• Tidak ada hasil yang ditemukan

PRINSIP JEUNG MAKSIM OMONGAN DINA PAGUNEMANKUMPULAN CARPON PANGGUNG WAYANG KARYA AAM AMILIA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "PRINSIP JEUNG MAKSIM OMONGAN DINA PAGUNEMANKUMPULAN CARPON PANGGUNG WAYANG KARYA AAM AMILIA."

Copied!
26
0
0

Teks penuh

(1)

PRINSIP JEUNG MAKSIM OMONGAN DINA PAGUNEMAN

KUMPULAN CARPON PANGGUNG WAYANG

KARYA AAM AMILIA

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat

nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

NENO RAHMAWATI SAMSUDIN NIM 1000808

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

Prinsip jeung Maksim Omongan

dina Paguneman Kumpulan Carpon

Panggung Wayang Karya Aam

Amilia

Oleh

Neno Rahmawati Samsudin

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Neno Rahmawati Samsudin 2014

Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)
(4)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

PRINSIP JEUNG MAKSIM OMONGAN DINA PAGUNEMAN KUMPULAN CARPON PANGGUNG WAYANG

KARYA AAM AMILIA1)

NENO RAHMAWATI SAMSUDIN2)

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui dan mendeskripsikan “Prinsip jeung Maksim Omongan dina Paguneman kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia.” Dalam penelitian ini digunakan metode deskriptif analisis dengan teknik dokumentasi. Dari hasil penelitian, tercatat 841 data ujaran dalam percakapan yang dianalisis berdasarkan prinsip dan maksim ujaran, maksud ujaran, dan tahapan pragmatis. Berdasarkan prinsip dan maksim, terbagi menjadi prinsip kerjasama dan prinsip kesopanan. Di dalam prinsip kerjasama terdapat maksim kuantitas, maksim kualitas, maksim relevansi, dan maksim pelaksanaan. Sedangkan prinsip kesopanan di dalamnya terdapat maksim kebijaksanaan, maksim kedermawanan, maksim kemufakatan, maksim simpati, maksim penghargaan, dan maksim kesederhanaan. Berdasarkan maksud ujarannya ditemukan kalimat komisif, impositif, ekspresif, dan asertif. Berdasarkan tahapan pragmatisnya ditemukan tahapan pragmatis sopan, wajar, kasar, dan campuran. Diharapkan dari penelitian ini dapat bermanfaat untuk ilmu kebahasaan, dijadikan bahan pengajaran untuk guru, dan dijadikan referensi oleh mahasiswa dalam mata kuliah yang berkaitan dengan ilmu kebahasaan bahasa Sunda, khususnya yang berkaitan dengan prinsip dan maksim.

1)

Skripsi ini dibimbing oleh Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum., dan Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd

2)

(5)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

PRINSIPLE AND MAXIM UTTERANCES IN CONVERSATION

IN COLLECTION OF SHORT STORY

ON

PANGGUNG WAYANG

BY AAM AMILIA

1)

NENO RAHMAWATI SAMSUDIN2)

ABSTRAK

This research has the purpose to describe the prinsiple and maxims utterances in conversation that contained in collection of short stories Panggung Wayang by Aam Amilia. As for the description is including utterances that contained in the conversation, principle and maxims utterances, speech intent and pragmatic stages maxim. The method used in this research is analytic descriptive method. The technique used in this research is documentation. The source of research is a collection of short story Panggung Wayang by Aam Amilia. From the result of the research recorded 841 utterances that analysis based on the principle and maxim utterances, speech intent and pragmatic stages maxim. Based on principle and maxim, it is divided into cooperative principle and politeness principles. In cooperation principles contained in the maxim of quantity, maxim of quality, maxim of relevance, and the maxim of implementation. Meanwhile the principles of politeness maxim contained wisdom maxim, generosity maxim, cooperative maxim, sympathy maxim, awards maxim, and the simplicity maxim. Based on the mean of utterances are divided into comissive, impositive, expressive, and assertive. Based on stages of pragmatic is divided into polite pragmatic, reasonable, rough, and mix. That is expected from this study can be beneficial for the science of language, used as teaching material for teachers, and used as a reference by student in courses related to the science of language of Sundanese, particularly with respect to principles and maxims.

1)

Skripsi ini dibimbing oleh Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum., dan Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd

2)

(6)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... ...4

1.2.1 Watesan Masalah ... ...4

1.2.2 Rumusan Masalah ... ...4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... ...5

1.3.1 Tujuan Umum ... ...5

1.3.2 Tujuan Husus ... ...5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... ...5

1.4.1 Mangpaat Tioritis... ...5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... ...6

1.5 Sistematika Tulisan ... ...6

BAB II KAPRAGMATISAN WACANA, PAGUNEMAN, JEUNG ASUMSI ... ...8

2.1 Kapragmatisan Wacana ... ...8

2.1.2 Tahapan Pragmatis ... ..14

2.2 Omongan dina Paguneman ... ..16

2.2.1 Wangenan Omongan jeung Paguneman ... ...16

2.2.2 Adegan Paguneman ... ...16

(7)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.2.2.2 Kaédah Paguneman ... ...18

3.2 Désain Panalungtikan ... ...29

3.3 Métode Panalungtikan ... ...30

3.4 Wangenan Operasional ... ...30

3.5 Instrumén Panalungtikan ... ...31

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data... ...32

3.7 Téhnik Ngolah Data ... ...33

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... ...35

4.1 Data Omongan dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang ... ...35

4.2 Prinsip jeung Maksim Omongan dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang ... ...36

(8)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.2.1.1 Maksim Kuantitas ... ...36

4.3 Maksud Omongan dina Téks Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang ... ...49

4.5 Pedaran Hasil Panalungtikan ... ...54

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ... ....58

(9)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Di jaman ayeuna, loba masarakat Sunda anu teu nyunda, upamana waé

henteu reueus kana budayana sarta ngapilainkeun kana basana sorangan, nya éta

basa Sunda. Padahal basa Sunda téh mangrupa kabeungharan urang Sunda anu

kudu dijaga jeung dipaké sangkan henteu tumpur atawa punah. Lantaran saha deui

nu bisa ngajaga kabeungharan basa Sunda ari lain urang Sundana sorangan.

Basa téh mangrupa alat komunikasi anu penting dina kahirupan sapopoé

manusa. Sabab ku ayana basa, manusa bisa nepikeun kahayangna, eusi pikiranna,

sarta sagala rupa pamaksudanana. Basa nya éta sistem lambang omongan nu

dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis)

tur ragem (konvénsional) antaranggota masarakatna pikeun tujuan patali marga

atawa komunikasi (Sudaryat, 2004: 6).

Panalungtikan ngeunaan basa Sunda bisa dilaksanakeun ku

mangpirang-pirang widang katatabasaan, saperti: fonologi, morfologi, sintaksis, semantik,

jeung pragmatik. Fonologi medar perkara tata sora, morfologi medar ngeunaan

adegan kecap, sintaksis medar perkara tata kalimah, semantik medar perkara tata

harti basa, jeung pragmatik medar perkara harti di saluareun basa. Salasahiji élmu

basa anu ngulik ngeunaan kontéks éksternal basa nya éta pragmatik. Parker dina

Rahardi (2005: 48) nétélakeun yén pragmatik nya éta cabang élmu basa anu

ngulik struktur basa sacara éksternal.

Morris dina Sudaryat (2009: 6) ngawatesanan pragmatik salaku hubungan

tanda-tanda jeung nu nafsirkeunana. Téori pragmatik ngajelaskeun alesan atawa

pamikiran para panyatur jeung pamiarsa dina nyusun korélasi kontéks hiji

(10)

2

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Performansi basa bisa katiten dina komunikasi basa. Komunikasi basa

asup kana aktivitas sosial, sabab dina komunikasi aya interaksi atawa hubungan

timbal balik antara panyatur jeung pamiarsa. Komunikasi ieu bisa disebut ogé

salaku paguneman. Lian ti éta, komunikasi basa bisa lumangsung ngaliwatan

média tulis saperti carpon jeung novél. Tarigan (2009: 73) nétélakeun yén

kagiatan nyarita jeung nulis mangrupa dua tindak basa anu kawengku dina widang

rétorika. Dumasar kana éta hal, rétorika kabagi jadi dua nya éta rétorika

antarpribadi (interpersonal rhetoric) jeung rétorika tékstual (textual rhetoric).

Boh rétorika antarpribadi, boh rétorika tékstual mikabutuh prinsip gawé bareng

jeung prinsip kasopanan kaasup maksim sangkan omongan atawa caritaan nu

ditepikeun ku panyatur ka pamiarsa bisa kahontal.

Prinsip jeung maksim omongan dina paguneman diperlukeun ku unggal

jalma dina ngalakukeun paguneman sangkan komunikasina lancar. Ku ayana ieu

prinsip anu dijerona kaasup maksim, tangtu waé urang bakal apal jeung maham

kana kontéks dimana urang nyarita atawa kontéks dimana urang ngomong. Tapi,

dina prak-prakanana jarang pisan jalma anu niténan kana ieu prinsip jeung

maksim nalika ngalakukeun paguneman dina kahirupan sapopoé, padahal éta

paguneman téh dilakukeun sacara langsung, komo deui upama nilik paguneman

anu aya dina wangun tinulis anu sifatna tékstual, anu eusi atawa maksud

caritaanana kudu diteuleuman ngaliwatan maca, tangtu waé prinsip gawé bareng

jeung prinsip kasopanan anu aya dina éta téks moal bisa katitén.

Dina prinsip gawé bareng, antara panyatur jeung pamiarsa kudu bisa méré

pangdeudeul nalika nepikeun omongan. Éta hal tangtu kudu dilakukeun sangkan

maksud anu aya dina pikiran panyatur bisa katepikeun sacara jéntré, tur

kacangkem maksudna ku pamiarsa (Nursalam, 2011: 3). Sedengkeun dina prinsip

kasopanan, aya patalina jeung tatakrama basa. Sabab omongan nu rék ditepikeun

raket pisan patalina jeung kalungguhan, kakawasaan, kaakraban, kontak panyatur

jeung pamiarsa, sarta jalma nu dicaritakeun.

Dumasar kana pedaran di luhur, prinsip jeung maksim paguneman bisa

(11)

3

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

tangtu nu dipidangkeunana maké basa lisan ngaliwatan omongan langsung antara

panyatur jeung pamiarsa. Contona waé wangkongan jeung diskusi. Dina wangun

tulisan, saperti ragam basa sastra dina carpon, biasana sok manggih sawatara

obrolan atawa paguneman para tokohna. Anapon dina ieu panalungtikan, objék

anu rék dijadikeun panalungtikan téh nya éta ragam basa sastra anu aya dina

carpon. Carpon anu dipilih nya éta kumpulan carpon Panggung Wayang karya

Aam Amilia.

Alesan dipilihna kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia

dina ieu panalungtikan, lantaran dina ieu carpon loba téks wacana paguneman anu

bisa dijadikeun data dina ieu panalungtikan. Salian ti éta, eusi caritana alus,

nyaritakeun dinamika kahirupan sapopoé manusa, ogé basa nu dipakéna utamana

pagunemanana katitén geus ngagunakeun prinsip jeung maksim dina unggal

caritaanana, nepi ka pamaca bakal kataji ku basa nu dipaké ku pangarang.

Tina sababaraha pananglutikan anu geus kapanggih aya sababaraha

babandingan anu bisa katitén, boh objékna, boh hasil panalungtikanana. Tétéla,

éta panalungtikan téh aya nu méh sarua jeung ieu panalungtikan, di antarana

“Analisis Wacana Paguneman dina Kumpulan Carpon Oknum Karya Hadi AKS

pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP” (Oxtavia, 2010), “Adegan Pragmatis

Kalimah Paréntah dina Karangan Siswa Kelas X SMA Pasundan 8 Bandung Taun

Ajaran 2010/2011” (Maharani, 2011), jeung “Prinsip jeung Maksim Paguneman

dina Kumpulan Carpon Si Kabayan Tapa Karya Min Resmana” (Nursalam, 2012).

Dina panalungtikan Oxtavia dipedar prinsip-prinsip paguneman anu

lumangsung dina kumpulan carpon Oknum. Dina éta panalungtikan dipedar

papasingan prinsip jeung maksim paguneman, tuluy ditangtukeun luyu henteuna

pikeun bahan pangajaran nyarita di tingkat SMP. Ari dina panalungtikan

Maharani mah, sok sanajan medar prinsip jeung maksim paguneman, tapi éta

panalungtikan téh leuwih nyoko kana wangun kalimah paréntahna hungkul.

(12)

4

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

paguneman, prinsip jeung maksim paguneman dina kumpulan carpon Si Kabayan

Tapa, sarta maluruh maksud unggal omongan nu aya dina téks pagunemanana.

Anu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan nu saméméhna

nya éta, lian ti nangtukeun téks adegan paguneman, prinsip jeung maksim

omongan dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang, maluruh maksud

omongan anu aya dina téks paguneman, dipaluruh ogé tahapan pragmatis

omongan nu nyampak dina téks paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang

karya Aam Amilia.

Luyu jeung kasang tukang masalah di luhur, ieu panalungtikan anu

judulna “Prinsip jeung Maksim Omongan dina Paguneman Kumpulan Carpon

Panggung Wayang Karya Aam Amilia” perlu dilaksanakeun.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan téh perlu

diwatesanan sangkan masalahna jelas, nya éta medar prinsip jeung maksim

omongan dina paguneman, kayaning maksim kuantitas, maksim kualitas, maksim

kasaluyuan, maksim cara, maksim kawijaksanaan (kebijaksanaan), maksim

katumarima (kedermawanan), maksim balabah (penghargaan), maksim handap

asor (kesederhanaan), maksim pangcocog (kemufakatan), jeung maksim

kasimpatian (simpati) anu aya dina kumpulan carpon Panggung Wayang karya

Aam Amilia.

1.2.2 Rumusan Masalah

Saluyu jeung watesan masalah nu geus dipedar, di handap ieu

dirumuskeun masalah-masalah anu ditalungtik.

a. Omongan naon waé anu kapanggih dina paguneman nu aya dina carpon

(13)

5

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b. Kumaha prinsip jeung maksim omongan nu nyampak dina téks paguneman

kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia?

c. Maksud omongan naon waé nu nyampak dina unggal téks paguneman,

dumasar prinsip jeung maksim paguneman dina kumpulan carpon Panggung

Wayang karya Aam Amilia?

d. Kumaha tahapan pragmatis omongan nu nyampak dina téks paguneman

kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun sistem

paguneman dina kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan, nya éta pikeun ngadéskripsikeun:

a. omongan dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam

Amilia;

b. prinsip jeung maksim omongan paguneman anu nyampak dina kumpulan

carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia.

c. maksud omongan anu nyampak dina unggal téks paguneman, dumasar prinsip

jeung maksim paguneman dina kumpulan carpon Panggung Wayang karya

Aam Amilia; jeung

d. tahapan pragmatis omongan nu nyampak dina téks paguneman kumpulan

carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun ulikan élmu

kabasaan, utamana pangaweruh ngeunaan prinsip jeung maksim omongan dina

(14)

6

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan aya opat, nya éta saperti ieu di

handap.

a. Pikeun panalungtik, dipiharep bisa nambahan pangaweruh dina widang

kabasaan, utamana ngeunaan prinsip jeung maksim omongan dina

paguneman.

b. Pikeun guru, dimangpaatkeun jadi pangdeudeul pikeun milih jeung

nangtukeun bahan pangajaran.

c. Pikeun masarakat, dijadikeun bahan pangaweruh kana ajén-ajén moral

ngaliwatan téks paguneman anu aya dina kumpulan carpon Panggung

Wayang karya Aam Amilia.

kapragmatisan wacana, jeung asumsi, bab III metode panalungtikan, bab IV

déskripsi hasil panalungtikan, jeung bab V panutup.

Dina bab I, dipedar kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan

masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan. Dina tujuan panalungtikan, aya

tujuan umum jeung husus. Sedengkeun dina mangpaat panalungtikan, aya

mangpaat sacara tioritis jeung sacara praktis. Tuluy dipedar ogé ngeunaan

sistematika tulisan ti mimiti bab I nepi ka bab V.

Dina bab II, eusina mangrupa landasan tioritik. Medar ngeunaan

kapragmatisan wacana, tahapan pragmatis, jeung paguneman. Dina sub bab

kapragmatisan wacana, medar perkara kapragmatisan wacana anu jadi ambahan

tiori pikeun ngahontal pedaran anu poko dina ieu panalungtikan. Lian ti éta,

dipedar ogé ngeunaan tahapan pragmatis. Dina sub bab paguneman medar perkara

(15)

7

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pola, kaédah, jeung prinsip paguneman sarta miboga sababaraha maksim

paguneman.

Dina bab III, dipedar metode panalungtikan. Eusina nyaéta medar sumber

data, desain panalungtikan, metode panalungtikan, wangenan operasional,

instrumén panalungtikan jeung téhnik panalungtikan, nu ngawengku téhnik

ngumpulkeun data jeung ngolah data.

Dina bab IV, ngadéskripsikeun jeung nganalisis prinsip jeung maksim

paguneman dina kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia, di

jerona ngawengku wangun téks paguneman, prinsip katut maksim paguneman,

maksud unggal omongan dina paguneman, jeung tahapan pragmatis omongan nu

nyampak dina téks paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam

Amilia.

Bab anu pamungkas nya éta bab V, eusina ngeunaan kacindekan tina

sakabéh hasil panalungtikan jeung rékoméndasi kana panalungtikan anu

(16)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar sumber data, desain panalungtikan, metode

panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, sarta téhnik

jeung prosedur panalungtikan.

3.1 Sumber Data

Nurutkeun Arikunto (2010: 172), sumber data mangrupa subjékna

panalungtikan. Ku ayana sumber data, masalah anu baris ditalungtik bisa

dipikanyaho. Sumber data dina ieu panalungtikan, nya éta sampel sababaraha

carpon dina kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia. Anapon anu

dimaksud sampel nya éta sabagéan atawa wakil populasi anu baris ditalungtik

(Arikunto, 2010: 174).

Kumpulan carpon Panggung Wayang anu dijadikeun sumber data dina ieu

panalungtikan téh dipedalkeun ku Geger Sunten Bandung, pedalan katilu taun

2007, kandelna 412 kaca anu dijerona aya 50 carpon.

Sampel anu dicokot pikeun dijadikeun sumber data dina ieu

panalungtikan jumlahna aya sapuluh carpon. Ari cara nangtukeun carponna, nya

éta dipilih anu sakirana loba pagunemanana sarta ngandung prinsip jeung maksim

nu tangtu. Anapon carpon nu dicokot nya éta: (1) Talaga nu Liuh, (2) Kikisik Sisi

Basisir, (3) Sabot Panonpoé Surup, (4) Rarakitan, (5) Satria Gagah Sakti, (6)

Laut Kidul Kabéh Katingali, (7) Sumuhun Dawuh, (8) Éyang Putri Ronggéng

Sari, (9) Angin Rintih Langit Lénglang, jeung (10) Kongkorong Emas.

3.2 Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan mangrupa rancangan atawa rencana ngeunaan cara

ngumpulkeun, nganalisis data sangkan bisa dilaksanakeun sacara éféktif sarta luyu

(17)

29

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Léngkah-léngkah dina ngalaksanakeun panalungtikan ti mimiti nepi ka

ahir dijieun désain. Ieu désain panalungtikan, diadaptasi tina Arikunto (2010:

171). Éta désain bisa katitén dina bagan saperti kieu.

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan diadaptasi tina Arikunto (2010: 171)

Milih jeung Nangtukeun Masalah

Ulikan Pustaka

Ngarumuskeun Anggapan Dasar Studi Pendahuluan

Studi Dokuméntasi

Ngarumuskeun Masalah

Nangtukeun Métode Panalungtikan

Instrumén Data

Ngumpulkeun Data

Ngolah Data

Nyieun Kacindekan Nangtukeun Papasingan Data

Nyusun Laporan Nganalisis

Data

(18)

30

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nyaéta cara anu digunakeun ku nu nalungtik pikeun

ngumpulkeun data panalungtikan (Arikunto, 2010: 203). Métode anu digunakeun

dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis.

Nurutkeun Ratna (2004: 53) métode déskriptif analisis dilaksanakeun ku

cara ngadéskripsikeun fakta-fakta anu satuluyna dianalisis. Suyatna (2012: 14)

nétélakeun yén métode déskriptif nyaéta:

Dalam penelitian secara harfiah, penelitian deskriptif adalah akumulasi data dasar dalam cara deskriptif semata, serta tidak saling berhubungan, tidak menguji hipotesis, tidak membuat ramalan, atau tidak mendapatkan makna implikasi (walaupun banyak penelitian yang ingin mendapatkan makna implikasi masih termasuk metode deskriptif).

Dina ieu panalungtikan, anu didéskripsikeun téh nya éta sakur omongan

dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia, nyieun

papasingan prinsip jeung maksim omongan anu nyampak dina téks paguneman,

ngadéskripsikeun maksud omongan anu aya dina téks paguneman, jeung

ngadéskripsikeun tahapan pragmatis omongan anu nyampak dina téks

paguneman.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré, ieu panalungtikan ngébréhkeun

wangenan-wangenan operasional anu aya patalina jeung ieu panalungtikan.

a. Omongan

Omongan mangrupa kalimah atawa babagian kalimah, anu diucapkeun

kalawan miboga harti (Sudaryat, 2005:113).

b. Prinsip paguneman

Prinsip paguneman nyaéta dasar anu dijadikeun acuan dina ngalakukeun

paguneman sangkan eusi omongan anu ditepikeun ku panyatur ka pamiarsa

bisa kahontal. Tarigan (2009: 73), kagiatan nyarita jeung nulis mangrupa dua

tindak basa anu kawengku dina widang rétorika. Dumasar kana éta hal,

rétorika dibagi jadi dua jenis, nya éta rétorika antarpribadi (interpersonal

(19)

31

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

boh rétorika tékstual, mikabutuh sababaraha prinsip sangkan jejer omongan

nu baris ditepikeun ku panyatur ka pamiarsa bisa katepikeun kalawan lancar.

Éta prinsip-prinsip anu dibutuhkeun dina rétorika kaasup kana prinsip

paguneman.

c. Maksim Paguneman

Maksim paguneman nyaéta gaya hiji ungkara anu digunakeun dina

paguneman luyu jeung prinsipna. Dina maksim paguneman aya maksud

omongan anu nyoko kana lakuning basa luyu jeung kontéks situasina

(Nursalam, 2011: 51).

d. Kumpulan Carpon

Kumpulan carpon dina ieu panalungtikan nyaéta salahsahiji sumber data

utama anu dijadikeun bahan panalungtikan. Anapon anu dimaksud carpon

nya éta karangan pondok dina wangun prosa anu sifatna rékaan (fiksi).

Jadi, sacara operasional ieu panalungtikan anu judulna “Prinsip jeung Maksim Omongan dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya

Aam Amilia” téh maksudna nyaéta nalungtik jeung nyieun papasingan prinsip

jeung maksim omongan dina paguneman anu aya dina kumpulan carpon

Panggung Wayang karya Aam Amilia, ngadéskripsikeun maksud omongan anu

aya dina unggal téks paguneman, sarta ngadéskripsikeun tahapan pragmatis

omongan anu nyampak dina téks pagunemanana.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku

panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan panyusun sacara sistematis bisa

leuwih gampang ngolah data, nepi ka éta panyusun bisa ngahasilkeun

panalungtikan anu hadé (Arikunto, 2010: 203).

Instrumén panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kartu

data. Kartu data digunakeun sangkan data leuwih babari diolah, leuwih lengkep,

leuwih taliti, sarta leuwih sistematis. Dina kartu data disalin data téks paguneman,

(20)

32

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

omonganana, jeung tahapan pragmatis dina pagunemanana. Dina data téks

paguneman maké kode anu nerangkeun judul buku, judul carpon, kaca buku,

jeung nomer jajaran, saperti PW/TL/K26/J17, maksudna judul bukuna Panggung

Wayang, judul carponna Talaga nu Liuh, kaca 26, jeung aya dina jajaran ka-17.

Éta kartu data téh dijieun saperti kieu.

01 KARTU DATA

Data :

Maksim : Prinsip :

Maksud Omongan : Tahapan Pragmatis :

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta

téhnik studi dokuméntasi. Nurutkeun Arikunto (2010: 274) téhnik studi

dokuméntasi dipaké pikeun néangan data ngeunaan hal-hal atawa variabel anu

mangrupa catetan, transkrip, buku, surat kabar, majalah, prasasti, notulén rapat,

lengger, agénda, jeung sajabana. Data dina ieu panalungtikan mangrupa buku fiksi

nya éta kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia.

Dumasar téhnik di luhur, data dikumpulkeun ngaliwatan léngkah-léngkah

ieu di handap.

a. Maca sagemblengna kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia.

b. Milih jeung nangtukeun carpon nu dijadikeun sampel pikeun sumber data.

c. Nyirian omongan dina paguneman anu aya dina carpon.

d. Nyalin sakabéh omongan dina téks paguneman nu geus dicirian kana kartu

(21)

33

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7 Téhnik Ngolah Data

Dina téhnik ngolah data, data anu geus dikumpulkeun dianalisis pikeun

dipilah jeung dipilih dumasar kana tujuan panalungtikan anu geus ditangtukeun

saméméhna. Anapon léngkah-léngkah anu dilaksanakeun pikeun ngolah data nya

éta saperti ieu di handap.

a. Mariksaan deui data omongan dina téks paguneman anu geus dicirian.

b. Nganalisis data omongan dina paguneman dumasar kana prinsip, maksim,

maksud omongan, jeung tahapan pragmatisna.

c. Nyieun papasingan data omongan dina paguneman dumasar kana prinsip,

maksim, maksud omongan, jeung tahapan pragmatisna.

d. Ngadéskripsikeun data omongan dina paguneman anu geus dianalisis.

e. Nafsirkeun hasil analisis data omongan dina paguneman.

(22)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun prinsip jeung

maksim omongan dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya

Aam Amilia. Dumasar kana hasil panalungtikan jeung déskripsi data, hasil

panalungtikan prinsip jeung maksim omongan dina paguneman kumpulan carpon

Panggung Wayang kapanggih 841 omongan anu ngawujud jadi téks adegan

paguneman, anu satuluyna dianalisis dumasar kana (1) prinsip jeung maksim

omongan dina paguneman, (2) maksud omongan dina téks paguneman, jeung (3)

tahapan pragmatis omongan dina téks paguneman.

Kahiji, prinsip jeung maksim omongan dina paguneman mangrupa

salasahiji wengkuan tina wangun adegan paguneman. Prinsip dina paguneman aya

dua, nya éta prinsip gawé bareng jeung prinsip kasopanan. Prinsip gawé bareng

dina kumpulan carpon Panggung Wayang karya Aam Amilia kapanggih dina opat

maksim, nya éta: 1) maksim kuantitas aya 295 omongan; 2) maksim kualitas aya

100 omongan; 3) maksim kasaluyuan aya 173 omongan; jeung 4) maksim cara

aya 125 omongan. Satuluyna dina prinsip kasopanan kapanggih aya genep

maksim, nya éta 1) maksim kawijaksanaan aya 73 omongan; 2) maksim

katumarima aya 74 omongan; 3) maksim pangcocog aya 27 omongan; 4) maksim

kasimpatian aya 41 omongan; 5) maksim balabah aya 32 omongan; jeung 6)

maksim handap asor aya 49 omongan.

Kadua, aya sawatara omongan dina paguneman anu ngandung sababaraha

maksim. Éta hal bisa jadi lantaran antara maksim hiji jeung maksim nu lianna

saling ngadeudeul dina lumangsungna paguneman sangkan komunikasina lancar.

Katilu, tina papasingan prinsip jeung maksim omongan dina paguneman,

(23)

59

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tétéla omongan dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang karya

Aam Amilia, prinsip gawé bareng leuwih loba dilaksanakeun tibatan prinsip

kasopanan. Éta hal bisa jadi lantaran lumangsungna hubungan timbal balik dina

paguneman dibutuhkeun gawé bareng antara panyatur jeung pamiarsa, sangkan

komunikasina lancar. Béda deui jeung prinsip kasopanan, anu dina paguneman

dilaksanakeun sangkan papada jalma bisa silihajénan, silihhormat, jeung méré

kauntungan ka jalma lian.

Kaopat, maksud omongan magrupa pesen nu aya dina omongan. Dumasar

kana prinsip paguneman, maksud omongan anu kapanggih dina kumpulan carpon

Panggung Wayang karya Aam Amilia aya opat rupa kalimah, nya éta kalimah

komisif, kalimah impositif, kalimah éksprésif, jeung kalimah asértif. Maksud

kalimah/omongan dina prinsip gawé bareng, di antarana: 1) komisif aya 178

kalimah/omongan; 2) impositif aya 88 kalimah/omongan; 3) éksprésif aya 112

kalimah/omongan; jeung 4) asértif aya 134 kalimah/omongan. Ari maksud

kalimah/omongan dina prinsip kasopanan, di antarana: 1) komisif aya 132

kalimah/omongan; 2) impositif aya 70 kalimah/omongan; 3) éksprésif aya 50

kalimah/omongan; jeung 4) asértif aya 77 kalimah/omongan.

Kalima, tahapan pragmatis omongan dina paguneman nyaéta tatakrama

basa atawa undak-usuk basa, anu mangrupa sopan santun makéna basa dina waktu

komunikasi. Tina hasil analisis data, kapanggih aya opat tahapan pragmatis, nya

éta 1) tahapan pragmatis lemes jumlahna aya 299 omongan; 2) tahapan pragmatis

wajar aya 450 omongan; 3) tahapan pragmatis kasar aya 16 omongan; jeung 4)

tahapan pragmatis campuran aya 18 omongan.

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kana kacindekan di luhur, aya sawatara anu rék ditepikeun patali

jeung ieu panalungtikan.

Kahiji, ieu panalungtikan téh ngulik ngeunaan kabasaan dina ragam

(24)

60

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung maksim omongan dina paguneman kumpulan carpon Panggung Wayang

karya Aam Amilia. Ku kituna, dipiharep aya nu bisa nalungtik prinsip jeung

maksim omongan dina paguneman nu lumangsung dina kahirupan sapopoé.

Kadua, ieu hasil panalungtikan téh can dijadikeun bahan pangajaran. Ku

kituna, ieu panalungtikan téh bakal leuwih hadé upama bisa diterapkeun kana

(25)

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Amilia, A. (2007). Panggung Wayang. Bandung: Geger Sunten.

Chaer, A. (2010). Sosiolinguistik. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. (2008). Palanggeran Éjahan Basa Sunda. Bandung: Sonagar.

Isman, W. (1996). Kamus Lengkap Bahasa Indonesia. Bandung: Citra Umbara

Leech. (1993). Prinsip-prinsip Pragmatik. (Terjemahan Oka). Jakarta: Universitas Indonesia.

Nasution, A.H. (2009). Panduan Berpikir dan Meneliti Secara Ilmiah bagi

Remaja. Jakarta: Gramedia Widia Sarana Indonesia.

Nursalam, S. (2012). Prinsip jeung Maksim Paguneman dina Kumpulan Carpon

Si Kabayan Tapa Karya Min Resmana. Skripsi Sarjana Pendidikan Bahasa

Daérah FPBS UPI Bandung.

Rahardi, K. (2005). Pragmatik Kesantunan Imperatif Bahasa Indonesia. Jakarta: Erlangga.

. (2009). Sosiopragmatik. Jakarta: Erlangga.

Ratna, K.N. (2011). Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Belajar.

Sudaryat, Y. (2009). Pragmatik dalam Bahasa Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

(26)

62

Neno Rahmawati Samsudin, 2014

Prinsip Jeung Maksim Omongan Dina Paguneman Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karya Aam Amilia

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Syamsuddin. (1992). Studi Wacana Teori Analisis Pengajaran. Bandung: Mimbar Pendidikan Bahasa dan Seni FPBS IKIP Bandung.

Tarigan, H.G. (2009). Pengajaran Pragmatik. Bandung: Angkasa.

Referensi

Dokumen terkait

Dalam menyusun desain penelitian perlu diperhatikan unsur-unsur penting, antara lain : latar belakang masalah, rumusan masalah, tujuan penelitian, manfaat hasil

ENGARUH PENGGUNAAN PROGRAM MANGOLD DALAM MENINGKATKAN KETERAMPILAN MEMBACA CEPAT SISWA TOTALLY BLIND KELAS II SDLB DI SLB NEGERI A KOTA BANDUNG Universitas Pendidikan Indonesia

Yang dimaksud dengan “pengangkatan anak melalui lembaga pengasuhan anak” adalah pengangkatan anak yang dilakukan oleh calon orang tua angkat terhadap calon anak angkat

PENERAPAN METODE ROLE PLAYING DALAM MATERI PERJUANGAN PARA TOKOH DALAM..

Motivasi adalah keinginan atau dorongan untuk belajar, tanpa motivasi siswa tidak akan mengerti apa yang akan dipelajari dan tidak memahami mengapa hal itu perlu

Perselingkuhan yang subjek lakukan didasarkan pada beberapa alasan yang mendorong terjadinya hal tersebut yaitu, subjek melakukan perselingkuhan karena subjek merasa tidak puas

Puji dan syukur kehadirat Tuhan Yang Maha Kuasa atas rahmat dan kasihNya sehingga penulis dapat menyelesaikan skripsi ini dengan judul Pengendalian Persediaan

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana Pendidikan pada Fakultas Ilmu Pendidikan.