• Tidak ada hasil yang ditemukan

NGAREGEPKEUN INTENSIF

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "NGAREGEPKEUN INTENSIF"

Copied!
30
0
0

Teks penuh

(1)

MODUL 2

NGAREGEPKEUN INTENSIF

A. Bubuka

Sampurasun.

Wilujeng tepang Sadérék. Dina kagiatan diajar ayeuna, Sadérék bakal ngulik perkara ngaregepkeun inténsif. Sakumaha kagiatan diajar saméméhna, aya tujuh komponén kagiatan, nyaéta: (1) upaya melatih daya regep, (2) kualitas ngaregepkeun, (3) jenis ngaregepkeun inténsif, (4) aspék kaparigelan ngaregepkeun, (5) unsur-unsur dina pangajaran ngaregepkeun, (6) bahan ajar ngaregepkeun

B. Capaian Pembelajaran

Peserta PPG memiliki pengetahuan dan kemampuan tentang kaparigelan ngaregepkeunn intensif (keterampilan berbahasa lisan) bahasa Sunda.

C. Sub Capaian Pembelajaran

Tujuan khusus yang akan dicapai melalui pembelajaran ini, Saudara dapat: 1. menjelaskan upaya melatih daya regep

2. mendeskpsikan kualitas ngaregepkeun 3. menjelaskan jenis ngaregepkeun inténsif 4. menafsirkan aspék kaparigelan ngaregepkeun

5. memberikan contoh unsur-unsur dina pangajaran ngaregepkeun 6. menyusun bahan ajar ngaregepkeun

D. Galeuh Matéri

Galeuh matéri dina kagiatan diajar 2 ngawengku: (1) upaya melatih daya regep, (2) kualitas ngaregepkeun, (3) jenis ngaregepkeun inténsif, (4) aspék

(2)

kaparigelan ngaregepkeun, (5) unsur-unsur dina pangajaran ngaregepkeun, (6) bahan ajar ngaregepkeun

E. Pedaran Matéri

Ieu pedaran matéri téh nyoko kaparigelan ngaregepkeun inténsif. Pék baca dina jero haté ku Sadérék tur sawalakeun jeung nu séjén kalawan pinuh ku rasa tanggung jawab.

1. Kamampuh Ngaregepkeun

Aya tilu kamampuh anu baris ngawarnaan prosés ngaregepkeun, nya éta a) kamampuh museurkeun panitén, b) kamampuh linguistik, c) kamampuh ngajén atawa verifikasi, jeung d) kamampuh nginget-nginget.

a. Kamampuh museurkeun panitén,

Kamampuh museurkeun panitén kacida gedé gunana geusan ngaidéntifikasi sora-sora basa. Unggal sora basa ngabédakeun harti. Upamana sora vokal e jeung é tina kecap ngantelkeun jeung ngantélkeun, beuleum jeung pelem. Konsonan l jeung r tina kecap beuleum jeung beureum, anggel jeung angger, jeung sajaba ti éta.

b. Kamampuh linguistik

Kamampuh linguistik gunana pikeun maham. Paregep dipiharep mampuh nyurahan informasi nu ditepikeun ku panyatur, ti mimiti adegan kecap nepi ka adegan kalimah, struktur jeung ma’na nu dikandungna, jeung sajabana.

c. Kamampuh ngajén atawa vérifikasi.

Sedengkeun nu katilu kamampuh ngajén atawa vérifikasi gunana pikeun nyieun tinimbangan, nguji sarta matalikeun harti kecap, kalimah, jeung pangalaman batiniah mangsa lawas paregep jeung eusi informasi anu diregepkeunana. Tina éta kagiatan téh aya opat tahapan ngaregepkeun nu perlu diperhatikeun kayaning ieu di handap.

(3)

Dina tahapan mireng, aktivitas ngaregepkeun téh lumangsung kalawan teu dihaja, anu sipatna insidental.

2) Tahapan maham,

Dina tahapan maham mah lumangsungna kagiatan ngaregepkeun téh mangrupa aktivitas (prosés) narjamahkeun (interprétasi atawa persépsi). Pemahaman atawa persépsi téh bisa kacangking ku cara ngawasa kekecapan (babaran kecap) jeung kalimah; nu di jerona ngawengku: cara nyarita, sora basa, randegan, pasemon, tempat, jeung ka saha-sahana éta informasi téh tinujuna.

3) Tahapan ngajén,

Ari dina tahapan ngajén (vérifikasi) mah némbongkeun aktivitas paregep museurkeun paniténna kana informasi nu katarimana kalawan dideudeul ku pirang-pirang data atawa bukti anu luyu atawa henteuna jeung pangalaman dirina.

4) Tahapan ngaréaksi.

Sedengkeun dina tahapan ngaréaksi mah némbongkeun lumangsungna réspon paregep boh verbal boh nonverbal. Ieu bisa dititénan tina sikep, pasemon jeung aktivitas ragawi, kayaning: nyatujuan, nolak, gogodeg, méré semu, atawa milampah hal-hal anu perlu sabada ngaregepkeun anu luyu jeung persépsina.

5) Kamampuh nginget-nginget

Kamampuh nginget-nginget raket patalina jeung daya mikir atawa kakuatan paregep dina nyangking informasi anu diregepkeunana. Kamampuh unggal paregep dina nginget-nginget informasi teu sarua. Aya paregep nu cukup ngan sakali ngaregepkeun langsung inget, tapi ogé aya nu kudu sababaraha kali. Ku lantaran kitu, pikeun ngaronjatkeun daya regep, saurang paregep perlu ngalatih nginget-nginget informasi anu diregepkeunana, di antarana ku cara museurkeun paniténna..

(4)

2. Ngaronjatkeun Daya Regep

Ngaregepkeun dina pangajaran basa kaasup kana salah sahiji kaparigelan makéna basa. Pikeun nyangking jeung murba kana kaparigelan ngaregepkeun tangtu baé perlu diulik, dilatih jeung dibiasakeun.

Atuh pikeun ngaronjatkeun kamampuh atawa kaparigelan ngaregepkeun, kawilang perlu niténan padika-padika ieu di handap.

a. Daék mekarkeun karep jeung pangaresep ngaregepkeun;

b. Daék ngaronjatkeun kabisaaan ngabandungan kalawan saregep, bari dibantuan ku panca indera séjénna;

c. Kudu daék numplekkeun perhatian sagemblengna;

d. Ulah gancang nyokot kacindekan saméméh pedaran anggeus; e. Kudu nengetan eusi jeung gagasan anu dipedar;

f. Kudu ngagunakeun kamampuh mikir, pikeun neguh pedaran satuluyna; g. Kudu ngagunakeun lolongkrang waktu pikeun ningkeskeun pedaran.

3. Ngalatih Daya Regep

Sangkan daya regep kalatih, paregep perlu ngabogaan sawatara hal penting, kayaning, 1) persépsi, nya éta kagiatan nu lumangsung sacara fisiologis jeung psikologis dina ngarangkum detai-detail data anu aya dina hiji informasi; 2) intelegensi, nya éta kamampuh nangkep eusi sarta ngahubungkeun antara regepan anu ditarimana jeung kamampuh nu dipibandana nepi ka bisa nyieun hiji kacindekkan, 3) mikir, nya éta kagiatan museurkeun daya pikirna pikeun mutolaah sarta ngaidentifikasi regepan.

Kowalda nuduhkeun lima cara nu bisa dipilih pikeun ngalatih ningkatkeun daya regep, kayaning ieu di handap.

No. Kagiatan Guru Nyebutkeun Siswa Ngucapkeun 1. Regepkeun–

ucapkeun deui fonem

/a/ i/ u/ é/ o/ e/ eu/ /a/ i/ u/ é/ o/ e/ eu/

(5)

2. Regepkeun– ucapkeun deui fonem dina kecap

atah atah 3. Regepkeun– ucapkeun deui kecap asal amis amis 4. Regepkeun– ucapkeun deui kecap rundayan araamis araamis 5. Regepkeun– ucapkeun deui istilah

abjab, aksara abjab, aksara

6. Regepkeun– ucapkeun deui kumpulan kecap

peupeureudeuyan pered jeung sereg seuseut seuat

peupeureudeuyan pered jeung sereg seuseut seuat 7. Regepkeun– ucapkeun deui babasan jeung paribasa amis budi panjang leungeun amis budi panjang leungeun 8. Regepkeun– ucapkeun deui keungkeutan kecap hayam jago / kongkorongok hayam bikang / gagarapakan hayam jago / kongkorongok hayam bikang / gagarapakan 4. Kualitas Ngaregepkeun

Kualitas ngaregepkeun bisa dibagi dua, nya: 1) ditilik tina aspék nu mangaruhan kana kualitas kagiatan ngaregepkeun; 2) ditilik tina tarékah ngaronjatkeun kualitas hasil regepan. Pikeun nyangking informasi anu

(6)

diregepkeun teu cukup ukur museurkeun panitén, tapi ogé dipangaruhan ogé ku sababaraha faktor ieu di handap.

a. Persépsi, raket patalina jeung proses paregep mikanyaho informasi ngaliwatan alat pangrunguna, sarta tanggapanana kana éta informasi. Hal ieu baris nungtun kana nyambungna komunikasi antara paregep jeung panyatur nu nepikeun wincikan informasi nu mangrupa konsep, data, jeung fakta. b. Intelegénsi, némbongkeun kamampuh paregep dina nangkep informasi.

Gancang atawa kendorna nangkep informasi gumantung kana tingkat intelegénsi paregepna. Upama jalma nu punjul intelegénsina baris mampuh pikeun matalikeun data nu katangkep jeung data anu geus dipibandana, sarta mampuh nyieun analisis pikeun nangtukeun hiji kacindekan.

c. Mikir, dina ngaregepkeun sok dipatalikeun jeung pasualan ngaidéntifikasi informasi. Waktu nangkep informasi dina ngaregepkeun, pikiran téh sok muter, mulak-malik ingétan kana sakumna data anu geus nyampak. Data anyar katarimana téh diolah tur dipatalikeun jeung data heubeul. Tina éta prosés téh tuluy jadi ngarti sarta baris jadi data anyar hasil matalikeun data nu katangkep jeung data anu geus nyampak.

d. tangtungan (sikep/attitude); leuwih saregep ngabandungan jejer pedaran anu tetep jeung diri urang. Dina lebah teu cocog atawa teu panujuna, biasana sok ngolémbar. Komo deui upama papalimpang.

e. motivasi, karep: sajeroning ngaregepkeun téh dibarengan ku sistem nilai ajén inajén urang sorangan. Upama tétéla loba pulunganeun, ngaregepkeun téh biasana sok saregep. Sabalikna upama haté teu méréan, pédah taya pulunganeunana aya kalana sok leungit sumanget jeung leungiteun karep. f. pribadi (personality), hartina diri urang sorangan kacida mangaruhanana kana

peran ngaregepkeun. Lamun urang kagolong kana jalma nu sok resep silih pairan pamanggih, tenget, jeung boga sifat resep nganalisis, biasana dina prakna ngaregepkeun téh bakal papalingpang jeung jalma anu boga sipat sabalikna.

(7)

g. kaayaan (life situation); kaayaan sabudeureun riungan, bakal mangaruhan kana hasil ngaregepkeun. Tegesna, ngabandungan dina situasi tingtrim bakal leuwih beubeunangan ti batan dina kaayaan nu loba gangguan, boh gangguan sora séjén boh katingtriman patempatan.

h. Kabisaaan (habitual): ngaregepkeun ku pangjurung kabisaaan atawa pagawéan bakal leuwih luhur ajénna. Umpama baé mahasiswa lantaran geus biasa téa, tangtu bakal leuwih luhur ajénna.

5. Ngaregepkeun Inténsif

Ngaregepkeun intensif nya éta ngaregepkeun nu salawasna aya dina panalingaan guru. Panalingaan téh bisa mangrupa aktivitas guru enggoning nuyun siswa dina kagiatan maham, nyieun kacindekan, mairan, nyaritakeun deui eusi regepan. Atawa mangrupa panuyun ti guru ka siswa dina enggoning milampah hal-hal anu kawilang perlu sabada mireng jeung ngaregepkeun wacana regepan. Ngaregepkeun intensif lumangsung kalawan sinambung, diarahkeun pikeun program pangajaran basa, nya éta: ngaregepkeun kritis,

ngaregepkeun konsentratif, ngaregepkeun kréatif, ngaregepkeun eksploratif, ngaregepkeun interogatif, jeung ngaregepkeun selektif.

a. Ngaregepkeun Kritis (critical listening)

1) Merhatikeun kabiasaan-kabiasaan omongan nu bener, kecap, pamakéan kecap, jeung unsur-unsur kalimahna.

2) Nangtukeun alasan “naha”.

3) Maham rupa harti pituduh konteks. 4) Ngabédakeun fakta jeung fantasi 5) Nyieun kaputusan-kaputusan 6) Nyieun kacindekan-kacindekan.

7) Néangan jawaban keur ngaréngsékeun masalah.

8) Nangtukeun mana informasi anyar atawa informasi tambahan keur hiji topik.

(8)

10) Objektip jeung evaluatif keur nangtukeun kaaslian, bebeneran, atawa ayana prasangka atawa kacerobohan, teu taliti (Anderson,1972:70).

b. Ngaregepkeun Konsentratip

1) Ngilu mikirkeun objék nu dipedar dina dina obrolan.

2) Néangan hubungan (kelas, tempat, kwalitas, waktu, runtuyan sarta sabab-akibat)

3) Meunangkeun butir-butir informasi nu tangtu. 4) Meunangkeun pamahaman nu jero.

5) Ngarasakeun sarta neuleuman ide-ide si panyatur, 6) Maham runtuyan ide-ide si panyatur.

7) Néangan jeung nyatet fakta penting (Anderson,1972:70; Dawson [et al], 1963:153).

c. Ngaregepkeun Kréatip

1) Ngahubungkeun atawa ngaasosiasikeun harti-harti jeung sadaya jenis pangalaman ngaregepkeun.

2) Ngawangun atawa ngarekonstruksikeun imaji-imaji visual ku hade, saheulaanan ngaregepkeun.

3) Nyesuaikeun panyaleseian imaji ku pikiran imajinatip keur nyiptakeun karya anyar dina tulisan, lukisan, pintonan.

4) Ngahontal penyelesaian masalah serta sakaligus ngariksa jeung nguji hasil-hasil panyalesaian éta (Anderson,1972:70).

d. Ngaregepkeun Eksploratip

1) Merhatikeun hal-hal nu dianggap anyar; 2) Informasi tambahan ngeunaan hiji topik

3) Gosip atawa omongan nu menarik, (Dawson [et al],1953:153).

e. Ngaregepkeun Interogatip

Musatkeun perhatian jeung milihan butir-butir nu jadi pananya (naon, saha,

naha, di mana, ka mana, keur naon, bener teu, jeung sajabana). f. Ngaregepkeun Seléktip

(9)

1) Nada sora 2) Sora-sora asing 3) Sora-sora nu bareng

4) Kecap-kecap jeung frase-frase 5) Wangun-wangun katatabasaan

6. Pangajaran Aspék Kaparigelan Ngaregepkeun

Unsur penting sarta fundaméntal sajeroning lumangsungna interaksi komunikasi nya éta kaparigelan maham informasi nu ditepikeun ku jalma séjén atawa batur nyarita. Di kelas teu saeutik siswa anu kurang mahér dina ngaregepkeun. Bisa waé éta téh lantaran tina perhatianana teu museur.

Dumasar kana prosésna tujuan ngaregepkeun bisa dibédakeun jadi dua bagian a) tujuan persépsi nya éta mibanda ciri kognitif tina prosés ngaregepkeun nu didadasaran ku maham pangaweruh ngeunaan kaidah-kaidah kabasaan; b) tujuan resépsi, nya éta maham amanat atawa napsirkeun amanat nu ditepikeun ku panyatur.

Pikeun ngarojong mekarkeun kompeténsi anu dipibanda ku siswa, aktivitas dina pangajaran kaparigelan ngaregepkeun bisa dibagi jadi sababaraha tahapan: a. ngaidéntifikasi, nya éta siswa mersépsikeun sora-sora jeung frasa-frasa sacara

langsung jeung holistik kana hartina;

b. ngaidéntifikasi jeung milih-milih tanpa réténsi, nya éta siswa ngaregepkeun pikeun kalangenan kalawan teu diperedih pikeun ngadémonstrasikeun pamahamanana sacara aktif;

c. ngaidéntifikasi jeung milih-milih sarta retensi nu diwatesanan, nya éta siswa dibéré sababaraha indikator heula ngeunaan sawatara hal nu baris diregepkeunana. Saterusna, siswa ngadémonstrasikeun hasil pamahamanana sacara langsung kalawan aktif;

d. ngaidéntifikasi jeung milih-milih kalayan reténsi nu laluasa, nya éta siswa ngadémonstrasikeun sakur nu dicangkingna saréngséna ngaregepkeun informasi kalawan tuntas.

(10)

Wilga M. Rivers (1978) nétélakeun modél pangajaran ngaregepkeun kayaning a) ngaregepkeun murni (aural); b) ngaregepkeun jeung nyarita; c) ngaregepkeun jeung gerakan; d) ngaregepkeun jeung nulis;

a. Ngaregepkeun murni (aural)

1) ngaidéntifikasi, ngabédakeun ciri gaya nyarita, ngabédakeun lentong (dialék, idiolék), jeung ngabédakeun ragam basa dina paguneman, carita/drama, atawa carita radio.

2) ngaidéntifikasi, milih-milih tanpa reténsi, ngadéngékeun guru atawa babaturan nyaritakeun kajadian atawa pangalaman pribadi nu pikaresepeun.

3) ngaidentifikasi, nyeleksi, jeung retensi heureut, ngaregepkeun guru méré informasi ngeunaan kasang tukang hiji carita.

4) ngaidentifikasi, nyeleksi, jeung retensi jembar, ngaregepkeun nu maca naskah hiji lalakon nu can kungsi diwanohkeun saméméhna.

b. Ngaregepkeun jeung Nyarita

1) Ngaidéntifikasi, ngaregepkeun jeung nyawalakeun laporan lisan ti siswa séjénna.

2) Ngaidéntifikasi jeung milih-milih tanpa préténsi, ngaregepkeun hiji carita, satuluyna ngedalkeun deui intisarina nu diregepkeun dina kalimah-kalimah anu éféktif sacara lisan

3) Ngaidéntifikasi, milih-milih, jeung réténsi pondok, (a) nepikeun saran, pamanggih kana kecap-kecap anu teu merenah dina hiji carita, jeung (b) nu dibacakeun ku babaturnnana.

4) Ngaidéntifikasi, milih-milih, jeung réténsi jembar, ngajawab pertanyaan sanggeus ngadéngékeun hiji carita nu panjang.

a. Ngaregepkeun jeung Nuliskeun

1) Ngaidéntifikasi: nuliskeun (transkrip) hiji rékaman anu can kungsi diédit.

(11)

2) Ngaidéntifikasi, milih-milih tanpa réténsi: ngaregepkeun hiji bagian dialog, terus nuliskeun (ngarang) nu diwuwuhan ku nangtukeun konteks jeung konklusi.

3) Ngaidéntifikasi, milih-milih, jeung réténsi heureut: nuliskeun masalah kabudayaan nu anyar disawalakeun.

4) Ngaidéntifikasi, milih-milih, jeung réténsi jembar: ngajawab pertanyaan sanggeus ngaregepkeun carita atawa wawancara jeung nuliskeun.

b. Ngaregepkeun jeung Ngaragakeun

1) ngaidéntifikasi, ngadéngékeun carita basajan satuluyna ngangkat leungeun saupama salah sahiji unsur nu geus ditangtukeun disebutkeun.

2) ngaidéntifikasi, milih-milih tanpa réténsi, ngadéngékeun instruksi pikeun nampilkeun hiji hal.

3) ngaidéntifikasi, milih-milih, jeung réténsi heureut, merhatikeun instruksi/paréntah pikeun ngalakukeun hiji hal

c. Ngaidentifikasi, milih-milih, jeung réténsi jembar

Ngadéngékeun hiji carita, tuluy ngalakukeun gerakan anu tangtu luyu jeung paréntah.

Dina prungna kagiatan pangajaran, bisa dipilih salah sahiji anu ditétélakeun di luhur, ogé bisa campuran (ékléktik). Anu utama mah nya éta guru méré informasi (maké média) nu tangtu ngeunaan hiji hal (informasi) jeung kumaha prak-prakan ngaregepkeun nurutkeun jenis jeung tahap aktivitas, sarta diteruskeun ku ngaragakeunana (démonstrasi). Jadi siswa di sagédéngeun ngaregepkeun informasi téh bari jeung nempo kumaha petana sarta nyatet naon-naon anu kapanggihna.

Di sagédéngeun éta, dina interaksina guru méré conto ka siswa pikeun nurutan (malikan deui) ku cara nu leuwih kréatif. Kitu ogé tanya jawab guru jeung siswa atawa sawala antara sasama siswa ngeunaan lumangsungna tahapan dina rupa-rupa atawa warnaning ngaregepkeun.

(12)

7. Unsur-Unsur dina Pangajaran Ngaregepkeun

Unsur-unsur dasar anu perlu aya dina kagiatan ngaregepkeun nya éta paregep (receiver/nu narima informasi), panyatur (sender/nu nepikeun infomasi), bahan caritaan, pangrungu nu séhat, jeung bahasa lisan.

Ambahan Bahan Ajar ngaregepkeun ngawengku rupa-rupa kagiatan, di antarana:

bandung-kuping. Impleméntasina bisa lumangsung dina kagiatan rupaning ieu di handap.

- ngaregepkeun warta radio, - ngaregepkeun dikté,

- ngaregepkeun maca téks nonfiksi, - ngaregepkeun maca wangun lancaran, - ngaregepkeun maca wangun ugeran, - ngaregepkeun maca surat,

- lalajo pinton drama, jsté.

Pangajaran kaparigelan ngaregepkeun teu bisa dileupaskeun tina aspék kaparigelan basa séjénna. Dina prungna diajar, aktivitas siswa teu saukur ngaregepkeun, tapi dibarung ku aktivitas séjénna, kayaning maca, nulis, jeung nyarita anu istilahna disebut awor (terpadu). Upamana waé:

- ngaregepkeun – nulis – diskusi - ngaregepkeun – gunem catur – nulis - paguneman – nulis – maca

- maca – paguneman – meraktékkeun - nulis – ngalaporkeun – medar

8. Bahan Pangajaran Ngaregepkeun

Bahan pangajaran ngaregepkeun mah biasana kudu mangrupa wacana regepkeun, anu eusina winangun kajian informasi anu diwadahan ku téma pangajaran. Eusi wacana ngaregepkeun bisa dijieun jadi bahan kajian babaran

(13)

kecap, gaya basa, jeung struktur anu luyu dumasar kana psikologi kasang tukang siswana.

Sacara prosedural, bahan pangajaran aspék kaparigelan ngaregepkeun kudu: a. Relevensi jeung kurukulum, anu ngawengku: a) Kompeténsi Inti (KI)

Kompeténsi Dasar (KD).

b. Nangtukeun materi nu di nyantél kana KIKD.

c. Nangtukeun indikator (udagan nu kudu kahontal ku siswa)

d. Milih eusi wacana, anu eusina: tuladaneun, jauh tina sara, relevan jeung kamampuh siswa, jeung ngawewegan ajén/norma kahirupan.

e. Basa wacana anu: (a) éjahan nu bener tur diksina nu merenah, (b) adegan kecap jeung kalimahna baku, jeung (c) komunikatif.

f. Adegan/struktur wacana anu:, (a) hubungan antarbagian jeung antarparagraf

kohéren, jeung (b) teu panjang teuing.

9. Ambahan jeung Prinsip Nyusun Matéri Poko

Pikeun nangtukeun legana ambahan téma ngaregepkeun téh gumantung kana kalungguhan (téma) wacana regepan. Ari téma téh mangrupa dasar pedaran anu ngajiwaan sakumna aktivitas pangajaran. Maksudna sangkan situasi pangajaran téh karasa hégar (hirup).

Kumaha patalina antara téma jeung kamahéran basa, utamana kamahéran ngaregepkeun? Lamun téma mangrupa dasar sakabéh pedaran, tangtu baé kamahéran basa (ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis) kudu mangrupa sarana atawa tempat anu ngawadahan téma. Tegesna mah, wacana ngaregepkeun téh salawasna kudu luyu jeung téma anu diperedih ku kurikulum.

Pangajaran ngaregepkeun tématis nya éta pangajaran anu objekna mangrupa téma (jejer) dina hiji peristiwa komunikatif anu ngagambarkeun aspék kayaning: sosialisasi, intelektual, emosional, informasi faktual, ngaréngsékeun masalah, jeung aspék moral. Jungtrunganana mangrupa kamampuh nyerep gagasan, pamanggih, pangalaman, pesen (amanat) jeung rasa anu dilisankeun atawa ditulis tina pirang-pirang sumber.

(14)

Pikeun siswa SD kelas handap bisa dimimitian ku ngaregepkeun sora, ngawanohkeun aksara, ngabédakeun sora, kecap, nepi ka beungkeutan kecap nu basajan nu aya di lingkungan sabudeureunana. Leuwih luhur kelasna tangtu éta bahan regepan bakal leuwih kompléks, nepi ka ngawangun leunjeuran hiji téma.

Aya nu disebut pangajaran aspéktual. Pangajaran ngaregepkeun aspéktual nya éta ngaregepkeun anu objek pangajaranana mangrupa aspék kabasaan atawa kasastraan. Kalungguhanana bahan regepan biasana mangrupa subtopik. Ngaliwatan pangajaran kaparigelan ngaregepkeun dipiharep siswa mibanda kamampuh ngeunaan aspék kabasaan jeung aspék kasastraan. Sawatara hal anu perlu ditataharkeun dina nangtukeun bahan regepan di antarana kayaning ieu di handap.

1) Tangtukeun heula téma pangajaranana

2) Mekarkeun téma jadi sababaraha anak téma atawa subtéma 3) Pilih salah sahiji anak téma atawa subtéma

4) Mekarkeun subtéma jadi sababaraha topik atawa judul

5) Pilih salahsahiji judul téma atawa judul wacana jadi rangkay wacana (bubuka-eusi-panutup).

6) Wincik deui rarancang wacana

7) Mekarkeun bagian rarancang wacana jadi paragraf wacana 8) Padukeun bagian-bagian wacana jadi hiji

9) Kaji ulang draft wacana

10) Lakukeun revisi kana wacana nu dianggap can nyumponan sarat 11) Gandakeun wacana anu luyu jeung kaperluan.

10. Léngkah-léngkah Pangajaran Ngaregepkeun

Léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina kagiatan diajar ngaregepkeun bisa ngaliwatan tahapan ieu di handap.

a) tahap ngawanohkeun: fonologi (foném-foném), kecap, frase, jeung kalimah.

(15)

b) tahap maham tingkat awal: ngalakukeun respon non-linguistik, upamana ngalaksanakeun paréntah (muka panto, peureum, seuri, jsté). Ieu utamana pikeun siswa SD tingkat handap.

c) tahap maham tingkat panengah: ngajawab pertanyaan ngeunaan informasi lisan nu pondok. Upamana, guru macakeun wacana pondok, terus nepikeun rupa-rupa pertanyaan tina éta bacaan pondok. Guru muter rékaman paguneman, tuluy nanyakeun ka siswa saha nu nyarita, naon nu dicaritakeun di mana nyaritana, jste. Guru muter rékaman nu keur nelepon saarah, tuluy nanyakeun naon anu diomongkeun ku nu nelepon séjénna).

d) tahap maham tingkat luhur: nyaritakeun deui sagemblengna ku basa sorangan informasi lisan. Upamana, siswa ditugaskeun ngaregepkeun siaran radio, televisi, nu maca carpon, paguneman, diskusi, jsté.

Pituduh Pangajaran Ngaregepkeun:

1. Sayagakeun situasi ngaregpkeun/maca kalawan merenah.

2. Siswa ngaregepkeun guru nu maca wacana tilu kali, upamana aya nu dibaca rancag (biasa), halon, jeung gancang.

3. Siswa maca wacana dua nepi ka tilu balikan. Sanggeus réngsé tutup bukuna, terus ku siswa ditulis deui ku basa sorangan.

4. Siswa maca/ngaregepkeun dongéng kalawan taliti; 5. Siswa nyatet kecap-kecap nu teu dipikawanoh;

6. Siswa nanyakeun ka guru ngeunaan harti kecap-kecap nu teu dipikawanoh téa atawa néangan dina kamus;

7. Nyatet inti regepan/bacaan 8. Nyieun rangkay karangan

9. Nulis atawa ngarang deui carita nu diregepkeun/dibaca dina buku catetan

10. Maca deui karangan nu ditulisan di hareupeun kelas.

(16)

Ciri hasil diajar nya éta siswa mampuh ngaregepkeun jeung maham kana materi anu diregepkeunana kalawan bisa ngaréngsékeun rupa-rupa pasualan anu ditepikeun ku guruna.

Meunteun atawa ngajén mangrupa tarékah guru pikeun mikanyaho

kamampuh siswa sabada diajar. Aspék anu dipeunteun ngawengku tilu ranah, nya éta pangaweruh (kognitif), sikep (aféktif), jeung kaparigelan (psikomotor), anu ngamuara kana kamampuh ngaregepkeun.

Meunteun kamahéran siswa dina lebah nyaritakeun deui eusi regepan perlu merhatikeun aspék- aspék, kayaning,

(a) bener henteuna eusi, (b) sistematika nyarita, jeung

(c) cara maké basa (lapal, pilihan kecap, adegan kecap, adegan kalimah). Guru bisa meunteun kaparigelan ngaregepkeun siswa ku cara ngaliwatan pertanyaan lisan atawa tulisan. Upamana ku cara:

a. Restatement nya éta respon awal dina tahapan handap ku cara nepikeun pasualan basajan, upamana

1) naon? 2) Saha? 3) Dimana? 4) Kumaha? 5) Iraha?

b. Affektive Response nya éta respon nu ngébréhkeun pamadegan (persepsi) siswa saréngséna ngaregepkeun, upamana:

“Naon anu karasa ku hidep saréngséna ngaregepkeun éta wacana pidato, dongéng, siaran radio, wayang, paguneman?”

c. Associative Response nya éta respon nu ngébréhkeun patula-patalina atawa perasaan anu timbul sabada ngaregepkeun, upamana:

“Eusi pidato, dongéng, siaran radio, tembang, wayang, atawa pagunemannu diregepkeun tadi téh ngingetkeun kana naon, saupama dipatalikeun jeung pangalaman hirup nu kungsi kasorang ku hidep?”

(17)

d. Deciding on Literary Response nya éta respon nu nuduhkeun ‘penilaian’ anu diébréhkeun ku siswa kana eusi regepan, upamana:

“Kecap, babasaan, atawa bagian-bagian mana waé anu dianggap penting ku hidep dina éta regepan?”

a. Extension Response nya éta respon anu ngagambarkeun kawani jeung kamampuh siswa pikeun nimbang-nimbang atawa cara nepikeun puseur panitén (sudut pandang) séjénna nalika medar konflik nu aya dina eusi regepan, upamana:

“Kumaha kira-kirana tarékah anu baris dipilampah ku hidep saupama ngabandungan kajadian-kajadian saperti kitu?”

Conto Mekarkeun Matéri Pangajaran:

1. Nangtukeun wacana nu luyu jeung kurikulum

Salah sahiji materi pangajaran nu dipidangkeun ngaliwatan aspek kaparigelan ngaregepkeun tina radio, televise, video, atawa you tube. Nangtukeun kompetensi anu kudu kacangking ku siswa ngeunaan eusi sandiwara anu diregepkeunana. Pikeun nangtukeun kompetensi siswa bisa dipaluruh dina KIKD.

2. Nangtukeun indkator jeung tujuan

3. Nyusun skénario atawa prose pngajaranana. 4. Nangtukeun Pancén

a. Nuliskeun daftar pertanyaan pikeun nguji kamampuh ngaregepkeun siswa, contona:

1) Saha wae ngaran tokohna?

2) Sebutkeun dua urang tokoh anu pasipatan patukang tonggong (antagonis jeung protagonis!

3) Aspek sastra naon waé dina éta sandiwara? 4) jste.

b. Nuliskeun jeung midangkeun carita sandiwara nu diregepkeun dina wangun paguneman,

(18)

Cobi cék salah sahiji conto pintonan drama, upamana nu alamatna di handap.

https://www.youtube.com/watch?v=OIjfgp9wC7o

Atawa

(19)

11. Matéri jeung Kagiatan Pangajaran Ngaregepkeun

Ieu di handap aya tabel Kompenetnsi Dasar, matéri, jeung kagiatan pangajaranana anu dicutat tina KIKD Kurikulum 2013 Mulok Basa Sunda Revisi taun 2017, anu aya patalina jeung aspék kaparigelan ngaregepkeun.. Kelas 1

Kompetensi Dasar Materi Pembelajaran Kegiatan Pembelajaran Tema: 7. Benda, Binatang dan Tanaman di sekitarku 3.7 Mengenal dan memahami teks sederhana, tentang benda, binatang, dan tanaman yang terdapat di sekitarku. (Tema 7).  Teks guguritan  Ngaran/sesebutan/ istilah anu nyampak dina Tutuwuhan

 Ngaran/sesebutan/istilah anu nyampak dina sasatoan

 Kosa kata: - Batu, bata, keusik, jst.

- hayam,. éntog, meri, jst. - Kembang, buah, dahan,

jst.  Menyimak contoh guguritan yang dilantunkan oleh guru  Mengidentifikasi tentang benda, binatang, tanaman dis ekitarku yang ada di dalam teks

guguritan

 Bertanya jawab tentang nama-nama benda, binatang dan tanaman yang ada di sekitarku

(20)

4.7 Merangkaikan kata tentang benda, binatang, dan tanaman di sekitarku menjadi kalimat sederhana. (Tema 7).  Menembangkan guguritan yang telah dicontohkan oleh guru

Tema : 8. Peristiwa Alam

3.8 Memahami isi teks kakawihan tentang peristiwa alam (Tema 8) 4.8. Menyanyikan kakawihan tentang peristiwa alam (Tema 8).  Teks kakawihan  Ngaran/sesebutan/istilah anu nyampak dina peristiwa alam

 Kosa kata: Lini, cai, samagaha, jst.  Menyimak contoh kakawihan dilantunkan oleh guru tentang peristiwa alam (misalnya lagu: Hujan Turun  Mengidentifikasi teks kakawihan tentang peristiwa alam  Bertanya jawab tentang peristiwa alam Menembangkan kakawihan yang telah dicontohkan oleh guru

Kelas II

Kompetensi Dasar Materi Pembelajaran Kegiatan Pembelajaran Tema : 6. Air, Bumi

dan Matahari

3.6 Mengenal puisi sederhana yang berisi tentang air dan bumi. (Tema 6)

4.6 Membacakan puisi sederhana yang berisi tentang air dan bumi dengan lafal, intonasi, dan ekspresi yang tepat

 Teks puisi

 Istilah lingkungan

 Kalimat sederhana

 Ejahan

 Menyimak puisi yang dibacakan oleh guru tentang air, bumi dan matahari

 Bertanya jawab tentang isi puisi tentang air, bumi dan matahari

 Menyebutkan cara memelihara lingkungan alam sekitar (Air, bumi dan matahari)

 Mendeklamasikan puisi tentang air, bumi dan matahari secara bergiliran

(21)

sebagai bentuk ungkapan diri. (Tema 6). Tema: 7. Merawat hewan dan tumbuhan 3.7 Mengenal teks tentang merawat hewan dan tumbuhan. (Tema 7) 4.7 Menceritakan kembali isi teks tentang merawat hewan dan tumbuhan. (Tema 7)

 Teks guguritan

 Kosa kata tentang merawat hewan dan tumbuhan

 Kalimat sederhana

 Ejahan

 Undak usuk basa

 Menyimak contoh guguritan yang dilantunkan oleh guru

 Mengidentifikasi tentang merawat hewan dan tumbuhan

 Bertanya jawab tentang hewan dan tumbuhan Menembangkan guguritan tentang merawat hewan dan tumbuhan yang telah dicontohkan oleh guru

(22)

Tema 1: Sayang Hewan dan Tumbuhan di Sekitar Kita

3.1 Memahami isi teks pupuh tentang menyayangi hewan dan tumbuhan. (Tema 1) 4.1 Melantunkan pupuh tentang Menyayangi hewan dan tumbuhan (Tema 1) - Pupuh Pucung

- Kecap asal dua/tiga suku kata (engang)

- Kalimat tunggal

 Menyimak pupuh yang dilantunkan oleh guru kemudian menirukannya secara berulang baik secara klasikal maupun individu.

 Mengamati teks pupuh untuk memahami isi pupuh.

 Mengidentifikasi kecap asal yang memiliki dua, tiga, dan empat suku kata.

 Berlatih melantunkan pupuh hingga peserta didik mampu melantunkannya dengan baik. 3.2 Tema 2 : Pengalaman yang Mengesankan 3.2 Memahami teks narasi sederhana tentang pengalaman yang mengesankan (Tema 2) 4.2 Membaca nyaring teks narasi sederhana tentang pengalaman yang dengan lafal dan intonasi yang benar.(Tema 2)

- Teks narasi

- Konsonan f, v, dan z - Kecap rundayan (Awalan

N-, pa-)

- Kalimah ngantet satata

 Mengamati teks narasi dengan membaca dan menyimak wacana tentang pengalaman yang

mengesankan.

 Melakukan tanya jawab tentang pengalaman yang mengesankan.

 Mencari kecap rundayan yang menggunakan awalan N-, pa-.

Berlatih membuat kalimah ngantet satata dari wacana.

 Membaca nyaring secara bergilir dari teks sederhana tentang pengalaman yang mengesankan

(23)

.Tema 6: Indahnya Persahabatan 3.6 Memahami isi dongeng tentang indahnya persahabatan. (Tema 6) 4.6 Menceritakan kembali isi dongeng tentang indahnya persahabatan

dengan lafal dan intonasi

yang benar. (Tema 6

- Dongeng - Aksara gede dina istilah - istilah hubungan sosobatan - kalimah wawaran - Ragam hormat - Mengamati dongeng melalui: 1) Menyimak dongeng yang dibacakan oleh teman

2) Mengamati gambar dari buku atau dari tayangan video. - Mencari istilah

hubungan sosobatan dari teks dongeng.

- Menerapkan ejaan dengan menggunakan hurup besar pada kalimah wawaran. - Membahas isi dongeng. - Menceritakan kembali

isi dongeng dengan bahasa sendiri secara bergiliran.

Kelas V

Kompetensi Dasar Materi Pembelajaran Kegiatan Pembelajaran

4.3 Menembangkan dan menceritakan isi guguritan tantang hidup rukun. (Tema 3)

Lantunan tembang Pupuh Magatru

- Mengamati teks pupuh - Menyimak pupuh yang

ditembangkan guru seagai model

- Menirukan tembang sesuai yang didengar - Melantunkan pupuh - Menceritakan isi pupuh

dengan bahasa sendiri 4.5 melantunkan dan

menceritakan isi kawih tentang bangsa sebagai bangsa Idonesia

- Mengamati teks kawih - Tanya jawab mengenai

kata sulit

- Menyimak lantunan kawih dari media audio visual atau guru sebagai model

- Bersenandung mengikuti model

- Meniru lantunan model - Melntunkan sendiri kawih

tentang bangga sebagai bangsa Indonesia

(24)

- Menceritakan isi kawih tentang bangga sebagai bangsa Indonesia

Tema: 6. Menjaga Kelestarian Lingkungan

3.6 Memahami teks sajak tentang menjaga kelestarian lingkungan. (Tema 6)

4.6 Membacakan sajak tentang menjaga kelestarian lingkungan dengan lafal. Intonasi, dan ekspresi yang benar. (Tema 6)

- Teks sajak

- Istilah lingkungan geografi

- Mengamati teks sajak melalui:

1) Menyimak sajak yang dibacakan oleh guru. 2) Membacakan teks

sajak sesuai contoh dari guru secara bergilir.

- Tanya jawab tentang istilah lingkungan geografi.

- Membaca teks sajak dengan lafal intonasi, dan ekspresi yang benar.

F. Ranguman

Ngaregepkeun dina pangajaran basa kaasup kana salah sahiji kaparigelan makéna basa. Pikeun nyangking jeung murba kana kaparigelan ngaregepkeun tangtu baé perlu diulik, dilatih jeung dibiasakeun.

Aya tilu kamampuh anu baris ngawarnaan prosés ngaregepkeun, nya éta 1) kamampuh museurkeun panitén, 2) kamampuh linguistik, 3) kamampuh ngajén atawa verifikasi, jeung 4) kamampuh nginget-nginget.

Sangkan daya regep kalatih, paregep perlu ngabogaan sawatara hal penting, kayaning, 1) persépsi, nya éta kagiatan nu lumangsung sacara fisiologis jeung psikologis dina ngarangkum detai-detail data anu aya dina hiji informasi; 2)

intelegensi, nya éta kamampuh nangkep eusi sarta ngahubungkeun antara regepan

(25)

kacindekkan, 3) mikir, nya éta kagiatan museurkeun daya pikirna pikeun mutolaah sarta ngaidentifikasi regepan.

Kualitas ngaregepkeun bisa dibagi dua, nya: 1) ditilik tina aspék nu mangaruhan kana kualitas kagiatan ngaregepkeun; 2) ditilik tina tarékah ngaronjatkeun kualitas hasil regepan.

Ngaregepkeun intensif nya éta ngaregepkeun nu salawasna aya dina panalingaan guru. Panalingaan téh bisa mangrupa aktivitas guru enggoning nuyun siswa dina kagiatan maham, nyieun kacindekan, mairan, nyaritakeun deui eusi regepan. Atawa mangrupa panuyun ti guru ka siswa dina enggoning milampah hal-hal anu kawilang perlu sabada mireng jeung ngaregepkeun wacana regepan. Ngaregepkeun intensif lumangsung kalawan sinambung, diarahkeun pikeun program pangajaran basa, nya éta: ngaregepkeun kritis, ngaregepkeun konsentratif, ngaregepkeun kréatif,

ngaregepkeun eksploratif, ngaregepkeun interogatif, jeung ngaregepkeun selektif.

Unsur-unsur dasar anu perlu aya dina kagiatan ngaregepkeun nya éta paregep (receiver/nu narima informasi), panyatur (sender/nu nepikeun infomasi), bahan caritaan, pangrungu nu séhat, jeung bahasa lisan.

Ambahan Bahan Ajar ngaregepkeun ngawengku rupa-rupa kagiatan, di antarana:

bandung – kuping. Impleméntasina bisa lumangsung dina kagiatan rupaning:- ngaregepkeun warta radio, ngaregepkeun dikté, ngaregepkeun maca téks nonfiksi, ngaregepkeun maca wangun lancaran, ngaregepkeun maca wangun ugeran, ngaregepkeun maca surat, jeung lalajo pinton drama.

Pangajaran kaparigelan ngaregepkeun teu bisa dileupaskeun tina aspék kaparigelan basa séjénna. Dina prungna diajar, aktivitas siswa teu saukur ngaregepkeun, tapi dibarung ku aktivitas séjénna, kayaning maca, nulis, jeung nyarita anu istilahna disebut awor (terpadu). Upamana waé: ngaregepkeun – nulis – diskusi; ngaregepkeun – gunem catur – nulis; paguneman – nulis – maca; maca – paguneman – meraktékkeun; nulis – ngalaporkeun – medar

(26)

G. Pancén

Pikeun ngukur kamampuh Sadérék dina nyangkem bahan anu geus dipidangkeun, pék pigawé sakur pancén ieu di handap!

1. Pék jéntrékeun ku sadérék naon ari ngaregepkeun intensif téh? 2. Kumaha prak-prakan ngaregepkeun kritis téh?

3. Kumaha pamadegan sadérék kana metode nu dipaké ku guru di sakola hususna anu patali jeung materi ngaregepkeun, jéntrékeun palebah kakuranganana, jeung kumaha solusina!

4. Téhnik ngaregepkeun naon waé nu bisa dipaké sangkan ngarojong pangajaran di sakola?

5. Jéntrékeun babagian ngaregepkeun dumasar kana proses tujuana! 6. Tahapan naon waé anu dipilampah sadérék, nalika nepikeun pangajaran

ngaregepkeun di kelas!

7. Jéntrékeun konsep ngaregepkeun dumasar tiori Wilga M. Rivers! 8. Unsur-unsur naon waé nu kudu aya dina pangajaran ngaregepkeun?

9. Kumaha pamadegan sadérék kana teks guguritan anu dipaké dina pangajaran ngaregepkeun, naha teu hésé teuing?

10. Hal naon waé anu kudu ditangtukeun nalika guru rék nyieun bahan pangajaran ngaregepkeun?

H. Tés Formatif

Pilih salah sahiji jawaban anu bener! 1. Titénan kecap-kecap ieu di handap!

1) museurkeun panitén, 2) linguistik,

3) ngajén atawa verifikasi, 4) nginget-nginget

5) nataan deui

Kamampuh anu ngawarnaan prosés ngaregepkeun nyaéta…. a. 1-2-3-4

b. 1-2-3-5 c. 1-2-4-5

(27)

d. 1-3-4-5 e. 2-3-4-5

2. Kamampuh museurkeun panitén kana naon nu keur diregepkeun kacida gedé gunana pikeun….

a. ngaidéntifikasi sora-sora basa b. nyurahan informasi ti panyatur c. daya mikir atawa kakuatan paregep d. nepikeun informasi nu diregepkeunana

e. matalikeun pangalaman batiniah mangsa lawas paregep

3. Sangkan daya regep kalatih, paregep perlu boga kamampuh nangkep eusi sarta ngahubungkeun antara regepan anu ditarimana jeung kamampuh nu dipibandana nepi ka bisa nyieun hiji kacindekkan. Éta hal téh disebut…. a. persépsi

b. intelegénsi c. mikir d. motivasi e. konfirmasi

4. Ngaregepkeun nu salawasna aya dina panalingaan guru disebut ngaregepkeun…. a. ékstrinsik b. ékstensif c. produktif d. proaktif e. inténsif

5. Ngaregepkeun anu lumangsung sinambung pikeun merhatikeun kabiasaan-kabiasaan omongan nu bener, kecap, pamakéan kecap, jeung unsur-unsur kalimahna disebut ngaregepkeun….

a. kritik b. konsentratif c. kréatif d. ékploratif e. interogatif

(28)

Siswa ngaregepkeun kalangenan kalawan teu diperedih pikeun ngadémonstrasikeun pamahamanana sacara aktif.

Ungkara di luhur kaasup kana conto tahapan nu ngarojong kana mekarna kompetensi siswa ku cara….

a. niténan siswa kalawan laluasa b. idéntifikasi nu dibarengan ku rérénsi c. idéntifikasi jeung milih-milih tanpa réténsi

d. idéntifikasi sarta milih-milih kalayan reténsi nu laluasa e. idéntifikasi tur milih-milih sarta retensi nu diwatesanan

7. Pék tengetan kekecapan ieu di handap! 1) sora-sora

2) paregep 3) panyatur 4) bahan caritaan 5) pangrungu nu séhat

Unsur-unsur dasar anu perlu aya dina kagiatan ngaregepkeun nya éta…. a. 1-2-3-4

b. 1-2-3-5 c. 1-2-4-5 d. 1-3-4-5 e. 2-3-4-5

8. Pikeun nangtukeun legana ambahan téma ngaregepkeun gumantung kana … wacana regepan. a. kalungguhan b. eusi c. panyatur d. pamiarsa e. media

9. Dumasar léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina kagiatan diajar ngaregepkeun, tahapan ngajawab pertanyaan ngeunaan informasi lisan nu pondok kaasup kana tahap….

a. ngawanohkeun

b. maham tingkat handap c. maham tingkat awal d. maham tingkat panengah e. maham tingkat luhur

(29)

“Kecap, babasaan, atawa bagian-bagian mana waé anu dianggap penting ku hidep dina éta regepan?”

Ungkara di luhur bisa digunakeun pikeun meunteun kaparigelan ngaregepkeun siswa ku cara….

a. Restatement b. Affective response c. Associative Response

d. Deciding on Literary Response e. Extension Response

I. Daftar Pustaka

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. 1986. Garis-garis Besar Program

Pengajaran Bahasa Sunda. Jakarta: PN. Balai Pustaka.

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. 1994. Garis-garis Besar Program

Pengajaran Bahasa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2006. Stantar Kompetensi dan Kompetensi

Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: CV Geger

Sunten.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2013. Kurikulum Mulok Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Balai Pengembangan Bahasa dan Kesenian Daerah Provinsi Jabar.

Haerudin, Dingding. 2006. Kaparigelan Ngaregepkeun.Bandung: JPBD FPBS UPI.

Iskandarwassid, 1988. Ngaregepkeun jeung Nyarita. Bandung: FPBS IKIP Bandung.

Kardana, Kosim. 1988. Pangajaran Ngaaregepkeun. Bandung: FPBS IKIP Bandung.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda.1985. Kamus Umum Basa Sunda (KUBS): Bandung: Taraté Manglé Panglipur

Majalan Bahasa Sunda Manglé.

Tarigan, Henri Guntur. 1986. Menyimak sebagai Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

(30)

Tarigan, Jago. 1987. Materi Pokok Keterampilan Menyimak. Jakarta: Universitas Terbuka.

Wahab, Abdul Azis. 2007. Metode dan Model-model Mengajar Ilmu Pengetahuan

Sosial. Bandung: Alfabeta.

https://www.youtube.com/watch?v=OIjfgp9wC7o (diunduh, 17 Maret 2018) https://www.youtube.com/watch?v=ioKn3ZAl_Qc (diunduh 17 Maret 2018)

Referensi

Dokumen terkait

Keadaan pengeluaran ekonomi keluarga bapak Wayan Lamud dari tahun ke tahun mengalami peningkatan seiring dengan peningkatan harga bahan pokok, sedangkan penghasilan

CHAPTER III ANALYSIS OF FIGURATIVE LANGUAGE IN THE SONG LYRIC TEARS AND RAIN BY JAMES BLUNT 3.1 Biography of James Blunt.... Analysis of Figurative Language in

Krim adalah bentuk sediaan setengah padat yang mengandung satu atau lebih.. bahan obat terlarut atau terdispersi dalam dasar yang sesuai

"Jadi akan ada 6.296 guru garis depan untuk ditempatkan di 14 provinsi dan 93 kabupaten di Indonesia," kata Poppy dalam pembukaan kegiatan Pemrosesan dan Penetapan NIP CPNS

penelitian dalam skripsi ini adalah bersifat deskriptif yaitu penelitian yang menggambarkan, menelaah, dan menjelaskan serta menganalisa suatu peraturan hukum.

Penerapan PEmbelajaran Kooperatif Tipe STAD untuk Meningkatklan Hasil Belajar Siswa pada Pembelajaran Matematika tentang Pembagian Bilangan PecahanA. Universitas Pendidikan Indonesia

[r]

Pada penelitian sebelumnya belum dilakukan pengkombinasian sekam padi dan ketaman kayu sebagai bahan baku dalam pembuatan briket serta penggunaan daun jambu mete