• Tidak ada hasil yang ditemukan

ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK DINA KUMPULAN NASKAH DRAMA SUNDA JEBLOG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN DI SMA 1.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK DINA KUMPULAN NASKAH DRAMA SUNDA JEBLOG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN DI SMA 1."

Copied!
87
0
0

Teks penuh

(1)

LEMBAR PENGESAHAN PERNYATAAN

PANGJAJAP………. i

ABSTRAK……… iv

DAPTAR EUSI………. v

DAPTAR BAGAN……… viii

DAPTAR LAMPIRAN………... ix

DAPTAR SINGGETAN………... x

BAB I BUBUKA………. 1

1.1 Kasang Tukang……….. 1

1.2 Watesan Masalah………... 5

1.3 Rumusan Masalah………. 5

1.4 Tujuan Panalungtikan………. 6

1.5 Mangpaat Panalungtikan………. 6

1.6 Anggapan Dasar……….. 7

1.7 Raraga Téori……… 7

1.8 Métode Panalungtikan………. 8

1.9 Téhnik Panalungtikan……….. 8

1.10Sumber Data………. 8

BAB II KALIMAH KEDALING AMBEK PIKEUN BAHAN PANGAJARAN……….. 9

2.1 Kalimah ………. 9

2.1.1 Wangenan Kalimah………. 9

2.1.2 Unsur-unsur Kalimah……….. 11

2.1.2.1 Kecap……….. 11

2.1.2.2 Frasa………... 12

(2)

2.2.1 Wangenan Émosi………... 20

2.2.2.Wanda émosi……….. 21

2.2.3 Ambek……… 23

2.3 Kedaling Ambek……… 24

2.3.1 Wangenan Kedaling Ambek………... 24

2.3.2 Pilihan Kecap Kedaling Ambek………. 25

2.4 Bahan Pangajaran Guneman Kalimah Kedaling Ambek……….. 27

2.4.1 Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda………. 27

2.4.2 Bahan Ajar Basa Sunda………. 29

2.4.3 Silabus……… 30

2.4.4 Évaluasi……….. 31

2.4.5 Rarancang Pangajaran……… 31

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN……….. 32

3.1 Wangenan Oprasional……… 32

3.2 Padika Ngolah Data……… 33

3.3 Pakakas Panalungtikan……….. 34

3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data………... 35

3.5 Téhnik Ngolah Data……….. 35

BAB IV ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK DINA KUMPULAN NASKAH DRAMA SUNDA JEBLOG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN DI SMA……… 37

4.1 Data Kalimah Kedaling Ambek dina Kumpulan Naskah Drama Sunda Jeblog………. 37

4.2 Pilihan Kecap Kedaling Ambek………... 38

4.2.1 Kedaling Ambek Basa Kasar……….. 38

4.2.2 Kedaling Ambek Basa Lemes……….…. 39

(3)

4.4.1 Kalimah Sampurna……… 41

4.4.1.1 Kalimah Sampurna Susunan Baku………... 42

4.4.1.2 Kalimah Sampurna Susunan Balik……… 42

4.4.2 Kalimah teu Sampurna………... 42

4.5 Adegan Kalimah Kedaling Ambek………. 43

4.5.1 Adegan Kalimah Sampurna………..……. 43

4.5.1.1 Adegan Kalimah Kedaling Ambek Susunan Baku.. 43

4.5.1.2Adegan Kalimah Kedaling Ambek Susunan Balik....56

4.5.2Adegan Kalimah teu Sampura……… 59

4.6 Ambahan Bahan Ajar Kalimah Kedaling Ambek di SMA…….. 66

4.6.1Silabus ……….…. 68

4.6.2 Rarancang Pangajaran……….… 70

4.6.3 Évaluasi Pangajaran kedaling Ambek……….… 79

BAB V Kacindekkan jeung Saran………... 80

5.1 Kacindekan………... 80

5.2 Saran………. 81

Daptar Pustaka………. 83

Lampiran-lampiran……….. 84

(4)

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Basa mangrupa salasahiji pakakas anu dipaké ku manusa dina hirup

kumbuhna. Tanpa basa, manusa hésé ngalakukeun komunikasi. Éta sababna, basa

jadi alat anu pohara pentingna dina pakumbuhan manusa, nyaéta pikeun ngajalin

patali marga di antara anggota masarakatna. Basa bisa dipikawanoh tina kelompok

jalma, sélér bangsa, atawa bangsa anu makéna. Tina jihat étnik, aya anu disebut

basa daérah, basa nasional, jeung basa asing anu miboga fungsi jeung

kalungguhan séwang-séwangan.

Salaku basa daérah, basa Sunda lahir bareng jeung lahirna masarakat

Sunda katut budayana. Ku kituna, dina pakumbuhanana masarakat Sunda,

ngajalin patali marga ngagunakeun basa Sunda salaku pakakas komunikasina.

Basa Sunda henteu ngan dipaké keur ngajalin patali marga hungkul, tapi ogé

dipaké keur sadirieun. Keur sadirieun nyaéta waktu urang ngimpi, ngadunga,

kukulutus, ngitung, jeung nyieun catetan poéan dina agénda pribadi. Ari basa

Sunda nu dipaké pakakas komunikasi mah nyaéta basa Sunda anu dipaké pikeun

ngirim jeung narima pesan (rasa, pikiran, jeung kahayang) ti pangirim ka panampa

(pamiarsa atawa pamaca) ngaliwatan médium basa, nyaéta basa Sunda anu dipaké

waktu urang palémék atawa komunikasi; nyatana pikeun alat campur gaul jeung

papada urang Sunda atawa anu lain urang Sunda tapi bisa basa Sunda.

Dina prosés komunikasi, pangirim atawa panampa bisa ngedalkeun naon

(5)

nyarita atawa nu dicaritakeun. Kedalna rasa, pikiran, jeung kahayang dina sistem

sora waktu campur gaul disebut adegan eusi basa (deep structure). Ari sistem sora

manusa anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa disebutna adegan cangkang

(surface structur).

Hal anu dikomunikasikeun ku pangirim ka panampa kedal dina wangun

kalimah. Prawirasumantri (2000: 12), nétélakeun yén kalimah téh nyaéta

kontruksi gramatik maksimal, mangrupa bagian pangleutikna, ngandung pikiran

anu lengkep tina hiji wacana, diwatesan ku randegan panjang tur miboga lentong

pamungkas turun atawa naék, anu rélatif éta kontruksi téh bisa madeg mandiri. Ku

kituna, kalimah téh mangrupa wangun atawa kontruksi anu dipaké pikeun

ngedalkeun eusi komuniksi; rasa, pikiran, jeung kahayang. Salasahiji rasa anu bisa

kedal nyaéta ambek.

Ambek mangrupa rasa anu kedal nalika hiji jalma meunang kakeuheul

atawa teu panuju kana hiji hal. Ambek bisa kedal dina wacana lisan jeung tulisan.

Dina wacana lisan, ambek bakal kapanggih nalika hiji jalma ngalakukeun

paguneman/dialog jeung jalma séjén atawa ka dirina sorangan waktu nimu

kakeuheul atawa nimu ka teu panujuan. Ari dina wacana tulisan mah biasana

urang mindeng manggih dina wangun wacana fiksi.

Wacana fiksi dibagi jadi tilu wangun nyaéta wacana lancaran, wacana

ugeran jeung wacana drama. Ambek anu kedal dina kalimah atawa runtuyan

kalimah bisa leuwih écés katingalina dina wangun drama. Wacana drama nyaéta

wacana anu midangkeun carita atawa lalakon ku paguneman (dialog), diajangkeun

(6)

palakuna mangrupa kalimah atawa omongan langsung ti para palaku anu

diucapkeun silihtempas. Lian ti éta, tina drama, kedaling ambek bisa leuwih

babari kapanggihna sabab dina awal drama aya nu disebut candraan (déskripsi)

anu eusina nerangkeun kaayaan latar (tempat, waktu), suasana, kajadian carita,

jeung palaku. Pertélaan palaku nataan ngaran jeung katerangan ngeunaan palaku

saperti dedeg-pangadegna, watek, jeung paripolahna. Pertélaan palaku bisa ogé

diseselkeun dina paguneman atawa omongan para palaku.

Ékman (2008: 15), salah saurang psikolog nu maluruh perkara émosi

nétélakeun yén ”Tiap-tiap émosi boga sinyal-sinyal anu has, wangun anu paling

babari diidéntifikasi tina émosi nyaéta tina pameunteu jeung sora.” Ambek anu

mangrupa salasahiji bagian tina émosi sacara langsung bisa diidentifikasi tina dua

hal anu ditétélakeun tadi nyaéta tina pameunteu jeung sora. Panalungtikan anu

didasarkeun kana kamampuh nyarita dina ngaragakeun (bermain peran) tangtuna

patali jeung éksprési pameunteu sarta sora, tapi nilik kana kamampuh nyarita

panalungtik leuwih museurkeun panalungtikan kana kalimah atawa runtuyan

kalimah anu kedal dina wangun omongan.

Kumpulan naskah drama Sunda Jeblog mangrupa bahan panalungtikan

anu dipilih ku panalungtik sabab ditilik tina eusina, dina ieu kumpulan naskah

drama loba omongan para tokohna anu mangrupa kedaling ambek, boh ka dirina

sorangan boh ka nu diajak nyarita. Ku kituna, tangtu waé dina ieu kumpulan

naskah drama réa kalimah-kalimah anu bisa ditalungtik tina segi kabasaanna.

Contona tina segi wujudiah, pilihan kecap, papasingan, jeung adegan kalimah

(7)

drama nu nyaritakeun héséna kahirupan, dirasa cocog dijadikeun bahan ajar

pikeun siswa SMA sabab ditataran SMA, siswa geus mimiti nyaho, maham jeung

nataharkeun diri pikeun nyanghareupan kahirupan anu leuwih nyata atawa real.

Dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) mata pelajaran basa

jeung sastra Sunda, matéri drama kaasup kana bahan ajar kasusastraan, najan kitu

angger baé éta hal moal leupas tina masalah kabasaan sabab saperti anu

ditétélakeun di luhur basa téh mangrupa alat komunikasi anu bisa dipaké dina

rupa-rupa média boh lisan boh tulisan. Lian ti bisa dipedar tina segi kasusastraan,

urang ogé bisa manggihan ragam kabasaan dina bahan ajar drama. Di antarana

waé, anu geus dituliskeun di luhur nyaéta urang bisa mikanyaho wujudiah, pilihan

kecap, papasingan kalimah, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa Sunda

anu aya dina drama. Ditilik tina éta hal, urang bisa nyindekkeun yén matéri

kasusastraan moal leupas tina matéri kabasaan.

Panalungtikan ngeunaan adegan kalimah geus réa pisan dilakukeun di

antarana waé “Adegan Kalimah Ngantet dina Karangan Siswa SLTP 2 Méi

Banjaran” (Rina Hasanah, 2001), “Adegan Kalimah Pananya dina Novel Lain Éta

Moh. Ambri” (Téjaningrum, 2002), “Adegan Kalimah Pasif dina Kumpulan

Carita Pondok Halimun Peuting Karangan Iskandarwassid” (Ihat Solihat, 2004)

jeung “Adegan Kalimah Panggero dina Kumpulan Carpon Jurig Paséa jeung Nyi

Karsih karangan Tini Kartini” (Tidah Fitriah, 2002). Panalungtikan-panalungtikan

di luhur umumna maluruh kalimah tina struktur jeung fungsi sacara umum, hiji

ogé can aya anu nalungtik kalimah anu dipatalikeun kana kedaling ambek komo

(8)

bahan ajar. Ku kituna, ieu panalungtikan téh dibéré judul ”Adegan Kalimah

Kedaling Ambek dina Kumpulan Naskah Drama Sunda Jeblog pikeun Bahan

Pangajaran Guneman Di SMA”

1.2Watesan Masalah

Sangkan ambahan dina ieu panalungtikan teu lega teuing, mangka

panalungtik ngawatesan panalungtikan adegan kalimah kedaling ambek dina

kumpulan naskah drama Sunda Jeblog pikeun bahan pangajaran guneman di SMA

ditilik tina pilihan kecap, wujudiah, papasingan, adegan jeung bahan ajar kalimah

kedaling ambek basa Sunda.

1.3Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan medar perkara adegan kalimah kedaling ambek dina

kumpulan naskah drama Sunda Jeblog, ari masalah panalungtikanna dirumuskeun

dina wangun pertanyaan ieu di handap.

a. Kedaling ambek basa Sunda naon waé anu kapanggih dina éta kumpulan

naskah drama?

b. Kumaha pilihan kecap kedaling ambek dina éta kumpulan naskah drama?

c. Kumaha wujud kedaling ambek dina éta kumpulan naskah drama?

d. Kumaha papasingan kalimahna ditilik tina lengkep-henteuna klausa

pangwanguna?

e. Kumaha adegan kalimah kedaling ambek ditilik tina lengkep-henteuna klausa

(9)

f. Kumaha bahan pangajaran guneman kedaling ambek dina éta kumpulan

naskah drama?

1.4Tujuan Panalungtikan

Tujuan ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun adegan

kalimah kedaling ambek anu kapanggih dina kumpulan naskah drama Sunda

Jeblog pikeun bahan pangajaran basa Sunda di SMA. Ari deskripsina ngawengku:

a. kedaling ambek basa Sunda nu kapanggih dina éta kumpulan naskah drama;

b. pilihan kecap kedaling ambek dina éta kumpulan naskah drama;

c. wujud kedaling ambek dina éta kumpulan naskah drama;

d. papasingan kalimahna ditilik tina lengkep- henteuna klausa pangwanguna;

e. adegan kalimah kedaling ambek ditilik tina lengkep-henteuna klausa

pangwanguna;

f. bahan pangajaran guneman kedaling ambek dina éta kumpulan naskah

drama.

1.5Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré manfaat boh sacara téoritis boh

sacara praktis. Ari mangpaatna nyaéta:

a. pikeun ngeuyeuban paélmuan tata basa tur kamekaran élmu pangaweruh dina

widang tata basa Sunda, utamana dina tataran sintaksis nyaéta pikeun

ngeuyeuban pangawéruh ngeunaan kalimah;

(10)

c. pikeun siswa, bisa ngajembaran pangaweruh ngeunaan élmu kabahasaan jeung

sastra Sunda, ogé pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina kaparigelan

maké basa, hususna dina aspék nyarita;

d. pikeun nu maca, bisa ngeuyeuban pangaweruh kabasaanna leuwih jembar

deui, utamana dina masalah kabasaan jeung pangajaran.

1.6Anggapan Dasar

Ieu panalungtikan dumasar kana anggapan dasar ieu di handap.

a. Kedaling ambek mangrupa salasahiji ébréhan tina rasa, pikiran, jeung

kahayang anu kedal dina wangun kalimah, anu bisa dianalisis tina pilihan

kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa

Sunda;

b. Kedaling ambek bisa kapanggih dina rupa-rupa wacana, boh lisan boh tulisan;

c. Dina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog, aya kalimah kedaling ambek anu

bisa dijadikeun bahan ajar di SMA.

1.7 Raraga Téori

Téori anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta téori-téori ngeunaan

kalimah (sintaksis) jeung bahan pangajaran. Buku-buku anu dipaké di antarana

waé buku Tata Basa Sunda Kiwari (Sudaryat, Spk, 2007), Standar Kompetensi

dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaraaan Bahasa dan Sastra Sunda (Dinas

Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2006), Linguistik Umum (Chaér, 2003), jeung

(11)

1.8 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan anu digunakeun nyaéta metode déskriptif. Métode

déskriptif mangrupa métode pikeun ngungkulan pasualan aktual ku cara

ngumpulkeun, nganalisis jeung napsirkeun data.

1.9 Téhnik Panalungtikan

Téhnik studi dokuméntasi (ulikan pustaka) jeung obsérvasi mangrupa

téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu dibutuhkeun dina ieu

panalungtikan. Téhnik studi dokumentasi nyaéta téhnik anu digunakeun pikeun

meunangkeun data atawa informasi anu aya patalina jeung masalah anu

ditalungtik. Ieu téhnik, dirojong ku téhnik observasi pikeun ngumpulkeun data

langsung tina objék anu ditalungtik.

1.10 Sumber Data

Anu jadi populasi dina ieu panalungtikan nyaéta kalimah kedaling ambek

basa Sunda, anu sumberna tina wacana tulisan nyaéta tina kumpulan naskah

drama Sunda Jeblog. Ku sabab ieu panalungtikan ngagunakeun sempel total,

mangka anu jadi sampel sarua jeung populasi nyaéta sakabéh kalimah kedaling

(12)

BAB II

ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN

Ieu bab medar perkara (1) adegan kalimah, (2) émosi, (3) kedaling

ambek, jeung (4) bahan pangajaran guneman kalimah kedaling ambek. Adegan

kalimah (2.1) ngawengku (1) wangenan kalimah, (2) unsur-unsur kalimah, (3)

papasingan kalimah, jeung (4) kalimah sampurna jeung teu sampurna. Émosi (2.2)

ngawengku (1) wangenan émosi, (2) wanda émosi, (3) ambek. Kedaling ambek

(2.3) ngawengku (1) wangenan kedaling ambek jeung (2) pilihan kecap kedaling

ambek. Bahan pangajaran guneman kalimah kedaling ambek (2.4) ngawengku (1)

pangajaran basa Sunda, (2) bahan ajar basa Sunda, (3) silabus, (4) évaluasi, jeung

(5) rarancang pangajaran.

2.1 Kalimah

2.1.1 Wangenan Kalimah

Umumna anu disebut kalimah téh nyaéta wangun-wangun basa anu

miboga ciri-ciri ieu di handap.

a. Mangrupa kontruksi gramatik, nyaéta wangun basa anu ngandung harti atawa

maksud.

b. Mangrupa wangun basa anu maksimum, nyaéta wangunan basa pikeun

ngébréhkeun harti anu dipimaksud ku éta wangun, henteu perlu ditambahan

(13)

c. Boga lentong pamungkas turun atawa naék, anu nétélakeun yén éta kontruksi

gramatik téh enggeus réngsé.

d. Relatif bisa madeg mandiri, bisa diisolasikeun atawa dipisahkeun kalawan

hartina henteu leungit atawa henteu robah.

e. Mangrupa bagian pangleutikna tina hiji omongan atawa wacana, anu

diwatesan ku randegan panjang, anu ngandung pikiran anu gembleng atawa

lengkep nurutkeun katatabasaan.

Tina sababaraha ciri-ciri kalimah anu ditétélakeun di luhur,

ngamunculkeun sababaraha pamadegan ti para ahli basa. Ramlan (1987: 27)

nétélakeun yén kalimah téh nyaéta wangun gramatik anu diwatesanan ku

randegan panjang dibarung ku lentong pamungkas turun atawa naék. Sudaryat

(1997: 85), nétélakeun yén kalimah téh nyaéta wangun katatabasaan miwujud

kecap atawa runtuyan kecap anu puguh adeganana pikeun ngébréhkeun pikiran

kalawan gembleng, diwatesanan ku randegan panjang nu dibarung ku wirahma

ahir turun atawa naék. Sedengkeun Alwi (1998: 311) nétélakeun yén kalimah téh

mangrupa beungkeutan basa pangleutikna dina wujud lisan atawa tulisan anu

ngébréhkeun pikiran kalayan gembleng.

Tina sababaraha wangenan di luhur bisa dicindekkeun yén anu disebut

kalimah téh nyaéta kontruksi gramatik maksimal, anu mangrupa bagian

pangleutikna, ngandung pikiran anu lengkep tina hiji wacana, diwatesan ku

randegan panjang tur boga lentong pamungkas turun atawa naék, anu relatif bisa

(14)

2.1.2 Unsur-unsur Kalimah

2.1.2.1 Kecap

Kecap mangrupa bagian kalimah pangleutikna anu sipatna bébas sarta

ngandung harti anu tangtu. Dumasar kana éta wangenan bisa disebutkeun tilu ciri

kecap dina basa Sunda.

a. Kecap mangrupa bagian kalimah anu pangleutikna.

b. Kecap mibanda sipat bébas dina leunjeuran kalimah, nyaéta bisa madeg

mandiri dina kalimah, bisa dipisahkeun cicingna, jeung bisa dipatukeurkeun.

c. Kecap miboga harti anu tangtu, boh harti léksikal boh gramatikal. Contona baé,

unsur manéh, wani, ka, jeung kuring dina kalimah:

(01) Manéh wani ka kuring?

Masing-masing bisa disebut kecap lantaran mangrupa bagian pangleutikna dina

éta kalimah.

Minangka bagian kalimah pangleutikna nu sifatna bébas, kecap bisa

madeg mandiri lantaran bisa dikedalkeun sorangan tanpa dibarengan unsur lain.

Kecap ogé bisa dipisahkeun cicingna atawa bisa disela ku unsur lain. Upama baé,

antara kecap Pa Uju jeung nyarékan bisa disela ku kecap enggeus saperti ébréh

dina kalimah-kalimah di handap.

(02) Pa Uju (geus) nyarékan udin kamari di imahna.

Jaba ti éta kecap ogé bisa dipatukeurkeun tempatna dina leunjeuran

kalimah. Contona, kecap kamari dina kalimah di handap.

(03) a. Pa Uju nyarékan Udin kamari di imahna.

(15)

c. Kamari Pa Uju nyarékan Udin di imahna.

Tina conto (03) kalimah a-c geus jelas yén kecap téh cicingna bisa

dipatukeurkeun, tangtu baé dumasar kana kaédah nu tangtu. Upamana baé, antara

caritaan nyarékan jeung udagan Udin teu bisa diseselan ku kecap lain. Ku kituna,

kalimah (02) cicingna bisa dipatukeurkeun, henteu saperti kalimah (04) ieu di

handap anu teu bisa ditarima nurutkeun kaédah tata basa (ungrammatical).

(04) Pa Uju nyarékan kamari Udin di imahna.

Kecap-kecap anu aya dina leunjeuran kalimah miboga harti nu tangtu,

boh harti léksikal boh harti gramatikal. Harti léksikal nyaéta harti nu langsung

nuduhkeun konsép nu tangtu tina hiji obyék, ilaharna sok didaptar dina kamus.

Ari harti gramatikal nyaéta harti anu muncul balukar tepungna unsur-unsur

katatabasaan. Kecap Pa Uju, nyarékan, Udin, kamari, jeung imah masing-masing

boga harti léksikal. Sabalikna, kecap di teu boga harti léksikal, tapi harti

gramatikal, sabada tepung jeung kecap imahna.

2.1.2.2 Frasa

Frasa mangrupa wangun katatabasaan anu jadi pangdeudeul kalimah,

henteu prédikatif, diwangun ku sakurang-kurangna dua kecap, turta nyicingan

salasahiji fungsi, boh jejer, caritaan, udagan, panglengkep, atawa katerangan dina

klausa (Sudaryat, 1991: 74).

(5) Duit kuring geus béak deui waé.

Dina kalimah di luhur, duit kuring jeung geus béak deui disebutna frasa,

(16)

kalimah, nyaéta frasa duit kuring nyicingan fungsi jejer, sedengkeun geus béak

deui waé nyicingan fungsi caritaan.

2.1.2.3 Klausa

Klausa nyaéta wangun katatabasaan nu sifatna predikatif, hartina

diwangun ku jejer jeung caritaan boh binarung objek, panglengkep, katerangan,

boh henteu. (Sudaryat, 1991: 77)

Kalimah jeung klausa raket pisan patalina, sabab klausa téh mangrupa

bagean tina kalimah. Ieu bisa katitén tina ciri-ciri klausa sakumaha anu

ditétélakeun ku Prawirasumantri (2000: 98), nu ngawengku:

1) mangrupa wangun gramatik nu ngeusian leunjeuran kalimah, klausa

salawasna aya dina kalimah;

2) sifat predikatif, hartina miboga jejer jeung caritaan;

3) bisa ditambahan ku unsur udagan, panglengkep, katerangan; jeung

4) unsur inti anu mangrupa jejer bisa dileungitkeun tina wangun kalawan

henteu ngarobah harti klausa.

Dumasar tipe atawa kalungguhan dina kalimah, klausa bisa

dipasing-pasing jadi dua, nyaéta klausa bébas jeung klausa kauger (Sudaryat, 1991: 83).

Klausa bébas mangrupa klausa anu bisa mandeg mandiri jadi kalimah sampurna.

Sedengkeun klausa kauger mangrupa klausa nu téu bisa mandeg mandiri.

Contona:

(17)

Kalimah di luhur diwangun ku dua klausa, klausa kahiji basa kuring keur

di pasar jeung klausa kadua manéhna ceurik ngabangingik. Klausa kahiji

mangrupa klausa kauger sabab teu madeg mandiri dina kalimah. Ari klausa nu

kadua mah mangrupa klausa teu kauger.

2.1.3 Unsur Fungsional Klausa (Kalimah)

Nu dimaksud unsur fungsional klausa téh nyaéta unsur-unsur nu

nyicingan atawa manéén fungsi-fungsi gramatik dina klausa (Prawirasumantri,

2000: 99). Éta unsur téh ngawengku jejer, caritaan, panglengkep, jeung

katerangan. Sangkan leuwih jéntré, iéu di handap ditataan hiji-hiji.

1) Jejer

Jejer nyaéta unsur klausa nu nuduhkeun naon-naon nu dicaritakeun, poko

nu dicaritakeun, umumna mangrupa kecap atawa frasa barang (Sudaryat, 1991:

78). Jejer umumna ngandung klitik -na kecap panangtu éta, sarta kecap

panganteb téa, mah, téh jeung ogé. Tempat jejer umumna dina awal klausa atawa

hareupeun caritaan. Contona:

(07) Manéh téh tong kalah ulin waé!

(08) Urang mah teu sudi nyarita jeung manéhna.

(09) Budakna ogé aya kana salapan.

2) Caritaan

Caritaan nyaéta unsur klausa nu nuduhkeun naon-naon nu dicaritakeun

ngeunaan jejer (Sudaryat, 1991: 78). Caritaan biasana mangrupa kecap atawa

(18)

bilangan, barang, atawa anu dianggap barang, jeung frasa pangantét

(Prawirasumantri, 2000: 99). Contona:

(10) Azis bawa buku téh.

(11) Bapana téh guru sejarah.

3) Udagan

Udagan mangrupa unsur klausa nu langsung nuturkeun caritaan nu

mangrupa kecap atawa frasa pagawéan transitif (Sudaryat, 1991: 78). Dina klausa

atawa kalimah pasif, udagan bisa jadi jejer. Contona:

(12) a. Féisal kerjakeun tugasna. → Tugasna dikerjakeun ku Féisal.

J C U J C U

Kalimah (12) a mangrupa kalimah aktif, sedengkeun kalimah (12) b mangrupa

kalimah pasif.

4) Panglengkep

Sudaryat (1991: 78-79), nétélakeun yén panglengkep nyaéta unsur

klausa, ngalengkepan caritaan nu mangrupa kecap pagawéan semitransitif jeung

dwitransitif. Panglengkep miboga sawatara ciri.

a. Bisa kagolong kana kecap atawa frasa barang, pagawéan, sifat, bilangan

jeung frasa pangantét.

b. Aya tukangeun kecap pagawéan semitransitif nyaéta kecap pagawéan anu

téu bisa dipisahkeun, ku kituna panglengkep téu bisa robah jadi jejer.

Contona:

(13) Manéh boga kongkorong ti mana?

(19)

c. Aya tukangeun kecap pagawéan dwitransitif kalawan langsung, sok sanajan

klausana dirobah jadi pasif. Contona:

(14) a. Éma teu mangmeulikeun sapatu keur ujang. (aktif)

b. Ujang teu dipangmeulikeun sapatu ku Éma. (pasif)

5) Katerangan

Katerangan nyaéta unsur klausa nu ngajéntrékeun caritaan, nu méré

informasi tambahan ngeunaan naon-naon nu dituduhkeun ku caritaan saperti

ngeunaan waktuna, tempatna, carana, jeung sapapadana (Prawirasumantri, 2000:

101). Contona:

(15) Manéh kudu datang isuk ka imah urang.

2.1.4 Papasingan Kalimah

Kalimah bisa dipasing-pasing dumasar sababaraha kritéria. Sudaryat

(1991: 96-99), nétélakeun yén kalimah bisa dipasing-pasing dumasar kana hal-hal

ieu di handap.

1) Aya euweuhna klausa pangwangunna

Dumasar kana aya eweuhna klausa pangwangunna, kalimah dibagi jadi dua

rupa, nyaéta kalimah klausa jeung kalimah tan klausa.

2) Jumlah klausa pangwanguna

Dumasar ana lengkep henteuna unsur dasar. Kalimah dasar nyaéta kalimah

anu diwangun ku unsur jejer jeung caritan. Kalimah dasar mangrupa dasar

(20)

3) Lengkep henteu unsur dasar

Dumasar kana jumlah klausa pangwangunna, kalimah dibagi jadi kalimah

salancar (tunggal) jeung kalimah ngantét. Kalimah salancar tunggal dibagi

jadi kalimah salancar basajan jeung kalimah salancar jembar. Kalimah

ngantét dibagi jadi kalimah ngantét satata (sadarajat) jeung kalimah ngantét

sélér-sumélér.

4) Lengkep henteuna klausa

Dumasar kana lengkep henteuna klausa, kalimah dibagi jadi dua rupa nyaéta

kalimah sampurna jeung kalimah teu sampurna. Pedaran kalimah dumasar

kana lengkep henteuna klausa dipidangkeun sacara husus ieu di handap.

2.1.5 Kalimah Sampurna jeung teu Sampurna

2.1.5.1 kalimah Sampurna

Kalimah sampurna nyaéta kalimah anu sakurang-kurangna diwangun

kuhiji jejer jeung hiji caritaan. Hartina meunang maké objék, panglengkep, atawa

dibarung ku katerangan. Conto:

(16) Aing mah teu hayang dahar.

(17) Imah téh pabalatak pisan.

Conto kalimah di luhur mibanda hiji jejer jeung jeung hiji caritaan. Ku kituna, éta

kalimah bisa disebut kalimah sampurna.

Kalimah sampurna aya dua rupa. Ieu di handap ditétélakeun hiji-hiji.

1) Kalimah sampurna susunan baku (normal) nyaéta kalimah sampurna anu

(21)

(18) Imas cokot baju dina lomari!

(19) Réza tong liwar!

2) Kalimah sampurna susunnan balik (invénsi) nyaéta kalimah sampurna anu

jejerna tukangeun caritaan (C-J). Contona:

(20) Datang geuning sia téh.

(21) Bawa budak téh!

2.1.5.2 Kalimah teu Sampurna

Kalimah teu sampurna atawa disebut ogé kalimah minor nyaéta kalimah

anu diwangun ku kecap, frasa, atawa klausa kauger. Saenyana mah, teu mibanda

sarat pikeun disebut kalimah téh. Bisa sotéh disebut kalimah, lantaran ata

bagian-bagian anu dianggap dileungitkeun. Éta hal raket patalina jeung kalimah

saméméhna. Nu matak, kalimah teu sampurna sok disebut ogé kalimah penggelan.

Sanajan kalimahna teu lengkep, tapi nu diajak nyarita ngarti kana maksud anu

diucapkeun ku nu nyarita, lantaran duanana aya dina situasi basa anu sarua. Conto

kalimah teu sampurna:

(22) Teu sudi.

(23) Moal datang.

(24) Naon?

Kalimah teu sampurna bisa dibagi jadi sababaraha rupa, di antarana waé

dumasar kana ieu hal di handap.

1) Tanggapan kana kalimah saméméhna

(22)

(25) Geuleuh atuh da.

Bisa jadi mangrupa jawaban tina pananya: “Ku naon ari manéh bét

pundung?”

(26) ulin.

Bisa jadi mangrupa jawaban tina pananya: “Geus ti mana Asih?”

2) Tambahan atawa susulan tina kalimah saméméhna

Contona:

(27) Geus dua bulan.

Bisa jadi mangrupa susulan tina kalimah: “Geus lila manéhna teu datang ka

dieu.”

(28) Icih.

Bisa jadi mangrupa susulan tina kalimah: “Kabéh gé nyarahoeun kana ngaran

manéhna mah.”

3) Kecap panyéluk atawa bituna rasa

(29) anjiiir!

Mangrupa kecap bituna rasa.

(30) Sarbéd!

Maksudna ngageroan jalma (Ubéd).

4) Kapanggih dina judul buku, salam, semboyan

Contona:

(31) Wilujeng énjing (salam)

(32) Ciamis manis (semboyan)

(23)

2.2 Émosi

2.2.1 Wangenan Émosi

Dina kahirupan sapopoé urang mindeng pisan ngadéngé kecap émosi. Ieu

kecap, mindeng pisan dipaké pikeun nuduhkeun rasa ambek. Conto dina kalimah:

(34) “Ni, tong waka émosi atuh!” ceuk Roni ka Rani waktu manéhna diheureuyan.

Dina éta kalimah, katingali pisan yén anu dimaksud emosi téh nyaéta ambek.

Padahal, sabenerna mah anu dimaksud émosi téh lain ngan saukur nuduhkeun

ambek hungkul tapi réa pisan rupa-rupa hal anu bisa dituduhkeun ku ieu kecap, di

antarana waé kabungah, kasedih, kasieun, kareuwas, kageuleuh, jeung sajabana.

Kecap émosi mangrupa kecap serepan tina basa Inggris nyaéta emotion;

kecap turunan tina basa Prancis émouvoir nu hartina kabungahan. Dina kamus,

kecap emotion dipaké pikeun ngagambarkeun rasa anu kuat kana hiji hal, boh rasa

bungah atawa rasa anu nyababkeun nyeri haté. Sangkan leuwih jelas, naon anu

dimaksud émosi, ieu di handap aya sababaraha wangenan émosi.

1. William James (psikolog jeung filsuf Amerika), nétélakeun yén émosi téh

nyaéta kaayaan jiwa anu ditembongkeun dina diri, ditandaan ku ayana

parobahan awak.

2. Daniel Goleman dina bukuna Emotional Intelligence, nétélakeun yén émosi

leuwih museur kana rasa jeung pikiran-pikiran anu has, kana kaayaan biologis

jeung psikologis, sarta kana runtuyan paripolah.

3. Prezz (1999), saurang EQ Organizational Consultant jeung dosén senior di

(24)

mangrupa réaksi awak dina nyanghareupan hiji kaayaan. Sipat jeung

intensitas émosi raket patalina jeung daya piikir (kognitif) manusa kana

kaayan anu disanghareupanna.

4. Darwin ngahartikeun émosi salaku cara anu dilakukeun ku hiji individu

pikeun adaptasi jeung meratahkeun hirup.

5. Oxford Advanced Learners’ Dictionary (1995), nétélakeun yén émosi salaku

rasa anu kuat jeung loba ragamna (kanyaah, kabungah, kuciwa, ngéwa,

kageuleuh, kakeuheul, jeung sajabana).

6. The Oxford Dictionary of Current English (1986), nétélakeun yén émosi téh

mangrupa rasa anu kuat, asalna tina jiwa, utamana tina aspék mental atawa

naluri, saperti rasa nyaah atawa sieun.

Ku kituna, nu dimaksud émosi téh nyaéta salasahiji ciri jiwa manusa anu

nembongkeun rasa-rasa anu kuat, nu asalna tina kaayaan psikologi (mental)

lumaku sacara naluriah gumantung kana situasi atawa kaayaan nu keur

lumangsung.

2.2.2 Wanda Émosi

Émosi dina enas-enasna mangrupa gambaran rasa manusa waktu

nyanghareupan ragam situasi atawa kaayaan. Dina nyanghareupan situasi anu

ragem, tangtuna émosi anu muncul ogé rupa-rupa. Dumasar kana kelompokna,

Jean Piget dina bukuna Teori Perkembangan Kognisi ngabagi émosi jadi dua

(25)

a. Émosi Sensoris, nyaéta émosi anu disababkeun ku ayana rangsangan ti luar

kana awak, contona rasa tiris, amis, nalangsa, capé, wareg, jeung lapar.

b. Émosi Psikis, nyaéta émosi anu miboga alesan-alesan kajiwaan. Anu kaasup

kana ieu jenis émosi di antarana ditétélakeun di handap.

1) Parasaan intelektual, nyaéta parasaan anu patali jeung rohang

lingkup bebeneran. Parasaan ieu diwujudkeun dina wangun

kayakinan, kagumbiraan, kapuasan kana pasualan-pasualan ilmiah.

2) Parasaan sosial, nyaéta parasaan anu patali jeung hubungan hiji

jalma jeung jalma séjén, boh nu sipatna individual atawa

kelompok. Wujud ieu parasaan di antarana tali mimitran, kanyaah,

ambek, jeung sajabana.

3) Parasaan susila, nyaéta parasaan anu patali jeung niléy-niléy étika

(hadé jeung goréng). Contona: rasa tanggung jawab, ngarasa salah

lamun ngarempak norma, jeung rasa tingtrim waktu ngajalankeun

norma.

4) Parasaan kaéndahan (estetis), nyaéta parasaan anu rakét patalina

jeung kaéndahan tina hiji hal, boh anu sipatna barang atawa

karohanian.

5) Parasaan Ketuhanan, mangrupa kaleuwihan manusa salaku

mahluk Alloh, anu dibéré fitrah (kamampuh atawa rasa), pikeun

mikawanoh; saha anu nyipatakeunna. Ku kituna, manusa téh

mangrupa mahluk ciptaan Alloh anu dibéré insting religius (naluri

(26)

“Homo Divinans“ jeung “Homo Religius“ atawa makluk anu

berke-Tuhan-an atawa makluk nu boga agama.

Éta émosi-émosi téh biasana diébréhkeun ngaliwatan rupa-rupa éksprési,

nyaéta bisa dina wangun verbal jeung non-verbal. Sacara vérbal contona saperti

nulis atawa nyaritakeun émosi anu keur dialaman. Ari sacara non-verbal mah

contona saperti parobahan éksprési pameunteu, nada sora jeung runtuyan

omongan, gerak jeung isarah, parobahan fisiologis, jeung paripolah émosional.

2.2.3 Ambek

Ambek, mangrupa hal anu alami jeung wajar aya di diri unggal jalma.

Ambek mangrupa réspon anu muncul nalika hiji jalma meunang ancaman,

kajadian nu bakal picilakaeun, omongan anu pikanyerieun haté, kateuadilan,

kabohongan, jeung sajabana. Bisa disebut, ambek téh muncul ku sabab ayana

watesan-watesan émosi dina diri urang geus karempak.

Ambek kaasup kana paripolah réaktif nyaéta paripolah anu muncul nalika

hiji jalma narima stimulus (rangsangan; bisa mangrupa kajadian, omongan, atawa

hal naon waé) anu pikanyerieun atawa ngaganggu parasaan. Kadang, respon anu

ditimbulkeunna mangrupa respon négatif, contona nyarékan batur tanpa aya

rasrasan. Tapi sabenerna mah, ambek mangrupa hal anu teu salawasna mawa

(27)

Ékman (2007: 203), nétélakeun yén aya pangaruh positif anu dihasilkeun

tina rasa ambék di antarana nyaéta ambek bisa ngurangan kahariwang dinyenyeri

atawa rasa sieun kana hiji hal, ambek ogé bisa nagahasikeun énérgi dina ngahontal

tujuan; ngaronjatna rasa ambek bisa nyieun hiji jalma leuwih boga tanaga,

pikiranna leuwih museur, sarta bisa boga sumanget pikeun ngahontal tujuan.

Tapi, énérgi positif nu dihasilkeun éta kalindih ku kurangna kontrol hiji jalma

dina nataharkeun émosina. Ku kituna, ambek anu dikaluarkeun lolobana

nimbulkeun sipat ngaruksak (destruktif).

2.3 Kedaling Ambek

2.3.1 Wangenan Kedaling Ambek

Kedaling ambek nyaéta éksprési verbal dina wangun omongan atawa

caritaan anu kedal dina wangun lisan, timbul lantaran rasa keuheul, teu panuju, teu

dihargaan, jeung sajabana. Conto:

(35) “Ari nu kasép ti mana waé? Kuring ampir bulukan nungguan di dieu.” Ceuk

Encin ka Udan anu geus nungguan ti tadi.

(36) “Naha kagiatan téh kudu diayakeun ti peuting? Kapan beurang ogé bisa, ari

urang mah karunya wéh ka barudak.” Ceuk salasahiji pangurus masjid.

Saperti anu geus ditétélakeun di luhur, kedaling ambek téh mangrupa

ékspresi tina wangun vérbal anu di kedalkeun ngaliwatan omongan atawa caritaan,

kedaling ambek téh bisa kapanggih ku urang tina sababaraha hal, diantarana waé

(28)

dikedalkeun leuwih tarik, panjang-pondokna sora nu di ucapkeun, luhur-handapna

sora omongan jeung tina eureunna sora dina basa. Contona:

log!

(37) Gob

(38) Dasar// budak teu boga kaéra.

2.3.2 Pilihan Kecap Kedaling Ambek dina Kalimah

Dina basa Sunda aya anu disebut undak usuk basa atawa tatakrama basa

anu mangrupa sopan santun makéna basa waktu komunikasi. Ieu sopan santun téh

geus disaluyukeun jeung diajén jadi hiji kahadéan ku warga masarakat pikeun

silih hormat jeung silih ajénan. Palebah dieu, undak usuk basa atawa tatakrama

basa téh jadi hiji sistem ngagunakeun ragam basa (hormat-teu hormat) anu raket

patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, kaakraban, jeung kontak antara

panyatur jeung pamiarsa katut jalma anu dicaritakeun. Wangun undak-usuk basa

Sunda téh dibagi jadi tilu rupa. Ieu di handap ditétélakeun hiji-hiji.

a. Basa lemes

Basa lemes nyaéta ragam basa anu umumna dipaké nyarita ka saluhureun

(29)

wujudna dina wangun lisan, pasémon, rengkuh jeung peta sarta lentong.

Nilik ka nu makéna, basa lemes dibagi jadi dua rupa:

1) basa lemes keur ka sorangan nyaéta ragam basa anu

digunakeun husus keur diri sorangan atawa sasama waktu

nyarita ka saluhureun atawa can wawuh. Contona:

(39) Abdi mah bade wangsul wéh, daripada kieu mah.

(40) Pun adi mah udur tilu dinten, da teu aya atuh nu

sumping

2) basa lemes keur ka batur nyaéta ragam basa anu digunakeun

husus keur diri batur saluhureun atawa can wawuh. Contona:

(41) Iraha atuh sumpingna Pa Kadés téh, barudak tos

ngantosan lami.

(42) Di sayogikeun baé atuh sagala gé kanggo Néng Asmi

mah.

b. Basa Loma/wajar

Basa wajar nyaéta ragam basa anu dipaké dina situasi biasa, digunakeun

ka babaturan anu geus loma. Conto:

(43) Kuring mah rék balik wéh.

c. Basa kasar

Basa kasar nyaéta ragam basa anu dipaké dina situasi ambek, atawa

dilarapkeun ka sato. Conto:

(30)

Tina tilu wangun undak usuk basa Sunda, kedaling ambek mah ilaharna

muncul dina kecap-kecap anu nuduhkeun rasa teu hormat atawa basa kasar.

Contona:

(45) “Sia nuduh ka aing?” Ceuk darman ka Kang Adi.

Padahal, dina kanyataanna mah henteu salawasna kitu. Kecap-kecap anu

dipaké pikeun ngedalkeun rasa ambek téh aya ogé anu teu maké basa kasar.

Kadang aya kedaling ambek anu dibalibirkeun atawa disumput salindungkeun.

Contona:

(46) Kamana waé atuh Neng, sumping téh meni énjing keneh, dugi ka kuring

ngerjakan tugas nyalira.

Ditingali tina kekecapanna mah, ieu kalimah téh mangrupa kalimah anu

ngagunakeun basa lemes, padahal kalimah bieu diwangun ku kekecapan anu

nuduhkeun yén anu nyarita keur ambek sabab babaturanna datang kabeurangan.

Paripolah ngomong kawas kitu téh, patali jeung kabiasaan urang Sunda anu tara

céplak pahang mun nyarita, malah sok dibalibirkeun, kadang maké kekecapan anu

nyungkun, ngomong dua, atawa ngomong seukeut.

2.4 Bahan Pangajaran Guneman Kalimah Kedaling Ambek

2.4.1 Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda

Basa Sunda mangrupa basa indung pikeun urang Sunda, boh anu

mangkuk di Jawa Barat boh di saluareunna. Jumlah panyaturna ogé kaitung réa,

(31)

Di Povinsi Jawa Barat, mata pelajaran basa jeung sastra Sunda téh

kaasup kana mata pelajaran muatan lokal. Ieu mata pelajaran penting pisan

pikeun ngamekarkeun kompetensi daérah anu diluyukeun jeung ciri has sarta

poténsi daérahna, kaasup kapunjulan daérah anu matérina teu kaasup kana mata

pelajaran anu geus aya. Kalungguhan mata pelajaran basa jeung sastra Sunda

dina prosés pendidikan sarua jeung kelompok mata pelajaran inti jeung

mekarkeun diri. Ku kituna, mata pelajaran basa jeung sastra Sunda ogé

diujikeun di sakola-sakola.

Fungsi pangajaran basa Sunda sorangan, di antarana jadi sarana

pikeun ngabina makéna basa Sunda, ngadadasaran jeung ngadeudeul pangajaran

basa Indonésia, nyebarkeun basa Sunda, jeung ngabina sarta ngabakukeun

ragam basa Sunda. Ari tujuanna, nyaéta pikeun ngajénan jeung nimbulkeun rasa

kareueus kana basa jeung sastra Sunda, paham kana basa jeung sastra Sunda

(wangun, harti, jeung fungsi), sarta mampuh maké basa jeung sastra Sunda

kalawan bener tur merenah.

Pangajaran basa jeung sastra Sunda sorangan asalna tina sawangan

yén basa Sunda mangrupa alat komunikasi pikeun masarakat pamakéna.

Komunikasi basa diwujudkeun ngaliwatan kagiatan maké basa lisan

(ngaregepkeun, nyarita) jeung kagiatan maké basa tulisan (maca, nulis). Ku

sabab kitu, pangajaran basa Sunda diarahkeun pikeun ngaronjatkeun kaparigelan

maké basa jeung sastra Sunda, kamampuh mikir jeung maké nalar, kamampuh

ngajembaran pangaweruh budaya Sunda, ngasah rasa, jeung parigel dina

(32)

2.4.2 Bahan Ajar Basa Sunda

Bahan ajar dina kagiatan pangajaran penting pisan. Bahan ajar

mangrupa salasahiji jalan pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Sudjana (1982:

36) nétélakeun yén bahan ajar téh nyaéta sajumlahing matéri anu baris

ditepikeun ka siswa dina kagiatan diajar-ngajar.

Bahan ajar mangrupa salasahiji aspék anu aya dina kurikulum. Ku

kituna, naon anu diajarkeun ka siswa, didadasarkeun kana kurikulum nu dipaké.

Kurikulum nu dipaké ayeuna nyaéta Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan

(KTSP). Dina KTSP aya anu disebut Standar Kompétensi (SK) jeung

Kompeténsi Dasar (KD). Dina pangajaran basa jeung sastra Sunda SKKD anu

dipaké tangtu SKKD pikeun pangajaran basa jeung sastra Sunda. Ku kituna,

SKKD mata pelajaran basa jeung sastra Sunda mangrupa program pikeun

ngamékarkeun pangaweruh, kaparigelan maké basa, jeung sikap positif kana

basa jeung sastra Sunda.

Dina KTSP, bahan ajar nu diajarkeun ka siswa patali jeung opat aspék

kaparigelan nyaéta aspék ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Jaba ti opat

aspék kamahéran basa, bahan ajar lulugu (matéri poko) basa Sunda ngurung

pangaweruh basa jeung sastra. Pangaweruh basa dibahas sahinasna, bari

diadumaniskeun kana bahan kamaheran basa. Kitu ogé jeung pangajaran sastra,

diajarkeun sahinasna ka siswa. Malah mah pangajaran basa jeung sastra téh teu

(33)

2.4.3 Silabus

Silabus nyaéta beungkeutan rarancang jeung susunan kagiatan

pangajaran, ngolah kelas, jeung meunteun hasil diajar. Silabus mangrupa wujud

operasional kompeténsi dasar, pedaran matéri pokok anu leuwih husus,

kagaiatan diajar, évaluasi, jeung alokasi waktu. Ari gunana nyaéta pikeun

padoman guru dina ngararancang, ngalaksanakeun, jeung ngolah pangajaran.

Silabus disusun ku guru di sakola, MGMP, atawa KKG, anu

dipakihikeun ku Dinas Pendidikan (Kabupatén/Kota jeung Kacamatan).

Tangtuna waé bari diaping ku pangawas.

Dina nyusun silabus aya sababaraha tahap anu kudu dipilampah,

nyaéta:

1. identifikasi (idéntititas sakola, mata pelajaran, kelas, semester);

2. ngaruntuykeun standar kompetensi jeung kompetensi dasar;

3. nangtukeun bahan ajar utama katut wincikanna;

4. milih pangalaman diajar (kagiatan fisik-méntal siswa patali jeung bahan);

5. ngawincik Kompeténsi Dasar kana cicirén (indikator) hontalan hasil diajar;

6. ngawincik indikator kana penilaian (warna, tagihan, wangun, instrumén,

jeung soal);

7. nangtukeun alokasi waktu; jeung

(34)

2.4.4 Évaluasi

Évaluasi diperlukeun pikeun mikanyoho hasil-heuteuna kagiatan diajar

siswa. Évaluasi dilaksanakeun pikeun nyumponan rupa-rupa tujuan, di antarana

waé pikeun mikanyaho tahap kahontalna kompeténsi siswa, ngukur kamajuan

jeung kamekaran siswa, nangtukeun kasulitan diajar, mikanyaho hasil

pangajaran, mikanyaho kahontalna kurikulum, ngadorong siswa diajar, jeung

ngadorong guru sangkan ngajar leuwih alus.

Évaluasi disusun dumasar kana tahapan-tahapan anu ngawengku kagiatan

nangtukeun tujuan, nyusun kisi-kisi, milih wangun alat évaluasi, jeung

nangtukeun alat ngajén (meunteun).

2.4.5 Rarancang Pangajaran

Dina ngolah atawa makihikeun pangajaran aya tilu hal anu perlu

diperhatikeun, nyaéta ngararancang, ngalaksanakeun, jeung meunteun. Tahap

ngararancang mangrupa gambaran léngkah-lengkah anu bakal dilaksanakeun

dina tahap ngalaksanakeun jeung meunteun. Tahap rarancang ngawengku

(35)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab panalungtik bakal medar perkara métode panalungtikan anu

ngawengku (1) wangenan oprasional, (2) padika nangtukeun data, (3) pakakas

panalungtikan, (4) téhnik ngumpulkeun data, jeung (5) téhnik ngolah data.

3.1Wangenan Oprasional

Istilah-istilah anu digunakeun dina ieu panalungtikan di antarana

ditétélakeun ieu di handap.

1) Adegan nyaéta wangun.

2) Kalimah téh nyaéta kontruksi gramatik maksimal, nu mangrupa bagian

pangleutikna anu ngandung pikiran anu lengkep tina hiji wacana, anu

diwatesan ku randegan panjang tur miboga lentong pamungkas turun

atawa naék, anu rélatif éta kontruksi téh bisa madeg mandiri.

3) Adegan kalimah nyaéta tata susunan kalimah katut babagianna.

4) kedaling ambek nyaéta éksprési verbal dina wangun omongan atawa

caritaan anu kedal sacara lisan, timbul lantaran rasa keuheul, kuciwa, teu

panuju, teu dihargaan, jeung sajabana.

5) Drama nyaéta wacana anu midangkeun carita atawa lalakon ku paguneman

(dialog), diajangkeun pikeun diragakeun ku pamaén (aktor) dina

pagelaran.

6) Bahan ajar nyaéta sajumlah matéri anu baris ditepikeun ka siswa dina

(36)

Jadi anu dimaksud ku judul ”Adegan Kalimah Kedaling Ambek dina

Kumpulan Naskah Drama Sunda Jeblog pikeun Bahan pangajaran Guneman Di

SMA” nyaéta tata susunan kalimah-kalimah kedaling ambek anu aya dina wacana

drama nu dijadikeun sajumlah matéri pikeun ditepikeun dina kagiatan

diajar-ngajar, anu diarahkeun pikeun ngaronjatkeun kaparigelan maké basa jeung sastra

Sunda, kamampuh mikir jeung maké nalar, kamampuh ngajembaran pangaweruh

budaya Sunda, ngasah rasa jeung parigel dina ngajalin tali mimitran jeung jalma

séjén.

3.2Padika Nangtukeun Data

Dina hiji panalungtikan, populasi jeung sampel mangrupa hal anu

penting dina nangtukeun objék panalungtikan. Numutkeun Arikunto (1996: 115)

“Populasi adalah keseluruhan objék penelitian.” Mangka anu jadi populasi dina

ieu panalungtikan nyaéta kalimah kedaling ambek basa Sunda anu sumberna tina

wacana tinulis, nyaéta tina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog.

Sampel mangrupa sabagian atawa sakabéh populasi anu baris ditalungtik

sarta dianggap réprésentatif tina populasina. Sampel anu dipaké dina ieu

panalungtikan nyaéta sampel total. Ku kituna, anu jadi sampel dina ieu

panalungtikan nyaéta sakabeh kalimah kedaling ambek anu aya dina kumpulan

(37)

3.3 Pakakas Panalungtikan

Ieu panalungtikan ngagunakeun kartu data salaku pakakas atawa

instrumén panalungtikan. Kartu data nyaéta cara anu digunakeun pikeun

ngumpukleun data ku cara nyalin jeung mindahkeun sakabéh data anu

diperlukeun, dina ieu hal nyaéta sakabéh kalimah kedaling ambek dina kumpulan

naskah drama Sunda Jeblog pikeun dijadikeun bahan ajar di SMA.

Eusi dina kartu data nyaéta cutatan data kalimah kedaling ambek dina

kumpulan naskah drama Sunda Jeblog anu disusun sacara alfhabet. Anu

saterusna dibéré nomer jeung kodé. Éta kartu data téh, ditambah ku ayana catetan

kalimah anu aya disajeroeun tanda kurung (…). Jeroeun tanda kurung ditulis

sumber data kalimah kedaling ambek. Eusina nyaéta nomer urut data nu

[image:37.595.113.519.247.663.2]

ngawengku kaca jeung jajaran.

Tabel 2.1

Kartu Data

A

Aing rék mandi! (A/13/9)

Adegan : J + C

Wujudiah : kalimah

Papasingan kalimah : kalimah sampurna

(38)

3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data

Pikeun ngumpulkeun data, ieu panalungtikan ngagunakeun dua téhnik

nyaéta téhnik studi dokumentasi jeung téhnik obsérvasi. Léngkah-léngkah pikeun

ngumpulkeun data nu dibutuhkeun, dilakukeun ngaliwatan sababaraha tahapan di

antarana di handap ieu.

1. Nyaluyukeun panalungtikan jeung standar kompeténsi jeung kompeténsi dasar

anu aya dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan.

2. Neangan buku nu rék dijadikeun bahan panalungtikan.

3. Nangtukeun judul buku nu rék ditalungtik.

4. Maca buku nu rék ditaluktik, nyaéta kumpulan naskah drama Sunda Jeblog.

5. Nyirian kalimah kedaling ambek anu kapanggih.

6. Nyalin kalimah kedaling ambek kana kartu data.

7. Nganomeran atawa ngodean kartu data.

3.5 Téhnik Ngolah Data

Léngkah-léngkah anu kudu dilakukeun dina ngolah data di antarana

ngaliwatan sababaraha tahapan anu ditétélakeun ieu di handap.

1) Nganalisis data tina pilihan kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan

kalimah kedaling ambek basa Sunda.

2) Nyieun papasingan kalimah kedaling ambek tina pilihan kecap, wujudiah,

(39)

3) Ngitung perséntase papasingan kalimah kedaling ambek tina pilihan

kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa

Sunda.

4) Ngadeskripsikeun kalimah kedaling ambek tina pilihan kecap, wujudiah,

papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa Sunda.

5) Nyieun bahan ajar guneman kalimah kedaling ambek di SMA .

6) Napsirkeun jeung nyindekkeun perkara adegan kalimah kedaling ambek

tina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog pikeun bahan pangajaran

(40)

BAB IV

ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK

DINA KUMPULAN NASKAH DRAMA SUNDA JEBLOG

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN DI SMA

Dina ieu bab didéskripsikeun sababaraha hal anu patali jeung adegan

kalimah kedaling ambek anu ditalungtik tina (1) pilihan kecap, (2) wujudiah, (3)

papasingan, (4) adegan kalimah jeung (5) bahan ajar kalimah kedaling ambek dina

drama pikeun bahan pangajaran guneman di SMA.

4.1 Data Kalimah Kedaling Ambek dina Kumpulan Naskah Drama Sunda

Jebog

Tina panalungtikan adegan kalimah kedaling ambek dina naskah drama

Sunda Jeblog, data anu dihasilkeun aya kana 365 kalimah kedaling ambek.

Sangkan leuwih jéntré, ieu di handap diébrhkeun sababaraha contona.

001. Abdi ogé teu sieun sanaos kedah dibérok! (R/139/4)

002. Abong aing jalma sangsara! (B/89/24)

003. Abong biwir teu diwengku siah! (B/87/11)

004. Aéh-aéh, naha ari bareng ngabaso ka asup nyéléwér kitu? (B/54/15)

005. Aing apal kana kasatiaan pamajikan sorangan! (A/13/9)

006. Aing aya di dieu lain kahayang! (A/33/26)

007. Aing ayeuna rék males pati! (D/174/24)

(41)

009. Aing geus teu butuh ku sora-sora nu geus taya gunana! (A/33/36)

010. Aing kapaksa! (A/33/32)

011. Aing keur ngidam! (R/100/4)

012. Aing mah can sugema saméméh nyiksa ieu ungkluk! (R/100/23)

013. Aing mah éling ti baheula ogé! (R/98/23)

014. Aing mah henteu ngabohong Ulis! (B/89/16)

015. Aing mah rék ngajar deuleu, lain rék liwar! (B/53/11)

016. Aing rék balitungan! (D/174/24)

017. Aing rék mandi heula. (B/72/17)

018. Aing ukur hayang panggih jeung jalma nu dipikanyaah ku aing. (A/33/36)

019. Akang nu téga salingkuh jeung randa eusleum! (R/98/24)

020. Aki… leupaskeun panangan abdi! (R/101/25)

4.2 Pilihan Kecap Kedaling Ambek

Pilihan kecap anu dipaké ku urang Sunda ngawengku basa lemes, basa

loma jeung basa kasar. Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih aya dua

pilihan kecap anu dipaké dina ngedalkeun ambek nyaéta (1) basa kasar jeung (2)

basa lemes.

4.2.1 Kedaling Ambek Basa Kasar

Basa kasar nyaéta ragam basa anu dipaké dina situasi ambek, atawa

(42)

kedaling ambek (98,90%) anu ngagunakeun pilihan kecap basa kasar. Sangkan

leuwih jéntré bisa diilikan conto dina data ieu di handap.

No Kode Kalimah Kedaling Ambek

1 (311) Tah Si Kuwu, siga nu enya haat mangnyieunkeun imah ka aing,

padahal keur nutupan kawirang, ngarah rusiahna ku aing teu diuar-uar. (B/89/33)

2 (046) Boa ngahaja silaing mah ngarah déwék ka serang setruk?

(B/62/20)

3 (226) Na teu meunang mun aing ceuceub ka jalma nu geus ngahina

kolot aing sorangan? (A/33/32)

4 (270) Pantes wé, najan Si Kuwu totomplokan gé, da ngarasa

kahutangan budi ku aing. (B/70/13)

5 (303) Silaing téh kudu bisa milah-milah, mana nu kudu di tulis, mana

nu entong. (B/63/7)

4.2.2 Pilihan Kecap Kedaling Ambek Basa Lemes

Basa lemes nyaéta ragam basa anu umumna dipaké nyarita ka saluhureun

atawa kanu can wawuh. Tina hasil analisis data, kedaling ambek anu maké pilihan

kecap basa lemes, ngan aya 4 kalimah (1,09%). Kalimah kedaling ambek nu maké

basa lemes ditétélakeun ieu di handap.

No Kode Kalimah kedaling ambek

1 (001) Abdi ogé teu sieun sanaos kedah dibérok! (R/139/4)

2 (020) Aki… leupaskeun panangan abdi! (R/101/25)

3 (290) Sakali deui kantunkeun abdi nyalira, Ki! (R/103/9)

(43)

4.3 Wujudiah Kalimah Kedaling Ambek

Wujudiah kalimah kedaling ambek disawang tina unsur-unsur kalimah

dibagi jadi tilu rupa nyaéta (1) kecap, (2) frasa, jeung (3) kalimah Dumasar kana

hasil analisis data, ieu tilu wujud kalimah kedaling ambek kapanggih tiluanana.

4.3.1 Kalimah Kedaling Ambek Wangun Kecap

Kalimah kedaling ambek wangun kecap nyaéta kalimah kedaling ambek

anu disusun ku hiji kecap. Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 34 kalimah

kedaling ambek wangun kecap (9,32 %). Sangkan leuwih jéntré ieu di handap

diébréhkeun sababaraha kalimahna..

No Kode Kalimah Kedaling ambek

1 (022) Alus, alus….! (R/97/18)

2 (037) Bangsat! (B/55/23/6)

4 (054) Cicinglah! (E/216/2/1)

5 (082) Duruk….! (R/138/18)

4.3.2 Kalimah Kedaling Ambek wangun Frasa

Kalimah kedaling ambek wangun frasa nyaéta kalimah kedaling ambek

anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu henteu prédikatif, sarta nyicingan

hiji fungsi dina kalimah atawa runtuyan kecap. Dumasar kana hasil analisis data,

kapanggih 30 kalimah kedaling ambek (8,23%). Sangkan leuwih jéntré ieu di

handap diébréhkeun sababaraha kalimahna.

No Kode Kalimah Kedaling ambek

1 (094) Euh aing mah! (D/165/31)

2 (135) Indung manéh? (A/45/14)

(44)

4.3.3 Kalimah Kedaling Ambek Wangun Kalimah

Kalimah kedaling ambek wangun kalimah nyaéta kedaling ambek anu

diwangun ku runtuyan kalimah nu mangrupa klausa. Dumasar kana hasil analisis

data kapanggih 301 kalimah kedaling ambek wangun kalimah (82,47%). Sangkan

leuwih jéntré ieu di handap diébréhkeun contona.

No Kode Kalimah Kedaling ambek

1 001 Abdi ogé teu sieun sanaos kedah dibérok! (R/139/4)

2 005 Aing apal kana kasatiaan pamajikan sorangan! (A/13/9)

3 006 Aing aya di dieu lain kahayang! (A/33/26)

4 007 Aing ayeuna rék males pati! (A/174/24)

5 008 Aing geus teu butuh ku itungan waktu! (A/33/36)

4.4 Papasingan Kalimah Kedaling Ambek

Kalimah kedaling ambek bisa dipapasing-pasing dumasar kana

lengkep-henteuna kausa pangwangunna. Tina hasil analisis data, kapanggih dua wangun

kalimah dina ieu panalungtikan nyaéta (1) kalimah sampurna jeung (2) kalimah

teu sampurna.

4.4.1 Kalimah Sampurna

Kalimah sampurna nyaéta kalimah anu sakurang-kurangna diwangun ku

hiji jejer jeung hiji caritaan. Kalimah sampurna anu ka panggih tina hasil analisis

data aya 127 kalimah kedaling ambek (34,79%). Kalimah sampurna dibagi jadi

dua nyaéta (1) kalimah sampurna susunan baku (normal) jeung (2) kalimah

(45)

4.4.1.1 Kalimah Sampurna Susuna Baku (Normal)

Kalimah sampurna susunan baku anu kapanggih, jumlahna leuwih loba

ti batan kalimah susunan balik. Jumlah kalimah sampurna susunan baku dina

kalimah kedaling ambek aya kana 114 kalimah kedaling ambek (31,23%). Ieu di

handap aya sababaraha kalimahna.

No Kode Kalimah Kedaling Ambek

1 (017) Aki… leupaskeun panangan abdi! (R/101/25)

2 (016) Aing rék balitungan! (D/174/24)

3 (020) Aing rék mandi heula. (B/72/17)

4.4.1.2 Kalimah Sampurna Susunan Balik (Invési)

Kalimah sampurna susunan balik nu kapanggih tina analisis kalimah

kedaling ambek aya kana 13 kalimah kedaling ambek (3,56%). Sangkan leuwih

jéntré ieu di handap aya sababaraha kalimahna.

No Kode Kalimah kedaling ambek

1 (079) Dituturkeun ku aing mah! (B/53/9)

2 (166) Kumaha ieu téh? (D/163/28)

4.5.1 Kalimah teu Sampurna

Kalimah teu sampurna atawa disebut ogé kalimah minor nyaéta kalimah

(46)

kapanggih tina hasil analisis data ngawéngku 238 kalimah kedaling ambek

(65,21%). Sangkan leuwih jéntré ilikan sababaraha kalimah ieu di handap.

No Kode Kalimah kedaling ambek

1 022 Alus, alus….! (R/97/18)

2 055 Cicing! (R/111/21)

3 082 Duruk….! (R/138/18)

4.5 Adegan Kedaling Ambek

Adegan kalimah kedaling ambek mangrupa susunan gumulungna

unsur-unsur fungsional anu ngawangun kalimah kedaling ambek. Adegan kalimah anu

kapanggih tina analisis data didasarkeun kana analisis adegan kalimah kedaling

ambek ditilik tina lengkep henteuna klausa, nyaéta (1) adegan kalimah sampurna

jeung (2) adegan kalimah teu sampurna.

4.5.1 Adegan Kalimah Sampurna

Kalimah sampurna nyaéta kalimah anu disusun sakurang-kurangna ku

hiji jejer jeung caritaan. Kalimah sampurna dibagi dua nyaéta (1) kalimah

sampurna susunan baku (normal) jeung (2) kalimah susunan balik (invéris).

4.5.1.1 Adegan Kalimah Kedaling Ambek Sampurna Susunan Baku

Kalimah sampurna susunan baku (normal) nyaéta kalimah sampurna anu

(47)

sampurna susunan baku boga sababaraha pola. Pola-pola éta ditétélakeun ieu di

handap.

1) Pola Jejer-Caritaan

Ieu kalimah diwangun ku jejer jeung caritaan. Adeganna bisa

digambarkeun saperti kieu.

Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan

baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana jejer jeung caritaan.

Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 28 kalimah kedaling ambek

sampurna susunan baku (7,67%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan sababaraha

kalimah ieu di handap.

No Kode Kalimah Kedaling Ambek

1 (010) Aing kapaksa! (A/33/32)

2 (011) Aing keur ngidam! (C/100/4)

3 (016) Aing rék balitungan! (D/174/24)

4 (017) Aing rék mandi heula. (B72/17)

5 (021) Aki-aki nurustunjung! (C/104/26)

Data séjénna ébréh dina nomer data: (060), (074), (075), (087), (092),

(093), (095), (108), (130), (167), (174), (189), (194),(196), (234), (235), (239),

(256), (261), (268), (297), (357), (362).

(48)

2) Pola Jejer-Caritaan-Udagan

Ieu kalimah diwangun ku jejer, caritaan, jeung udagan. Adeganna bisa

digambarkeun saperti kieu.

Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan

baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana jejer, caritaan, jeung udagan.

Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 16 kalimah kedaling ambek

sampurna susunan baku (4,38%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan kalimah ieu di

handap.

No Kode Kalimah kedaling ambek

1 (014) Aing mah henteu ngabohong Ulis! (B/89/16)

2 (020) Aki… leupaskeun panangan abdi! (R/101/25)

3 (041) Anjiiiir sia manéh, wani-wani ka uing? (E/215/29)

Data séjénna ébréh dina nomer data: (024), (061), (085), (088), (107),

(131), (144), (170), (177), (193), (223), (310), jeung (363)

3) Pola Jejer-Caritaan-Katerangan

Ieu kalimah diwangun ku jejer, caritaan, jeung katerangan. Adeganna

bisa digambarkeun saperti kieu.

(49)

Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan

baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana jejer, caritaan, jeung katerangan.

Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 38 kalimah kedaling ambek

sampurna susunan baku (10,41%). Sangkan leuwih jéntré ditétélakeun sababaraha

kalimah ieu di handap.

No Kode Kalimah kedaling ambek

1 (001) Abdi ogé teu sieun sanaos kedah dibérok! (C/139/4)

2 (006) Aing aya di dieu lain kahayang! (A/33/26)

3 (013) Aing mah éling ti baheula ogé! (R/98/23)

Data séjénna ébréh dina nomer data: (005), (008), (009), (012), (015), (018),

(019), (025), (029), (030), (086), (127), (168), (169), (150), (152),(154), (155),

(156), (164), (190), (191), (195), (220), (272), (299), (302), (303), (311), (312),

(317), (355), (356), (358), jeung (359)

4) Pola Jejer-Caritaan-Caritaan

Ieu kalimah diwangun ku jejer, caritaan jeung caritaan. Adeganna bisa

digambarkeun saperti kieu.

Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan

(50)

Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 1 kalimah kedaling ambek

sampurna susunan baku (0,27%). Sangkan leuwih jéntré ilikan sababaraha

kalimah ieu di handap.

No Kode Kalimah kedaling ambek

1 (047) Boa saréréa nganggap aing owah, nganggap aing sarua

gélona. (B/89/25)

5) Pola Jejer-Caritaan-Udagan-Katerangan

Pola ieu kalimah diwangun ku jejer, caritaan, udagan, jeung katerangan.

Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.

Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan

baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana jejer, caritaan, udagan, jeung

katerangan.

Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 1 kalimah kedaling ambek

sampurna susunan baku (0,27%). Sangkan leuwih jéntré ilikan kalimah ieu di

handap.

No Kode Kalimah kedaling ambek

1 (192 ) Manéh kudu ngajawab sakur pananya di imah!

(R/117/16)

(51)

6) Pola Jejer-Katerangan-Caritaan

Ieu kalimah diwangun ku jejer, katerangan, jeung caritaan. Adeganna

bisa digambarkeun saperti ieu.

Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan

baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana jejer, katerangan, jeung caritaan.

Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 1 kalimah kedaling ambek

sampurna susunan baku (0,27%). Sangkan leuwih jéntré ditétélakeun sababaraha

kalimah ieu di handap.

No Kode Kalimah kedaling ambek

1 (007) Aing ayeuna rék males pati! (D/174/24)

7) Pola Katerangan-Jejer-Caritaan

Ieu kalimah diwangun ku katerangan, jejer, jeung caritaan. Adeganna

bisa digambarkeun saperti kieu.

Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan

baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana katerangan, jejer, jeung caritaan. Kal SSB →→→→ K + J + C

(52)

Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 12 kalimah kedaling ambek

sampurna susunan baku (3,29%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan sababaraha

kalimah ieu di handap.

No Kode Kalimah kedaling ambek

1 (023) Angger di urang mah, maén bal téh maké leungeun. (E/196/11)

2 (027) Apan ti tadi gé aing téh rék ka pasar! (B/73/5)

Data séjénna ébréh dina nomer data: (059), (076), (078), (276), (278),

(289), (293), (349), (361), jeung (365)

8) Pola Katerangan-Jejer-Caritaan-Katerangan

Pola ieu kalimah diwangun ku katerangan, jejer, caritaan, jeung

katerangan deui. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.

Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan

baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana katerangan, jejer, caritaan, jeung

katerangan.

Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 4 kalimah kedaling ambek

sampurna susunan baku (1,10%). Sangkan leuwih jéntré ditétélakeun sababaraha

kalimah ieu di handap.

(53)

No Kode Kalimah kedaling ambek

1 (052) Ceuk Ceu Emin kamari, Akang kaperego pisan keur ngabaso jeung

Guru Mimin! (B/54/13)

2 (100), Gara-gara sia, aing ditundung ku salaki! (R/125/11)

Data séjénna ébréh dina no data: (138) jeung (143).

9) Pola Katerangan-Konjungsi-Jejer-Caritaan

Ieu kalimah diwangun ku katerangan, konjungsi, jejer, jeung caritaan.

Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.

Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan

baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana katerangan, konjungsi, jejer,

jeung caritaan.

Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 2 kalimah kedaling ambek

sampurna susunan baku (0,55%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan kalimah ieu di

handap.

No Kode Kalimah kedaling ambek

1 (109) Memang bener buukna panjang, imah urang cétna biru,

deukeut warung nu cétna héjo, tapi indung urang tara ka hotél! (A/32/16)

2 (201) Meunggeus, tong ngaléok deui ka dinya! (D/152/7)

(54)

10)Pola Caritaan-Konjungsi-Jejer-Caritaan

Ieu kalimah diwangun ku caritaan, konjungsi, jejer, jeung caritaan.

Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.

Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan

baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana carita, konjungsi, jejer, jeung

caritaan.

Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 1 kalimah kedaling ambek

sampurna susunan baku (0,27%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan kalimah ieu di

handap.

No Kode Kalimah kedaling ambek

1 (123) Heueuh ngarti aing gé, tapi manéhna nyebut-nyebut

ngaran indung aing! (A/29/34)

11)Pola Konjungsi-Jejer-Caritaan-Katerangan

Ieu kalimah diwangun ku konjungsi, jejer, caritaan, jeung katerangan.

Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.

(55)

Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan

baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana konjungsi, jejer caritaan, jeung

katerangan.

Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 3 kalimah kedaling ambek

sampurna susunan baku tina (0,82%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan sababaraha

kalimah ieu di handap.

No Kode Kalimah kedaling ambek

1 (181) Lamun pamingpinna geus teu boga ajén diri, rék dikumahakeun atuh nasib ieu nagara? (D/154/23)

2 (182) Lamun silaing kumawani nyarita teu uni, mangka silaing ogé bakal milu dibérok! (D/140/5)

3 (314) Tapi éta leungeun nini lesotkeun, kuring rék balik… (B/60/9)

12)Pola Katerangan-Jejer-Caritaan-Udagan-Katerangan

Pola ieu kalimah diwangun ku katerangan, jejer, caritaan, udagan, jeung

katerangan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.

Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan

baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana katerangan, jejer, caritaan,

udagan, jeung katerangan.

(56)

Dumasar kana hasil analisis data kapanggih

Gambar

Tabel 2.1 Kartu Data

Referensi

Dokumen terkait

Saluyu jeung metode anu digunakeun, ieu panalungtikan miboga udagan pikeun ngadeskripsikeun tradisi nyepuh di Desa Ciomas Kecamatan Panjalu, struktur prak-prakanana,

Jadi anu dimaksud “Analisis Kecap Sulur dina Novél Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda di SMA” dina ieu panalungtikan téh nya éta

Dina hal ieu kapanggih sawatara ajén éstétika saperti ajén éstétika murni (intrinsik), ajén ékstra éstétika (ékstrinsik), ajén éstétika dumasar kana tiori sarwa

anu aya dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan. Neangan buku nu rék dijadikeun bahan panalungtikan. Nangtukeun judul buku nu rék ditalungtik. Maca buku nu rék ditaluktik,

BAB IV ANALISIS UNSUR PANGGENTRA KALIMAH BASA SUNDA DINA NOVÉL PAYUNG BUTUT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA

silsilah mangsa kademangan ngaliwatan dongéng. Ku sabab dina bagéan dongéng disebutkeun yén dina kademangan aya a) demang, b) ulis, c) upas, jeung d) masarakat awam.

Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun kasenian Wayang Landung (nu saterusna disingget KWL), mikanyaho unsur-unsur seni KWL, maluruh jeung

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah Nilik tina kasang tukang panalungtikan, masalah anu kapanggih dina ieu panalungtikan nyaéta kieu: 1 masarakat umum