Anisa Chairunisa, 2015
Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III
METODE PANALUNGTIKAN
Métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah meunangkeun data pikeun
tujuan atawa mangpaat nu tangtu (Sugiyono, 2010, kc. 2). Métode nu dipaké
nyaéta métode déskriptif. Métode déskriptif nyaéta métode panalungtikan nu
digunakeun pikeun nalungtik kaayaan objék alamiah. Hasil panalungtikanana leuwih nekenkeun ma’na tibatan generalisasi. Ieu métode loba digunakeun pikeun panalungtikan bidang antropologi budaya (Sugiyono, 2010, kc. 8).
Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun
ngadéskripsikeun gambaran umum tempat panalungtikan, gelarna Kasenian Surak
Ibra, prak-prakan Kasenian Surak Ibra, analisis sémiotik tina unsur nu ngawangun
Kasenian Surak Ibra, ajén sosial nu aya dina kasenian Surak Ibra, sarta matalikeun
ajén sosial nu aya dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupaten
Garut pikeun pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII.
3.1 Désain Panalungtikan
Ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif. Dina panalungtikan
kualitatif sagala hal nu rék ditéangan tina objék panalungtikan masih can jelas
masalahna, sumber datana, jeung hasil nu dipiharep. Rarancang panalungtikan
mekar sanggeus panalungtik asup kana objék panalungtikan (Sugiyono, kc. 2010,
Anisa Chairunisa, 2015
Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Bagan 3.1
Anisa Chairunisa, 2015
Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sacara umum, désain panalungtikan nu dirancang dina ieu panalungtikan
nyaéta: tahap tatahar, tahap pelaksanaan, tahap ngumpulkeun data, tahap analisis
Nyieun Laporan
Observasi Ngadéskripsikeun Data Nganalisis Data Tahap Ngumpulkeun Data
Observasi Wawancara Studi Pustaka
Tahap Pelaksanaan
Ngimeutan Prak-prakan Surak Ibra Ngadokumentasikeun Prak-prakan Surak Ibra Tahap Tatahar
Survey Tempat Perizinan Mastikeun Waktu Observasi
Nyieun Daftar Patarosan Tujuan Panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun:
1. gelarna Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut;
2. prak-prakan gelarna Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut; 3. unsur-unsur seni nu aya dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut;
4. ajén sosial nu nyangkaruk dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut;
Anisa Chairunisa, 2015
Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
data, jeung tahap nyusun laporan. Dina tahap tatahar, nu dilakukeun nyaéta
nyiapkeun kalengkepan obsérvasi lapangan saperti survéy tempat, mastikeun
waktu obsérvasi, jeung nyieun daftar patarosan.
Dina tahap pelaksanaan, prosés panalungtikan ku cara niténan jeung
ngimeutan prak-prakan pagelaran Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja
Kabupatén Garut, tuluy wawancara pikeun nanya leuwih rinci ngeunaan objék nu
ditalungtik, jeung studi pustaka sangkan nambahan pangaweruh ngeunaan
Kasenian Surak Ibra. Dina tahap pelaksanaan, sacara teu langsung data nu rék
dianalisis geus kakumpulkeun ngaliwatan obsérvasi, wawancara, jeung studi
pustaka. Ku kituna, tahap pelaksanaan téh sakaligus tahap ngumpulkeun data.
Dina tahap analisis data hasil panalungtikan, data diolah sarta déskripsikeun
hasilna dina laporan panalungtikan. Eusina nyaéta gambaran umum tempat
panalungtikan, sajarah, prak-prakan, ulikan sémiotik, ajén sosial, sarta pedaran
matéri ngeunaan ajén sosial Kasenian Surak Ibra nu aya di Kecamatan Wanaraja
Kabupatén Garut pikeun pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII, tuluy
nyieun kacindekan tina hasil ngolah data.
3.2 Partisipan jeung Tempat Panalungtikan
3.2.1 Partisipan
Partisipan nyaéta jalma jeung objék nu dijadikeun narasumber dina
ngumpulkeun data panalungtikan. Nu bisa jadi partisipan dina hiji panalungtikan
nyaéta unsur masarakat nu aya patalina jeung objék panalungtikan. Partisipan bisa
disebut ogé sumber data. Nurutkeun Sugiyono (2010, kc. 215), dina panalungtikan
kualitatif teu ngagunakeun istilah populasi salaku sumber data, tapi ku Spradley dingaranan “sosial situation” atawa situasi sosial.
Partisipan nu dijadikeun narasumber dina wawancara nyaéta pupuhu
Kasenian Surak Ibra, pamaén Kasenian Surak Ibra, jeung masarakat Kampung
Sindangsari Désa Cinunuk Kecamatan Wanaraja Kabupatén Garut. Palaku
dijadikeun narasumber sabab dianggap nyaho ngeunaan Surak Ibra ti mimiti
Anisa Chairunisa, 2015
Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.2.2 Tempat Panalungtikan
Lokasi dina ieu panalungtikan nyaéta di Kampung Sindangsari Desa Cinunuk
Kecamatan Wanaraja Kabupatén Garut. Dumasar data ti désa, Cinunuk dibagi jadi
tilu dusun, nyaéta 9 RW, 33 RT, sarta 16 kampung. Kepadatan penduduk ieu désa
nyaéta 178,02 Jiwa/Ha. atawa 25,9 Jiwa/Km. Jumlah warga nu kacatet aya kana
5.296 jiwa, nu diwincik lalaki 2.663 jiwa jeung awéwé 2.633 jiwa. Sangkan bisa
nepi ka tempat lokasi, bisa maké kendaraan angkutan umum nu dituluykeun ku
ojég atawa délman, sabab tempatna lumayan jauh ti jalan raya utama.
Alesan Désa Cinunuk dijadikeun tempat panalungtikan nyaéta:
1) ieu tempat mangrupa pusat informasi nu panglengkepna ngeunaan Kasenian
Surak Ibra;
2) dina ieu tempat, mimiti mekarna Kasenian Surak Ibra nu diluluguan ku
inohong di Désa Cinunuk;
3) kagiatan latihan Kasenian Surak Ibra tempatna di sabudeureun Désa Cinunuk
sabab palaku dina ieu kasenian ogé sakabéhna mangrupa warga Désa
Cinunuk;
4) dina ieu tempat aya waktu rutin nu sacara husus pikeun minton ieu kasenian.
3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik ngumpulkeun data mangrupa léngkah nu pangpentingna dina hiji
panalungtikan. Nurutkeun Sugiyono (2010, kc. 224), ngumpulkeun data bisa
dilakukeun dina sababaraha kaayaan, sababaraha sumber, jeung sababaraha cara.
Hal-hal nu kudu diperhatikeun dina téhnik ngumpulkeun data aya tilu bagian
nyaéta léngkah tatahar saacan panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung
instrumén panalungtikan saperti nu dipedar ieu di handap.
Anisa Chairunisa, 2015
Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Saméméh panalungtikan, aya sababaraha léngkah nu kudu dipilampah sarta
disiapkeun sangkan panalungtikan bisa lumangsung sacara lancar.
Léngkah-léngkah tatahar dina ieu panalungtikan nyaéta:
1) ngajukeun judul panalungtikan;
2) nangtukeun masalah jeung objék nu rék ditalungtik;
3) ngumpulkeun sumber data panalungtikan ku cara talaah pustaka; jeung
4) nyieun proposal panalungtikan.
3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data
Ngumpulkeun data mangrupa prosés ngayakeun data primér pikeun kaperluan
panalungtikan (Daniel, 2003, kc. 133). Téhnik panalungtikan anu digunakeun
pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nyaéta: studi pustaka,
observasi, wawancara, jeung dokuméntasi.
1) Studi Pustaka
Téhnik studi pustaka dipilampah ku cara ngumpulkeun data tina
sumber-sumber tinulis nu mangrupa buku. Ieu téhnik pikeun ngadeudeulan tiori sarta
ngabandingkeun tiori jeung kanyataan di lapangan.
2) Obsérvasi
Nurutkeun Marshall (dina Sugiyono, 2010, kc. 226), ngaliwatan obsérvasi, panalungtik diajar ngeunaan paripolah, jeung ma’na tina paripolah éta sorangan. Téhnik obsérvasi digunakeun pikeun nalungtik kumaha prak-prakana kasenian
Surak Ibra, boh sacara langsung boh ngaliwatan media video.
3) Wawancara
Nurutkeun Sugiyono (2010, kc. 231), wawancara digunakeun minangka
téhnik ngumpulkeun data upamana panalungtik ngalakukeun studi pikeun niténan
masalah nu kudu ditalungtik sarta bisa nyaho ngeunaan hal nu ditalungtik ti
réspondén sacara leuwih jéntré. Téhnik wawancara digunakeun pikeun
ngawawancara tokoh, pamaén, jeung masarakat nu wanoh kana Kasenian Surak
Ibra nu aya di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut. Fungsina pikeun nambahan
Anisa Chairunisa, 2015
Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4) Dokuméntasi
Dokumén nyaéta catetan kajadian nu geus karandapan (Sugiyono, 2010,
kc.240). Téhnik dokuméntasi mangrupa bukti ngalaksanakeun obsérvasi langsung,
digunakeun pikeun ngarojong informasi data nu mangrupa gambar, foto, video
(audio, visual) nu tujuanana pikeun ngadeudeulan data sangkan diolah jeung
dianalisis kalawan jéntré.
3.3.3 Instrumén Panalungtikan
1. Alat Foto
Foto digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar (visual) dina prak-prakan
gelarna kasenian Surak Ibra sarta gambar narasumber nu diwawancara. Dina ieu
panalungtikan, alat pikeun moto nyaéta kaméra digital jeung handphone.
2. Alat Rekam
Alat rekam digunakeun pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina
téhnik wawancara jeung informan sarta digunakeun dina waktu kasenian Surak
Ibra keur gelar. Dina ieu panalungtikan, alat rekam nu digunakeun nyaéta kaméra
digital.
3. Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara masarakat nu apal
kana Kasenian Surak Ibra. Pedoman wawancara nyaéta runtuyan pertanyaan nu
ditanyakeun ka informan dina waktu wawancara ngeunaan Kasenian Surak Ibra
nu digambarkeun dina tabél di handap.
Anisa Chairunisa, 2015
Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Alamat
Daftar Pertanyaan dina Pedoman Wawancara
Rumusan Pertanyaan-Pertanyaan Wawancara
(1) (2)
Sajarah
(1)
1. Ti iraha ayana Kasenian Surak Ibra téh?
2. Saha waé nu mimiti mekarkeun Kasenian Surak Ibra?
(2)
3. Naha bet dingaranan Kasenian Surak Ibra?
4. Naon kasang tukang diadegkeun Kasenian Surak Ibra?
Prak-prakan 5. Persiapan naon waé nu kudu disiapkeun saméméh pagelaran
Surak Ibra dipintonkeun?
6. Lagu naon nu dipaké mirig dina Kasenian Surak Ibra?
7. Di mana tempat pagelaranna?
8. Iraha Kasenian Surak Ibra dipagelarkeun?
9. Sabaraha lila pintonan Surak Ibra dina unggal pagelaranana?
10. Kumaha tahapan dina prak-prakan Kasenian Surak Ibra?
Pakakas 11. Naon waé waditra nu dipaké pikeun mirig Kasenian Surak
Ibra?
12. Aya katangtuan husus teu, dina milih kostum nu dipaké atawa
pamaén Kasenian Surak Ibra téh?
13. Kumaha parobahan kostum Kasenian Surak Ibra nepi ka
ayeuna?
Unsur
Semiotik
14. Aya simbol husus teu dina waditra, pamaén, jeung bagian
Kasenian Surak Ibra?
Anisa Chairunisa, 2015
Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
16. Naon mangpaat nu dirasakeun ku masarakat Désa Cinunuk ku
ayana Kasenian Surak Ibra?
17. Masih luyu teu ieu kasenian dipagelarkeun dina jaman kiwari?
Cara
ngamumulé
18. Kumaha carana sangkan ieu kasenian teu leungit?
19. Kumaha harepan pikeun ieu kasenian ka hareupna?
20. Usaha naon nu geus dilakukeun ku Dinas Pariwisata jeung
Kabudayaan Kabupatén Garut pikeun ngariksa ieu kasenian?
3.4 Analisis Data
Analisis data nyaéta usaha ngadadarkeun data jadi bag-bagan
(decomposition), nepi ka susunan bentuk nu geus dipedar tadi katingali jéntré
jeung bisa dipikaharti (Satori jeung Komariah, 2010, kc. 97).
Téhnik ngolah data maké métode déskriptif nyaéta métode anu bisa
ngungkulan pasualan sacara aktual ku cara ngumpulkeun data, nyusun data,
milah-milah data, nganalisis data, sarta nafsirkeun data. Téhnik ngolah data nu
dipaké nyaéta téhnik analisis, klasifikasi data, nyusun data, sarta ngabandingkeun
data antara hasil wawancara jeung hasil studi pustaka.
Pikeun ngahontal udagan, ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik
panalungtikan déskriptif kualitatif. Sakabéh data nu geus dikumpulkeun tuluy
dianalisis. Data hasil obsérvasi dipasing-pasing sarta didéskripsikeun. Sanggeus
kitu, diolah pikeun kapentingan panalungtikan ngeunaan sajarah, prak-prakan,
ajén sosial dina Kasenian Surak Ibra sarta matalikeun jeung pangajaran nu aya di
sakola.