepon kumplit Anjeun nembongan di bagean luhur layar.

3 Toel sarta tahan nomer eta, teras ketok Tambihkeun ka Kontak.

4 Ketok kontak nu dipikahayang, atawa ketok Damel kontak anyar.

5 Edit wincik kontak sarta ketok Rengse.

Pikeun nyumputkeun log telepon

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Telepon.

3 Ketok > Sumputkeun log telepon.

Neraskeun sauran

Anjeun tiasa neraskeun sauran, contona, ka nomor télépon nu lian, atanapi ka layanan ngajawaban.

Kanggo neraskeun sauran

1 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2 Panggihan teras ketok Setelan > Setelan nelepon.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Call forwarding tur pilih hiji pilihan.

5 Asupkeun nomer nu ku Anjeun arek diteraskeun sauran, terus ketok Enable.

Mareuman neraskeun sauran

1 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2 Panggihan teras ketok Setelan > Setelan nelepon.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Call forwarding.

5 Pilih hiji pilihan, teras ketok Disable.

Ngawatesan telepon

Anjeun tiasa ngawatesan sadaya atawa sabaraha kategori telepon asup jeung telepon kaluar. Upami anjeun nampi kodeu PIN2 ti operator jaringan Anjeun, anjeun oge tiasa make daptar Nomer Telepon Maneuh (FDN) kanggo ngawatesan telepon kaluar sareng asup.

Pikeun ngablokir telepon asup atawa telepon kaluar

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Setelan nelepon.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Watesan Telepon, terus pilih hiji opsi.

5 Tulis kecap akses tur ketok Enable.

Basa Anjeun nyetel blokiran telepon di mimiti, Anjeun kudu nuliskeun kecap akses pikeun ngaktipkeun pungsi blokiran telepon. Anda kudu make kecap akses nu sami ieu deui upami Anjeun hoyong ngedit setelan blokiran telepon.

(45)

Pikeun ngakses daptar panarima telepon nu ditampa

1 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2 Panggihan teras ketok Setelan > Setelan nelepon.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Fixed dialing numbers > Fixed dialing numbers.

Pikeun ngarobah PIN2 kartu SIM

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan teras ketok Setelan > Setelan nelepon.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Fixed dialing numbers > Change PIN2.

5 Tulis PIN2 kartu SIM nu lami tur ketok OK.

6 Tulis PIN2 kartu SIM ny anyar tur ketok OK.

7 Konpirmasi PIN2 nu anyar tur ketok OK.

Sauran nu langkung ti hiji

Upami anjeun parantos ngaktipkeun sauran antosan, anjeun tiasa ngadamel langkung ti hiji sauran dina waktos anu sareng. Mun éta diaktipkeun, anjeun bakalan diémutan ku sahiji sora bip upami anjeun nampi sahiji sauran .

Ngaktipkeun atanapi mareuman sauran tunggu

1 Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2 Panggihan teras ketok Setelan > Setelan nelepon.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Additional settings.

5 Pikeun ngaktipkeun atawa nga-nonaktipkeun telepon dago, ketok Call waiting.

Pikeun ngajawab telepon kadua teras nahan telepon nu keur jalan

• Sawaktos Anjeun ngadangu sora bip deudeuian, sered ka katuhu.

Nampik telepon kadua

• Sawaktos ngadangu sora bip deudeuian, sered ka kenca.

Pikeun nelepon nu kadua

1 Basa keur nelepon, ketok .

2 Tuliskeun nomer panarima tur ketok . Telepon nu pertama ditahan heula.

Pindah antara sababaraha telepon

• Pikeun pindah ka telepon sejenna tur nyimpen telepon nu ayeuna dina posisi dagoan, ketok Pindah ka telepon ieu.

Telepon konprensi

Sareng hiji konprensi atanapi sauran multipartai, Anjeun tiasa gaduh hiji paguneman gabungan sareng dua atanapi leuwih jalmi.

Kanggo wincik tentang jumlah pamilon nu Anjeun bisa tambahkeun ka telepon konprensi, kontak operator jaringan Anjeun.

Pikeun nyieun telepon konprensi

1 Basa keur nelepon, ketok .

2 Puter nomer telepon pamilon kadua tur ketok . Pamilon nu kahiji ditahan heula.

3 Ketok pikeun nambahkeun pamilon kadua ka telepon konprensi.

4 Malikan deui lengkah 1 nepi ka 3 pikeun nambah pamilon telepon nu lain.

Pikeun nyieun paguneman pribadi sareng hiji pamilon telepon konprensi

1 Basa keur nelepon konperensi, ketok participants.

2 Ketok nomer telepon pamilon nu Anjeun hoyong telepon sacara pribadi.

(46)

Nutup telepon pamilon ti telepon konprensi

1 Keur telepon konprensi, ketok tombol nu mintonkeun jumlah peserta. Contona, ketok 3 pamilon upami aya tilu pamilon.

2 Ketok di sabeulah pamilon nu teleponna hayang ditutup ku anjeun.

Pikeun mungkas panggero konférénsi

• Basa keur nelepon konperensi, ketok Tutup telepon konperensi.

Suratsora

Upami langganan anjeun kaasup oge laden suratsora, nu nelepon bisa ninggalkeun pesan ka anjeun basa anjeun teu bisa ngajawab. Nomer ladén suratsora anjeun biasana disimpen dina kartu SIM anjeun. Upami henteu, anjeun bisa meunangkeun nomer eta ti propaider ladén terus nuliskeunana sacara manual.

Cara nyetel surat sora

1 Tina Layar Utama, ketok .

2 Panggihan tur ketok Setelan > Setelan nelepon.

3 Pilih kartu SIM.

4 Ketok Voicemail > Voicemail settings > Voicemail number.

5 Tuliskeun nomer surat sora Anjeun.

6 Ketok OK.

Pikeun nelepon ladenan talatah sora Anjeun

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur ketok Telepon.

3 Rampa jeung tahan 1.

Telepon darurat

Alat Anjeun ngarojong nomer darurat internasional, contona, 112 atawa 911. Anjeun tiasa nganggo nomor ieu kanggo ngadamel telepon darurat dina sadaya nagara, nganggo atawa teu nganggo kartu SIM, upami Anjeun aja dina jangkauan jaringan.

Pikeun nyieun telepon darurat

1 Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2 Panggihan tur Ketok Telepon.

3 Tuliskeun nomer telepon darurat tur toel . Pikeun mupus hiji nomer, ketok .

Anjeun bisa nyieun telepon darurat sanajan teu aya kartu SIM nu diselapkeun atawa basa telepon kaluar keur diblokir.

Ngadamel sauran darurat sabari kartu SIM kakonci

1 Tina layar nu kakonci, ketok Telepon darurat.

Referensi

Dokumen terkait

2.4 Sistem Tarif Dalam BPJS Kesehatan Yang Berhubungan Dengan Isu Kepentingan Negara. Sistem tarif BPJS Kesehatan diatur dalam Permenkes

Rapat selanjutnya akan dilaksanakan pada hari Jumat, tanggal 18 September 2015 di Ruang Rapat Badan Musyawarah DPR Aceh pada pukul 09.00 WIB dengan agenda Pemaparan

PENGENDALIAN PENGENDALIAN INFEKSI DI RUMAH INFEKSI DI RUMAH SAKIT SAKIT 2 Februari 2012 2 Februari 2012 Onne Myrna Onne Myrna Siloam Hospital.. Siloam Hospital Gro

mempertahankan dan melindungi aset alam dan budaya setempat. 3) Memiliki mekanisme administratif yang terencana, bertanggungjawab dalam operasional pengelolaan.. 4)

Antena mengenai daya terima, pada medan jauh / tempat yang jauh... Karakteristik

Bila dikaitkan dengan hukum Islam terdapat ketidak sesuaian antara jual beli tanah di Papua dengan hukum Islam yakni pemindahan atas hak kepemilikan tanah lebih

peraturan setempat yang dapat dijadikan dasar pelaksanaan misalnya: Perda, dan lain-lain. 7) Sistem telah teridentifikasi dan dilaksanakan dengan konsisten. 8) Rencana Induk

Hal ini disebabkan adanya penurunan indeks NTP pada sub sektor Hortikultura, Tanaman Perkebunan Rakyat (TPR) dan perikanan.. Hal-hal yang mempengaruhi dalam