• Tidak ada hasil yang ditemukan

MODÉL COOPERATIVE SCRIFT DINA PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DONGÉNG.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MODÉL COOPERATIVE SCRIFT DINA PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DONGÉNG."

Copied!
40
0
0

Teks penuh

(1)

MODÉL COOPERATIVE SCRIFT

DINA PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DONGÉNG

(Ékspérimén Kuasi di Kelas VII-B SMPN I Cisompet Kab.Garut Taun Ajaran 2012/2013)

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan

ku

Tresna Resti Audiari 0900611

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

BANDUNG

(2)

MODÉL COOPERATIVE SCRIFT

DINA PANGAJARAN NGAREGEPKEUN

DONGÉNG

(Ékspérimén Kuasi di Kelas VII-B SMPN 1 Cisompet Kab.garut

Taun Ajaran 2012/2013)

Oleh

Tresna Resti Audiari

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Tresna Resti Audiari 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)
(4)

(Ékspérimén Kuasi di Kelas VII-B SMP Negeri 1 Cisompet Kab. Garut

(trezna.sweety@yahoo.com)

ABSTRAK

Penelitian ini berjudul “Modél Cooperative Scrift dina Pangajaran

Ngaregepkeun Dongéng”. Penelitian ini dilatarbelakangi oleh rendahnya kemampuan menyimak dongeng siswa kelas VII-B SMP Negeri 1 Cisompet Kab. Garut dalam mata pelajaran Bahasa Sunda. Penelitian ini bertujuan untuk (1) mengetahui hasil belajar siswa dalam menganalisis struktur dongéng sebelum menggunakan modél Cooperative

Scrift; (2) mengetahui peningkatan hasil belajar siswa dalam menganalisis struktur

dongeng setelah menggunakan model Cooperative Scrift; dan (3) mengetahui beda yang signifikan antara hasil menganalisis struktur dongéng sebelum dan sesudah menggunakan model pembelajaran Cooperative Scrift. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah studi kuasi eksperimen dengan desain penelitian pretes dan postes. Sumber data yang diambil yaitu siswa kelas VII B SMP Negeri 1 Cisompet Kab. Garut yang berjumlah 32 orang dengan rincian laki-laki 15 orang dan perempuan 17 orang. Teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah teknik tes, adapun tes yang diberikan adalah tes essey atau uraian, yang bertujuan untuk mengukur kemampuan menyimak siswa, penilaian yang dilakukan secara objektif. Dari penerapan model tersebut, didapatlah hasil penelitian sebagai berikut: 1) rata-rata hasil belajar siswa dalam menganalisis struktur dongeng sebelum menggunakan model pembelajaran

Cooperative Scrift adalah 60,9 termasuk kategori belum mampu; 2) rata-rata hasil

belajar siswa dalam menganalisis struktur dongeng setelah menggunakan model pembelajaran Cooperative Scrift adalah 76,4 termasuk kategori sudah mampu; jadi 3) ada beda yang signifikan antara kemampuan pretes dan postes hal ini dapat dilihat dari uji hipotesis yang menunjukan (5,79) > (1,71) dengan menggunakan taraf kepercayaan 95%. Oleh karena itu, ditolak dan (hipotesis kerja) diterima, artinya

model Cooperative Scrift bisa meningkatkan hasil belajar menganalisis struktur dongeng siswa kelas VII B SMP Negeri 1 Cisompet. Disarankan model ini dijadikan

bahan alternatif dalam proses pembelajaran menyimak dongeng.

Kata Kunci : Model Cooperative Scrift, Pembelajaran Menyimak Dongeng, dan Metode Eksperimen Kuasi.

1. Skripsi dibawah bimbingan Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd. dan Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd.

(5)

(Ékspérimén Kuasi di Kelas VII-B SMP N 1 Cisompet Kab. Garut

(trezna.sweety@yahoo.com)

ABSTRACT

The study is titled "Model Cooperative Scrift dina Pangajaran Ngaregepkeun Dongeng". The research is motivated by the lack of ability to listen fairy class VII-B SMP Negeri 1 Cisompet Garut subjects in Sundanese language. This study aims to (1) determine student learning outcomes in the course of analyzing the structure of a fairy tale after fairy tales listening activities, (2) knowing improving student learning outcomes in analyzing the structure of a fairy tale after using Cooperative Scrift learning model, and (3) determine significant differences between the results analyze the structure of fairy tales before and after using Cooperative Scrift learning model. The method used in this research is the study of quasi-experimental research design with pretest and posttest. Source of data taken is class VII B SMP Negeri 1 Cisompet-Garut are 32 people with the details of men 15 and women 17. The technique used in this study is a test technique, as for a given test is a test Essey or description, which aims to measure the students' listening skills, the assessment objectively. From the application of the model, results as follows: 1) the average student learning outcomes in analyzing the structure of fairy tales before using Cooperative Scrift learning model is 60.9 category have not been able, 2) the average student learning outcomes in analyzing the structure of a fairy tale after using Cooperative Scrift learning model is 76.4 category has been able, so 3) there is a significant difference between pretest and posttest ability of this can be seen from the test of the hypothesis that indicate t_itung (5.79) > t_tabel (1.71) with using a level of 95%. Therefore, H_o rejected and H_i (working hypothesis) is accepted, it means Cooperative Scrift models can improve learning outcomes to analyze the structure of fairy tales class VII B SMP Negeri 1 Cisompet. Suggested model is used as an alternative material in the process of learning to listen fairy tale.

Keyword : Cooperative Scrift method, learning to listen fairy tales, quasi-experimental methods

(6)

DAPTAR EUSI

PANGJAJAP ... i

TAWIS NUHUN ... ii

ABSTRAK ... iv

DAPTAR EUSI ... .. v

DAPTAR TABEL ... viii

DAPTAR LAMPIRAN ... ix

DAPTAR SINGGETAN ... x

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5

1.2.1 Watesan Masalah ... 5

1.2.2 Rumusan Masalah ... 5

1.3 Tujuan Panalungtikan... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi ... 6

BAB II MODÉL COOPERATIVE SCRIFT, PANGAJARAN NGAREGEPKEUN JEUNG DONGÉNG 2.1 Ngaregepkeun ... 8

2.1.1 Wangenan Ngaregepkeun ... 8

2.1.2 Tahap-tahap Ngaregepkeun ... 10

2.1.3Wanda Ngaregepkeun ... ... 11

2.1.4 Tujuan Ngaregepkeun ... 13

2.1.5 Kamampuh Ngaregepkeun ... 15

2.1.6 Prosés Ngaregepkeun ... 16

2.1.7 Mangpaat Ngaregepkeun ... 17

2.1.8 Faktor-faktor nu Mangaruhan Kualitas Ngaregepkeun ... 17

2.2 Dongéng ... 18

2.2.1 Wangenan Dongéng ... 18

(7)

2.2.3 Sajarah kamekaran Dongéng ... 20

2.2.4 Unsur-Unsur Dongéng ... 21

2.3 Pangajaran Ngaregepkeun Dongéng ... 24

2.4 Modél Pangajaran Cooperative Scrift ... 25

2.4.1 Wangenan Cooperatif Scrift... 25

2.4.2 Léngkah-léngkah Modél Pangajaran Cooperatif Scrift ... 26

2.5 Modél Cooperative Scrift dina pangajaran Ngaregepkeun Dongéng ... 27

2.5.1 Prinsip-prinsip ... 27

2.5.2 Léngkah-léngkah ... 28

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan ... 30

3.2 Métode Panalungtikan ... 30

3.3 Desain Panalungtikan ... 31

3.4 Wangenan Operasional ... 32

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 34

3.5.1 Kisi-Kisi Soal ... 34

3.5.2 Soal jeung Pedoman Meunteun Soal ... 35

3.6 Uji Instrumén ... 38

3.6.1 Nguji Validitas ... 38

3.6.2 Nguji Réliabilitas ... 40

3.6.3 Daya Pangbéda ... 41

3.6.4 Tingkat kasulitan ... 42

3.7 Prosédur Penelitian... 43

3.7.1 Téhnik Ngumpulkeun data ... 43

3.7.2 Téhnik Ngolah Data ... 44

BAB IV KAMAMPUH SISWA KELAS VII B SMPN 1 CISOMPET-GARUT DINANGANALISIS STRUKTUR DONGENG NGAGUNAKEUN MODEL COOPERATIVE SCRIFT 4.1 Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng Ngagunakeun Modél Pangajaran Cooperative Scrift ... 51

(8)

4.1.2 Kamampuh Pascatés Nganalisis Struktur Dongéng Ngagunakeun Modél

Pangajaran Cooperative Scrift Siswa Kelas VII B SMPN 1 Cisompet ... 54

4.2 Bédana Antara Hasil Diajar Pratés Jeung Pascatés Sabada Ngagunakeun Modél Cooperative Scrift Siswa Kelas VII B SMPN 1 Cisompet ... 56

4.2.1 Uji Sipat Data ... 57

4.2.2 Uji Gain ... 65

4.2.2 Uji Hipotésis ... 68

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 72

5.2 Saran ... 73

DAFTAR PUSTAKA ... 74

LAMPIRAN-LAMPIRAN

(9)

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Prosés diajar-ngajar mangrupa kagiatan penting sabab ngaliwatan prosés

diajar siswa diperedih robah pangaweruhna, kaparigelanana, jeung sikepna kana

kaayaan anu leuwih hadé.

Rahman (2006:25) nétélakeun yén diajar téh nya éta hiji prosés usaha anu

dipigawé ku hiji jalma pikeun meunangkeun hiji parobahan paripolah nu anyar

sacara menyeluruh, minangka hasil pangalamanna sorangan dina interaksi jeung

lingkunganna.

Lumangsungna prosés diajar-ngajar dipangaruhan ku stratégi pangajaran.

Ari stratégi pangajaran mangrupa salasahiji bagian tina komponén diajar-ngajar.

Dina hakékatna komponén diajar-ngajar téh mangrupa pangaruh, bimbingan,

arahan ti hiji jalma anu geus déwasa pikeun budak anu can déwasa supaya jadi

déwasa, mandiri jeung miboga kapribadian anu hadé. Kapribadian anu dimaksud

didinya nya éta sagala aspék anu geus asak di antarana cipta, rasa, jeung karsana.

Komponén-komponén pangajaran téh ngawengku guru jeung murid

minangka subjék diajar, tujuan anu hayang dihontal, bahan ajar, métode, téhnik

jeung modél diajar, alat jeung sarana, sumber pangajaran sarta évaluasi. Dina

lumangsungna kagiatan diajar ngajar, guru diperedih kudu ngawasa bahan

pangajaran, maksudna nya éta guru kudu bisa milih bahan anu luyu jeung tingkat

kamampuh siswa sarta bisa nerangkeun éta bahan pangajaran kalawan ngirut

minat siswa. Guru kudu parigel milih métode anu luyu jeung kaayaan murid sarta

luyu kana aturan jeung tujuan pangajaran, sangkan bisa lumangsung kagiatan

diajar-ngajar anu épéktif.

Dina KTSP (Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan), pangajaran basa

Sunda di SMP téh ngawengku opat kaparigelan basa nya éta ngaregepkeun,

nyarita, maca, jeung nulis. Maca jeung ngaregepkeun mangrupa dua kamahéran

(10)

kamahéran basa anu sipatna produktif. Dina prungna prosés diajar-ngajar, éta

kaopat aspék kaparigelan basa téh dipiharep mibanda porsi anu saimbang.

Dina pangajaran basa moal bisa dileupaskeun tina sastrana. Antara basa

jeung sastra téh miboga tatali anu raket kalawan silih lengkepan boh kana basana

boh kana sastrana.

Kecap sastra téh asalna tina kecap Sangsekerta; sas jeung tra. Sas téh akar kecap dina kecap rundayan nu hartina: ngarahkeun; ngajarkeun; ngawulangkeun; méré pituduh atawa paréntah; intruksi. Tra téh mangrupa kecap ahiran nu biasana nuduhkeun alat; pakakas; sarana (device). Upama dihijikeun jadi ‘sastra’, nu hartina pakakas pikeun ngajar; buku pituduh; buku intruksi atawa buku pangajaran, (Koswara, 2009:3).

Karya sastra téh kabagi kana dua wangun nya éta puisi jeung prosa. Ari

puisi mangrupa karya sastra anu kauger, sedengkeun prosa mah ditulis dina

wangun lancaran. Prosa nu gelar dina mangsa heubeul, salasahijina nya éta

dongéng. Rupa-rupa dongéng kayaning fabel, parabel, mite, sagé, jeung legenda.

Sedengkeun karya sastra prosa nu gelar dina mangsa anyar, nya éta carita pondok,

roman, jeung novél.

Luyu jeung ieu panalungtikan anu dipuseurkeun nya éta lebah dongéng.

Rusyana (1978:18) nétélakeun yén dongéng nya éta carita anu umumna parondok

sarta di jerona sok aya unsur pamohalan, upama dina jalan caritana, palakuna

atawa waktu kajadianna.

Dongéng anu mangrupa salasahiji karya sastra prosa heubeul ieu perlu

diajarkeun di sakola. Pangajaran dongéng aya rengkolna dina KTSP (Kurikulum

Tingkat Satuan Pendidikan) widang studi Basa Sunda pikeun SMP kelas VII,

kalungguhan pangajaran dongéng aya dina aspék kaparigelan ngaregepkeun jeung

maca. Pangajaran dongéng dina aspék ngaregepkeun nya éta dina kompeténsi

Menyimak Pembacaan Dongéng. Salasahiji aspék nu bisa dipeunteun dina

pangajaran dongéng ieu nya éta dina aspék nganalisis eusi jeung struktur

dongéngna.

Struktur téh bisa dihartikeun ayana hubungan anu tetep antara

bagian-bagian atawa élémén-élémén anu aya di jerona. Pon kitu deui struktur dongéng

(11)

téh di antarana téma, palaku, watek, galur, latar, suasana, jeung amanat.

Pentingna siswa mikanyaho struktur dongéng nya éta sangkan siswa bisa

nyangkem sarta maham kana eusi dongéng. Ku kituna, pikeun mikanyaho tepi ka

mana siswa bisa nyangkem eusi dongéng, salasahiji carana nya éta ngaliwatan

kagiatan nganalisis struktur dongéng. Ari struktur dina dongéng téh kabagi kana 2

rupa, aya unsur intrinsik jeung unsur ekstrinsik. Ieu panalungtikan leuwih

dihususkeun kana nganalisis unsur intrinsikna wungkul. Koswara (2009:90)

nétélakeun yén unsur intrinsik dongéng téh ngawengku 1) téma, 2) amanat, 3)

galur, 4) palaku, jeung 5) latar, sedengkeun numutkeun Sutrisno (dina Koswara,

2009:14) unsur-unsur intrinsik téh ngawengku téma, plot, struktur ruang, struktur

waktu, jeung latar.

Dina pangajaran ngaregepkeun dongéng kapanggih yén masih kénéh loba

siswa anu can bisa maham kana eusi dongéng anu geus diregepkeunna. Katitén

nalika guru nanya ka siswa ngeunaan eusi dongéng anu diregepkeun, dina

kanyataanna éta dongéng téh teu pati bisa kacangkem ku siswa. Loba sababaraha

alesan anu ngalantarankeunna, salasahijina bisa tina faktor pribadi siswa sarta

kurangna kaparigelan guru ngagunakeun sababaraha stratégi diajar dina nepikeun

pangajaran di kelas. Hal ieu nyababkeun suasana diajar di kelas jadi monoton.

Dumasar kana uraian tadi, diperlukeun sababaraha stratégi ngajar pikeun

dipaké dina pangajaran ngaregepkeun dongéng. Tujuanna nya éta pikeun nyieun

kagiatan diajar ngajar di kelas leuwih produktif. Maka, perlu diayakeun salasahiji

métode ngajar anyar. Sakumaha ilaharna guru-guru di sakola ngagunakeun

métode ceramah biasa dina ngajarna, nu nalungtik néangan jalan alternatif séjén.

Nu nalungtik néngan cara ngajar anu matak teu pikaboseneun, nya éta ku cara

ngagunakeun salasahiji modél pangajaran anu luyu jeung pangajaran

ngaregepkeun. Modél pangajaran anu rék digunakeun dina ieu panalungtikan nya

éta Cooperative Scrift. Ieu modél pangajaran basa dipiharep bisa ngaronjatkeun

hasil diajar siswa dina nganalisis struktur dongéng sabada maranéhna

ngaregepkeun.

Léngkah-léngkah modél pangajaran Cooperative Scrift di antarana nya éta

(12)

minangka panyatur, siswa nu kaduna minangka paregep; guru ngaluarkeun téks

matéri pangajaran pikeun dibacakeun; siswa ngaregepkeun; sanggeus bérés

ngaregepkeun, siswa di unggal kelompokna silih tukeur informasi ngeunaan

matéri nu ditepikeun ku guru; siswa anu tugasna salaku panyatur mikeun

informasi nu dipibeunang ku manéhna ka paregep; siswa dina kelompokna silih

baganti peran; jeung guru jeung siswa nyieun kacindekan.

Tina léngkah-léngkah éta bisa katitén yén dina modél pangajaran

Cooperative Scrift siswa diperedih kudu bisa ngaregepkeun anu hadé. Sabab dina

prosésna siswa kudu bisa ngaguar sagala hal anu kapanggih sabada

ngaregepkeun, tuluy ngainformasikeun pamanggihna ka batur sakelompokna.

Siswa ngagali pangaweruh nu aya dina dirina pikeun dipatalikeun jeung matéri

anu geus diregepkeunna. Ieu modél pangajaran gé bisa ningkatkeun daya inget

siswa, lantaran dina léngkah-léngkahna aya kagiatan siswa silih tukeur informasi

anu dipibeunangna ka batur sakelompokna salaku batur gawé bareng.

Pedaran anu ngabahas perkara ngaregepkeun dongéng kiwari geus loba,

boh nu mangrupa artikel boh tina hasil panalungtikan. Panalungtikan anu medar

perkara ngaregepkeun dongéng di sakola-sakola di antarana nya éta:

1) Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng Ngagunakeun Média Audio

di Kelas VII SMPN 12 Bandung Taun Ajaran 2008-2009 (Ivan

Sufaran, 2009); jeung

2) Babandingan Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng Siswa Kelas

VII SMPN 45 Bandung Ngagunakeun Média Langsung jeung

Média Teu Langsung (Riesty Prawisda Santrie, 2010).

Saperti panalungtikan anu disebutkeun tadi, ieu panalungtikan gé sarua

baris nalungtik hasil diajar siswa dina ngaregepkeun dongéng. Panalungtikan tadi

ngagunakeun modél jeung media pangajaran anu béda. Ku sabab tacan aya nu

medar perkara ngaregepkeun dongéng ngagunakeun Modél Cooperative scrift, ku

kituna perlu dilaksanakeun panalungtikan anu judulna Modél Cooperative Scrift

dina Pangajaran Ngaregepkeun Dongéng (Ékspérimén Kuasi di Kelas VII B

(13)

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Watesan masalah dina panalungtikan kacida pentingna énggoning

nangtukeun panalung tikan leuwih museur kana tujuan. Sangkan teu lega teuing

ambahanana, masalah dina ieu panalungtikan baris diwatesanan. Ieu

panalungtikan leuwih museur kana pangajaran ngaregepkeun dongéng parabel anu

ngagunakeun modél Cooperative Scritf pikeun ningkatkeun hasil diajar

nganalisis struktur dongéng wangun unsur intrinsikna wungkul, anu ngawengku

téma, palaku, pasipatan, latar (sétting), galur, jeung amanat. Jadi, watesan masalah

dina ieu panalungtikan nya éta modél Cooperative Scrift dina pangajaran

ngaregepkeun dongéng parabel pikeun nganalisis unsur intrinsikna ka siswa

kelas VII B SMP Negeri I Cisompet Kab.Garut Taun Ajaran 2012/2013.

1.2.2 Rumusan Masalah

Rumusan masalah dina ieu panalungtikan diantarana saperti ieu di handap.

1) Kumaha hasil diajar nganalisis struktur dongéng siswa kalawan ngagunakeun

Modél pangajaran Cooperative Scrift?

2) Naha modél pangajaran Cooperative Scrift bisa ningkatkeun hasil diajar

nganalisis struktur dongéng siswa?

3) Naha aya béda anu signifikan antara hasil diajar nganalisis struktur dongéng

siswa saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Cooperative

Scrift?

1.3Tujuan Panalungtikan

Dina unggal panalungtikan tangtu miboga udagan. Ieu

panalungtikan miboga udagan, nya éta pikeun ngadéskripsikeun:

1) hasil diajar nganalisis struktur dongéng siswa kalawan ngagunakeun

(14)

2) ningkat atawa henteuna hasil diajar nganalisis struktur dongéng siswa

kalawan ngagunakeun modél pangajaran Cooperative Scrift; jeung

3) bédana anu signifikan antara hasil diajar nganalisis struktur dongéng siswa

saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Cooperative Scrift.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1) Mangpaat teoritis

Sacara téoritis ieu panalungtikan dipiharep bisa méré rujukan pikeun guru

sangkan leuwih parigel dina ngagunakeun rupa-rupa modél pangajaran nalika

nepikeun matéri pangajaran di kelas.

2) Mangpaat praktis

Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep bisa méré rujukan yén modél

pangajaran Cooperative Scrift téh bisa diterapkeun dina pangajaran ngaregepkeun

dongéng. Hal ieu téh nambahan kaweruh pikeun lembaga-lembaga atikan dina

usaha ngaronjatkeun mutu pangajaran di sakola, hususna pangajaran Basa jeung

Sastra Sunda, sarta ngaliwatan pangajaran dongéng dipiharep bisa nanjeurkeun

ajén-ajén budaya Sunda nu aya di masarakat.

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi

A. Bagian Awal

1. Lembar judul

2. Lembar pengesahan skripsi

3. Pangjajap

4. Tawis Nuhun

5. Abstrak

6. Daptar Eusi

7. Daptar Tabel

(15)

B. Bagian Eusi

BAB I BUBUKA

1. Kasang Tukang Panalungtikan

2. Watesan jeung Rumusan Masalah

3. Tujuan Panalungtikan

4. Mangpaat Panalungtikan

5. Sistematika Nyusun Skripsi

BAB II KAJIAN TIORI

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

1. Sumber Data Panalungtikan

2. Metode Panalungtikan

3. Desain Panalungtikan

4. Wangenan Operasional

5. Instrumén Panalungtikan

6. Prosédur Panalungtikan

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG ANALISIS DATA

1. Déskripsi Data Hasil Panalungtikan

2. Analisis Data

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

1. Kacindekan

(16)

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar ngeunaan sumber data, métode jeung téhnik

panalungtikan, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik

ngolah data.

3.1 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta nya éta hasil diajar nganalisis

struktur dongéng siswa kelas VII B SMP Negeri 1 Cisompet Kabupatén Garut

taun ajaran 2012/2013.

Tabél 3.1

Jumlah Siswa Kelas VII-B SMPN 1 Cisompet

Jenis Kelamin Jumlah

Awewe 17

Lalaki 15

Jumlah 32

Jumlah siswa sakabéhna aya 32 urang. SMP Negeri 1 Cisompet téh

perenahna di Jln. Raya Cisompet No. 743 Tlp. 0262 513214 Cisompet-Garut.

3.2 Métode Panalungtikan

Métode asal kecapna tina methodos (Yunani) anu hartina jalan atawa cara.

Métode mangrupa hiji rarancang anu disusun sacara sistematis pikeun

ngalaksanakeun hiji hal. Ku kituna, ieu panalungtikan ngagunakeun métode

Ékspérimén Kuasi. Desain panalungtikanna aya tilu rupa; 1) One-shot Case Study,

2) One-Group Pretest-Posttest Design, jeung 3) Intact-Group Comparison.

Sedengkeun ieu panalungtikan mah ngagunakeun One group pretest-posttest

design (desain kelompok pretes-postés). Ieu di handap minangka desain

(17)

Tabél 3.2 Desain Panalungtikan

Pratés Perlakuan Pascatés

X

(Sugiyono, 2011:111)

Katerangan:

=pratés

=pascatés

X =perlakuan atawa Treatment, mangrupa prosés diajar ngaregepkeun

dongéng ngagunakeun Modél Cooperative Scrift.

Dina panalungtikan anu ngagunakeun disain One group pretest-posttest,

data dicangking ti hiji kelompok (sumber data) anu geus dibéré perlakuan.

Anapon léngkah-léngkah nyangking data dina ieu desain nya éta:

a. méré pratés pikeun ngukur kamampuh sumber data saméméh dibéré

perlakuan;

b. méré perlakuan atawa treatment kana sumber data panalungtikan; jeung

c. méré pascatés salaku cara pikeun mikaweruh kamekaran kamampuh anu

dipimilik ku sumber data sabada maranéhna narima perlakuan.

Bédana kamampuh nu dipimilik ku sumber data saméméh jeung sabada

perlakuan bisa ditempo ngaliwatan babandingan skor pratés jeung pascatés.

Dipilihna One group pretest-posttest design dina métode panalungtikan

ieu lantaran pikeun nguji hasil diajar siswa saméméh jeung sabada dibéré

perlakuan atawa treatment.

3.3 Desain Panalungtikan

Dina panalungtikan mikabutuh ayana desain, nu dimaksud desain tina

(18)

pelaksanaan panalungtikan. Ku kituna desain dina ieu panalungtikan

léngkah-léngkahna nya éta:

1) néangan hiji masalah dina pangajaran ngaregepkeun, anu baris dijadikeun

sumber data dina ieu panalungtikan;

2) ngumpulkeun sarta nyusun sababaraha téori anu aya patalina jeung

pangajaran ngaregepkeun dongéng;

3) téori-téori anu geus disusun tuluy dipatalikeun jeung modél pangajaran

Cooperative Scrift anu rék dipaké atawa anu rék diuji cobakeun dina

pangajaran ngaregepkeun dongéng;

4) sabadana dijieun léngkah-léngkah diajar ngagunakeun modél Cooperative

Scrift dina pangajaran ngaregepkeun dongéng, tuluy ieu modél pangajaran

téh diuji cobakeun ka siswa kelas VII-B SMP Negeri 1 Cisompet Kabupatén

Garut kalawan ngagunakeun métode panalungtikan kuasi ékspérimén One

group pretest-posttest design nu teu ngagunakeun kelas kontrol salaku

pembanding; jeung

5) uji coba modél pangajaran Cooperative Scrift ka siswa kelas VII-B SMPN 1

Cisompet Kabupatén Garut ieu bakal ngahasilkeun data dina wangun angka.

Data-data éta tuluy dianalisis tepi ka ngahasilkeun hiji kacindekan anu luyu

jeung tujuan panalungtikan anu rék dihontal.

3.4 Wangenan Operasional

Dumasar kana pedaran panalungtikan anu sipatna leuwih tioritis, ieu

di handap baris dijéntrékeun deui wangenan panalungtikan anu leuwih

operasional.

a. Modél Cooperative Scrift

Nya éta modél pangajaran anu ngagunakeun scrift atawa naskah anu

dipaké ku guru dina nepikeun matérina. Naskah éta dibacakeun ku guru

anu saterusna diregepkeun ku siswa. Dina modél pangajaran ieu siswa

diperedih sangkan bisa gawé bareng jeung batur sakelompokna. Ieu modél

(19)

lumangsung kagiatan silih tukeur informasi jeung batur sakelompok

ngeunaan matéri anu ditepikeun ku guru. Léngkah-léngkah gawéna saperti

ieu di handap.

1) guru ngelompokeun murid duaan-duaan;

2) guru nangtukeun murid nu kahiji minangka panyatur, murid nu kaduna

minangka paregep;

3) guru ngaluarkeun téks matéri pangajaran pikeun dibacakeun;

4) murid ngaregepkeun;

5) sanggeus bérés ngaregepkeun, murid di unggal kelompokna silih tukeur

informasi ngeunaan matéri nu ditepikeun ku guru;

6) murid anu tugasna salaku panyatur mikeun informasi nu dipibeunang

ku manéhna ka paregep. Sedengkeun tugas paregep:

 ngaregepkeun kalayan saregep; jeung

 nginget ideu-ideu pokona sabari matalikeun informasi ti panyatur jeung pangaweruh nu dipibeunang ku manéhna.

7) murid dina kelompokna silih baganti peran. Nu tadina jadi panyatur,

ganti peran jadi paregep. Pon kitu deui nu tadina jadi paregep, ganti

peran jadi panyatur; jeung

8) guru jeung murid nyieun kacindekan.

b. Pangajaran Ngaregepkeun Dongéng

Nya éta pangajaran anu dijerona aya aktivitas siswa dina mirengkeun

matéri dongéng boh anu dibaca boh nu diputer tina rékaman. Kagiatan

ngaregepkeun ieu mangrupa kagiatan ngadangukeun kalawan saregep sarta

miboga tujuan pikeun meunangkeun fakta atawa informasi ngeunaan hiji

hal nu diregepkeunana. Ku kituna dina kagiatan ieu mikabutuh ayana

konséntrasi anu hadé pikeun maham sagala hal anu nyangkaruk dina

dongéng, salasahijina ngeunaan unsur intrinsikna anu ngawengku téma,

(20)

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés.

Numutkeun Arikunto (2006:150) tés nya éta saruntuyan pertanyaan atawa latihan

sarta alat lianna anu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh,

kamampuh atawa bakat anu dipimilik ku individu atawa kelompok.

Tés digunakeun pikeun ngukur hasil diajar nganalisis struktur dongéng

siswa dina pangajaran ngaregepkeun dongéng. Tés anu dibikeun ka siswa nya éta

wangun éséy atawa uraian. Tés uraian ieu jumlahna aya salapan soal.

Tés dilakukeun dua kali nya éta saméméh jeung sabada meunang

perlakuan atawa treatment. Tés ieu disebutna pratés jeung pascatés. Pratés miboga

tujuan pikeun ngukur hasil diajar awal siswa dina nganalisis struktur dongéng

saméméh meunang perlakuan, sedengkeun pascatés dilakukeun pikeun ngukur

pangaruh perlakuan (Modél Cooperative Scrift) kana hasil diajar nganalisis

struktur dongéng siswa.

3.5.1 Kisi-Kisi Soal

Kisi-kisi soal anu dipaké dina ieu panalungtikan tujuanana pikeun méré

watesan ngeunaan instrumén tés anu bakal dibikeun ka siswa. Kisi-kisina saperti

ieu di handap.

Tabél 3.3

KISI-KISI INSTRUMÉN SOAL

Aspék Indikator Nomor Soal

(1) (2) (3)

Eusi Nyebutkeun tokoh 1,2

Nyebutkeun latar (sétting) 3,4

Nyebutkeun amanat 5

Ngajéntrékeun galur 6,7

Nangtukeun téma 8

(21)

3.5.2 Soal jeung Pedoman Meunteun Soal

a. Soal

Instrumén soal dina ieu panalungtikan nya éta dina wangun tés

éséy atawa uraian anu jumlah aya salapan soal, saperti ieu di handap.

1. Saha waé palaku nu aya dina dongéng Budak Pahatu?

2. Kumaha pasipatan éta dua budak pahatu?

3. Di mana waé latar tempat dina dongéng Budak Pahatu?

4. Kumaha suasana nu kagambar disakurilingeun imah dua budak pahatu?

5. Amanat naon anu hayang ditepikeun ku pangarang dina dongeng anu

judulna Budak Pahatu?

6. Jéntrékeun sacara singget galur dina dongéng Budak Pahatu?

7. Sebutkeun bagian nu mana dina éta dongéng anu karasa teu asup akal?

8. Naon téma anu kapanggih dina dongéng anu judulna Budak Pahatu?

9. Jéntrékeun deui dongéng Budak Pahatu maké basa sorangan!

b. Pedoman Meunteun Soal

Instrumén tés dina wangun uraian anu jumlahna aya salapan soal

ieu perlu ditangtukeun heula skala meunteunna. Unggal soal ti mimiti nomer

hiji nepi ka nomer salapan ditangtukeun skala meunteunna sangkan

ngababarikeun nu nalungtik dina méré skor kana hasil diajar siswa.

(22)

Tabél 3.4

Pedoman Meunteun Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng (Tés Éséy)

Aspék Indikator Butir Soal Skala

(1) (2) (3) (4)

Eusi  Dapat menyimak

dongéng dengan baik

 Dapat menyebutkan

tokoh-tokoh yang ada dalam dongeng

 Dapat menyebutkan

latar tempat yang ada dalam dongeng

 Dapat menyebutkan

amanat yang terkandung dalam dongeng

 Dapat menyebutkan

alur/jalan cerita yang terdapat dalam dongeng

 Dapat menentukan

tema dari dongeng yang disimak

 Saha wae palaku nu

aya dina dongéng

Budak Pahatu?

 Kumaha pasipatan éta

dua budak pahatu?

 Di mana wae latar

tempat dongéng Budak

Pahatu?

 Kumaha suasana nu

kagambar di sakuriling imah budak pahatu?

 Amanat naon anu

hayang ditepikeun ku pangarang dina dongeng anu judulna

Budak Pahatu?

 Jéntrékeun sacara singget jalan carita dina dongéng Budak

Pahatu?

 Bagian nu mana dina

éta dongéng anu karasa teu asup akal?

 Naon téma anu

kapanggih dina dongéng anu judulna

(23)

1 2 3 4

Basa  Dapat menceritakan

kembali isi dongeng dengan menggunakan bahasa sendiri

 Pek jéntrékeun deui eusi dongéng Budak

Pahatu kalawan

ngagunakeun basa sorangan!

1-4

Jumlah 9-24

Katerangan skala meunteun:

A.Eusi

1. Saha waé palaku nu aya dina dongéng Budak Pahatu?

3= Jawaban lengkep tur luyu jeung téks dongéng

2= Jawaban rék ngadeukeutan ka nu sabenerna

1= Jawaban salah (teu luyu/teu lengkep)

2. Kumaha pasipatan éta dua budak pahatu?

2= Jawaban bener tur lengkep

1= Jawaban salah (teu luyu/teu lengkep)

3. Di mana waé latar tempat dina dongéng Budak Pahatu?

2= Jawaban bener tur lengkep

1= Jawaban salah (teu luyu/teu lengkep)

4. Kumaha suasana nu kagambar di sakuriling imah budak pahatu?

2= Jawaban bener tur lengkep

1= Jawaban salah (teu luyu/teu lengkep)

5. Amanat naon anu hayang ditepikeun ku pangarang dina dongeng anu

judulna Budak Pahatu?

3= jawaban lengkep tur luyu jeung téks dongéng

2= jawaban rék ngadeukeutan ka nu sabenerna

1= jawaban salah (teu luyu/teu lengkep)

6. Jéntrékeun sacara singget jalan carita dongéng Budak Pahatu?

3= jawaban lengkep tur luyu jeung téks dongéng

(24)

1= Jawaban salah (teu luyu/teu lengkep)

7. Bagian nu mana dina éta dongéng anu karasa teu asup akal?

2= Jawaban bener tur lengkep

1= Jawaban salah (teu luyu/teu lengkep)

8. Naon téma anu kapanggih dina dongéng anu judulna Budak Pahatu?

3= Jawaban lengkep tur luyu jeung téks dongéng

2 = Jawaban rék ngadeukeutan ka nu sabenerna

1= Jawaban salah (teu luyu/teu lengkep)

B.Basa

9. Jéntrékeun deui dongéng Budak Pahatu maké basa sorangan!

4= Jawaban lengkep tur luyu jeung téks dongéng

3= jawaban kurang lengkep tapi luyu jeung téks dongéng

2= jawaban singget hampir ngadeukeutan ka nu sabenerna

1= jawaban salah (teu luyu/teu lengkep)

Pikeun meunteun hasil ngaregepkeun siswa kana dongéng anu geus

diregepkeun, digunakeun padoman meunteun saperti tabél 3.4 Dumasar kana

pedoman diluhur, skor maksimalna nya éta 24, skor anu kahontal ku siswa

dirobah jadi skor atah kalawan ngagunakeun rumus ieu di handap.

3.6 Uji Instrumén

3.6.1 Nguji Validitas

Soal tés anu dipaké pikeun ngukur kamampuh ngaregepkeun dongéng

perlu di ujicobakeun heula. Rumus anu dipaké pikeun ngitung valid jeung

henteuna hiji tés nya éta saperti ieu di handap.

Skor atah =

(25)

{ }

Katerangan:

koéfésién korélasi antara variabel X jeung Y X = skor item

Y = skor total N = jumlah pamilon

(Sudjono, 1998:181)

Pikeun mikanyaho interprétasi luhur-handapna validitas koéfisiéun

korélasina diklasifikasikeun saperti dina tabél di handap.

Tabél 3.5

Klasifikasi Interprétasi Validitas

"r" Interpretasi

0,80 - 1,00 Luhur pisan

0,60 - 0,80 luhur

0,40 - 0,60 Cukup

0,20 - 0,40 Handap

0,00 - 0,20 Handap pisan

Instrumén anu dipaké pikeun ngukur kamampuh siswa ngaregepkeun

dongéng ngagunakeun modél pangajaran kudu diuji heula validitasna. Hasil uji

validitas nétélakeun yén instrumén nu digunakeun valid atawa henteu. Uji

validitas ngagunakeun rumus Alpha Cronbach kalawan bantuan program

Microsoft Excel. Sangkan leuwih écés bisa ditingali dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.6

Hasil Uji Validitas Butir Soal No

Urut

No

Soal Koefesien Kategori Kriteria

1 2 3 4 5

1 1 0,31848 Handap Valid

2 2 0,3021 Handap Valid

(26)

1 2 3 4 5

4 4 0,43122 Cukup Valid

5 5 0,60839 Luhur Valid

6 6 0,7784 Luhur Valid

7 7 0,62703 Luhur Valid

8 8 0,53016 Cukup Valid

9 9 0,6882 Luhur Valid

Cat: (95%) = 0,171 kalawan db = 31

3.6.2 Nguji Réliabilitas

Sanggeus kapanggih validitasna, léngkah saterusna nya éta ngitung

réliabilitas tés. Dina ieu panalungtikan pikeun nguji réliabilitas digunakeun rumus

Alpha Cronbach. Rumusna nya éta:

=

katerangan:

= reliabilitas k = jumlah soal

= jumlah varians unggal item = varians tina skor total 1 = bilangan tetap

Pikeun napsirkeun koéfésién tina hasil itungan réliabilitas, bisa

diinterprétasikeun ngagunakeun formula saperti ieu di handap.

Tabél 3.7

Klasifikasi Interprétasi Réliabilitas

"r" Interpretasi

0,80 - 1,00 Luhur pisan

0,60 - 0,80 luhur

0,40 - 0,60 Cukup

0,20 - 0,40 Handap

(27)

Sanggeus diuji validitasna, saterusna nya éta nguji réliabilitas. Uji

réliabilitas ngagunakeun rumus Alpha Cronbach kalawan bantuan program

Microsoft Excel. Sangkan leuwih jéntré, hasil uji réliabilitas bisa dititénan dina

tabél ieu di handap.

Tabél 3.8

Hasil Uji Réliabilitas Soal

Kategori Kriteria

0,70051 Luhur Reliabel

3.6.3 Daya Pangbéda

Salasahiji cara pikeun ngukur layak henteuna soal atawa instrumén anu rék

digunakeun, nya éta ku cara ngitung daya pangbéda. Carana nya éta:

=

katerangan

= daya pangbéda

BL = skor bener ti kelompok luhur

BA = skor bener ti kelompok handap (asor)

N = jumlah sampel

Saterusna hasil tina daya pangbéda di luhur diklasifikasikeun, bisa katitén dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.9

Klasifikasi Daya Pangbéda

"r" Interpretasi

Negatif Goréng pisan

0,00 - 0,20 Goreng

0,21 - 0,40 Cukup

0,41 - 0,70 Alus

(28)

Hasil uji coba instrumén pikeun daya pangbéda ngagunakeun software

Microsoft Excel. Daya pangbéda pungsina pikeun mikanyaho layak atawa

henteuna instrumén anu digunakeun, bisa dititénan dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.10

Hasil Uji Daya Pangbéda

No. Soal BL BA DP Interpretasi

1 5 0 0,16 goreng

2 9 0 0,28 cukup

3 9 0 0,28 cukup

4 9 0 0,28 cukup

5 9 0 0,28 cukup

6 9 0 0,28 cukup

7 9 0 0,28 cukup

8 3 0 0,09 goreng

9 6 0 0,28 cukup

3.6.4 Tingkat Kasulitan

Soal tés dianggap alus upama miboga tingkat kasulitan jeung daya

pangbéda. Tingkat kasulitan anu hadé antara 20% nepi ka 75%. Anapon

léngkahna nya éta ieu di handap.

a) Lembar jawaban siswa disusun ti mimiti peunteun panggedéna nepi ka

peunteun pangleutikna. Cokot 27% tina jawaban siswa, boh ti kelompok

luhur (BL) boh ti kelompok handap (BA).

b) Dina nangtukeun tingkat kasulitan digunakeun rumus:

TK =

katerangan:

(29)

SM = jumlah skor maksimum item

Klasifikasi tingkat kasulitan bisa katitén dina tabél di handap.

Tabél 3.11

Klasifikasi Tingkat Kasulitan Tingkat kasulitan Interpretasi

0,00 - 0,30 Hésé

0,31 - 0,70 Cukup

0,71 - 1,00 Babari

Sanggeus diuji validitas jeung réliabilitasna instrumén kudu diuji

kasulitanana pikeun mikanyaho hésé atawa henteuna instrumén anu digunakeun

pikeun panalungtik. Ieu di handap mangrupa hasil uji coba tingkat kasulitan

kalawan ngagunakeun bantuan Microsoft Excel.

Tabél 3.12

Hasil Uji Tingkat Kasulitan No.

Soal IK Interprétasi

1 2 3

1 0,6458 Cukup

2 0,7656 Babari

3 0,7968 Babari

4 0,6875 Cukup

5 0,7291 Babari

6 0,6041 Cukup

7 0,7968 Babari

8 0,4479 Cukup

9 0,4296 Cukup

3.7 Prosédur Penelitian

3.7.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Téhnik

(30)

ka siswa dina pangajaran ngaregepkeun dongéng anu dihususkeunna nya éta lebah

nganalisis struktur dongéng bagian unsur intrinsikna.

Instrumén tés ieu aya dua bagian nya pratés jeung pascatés. Ari pratés nya

éta tés anu dibikeun ka siswa saméméh meunang perlakuan dina pangajaran

ngaregepkeun dongéng. Pascatés nya éta tés anu dibikeun ka siswa sabada

meunang perlakuan dina pangajaran ngaregepkeun dongéng. Perlakuan anu

dimaksud dina ieu panalungtikan nya éta nerapkeun modél pangajaran

Cooperative scrift dina pangajaran ngaregepkeun dongéng.

Tés anu dilakukeun tujuanna sangkan mikanyaho pangaruh modél

pangajaran Cooperative Scrift dina pangajaran ngaregepkeun dongéng, naha bisa

ngaronjatkeun hasil diajar nganalisis struktur dongéng siswa atawa henteu. Dina

prak-prakanna siswa ngaregepkeun dongéng anu dibaca ku guru, sanggeus kitu

siswa dititah nganalisis struktur dongéngna husus lebah unsur intrinsik. Satuluyna

hasil diajarna téh mangrupa angka anu dijieun data panalungtikan.

3.7.2 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data mangrupa kagiatan nganalisis jeung ngolah data.

Kagiatan nganalisis jeung ngolah data minangka cara anu digunakeun pikeun

nyangking jawaban tina pasualan dina ieu panalungtikan. Data dina ieu

panalungtikan dicangking ngaliwatan téhnik tés, ngawengku pratés jeung

pascatés. Ku sabab kitu data nu dipibeunang perlu diolah jeung dianalisis luyu

jeung kapentingan panalungtikan.

Kagiatan ngolah data ditujukeun pikeun nguji hipotésis sarta ngolah data

kotor jadi data bersih. Kagiatan nganalisis jeung ngolah data téh nya éta ku cara

mariksa jeung méré peunteun kana hasil tés sarta nyieun tabulasi data peunteun

kana tabél distribusi frékuénsi hasil tés. Sanggeus kitu dilakukeun uji sipat data

nya éta ku cara uji normalitas, uji homogénitas jeung nguji béda dua rata-rata

pikeun ngabakukeun hipotésis. Kamampuh awal siswa dina diajar saméméh

ngagunakeun modél pangajaran kudu ditéangan heula. Hal ieu miboga tujuan

(31)

Sarua henteuna kamampuh awal siswa katitén tina hasil ngolah jeung

nganalisis data. Analisis data dina ieu panalungtikan baris dilakukeun ngaliwatan

tahapan-tahapan saperti ieu di handap.

a) Méré Peunteun

Hasil pratés jeung pascatés dipariksa tuluy dianalisis. Méré peunteun kana

hasil nganalisis struktur dongéng siswa dumasar kana skala meunteun dina tabél

3.4 kalawan skor maksimalna nya éta 24. Skor anu kahontal ku siswa dirobah jadi

skor ahir kalayan ngagunakeun rumus ieu di handap.

Sangkan leuwih écés , peunteun ahir siswa ditabulasikeun dina tabél ieu di

handap.

Tabél 3.13

Skor Hasil Diajar Nganalisis Struktur Dongéng

No Wasta A B Ʃ P % Kategori

Katerangan: A = Aspék Eusi B = Aspék Basa Ʃ = Jumlah skor P = Peunteun % = Persentase Katégori:

Perséntase > 65 siswa dianggap mampuh nganalisis struktur dongéng Perséntase < 65 siswa dianggap can mampuh nganalisis struktur dongéng

Sanggeus dibéré peunteun, data peunteun pratés jeung pascatés

diabuskeun kana tabél ieu di handap.

Tabél 3.14

Daptar Peunteun Pratés jeung Pascatés

No Wasta Peunteun Pratés Peunteun Pascatés

1 2

Skor =

(32)

b. Uji Sipat Data

1) Uji Normalitas

Uji normalitas nya éta pikeun ngayakinkeun yén hasil diajar siswa téh

miboga distribusi anu normal, salaku sarat nu kudu dicumponan pikeun nguji

kamampuh dua rata-rata. Pikeun nangtukeun yén data téh miboga sipat anu

normal atawa henteu, bisa nggunakeun rumus chi kuadrat ( )

Saméméh ngagunakeun rumus chi kuadrat ( ), dilakukeun heula

léngkah-léngkah saperti ieu di handap.

a) Nangtukeun péuntéun pangleutikna jeung peunteun panggedéna.

b) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu dihandap:

r = peunteun panggedéna – peunteun pangleutikna

c) Nangtukeun jumlah kelas (k)

K = 1+ 3,3 log n

d) Ngitung panjang kelas

P =

e) Nyieun tabél frékuénsi peunteun pretés jeung pascatés

Tabél 3.15

Tabél Frékuénsi Peunteun Pretés jeung Pascatés

No Kelas Interval , N

1

2

f) Ngitung rata-rata (mean) peunteun pretés jeung pascatés

=

Ʃ Ʃ

Keterangan:

(33)

= jumlah data = nilai tengah g) Ngitung standar déviasi

Sd =

h) Ngitung Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi

(1) Nyieun Tabél Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi

Tabél 3.16

Tabél Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi

Kelas Bk Z Z (tabél) L

mangrupa frékuénsi nu diobsérvasi, sedengkeun nilai Z mangrupa hasil ngitung

tina batas kelas luhur/handap dikurangan peunteun rata-rata dibagi standar

déviasi.

(2) Nangtukeun (frékuénsi obsérvasi)

(3) Nangtukeun batas kelas (bk)

(4) Ngitung Z (transformasi normal standar bebas kelas)

Z =

(5) Nangtukeun Ambahan/Legana Unggal Kelas Interval

L=

(6) Ngitung Frékuénsi Ékspéktasi

L x N

i) Nangtukeun derajat kabébasan (dk)

(34)

k) Nangtukeun Chi Kuadrat ( )

=

l) Nangtukeun Normalitas

Pikeun nangtukeun normalitas distribusi populasi digunakeun kritéria ieu

dihandap:

˂

hartina distribusi data normal

>

hartina distribusi data teu normal

2) Uji Homogénitas

Sarua jeung uji normalitas, pikeun nangtukeun homogén henteuna data

ngagunakeun rumus chi kuadrat ( ). Léngkah-léngkahna saperti ieu di handap.

a) Nangtukeun Variasi Masing-masing Kelompok

(1) Variasi Pretés ( )

=

(2) Variasi Pascatés ( )

=

(3) Distribusi F

F =

(4) Ngitung db

db = n

1

(5) Nangtukeun F tabél

Nilai F tabél kalayan ngagunakeun taraf kapercayaan 95%.

(6) Uji Homogénitas

(35)

<

hartina variasi sampel homogén

>

hartina variasi sampel teu homogén

3) Uji Gain

Tina hasil uji gain ieu, bisa meunang gambaran ngeunaan kumaha

pangaruh digunakeunana modél pangajaran Cooperative Scrift kana hasil diajar

Basa Sunda hususna kana pangajaran ngaregepkeun dongéng sarta analisis

struktur dongéngna. Uji gain ieu pikeun nangtukeun naha aya bédana antara hasil

pratés jeung pascatés. Pikeun nangtukeun uji gain, baris ngagunakeun tabél ieu di

handap.

Tabél 3.17

Uji Gain Analisis Struktur Dongéng Ngagunakeun Modél Cooperative Scrift

No Wasta Pretés Postés Ʃ d

4) Uji Hipotésis

Pikeun nangtukeun uji hipotésis, léngkah-léngkahna nya éta ieu di handap.

a) Nyieun tabél uji jumlah rata-rata pretés jeung pascatés

Tabél 3.18

Uji jumlah Rata-rata Pratés jeung Pascatés

No Pretés Pascatés ( - )

b) Ngitung rata-rata tina béda antara peuntun pratés jeung peunteun pascatés

(36)

Md =

c) Ngitung derajat kabébasan

dk = n – 1 d) Ngitung jumlah kuadran déviasi

Ʃ

d = Ʃ

e) Ngitung t

t =

Katerangan:

t = tés signifikansi

Md = rata-rata tina béda antara peunteun pretés jeung pascatés

� = jumlah kuadran déviasi

n = jumlah subjék tina sampel

f) Nangtukeun ditarima-henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu di

handap.

a. Lamun > hipotésis ( ) ditarima, hartina Modél

pangajaran Cooperative Scrift bisa ningkatkeun hasil diajar nganalisis

struktur dongéng siswa kelas VII-B SMPN 1 Cisompet Kab. Garut.

b. Lamun < hipotésis ) ditarima, hartina Modél

pangajaran Cooperative Scrift teu bisa ningkatkeun hasil diajar

nganalisis struktur dongéng siswa kelas VII-B SMPN 1 Cisompet Kab.

(37)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil ngolah data hasil diajar nganalisis struktur dongéng

siswa kelas VII B SMPN 1 Cisompet dina bab IV, dipibeunang sababaraha

kacindekkan, di antarana dijéntrékeun saperti ieu di handap.

1) Hasil diajar nganalisis struktur dongéng siswa saméméh (pratés)

ngagunakeun modél pangajaran Cooperative Srift kaasup kana katégori

can mampuh, perséntase peunteunna nya éta 60,19% (rata-rata peunteun

60,19). Perséntase skor aspék eusi dina pratés nya éta 60,65% (rata-rata

12,13), sedengkeun dina aspék basa perséntasena 58,75% (rata-rata 2,34)

duanana kaasup kana katégori can mampuh.

2) Hasil diajar nganalisis struktur dongéng siswa sabada (pascatés)

ngagunakeun modél pangajaran Cooperative Scrift kaasup kana katégori

geus mampuh, perséntase peunteunna nya éta 76,4% (rata-rata peunteunna

76,4). Perséntase skor aspék eusi dina pascatés 74% (rata-rata 14,8),

sedengkeun dina aspék basa perséntasena 83,5% (rata-rata 3,34) duanana

kaasup kana katégori mampuh.

3) Aya peningkatan anu signifikan antara hasil diajar nganalisis struktur

dongéng siswa saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran

Cooperative Scrift. Sakumaha anu kagambar dina tabél 4.7 peunteun

pratés siswa perséntasena 60,19% ningkat jadi 76,4%. Skor pratés aspék

eusi preséntasena nya éta 60,65% ningkat dina pascatés jadi 74%.

Sedengkeun dina skor pratés aspék basa 58,75% ningkat perséntasena dina

pascatés jadi 83,5%.

4) Bedana hasil diajar pratés jeung pascatés siswa ngagunakeun modél

pangajaran Cooperative Scrift téh signifikan, sabab (5,79) >

(38)

5) Dumasar pedaran di luhur , bisa dicindekkeun yén ditolak. Hipotésis

kerja (Hi) ditarima, hartina modél pangajaran Cooperative Scrift bisa

ningkatkeun hasil diajar nganalisis struktur dongéng siswa kelas VII B

SMPN 1 Cisompét Kab. Garut.

5.2 Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan, baris dipedar sababaraha saran anu

mudah-mudahan aya mangpaatna pikeun kamajuan sakola dina mekarkeun

stratégi diajar ngajar, hususna dina pangajaran ngaregepkeun dongéng.

Saran-saran anu dimaksud di antarana saperti ieu di handap.

1) Hasil panalungtikan modél pangajaran Cooperative Scrift bisa dipaké dina

pangajaran ngaregepkeun dongéng anu judulna Budak Pahatu, ku kituna

nu nulis miharep modél pangajaran ieu bisa dipaké rujukan pikeun

pangajaran ngaregepkeun dongéng di sakola hususna di SMP.

2) Panalungtikan ngeunaan modél pangajaran Cooperative Scrift dina

ningkatkeun hasil diajar nganalisis struktur dongéng siswa anu judulna

Budak Pahatu dianggap berhasil. Ku kituna, nu nulis miharep ieu modél

lain ngan saukur dipaké dina pangajaran ngaregepkeun dongéng wungkul

tapi ogé dipaké dina pangajaran ngaregepkeun karya sastra séjénna

hususna dina wangun prosa.

3) Ieu panalungtikan ngajelaskeun ngeunaan modél pangajaran Cooperative

Scrift anu tujuanna pikeun ningkatkeun hasil diajar nganalisis struktur

dongéng siswa, kalawan ngagunakeun métode ékspérimén kuasi. Nu nulis

miharep ieu panalungtikan bisa jadi dadasar pikeun panalungtik séjén dina

(39)

DAPTAR PUSTAKA

Aminuddin. 2008. Pengantar Apresiasi Sastra. Bandung: Sinar Baru Algesindo.

Arikunto, Suharsimi. 2006. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2006. Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan.

Haerudin, Dingding. 2008. Tiori Ngaregepkeun. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah.

Iskandarwassid. 2004. Raksa Rasa (Antologi Basa jeung Sastra Sunda Katut

Pangajaranna). Bandung: Geger Sunten.

Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Sufaran, Ivan .2009. Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng Ngagunakeun Média

Audio di Kelas VII SMPN 12 Bandung Taun Ajaran 2008-2009. Skripsi

Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI Bandung: Tidak diterbitkan.

Koswara, Dedi. 2009. Racikan Sastra (Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra

Sunda). Bandung: Dosen Jurusan Pend. Bahasa Daerah & PGSD UPI.

Rahman. 2006. Teori Belajar dan Pembelajaran (Dalam Konteks Teaching and

Learning Process). Bandung: FPBS UPI.

Rahman. 2007. Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Bandung: Alqaprint Jatinangor.

Santrie, R.P. 2010. Babandingan Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng Siswa

Kelas VII SMPN 45 Bandung Ngagunakeun Média Langsung jeung Média Teu Langsung. Skripsi Jurusan Pendidikan Bahas Daerah UPI

Bandung: Tidak diterbitkan.

Rusyana, Yus. 1978. Panyungsi Sastra (Pangajaran sastra Sunda pikeun Murid

Sakola Lanjutan). Bandung: Gununglarang.

Sudaryat, Yayat. Spk. 2012. Makaya Basa Jeung Sastra Sunda. Bandung: UPI Press.

(40)

Sudijono, Anas. 1998. Pengantar Evaluasi Pendidikan. Jakarta: PT Raja Grafindo Persada.

Sugiyono. 2011. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Alfabeta.

Tarigan, H.Guntur. 1986. Menyimak Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.Press.

Referensi

Dokumen terkait

kuasi ékspérimén ka siswa kelas VII-4 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2014/2015). Modél pangajaran examples non examples nya éta modél pangajaran anu ngagunakeun

MODÉL PANGAJARAN ARTIKULASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGAREGEPKEUN CARPON Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu..

Sacara tioritis, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa mikanyaho ngaronjat atawa heunteuna kamampuh siswa dina pangajaran nulis éséy ngagunakeun Modél Concept Sentence

Kamampuh siswa kelas VII C SMPN 2 Ciwaringin Kabupatén Cirebon taun ajaran 2013/2014 dina nulis karangan déskripsi basa Sunda saméméh ngagunakeun modél

Saenggeus ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan média audio-visual ka siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014. Aya sababaraha rékoméndasi anu baris

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN 4.1 Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng Siswa Kelas VII-4 SMP Negeri 1 Tarogong Kidul Garut Taun Ajaran 2013/2014 saméméh Ngagunakeun Média

Hartina modél Time Token Arends sacara signifikan bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015 hususna dina

Hartina modél Time Token Arends sacara signifikan bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015 hususna dina