Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA ARSITÉKTUR
IMAH ADAT KAMPUNG NAGA DÉSA NEGLASARI KACAMATAN SALAWU KABUPATÉN TASIKMALAYA PIKEUN BAHAN AJAR MACA ARTIKEL BUDAYA KELAS XII
SKRIPSI
Disusun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah
ku
Dewi Kaniawati NIM 0902407
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
PERNYATAAN
Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi dengan judul “Ajén Éstétika dina Arsitéktur Imah Adat Kampung Naga Désa Neglasari Kacamatan Salawu Kabupatén Tasikmalaya pikeun Bahan Ajar Maca Artikel Budaya Kelas XII” ini beserta seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri, dan saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan yang tidak sesuai dengan etika keilmuan yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini saya siap menanggung risiko atau sanksi yang dijatuhkan kepada saya apabila kemudian ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya saya ini, atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.
Bandung, 29 Januari 2013
Yang membuat pernyataan,
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu LEMBAR PENGESAHAN
DEWI KANIAWATI NIM 0902407
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA ARSITÉKTUR
IMAH ADAT KAMPUNG NAGA DÉSA NEGLASARI
KACAMATAN SALAWU KABUPATÉN TASIKMALAYA
PIKEUN BAHAN AJAR MACA ARTIKEL BUDAYA KELAS XII
Disaluyuan jeung disahkeun ku:
Pangaping I,
Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP. 19641110 198903 2 002
Pangaping II,
Agus Suherman, S.Pd., M.Hum.
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu AJÉN ÉSTÉTIKA DINA ARSITÉKTUR
IMAH ADAT KAMPUNG NAGA DÉSA NEGLASARI KACAMATAN SALAWU KABUPATÉN TASIKMALAYA
PIKEUN BAHAN AJAR MACA ARTIKEL BUDAYA KELAS XII1
oleh Dewi Kaniawati2
ABSTRAK
Skripsi ini berjudul Ajén Éstétika dina Arsitéktur Imah Adat Kampung Naga Désa Neglasari Kacamatan Salawu Kabupatén Tasikmalaya pikeun Bahan Ajar Maca Artikel Budaya Kelas XII. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan nilai éstétika, bentuk arsitektur, tata ruang pada rumah adat Kampung Naga, dan bahan pembelajaran membaca artikel kebudayaan. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif dengan menggunakan teknik studi pustaka, observasi, dokumentasi, dan wawancara. Berdasarkan hasil penelitian, dapat disimpulkan bahwa rumah adat Kampung Naga mengandung banyak nilai-nilai estetika. Dilihat dari fungsinya konsep rumah adat Kampung Naga sama dengan konsep rumah adat tradisional Sunda pada umumnya. Hasil penelitian mengenai rumah adat Kampung Naga efektif dijadikan bahan pembelajaran membaca artikel kebudayaan kelas XII.
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA ARSITÉKTUR
IMAH ADAT KAMPUNG NAGA DÉSA NÉGLASARI KACAMATAN SALAWU KABUPATÉN TASIKMALAYA
PIKEUN BAHAN AJAR MACA ARTIKEL BUDAYA KELAS XII1
By Dewi Kaniawati2
ABSTRACT
This mini thesis entitled Ajén Éstétika dina Arsitéktur Imah Adat Kampung Naga Désa Néglasari Kacamatan Salawu Kabupatén Tasikmalaya Pikeun Bahan Ajar Maca Artikel Kelas XII. This study aims to describe aesthetic values, architecture, layout of traditional Kampung Naga house, and material articel reading in XII class. Descriptive method was employed in this study by using literary research, observation, documentation, and interview. Based on the result of the research, it can be concluded that traditional Kampung Naga house contains many aesthetic values related to the function of the house. According to the function, the concept of traditional Kampung Naga house is same with the concept of traditional Sundanese house in general. The result of the research concerning traditional Kampung Naga house is effective to use as articel reading in XII class.
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
2.1.3 Pasualan-pasualan Éstétika ... 9
2.2 Arsitéktur ... 10
2.2.1 Wangenan Arsitéktur ... 10
2.2.2 Sajarah Kamekaran Arsitéktur ... 10
2.2.3 Arsitéktur Tradisional ... 11
2.2.4 Ciri-ciri Arsitéktur Tradisional ... 12
2.3 Imah Adat Sunda ... 12
2.4.2 Tujuan Pangajaran Basa Sunda ... 22
2.4.3 Sarat Nangtukeun Bahan Ajar ... 23
2.4.4 Kriteria Milih Bahan Ajar ... 23
2.4.5 standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar ... 24
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB IV AJÉN ÉSTÉTIKA DINA ARSITÉKTUR IMAH ADAT KAMPUNG NAGA DÉSA NEGLASARI KACAMATAN SALAWU KABUPATÉN TASIKMALAYA PIKEUN BAHAN AJAR MACA ARTIKEL BUDAYA KELAS XII
4.1 Gambaran Umum Kampung Naga ... 30
4.1.1 Lokasi Géografis ... 30
4.1.2 Kaayaan Sosial, Budaya, jeung Ékonomi Masarakat Kampung Naga ... 31
4.1.2.1 Sistem Pamaréntahan ... 31
4.1.2.2 Warga/Penduduk ... 32
4.1.2.3 Pakasaban ... 33
4.1.2.4 Atikan ... 35
4.1.2.5 Agama jeung Kapercayaan ... 36
4.1.3 Asal Muasal Kampung Naga ... 41
4.2 Prosés Ngadegkeunnana jeung Wangun Imah Kampung Naga ... 43
4.2.1 Prosés Ngadegkeun Imah di Kampung Naga ... 43
4.2.2 Wangunan Imah di Kampung Naga ... 46
4.3 Ajén Éstétika dina Wangunan Imah Adat Kampung Naga ... 51
4.4 Patalina Konsép Imah Adat Kampung Naga jeung Imah Tradisional Sunda .... 55
4.5 Istilah-istilah Arsitéktur Imah Adat di Kampung Naga pikeun Bahan Ajar Maca Artikel Budaya Kelas XII... 56
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 61
5.2 Saran ... 62
DAFTAR PUSTAKA ... 64
LAMPIRAN ... 66
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I
BUBUKA
1.1Kasang Tukang Masalah
Kahirupan manusa di masarakat mangrupa bagbagan tina sosial kabudayaan anu di jerona ngajanggélék ajén palsapah anu mangaruhan kahirupan sapopoé. Ajén palsapah anu ngajanggélék dina kahirupan manusa miboga peran anu kacida pentingna sabab palsapah mangrupa salah sahiji widang élmu ngeunaan cara nyanghareupan pasualan dina kahirupan sacara adil jeung wijaksana.
Étika, éstetika, jeung sawangan hirup mangrupa bagbagan tina palsapah. Étika mangrupa élmu ngeunaan paripolah manusa dina nyanghareupan kahirupan maké aturan sarta adat-istiadat. Nurutkeun Bertens (2008:27) étika nya éta ajén-inajén atawa norma anu jadi payung pikeun hiji jelema atawa kelompok dina ngatur tingkah laku. Éstétika mangrupa élmu anu nyawang hiji perkara maké rasa jeung kaéndahan. Boh seni, sastra, sosial, kabudayaan, boh atikan. Nurutkeun Herimanto (2008:30) éstétika mangrupa teori ngeunaan kaéndahan atawa seni. Éstétika raket pisan patalina jeung ajén éndah atawa goréng (teu éndah). Ajén éstetik hartina ajén ngeunaan kaéndahan. Sedengkeun sawangan hirup mangrupa élmu anu jadi dasar pikeun manusa dina ngalakukeun paripolah nurutkeun kodratna masing-masing.
“Jika estetika dibandingkan dengan etika, maka etika berkaitan dengan nilai tentang baik buruk, sedangkan estetika berkaitan dengan hal yang indah atau jelek (Herimanto dan Winarno, 2008:30).”
Hasil kabudayaan dina wujud fisik anu bisa disawang ajén palsapahna diantarana nya éta wangun imah. Imah mangrupa hiji tempat anu jadi pangabutuh poko pikeun manusa dina kahirupan, sabab imah méré wates privasi antara hiji kulawarga jeung kulawarga séjénna. Imah ogé mangrupa tempat pikeun silih asah, silih asih, jeung silih asuh.
2
Bugis, Bali, jeung Sumatera. Unggal imah adat miboga fungsi pikeun pangiuhan sarta minangka tempat anu dikaramatkeun.
Kiwari imah adat anu masih kénéh alami tur teu kapangaruhan ku kahirupan modéren geus rada langka. Teu kabéh daérah bisa mertahankeun imah adatna sabab ayana kamajuan jaman jeung téknologi. Wujud imah adat biasana masih unik kénéh béda jeung imah modéren anu geus nyaluyukeun jeung kamekaran jaman.
Imah adat biasana maké tatapakan, boh batu boh cadas, jangkungna antara 40-50 cm. Fungsina supaya aya jarak antara imah jeung taneuh, sangkan tihang anu dijadikeun pondasi teu babari ruksak (Suganda, 2006:48) .
Babagian imah adat tangtu miboga ajén-inajén anu husus anu jadi cicirén éta tempat. Sanajan kiwari mah imah adat téh geus rada langka sabab manusa terus milu kana kamekaran jaman tapi imah adat Sunda masih kénéh aya anu panceg teu kapangaruhan ku budaya modéren.
Wangun imah adat di Jawa Barat téh loba pisan, ku kituna penting pisan pikeun nonoman Sunda mikawanoh kana adat-istiadat anu ngajanggélék dina wangun fisik imah adat. Cara anu bisa dilakukeun ku nonoman Sunda pikeun mertahankeun ajén-inajén kasundaan nya éta ku cara ngamumulé budayana tur ngamekarkeun kamampuhna dina widang kasundaan.
Salasahiji imah adat anu aya di Jawa Barat nya éta imah adat Kampung Naga anu pernahna di Désa Neglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya. Legana ieu kampung téh kurang leuwih 10,5 héktar. Kampung Naga aya di hiji lengkob anu miboga ukuran rata-rata 500 meter di luhureun permukaan laut. Wangunna mirip jeung mangkok.
Ngajugjug ka Kampung Naga kudu ngaliwatan 335 tangga sabab lokasi Kampung Naga anu aya di lengkob téa. Warga Kampung Naga ngagem kapercayaan Islam katitén tina wangunan masjid anu aya di kampung adat.
3
Imah di Kampung Naga wangunna masih kénéh sarua ti baheula nepi ka kiwari. Babagianana euweuh anu robah sanajan aya karuksakan-karuksakan anu baris dioméan tapi hal éta teu ngarobah wangun jeung polana. Jumlah imah di Kampung Naga teu ngurangan jeung teu nambahan. Ti mimiti ngadeg éta kampung nepi ka kiwari jumlah imahna angger kénéh.
Jumlah warga Kampung Naga sanajan nambahan atawa ngurangan teu ngarobah jumlah imah. Éta hal saluyu jeung adat-istiadat anu aya di Kampung Naga. Loba pisan karagaman anu aya di Kampung Naga utamana bentuk arsitéktur imahna anu masih kénéh nganggem adat-istiadat anu kuat.
Ajén éstétika dina arsitéktur imah adat Kampung Naga bisa dijadikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII.
Bahan ajar mangrupa media pikeun guru dina nepikeun pangajaran ka siswa sangkan bisa ngahontal standar kompetensi anu geus ditangtukeun. Salian ti éta bahan ajar penting pisan dina prosés pangajaran sabab bahan ajar mangrupa komponén penting nu teu bisa dileungitkeun. Dina nepikeun bahan ajar guru bisa maké modél pangajaran sangkan ngirut minat karep siswa dina prosés pangajaran. Modél pangajaran anu dipaké tangtuna kudu disaluyukeun jeung bahan ajar anu rék ditepikeun. Fungsi bahan ajar nya éta pedoman pikeun guru jeung siswa anu bakal ngarahkeun dina prosés pangajaran sarta pikeun alat évaluasi. Peranan bahan ajar penting pisan sabab bahan ajar euyeub ku bahan-bahan anu disusun kalawan rapih sarta sistematik ti mimiti kosa kecapna, kalimahna, carita, sarta gambar anu ngarojong kana bahan pangajaranna.
“Bahan ajar atau materi pembelajaran (instructional materials) secara garis besar terdiri dari pengetahuan, keterampilan, dan sikap yang harus dipelajari siswa dalam rangka mencapai standar kompetensi yang telah ditentukan. Secara terperinci, jenis-jenis materi pembelajaran terdiri dari pengetahuan (fakta, konsep, prinsip, prosedur),
keterampilan, dan sikap atau nilai
(http://mgmpips.wordpress.com/2007/03/02/pengertian-bahan-ajar-materi-pembelajaran/abdul-majid)
4
Kabupatén Bandung (Luckyta Anjar Destari: 2010) jeung Ajén Palsapah Dina Arsitéktur Imah Adat Kampung Kuta Désa Karangpaningal Kacamatan Tambaksari Kabupatén Ciamis (Citra Agusti Mayaharryani: 2012). Éta hal jadi salasahiji tatapakan panalungtik pikeun medar ajén éstétika dina arsitéktur Imah adat Kampung Naga anu dijadikeun alternatif bahan ajar kosa kecap di SMA. Panalungtik séjén saukur nalungtik ngeunaan kampung adatna wungkul sedengkeun dina ieu panalungtikan mah miboga tujuan sangkan hasil panalungtikan ieu bisa dijadikeun alternatif bahan ajar sangkan mangpaatna leuwih jembar. Ku kituna kacida payus tur merenah upama dilaksanakeun panalungtikan kana éta hal. Ieu panalungtikan téh dijudulan “Ajén Éstétika dina Arsitéktur Imah Adat Kampung Naga Désa Neglasari Kacamatan Salawu Kabupatén Tasikmalaya pikeun Bahan Ajar Maca Artikel Budaya Kelas XII”.
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah
Sangkan masalah anu baris ditalungtik ambahana teu lega teuing, masalah anu diguar dina ieu skripsi museur kana ajen éstétika anu aya dina arsitéktur imah adat Kampung Naga pikeun dijadikeun alternatif bahan ajar kosa kecap di SMA.
1.2.2 Rumusan Masalah
Luyu jeung kasang tukang anu geus diébréhkeun saméméhna, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun saperti ieu di handap.
1) Kumaha asal-muasal (sajarah) ngadegna imah adat Kampung Naga? 2) Kumaha wangun imah adat anu aya di Kampung Naga?
3) Ajén éstétika naon waé anu nyangkaruk dina arsitéktur imah adat Kampung Naga?
5
1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum
Sacara umum, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung mikaweruh ngariksa ajén éstétika dina wujudiah fisik kabudayaan Sunda anu aya di masarakat sarta mangpaatna pikeun dijadikeun bahan pangajaran.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) Asal-muasal (sajarah) ngadegna imah adat Kampung Naga;
2) Bentuk wangun imah adat anu aya di Kampung Naga;
3) Ajén éstétika anu nyangkaruk dina arsitéktur imah adat Kampung Naga; 4) Istilah arsitéktur imah adat di Kampung Naga jadi bahan ajar maca artikel
budaya kelas XII.
1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Teoritis
Sacara teoritis ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan dina nambahan élmu pangaweruh dina widang kasundaan. Inventarisasi kabudayaan ogé jadi salasahiji mangpaat praktis tina ieu panalungtikan.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Sacara praktis ieu panalungtikan dipihareup miboga mangpaat, nya éta: 1) Ngajembaran pangaweruh ngeunaan kabudayaan wujudiah fisik dina
widang arsitéktur imah adat Sunda;
2) Méré informasi ngeunaan ajén éstétika imah adat Sunda di Kampung Naga Désa Neglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya. Méré informasi ngeunaan arsitéktur imah adat Sunda sangkan bisa ngabédakeun jeung arsitéktur imah modéren;
6
4) Jadi salasahiji bahan ajar maca artikel budaya.
1.5 Raraga Tulisan
Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bubuka, eusina ngébréhkeun ngeunaan kasang tukang tina masalah anu ditalungtik, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan boh anu ngawengku mangpaat praktis boh mangpaat téoritis, sarta raraga tulisan dina ieu skripsi.
Bab II mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun téori-téori ngeunaan ésétika, arsitéktur imah adat tradisional, kecap.
Bab III mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun ngeunaan métodologi anu digunakeun dina ieu panalungtikan, boh jenis métode panalungtikan boh prak-prakan ngolah data tina hasil panalungtikan, sumber data anu digunakeun dina panalungtikan, Désain panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumen panalungtikan, sarta wangenan operasional.
Bab IV mangrupa bagian skripsi anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan, anu ngawengku prak-prakan panalungtikan, nganalisis data hasil panalungtikan, jeung medar ngeunaan kaéfektifan ajén éstétika dina arsitéktur imah adat pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII.
25
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
BAB III
MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber Data
Sumber data dina ieu panalungtikan ngawengku sumber data pustaka nya éta buku anu patali jeung kampung adat atawa Kampung Naga, diantarana nya éta Her Suganda (2006), Elis Suryani (2010), jeung Wibowo (1987). Lian ti éta, ogé maké sumber data lapangan ku cara wawancara langsung ka narasumber, nya éta punduh adat Kampung Naga, Désa Neglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya.
3.2 Desain Panalungtikan
Léngkah-léngkah nyusun ieu panalungtikan bisa dititenan dina bagan ieu di handap:
Bagan 3.1 Desain panalungtikan Identifikasi
Masalah
Observasi
Ngolah Data
Deskrifsi
26
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3 Métode Panalungtikan
Métode panalungtikan mangrupa salasahiji cara nu digunakeun pikeun ngahontal udagan panalungtikan. Métode asal kecap tina basa Yunani nya éta methodos, nu ngandung harti “jalan nu dipaké”.Métode panalungtikan nya éta alat bantu pikeun ngalakukeun kagiatan panalungtikan ku cara direncanakeun, dilaksanakeun sarta ngolah data nepi ka ngahasilkeun kacindekan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif.
Métode déskriptif nurutkeun Moh. Najir (1985: 63) dina Luckyta Anjar D (2010: 31) nya éta:
“Métode yang bisa dipakai untuk meneliti sekelompok manusia atau suatu objek, yang tujuannya menggambarkan secara sistematis, faktual, dan akurat mengenai fakta-fakta, sifat-sifat serta hubungan antara fenomena
yang diteliti”.
Métode deskriptif digunakeun pikeun ngadeskripsikeun ajén éstétika nu nyampak dina wangun arsitéktur imah adat Kampung Naga, Désa Neglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya.
3.4 Wangenan Oprasional
Judul ieu panalungtikan nya éta “Ajén Éstétika dina Arsitéktur Imah Adat Kampung Naga, Désa Neglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya pikeun Alternatif Bahan Ajar Kosa Kecap di SMA”. Sangkan aya gambaran tina ieu judul, perlu dijéntrékeun wangenan-wangenan istilah dina ieu panalungtikan nya éta ajén éstétika, arsitéktur, imah adat Kampung Naga, jeung bahan ajar.
1) Ajén Éstétika
Ajén éstétika mangrupa élmu ngeunaan nyawang hiji perkara maké rasa jeung kaéndahan dina perkara naon waé, boh seni, sastra, kahirupan, sosial, kabudayaan boh atikan.
2) Arsitéktur
27
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
3) Imah Adat Kampung Naga
Wangunan imah adat Sunda anu aya di wewengkon Kampung Naga perenahna di Désa Neglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya.
4) Bahan Ajar
Bahan ajar nya éta gabungan antara pangaweruh (fakta jeung informasi anu wincik), katerampilan (lengkah-lengkah, prosedur, kayaan, jeung sarat-sarat), jeung faktor sikep.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Instrumen anu dipaké dina ieu panalungtikan, nya éta: 1) Tape Recorder
Tape Recorder digunakeun pikeun ngarékam salila prosés wawancara lumangsung.
2) Kaméra Foto
Kaméra digunakeun pikeun ngadokumentasikeun unggal wangunan imah adat anu aya di Kampung Naga.
3) Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara digunakeun pikeun nungtun panalungtik dina prakna ngawawancara, sangkan obrolan muser kana tujuan nu baris dihontal.
Anapon pedoman wawancara anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta: - Biodata informan
1) Jenengan: ... 2) Tempat, ping gumelar: ... 3) Kalungguhan: ... 4) Atikan: ... - Daftar pertanyaan
1) Kumaha sajarah ngadegna Kampung Naga?
2) Naon silokaning hirup masarakat Kampung Naga?
3) Sabaraha jumlah imah di Kampung Naga?
4) Naha aya katangtuan husus dina waktu ngadegkeun imah di Kampung
Naga?
28
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
6) Kriteria naon waé anu kudu dipimilik ku calon kuncén?
7) Ti mimiti ngadeg nepi ka kiwari, naha aya parobahan dina wangun
imah di Kampung Naga?
8) Sabaraha jumlah warga di Kampung Naga?
9) Sabaraha jumlah kuren kulawarga di Kampung Naga?
10) Dina waktu ngawangun imah, anu ngawangunna naha kudu dibayar
atawa henteu?
11) Masarakat Kampung Naga boga pakasaban naon waé?
12) Sabaraha jumlah masigit di Kampung Naga?
13) Sistem kapercayaan naon anu diagem ku masarakat Kampung Naga?
14) Naha aya warga Kampung Naga anu sakola nepi ka tingkat paguron
luhur?
15) Naha jumlah warga di ieu kampung angger atawa nambahan?
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik nu digunakeun dina ngumpulkeun data nya éta ulikan pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokumentasi.
3.6.1 Téhnik Ulikan Pustaka
Dina téhnik ulikan pustaka (literature) panalungtik maca, néangan sarta neuleuman eusi buku-buku pikeun nangtukeun dasar-dasar téoritis anu aya patalina jeung masalah nu rék ditalungtik. Salian ti éta, talaah pustaka minangka bahan bacaan pikeun ngadéskripsikeun masalah ajén éstétika arsitéktur imah adat Kampung Naga.
3.6.2 Téhnik Obsérvasi
29
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
3.6.3 Téhnik Wawancara
Téhnik wawancara nya éta téknik anu dilaksanakeun ku cara komunikasi langsung jeung masarakat salaku informan. Téhnik wawancara digunakeun pikeun ngawawancara masarakat Kampung Naga anu patali jeung sajarah kana ngadegna Kampung Naga ogé hal-hal anu patali jeung Kampung Naga. Wawancara dilaksanakeun ka punduh adat Kampung Naga.
3.6.4 Téhnik Dokuméntasi
Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngarojong informasi data ngeunaan Kampung Naga. Anapon data-data anu didokumentasikeun ku panalungtik salila prosés ngumpulkeun data nya éta:
1) Hasil panalungtikan langsung ka objék panalungtikan; 2) Foto wangunan imah di Kampung Naga; jeung
3) Hasil ngawawancara punduh adat Kampung Naga.
Dumasar téhnik di luhur, ngumpulkeun data dilakukeun kalawan tahap-tahap saperti ieu di handap:
1) Nyusun rarancang panalungtikan;
2) Obsérvasi sarta ngumpulkeun data kalawan turun langsung ka lapangan; 3) Ngayakeun wawancara; jeung
4) Ngadokumentasikeun sarta ngainpentarisir data nu katimu.
3.7 Téhnik Ngolah Data
Sanggeus data dikumpulkeun tuluy diolah, kalawan tahapan-tahapanana saperti ieu di handap.
1) Mariksa sarta nitenan data nu geus dikumpulkeun; 2) Nganalisis data dumasar kana kaayaanana;
3) Ngadadarkeun kaayaan imah adat Kampung Naga; 4) Napsirkeun éstétika; jeung
30
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar pedaran anu geus ditepikeun dina bab saméméhna, ieu panalungtikan ngahasilkeun kacindekan saperti ieu di handap:
1) Kampung Naga kaasup wilayah Désa Néglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya, Propinsi Jawa Barat. Sacara geografis, Kampung Naga perenahna di hiji léngkob anu kira-kira 500 meter luhureun beungeut laut, wangunna nyarupaan mangkok. Dikuriling ku leuweung larangan jeung sawah. Gigireun leuweung larangan aya walungan Ciwulan. Kampung Naga legana 10,5 héktar kalawan watesna: wates beulah kalér ngawates jeung Kampung Nangtang, Kacamatan Cigalontang, wates beulah kidul jalan raya anu ngahubungkeun antara Kabupatén Tasikmalaya jeung Kabupatén Garut, wates beulah kulon Bukit Naga anu sakaligus jadi pamisah antara Kampung Naga jeung Kampung Babakan, sarta wates beulah wétan walungan Ciwulan. 2) Warga Kampung Naga jumlahna aya 318 urang/108 KK (Kepala Kulawarga) anu ngawengku 153 urang lalaki jeung 165 urang awéwé. Pakasaban poko warga Kampung Naga nya éta tatanén jeung nyieun karajinan tina awi, aya ogé anu jadi pemandu wisata (guide) pikeun turis anu datang ka Kampung Naga.
3) Wangunan imah di Kampung Naga jumlahna aya 113 wangunan. Pola imahna ngagunduk. Di Kampung Naga ogé aya wangunan masigit, balé patemon, sarta bumi ageung. Sakabéh wangunan mangrupa imah panggung anu aya kolongan. Pungsi kolong dumasar kapercayaan masarakat Kampung Naga nya éta pikeun jeda atawa jarak antara dunya luhur anu disebut imah jeung dunya handap anu disebut taneuh.
ingon-62
ingon. Ukuran imah ieu dumasar kana legana taneuh pikeun ngawangun imah.
5) Ajén éstétika anu nyangkaruk dina wangunan imah adat di Kampung Naga katitén sacara jéntré tina wangun imah sarta rohangan-rohangan imahna saperti tepas, tengah imah, pangkéng, jeung dapur atawa goah.
a. Tepas mangrupa rohangan anu kacida penting pikeun ngalengkepan rohangan di hiji imah tur sangkan imah katitén éndah.
b. Tengah imah, dipaké pikeun kumpul kulawarga. Pikeun kulawarga anu miboga anak rohangan tengah imah ieu dijadikeun tempat salaku rohangan diajar.
c. Pangkéng nya éta saré. Di rohangan pangkéng aya sababaraha pakakas pikeun saré saperti bantal, kasur, jeung guguling. Pangkéng ogé biasana dijadikeun tempat pikeun ibadah solat. Kaéstétisan rohangan ieu katitén tina pakakas anu ngalengkepanna.
d. Dapur jeung goah mangrupa daérah kakawasaan awéwé. Ajén éstétika katitén tina pungsi rohangan dapur jeung goah anu jadi daérah kakawasaan awéwé saluyu jeung kodrat awéwé salaku istri anu kudu nataharkeun sagala rupana ti mimiti kadaharan anu diolah di dapur nepi ka sagala rupa anu aya patalina jeung urusan rumah tangga séjénna. 6. Patalina antara konsep imah adat Kampung Naga jeung imah adat tradisional
Sunda teu pati béda, sabab dititén tina pungsi sarta pamakéan imah adat Kampung Naga jeung imah adat tradisional Sunda miboga kagunaan anu sarua.
7. Hasil panalungtikan ngeunaan arsitéktur imah adat di Kampung Naga bisa jadi bahan ajar maca artikel budaya kelas XII.
5.2 Saran
Saréngséna ieu panalungtikan, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun, nya éta:
63
pisan pikeun balaréa sadar kana pentingna ngamumulé budaya lokal anu ngajanggélék dina wangun imah adat.
2) Hasil panalungtikan ngeunaan arsitéktur imah adat bisa dijadikeun alternatif bahan ajar kosa kecap, lian ti éta bisa ogé dimekarkeun deui pikeun bahan ajar séjénna.
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR PUSTAKA
Achmadi, Asmoro. 1997. Filsafat Umum. Jakarta: PT Raja Grafindo Utama.
Arikunto, S. 1998. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Prakték. Jakarta:
Rineka Cipta.
Chaer, Abdul. 2007. Linguistik Umum. Jakarta: Rineka Cipta.
--- 2008. Morfologi Bahasa Indonesia Pendekatan Proses. Jakarta: Rineka
Cipta.
Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Dharsono. 2007. Estetika. Bandung: Rekayasa Sains.
Dinas Pendidikan Jawa Barat. 2007. SKKD Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra.
Hadi, Ahmad, spk. 2009. Peperenian. Bandung: Geger Sunten.
Herimanto. 2011. Ilmu Sosial dan Budaya Dasar. Jakarta: Bumi Aksara.
Muslich, Masnur. 2008. Tata Bentuk Bahasa Indonesia Kajian ke Arah Tata
Bahasa Deskriptif. Jakarta Timur: PT Bumi Aksara.
Snyder, James. 1994. Pengantar Arsitektur. Jakarta: Tidak diterbitkan
Sudaryat, Yayat, dkk. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.
Suganda, Her. 2006. Kampung Naga Mempertahankan Tradisi. Bandung: Kiblat.
Sugiyono. 2010. Metode Penelitian Kuantitatif Kualitatif dan R&D. Bandung:
Alfabeta
Sumardjo, Jakob. 2003. Simbol-Simbol Artefak Budaya Sunda (Tafsir-tafsir
Pantun Sunda). Bandung: Kelir.
Suryani, Elis. 2010. Badingkut. Bandung: CV. Danan Jaya.
Dewi Kaniawati , 2013
Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII
Suyatna, Amir. 2002. Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan
Pengajaran Bahasa. Bandung
UPI. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia.
Bandung: UPI
Wibowo, H. 1987. Arsitektur Tradisional Daerah Istimewa Yogyakarta.
Yogyakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.