PENILIAN SUMATIF AKHIR TAHUN MATA PELAJARAN BAHASA SUNDA
TAHUN AJARAN 2023-2024 KELAS XI MIPA/IPS A. Pilihan Ganda
Pilih salah sahiji jawaban anu benerna!
1. Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan, disebutna…..
a. Bewara d. Warta
b. Iklan e. Amanat
c. Medsos
2. Gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipake ngajawab pananya…..
a. Naon, kunaon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha b. Saha, naon, iraha, dimana, naha, kumaha
c. Iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, kamana, timana d. Naon, kunaon, saha, ku saha, mana, dimana
e. Mana, numana, dimana, timana, kamana, belah mana 3. Perhatikeun pedaran di handap!
Nami wasta abdi Soni, dibabarkeun di Bandung, 13 Februari 1997. Kiwari abdi mumbara di kota Bogor sareng kacatut janten salah sahiji siswa kelas X, disakola SMAN Bogor, Jurusan IPA. Abdi miboga kahayang anu aya kaitana sareng lingkungan sarta kasehatan, terutamina sapertos olah raga sareng jogging. Pikeun lingkungan sareng kasehatan teh mangrupakeun dua hal anu kalintang penting, anu aya patalina hiji sareng liana.
Pedaran di luhur kaasup kana…….
a. Geografi d. Leksikografi
b. Monografi e. Paleografi
c. Biografi
4. Anu disebut lead dina warta teh, nyaeta…..
a. Judul warta d. Pamungkas warta
b. Bubuka warta e. Nu nulis warta c. Waruga warta
5. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur nu dikandung ajen warta, nyaeta…..
a. Waktu (timeliness)
b. Aya patalina jeung kahirupan balarea (significance) c. Aneh (the unusual)
d. Konflik (conflict) e. Pawarta
6. Pikeun nanyakeun ‘kaayaan’ ilaharna digunakeun kecap pananya…..
a. Naon d. Naha
b. Mana e. Naon sababna
c. Kumaha
7. Ieu di handap anu lain padika atawa tatakrama siaran dina radio, nyaeta kudu…..
a. Nataharkeun heula naskah keur siaran, ulah nyigeung SARA b. Paham kana eusi naskah
c. Latihan vokal (sora)
d. Make basa anu etis (sopan, bener, tur merenah) e. Make baju anu alur tur serasi
8. Hal-hal anu henteu kaasup kana padika maca naskah warta, nyaeta kudu…..
a. Bisa maca naskah warta
b. Alus peta jeung dangdanan (mun dina TV) c. Marahmay atawa ceria (mun dina radio)
d. Alus artikulasi, lentong, jeda, jeung ngoncrang sora e. Kena dina cara diuk jeung make mik
9. Karangan rekaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur alur caritana ngarancabang (kompleks) disebut…..
a. Carpon d. Dongeng
b. Cartibag e. Novel
c. Hikayat
10. Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel, nyaeta…..
a. Karangan nonfiksi d. Latarna laluasa
b. Tokohna loba e. eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe c. Alurna panjang
11. Kecap rundayan dirarangkenan ka-an nu hartina ‘teu dihaja’, aya dina kalimah…..
a. Mang Juned kacilakaan di jalan Cagak.
b. Basa balik ti sakola, Dadan kahujanan di jalan.
c. Kang Ubun the kabuktian henteu salah.
d. Balik ti Pangandaran teh kapeutingan da macet di jalana.
e. Kuring kabeneren panggih jeung manehna di pengkolan.
12. Tulisan ngeunaan kahirupan saurang jalma, disebutna……
a. Geografi d. Leksikografi
b. Monografi e. Paleografi
c. Biografi
13. Ieu di handap anu henteu kaasup kana wanda jeung sipat riwayat hirup, nayeta……
a. Otobiografi d. Unauthoried biography
b. Biografi e. Electic biography
c. Authoried biography
14. Ieu di handap hal-hal anu ilaharna teu kaasup kana eusi biografi, nyaeta……
a. Ngaran, tempat, titimangsa lahir, jeung kulawarga b. Cita-cita jeung pangalaman pribadi
c. Kakayaan jeung harta banda nu dipiboga d. Pangalaman gawe jeung organisasi
e. Prestasi nu kungsi kacangking
15. Ieu di handap anu teu kaasup kana jasa-jasa Raden Dewi Sartika, nyaeta….
a. Ngadegkeun “Sakola Kautamaan Istri”
b. Milu bajuang ngalawan pangjajah Walanda
c. Nyusun buku ngeunaan kalungguhan wanoja Sunda
d. Ngasongkeun pamadegan yen adat-istiadat feodal the bisa dirubah e. Ngabela hak jeung kalungguhan wanoja Sunda
16. Carita panjang anu didangding tur anu digelarkeun dina puisi pupuh disebut…..
a. Beluk d. Carita pantun
b. Wawacan e. Hikayat
c. Guguritan
17. Anu ngabedakeun wawacan jeung guguritan, nyaeta……
a. Guru gatra jeung watek pupuh
b. Panjang karangan jeung wanda pupuh c. Struktur carita jeung motif carita d. Palaku carita katuk watekna e. Latar jeung situasi eusi karangan
18. Pupuh anu mindeng dipake dina wawacan, kaasup Sekar Ageung, nyaeta…..
a. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula b. Kinanti, Sinom, Maskumambang, Durma c. Kinanti, Mijil, Pucung, Wirangrong d. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Durma e. Kinanti, Asmarandana, Magatru, Pucung
19. Dina wawacan the digunakeun rupa-rupa pupuh pikeun ngagambbarkeun rupa-rupa….
a. Palaku d. Gaya basa
b. Amanat carita e. Galur carita c. Situasi (kaayaan)
20. Minangka karangan panjang dina wangun pupuh, wawacan the sok dihaleuangkeun.
Ngahaleuangkeun wawacan the disebutna…..
a. Mantun d. Beluk
b. Nembang e. Nadoman
c. Ngawih
21. Ieu di handap unsur-unsur prosa fiksi anu aya dina wawacan anu mangrupa carita, iwal….
a. Tema d. Amanat
b. Palaku e. Wirahma
c. Galur
22. Ieu di handap henteu kaasup kana kecap nu dirarangkenan tengah -al-, nyaeta….
a. Balantik d. Baleunghar
b. Lalucu e. Lalulus
c. Lalogor
23. Kecap novel asalna tina basa……
a. Perancis d. Latin
b. Walanda e. Yunani c. Inggris
24. Ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakonkeun dina carita disebut…
a. Palaku d. Amanat
b. Jejer e. Puseur sawangan
c. Latar
25. Warta teh nyaeta berita anu ditulis dumasar kana….
a. Opini d. Sawangan
b. Fakta e. Paguneman
c. Rekaan
26. Baca sempalan warta di handap!
Pamiarsa, tangara pasundan dinteun ieu, urang cekapkeun dugi kadieu. Aya saur ti sepuh urang “ dinu kiwari ngancik nu bihari. Seja ayena sampeureun jaga”. Mugia janteun lenyepaneun kanggo urang sadaya. Ngawakilan nu ngokolakeun tangara pasundan, sim kuring pun Dena Mustika Gumilang, seja amit mungkur amit mundur.
“wasalamualaikum. Wr. Wb. Hurip Sunda.
Sempalan di luhur kaasup kana struktur bagian…….. warta.
a. Judul d. Pamungkas
b. Waruga e. Headline
c. Bubuka
27. Perhatikeun pedaran ieu di handap!
1) Umumna panjang, henteu pondok kawas carpon 2) Galur caritana atawa ploy ngarancabang (loba)
3) Midangkeun rupa-rupa tokoh (palaku), kajadian, sarta medar karakter tokohna 4) Nyaritakeun kahirupan sapopoe
5) Caritana teu leuwih ti lima kaca
Tina pedaran di luhur, nu teu kaasup ciri-ciri novel nyaeta….
a. 1 d. 3 jeung 4
b. 2 jeung 3 e. 5
c. 4
28. Pek perhatikeun pedaran ieu di handap!
1) Ukuranana pondok
2) Diwangun ku hiji wanda pupuh 3) Henteu ngagalur jadi carita 4) Wanda pupuh sering jadi judul
Pedaran di luhur ka asup kana ciri-ciri…..
a. Beluk d. Carita pantun
b. Wawacan e. Hikayat
c. Guguritan
29. Pek titenan pupuh di handap!
Ieu tembang pangajaran Pilampaheun anak murid
Poma-poma masing yatna Metakeun awak pribadi
Guru lagu jeung guru wilangan pupuh di luhur, nyaeta….
a. 8a, 8i, 8a,8i d. 8a, 8a, 8i, 8i b. 8a, 8i, 8i, 8a e. 8i, 8a, 8a, 8i c. 8i, 8i, 8a, 8a
30. Biografi anu ditulis ku batur tur aya widi/idin ti tokoh anu ditulis biografina, disebut….
a. Otobiografi d. Unauthoried biography
b. Biografi e. Electic biography
c. Authoried biography B. Uraian
Jawab kalayan singget tur jentre ! 31. Naon wae struktur warta teh?
32. Sebutkeun unsur-unsur carita dina novel?
33. Naon sasaruaan jeung bedana antara biografi jeung otobiografi?
34. Naon bedana wawacan jeung guguritan?
Teks pupuh :
Ari dur bedug subuh,
Arek hudang masih keneh tunduh Rarasaan diengke-engke guguling, Tatapi lamun diturut,
Tangtu salat kudu kodo.
35. Cik tangtukeun guru wilang jeung guru laguna!