• Tidak ada hasil yang ditemukan

PSAT B. SUNDA KELAS 10

N/A
N/A
Titapuspita Laila Sari

Academic year: 2024

Membagikan "PSAT B. SUNDA KELAS 10"

Copied!
4
0
0

Teks penuh

(1)

PENILIAN SUMATIF AKHIR TAHUN MATA PELAJARAN BAHASA SUNDA

TAHUN AJARAN 2023-2024 KELAS X

A. Pilihan Ganda

Pilih salah sahiji jawaban anu benerna!

1. Salah sahiji karya sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi), tapi teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada disebut…..

a. Pupuh d. Sisindiran

b. Sajak e. Wawangsalan

c. Guguritan

2. Ieu di handap anu teu kaasup kana adegan batin sajak nyaeta……

a. Tema d. Wirahma

b. Rasa e. Amanat

c. Nada

3. Padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah, disebutna……….

a. Gaya basa d. Wirahma

b. Kecap nyata e. Wirasa

c. Purwakanti

4. Sajak teh kungsi jadi polemik anu rame antara anu pro jeung kontra, lantaran dianggap karya anu anyar sabada kamerdekaan. Sajak kaasup karya sampeuran anu kapangaruhan ku nagara……

a. Walanda d. Arab

b. Portugis e. Yunani

c. Eropa

5. Sajak anu eusina ngalalakonkeun, nyaritakeun, atawa ngadadarkeun kajadian, biasana anu dilalakonkeun teh kahirupan hiji jalma, boh pahlawan boh inohong boh masarakat biasa, disebut….

a. Sajak epik d. Tipografi

b. Sajak lirik e. Figuratif

c. Sajak

6. Sajak anu ngebrehkeun rasa, pikiran, jeung gagasan pribadi panyajak anu sipatna leuwih subjektif, disebut…..

a. Sajak epik d. Tipografi

b. Sajak lirik e. Figuratif

c. Sajak

7. Anu kaasup kana unsur-unsur sajak teh, nayeta ……

a. Adegan batin jeung adegan lahir d. Imaji jeung figuratif

b. Adegan batin jeung diksi e. Adegan lahir jeung gaya basa

(2)

c. Adegan lahir jeung imaji

8. Di handap anu teu kaasup kana adegan lahir sajak, nyaeta…..

a. Tipografi d. Rima

b. Diksi e. Feeling

c. Imaji

9. Dina ngamimitian ngarang sajak teh neangan inspirasi dilingkungan sabundeureun atawa tina pangalaman hirup, neangan inspirasi, disebutna….

a. Simbul d. Saran

b. Musikalitas e. Amanat

c. Imaji

10. Perenahna purwakanti anu ngaruntuy ka handap antar padalisan dina sapada(vertikal), disebut……

a. Purwakanti rantayan d. Gaya basa b. Purwakanti runtuyan e. Purwakanti c. Purwakanti gabungan

11. Cik titenan sajak di handap!

Kungsi sakali ngalaman Bisnis lahan pakuburan Di Cikadut panyandaan Untungna lain lumayan

Sajak di luhur kaasup kana jenis purwakanti…..

a. Rantayan d. Gaya basa

b. Runtuyan e. Purwa

c. Gabungan

12. Akar anu ngabenggul sarta aya dagingan disebut…..

a. Akar hawa d. Canir

b. Akar mayang e. Beuti

c. Jangkar

13. Jantung nyaeta sebutan jang kembang…..

a. Cabe d. Jeruk

b. Dingdet e. Cau

c. Awi

14. Pucuk kalapa anu semu koneng keneh disebut…..

a. Pucuk d. Janur

b. Tangkay e. Barangbang

c. Palapah

15. Bagian tangkal kai tengah-tengahna, biasana beda warna tur pangteuasna, disebut…

a. Catang d. Bodogol

b. Galeuh e. Papagan

c. Tunggul

16. Kagiatan nyarita di hareupeun balarea pikeun hiji maksud atawa informasi anu penting, disebut….

a. Ceramah d. Kampanye

(3)

b. Hutbah e. Sawala c. Biantara

17. Aya jalma anu parigel dina biantara nepika jadi ahli biantara. Jalma anu ahli dina biantara disebutna…..

a. Kurator d. Koruptor

b. Moderator e. Orator

c. Kolektor

18. Ieu dihandap eusi bagean bubuka tina biantara, nyaeta nepikeun….

a. Ucapan hatur nuhun d. Ucapan menda dihampura b. Muji sukur ka Gusti Alloh SWT e. Salam pangwilujeung c. Ucapan du’a

19. Baca sempalan pedaran ieu dihandap!

Hadirin anu sami linggih. Tangtos urang moal bireuk kana kecap internet. Internet teh gede gunana dina kahirupan. Ku majuna jaman, tangtu internet jadi kabutuhan utama.

Lian ti keur komunikasi, oge jadi perpustakaan digital, tempat silih tukeur informasi.

Sempalan pedaran diluhur kaasup kana bagian…..biantara.

a. Struktur d. Panutup

b. Bubuka e. Salam bubuka

c. Eusi

20. Metode langsung nyaeta nepikeun biantara ku cara nyarita langsung tanpa nyiapkeun teks biantara, disebut….

a. Ekstemporan d. Memoriter

b. Manuskrip e. Maca teks

c. Impromtu

21. Titenan pedaran ieu dihandap!

1) Nyindekkeun eusi biantara

2) Sanduk-sanduk atawa menta dihampura 3) Du’a jeung salam panutup

Pedaran di luhur kaasup kana……biantara

a. Struktur d. Panutup

b. Bubuka e. Salam bubuka

c. Eusi

22. Ieu di handap cara nepikeun bianatara kalawan ekspresif, iwal ti…..

a. Jelas sorana d. Efektif gerak awakna

b. Hade lentongna e. Gaya basa

c. Merenah pasemonna

23. Wanci janari kira-kira tabuh……

a. 01.30 peuting d. 04.30 subuh

b. 03.00 peuting e. 05.00 isuk-isuk

c. 04.00 subuh

24. Kira-kira tabuh 07.00 nepika 08.30 kaasup kana wanci…..

a. Carancang tihang d. Pecat sawed

b. Murag ciibun/meletek panon poe e. Lingsir ngulon

(4)

c. Haneut moyan

25. Tehnik nepikeun biantara nyaeta…..

a. Impromptu, ekstemporan, naskah, jeung ngapalkeun b. Impromptu, ekstemporan, guluyur, jeung nyarita c. Impromptu, ekstemporan, ngawih, jeung ngahaleuang d. Impromptu, ekstemporan, nyarita, jeung ngalagena e. Ngawih, nembang, jeung nyarita

26. Tujuan biantara pikeun ngajak balarea kana hiji perkara disebut….

a. Persuasif d. Komunikatif

b. Subjektif e. Komunikata

c. Informatif

27. Nu disebut biantara the nyaeta komunikasi hiji jalma ka jalma rea anu sipatna langsung sacara…..

a. Lisan d. Lisan jeung isarat

b. Tulisan e. Tulisan jeung isarat

c. Lisan jeung tulisan

28. Najan kasebutna komunikasi langsung, tapi komunikasi dina biantara mah lumangsung…..

a. Saarah d. patembal-tembal

b. Dua arah e. pacental-cental

c. Tilu arah

29. “ Dupi bapa…… ti Jakarta tabuh sabaraha?” Jajang nanya ka Pa Anjar.

Istilah anu dipake keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta…..

a. Balik d. Dugi

b. Mulih e. Dongkap

c. Wangsul

30. Titenan ieu ungkara-ungkara panutup dina biantara di handap.

1) Wassalamualaikum Wr.Wb

2) Hapunteun sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah-sumarambah kana manah, sareng matak nyelekit kana ati.

3) Sakitu anu kapihatur 4) Neda jembar pangampura

Susunan ungkara panutup biantara di luhur anu merenah nayeta….

a. 1,2,3,4 d. 2,3,1,4

b. 3,2,1,4 e. 3,2,4,1

c. 4,3,2,1

Referensi

Dokumen terkait

Karangan anu eusina medar hiji perkara dumasar kana biodata jeung kabiasaan nu bisa dipertanggungjawabkeun.. Karangan nu eusina ngabahas hiji carita boh piktip atawa non

Siswa ngajawab kalimah pananya anu patali jeung eusi wacana dina jero kagiatan tanya jawab jeung latihan..

Lafal atawa ucapan diadumaniskeun kana aspék nyarita jeung maca bedas, éjaan diadumaniskeun kana aspék nulis dan maca, ari adegan kecap, adegan kalimah, jeung kandaga

kamampuh santri tingkat Aliyah dina narjamahkeun kitab konéng kaasup kana. katégori sedeng kalawan rata-rata hitung (x) 85, jeung 4) kamampuh

Data anu geus ditéangan atawa dikumpulkeun kalawan susah payah bari jeung ngaluarkeun dana anu teu saeutik téh taya lian pikeun nguji hipotésis (lamun kuantitatif) atawa

Lafal atawa ucapan diadumaniskeun kana aspék nyarita jeung maca bedas, éjaan diadumaniskeun kana aspék nulis dan maca, ari adegan kecap, adegan kalimah, jeung kandaga

Dumasar kana “kegiatan inti” nu kaunggel dina pembelajaran maca jeung ngaregepkeun di luhur, bisa dicindekkeun yen metode anu digunakeun dina nepikeun bahan ajar

Nu disebut ragam basa loma téh mangrupa basa atawa kekecapan nu biasa digunakeun dina obrolan sapopoé jeung jalma anu dianggap geus akrab, contona dina kalimah di handap ieu .... Urang